kasenian sunda - debat

6
KATA PENGANTAR PUJI SARENG SYUKUR URANG PANJATKEUN KA HADIRAT ALLAH S.W.T SARENG SOLAWAT JEUNG SALAM NGALIMPAH TERUS KA JUNJUNGAN URANG SAREREA KANJENG NABI MUHAMMAD S.A.W DIJIEUNKEUN TUGAS KLIPPING “KASENIAN URANG SUNDA” IEU KANGGE TUGAS DEBAT DI SEMESTER KA-2 DI KELAS VIII J. KLIPPING IEU NGABAHAS TENTANG KASENIAN- KASENIAN URANG SUNDA.

Upload: sennohananto

Post on 24-Jul-2015

168 views

Category:

Documents


5 download

TRANSCRIPT

KATA PENGANTARPUJI SARENG SYUKUR URANG PANJATKEUN KA

HADIRAT ALLAH S.W.T

SARENG SOLAWAT JEUNG SALAM NGALIMPAH TERUS KA JUNJUNGAN URANG SAREREA KANJENG

NABI MUHAMMAD S.A.W

DIJIEUNKEUN TUGAS KLIPPING “KASENIAN URANG SUNDA” IEU KANGGE TUGAS DEBAT DI SEMESTER

KA-2 DI KELAS VIII J.

KLIPPING IEU NGABAHAS TENTANG KASENIAN-KASENIAN URANG SUNDA.

Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur

populér pisan di Tatar Sunda. Wayang

Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.

Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.

Tumuwuh

Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.

Jaipongan: nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nyaeta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-

pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipake keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daerah Subang jeung Karawang.

Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad

daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.

Angklung: nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).

Rupa-rupa angklung

Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.

Tembang Cianjuran: mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Kangjeng Pancaniti.

Sajarah:

Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Kangjeng Pancaniti.

Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe ti angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung

mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun ti awi temen (awi pulas bodas).Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jinjing.

Kamekaran:

Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jinjing. Calung jinjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran ti wangun calung rantay.