ajÉn budaya sunda dina kasenian gaok di dÉsa kulur

18
AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII * ) Ida Aridah **) Program S-1 Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia [email protected] ABSTRAK Penelitian ini dilaksanakan untuk mengetahui dan menganalisis nilai budaya Sunda yang terdapat dalam kesenian Gaok untuk dijadikan sebagai materi pelajaran membaca bahasan kesenian. Metode penelitian yang digunakan dalam penelitian ini adalah kualitatif deskripsi. Tekhnik yang digunakan dalam penelitian ini adalah telaah pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Sumber data yang diambil adalah dari hasil studi pustaka, data hasil wawancara dari seniman Gaok, dan video hasil dari pagelaran kesenian Gaok di Désa Kulur. Setelah dilaksanakannya penelitian, akhirnya didapatkan data mengenai kesenian Gaok dari mulai deskripsi, sejarah, nilai budaya Sunda yang di dalamnya terdapat tujuh unsur kebudayaan, sampai kepada pengaplikasian materi pelajaran membaca bahasan kesenian di SMA kelas XII. Dari hasil analisis terdapat tujuh unsur kebudayaan yaitu (1) sistem keagamaan dan kepercayaan/religi di antaranya: pembukaan dari pagelaran seni Gaok seperti hadoroh dan kidung bubuka, sesajen seperti tumpeng (congcot rosul), rurujakan, dan congcot tujuh, serta dari acara hajat seperti sunatan, nikahan, mipit paré, ngayun, dan tingkeban; (2) sistem organisasi dan kemasyarakatan di antaranya: adanya gotong royong dalam memainkan musik dan adanya panggilan khusus yang terdapat pada naskah Wawacan Nyi Rambutkasih seperti Gusti, patih, ratu, éndang, kanjeng, serta pangeran; (3) sistem ilmu pengetahuan di antaranya: pengetahuan tentang tumbuhan yang bisa digunakan untuk obat yaitu buah maja dan mengenai waktu diadakannya seni Gaok untuk acara mipit paré; (4) sistem bahasa di antaranya: bahasa yang dipakai dalam pagelaran seni Gaok yaitu bahasa Sunda dan bahasa Jawa pada pembacaan rajah penutup; (5) kesenian di antaranya: alat musik yang digunakan seperti goong, gendang dan kulantér, terompet, dan kecrék serta kualitas suara dalang yang khas dalam menyanyikan pupuh; (6) sistem mata pencaharian dan ekonomi di antaranya: tergambar pada naskah Wawacan Sulanjana yang menceritakan asal usul padi dan menggambarkan kehidupan petani; dan (7) teknologi di antaranya: adanya pergantian alat musik dan speaker serta microphone sebagai pelengkap. Dari hasil analisis tersebut maka deskripsi mengenai kesenian Gaok bisa dijadikan bahan pembelajaran yaitu materimembaca bahasan tentang kesenian pada pelajaran bahasa Sunda di SMA kelas XII.

Upload: others

Post on 16-Oct-2021

10 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK

DI DÉSA KULUR KABUPATÉN MAJALENGKA

PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII*)

Ida Aridah**)

Program S-1 Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

[email protected]

ABSTRAK

Penelitian ini dilaksanakan untuk mengetahui dan menganalisis nilai budaya

Sunda yang terdapat dalam kesenian Gaok untuk dijadikan sebagai materi

pelajaran membaca bahasan kesenian. Metode penelitian yang digunakan dalam

penelitian ini adalah kualitatif deskripsi. Tekhnik yang digunakan dalam

penelitian ini adalah telaah pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi.

Sumber data yang diambil adalah dari hasil studi pustaka, data hasil wawancara

dari seniman Gaok, dan video hasil dari pagelaran kesenian Gaok di Désa Kulur.

Setelah dilaksanakannya penelitian, akhirnya didapatkan data mengenai kesenian

Gaok dari mulai deskripsi, sejarah, nilai budaya Sunda yang di dalamnya terdapat

tujuh unsur kebudayaan, sampai kepada pengaplikasian materi pelajaran membaca

bahasan kesenian di SMA kelas XII. Dari hasil analisis terdapat tujuh unsur

kebudayaan yaitu (1) sistem keagamaan dan kepercayaan/religi di antaranya:

pembukaan dari pagelaran seni Gaok seperti hadoroh dan kidung bubuka, sesajen

seperti tumpeng (congcot rosul), rurujakan, dan congcot tujuh, serta dari acara

hajat seperti sunatan, nikahan, mipit paré, ngayun, dan tingkeban; (2) sistem

organisasi dan kemasyarakatan di antaranya: adanya gotong royong dalam

memainkan musik dan adanya panggilan khusus yang terdapat pada naskah

Wawacan Nyi Rambutkasih seperti Gusti, patih, ratu, éndang, kanjeng, serta

pangeran; (3) sistem ilmu pengetahuan di antaranya: pengetahuan tentang

tumbuhan yang bisa digunakan untuk obat yaitu buah maja dan mengenai waktu

diadakannya seni Gaok untuk acara mipit paré; (4) sistem bahasa di antaranya:

bahasa yang dipakai dalam pagelaran seni Gaok yaitu bahasa Sunda dan bahasa

Jawa pada pembacaan rajah penutup; (5) kesenian di antaranya: alat musik yang

digunakan seperti goong, gendang dan kulantér, terompet, dan kecrék serta

kualitas suara dalang yang khas dalam menyanyikan pupuh; (6) sistem mata

pencaharian dan ekonomi di antaranya: tergambar pada naskah Wawacan

Sulanjana yang menceritakan asal usul padi dan menggambarkan kehidupan

petani; dan (7) teknologi di antaranya: adanya pergantian alat musik dan speaker

serta microphone sebagai pelengkap. Dari hasil analisis tersebut maka deskripsi

mengenai kesenian Gaok bisa dijadikan bahan pembelajaran yaitu materimembaca

bahasan tentang kesenian pada pelajaran bahasa Sunda di SMA kelas XII.

Page 2: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK

DI DÉSA KULUR KABUPATÉN MAJALENGKA

PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII*)

Ida Aridah**)

Program S-1 Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

[email protected]

ABSTRACT

This study was conducted to determine and analyze the Sundanese culture value

that contained in the Gaok art to serve as a reading material of art. The

methodology used in this study is qualitative description. The techniques used in

this study are literature review, observation, interview, and documentation.

Sources of the data are taken from the literature, interview with Gaok artists, and

the video showcase of Gaok in the Kulur village. After the implementation of the

study, the data of Gaok art obtained ranging from description, history, Sudanese

culture value that consist of seven elements of culture, until the application of

learning material in reading discussion of art to the twelfth grade of senior high

school. From the result, there are seven elements of culture, namely (1) religion

and belief system, such as: the opening of the Gaok art show like hadoroh and

kidung bubuka, offering such as cone (congcot rosul), “rurujakan”, and “congcot

tujuh”, as well as the intent of the event such as circumcision, marriage, “mipit

paré”, “ngayun”, and “tingkeban; (2) organization and civic system including:

the existence of mutual assistance in playing music and a special call contained in

the manuscript “Wawacan Nyi Rambutkasih” like “Gusti”, “patih”, “ratu”,

“éndang”, “kanjeng”, sas well as “Pangeran”; (3) science system include:

knowledge of plants that can be used to cure that is maja fruit and the time of the

Gaok art when “mipit paré”; (4) language system, such as: the language used in

the Gaok art show are Sundanese and Javanese language in the and of “rajah”;

(5) the arts, including: musical instruments used as “goong”, “kendang and

kulantér”, trumpets, and manacle as well as the quality of mastermind’s vocal

that unique in singing stanzas; (6) livelihoods and economic system, illustrated in

“Wawacan Sulanjana” script that tells about the origin of rice and describe the

life of farmers; and (7) technology, include: the change of musical instruments,

speaker, and microphone as a complement. From the result of the analysis, the

Gaok art can be used as learning material in reading discussion of art on

Sundanese language subject to the twelfth grade of senior high school.

Page 3: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Bubuka

Indonesia mangrupa nagara nu

diwangun ku sababaraha sékésélér.

Unggal sélér miboga kabudayaan anu

béda-béda jeung wewengkon

séjénna. Hal ieu tangtu ngahasilkeun

kajembaran budaya nu miboga ciri

has sarta kaunikan séwang-

séwangan. Kabeungharan budaya nu

aya di Indonesia ieu mangrupa

barokah, ku kituna urang salaku

masarakat Indonesia geus kuduna

sukuran kana hal éta. Salian ti

sukuran, ogé kudu dimumulé sarta

dijaga eksistensina sangkan henteu

tumpur ku jaman nu masarakatna

geus teu pati maliré kana budaya nu

aya. Budaya jadi salah sahiji cicirén

bangsa Indonesia nu mawa ka mata

internasional minangka nagara nu

beunghar ku sagala rupa boh unsur

budayana boh sumber alamna sarta

masih kénéh loba kabeungharan nu

séjénna. Hal ieu saluyu jeung naon

nu dipertélakeun ku Setiawan (2011:

19) upama kasenian-kasenian

tradisional anu “asli” masih hirup

séhat tur mekar di sabudeureunana,

éta kasenian téh bakal méré

kontribusi kana kamekaran kasenian

jeung kabudayaan nasional.

Kabudayaan anu kompleks ieu

mangrupa hasil cipta, karsa jeung

karya manusa, tina pikiran tur

ngajanggélék jadi hiji produk budaya

anu ngandung ajén inajén.

Nurutkeun ahli antropologi

Edward B. Taylor dina Widagdho

(2010: 19) kabudayaan mangrupa

sakabéh unsur kompléks, nu di

jerona aya pangaweruh, kapercayaan,

kasenian, moral, hukum, adat

istiadat, jeung kamampuh-

kamampuh séjénna nu dihasilkeun ku

salah saurang di masarakat.

Saterusna Widagdho (2010: 21) yén

kabudayaan nya éta sakabéh sistem

gagasan, paripolah, jeung hasil karya

manusa pikeun nyumponan

kahirupanna ku cara diajar, nu

sakabehna disusun dina kahirupan

masarakat. Tina pedaran di luhur,

bisa dicindekeun yén kabudayaan

mangrupa hasil tina sawangan

manusa boh mangrupa aturan hirup

kumbuhna kayaning pangaweruh,

boh élmu kapercayaan nu diagemna

nu ditarima ku sakabeh masarakat tur

dijadikeun cecekelan dina

kahirupanana.

Sakumaha nu disebutkeun di

luhur, sélér bangsa naon waé jeung

di mana waé tangtu ngabogaan

budaya séwang-séwangan, upamana,

tina pakéan, adat istiadat, kadaharan,

wangun imah jeung kasenian. Éta

budaya téh dicekel pageuh ku unggal

masarakatna digunakeun pikeun

ngatur sagala kahirupan sapopoéna,

ti jaman bihari nepi ka kiwari.

Kabudayaan tradisional ieu masih

aya kénéh nepi ka kiwari ngan

sabagian masarakat geus teu

ngaprésiasi kana kayaanna. Tapi di

sababaraha daérah ieu budaya

tradisional téh masih aya tur

diaprésiasi ku masarakatna, saperti

adat istiadat upacara sérén taun di

Kuningan, upacara hajat laut di Désa

Waru Duwur Kabupatén Cirebon,

seni Gaok di Majalengka, jsb.

Kasenian mangrupa hasil tina

kabudayaan anu miboga ajén nu

luhur, kasenian bisa ngaréfléksikeun

kaayaan kahirupan jeung budaya

masarakatna. Kasenian anu sifatna

lokal atawa tradisional biasana sok

dianggap jadi bagian tina kahirupan

masarakatna, sarta hirup di

lingkungan sékéseler anu tangtu.

Page 4: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Kasenian tradisional nu biasa

disebut kasenian rakyat mangrupa

seni anu pangmimitina gelar di

dunya. Seni ieu ogé biasa disebut

kasenian daérah sabab miboga sipat

nu masih asli (Mustofa, 1997: 72).

Kasenian tradisional geus jadi ciri

has budaya nu tangtu aya di unggal

wewengkon. Di Indonesia aya

mangpirang-pirang kasenian

tradisonal nu masing-masing boga

ciri nu mandiri. Jawa Barat miboga

kasenian tradisional nu bisa ngirut

jeung loba rupana. Wewengkon nu

mayoritasna sékésélér Sunda ieu téh

boga rupa-rupa kasenian nu ragamna

béda unggal wewengkon. Ieu unsur

budaya téh henteu ngan dijadikeun

hiburan baé ku masarakatna, tapi

dijadikeun media pikeun ngedalkeun

rasa sukur kana hasil panén nu

mucekil. Kiwari loba masarakat nu

teu wanoh kana kasenian tradisional,

salah sahijina nya éta kasenian Gaok.

Dina mangsa kiwari, masarakat

geus teu wanoh kana wanda budaya

Sunda, salah sahijina kasenian Gaok

di Désa Kulur Kabupatén

Majalengka ieu. Kasenian ieu geus

ampir tumpur di jamanna. Ieu hal téh

disababkeun ku ayana degradasi

méntal generasi-generasi kiwari nu

nganggap yén kasenian tradisional

teu ngirut deui, mun ditilik tina jihat

hiburan sarta ceuyahna pangaruh

budaya deungeun nu asup ngaliwatan

média-média éléktronik. Nu jadi

sabab musabab séjénna ieu masalah

ogé ku salahna para pamingpin

nagara urang nu nerapkeun sistem

sakola di sakabéh wewengkon

Republik Indonesia.

Lian ti ngawanohkeun ieu

kasenian nu hampir tumpur,

dipiharep ku ayana panalungtikan nu

dilaksanakeun di Désa Kulur ieu bisa

ngarobah anggapan jeung sikep para

rumaja kana kaayaan anu leuwih

hadé sarta aya kahayang pikeun

ngamumulé ieu kasenian. Tujuan

séjén luyu jeung pernyataan

Sedyawati (2006: 307) yén tujuan

diajarkeunna seni téh pikeun

mekarkeun kamampuh dina

penghayatan estetik ka para siswa.

Ieu hal luyu jeung SKKD Mata

Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda,

diajar sastra mangrupa sarana diajar

pikeun ngahargaan ajén-ajén

kamanusaan sarta ajén-ajén

kahirupan.

Pangajaran ngaliwatan materi

pedaran ngeunaan Kasenian Gaok

ieu dipiharep pisan teu ngan saukur

méré pangaweruh (kognitif), tapi ogé

bisa numuwuhkeun sikep (afektif)

sarta kaparigelan (psikomotor).

Alesan nu ngarojong panulis pikeun

nalungtik seni Gaok nya éta lantaran

seni Gaok mangrupa wangun karya

sastra lisan anu kawilang unik sarta

di jerona loba ajén-inajén anu hadé

pikeun cecekelan masarakat dina

kahirupan sapopoé.

Sangkan leuwih ngajembaran

pangaweruh boh ka nu macana boh

pangarangna sorangan, panulis baris

mertélakeun ajén-ajén budaya nu aya

dina ieu kasenian. Ku kituna, tina

hasil déskripsi ieu kasenian bakal

dijieun artikel ngeunaan Kasenian

Gaok pikeun materi pelajaran maca

ditingkat Sekolah Menengah Atas

(SMA) kelas XII. Dumasar alesan di

luhur, panulis ngarasa penting pikeun

nalungtik leuwih jero ngeunaan ieu

kasenian, nu ngajanggélék dina

panalungtikan ilmiah nu dibéré judul

Ajén Budaya Sunda dina Kasenian

Gaok di Désa Kulur Kabupatén

Majalengka Pikeun Pangajaran

Maca di SMA Kelas XII. Mugia

Page 5: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

karya ilmiah ieu miboga mangpaat

pikeun nu macana dina nambahan

pangaweruh nu leuwih jembar

ngeunaan kasenian tradisional, sarta

méré kasadaran pikeun ngamumulé

ieu kasenian.

Dumasar kana kasang tukang

di luhur mangka bisa dicokot

rumusan masalah dina kalimah

pananya saperti kieu:

1. Kumaha prak-prakkan

kasenian Gaok di Désa Kulur

Kabupatén Majalengka?

2. Ajén budaya Sunda naon waé

nu aya dina seni Gaok?

3. Naha cocog henteu déskripsi

ngeunaan kasenian Gaok téh

dilarapkeun kana bahan

pangajaran maca di SMA

kelas XII?

Métode Panaungtikan

Métode panalungtikan

mangrupa salah sahiji cara anu

digunakeun pikeun ngahontal tujuan

panalungtikan. Ieu panalungtikan

kaasup kana panalungtikan kualitatif.

Denzim jeung Lincoln (Maryaeni,

2005: 3) nétélakeun yén Qualitative

research is a field of inquiry in it’s

right. It crosscuts disciplines, fields,

and subject matter. Nu hartikeun ku

manéhna yén panalungtikan

kualitatif téh minangka tempat

nimuna pamahaman anu mangrupa

kagiatan anu nyoko kana sababaraha

pangaweruh, disiplin atawa

pangaweruh filosofis sajalan jeung

kompléksitas kana poko masalah anu

digawéan.

Dumasar rupana, dina

panalungtikan kualitatif aya nu

disebut panalungtikan déskriptif.

Panalungtikan kualitatif miboga

maksud pikeun ngahasilkeun data

déskriptif nu mangrupa kekecapan

tinulis, atawa lisan nu sumberna ti

jalma-jalma anu dimutalaah sacara

partisipasi (Ali, 2007: 42).

Panalungtikan déskriptif nya éta hiji

métode pikeun ngagambarkeun

kaayaan objék anu ditalungtik tur

ngébréhkeun aspék-aspék anu

dijadikeun puseur dina

panalungtikan.

Métode kualitatif déskripsi

dina ieu panalungtikan digunakeun

pikeun ngadéskripsikeun ajén-ajén

budaya Sunda nu aya dina kasenian

Gaok di Désa Kulur Kabupatén

Majalengka.

Deskripsi

Gelarna Seni Gaok di Désa

Kulur, Kelurahan Sindangkasih,

Kabupatén Majalengka dina taun

1963, perenahna di kampung

Tarikolot. Ieu kasenian tradisional

téh hirup tur mekar di masarakatna

kalawan miboga tujuan pikeun

nyebarkeun agama Islam. Salian

mangrupa salasahiji kesenian

tradisional, seni Gaok ogé kaasup

kana seni pertunjukan anu biasa

dipintonkeun dina acara nyunatan,

ngawinkeun, ngayun, mipit paré sarta

acara tingkeban (7 bulanan).

Saupama ditilik tina cara

mintonkeunna, seni Gaok mangrupa

seni tradisional anu geus ngalaman

sinkretisme antara ajén-inajén

budaya Sunda buhun jeung budaya

Islam anu dibawa ti Cirebon ku

Pangeran Muhammad.

Seni Gaok mangrupa seni

musik anu di jerona ngandung seni

sastra, nya éta wawacan. Saméméh

prak-prakkan ieu kasenian, biasana

sok dimimitian ku maca hadoroh anu

dibarengan ku nyadiakeun sasajén

anu tujuanna pikeun ngahormat ka

karuhun. Jumlah pamaén ieu

Page 6: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

kasenian beuki kadieukeun beuki

ngurangan, ku sabab pamaénna geus

loba nu tilar dunya. Nurutkeun

katerangan Abah Rukmin nu

mangrupa dalang tur pamingping ieu

kasenian, bihari mah jumlah pamaén

Gaok téh nepi ka welasan urang tapi

kiwari ngan aya opat nepi ka tujuh

urang.

Pakéan anu digunakeun ku

pamaénna nya éta pakéan has Sunda

anu disebut baju kamprét/toro sarta

iket nu mangrupa panglengkep.

Sedengkeun waditra anu dipaké

pikeun mirig dalang dina waktu

nembangkeun pupuhna, nya éta

goong, kendang jeung kulantér,

kecrék sarta tarompét. Ilaharna,

wawacan anu dibacakeun dina ieu

kasenian nya éta Wawacan Nyi

Rambut Kasih, Wawacan Talaga

manggung, Wawacan Samun,

Wawacan Sulanjana, jeung Para

Nabi Anbiya. Ieu grup kasenian téh

dibéré ngaran Seni Gaok Kombinasi

Sinar Kiara Rambay.

Hasil Panalungtikan

Hasil panalungtikan anu

kapanggih dina kasenian Gaok anu

aya di Désa Kulur Kabupaten

Majalengka nya éta sakumaha anu

geus ditétélakeun di luhur yén aya

tujuh unsur kabudayaan nurutkeun

Koentjaraningrat anu nyampak dina

kasenian Gaok, éta tujuh unsur

kabudayaan téh bakal ditataan di

handap ieu kalawan gemet, di

antarana:

1. Sistem Kaagamaan jeung

Kapercayaan/Réligi

Ajén kaagamaan jeung

kapercayaan anu kapanggih dina

kasenian Gaok bisa dititénan tina

sababraha bagéan, nya éta nyampak

tina bubuka dina ngamimitian ieu

kasenian ku hadorohan. Lian ti éta

ogé ajén kaagamaan katingali tina

teks wawacan sarta tina kalengkepan

sasajén, dina acara nikahan,

nyunatan, tujuh bulanan, jeung

upacara mipit paré anu mangrupa

simbol kapercayaan masarakatna.

1) Bubuka dina prakna kasenian

Gaok

a) Hadoroh

Hadorohan téh mangrupa

kagiatan ngirim du’a ka gusti Alloh,

ku cara maca solawat nabi sarta

surat-surat pondok saperti Al-

Fatihah, Al-ikhlas, jsté.

Dilaksanakeunna ieu kagiatan,

miboga tujuan pikeun ménta

kalancaran dina magelarkeun éta

kasenian. Ayana pangaruh budaya nu

sifatna islami jelas pisan kagambar

tina istilah hadorohan. Tina du’a

bubuka kasenian Gaok kagambar yén

ieu kasenian téh raket jeung unsur

kaagamaan.

b) Kidung bubuka

Conto kidung bubuka dina

Wawacan Nyi Rambut

Kasih

Neda agung cukup lumur

Neda jembar sihaksama

Ka Gusti anu ngawasa

Alam raya miwah gaib

Ngawasa dipamenangan

Nu ngamudi pati hurip

Karuhun ngajurung laku

Mugia ngaping ngajaring

Sadaya pada ngauban

Pamaksadan nu kiwari

Ngaguar lacak baheula

Nalungtik sari bihari.

Ka luhur galur karuhun

Nalungtik sari bihari

Dirarampa nyiar bahan

Page 7: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Pikeun jadi bahan bukti

Maksud mah seja rumawat

Gumati ka nu lestari

Agung ka para pupuhu

Nu ngawasa ieu nagri

Kabupatén Majalengka

Parantos mingpin ngajaring

Ka rahayatna ngauban

Sangkan nagri sugih mukti.

Ka Gustu nu Maha Agung

Anu sipat Rahman Rahim

Mugi Gusti nangtayungan

Siang sinareng wengi

Lungsur langsar pamaksadan

Ginanjar kersa yang widi

Amin Ya Robal Alamin

Mugi Gusti nangtayungan

(Wangsadiharja, 1997: 1)

Dumasar kana eusi naskah di

luhur, aya ajén kaagaman anu jelas

pisan yén dina ngalaksanakeun

kagiatan atawa acara, unggal jalma

kudu neda widi ka Allah Swt salaku

dzat anu Maha Agung. Salian ka

Gusti Allah, biasana dimimitian ku

menta ijin sarta nyambat karuhun

sangkan ngaping dina unggal

pintonan seni Gaok pikeun

nyaritakeun sajarah Kabupatén

Majalengka kalawan lungsur langsar

nepi ka réngsé. Tina éta kidung

bubuka kagambar pisan yén

kapercayaan masarakat Désa Kulur

masih dijaga nepi kiwari.

2) Sasajén

Dina prakna kasenian Gaok,

sasajén mangrupa salasahiji

kalengkepan anu penting sarta

miboga ajén-inajén anu luhur.

Kadaharan jeung inumeun anu

disadiakeun sacara lengkep téh lain

ngan saukur kadaharan jeung

inumeun wungkul, tapi aya nu

mangrupa simbol anu ditujukeun ka

Allah Swt sarta ditujukeun ka

karuhunna nya éta sagala kadaharan

jeung inumeun anu mangrupa

karesep karuhun waktu keur hirupna.

a) Tumpeng (congcot rasul)

Dina puncak ieu tumpeng aya

endog hayam kampung anu

diseupan, ieu simbol tina kaagungan

Allah Swt anu ngatur sagala

kahirupan manusa. Lian ti éta, ieu

tumpeng ditujukeun ka para Rasul-

Na anu mangrupa manusa pinunjul

anu dipilih ku Allah Swt pikeun

nyebarkeun agama Islam di bumi.

b) Rurujakan

Rurujakan miboga unsur

kapercayaan ka karuhunna, sabab

aya di antarana rujak anu dipikaresep

ku karuhunna. Saperti kolek cau, cau

anu digunakeun nya éta cau raja anu

dipikaresep ku karuhun. Ieu hal

mangrupa salasahiji bentuk hormat

ka karuhun sangkan ngaping dina

lumangsungna pintonan seni Gaok.

c) Congcot tujuh

Ditujukeun ka nu Maha

Kawasa anu disebutkeun ku kolot

baheula yén urang salaku manusa

dina sagala hal boh saperti dina

ngayakeun acara naon waé kudu

“neneda ka nu Kawasa nunuhun ka

nu Agung” anu ngabogaan ieu alam

dunya jeung eusina sarta ngabogaan

poé tujuh (saminggu), dua belas

bulan (sataun), taun dalapan

(sawindu) jeung dawuh lima (tanggal

hijriyah) nya éta manis, pahing, pon,

wagé, jeung kliwon. Saupama

dititénan yén poé tujuh anu

dimimitian ku poé senén sarta

ditutup ku poé ahad tuluy balik deui

ka poé senén, ngabogaan harti yén

Page 8: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

hirup manusa di dunya téh taya nu

apal bakal kumaha kahareupna, hirup

tuluy-tumuluy ngalaman parobahan

tuluy muter tampa aya manusa anu

mikanyaho takdir anu bakal

karandapan.

3) Hajatan

a) Nyunatan

Sababaraha masarakat

nganggap yén saupama kasenian

Gaok dipintonkeun dina acara hajat

nyunatan, dipercaya budak sunat téh

bakal jadi budak anu kuat iman, jiwa

jeung raga sarta dibére kakuatan dina

nyanghareupan sagala cocoba dina

kahirupanana.

b) Nikahan

Saupama seni Gaok

dipintonkeun dina acara nikahan,

dipercaya pangantén dina kahirupan

laki-rabina bakal ditangtayungan tina

sagala masalah sarta balai anu

karandapan dina kahirupan éta

pasangan.

c) Mipit paré

Seni Gaok sering

dipintonkeun dina upacara mipit paré

atawa babarit paré. Masarakat

percaya yén sabada paré beukah

tuluy magelarkeun seni Gaok dina

upacara ieu, bakal ngahasilkeun paré

anu alut tur panén anu mucekil.

d) Ngayun

Tujuan digelarkeunna ieu

acara biasana sangkan orok téh jadi

jalma anu soleh/solehah, budak anu

ngabakti ka kolot, sarta dibéré

kabarokahan dina kahirupanana.

e) Tingkeban (tujuh bulanan)

Digelarkeunna kasenian

Gaok dina ieu acara miboga tujuan,

nya éta sangkan ditangtayungan ku

kasalametan sarta dibéré kalancaran

dina ngalahirkeunna.

2. Sistem Organisasi jeung

Kamasarakatan

Ajén kamasarakatan nya éta

ajén-inajén anu luhung anu aya di

sabudeureun masarakat, saperti

sistem organisasi, sistem

pamaréntahan, sistem

kamasarakatan, tatakrama, jeung adat

istiadat. Gotong royong mangrupa

adat istiadat anu ngajanggélék tina

sistém kamasarakatan, sarta masih

dicekel pageuh ku masarakat Sunda

dina hirup kumbuhna. Budaya

gotong royong ieu geus nyosok jero

dina kahirupan masarakat Sunda.

Dina ieu kasenian aya

sabagian sistem organisasi jeung

kamasarakatan anu nyampak, di

antarana dina prakna maénkeun

waditra anu ditabeuh ku masing-

masing nayagana. Dina unggal

prakna seni Gaok dipintonkeun

ngabutuhkeun sababaraha jalma

pikeun ngalengkepan unsur-unsur

anu aya dina kasenian Gaok, anu bisa

nyampurnakeun unggal pintonanna

nya éta ayana gotong royong antar

nayagana.

Salian ti anu disebutkeun di

luhur, aya ogé unsur sistém

organisasi anu nyangkaruk dina

naskah Wawacan Nyi Rambut Kasih,

nya éta:

a) Ayana sesebutan anu

nuduhkeun kalungguhan

Allah anu pangluhurna, nya

éta sesebutan “Gusti” anu aya

disababaraha padalisan

saperti:

Ka Gusti anu ngawasa

Alam raya miwah gaib

Ka Gusti anu Maha

Agung

Anu sipat rahman rahim

Mugi Gusti

nangtayungan

Page 9: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

b) Ayana sesebutan “patih” anu

mangrupa sesebutan ka jalma

anu miboga kalungguhan di

karajaan mangsa bihari, nya

éta pangkat di kabupatén

sahandapeun bupati

saluhureun wadana saperti:

Leres pisan matur paman

patih Nyata réa kamajuan

c) Ayana sesebutan “ratu” anu

nuduhkeun yén ieu sesebutan

téh mangrupa kalungguhan

anu dipaké pikeun pamingpin

istri, saperti:

Ratu agung gancang pok

ngalahir

Sabar dina ngajalankeun

tugas

Kitu ratu cumarios

Pasemon gusti téh alum

d) Ayana sesebutan “éndang”

anu nuduhkeun yén anu

disebut “éndang” téh nya éta

sesebutan ka istri turunan

ningrat atawa sok disebut ogé

“héndang”. Éta sesebutan téh

nyampak dina rumpaka ieu di

handap:

Éndang gé gancang

ngalahir

Teu weleh sauyunan

Kitu para éndang nyaur

Ditema ku paman patih

e) Ayana sesebutan “kanjeng”

anu mangrupa sesebutan

pikeun dunungan, panutan

atawa pamingpin, saperi anu

nyampak dina rumpaka:

Kanjeng gusti pok

ngalahir deui

Sadayana ulah arék alit

manah

f) Ayana sesebutan “pangéran”

anu mangrupa gelar pikeun

putra raja, saperti anu aya

dina rumpaka ieu di handap:

Anjeunna geus

manggihan tamu teu

diondang,

Pernahna ti palih wétan,

Cirebon anu kasohor,

Dipingpin ku Pangéran

Muhammad.

3. Sistem Élmu Pangaweruh

Dina ieu kasenian, katitén aya

sababaraha hal anu aya patalina

jeung élmu pangaweruh. Sakumaha

anu disebutkeun dina bab

saméméhna, yén loba cabang élmu

pangaweruh salasahijina ngeunaan

tutuwuhan jeung waktu. Pérkara

ngeunaan éta hal, bisa katitén dina

rumpaka ieu di handap:

a) Tutuwuhan

Ratu agung gancang

nyaur

Sadaya sing pada ngarti

Ka urang aya utusan

Utusan nu pilih tanding

Arék nyiar buah maja

Pikeun ngubaran kasakit

Anu pasti kaula diutus

ratu

Nyiar ubar keur kasakit

Cék béja di dieu subur

Buah maja ubar matih

Keur rahayat di Cirebon

b) Waktu

Dina kasenian Gaok katitén

ayana unsur élmu pangaweruh

ngeunaan waktu, anu digunakeun

waktu digelarna acara upacara mipit

paré. Saacaan ieu kasenian

ditanggap, biasana masarakat patani

kudu nangtukeun kaayaan paréna

heula, naha paré téh geus beukah

atawa acan. Upama geus beukah,

kakara seni Gaok bisa dipintonkeun.

4. Unsur Basa

Page 10: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Sabada dianalisis, basa anu

digunakeun dina ieu kasenian nya éta

umumna maké basa Sunda. Ku

lantaran seni Gaok mangrupa

salasahiji kasenian tradisional Sunda,

anu perenahna ti Kampung Tarikolot

Désa Kulur Kabupatén Majalengka.

Tapi dina hiji kasempetan dalang

biasana ngombinasikeun maké basa

Jawa, saperti dina du’a panutup

atawa rajah panutup.

5. Unsur Kasenian

Sakumaha anu geus

dipikanyaho saméméhna, yén seni

Gaok kaasup kana seni musik, seni

sora, jeung seni sastra. Ieu di handap

bakal dipedar unsur kasenian anu

nyampak dina seni Gaok, nya éta di

antarana:

1) Waditra

Waditra anu digunakeun dina

kasenian Gaok nya éta waditra anu

kawilang umum digunakeun dina

kasenian tradisional séjénna, saperti

kendang jeung kulantér, goong,

kecrék, sarta tarompét. Béda jeung

pintonan seni Gaok dina jaman

bihari, anu ngan ngagunakeun

kecrék, sarta buyung jeung songsong

pikeun ngagantikeun sora goong dina

ieu kasenian.

2) Karakteristik Sora

Kualitas sora dina ieu

kasenian jadi hal anu pangpentingna

dipimilik ku dalang. Sabab dina

unggal pintonan seni Gaok, kualitas

sora anu bedas tur jelas téh jadi ciri

hasna.

6. Sistem Pakasaban jeung

Ékonomi

Saupama dititénan, dina seni

Gaok kagambar jelas aya unsur

pakasaban anu nyampak dina

salasahiji wawacan anu biasa

ditembangkeun nya éta dina naskah

Wawacan Sulanjana. Ieu wawacan

eusina nyaritakeun ngeunaan

gambaran kahirupan masarakat

Sunda anu dina jaman baheula

umumna miboga pakasaban jadi

patani. Éta gambaran saluyu jeung

kaayaan masarakat Désa Kulur anu

lolobana jadi patani.

7. Sistem Téhnologi

Téhnologi mangrupa

salasahiji unsur budaya anu

dihasilkeun ku manusa. Téhnologi

bisa ngawujud pakakas, alat

komunikasi, pakéan, kadaharan,

jeung alat transportasi. Rupa-rupa

pakakas anu digunakeun dina

kasenian Gaok, nya éta pakakas nu

mangrupa goong, kecrék, kendang

jeung kulantér, sarta tarompét.

Kamekaran téhnologi dina ieu

kasenian ditandaan ku digantina

pakakas buyung jeung songsong

minangka waditra gaganti goong,

sarta ngagunakeunna “alat pengeras

suara” atawa nu sok biasa disebut

microphone jeung speaker dina ieu

kasenian.

Bahan Pangajaran

Matéri pangajaran ngeunaan

bahasan kasenian tradisional Jawa

Barat, geus loba pisan anu dijadikeun

alternatif bahan ajar. Salasahijina

dina pangajaran Basa Sunda di SMA

kelas XII, aya pangajaran maca

bahasan kasenian. Kasenian Gaok

bisa dijadikeun alternatif bahan

pangajaran maca. Matéri pangajaran

ditepikeun ngagunakeun média,

tujuanna sangkan bisa ngirut tur

maham kana eusi pangajaran. Média

pangajaran anu digunakeun dina ieu

pangajaran maca bahasan, tangtu

waé ngagunakeun teks bacaan nu

mangrupa artikel kasenian Gaok.

Salian teks bacaan, sangkan leuwih

ngirut siswa dina kagiatan diajar tur

Page 11: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

maham kana kasenian tradisional asli

ti Majalengka ieu, média pangajaran

bisa mangrupa video anu mintonkeun

kasenian Gaok.

Sabada ngalaksanakeun

kagiatan pangajaran, hal nu kudu

diperhatikeun nya éta nyiapkeun

rarancang pangajaran atawa anu

biasa disebut RPP (Rencana

Pelaksaan Pembelajaran). RPP nya

éta salasahiji padoman anu kudu

disiapkeun ku guru dina ngamimitian

proses pangajaran. RPP salasahiji

program anu aya patalina jeung prak-

prakkan ngajar di kelas, nepi ka

tujuan pembelajaran bisa kahontal.

RPP ngawengku silabus jeung sistem

meunteun hasil diajar. Di handap ieu

bakal ditétélakeun silabus jeung RPP

tina materi pangajaran maca bahasan

kasenian.

Standar Kompetensi jeung

Kompetensi Dasar

o Standar Kompetensi

Standar kompetensi pikeun

pangajaran maca bahasan kasenian di

SMA kelas XII, bisa katitén di

handap ieu:

12.3 Mampu membaca untuk

memahami dan menanggapi

bacaan yang berupa artikel,

carita buhun, dan bahasan.

o Kompetensi Dasar

Kompetensi dasar pikeun

pangajaran ngeunaan kasenian Gaok

nya éta:

12.3.3 Membaca bahasan

tentang kasenian

Materi Pokok

SENI GAOK

Gelarna Seni Gaok di

Kabupaten Majalengka, ditandaan ku

sumebarna ajaran Islam di ieu

wewengkon anu dibawa ku Pangeran

Muhammad ti Karajaan Cirebon.

Seni Gaok kaasup kana jenis

kasenian pikeun upacara, saperti sok

digelarkeun dina upacara mipit parẻ,

jeung ngayun orok sarta dina hajat

sunatan, nikahan jeung tingkeban

(tujuh bulanan). Katelah Gaok sotẻh

di Majalengka, bẻda jeung di

wewengkon Sumedang mah

disebutna Beluk. Upama dititénan,

karakteristik seni Gaok jeung Beluk

mẻh sarua tina cara prak-prakkanna.

Seni Gaok ngabogaan ciri has

anu nyampak tina sora dalang waktu

nembangkeun pupuh, nya ẻta sora

anu bedas tur jelas. Ku sabab ẻta ieu

kasenian disebut Gaok tẻh, anu asal

kecapna tina ngagorowok. Kasenian

anu sumebar di Dẻsa Kulur,

Kelurahan Sindangkasih, Kabupaten

Majalengka mimiti gelar dina taun

1963, perenahna di kampung

Tarikolot. Dina taun 1963 nepi ka

taun 1970, seni Gaok leuwih sering

digelarkeun dina acara-acara upacara

adat kayaning acara mipit

paré/babarit paré jeung ngayun. Tapi

ka béh dieukeun, kira-kira dina taun

1980-an masarakat mulai mikaresep

kana pintonan kasenian Gaok nepi

ka dijadikeun hiburan dina acara-

acara hajat/kariaan. Ieu hal kabuktian

tina seringna kasenian Gaok

dipintonkeun di luar daẻrah

Majalengka, saperti di Bandung

jeung Jakarta dina acara Pagelaran

Seni Nusantara.

Seni Gaok mangrupa seni

musik anu di jerona ngandung seni

sastra, nya éta sastra jenis wawacan.

Saméméh prak-prakkan ieu kasenian,

biasana sok dimimitian ku maca

hadoroh anu dibarengan ku

nyadiakeun sasajén anu tujuanna

pikeun ngahormat ka karuhun.

Jumlah pamaẻn dina seni Gaok téh

Page 12: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

nepi ka welasan urang, tapi ku ayana

kamekaran jaman, jumlah pamaẻnna

tẻh ngurangan.

Ku ayana pangaruh

kamekaran jaman éta, waditra anu

dipaké mirigna ogé leuwih dinamis

jeung variatif. Di antarana nya éta,

goong, kendang jeung kulantér,

kecrék sarta tarompét. Ayana

parobahan waditra ti goong buyung

jeung kecrék dina seni Gaok,

tujuanna pikeun ngajaga eksistensi

ieu kasenian di masarakat, hususna

masarakat anu aya di wewengkon

Majalengka. Sedengkeun Pakéan anu

digunakeun ku pamaénna nya éta

pakéan has Sunda anu disebut baju

kamprét/toro jeung iket minangka

panglengkep. Ilaharna wawacan anu

dibacakeun dina ieu kasenian nya éta

Wawacan Nyi Rambut Kasih,

Wawacan Talaga manggung,

Wawacan Samun, Wawacan

Sulanjana, jeung Para Nabi Anbiya.

Dina unggal pintonana, ieu

kasenian biasa digelarkeun teu maké

panggung cara pagelaran nu lianna,

tapi di buruan imah nu boga hajat.

Dina prakna pagelaran henteu béda

jeung pagelaran séjénna. Umumna

sok aya bubuka atawa pamapag ti

anu boga hajat, sakecap dua kecap

kalimah pamuka pikeun ngébréhkeun

tujuan dilaksanakeunna ieu pagelaran

sarta panuhun ka para nu nongton.

Tapi kiwari kasenian Gaok

mangrupa salasahiji kasenian anu

hampir tumpur di Majalengka sarta

perlu ayana panitén anu leuwih

serius ti pamaréntah. Dumasar ieu

hal, perlu diayakeun regenerasi

ngaliwatan dunya atikan, boh praktis

boh apresiasi. Di Désa Kulur,

kasenian Gaok mimiti dimumulé

jeung diriksa ku (alm) E.

Wangsadiharja, sarta kiwari

dituluykeun ku Abah Rukmin salaku

dalang tur pamingpin ieu kasenian.

Sababaraha cara dilakukeun

ku pamaréntah Kabupatén

Majalengka pikeun miara tur

ngariksa ieu kasenian, utamana nya

éta miara ajén-inajén anu nyangkaruk

dina unggal pintonana. Salasahiji

cara anu dilakukeun ku pamaréntah

nya éta mintonkeun kasenian Gaok

dina unggal acara miéling Kabupaten

Majalengka. Lian ti éta sababaraha

bulan ka tukang, ieu kasenian

dipintonkeun ogé dina acara anu

dilaksanakeun ku pamaréntah

Kabupaten Majalengka pikeun

hiburan dina mapag Wakil Gubernur

Dede Yusuf di Désa kulur,

Kecamatan Sindangkasih. Ku ayana

panitén ti masarakat jeung

pamaréntah Kabupaten Majalengka,

ku kituna ajén-inajén nu nyampak

dina ieu kasenian tetep dipiara.

Saupama dititénan loba pisan ajén

budaya anu aya dina ieu kasenian, di

antarana dina tujuh unsur budaya nya

éta sistem kapercayaan/religi, sistem

organisai jeung kamasarakatan, élmu

pangaweruh, sistem basa, kasenian,

pakasaban jeung ekonomi, sarta

téhnologi.

Dumasar kana pedaran di

uhur, dipiharep ayana regenerasi

sarta aya panitén anu leuwih serius ti

pamaréntah Jawa Barat. Ieu hal

tangtu mangrupa cara pikeun

mertahankeun eksistensi seni Gaok

salaku kasenian tradisional anu asli ti

wewengkon Majalengka.

Kacindekan

Sabada dititénan tur dianalisis

pamanggih-pamanggih nu kapanggih

dina hasil panalungtikan, bisa

dicindekkeun yén:

Page 13: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

1. Gelarna Seni Gaok di Désa

Kulur, Kecamatan

Majalengka, Kabupatén

Majalengka dina abad ka 15.

Saupama ditilik tina cara

mintonkeunna, seni Gaok

mangrupa seni tradisional anu

geus ngalaman sinkretisme

antara ajén-inajén budaya

Sunda buhun jeung budaya

Islam anu dibawa ti Cirebon

ku Pangéran Muhammad.

Pangéran Muhammad boga

misi pikeun nyebarkeun

ajaran Islam di Majalengka,

salasahijina

ngamangpaatkeun naskah

wawacan anu ditembangkeun

dina seni Gaok. Asal mula

ayana istilah Gaok téh tina

kecap ngagorowok,

kulantaran pakasaban

masarakat jaman harita téh

nya éta melak huma. Waktu

masarakat silih tempas ti

huma hiji ka huma séjénna

anu jarakna pajauh. Ti dinya,

kapanggih sora-sora anu

miboga wirahma luhur sarta

kacipta kaéndahan waktu

nyalukan hiji jalma ka jalma

nu séjénna. Ku kituna

diaranan Gaok dicokot tina

kecap ngagorowok atawa

ngagoak/nyalukan.

2. Dina unggal pintonana, ieu

kasenian biasa digelarkeun

teu maké panggung cara

pagelaran nu lianna, tapi di

buruan imah nu boga hajat.

Cara magelarakeun kasenian

Gaok biasana sok dimimitian

ku macakeun du’a saperti

hadorohan anu dipingpin ku

dalang Gaok. Hadorohan téh

mangrupa kagiatan ngirim

du’a ka Gusti Alloh, ku cara

maca solawat nabi sarta surat-

surat pondok saperti Al-

Fatihah, Al-ikhlas, jsté. anu

miboga tujuan pikeun ménta

ijin ka karuhun sarta dibéré

kalancaran jeung kasalametan

dina magelarkeun éta

kasenian. Sabada macakeun

du’a, dalang langsung

macakeun kidung bubuka anu

tuluy ditéma ku sora waditra

pananda dalang rék

ngamimitian nembangkeun

éta wawacan maké pupuh.

Aya sababaraha pupuh anu

ditembangkeun dina

Wawacan Nyi Rambut Kasih,

nya éta pupuh dangdanggula,

kinanti, magatru, mijil,

sinom, asmarandana, jeung

pangkur. Minangka pamuka

carita, dua padalisan anu

ditembangkeun ku Abah

Rukmin maké pupuh

dangdanggula, tuluy dibeuli

ku anu sok disebut tukang

Gaok/tukang meuli. Tukang

Gaok/tukang meuli

nembangkeun sabaris-sabaris

anu keur dibacakeun ku

dalang, ditembangkeun sacara

gagantian jeung pamaén

séjénna. Biasana unggal

pamaén kabagian sabaris nepi

ka dua baris sanggeus

tembang bérés

ditembangkeun ku pamaén

séjénna. Saterusna, dina ahir

padalisan biasana sok

ditempas ku alok sarta sakali-

kali sok dikombinasikeun ku

tembang sunda nu

ditembangkeun ku sinden.

Tuluy pamungkas, dalang

macakeun rajah panutup.

Page 14: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

3. Ajén-inajén budaya anu

kapanggih dina kasenian

Gaok, di antarana katitẻn tina

unsur anu ngawengku tujuh

unsur kabudayaan nurutkeun

Koentjaraningrat. Tujuh

unsur kabudayaan ẻta di

antarana, (1) sistem

kaagamaan jeung

kapercayaan/religi di

antarana: bubuka dina

pagelaran seni Gaok saperti

hadoroh jeung kidung

bubuka, sasajen saperti

tumpeng (congcot rosul),

rurujakan, jeung congcot

tujuh, sarta dina acara hajat

saperti nyunatan, nikahan,

mipit paré, ngayun, dan tujuh

bulanan; (2) sistem organisasi

jeung kamasarakatan di

antarana: ayana gotong

royong dina maénkeun

waditra jeung ayana

sesebutan husus nu aya dina

naskah Wawacan Nyi

Rambutkasih saperti Gusti,

patih, ratu, éndang, kanjeng,

sarta pangéran; (3) sistem

élmu pangaweruh di antarana:

pangaweruh ngeunaan

tutuwuhan anu bisa

digunakeun pikeun obat nya

éta buah maja sarta ngeunaan

waktu nalika rék

dipagelarkeunna seni Gaok

pikeun acara mipit paré; (4)

sistem basa di antarana: basa

anu dipaké dina pagelaran

seni Gaok nya éta basa Sunda

jeung basa Jawa nalika

macakeun rajah panutup; (5)

kasenian di antarana: waditra

anu digunakeun saperti

goong, kendang jeung

kulantér, tarompét, jeung

kecrék sarta kualitas sora

dalang anu has dinya

nembangkeun pupuh; (6)

sistem pakasaban jeung

ekonomi di antarana:

kagambar dina naskah

Wawacan Sulanjana anu

nyaritakeun asal muasal paré

jeung ngagambarkeun

kahirupan patani; jeung (7)

téhnologi di antarana: ayana

parobahan waditra jeung

speaker sarta mic minangka

panglengkep.

4. Pikeun mekarkeun

kabudayaan hususna dina

widang kasenian, pangajaran

mangrupa salasahiji média

anu éféktif digunakeun

pikeun nepikeun sarta bisa

ngaronjatkeun dina widang

atikan. Ku kituna, kasenian

Gaok bisa dijadikeun

alternatif bahan pangajaran,

hususna dina pangajaran

maca. Salian ti salasahiji cara

pikeun mekarkeun budaya

tradisional, ogé pikeun

ngamekarkeun kamampuh

siswa dina maham téorina.

Sangkan kasenian Gaok teu

tumpur di era globalisasi ieu,

mangka perlu pisan ku urang

saréréa pikeun ngajaga jeung

ngariksa kana ieu kasenian

tradisional. Lian ti éta,

dipiharep ajén-inajén anu aya

diunggal pintonan jeung

kalengkepan dina kasenian

Gaok bisa diwariskeun ka

anak incu pikeun ngatur sarta

dijadikeun pedoman dina

kahirupanana. Ku kituna,

materi maca bahasan

kasenian Gaok bisa jadi

pangwangun pikeun

Page 15: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

ngaréalisasikeun Pendidikan

Berkarakter.

Saran

Dumasar hasil panalungtikan

anu dilaksanakeun, aya sababaraha

saran nu ditepikeun dina ieu

panalungtikan, nya éta:

1. Artikel ngeunaan kasenian

Gaok bisa dijadikeun

rekomendasi pikeun guru-

guru basa Sunda dina ngajar

materi ngeunaan maca

bahasan kasenian di SMA

kelas XII.

2. Ajén-inajén anu aya dina

kasenian Gaok bisa

ngadeudeul dina

ngaréalisasikeun pendidikan

karakter anu bisa ngawangun

karakter siswa-siswa salaku

panerus bangsa.

3. Ieu hasil panalungtikan

dirékoméndasikeun supaya

jadi sumber pikeun

ngawanohkeun wanda budaya

Sunda ka masarakat hususna

ka para panerus bangsa,

sangkan masarakat ngajaga

tur ngamumulé kasenian

Gaok.

DAPTAR PABUKON

Ali, Abdullah. (2007). Metodologi

Penelitian dan Penulisan

Karya Ilmiah. Yogyakarta:

STAIN Press &

Cakrawala.

Anshari, Endang Saifudin. (1980).

Agama dan Kebudayaan. Surabaya:

Bina Ilmu.

Arikunto, S. (2006). Prosedur

Penelitian Suatu

Pendekatan Praktik:

Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2009). Manajemen

Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Asiah, Nur. (2010). Ajén-inajén Dina

Kasenian Burok di Désa

Pabedilan Wétan

Kecamatan Pabedilan

Kabupaten Cirebon pikeun

Bahan Pangajaran di

SMP. Skripsi FPBS UPI

Bandung: Tidak

diterbitkan.

Bachtiar, Harsja W. (1988).

Masyarakat dan

Kebudayaan (Kumpulan

Karangan Untuk Prof. Dr.

Selo Soemardjan). Jakarta:

Djambatan.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus

Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Danandjaja, James. (2007). Folklor

Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama

Grafiti.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa

Barat. (2007). Standar

Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata

Pelajaran Bahasa dan

Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan.

Ekadjati, Edi S. (1984). Masyarakat

Sunda dan

Kebudayaannya. Jakarta:

Girimukti Pasaka.

Hadianti, Dian. (2008). Ajẻn Atikan

Kasenian Singa Dẻpok di

Dẻsa Cupunagara

Kacamatan Cisalak

Kabupatẻn Subang.

Page 16: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Skripsi FPBS UPI

Bandung: Tidak

diterbitkan.

Handayani, Dewi. (2012). Ajẻn

Budaya Dina Wawacan

Pangantẻn Tujuh Pikeun

Bahan Pangajaran di

SMP. Skripsi FPBS UPI

Bandung: Tidak

diterbitkan.

Harjanto. (2008). Perencanaan

Pengajaran. Jakarta:

Rineka Cipta.

Harsojo. (1984). Pengantar

Antropologi. Jakarta:

Binacipta

Haviland, William A. (1999).

Antropologi. Jakarta: Penerbit

Erlangga.

Kubarsah, R Ubun. (1994). Waditra

Mengenal Alat-alat

Kesenian Daerah Jawa

Barat. Bandung:

Sampurna.

Kusnadi, E. (2005). Profil Kesenian

Daerah Kabupaten

Majalengka. Majalengka:

Kantor Kabudayaan dan

Pariwisata Kabupaten

Majalengka.

Koentjaraningrat. (1985).

Kebudayaan, Mentalitas

dan Pembangunan.

Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat. (2002). Pengantar

Ilmu Antropologi. Jakarta:

Rineka Cipta.

Koentjaraningrat. (2004). Manusia

dan Kebudayaan di

Indonesia. Jakarta:

Djambatan.

Koentjaraningrat. (2005). Pengantar

Antropologi II. Jakarta:

Rineka Cipta.

Koentjaraningrat. (2011). Pengantar

Antropologi I. Jakarta:

Rineka Cipta.

Majid, Abdul. (2011). Perencanaan

Pembelajaran. Bandung:

Remaja Rosdakarya.

Maryaeni. (2005). Metode Penelitian

Kebudayaan. Jakarta:

Bumi Aksara

Mustofa, Ahmad. (1997). Ilmu

Budaya Dasar. Bandung:

Pustaka Setia.

Rahayu, Weli. (2010).

Perkembangan Seni Beluk

di Kecamatan Darmaraja

Kabupaten Sumedang

Tahun 1966-1998 Suatu

Tinjauan Sosial Budaya.

Skripsi FPIPS UPI: Tidak

diterbitkan.

Rohidin, T. Rohendi. (2000).

Kesenian dalam

Pendekatan Kebudayaan.

Bandung: STSI Press.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra

Sunda. Diktat Perkuliahan

Jurusan Pendidikan

Bahasa Daeah UPI

Bandung: Tidak

diterbitkan.

Ruhaliah. (2010). Sajarah Sunda.

Diktat Perkuliahan Jurusan

Pendidikan Bahasa Daeah

UPI Bandung: Tidak

diterbitkan.

Page 17: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

Sedyawati, Edi. (2006). Budaya

Indonesia: Kajian

Arkeologi, Seni, dan

Sejarah. Jakarta: PT

RajaGrafindo Persada.

Setiawan, Hawẻ. (2011). Perspẻktif

Kebudayaan Sunda.

Bandung: Kiblat Buku

Utama.

Soelaeman, M. Munandar. (2010).

Ilmu Budaya Dasar.

Bandung: Refika Aditama

Sudaryat, Yayat. (2004). Ẻlmuning

Basa. Bandung: Walatra

Suriasumantri, Jujun S. (2010).

Filsafat Ilmu Sebuah

Pengantar Populer.

Jakarta: Pustaka Sinar

Harapan.

Sutrisno, Mudji dan Putranto,

Hendar. (2009). Teori-

teori Kebudayaan.

Yogyakarta: Kanisius.

Tamsyah, Budi Rahayu. (2008).

Kamus Lengkap Sunda-

Indonesia, Indonesia-

Sunda, Sunda-Sunda.

Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, Henry Guntur. (2008).

Membaca Sebagai Suatu

Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa

Tim Pengembang MKDP Kurikulum

dan Pembelajaran. (2006).

Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung:

Jurusan Kutekpen FIP UPI

Universitas Pendidikan Indonesia.

(2012). Pedoman

Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI

Wangsadiharja, E. (1999). Wawacan

Rambutkasih Leungit Jinis.

Majalengka: Catur Mitra

Pendidikan Kabupaten

Majalengka

Widagdho, Djoko, dkk. (2010). Ilmu

Budaya Dasar. Jakarta:

Bumi Aksara.

Yuwana, Yoga. (2010). Seni,

Budaya, Estetika & Audio

Visual. [Online].

Tersedia:http://senismasan

tupetrus.blogspot.com/201

0/05/fungsi-seni.html [01

Februari 2013]

TAWIS NUHUN

Tawis nuhun anu pinuh ku rasa syukur baris disanggakeun ka Allah SWT

anu maparin kaasih, rahmat tur hidayah-Na pikeun panyusun dugi ka danget

ayeuna. Salajengna salami nyusun sareng ngalaksanakeun panalungtikan ieu

skripsi, seueur bimbingan tur pangrojong ti para pangaping sareng panggeuing ti

sadayana. Ku kituna, panulis seja ngahaturkeun sẻwu nuhun laksaketi kabingahan

ka anu parantos nungtun sareng ngabantosan boh nu mangrupi material boh

spiritual, dugi ka rẻngsẻna ieu skripsi ka kersana:

1. Dr. Dedi Koswara, M.Hum. salaku dosén jeung Pangaping I, anu ngaping

dina ngaréngsékeun ieu skripsi;

Page 18: AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR

2. Drs. Dede Kosasih, M.Si. salaku dosén jeung Pangaping II, anu ngaping dina

ngaréngsékeun ieu skripsi;

3. Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. salaku dosén jeung Pupuhu Jurusan

Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI;

4. réngréngan dosén Ibu miwah Bapa: Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., Dr. H.

Yayat Sudaryat, M.Hum., Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd., Drs. H. O.

Solehudin, M.Pd., Dr. Ruhaliah, M.Hum., Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum., Drs. Dede Kosasih, M.Si., Agus Suherman,

S.Pd., M.Hum., Hernawan, S.Pd., M.Pd., Ade Sutisna, S.Pd., Dian

Hendrayana, S.S., M.Pd., Temmy Widiastuti, S.Pd., M.Pd., anu parantos

ngatik sareng ngadidik panulis dugi ka tiasa ngaréngsékeun kuliah;

5. Pa Wawan, Pa Apan, Kang Dede, sareng Teh Herma anu tos ngabantos dina

sagala kalancaran administrasi salami kagiatan kuliah;

6. pun Bapa H. Surliana sareng pun biang Hj. Eno Amini anu ku sim kuring

dipikanyaah tur dipikacinta anu teu weléh dirérépot ku sim kuring salami ieu,

anu teu kendat-kendat ngadu’akeun jeung ngarojong sim kuring pikeun

kalancaran ieu skripsi, anu ngaping tur ngadidik ti leuleutik disarengan ku

kaasih sareng kadeudeuh dugi ka kiwari. Kanyaah tur kaasih Bapa sareng

Mimi salawasna nyaliara dugi ka engké jaga;