ajÉn sosial dina kasenian jentrÉng di …antologi.upi.edu/file/artikel_hernita.pdf · imah,...
TRANSCRIPT
AJÉN SOSIAL DINA KASENIAN JENTRÉNG
DI KECAMATAN RANCAKALONG
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
PEDARAN WANDA KASENIAN DAÉRAH
DI SMP KELAS VIII
HERNITA NURMILASARI, USEP KUSWARI, DEDE KOSASIH
Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,
Universitas Pendidikan Indonesia, jln Setiabudi 229, Bandung.
No Telepon: 085324726526, 081321453429, 081321199673.
E-mail: [email protected], [email protected]
Abstrak: Skripsi ini berjudul “Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kecamatan
Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian
Daérah di SMP Kelas VIII”. Yang menjadi latar belakang dari penelitian ini
adalah adanya kebudayaan baru yang muncul di tengah masyarakat, sehingga
kebudayaan tradisional terasingkan dengan sendirinya. Penelitian ini bertujuan
memaparkan proses berlangsungnya pagelaran kesenian Jentreng dan
menganalisis nilai sosial yang ada di dalamnya. Dengan begitu diharapkan dapat
menarik hati dan menumbuhkan rasa bangga kepada generasi muda khususnya
anak SMP di Kecamatan Rancakalong untuk mencintai kesenian Jentreng yang
merupakan kasenian tradisional di Kecamatan Rancakalong. Metode yang
digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif yang merupakan
akumulasi data dasar dengan cara deskripsi saja, tidak menguji hipotesis dan tidak
membuat prediksi. Adapun tekhnik dalam penelitian ini menggunakan tekhnik
observasi langsung, observasi partisipan, tekhnik wawancara dan tekhnik
dokumetasi. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, skripsi ini memperoleh
gambaran hasil sebagai berikut: 1) Kesenian Jentreng di Rancakalong di latar
belakangi adanya keinginan masyarakat untuk mewujudkan rasa syukur kepada
Dewi Sri yang dipercaya telah menurunkan berkah melalui hasil panen padi yang
melimpah. 2) Kesenian Jentréng di Rancakalong memiliki empat belas nilai sosial
yang masih berlaku di masyarakat hingga sekarang, nilai sosial itu adalah
kekeluargaan (10%), silaturahmi (7,8%), saling menghargai (11%), saling
membantu (7,2%), saling melatih (3,7%), saling menyayangi (4,7%), saling
melindungi (4,4%), kerja sama (5,3%), kekompakan (5,6%), saling memberi
kesempatan (4,4%), etika atau sopan santun (6,9%), saling membutuhkan (7,8%),
saling mengingatkan (8,4%), dan saling melengkapi (12,2%). 3) Selanjutnya hasil
penelitian ini dibuat dalam bentuk bahasan untuk bahan pembelajaran
keterampilan menyimak. Penelitian ini bermanfaat untuk memperluas
pengetahuan tentang nilai-nilai solidaritas masyarakat dalam pembelajaran bahasa
Sunda. Selain itu, bagi para guru penelitian ini bisa dijadikan pertimbangan untuk
memilih bahan pembelajaran.
Kata Kunci : Ajén Sosial dan Jentréng
AJÉN SOSIAL DINA KASENIAN JENTRÉNG
DI KECAMATAN RANCAKALONG
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
PEDARAN WANDA KASENIAN DAÉRAH
DI SMP KELAS VIII
HERNITA NURMILASARI, USEP KUSWARI, DEDE KOSASIH
Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,
Universitas Pendidikan Indonesia, jln Setiabudi 229, Bandung.
No Telepon: 085324726526, 081321453429, 081321199673
E-mail: [email protected], [email protected]
Abstract: This Skripsi entitled "Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kecamatan
Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian
Daérah di SMP Kelas VIII”. Background from this research is existence of new
culture which appear in surrounding socialize, so that the isolated traditional
culture by itself. This research aim to explaining process to take place showing
kesenian Jentreng and analyse social value exist in depth. That way expected can
find attractive and grow pride to young generation specially child of SMP at
Subdistrict of Rancakalong to love Kesenian Jentreng representing traditional
kasenian at Subdistrict Rancakalong. Method used in this research is descriptive
method representing accumulation of basic data by way of just description, not
hypothesis test and not make prediction. As for technique in this research use
direct observation technique, participant observation, interview technique and
documentation technique. Pursuant to research which have been done, this skripsi
obtain explaining of result as the following :1) Kesenian Jentreng at Rancakalong
be background existence of society desire into reality of feel thanks to Dewi Sri
trusted have give blessing through result harvest paddy which abundance. 2)
Kesenian Jentréng at Rancakalong have fourteen of social value which still go
into effect in society until now, that social value are familiarity (10%), silaturahmi
/good-relationship (7,8%), each other esteem (11%), each other assist (7,2%),
each other train (3,7%), each other love (4,7%), each other protect (4,4%),
cooperation (5,3%), solidarity (5,6%), reciprocating opportunity (4,4%), ethics or
manner (6,9%), each other require ( 7,8%), each other remind (8,4%), and each
other complement (12,2%) Hereinafter result of this research made in the form of
discussion for substance of study of skill correct reading. Result of this research
expected can be useful to extend knowledge about values of solidarity society in
Sundanese language study. That others, to all teacher of this research can be
made a consideration to chosen study substance.
Keyword : Ajén Sosial end Jentréng
BUBUKA
Seni téh mangrupa bagéan tina
kabudayaan. Ari kabudayaan téh asal
kecapna tina budaya anu hartina hiji
cara hirup anu mekar jeung dipiboga ku
saréréa atawa sakelompok jalma tur
diwariskeun ti generasi ka generasi.
Wujud tina kabudayaan téh nya
éta lain ngan saukur koléksi barang-
barang anu diciptakeun ku manusa
salaku makhluk nu berbudaya kawas
karya-karya kasenian, buku-buku, alat-
alat, jsb. Kiwari kabudayaan
dipatalikeun jeung kagiatan manusa
nyieun pakakas, maké tata upacara tari-
tarian jeung mantera-mantera.
Koentjaraningrat (1990:205)
nétélakeun yén kabudayaan ngawengku
tujuh unsur budaya sacara universal di
antarana, nya éta: (1) sistem
kapercayaan, (2) sistem pangaweruh,
(3) organisasi sosial, (4) basa, (5)
sistem pakasaban, (6) kasenian, jeung
(7) sistem téknologi.
Kasenian di wewengkon Sunda
téh loba pisan, awahing ku lobana nepi
ka hésé ngitungna, komo mun
disebutan hiji-hiji. Kasenian Sunda éta
téh aya nu geus leungit, aya nu rék
leungit, tapi aya ogé anu masih kénéh
sok dipaké. Leungit di dieu maksudna
tara dipaké. Kitu deui di wewengkon
Rancakalong-Sumedang, kasenian anu
aya téh kawilang loba, aya kuda
rénggong, singa dépok, kuda lumping,
réak (bangbarongan), terbang,
ngalaksa, celempungan, Jentréng
(tarawangsa) jrrd.
Jentréng mangrupa kasenian nu
tumuwuh tina pola hirup tatanén
masarakat Rancakalong-Sumedang.
Kasenian Jentréng téh minangka
médium dina upacara nu raket pisan
patalina jeung unsur magis. Jentréng
ditujukeun pikeun ngahormat ka Dewi
Sri atawa Dewi paré. ku hormat-
hormatna masyarakat Rancakalong
nyebut kana paré téh ku ngaran Kersa
Nyai minangka personifikasi tina paré.
Tujuanna sangkan Kersa Nyai tetep
cicing jeung betah di Rancakalong. Ieu
hal saluyu jeung kabiasaan masarakat
nu nempatkeun Jentréng salaku media
poko dina upacara nyalin atawa panén
paré.
Salian ti media pikeun sukuran ka
Kersa Nyai, Jentréng ogé osok dipaké
salaku upacara hajat lembur, ngaruat
imah, salametan pikeun ménta
kasalametan tur kaséhatan keur nu
geuring, jrrd.
Kasenian Jentréng di wewengkon
Rancakalong-Sumedang téh kaasup
kasenian anu masih kénéh aya tapi geus
jarang dipidangkeun. Arang langkana
dipidangkeun kasilih ku robahna Jaman
lantaran ayana kasenian anu dianggap
leuwih modern kayaning jaipong
dangdut, organ tunggal jrrd.
Nasib kasenian Jentréng kiwari
lamun dibandingkeun jeung kasenian
buhun séjéna, upamana waé ku
celempungan mémang rada
kaéléhkeun. Alesanana nya éta, nu
kahiji lamun ditilik tina musikalisasina,
celempungan mah bisa maké sindén
dina harti bisa maké nu ngahaleuang
lain ngan saukur ngandelkeun irama
tina waditra nu dipaké, sedengkeun
jentréng mah dipahing maké sindén,
pamali hukumna lamun maké nu
ngahaleuang, ku kituna ngan saukur
ngandelkeun irama tina rebab jangkung
(tarawangsa) jeung kacapi.
Nu kadua ditilik tina fungsina,
kasenian celempungan mah leuwih
nyoko salaku hiburan, ku kituna dina
nataharkeun celempungan mah sagala
kaperluan anu dibutuhkeun nalika
magelar téh henteu riweuh teuing
kawas nataharkeun Jentréng anu
miboga fungsi pikeun ritual atawa
upacara, nepi ka ngabutuhkeun rupa-
rupa sasajén.
Nu katilu ditilik tina ibingna, ieu
aya patalina jeung alesan nu kadua,
ibingan dina kasenian celempungan
mah jumlah nu ngibing jeung tatacara
ngibingna taya aturan, bébas sabaraha
baé jeung kumaha waé.
Gerakan/ibingan dina celempungan
biasana leuwih dinamis lantaran
piriganana leuwih ritmis, sedengkeun
dina Jentréng mah waktu ngamimitian
ngibing kudu saéhu heula saurang,
terus limaan, tujuhan nepi ka
panglobana téh salapan urang.
Ngibingna gé leuwih antaré
gerakanana.
Tilu alesan éta mangrupa alesan
rada kaéléhkeuna kasenian Jentréng ku
celempungan. Ieu mangrupa gejala-
gejala kesenjangan nu aya di antara
kasenian buhun. Kaayaan ieu bisa
disebutkeun masalah anu daria pikeun
kabudayaan buhun khususna Jentréng,
sabab lila kalilaan moal aya generasi nu
daék jadi panerus pikeun ngamumulé
kasenian buhun. Sedengkeun Jentréng
téh mangrupa kasenian buhun anu
“ahéng”, ngandung unsur gaib sarta
dianggap sakral, penting pisan
dimumulé ku urang. Naha disebut
penting? sabab Jentréng téh kasenian
nu ayana ngan ukur di Rancakalong,
lamun urang Rancakalongna geus
embung ngamumulé, tungtungna mah
barudak ngora bisa pareumeun obor
kana kasenian Jentréng.
Alesan séjén anu
ngalantarankeun pentingna ngamumulé
kasenian Jentréng nya éta, ayana ajén
sosial jeung tatahar anu rongkah
rohaka. Ajén sosial ngawengku sagala
aspék kahirupan anu dianggap miboga
ajén anu luhur sarta éndah, patali jeung
masarakatna nu mangrupa makhluk
sosial. Aya sababaraha ajén anu
nyangkaruk dina Jentréng, di antarana
ajén sosial, ajén religi jeung ajén seni.
Ajén religi mangrupa ajén anu
kentel pisan dina kasenian Jentréng, ieu
hal patali jeung mimiti ayana kasenian
Jentréng anu ditujukeun pikeun wujud
rasa syukur ka Dewi Sri atawa Dewi
paré. Salian ti éta nalika kasenian
Jentréng digelar, sok loba anu
kasurupan. Nepi ka aya anggapan dina
kasenian Jentréng leuwih loba nu
kasurupan leuwih hadé, lantaran matak
kitu gé masarakat nganggapna éta
kasenian téh di tarimakeun ku karuhun,
seeur karuhun nu sumping, ngiring
ngibing kucara nyurup kanu aya di
dinya.
Wujud ajén sosial tina kasenian
Jentréng diantarana nya éta
kakeluargaan, silaturahmi, silih ajénan,
silih tulungan, kakompakan jrrd, nalika
Jentréng lumangsung masarakat bisa
patepung lawung nyakséni hiji seni tur
bisa ibing babarengan, itung-itung
hiburan pikeun saréréa. Eta mangrupa
mangfaat pikeun masarakat.
Dumasar kasang tukang di luhur,
masalah dina ieu panalungtikan nya
éta:
a. Kumaha prak-prakan pagelaran
kasenian Jentréng nu aya di
wewengkon Rancakalong ti mimiti
tatahar nepi ka prung pagelaran?
b. Ajén sosial naon baé nu
nyangkaruk dina kasenian Jentréng
di wewengkon Rancakalong?
c. Ajén sosial naon baé anu masih
kénéh luyu jeung geus teu luyu
dipaké dina jaman kiwari?
d. Kumaha bahan ajar anu dijieun
pikeun pangajaran ngaregepkeun
pedaran kasenian daérah kelas
VIII?
Sacara umum tujuan dina ieu
panalungtikan téh nya éta pikeun
neleuman ngeunaan ajén sosial anu aya
dina kasenian Jentréng patali jeung
masarakatna, nya éta masarakat di
wewengkon Rancakalong. Salian ti éta
pikeun nalungtik kasenian buhun anu
geus sakuduna dimumulé ku
masarakatna sorangan.
Luyu jeung masalah nu aya, ieu
panalungtikan téh miboga tujuan
pikeun medar kumaha prak-prakan
kasenian Jentréng nu aya di
wewengkon Rancakalong, medar
ngeunaan ajén sosial naon baé anu
nyangkaruk dina kasenian Jentréng di
wewengkon Rancakalong, medar ajén
sosial anu masih kénéh luyu jeung geus
teu luyu dipaké di jaman kiwari, sarta
pikeun nyieun bahan ajar SMP kelas
VIII ngeunaan Jentréng anu patali
jeung pangajaran ngaregepkeun
pedaran kasenian daérah. Ku cara kitu
dipiharep bisa numuwuhkeun rasa
reueus tur héman ka generasi ngora
khususna budak SMP di wewengkon
Rancakalong-Sumedang sangkan boga
karep pikeun ngamumulé budayana
sorangan. Minimalna budak bisa
wanoh kana budayana sorangan, tur
bisa apal yén maranéhna téh miboga
kasenian anu hadé.
Métode
Lokasi ieu panalungtikan nya
éta di Dusun Cibawang, RT 02 RW 09
Desa Sukasirnarasa Kecamatan
Rancakalong Kabupatén Sumedang.
Anu mangrupa lembur juru rebab
jangkung (Bapa Endang, 50 taun) grup
Jentréng “Pusaka Mulya”. Ieu lokasi
téh béh kuloneun kabupatén
Sumedang, jarak ti puseur sumedang ka
Dusun Cibawang nya éta 40 menitan.
Salian ti di Dusun Cibawang, ieu
panalungtikan dipilampah di Dusun
Ciléngsar RT 02 RW 11 Desa Cigendel
Kecamatan Pamulihan Kabupatén
Sumedang. Anu mangrupa lembur
narasumber sakaligus saéhu lalaki
(Bapa Darya, 68 taun) grup Jentréng
“Pusaka Mulya”. Ieu lokasi béh
kuloneun puser kabupaten Sumedang,
béh kiduleun Desa Sukasirnarasa.
Sumber data dina ieu
panalungtikan nya éta ngumpulkeun
sakabéh data anu aya boh dina sumber
tinulis nya éta buku-buku anu aya
patalina jeung ajén sosial, kabudayaan,
kasenian, jentréng jeung bahan ajar,
boh dinu sumber lisan nya éta ti
narasumber anu apal kana seluk beluk
jentréng tur jalma anu sok ilubiung
dina kasenian jentréng.
Desain panalungtikan mangrupa
léngkah-léngkah anu diliwatan dina
panalungtikan ti mimiti ngararancang,
ngalaksanakeun, nepi ka ngolah hasil
panalungtikan. Arikunto (2010:191)
nétélakeun yén desain panalungtikan 1)
milih masalah, 2) studi pendahuluan, 3)
ngarumuskeun masalah, 4)
ngarumuskeun anggapan, 5) milih
pendekatan, 6) nangtukeun sumber
data, 7) nangtukeun jeung nyusun
instrumén, 8) ngumpulkeun data, 9)
analisis data, 10) narik kasimpulan, 11)
nyusun laporan.
Métode anu digunakeun dina
ieu panalungtikan nya éta métode
déskriptif. Sudjana (1987:52)
nyebutkeun yén métode déskriptif nya
éta métode anu digunakeun pikeun
ngadéskripsikeun jeung ngajéntrékeun
kajadian anu lumangsung mangsa
kiwari. Métode déskriptif nya éta
métode anu digunakeun pikeun
ngungkulan pasualan-pasualan faktual
ku jalan ngumpulkeun jeung
ngadéskripsikeun data, nyusun
papasingan, nganalisis jeung nafsirkeun
data. Panalungtikan nu ngagunakeun
métode déskriptif mangrupa akumulasi
data dasar dina cara déskriptif
wungkul, teu nguji hipotésis, teu
nyieun prédiksi, atawa teu
meunangkeun ma’na implikasi.
Arikunto (2010:203) nétélakeun
yén Instrumén panalungtikan mangrupa
alat atawa fasilitas nu dipaké ku nu
nalungtik dina ngumpulkeun data
sangkan migawéna leuwih babari jeung
hasilna leuwih hadé, hartina leuwih
gemet, lengkep, jeung sistematis nepi
ka leuwih babari diolah. Ku kituna,
instrumén dina ieu panalungtikan nya
éta obsérvasi langsung (kaméra foto,
recorder, handycam, kartu data),
obsérvasi partisipan jeung wawancara.
Téhnik dina ieu panalungtikan
ngawengku léngkah tatahar, téhnik
ngumpulkeun data (studi pustaka,
obsérvasi, wawancara, dokuméntasi),
téhnik ngolah data, téhnik nyusun
laporan.
Hasil Panalungtikan
Dumasar hasil obsérvasi
langsung, rékaman jeung wawancara
dina tanggal 21 Désémber 2012 jeung
Bapa Darya (68 taun) anu mangrupa
saéhu tina grup Jentréng, sarta Ibu
Entar Tarmanah (75 taun) jeung Ibu
Dede (45) dina tanggal 14 Desember
2012, prak-prakan dina kasenian
Jentréng éta dibagi kana tilu tahap di
handap, nya éta:
a. Tahap tatahar Dina nataharkeun Jentréng kacida
riweuhna, mimiti kudu nyayagikeun rupa-
rupa sasajén kalayan taliti. Sasajénna nya
éta: paré dua geges, nu hiji dibajuan
sarta di topéngan awéwé nu hiji deui
dibajuan sarta ditopéngan lalaki,
parukuyan, menyan, boéh atawa lawon
bodas, hanjuang dicaian dinu rantang
atawa botol, hihid, tampolong, poci,
karémbong tilu rupa, keris, cai,
duwegan, bubuahan jeung beubeutian,
rurujakan tujuh rupa, duit, endog,
puncak manik, papais, bugis, dupi,
leupeut, bubur bereum bubur bodas,
bakakak jeung congcot mulus, liwet
(diluhurna ditumpangan kulub endog
tujuh, bawang bereum, cabé bereum,
tarasi), tujuh rupa petis, candil, rujak
kembang (rupa-rupa kembang
diwadahan, dibanjur ku cai), sarikaya
(kocok endog maké gula bodas), béas,
bangsal, roko gudang garam bereum,
surutu, roko daun kawung, tumpeng,
kembang tujuh rupa, cai dina wadah
maké kembang jeung duit, seupaheun,
tékték, daging sapi atawa daging
domba atah, balagudeg (caipati maké
gula bereum), paré ketan (bungsu),
sarupaning kadaharan, kadaharan
hahampangan, panggang lauk emas
jeung lélé.
b. Tahap magelarkeun kasenian
Jentréng
Jentréng dipagelarkeun ti jam
21.00 peuting nepi ka jam 04.00 subuh.
Pagelaran Jentréng dibuka ku ibing
saéhu lalaki bari maké sapangadeg
papakéan anu geus ditangtukeun.
Dituluykeun kana ngalungsurkeun, ari
nu disebut ngalungsurkeun téh nya éta
ngaluarkeun tanggeuyan parawanten ti
goah.
Dituluykeun kana nétés atawa
nyawér. Sanggeus bérés nétés, saéhu
lalaki ibing sakali deui, tuluy
masrahkeun karémbong ka saéhu
awéwé. Saéhu awéwé ibing heula
sorangan bari ngondang atawa
nyumpingkeun Nyi Pohaci. Waktu
ibing saéhu awéwé maké papakéan anu
geus ditangtukeun. Sanggeus bérés
salagu dibaturan ku opat awéwé séjéna,
nu hiji mangrupa nu boga imah,
sedengkeun nu tilu mah mangrupa
rombongan ti grup tarawangsa.
Waktu bérés salagu, nu ibing
bisa nambahan jadi tujuh, tuluy dina
lagu nu saterusna bisa jadi salapan
urang. Awéwé nu hayang ibing gantian
nepi ka jam 24.00. Ti jam 24.00
dituluykeun ku ibing lalaki nepi ka
subuh, kira-kira jam setengah opatan, ti
jam setengah opat nincak kana acara
pamungkas, nya éta nginebkeun.
c. Tahap panutup
Tahap panutup tina kasenian
Jentréng nya éta nginebkeun.
Nginebkeun téh neundeun deui binih
paré ka goah. Salian ti nginebkeun, nu
kaasup kana tahap pamungkas nya éta
babagi sarta bébérés. Babagi nya éta
ngabagikeun rupa-rupa sasajén kanu
aya di dinya, ieu miboga harti ngabagi
kabarokahan ka sasama. Sanggeus
kabéh sasajén dibagikeun, diteruskeun
kana bébérés. Nu dibérésan téh nya éta
sagala rupa pakakas, tempat jsb, tepi ka
bérés deui kawas sasari.
Dumasar hasil panalungtikan ajén
sosial dina ieu panalungtikan aya opat
belas, nya éta: kakeluargaan,
silaturahmi, silih ajénan, silih tulungan,
silih asah, silih asih, silih asuh, gawé
bareng, kakompakan, silih élédan,
étika, silih butuhkeun, silih
geuingkeun, jeung silih lengkepan.
Pedaran
Dumasar kana hasil wawancara jeung analisis data ajén inajén dina
pagelaran kasenian Jentréng bisa ditabélkeun saperti di handap.
Tabél 4.1
Ajén Sosial dina Pagelaran Kasenian Jentréng
N
o
Kode
Data Data
Ajén Sosial
K
K
G
S
L
T
S
H
S
T
S
A
SI S
U
G
B
K
K
S
É
E
T
K
S
B
S
G
S
L
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17
1 1 sasajén
1.1 paré dua geugeus v v v v v v v v v v
1.2 parukuyan v v v v v v v v
1.3 menyan v v v v v v v
1.4 boéh v v v v v
1.5 hanjuang v v v v v v
1.6 hihid v v v
1.7 tampolong v v v v v v
1.8 poci v v v v v v
1.9 keris v v v v v v v
1.10 cai v v v v v v v v v
1.11 duwegan v v v v v v v v v
1.12 bubuahan,
beubeutian v v v v v v v V
1.13 rurujakan tujuh rupa v v v v v v v v
1.14 duit v v v v v v v v
1.15 endog v v v v v
1.16 puncak manik v v v v v v
1.17 papais v v v
1.18 bugis v v v v
1.19 dupi v v v v v
1.20 leupeut v v v v v
1.21 bubur beureum,
bubur bodas v v v v v v
1.22 bakakak+congcot v v v v v v v v v v
mulus
1.23 liwet v v v v
1.24 tumpeng v v v v
1.25 candil v v v v v
1.26 sarikaya v v
1.27 béas v v v v v v v v v v
1.28 roko gudang garam
beureum v v v
1.29 surutu v v v v
1.30 roko daun kawung v v v v
1.31 seupaheun v v v v
1.32 kembang tujuh rupa v v v v
1.33 cai maké kembang
jeung duit v v v v v v
1.34 tékték v v v v v v v v v v
1.35 daging atah v v
1.36 balagudeug v v v v
1.37 paré ketan v v v v v v
1.38 sarupaning
kadaharan v v v v v
1.39 kadaharan
hahampangan v v
1.40 panggang lauk emas
jeung lélé v v v v v
2 2 alat
2.1 kacapi v v v v v v
2.2 rebab Jangkung v v v v v v
2.3 pakéan anu boga
imah v v v v
2.4 pakéan saéhu v v v v
2.5 karémbong v v v v v
3 3 prak-prakan
3.1 bubuka v v v
3.2 ngalungsurkeun v v v v v v v
3.3 nétés atawa nyawér v v v v
3.4 masrahkeun
karémbong ti saéhu
lalaki ka saéhu
awéwé
v v v v v v v v
3.5 ibing saéhu awéwé v v v
3.6 hiburan awéwé v v v v v v v v v
3.7 hiburan lalaki v v v v v v v v v
3.8 nginebkeun v v v v v
3.9 babagi v v v v v v v
3.10 bébérés v v v v v v v v v
Jumlah 32 25 35 23 12 15 14 17 18 14 22 25 27 39
Persentase (%) 10 7,8 11 7,2 3,7 4,7 4,4 5,3 5,
6 4,4 6,9 7,8 8,4
12,
2
Katerangan:
KKG : Kakeluargaan
SLT : Silaturahmi
SH : Silih hargaan/ajénan
ST : Silih tulungan
SA : Silih asah
SI : Silih asih
SU : Silih asuh
GB : Gawé bareng
KK : Kakompakan
SÉ : Silih élédan/sabar
ETK : Etika/sopan santun
SB : Silih butuhkeun
SG : Silih geuingkeun
SL : Silih lengkepan
Dumasar data hasil
panalungtikan ku cara wawancara,
obsérvasi, rékaman jeung analisis,
ajén inajén anu aya dina pagelaran
kasenian Jentréng, tétéla kabéh gé
masih luyu jeung kahirupan sapopoé
masarakat Jaman kiwari. Ajén inajén
éta masih dipaké sabab magrupa ajén
anu bisa ngaraketkeun solidaritas
antara manusa jeung manusa séjéna
salaku mahluk sosial. Lamun
sakabéh masarakat daria waktu
ngalarapkeun ajén inajén di luhur,
kahirupan bakal tingtrim sauyunan.
Tabél 4.17
Ajén dina prak-prakan Jentréng anu
masih luyu jeung teu luyu
No
Kode Data
Data
Ajén
Masih
Luyu/
Teger
Teu
Luyu/
Ngagésér
1 2 3 4 5
1 1 sasajén
1.1 paré dua
geugeus
v
1.2 parukuyan v
1.3 menyan v
1.4 boéh v
1.5 hanjuang v
1.6 hihid v
1.7 tampolong v
1.8 poci v
1.9 keris v
1.10 cai v
1.11 duwegan v
1.12 bubuahan,
beubeutian
v
1.13 rurujakan tujuh
rupa
v
1.14 duit v
1.15 endog v
1.16 puncak manik v
1.17 papais v
1.18 bugis v
1.19 dupi v
1.20 leupeut v
1.21 bubur beureum,
bubur bodas
v
1.22 bakakak+congc
ot mulus
v
1.23 liwet v
1.24 tumpeng v
1.25 candil v
1.26 sarikaya v
1.27 béas v
1.28 roko gudang
garam beureum
v
1.29 surutu v
1.30 roko daun
kawung
v
1.31 seupaheun v
1.32 kembang tujuh
rupa
v
1.33 cai maké
kembang jeung
duit
v
1.34 tékték v
1.35 daging atah v
1.36 balagudeug v
1.37 paré ketan v
1.38 sarupaning
kadaharan
v
1.39 kadaharan v
hahampangan
1.40 panggang lauk
emas jeung lélé
v
2 2 alat
2.1 kacapi v
2.2 rebab Jangkung v
2.3 pakéan anu
boga imah
v
2.4 pakéan saéhu v
2.5 karémbong v
3 3 prak-prakan
3.1 bubuka v
3.2 ngalungsurkeun v
3.3 nétés atawa
nyawér
v
3.4 masrahkeun
karémbong ti
saéhu lalaki ka
saéhu awéwé
v
3.5 ngngngngibing
saéhu awéwé
v
3.6 hiburan awéwé v
3.7 hiburan lalaki v
3.8 nginebkeun v
3.9 babagi v
3.10 bébérés v
Jumlah 44 11
Perséntase (%) 80 20
Dina tabél 4.17, tahapan
Jentréng ti mimiti tatahar nepi ka
bébérés di pasing-pasing jadi masih
luyu/teger jeung teu luyu/ngagésér
téh dumasar hasil wawancara jeung
Bapa Darya, anu nyawang tina masih
kapanggih atawa henteuna dina
kahirupan sapopoé, lain ngan saukur
keur upacara atawa ritual hungkul.
Kacindekan jeung Saran Kasenian Jentréng mangrupa
kasenian anu aya tina pola hirup
masarakat Rancakalong nya éta
melak paré (agraris). Jentréng
mangrupa upacara anu miboga unsur
magis. Disebut miboga unsur magis
lantaran nalika jentréng digelar sok
loba anu kasurupan. Salian ti éta
jentréng mangrupa wujud syukur ti
masarakat ka Dewi Sri (paré).
a. Prak-prakan pagelaran kasenian
Jentréng dibagi tilu tahap, nya éta
tahap tatahar, tahap magelar kasenian
Jentréng jeung tahap panutup.
Nalika tatahar nu kudu
disiapkeun nya éta sasajén jeung alat,
sasajén di antarana nya éta; Paré dua
geges, parukuyan, menyan, boéh,
kendi, hanjuang, hihid, tampolong,
poci, keris, cai, duwegan, bubuahan,
bebeutian, rurujakan, duit, endog,
puncak manik, papais, bugis, dupi,
lepet, bubur bereum, bubur bodas,
bakakak jeung congcot mulus, liwet,
tujuh rupa petis, candil, rujak
kembang, sarikaya, béas, bangsal,
roko gudang garam bereum, surutu,
roko daun kawung, tumpeng,
kembang tujuh rupa, cai dina wadah
maké kembang jeung duit,
seupaheun, tékték, daging sapi atawa
daging domba atah, balagudeg, paré
ketan, sarupaning kadaharan,
kadaharan hahampangan, panggang
lauk emas bereum jeung lélé. Salian
ti nataharkuen sasajén, nu kadua
kudu nataharkeun alat nu dipaké
nalika Jentréng, nya éta kacapi, rebab
jangkung, sapangadeg pakéan anu
boga hajat, sapangadeg pakéan
pikeun saéhu jeung karémbong tilu
rupa.
Dina tahap nu ka dua jeung ka
tilu, nya éta tahap prungna
magelarkeun Jentréng nepi ka
réngséna, aya sapuluh léngkah anu
kudu dipilampah. (1) Bubuka, (2)
ngalungsurkeun, (3) nétés atawa
nyawér, (4) masrahkeun karémbong
ti saéhu lalaki ka saéhu awéwé, (5)
ibing saéhu awéwé, (6) hiburan
awéwé, (7) hiburan lalaki, (8)
nginebkeun, (9) babagi, jeung (10)
bébérés.
b. Kasenian jentréng mangrupa
kasenian nu miboga ajén sosial. Ajén
sosialna nya éta kakeluargaan
(KKG), silaturahmi (SLT), silih
hargaan atawa silih ajénan (SH), silih
asah (SA), silih asih (SI), silih asuh
(SU), silih tulungan (ST), gawé
bareng (GB), kakompakan (KK),
silih élédan (SE), étika atawa sopan
santun (ETK), silih butuhkeun (SB),
silih geuingkeun (SG) JEUNG silih
lengkepan (SL).
c. Ajén inajén anu kapanggih dina
kasenian Jentréng kabéh ge masih
luyu jeung kahirupan masarakat
Jaman kiwari, lantaran mangrupa
ajén positif pikeun kahirupan.
Anapon aya nu kurang luyu nya éta
wangun barang anu geus hésé
kapanggih dina kahirupan sapopoé,
ayana ngan dina acara nu tangtu,
conto: balagudeg.
d. Minangka lajuninglaku, ieu
kasenian jentréng dijieun pedaran
dina wangun tinulis, sangkan bisa
dijadikeun bahan pangajaran
ngaregepkeun pedaran.
Dumasar hasil panalungtikan
ngeunaan ajén sosial dina kasenian
Jentréng, saran bisa di tétélakeun
saperti ieu di handap:
a. Dina kasenian Jentréng leubeut ku
rupa-rupa ajén sosial. Ku kituna,
kasenian Jentréng kudu dimumulé ku
masarakat Tatar Sunda umumna
masarakat Rancakalong hususna.
b. Ajén sosial anu kapanggih dina
kasenian Jentréng aya anu masih
luyu jeung aya anu geus teu luyu. Ku
kituna, pikeun ngungkulan ajén anu
geus teu luyu, kudu aya modivikasi
sangkan luyu jeung kahirupan Jaman
kiwari.
c. Kasenian Jentréng miboga ajén
inajén anu linuhung pikeun
mageuhan solidaritas sarta
karukunan masarakat. Ku kituna,
pantes dijadikeun bahan pangajaran.
d. Pamungkas, ieu panalungtikan
ngan medar tur maluruh ngeunaan
ajén sosial dina kasenian Jentréng
hungkul. Ku kituna, perlu aya
panalungtikan séjén anu leuwih
jembar medar ngeunaan Jentréng
ditilik tina unsur séjén.
Tawis nuhun
Ku réngséna ieu panalungtikan
simkuring nghaturkeun nuhun ka:
1. Bapa Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd
salaku pangaping I, sinareng Bapa
Drs. Dede Kosasih, M.Si salaku
pangaping II.
2. Bapa Dr. H. Dingding Haerudin,
M.Pd pupuhu Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung.
3. Bapa rawuh ibu dosen Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS
UPI Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., Dr.
H. Yayat Sudaryat, M.Hum., Dr.
Ruhaliah, M.Hum., Dr. Dedi
Koswara, M.Hum., Dr. Hj. Nunuy
Nurjanah, M.Pd., Dr. H. Oleh
Solehudin, M.Pd., Drs. Ano Karsana,
M.Pd., Drs. Ruswendi Permana,
M.Hum., Retty Isnendes, S.Pd,
M.Hum., Hernawan, S.Pd, M.Pd.,
Ade Sutisna, S.Pd., Agus Suherman,
S.Pd, M.Hum., Temmy Widyastuti,
S.Pd, M.Pd., Dian Hendrayana, S.S,
M.Pd anu tos ngatik ngadidik salami
perkuliahan.
4. Pa Wawan, Pa Afan, Kang Dede
sareng Teh Herma anu sok
kaririweuh.
5. Pun Bapa (E. Kosasih) anu teu
kendat ngadu’akeun sareng
narohkeun tanaga katut émutan dina
nyiar rizki pikeun nyumponan sagala
rupa pangabutuh dina ieu
panalungtikan.
6. Pun biang (Dede Rohaéti) anu teu
weléh ngarojong ku du’a kanggo
kalancaran ieu panalungtikan, ogé ka
pun biang (Mimin Rosmiati).
7. Gingin Ali Ginanjar anu teu weléh
nyumangetan dina ieu panalungtikan
ti mimiti tatahar nepi ka
ngajanggélék jadi skripsi. Hatur
nuhun.
8. Teh Neni Nurjanah, A Didin, Kiki
Faturohman, Pipih Kahpi, Siti
Mariam, Rina Nurhayati, Wiwin
Nurmeli, Bubun Hidayat, Wendi
Rizki Wibawa sareng Windi
Sélawati. Teu hilap ka Mah Énok, Pa
Dayat, Teh Amah. Ogé ka Ma Entah
sareng Pa Darya salaku narasumber.
9. Ka sobat anu teu weléh marengan,
The Teachers (Dian Astriany Ajah,
Amhelia Agustina Pratiwi, DePendi
Putra Priangan Timur, Kikiw
Prikitiw, Setiadi Wungkul), Leni
Risna, Oliviasandy Nakahinda, Iyan
Cahyani, Ace Monica, Febby
N.Irwansyah sareng Ade Sundara.
10. Ka dulur-dulur budak C
Salawasna anu matak nineung “geter
asih nu kungsi nyanding, kiwari kari
nineungna, pangnepikeun salam
carita anu baheula”, sareng barudak
Calon SPd kelas B, anu teu tiasa
disebatkeun hiji-hiji.
Pustaka Rujukan
Amir, dkk. 2007. Apresiasi Bahasa
dan Seni. Bandung: Basen Press.
Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur
Penelitian Suatu Pendekatan
Praktis. Yogyakarta:Rineka Cipta.
Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa
Sunda. Bandung: Kiblat.
Faridah. Neli. 2004. Aspék Sosiologis
Novél Pangantén Krangan Deden
Abdul Aziz. Bandung:UPI.
Fuad. Ihsan. 2010. Filsafat Ilmu.
Jakarta:Rineka Cipta.
Iskandar. Shinta. 2005. carita Rakyat
anu Aya di Kacamatan Ciparay
pikeun Bahan Pangajaran Sastra
di SMP. Bandung:UPI.
Kuntjara, Esther. 2006. Penelitian
Kebudayaan. Yogyakarta: Graha
Ilmu.
Koentjaraningrat. 1983. Manusia dan
Kebudayaan di Indonesia.
Jakarta: Djambatan.
Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan
Mentalitas dan Pembangunan.
Jakarta: PT.Gramedia.
Marali, Amri. 2005. Antropolozgi &
Pembangunan Indonesia. Jakarta:
Prenada Media
Niniek Sri Wahyuni dan Yusniati.
2011. Pengertian nilai sosial.
[Online].
Tersedia:http://id.shvoong.com/so
cial-sciences/ sociology/2117687-
pengertian-nilai-
sosial/#ixzz26JU7zAMN [15
Februari 2011].
Peursen, C.A van. 1976. Strategi
Kebudayaan. Yogyakarta:
Penerbitan Yayasan Kanisius.
Redfield, Robert. 1982. Masyarakat
Petani dan Kebudayaan. Jakarta:
CV.Rajawali.
Salim, Peter dkk. 2002. Kamus
Bahasa Indonesia Kontemporer.
Jakarta: Modern English Press.
Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi
Suatu Pengantar. Jakarta:
Rajagrapindo Persada.
Sudjana, Nana. 2000. Proposal
Penelitian di Perguruan Tinggi.
Bandung: Sinar Baru Algesindo.
Supardan, Dadang. 2009. Pengantar
Ilmu Sosial. Jakarta: Bumi aksara
Syam S. Tamoe. 2008. Sejarah
Perkembangan Seni. [Online].
Tersedia:
Mirabiela.wordpress.com/2008/10
/10/sejarah-perkembangan-
seni/?replytocom=53#respond.
Yoeti, Oka A. 1985. Budaya
Tradisional yang Nyaris Punah.
Jakarta:Proyek Penulisan dan
Penerbitan Buku/Majalah.