bab iv ajÉn budaya dina wawacan pangantÉn tujuh...
TRANSCRIPT
47
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
BAB IV
AJÉN BUDAYA DINA WAWACAN PANGANTÉN TUJUH
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMP
Dina ieu bab, anu dipedar ngeunaan déskripsi buku, tingkesan carita, unsur
intrinsik, ajén budaya nu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh, jeung bahan
pangajaran maca wawacan di SMP.
4.1 Déskripsi Buku
Déskripsi ieu wawacan, nya éta :
1) Judul : Wawacan Pangantén Tujuh
2) Asal Naskah : Dalem Istri R.A.A. Martanegara
3) Lokasi Ayana Naskah : Musium Prabu Geusan Ulun Sumedang
4) Transliterasi : R.A. Bulkini
5) Data Pisik Buku
a. Ukuran Buku : 8.5 inci x 14 inci
b. Jumlah Kaca : 94 kaca
c. Jumlah Jajaran : 740 jajaran
d. Basa : Sunda
e. Aksara : Latén
f. Wangun Karangan : Puisi (Wawacan)
48
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.2 Tingkesan Carita
Ieu riwayat dicaritakeun ku Anas bin Malik Rodiallahu Ta’ala. Dina hiji
poé Rosulullah ngadeg di hareupeun para Muhajir, Soha jeung Ansor. Aya
sahabat nanya ngeunaan ma’na poé Juma’ah. Rosulullah ngadadarkeun yén poé
Juma’ah nya éta poé nikah. Ti dinya para sahabat gé ménta pedaran anu leuwih
écés deui ka Rosulullah ngeunaan ieu masalah. Ringkesna ieu wawacan
nyaritakeun ngeunaan tujuh pasang pangantén anu nikah dina poé Juma’ah. Poé
Juma’ah dipaké nikah ku sababaraha nabi jeung sahabat, nya éta Nabi Adam ka
Babu Hawa, Nabi Yusuf ka Julaéha, Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis, Nabi Musa
ka Sapura, Nabi Muhammad ka Siti Hodijah, Nabi Muhammad ka Siti Aisah,
jeung Ali ka Fatimah.
a) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa
Kacaritakeun Nabi Adam di sawarga ngarasa nyorangan euweuh nu
maturan. Dina hiji waktu, Nabi Adam keur saré, Alloh SWT maréntahkeun ka
Malaikat Jibril pikeun nyabut tulang igana Nabi Adam beulah kénca. Tina éta
tulang, dijadikeun hiji awéwé geulis nya éta Babu Hawa. Alloh SWT ngahaja
nyiptakeun Babu Hawa pikeun maturan Nabi Adam di sawarga. Nabi Adam
ditibanan ku Pangéran, pangawelas, pangabogoh, kacintaan, jeung kanyaah ka
istri-istri lumrahna. Hiji waktu, Nabi Adam kacida reuwasna waktu hudang
nempo awéwé geulis saré di gigireunana. Nabi Adam bogoh ka Babu Hawa. Alloh
SWT maréntahkeun ka sakabéh malaikat jeung widadari nu aya di sawarga
49
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sangkan tatahar nyiapkeun acara pikeun ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu
Hawa. Nabi Adam jeung Babu Hawa nikah dina poé Juma’ah.
b) Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha
Nabi Yusuf jadi budak beulian Raja Mesir, nya éta Raja Kitpir. Kitpir
boga pamajikan ngaranna Julaéha. Nabi Yusuf dipiputra ku garwana. Julaéha
kacida bogohna ka Nabi Yusuf, lantaran Nabi Yusuf téh kacida kasépna.
Hiji mangsa, Julaéha datang ngadeukeutan rék ngagoda, tapi Nabi Yusuf
langsung ngejat, lumpat, Julaéha ngudag nepi ka komisna dibetot satarikna.
Julaéha ngalaporkeun yén Nabi Yusuf nu ngahaja réh ngagoda manéhna. Ku
kituna Nabi Yusuf dipenjara salila 13 taun.
Kaluarna ti penjara, Nabi Yusuf jadi Raja Mesir. Siti Julaéha robah jadi
awéwé ngora geulis deuih. Nabi Yusuf katarik atina ku kageulisan Julaéha. Tapi
Julaéha nolak cintana Nabi Yusuf. Ku pitulung ti Maharaja Rayan bin Walid,
Nabi yusuf nikah jeung Julaéha. Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha
dilaksanakeun dina poé Juma’ah.
c) Nikahna Nabi Musa jeung Sapura
Raja Fir’aon maréntahkeun ka sakabéh bala tentarana, réhna urang Bani
Isroil anu ngajuru anak lalaki, kudu dipaéhan lantaran bakal jadi pimusuheun geus
gedéna. Harita Dewi Hunah medalkeun orok lalaki, nya éta Nabi Musa. Lantaran
sieun kapanggiheun ku Raja Fir’aon, nya geuwat Dewi Hunah malidkeun Nabi
Musa ka Nil bari dipetian. Nabi Musa kapanggih ku pamajikan Raja Firaon, tuluy
50
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
dipiputra sarta bakal calon raja Mesir. Geus gedéna Nabi Musa dedegler taya
kainggis, geus malawading ti raja. Nabi Musa nyangking agama Taohid. Mana-
mana nu kapir, teu rempug jeung anjeunna, dicabok tuluy dipaéhan. Nabi Musa
maéhan urang Kibti pikeun nulungan nu sangsara. Fir’aon nimbalan ka para
prajuritna pikeun ngepung Nabi Musa tuluy dipaéhan. Nabi Musa bisa leupas tina
kepungan Raja Firaon di Mesir tuluy kabur ti Mesir.
Nabi Musa datang ka Madyan tengah poé mentrang-mentring. Panas
kaliwat saking, Nabi Musa ngiuhan di handapeun kai. Barang rék ngahub,
dumadakan Nabi Musa manggihan nu ngangon embé jeung domba. Nabi Musa
ningali di dinya campur awéwé jeung lalaki. Di antara nu ngangon Nabi Musa
ningali aya budak awéwé duaan, misah ti nu loba, henteu ngilu pagelek, pabeulit.
Disampeurkeun ku Nabi Musa. Kapanggih nu ngangonna dua istri lenjang leutik
adi lanceuk, nya éta putrana Nabi Suéb. Ngaran budakna nya éta Siti Mursilah
jeung Sapura. Nabi Musa bakal dipulung minantu ku Nabi Suéb. Nabi Suéb geus
nyahoeun saméméhna yén nurutkeun ramalan, sing saha jalma nu bisa
ngagulingkeun éta batu gedé mangka jelema bakal jadi rosul. Nabi Suéb ménta ka
Nabi Musa sangkan ngawin anakna, Sapura.
Nabi Musa boga mu’jizat mangrupa iteuk anu sakti. Nikahna Nabi Musa
jeung Sapura dina poé Juma’ah jeung nu dipaké mas kawinna, Nabi Musa kudu
sanggup ngangon ingon-ingonna nya éta domba salila 10 taun. Lunas mas kawin ti
nabi Musa saupama migawé éta pagawéan.
51
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
d) Nikahna Nabi Sulaéman jeung Ratu Bulqis
Nabi Sulaéman jadi raja ti ratu-ratu angin, manusa, jeung sasatoan.
Karajaan Nabi Sulaéman dingaranan Nagri Sam. Bapa Nabi Sulaéman nya éta
Nabi Daud. Nabi Sulaéman dibéré mu’jizat ku Alloh SWT, nya éta bisa ngadéngé
sora ti kajauhan sanajan ngan ukur ngaharéwos. Nabi Sulaéman jeung para
ponggawana, katut sakabéh ratu-ratu jalan-jalan ngurilingan nagrina. Di tengah-
tengah perjalanan Nabi Sulaéman panggih jeung Hud-hud anu geus balangsiar ti
nagri Yaman. Hud-hud nyaritakeun ka Nabi Sulaéman ngeunaan putri raja Yaman
ngaranna Ratu Bulqis nu geulis kabina-bina. Bulqis miboga indung ti bangsa jin.
Hud-hud diparéntah ku Nabi Sulaéman pikeun ngirim surat ka Ratu Bulqis anu
eusina sangkan Bulqis bisa datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis teu yakin
yén Nabi Sulaéman téh utusan Allah SWT. Pikeun nguji yén Nabi Sulaéman
utusan Allah SWT, Bulqis ngutus Patih Mandar pikeun ngirimkeun upeti.
Nurutkeun Bulqis, lamun Nabi Sulaéman narima éta upeti, hartina Sulaéman raja
nu biasa sarua jeung raja-raja nu séjénna.
Ratu Bulqis datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis kacida reuwasna
ningali istana Nabi Sulaéman nu kacida agréngna. Bulqis ngarasa anéh lantaran
“arasy” nu manéhna, di Yaman, aya di istana Nabi Sulaéman. Nabi Sulaéman
cinta ka Ratu Bulqis. Nikahna Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis dina poé Juma’ah.
Nabi Sulaéman netep di Sam, sedengkeun Bulqis netep di Yaman.
52
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
e) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah
Sanggeus akina maot, Nabi Muhammad diasuh ku Abi Tolib, mamangna ti
yuswana lima taun. Waktu Nabi Muhammad umurna lima likur taun, kacaritakeun
mamang jeung bibina mikir, yén ayeuna geus waktuna Muhammad kawin tuluy
boga pamajikan.
Nabi Muhammad ditarima gawé di tempatna Siti Hodijah. Muhammad
dititah ku Siti Hodijah dagang jeung Maésaroh ka nagri di luareun Mekah.
Sapaparat jalan, Maésaroh ngarasa anéh, lantaran awan hideung téh teu weléh aya
mayungan Muhammad. Leumpang gé jadi iuh jeung barang dagangan téh gancang
lakuna bari meunang bati anu gedé.
Kajadian anu lumangsung di tempat jual beuli, dicaritakeun sakabéhna ku
Maésaroh ka Siti Hodijah. Sanggeus nyaho kajadianna, Siti Hodijah boga niat rék
ngajadikeun Nabi Muhammad salaki. Kabéh jelema satuju kana niatan Siti
Hodijah. Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah dina poé Juma’ah.
f) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah
Nabi Muhammad ngarasa, yén awéwé saperti Siti Hodijah anu luhung budi
moal bisa kagantikeun. Mangka datang Malaikat Jibril anu ngajelaskeun, yén
Alloh SWT geus ngawinkeun Muhammad jeung Siti Aisah puterina Abu Bakar di
langit nu ka tujuh. Abu Bakar kacida bungahna narima lamaran Muhammad ka
putrina Siti Aisah. Kitu deui Siti Aisah nu kacida bungahna dipikacinta ku
Muhammad. Abu Bakar ngabéwarakeun ka para sahabat anu jonghok, yén Abu
53
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Bakar seja ngawinkeun putrina, nu ngaranna Aisah ka Nabi Muhammad. Nikahna
Nabi Muhammad jeung Siti Aisah dina poé Juma’ah.
g) Nikahna Baginda Ali jeung Fatimah
Para sahabat nyarankeun sangkan Ali geura kawin ka Fatimah. Tapi Ali
bingung lantaran segen ka Rasulullah. Fatimah umurna 14 taun geus cukup umur
lamun boga salaki mah. Nabi Muhammad ngarasa sedih lantaran ibuna Fatimah
tos teu aya. Turun Malaikat Jibril, Mikail, jeung Ridwan. Nabi Muhammad dibéré
sagala kaperluan pikeun ngawinkeun Fatimah. Awalna Nabi Muhammad nolak
paméréanana, lantaran kahayangna hadiah-hadiah kitu mah dibéré engké lamun di
ahérat. Jibril ngajelaskeun, yén hadiah engké di ahérat mah lain deui, ieu mah
husus pikeun kabutuhan ngawinkeun Fatimah.
Ali ngalamar Fatimah. Disaksian ku para sahabat. Nikahna Ali jeung
Fatimah dina poé Juma’ah. Maskawinna mangrupa duit 500 dirham kontan.
Fatimah nolak kana éta mas kawin. Mas kawin anu dipénta ku Fatimah nya éta
sangkan bisa méré sapaat ka umat nabi, boh lalaki atawa awéwé nu maksiat jeung
nu teu taat. Harita kénéh turun malaikat Jibril ngawahyukeun, yén geus
ngabulkeun paménta Fatimah.
54
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.3 Unsur Intrinsik Wawacan Pangantén Tujuh
Dumasar kana watesan jeung rumusan masalah, analisis struktur wawacan
dina ieu panalungtikan, nya éta unsur intrinsik Wawacan Pangantén Tujuh, di
antarana téma, fakta carita (palaku, watek palaku, galur, jeung latar).
4.3.1 Téma
Téma mangrupa unsur anu penting, lantaran bisa nuduhkeun pasualan
anu rék diasongkeun ku pangarang dina éta wawacan. Téma anu nyampak dina
Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta nikah téh ibadah. Éta téma katitén tina
masalah-masalah anu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta nikahna tujuh
pasang pangantén, nabi jeung sahabat, anu dilaksanakeun dina poé Juma’ah. Éta
hal ogé mangrupa bukti kataatan para nabi jeung sahabat kana paréntah Alloh
SWT. Salian ti téma di luhur, aya ogé téma séjénna, nya éta kahirupan rumah
tangga anu bener. Cutatan anu nuduhkeun kana éta perkara bisa katitén di handap.
Sabab enggeus kapilih, Ku para rosul anu mulya, Poé Juma’ah geus dianggo nikahna ku Nabi Adam ka Babu Hawa téa, ka dua ku Nabi Yusuf, kanggo nikah ka Djulaéha, (1: 5 ) Tilu Juma’ah diselir, dianggo nikah ku Musa, ka Sapura putra Suéb, ka opat Nabi Sulaéman,
55
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
nikah Ratu Bulqisah, kalima rosul panutup, nitah ka Ratu Hodijah. (1: 6)
Ka genep nikahna deui, Bulan Sawal poé Juma’ah, Nabi arandika kénéh, Katujuh anu nikah, Poé Juma’ah anu mangkuk, Ali nikah ka Patimah. (1: 7)
4.3.2 Galur
Galur nya éta runtuyan kajadian nu disusun nepi ka ngahasilkeun
leunjeuran carita. Galur dina Wawacan Pangantén Tujuh téh kaasup kana galur
mérélé, lantaran di awal carita ngawanohkeun heula palakuna, tuluy ditéma ku
rupa-rupa kajadiana nepi ka pungkasan carita.
Upama dititénan, galur Wawacan Pangantén Tujuh téh bisa dibagi
sababaraha bagian carita, di antarana:
a) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa
1) Nabi Adam ditetepkeun di sawarga. Nabi Adam ngarasa sorangan euweuh
bangsa manusa séjén nu maturan;
2) Alloh SWT maréntahkeun ka Malaikat Jibril pikeun nyebit dagingna tina iga
beulah kénca, Nabi Adam henteu ngarasa;
56
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
3) Alloh SWT nyiptakeun hiji awéwé nu geulis tina éta daging pikeun maturan
Nabi Adam di sawarga;
4) Nabi Adam kacida reuwasna, lantaran hudang saré ningali Babu Hawa aya di
gigireunana, Nabi Adam bogoh ka Babu Hawa;
5) Alloh SWT maréntahkeun ka sakabéh malaikat jeung widadari pikeun tatahar
di sawarga, lantaran rék ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa, Nabi
Adam nikah jeung Babu Hawa maké maskawin solawat;
6) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa dina poé Juma’ah.
b) Nikahna Nabi Yusuf jeung Siti Julaéha
1) Nabi Yusuf jadi budak beulian Raja Mesir, nya éta Raja Kitpir. Nabi Yusuf
dipiputra ku pamajikanana, nya éta Siti Julaéha;
2) Hiji waktu, Julaéha datang ngadeukeutan rék ngagoda ka Nabi Yusuf, Nabi
Yusuf dipitnah tuluy dilaporkeun yén Nabi Yusuf nu ngahaja réh ngagoda
manéhna. Ku kituna Nabi Yusuf di penjara salila 13 taun;
3) Kaluarna ti penjara, Nabi Yusuf jadi Raja Mesir. Siti Julaéha robah jadi
awéwé ngora geulis deuih. Nabi Yusuf katarik atina ku kageulisan Julaéha;
4) Ku pitulung ti Maharaja Rayan bin Walid, Nabi yusuf nikah jeung Julaéha.
Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha dilaksanakeun dina poé Juma’ah.
b) Nikahna Nabi Musa jeung Sopura
1) Raja Fir’aon maréntahkeun ka sakabéh bala tentarana, réhna urang Bani Isroil
anu ngajuru anak lalaki, kudu dipaéhan lantaran bakal jadi pimusuheun geus
gedéna;
57
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
2) Harita Dewi Hunah medalkeun orok lalaki, nya éta Nabi Musa. Lantaran
sieun kapanggiheun ku Raja Fir’aon, nya geuwat Dewi Hunah malidkeun
Nabi Musa ka Nil bari dipetian;
3) Nabi Musa kapanggih ku pamajikan Raja Firaon tuluy dipiputra sarta bakal
calon raja Mesir;
4) Geus gedéna Nabi Musa dedegler taya kainggis, geus malawading ti raja.
Nabi Musa nyangking agama Taohid. Mana-mana nu kapir, teu rempug jeung
anjeunna, dicabok tuluy dipaéhan;
5) Fir’aon nimbalan ka para prajuritna pikeun ngepung Nabi Musa tuluy
dipaéhan. Nabi Musa bisa leupas tina kepungan Raja Firaon di Mesir tuluy
kabur ti Mesir;
6) Nabi Musa datang ka Madyan, dumadakan Nabi Musa manggihan nu
ngangon embé jeung domba;
7) Nabi Musa panggih jeung nu ngangon dua istri lenjang leutik adi lanceuk, nya
éta putrana Nabi Suéb. Ngaran budakna nya éta Siti Mursilah jeung Sapura;
8) Nabi Musa bakal dipulung minantu ku Nabi Suéb. Nabi Suéb geus nyahoeun
saméméhna yén nurutkeun ramalan, sing saha jalma nu bisa ngagulingkeun
éta batu gedé mangka jelema bakal jadi rosul;
9) Nabi Suéb ménta ka Nabi Musa sangkan ngawin anakna, Sapura;
10) Nabi Musa boga mu’jizat mangrupa iteuk anu sakti. Nikahna Nabi Musa
jeung Sapura dina poé Juma’ah jeung nu dipaké mas kawinna, Nabi Musa
kudu sanggup ngangon ingon-ingonna nya éta domba salila 10 taun.
58
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
d) Nikahna Nabi Sulaéman jeung Ratu Bulqis
1) Nabi Sulaéman jadi raja ti ratu-ratu angin, manusa, jeung sasatoan. Karajaan
Nabi Sulaéman dingaranan Nagri Sam;
2) Nabi Sulaéman dibéré mu’jizat ku Alloh SWT, nya éta bisa ngadéngé sora ti
kajauhan sanajan ngan ukur ngaharéwos;
3) Nabi Sulaéman jeung para ponggawana, katut sakabéh ratu-ratu jalan-jalan
ngurilingan nagrina;
4) Di tengah-tengah perjalanan Nabi Sulaéman panggih jeung Hud-hud anu geus
balangsiar ti nagri Yaman;
5) Hud-hud nyaritakeun ka Nabi Sulaéman ngeunaan putri raja Yaman ngaranna
Ratu Bulqis nu geulis kabina-bina;
6) Hud-hud diparéntah ku Nabi Sulaéman pikeun ngirim surat ka Ratu Bulqis
anu eusina sangkan Bulqis bisa datang ka karajaan Nabi Sulaéman;
7) Ratu Bulqis datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis kacida reuwasna
ningali istana Nabi Sulaéman nu kacida agréngna;
8) Nabi Sulaéman cinta ka Ratu Bulqis. Nikahna Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis
dina poé Juma’ah.
e) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah
1) Sanggeus akina maot, Nabi Muhammad diasuh ku Abi Tolib, mamangna ti
yuswana lima taun. Waktu Nabi Muhammad umurna lima likur taun,
kacaritakeun mamang jeung bibina mikir, yén ayeuna geus waktuna
Muhammad kawin tuluy boga pamajikan;
59
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
2) Nabi Muhammad ditarima gawé di tempatna Siti Hodijah;
3) Muhammad dititah ku Siti Hodijah dagang jeung Maésaroh ka nagri di
luareun Mekah;
4) Sapaparat jalan, Maésaroh ngarasa anéh, lantaran awan hideung téh teu weléh
aya mayungan Muhammad, leumpang gé jadi iuh jeung barang dagangan téh
gancang lakuna bari meunang bati anu gedé;
5) Nabi Muhammad nempo lebaran urang Yahudi di garéja, dumadakan lampu-
lampu garéja maruragan, cenah mah lamun aya kajadian saperti kitu,
nandakeun yén Nabi ahir jaman geus turun pikeun ngarobah kapercayaan,
Nabi Muhammad bisa lolos ku pitulung ti Maésaroh;
6) Kajadian anu lumangsung di tempat jual beuli, dicaritakeun sakabéhna ku
Maésaroh ka Siti Hodijah;
7) Sanggeus nyaho kajadianna, Siti Hodijah boga niat rék ngajadikeun Nabi
Muhammad salaki;
8) Kabéh jelema satuju kana niatan Siti Hodijah. Nikahna Nabi Muhammad
jeung Siti Hodijah dina poé Juma’ah.
f) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah
1) Alloh SWT geus ngawinkeun Muhammad jeung Siti Aisah puterina Abu
Bakar di langit nu ka tujuh;
2) Abu Bakar kacida bungahna narima lamaran Muhammad ka putrina Siti
Aisah. Kitu deui Siti Aisah nu kacida bungahna dipikacinta ku Muhammad;
3) Abu Bakar ngabéwarakeun ka para sahabat anu jonghok, yén manéhna seja
ngawinkeun putrina, nu ngaranna Aisah ka Nabi Muhammad;
60
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4) Hiji waktu Aisah ngilu perang jeung Nabi Muhammad, balik perang Aisah
ditinggalkeun ku rombonganana lantaran néangan kongkorongna nu leungit
di tempat abdas;
5) Aisah panggih jeung Sofyan bin Ma’dhol, tuluy balik bareng naék kana
luhureun onta, tina éta kajadian Aisah dipitnah ku ku hiji prajurit nepika
sakabéh urang Madinah percaya kana éta omongan;
6) Turun Wahyu ti Alloh SWT anu nerangkeun, yén Aisah téh teu salah;
7) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah dina poé Juma’ah.
g) Nikahna Baginda Ali jeung Fatimah
1) Para sahabat nyarankeun sangkan Ali geura kawin ka Fatimah. Tapi Ali
bingung lantaran segen ka Rasulullah;
2) Turun Malaikat Jibril, Mikail, jeung Ridwan. Nabi Muhammad dibéré sagala
kaperluan pikeun ngawinkeun Fatimah;
3) Ali ngalamar Fatimah. Disaksian ku para sahabat;
4) Nikahna Ali jeung Fatimah dina poé Juma’ah. Mas kawinna mangrupa duit
500 dirham kontan. Fatimah nolak kana éta mas kawin. Mas kawin anu
dipénta ku Fatimah nya éta sangkan méré bisa sapaat ka umat nabi, boh lalaki
atawa awéwé nu maksiat jeung nu teu taat;
5) Harita kénéh turun malaikat Jibril ngawahyukeun, yén geus ngabulkeun
paménta Fatimah.
61
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.3.3 Palaku jeung Watek Palaku
Palaku dina unggal wawacan atawa carita, geus tangtu bakal aya palaku
atawa tokoh nu ngalalakon. Pungsi palaku dina carita kacida pentingna, sabab aya
palaku-palaku nu jadi wadah pikeun ngedalkeun pikiran, perasaan, jeung harepan
pangarang nu rék ditepikeun ka nu maca.
Ditilik tina warnana, palaku téh bisa dipasing-pasing deui dumasar kana
karakterna. Di antarana palaku utama jeung palaku tambahan.
4.3.3.1 Palaku
Dina hiji wawacan, geus tangtu aya tokoh nu ngalalakon. Pungsi palaku
dina carita kacida penting, lantaran aya palaku-palaku nu jadi wadah pikeun
pikiran, rarasaan, jeung harepan pangarang nu rék ditepikeun ka nu maca. Palaku
anu ngalalakon dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta:
1. Nabi Adam,
2. Babu Hawa,
3. Nabi Yusuf,
4. Siti Julaéha,
5. Nabi Musa,
6. Nabi Suéb,
7. Sapura,
8. Nabi Muhammad SAW,
9. Siti Hodijah,
10. Maésaroh,
62
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
11. Siti Aisah,
12. Baginda Ali,
13. Abu Bakar,
14. Fatimah.
Aya dua jenis palaku, nya éta palaku utama atawa palaku séntral jeung
palaku bawahan. Dumasar kana peranna, anu jadi palaku utama dina Wawacan
Pangantén Tujuh téh nya éta Nabi Adam, Babu Hawa, Nabi Yusuf, Siti Julaéha,
Nabi Musa, Sapura, Nabi Muhammad SAW, Siti Hodijah, Siti Aisah, Baginda
Ali, jeung Fatimah.
Palaku bawahanana nya éta, Maésaroh, Nabi Suéb, Rahib, Abu Bakar,
Hud-hud, Pira’on, Rayan bin Walid, hakim, Sofyan jeung Masthoh.
4.3.3.2 Watek Palaku
Numutkeun Stanton dina Burhan (2010:165), nyebutkeun yén istilah
“karakter” (character) dina rupa-rupa literature bahasa inggris nyarankeun ka
dua wangenan anu béda, nya éta salaku tokoh-tokoh carita anu dipintonkeun,
jeung salaku sikep, ketertarikan, kahayang, émosi, tur prinsip moral anu aya dina
tokoh-tokoh éta.
1) Nabi Yusuf
Nabi Yusuf nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén Nabi Yusuf miboga watek kasép,
bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
63
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(a) Kasép
Dimumulé dihurmat dipusti, ku garwana dipiputra, Yusuf murangkalih kasép, yuswa tilu welas taun, lila-lila Yusuf katawis, cahyana lang gumilang, moncorong gumebyur, panon poé dina raray, katingalna ngalangkang cara cermin, eunteung gugurilapan. (3: 58)
2) Babu Hawa
Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Babu Hawa téh istrina Nabi Adam. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén
Babu Hawa miboga watek geulis, manis, lemes, jeung berséka. Tabéat istri téh
sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
(a) Geulis Éta daging nu sasebit, dikersakeun ku Yang Sukma jadi mirupa awéwé, nyéta jadi Babu Hawa, luluhuring prasekar, diséléhan ku Yang Agung, kageulisan-kamanisan, (1: 8)
(b) Lemes Berseka
Manana tabéat istri, aralus lemes berséka, betah siram resep mesek, ampuh lungguh tara tanggah,
64
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sabab di Babu Hawa, tabéat istri téh kumpul, diséléhkeun kabéh pisan.
(1: 20) (c) Lemes jeung Alus
Antiyem jeung anda lemi, kajatnikan-kajatnikan, kapantesan jeung pasemon, katimpuhan ka ampuhan, kalemesan kaalusan, karesikan ku Yang Agung, disoléhkeun ku Babu Hawa. (1: 19)
3) Siti Julaéha
Siti Julaéha nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Siti Julaéha téh istrina Nabi Yusuf. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén
Siti Julaéha miboga watek geulis sarta kaédanan pisan ku Nabi Yusuf. Éta perkara
bisa katitén dina cutatan di handap.
(a) Geulis
Katingal ku Nabi Yusuf, Moncongok olohok Nabi, Cek manahna éta saha, Istri geulis teuing, Satungtung katingali mah, Simeuteun nabi ningalina. (4: 99) (b) Kaédanan ku Yusuf Sabijilna ti jro buwi, Ratna Dewi Julaéha girang,
65
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
manah puyeng-puyang paying, kawayang anu wuyung, cara hayam nu mahkan pikir, jut lungsur cat ungahna, ngalungsar ngalumbruk, tap eunteung jeung bedak cina, sipat mata sakedap tap kana sisir, jeung minyak pulas réma. (3: 64) 4) Nabi Adam
Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah
ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu
cutatan di handap.
(a) Mikanyaah
Sigeung sabot kulem nabi, Di tibanan ku Pangéran, Pangawelas pangabogoh, Kacintaan jeung kanyaah, Katrésnaan kawatiran, Purwa lalaki nu baku, Mikawelas mikanyaah. (1: 21)
(b) Mikacinta
Mikawatir mikaasih, Mikarunya mikahéman, Mikacinta mikabogoh, Ka istri istri lumbrahna, Sabab di Nabi Adam, Tabéat lalaki kumpul, Ditibanan ku Pangéran. (1: 22)
66
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
5) Nabi Suéb
Nabi Suéb salah sahiji palaku tambahan dina Wawacan Pangantén Tujuh.
Nabi Suéb téh bapana Siti Mursilah jeung Sopura. Nabi Suéb miboga watek
bageur jeung amanah. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
(a) Bageur
Agus ulah ingkah deui, ti dieu ka mana-mana, tetep rereb heula baé, di dieu di imah kula, malah-malah mun suka, Agus dipulung minantu, hadé pilih anak kula. (2: 180)
(b) Amanah
Suéb bawaning ku inggis, sieun jadi katempuhan, ku nu mihapé baréto, jaba ti sieun karamna, maké barang titipan, Nabi Musa anu pangguh, nurutkeun karepna tongkat. (2: 193) 6) Nabi Musa
Nabi Musa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Nabi Musa téh anak angkatna Raja Pir’aon. Dina ieu wawacan ka
gambarkeun yén Nabi Musa miboga watek handap asor jeung dedegler kana
67
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sagala rupa kamaksiatan ogé kakupuran. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di
handap.
(a) Dedegler
geus ageungna Nabi Musa, dedegler taya kainggis, geus malawading ti raja, ber agama nyangking Taohid, mana-mana nu kapir, nu jeung anjeunna teu rempug, dicabok dipaéhan, dua tilu bangsa Kibti, dipaéhan nulungan nu sangsara. (2: 148)
(b) Handap Asor Kuring dhoip hina nista, kuring lapar kuring pakir, ngeng sora tan katingalan, Musa manéh anu gering, euweuh leuwih ti Kami, dukun lepus anu manjur, manéh dgoip tur hina, euweuh nu leuwih ti Kami, anu nginjén nu ngintip tingkahing jalma. (2: 157) 7) Pir’aon
Pir’aon nya éta salah sahiji raja di jaman Nabi Musa. Pir’aon salah sahiji
palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Pir’aon miboga watek raja anu
dengki jeung jahat. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Dengki jeung Jahat
68
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Pang dipalidkeun sababna, siyeuneun ku raja dengki, nyéta Raja Piron téa, réhna urang Bani Isroil, nu ngajuru lalaki, ku Raja Piron dibunuh, euweuh nu dihirupan, sakur urang Bani Isroil, sabab tangtu pimusuheun geus gedéna. (2: 145) 8) Sapura
Sapura salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Sapura
téh anakna Nabi Suéb, istrina Nabi Musa. Sapura miboga watek istri anu leutik
jeung éraan. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
(a) Istri nu Leutik
Sadongkapna pok nyarita, Ka rama dua istri, Rama na téh Suéb téa, Nabi nu di Madyan linggih, Ari putrana istri wawangi putra nu sepuh, Nyai siti Mursilah, Wawangi nu leutik, Enya éta disebut Siti Sapura. (2: 158) (b) Éraan Semu nu éraan pisan, ngaléngkah bareurat bitis, jigana kekedewetan, séjén raos reujeung tadi, mungguh ujar musonip, awéwé éta tangtu, lamun mimiti ningali,
69
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
lalaki nu nembé panggih, boga rasa éra leumpang éta tanda.
(2: 163) 9) Nabi Muhammad SAW
Nabi Muhammad SAW salah sahiji palaku utama dina Wawacan
Pangantén Tujuh. Nabi Muhammad téh salakina Siti Hodijad. Nabi Muhammad
miboga watek jujur, sabar, Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa
katitén dina ieu cutatan di handap.
(a) Sabar
Diparéntah ku Mesarah mandor kuli, kuring badegana, di kuah kieuh di cerdih, kuring nurut henteu mungpang. (8: 443) (b) Jujur Mesem leleb Kangjeng Nabi, kula ti nagara bangsa Kurés, ngaran mah Muhammad téa, jalma katalangsara, kula yatim pahatu, geus henteu indung teu bapa. (1: 471) 10) Siti Hodijah
Siti Hodijah salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh.
Siti Hodijah téh istrina Nabi Muhammad SAW, ménak Mekah nu pang
beungharna. Siti Hodijah miboga watek istri nu beunghar jeung bageur. Éta watek
bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
70
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(a) Beunghar
Hodijah téh putra Huwaelid, ménak Mekah pang beungharna beunghar, randa nu ditilar maot, ka mashur jegud punjul, pangrungrungan ti mana mendi, dina sahiji mangsa, Hodijah kacatur, carita ka pamanna Warkoh, Putra Nopal sadérék Huwaelid, Warkoh paman Hodijah. (3: 412) (b) Bageur Cek Hodijah atuh sukur embi, puguh enya kurang kénéh jalma, nya singna kadieu baé, Siti Atikah tuluy, mulih deui lajeng ka bumi, nimbalan ka putra, hayu urang Agus, ngadeuheusan ka Hodijah, bieu embi ka Hodijah geus pasini, masinikeun Muhammad. (3: 424) 11) Siti Aisah
Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah
ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu
cutatan di handap.
71
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Taat ka nu jadi Bapa
Lamun Nyai geus di salin, ngadeuheus ka Rosulullah,
sanggakeun ieu pangbaktos, kieu Nyai nya unjukan, dijurung ku pun bapa, nyanggakeun ieu pamundut, nu dipundut ku gamparan, (1: 611)
12) Baginda Ali
Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah
ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu
cutatan di handap.
(a) Segen ka Rosulullah Keur di jalan manah senag-senig, Baginda li nu rék nanyaan, kawas rada mandog mayong, bongan pada ngajurung, na kumaha pipokeun aing, ka Gusti Rosulullah teu acan katimu,
tunda Ali keur di jalan, kacarita heula Gusti Kangjeng Nabi, di bumina nyalira. (3: 709)
(b) Era Parandédé mugen Ratna Dewi, hanteu kersa érék carogéan,
jeung dawuhan Rosul ongkoh, ka sakur nu miunjuk, nuhun baé ngan tacan wani,
72
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
ngarérémokeun Patimah, isin ku Yang Agung, kula mah ngan darma anak, rék Patimah titipan Gusti Yang Widi, kitu sabda jungjungan. (2: 707)
13) Abu Bakar
Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén
Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah
ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu
cutatan di handap.
(a) Handap Asor
Pihatur Bubakar Sidik, nun sumuhun gaduh pisan,
anak téa mah awéwé, nanging nista tanpa rupa, sinareng budak pisan, umur salapan taun, budak bala hideng pisan. (1: 602)
(b) Ngucap syukur ka Alloh SWT
Bagénda Bubakar Sidik, bareng nguping Rosulullah, nyaur yén Gusti Yang Manon,
geus nikahkeun Rosulullah ka éta nu di gambar, ngagebeg manahna ratug, bawaning sukur jeung bungah. (1: 605)
73
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
14) Fatimah
Fatimah salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh.
Fatimah miboga watek ridho. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Nyi Patimah ridho suka ati, Kana barang karidho Pangéran, Amung éta hadiah téh,
émutan kula Rosul, montong teuing Gusti maparin, ayeuna keur di dunya, masihan sakitu, engké baé di akhérat, sahur Jibril, akhérat mah séjén deui, enggeus lengkep sadia.
(3: 716)
4.3.4 Latar (setting)
Latar mangrupa salah sahiji unsur pangwangun carita anu kawilang
penting. Latar nu kapanggih dina Wawacan Pangantén Tujuh nya éta latar tempat,
latar waktu, jeung latar suasana.
4.3.4.1 Latar Tempat
Latar tempat nu kapanggih dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta di
sababaraha nagara, karajaan, jeung sawarga. Sangkan leuwih jéntré, satuluyna aya
cutatan ngeunaan sababaraha tempat.
74
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(a) Sawarga
Nabi Adam diciptakeun ku Alloh SWT pikeun netep di sawarga, di
bangsal kancana. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Ditetepkeun di sawargi, Linggih di bangsal kencana, Beunangna midang panganggo, Hurung-hérang gilap mubyar, Sing sarwa inten emas, Makutha geulang kangkalung, Mas tinaretes permata. (1:9)
(b) Langit
Waktu Adam jeung Hawa nikah, sakabéh Malaikat nu aya di langit
diondang ka sawarga. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Kabéh para malaikat, Ti langit nu tujuh lapis, Di arondang ka sawarga, Kumpul taya anu kari, Lajeng Gusti Yang Widi, Muji datna anu Agung (2: 43)
(c) Karaton jeung Nagri Yaman
Bulqis netep di Nagri Yaman. Bulqis boga karaton nu agréng sarta bala
tentara nu loba. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Sajéndralna nu diparéntah, Aya dua welas rébu opsir-opsir,
Sanggeus wadul kitu hud-hud, Ka abdi maksa ngajak,
75
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Ké Ki silah ayeuna mah urang kayu, Nyaraba heula ka Yaman, Ngilikan karaton Bulqis. (5: 268) (d) Pancuran
Siti Julaéha meunang pituduh ti aki-aki, sangkan indit ka hiji pancuran nu
aya di leuweung tuluy mandi. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Aya pancuran di ditu, Nyi Djulaéha kudu mandi, gancangna nu mangun tembang, Djulaéha tidinya indit, nya lajengna siram téa, kamurah asihing Gusti. (4: 96)
(d) Dapur Pameuleuman Roti
Karajaan Nabi Sulaéman kacida agréngna, euweuh nu bisa ngéléhkeun
kana kakawasaanana. Dina éta karajaan aya dapur pameuleuman roti. Éta perkara
bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Aya dapur pameuleuman roti, aya dapur paranti popolah tungku beusi sakabéh, puluh-puluh pariuk, pangangenan pang liwet beusi, dina sapariukna, sakali ngabubur, dicampur sapuluh onta, henteu lébér geus kamuat kabéh sayagi, numpang dina amparan. (3: 222)
76
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(e) Arpah
Arpah nya éta tempat diturunkeunana Nabi Adam jeung Babu Hawa sanggeus
dipisahkeun salila 100 taun. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Adam lungsur ti sawarga ngalih, ka dunya poé Juma’ah di Arpah nembéan amprok, jeung Ibu hawa tepung, poé Juma’ah geus ting kulnting sami, silih téangan geus saratus taun, kakara tepang di Arpah poé Juma’ah sigeugkeun Adam reres kawin, gestos deui carita, (3: 56)
(f) Mesir
Nabi Musa dipiputra, dipiara ku raja Mesir nya éta Raja Kitpir, Nabi Musa bakal
calon Raja Mesir. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Nu kadua panikahna nabi, Nabi Yusuf ka Siti Julaéha nya di poé Juma’ah kénéh, puwana Nabi Yusup, ka Julaéha ngajadi kawin, kieu asal-asalna, nu di buru laku, singgetna ringkes sing crita, Nabi Yusuf awit digaleuh ku Kitpir, Ratu di Mesir téa. (3: 57)
(g) Bui
Nabi Yusuf dipitnah ku Siti Julaéha tuluy dihukum. Nabi Yusuf di hukum salila
13 taun di jero bui. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Rapet leket manah dalit meulit, peureum deukeut anggang ka tingalan, kelewer lur lar teu palér,
77
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Kitpirul Ajid pupus, tinggal garwa dikatun lalis, angot Julaéha geus randa, manah wuwuh maju, Baginda Yusup kaluar ti buina, Julaéha geus nini-nini,
Yusup jumeneng raja. (3: 63)
(h) Pangangonan Hiji waktu Nabi Musa indit ka pangangonan rék ngangon embé jeung
domba sabari mawa iteuk, dumadak ujug-ujug tunduh golédag wé saré. Éta iteuk
sakti bisa ngajaga Nabi Musa salila saréna tina sagala mara bahaya nu datang. Éta
perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Ti Musa ka Thalut Sang Aji, Raja Nabi Isroil téa, hal teteken ka carios, saéstu tuhu punjul, kala mangsa iteuk di cangking, ka Kangjeng Nabi Musa, dina hiji waktu, nabi keur di pangangonan, datang tunduh teu tahan golédag nabi, kulem handapeun gordah.
78
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Tabél 4.1
Latar Tempat dina Wawacan Pangantén Tujuh
No Tempat Wawacan Pangantén Tujuh
1 2 3 4 5 6 7
1 2 3 4 5 6 7 8 9
Sawarga Karaton Langit Pancuran Dapur Bui Gunung Gudang Pangangonan
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
Tina éta tabél, katitén yén latar tempat anu pang lobana muncul dina ieu
wawacan, nya éta sawarga jeung langit.
79
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.3.4.2 Latar Suasana Suasana bisa dihartikeun rasa nu kaluar tina diri nu maca. Suasana téh bisa
sedih, bungah, hariwang, jst. Suasana anu kagambar dina ieu wawacan nya éta
hariwang, bungah, sedih, ramé, jeung ngambek.
(a) Sedih
Siti Julaéha kaédanan ku Nabi Yusuf, hartana beak dipaké meuli asihan
jeung pélét tapi euweuh nu keuna hiji ogé. Tungtungna Julaéha ceurik sasambat
kana tapékong. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Tungtungna mah Julaéha nangis, humandeuar sambat ka barhala, nu di sembah isuk soré, rut-ngurut indung suku, mencil-mencil buahna bitis, sambatna kami samar, tulus meunang tahun, samar liwat meunang bulan, aduh Gusti Yusuf kaniaya teuing, teu nimbangkanu bingbang. (3: 67) Yusup ngejat rék mukakeun kari, Ratna Dewi Julaéha nu ngudag, kersana rék ngancing panto, Yusup nu heula muru, bareng kana lawangna nepi, bray panto dumadakan, kasaradog Yusup, ku juragan kapegatan, adul-adul Sang Ratna Julaéha nangis, isteri ka carogéna. (3: 61)
80
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(b) Sieun
Dewi Hunah ngalahirkeun Nabi Musa, lantaran sieun kapanggiheun ku
Raja Pir’aon tuluy orok téh dipalidkeun ka Nil. Éta perkara bisa katitén dina ieu
cutatan di handap.
Sieun ka pendak ku Raja, Pir’on anu juling dengki, nya geuwat di petian, dipalidkeun ka sungé Nil, wuri-wuri ka panggih, ku Pir’on nu bakal nyatru, dikukut dipiara, didama-dama dipusti, dipiputra dibakal dicalon raja. (2: 147)
(c) Keueung
Nabi Adam ngarasa nyorangan di sawarga, teu aya nu maturan. Nabi
Adam ngarasa keueung manahna sanajan di ruing-riung ku para malaikat. Éta
perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Tuang leueut ebog linggih, Ngan orokaya nyalira, Nabi Adam rarat-rérét, Teu aya bangsa manusa, Rahos keueung manahna, Sanajan di ruing-riung, Ku para malaikat mah. (1: 11)
81
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(d) Bungah
Raja Rayan bin Walid kacida bungahna, sabab Nabi Yusuf daékeun nikah
jeung Siti Julaéha. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Sulton Rayan bungahna sa anak gunung, Ngadangu kang putra, Jiga nu brangta téh teuing, Nanging rada campur jeung héran manahna.
(4: 132) (e) Reuwas
Nabi Sulaéman kacida reuwasna sanggeus ningali Siti Julaéha nu asalna
geus nini-nini robah jadi geulis deui. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di
handap.
Sulton Rayan énggalna miwarang nyaur, Ka Dewi Julaéha, Barang srog Julaéha sumping, Maha Raja ngagebeg kagét manahna. (4: 133)
(f) Ngambek Nabi Sulaéman ambek, lantaran néangan Hud-hud teu kapanggih waé.
Teuing kamana leungitna. Ti dinya Nabi Sulaéman nitah ka alap-alap pikeun
néangan Hud-hud. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Nabi nimbalan lap-alap, ngilab hud-hud sing kapanggih, weléh baé teu kapendak, waktu lohor geus rék ahir,
82
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
datang ka murang-maring, wera Sang Sulaéman bendu. taya deui nu awas, kana tempat aya cai, ti kapungkur ngan hud-hud baé nu awas. (2:245)
Tabél 4.2 Latar Suasana dina Wawacan Pangantén Tujuh
No Suasana Judul
1 2 3 4 5 6 7 1 2 3 4 5 6
Sedih Keueung Gumbira Sieun Reuwas Ngambek
V
V
V
V
V
V
V
V
V
V
Tina tabél di luhur, katitén yén latar suasana anu pang lobana muncul dina
ieu wawacan, nya éta gumbira.
83
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.3.4.3 Latar waktu
Latar waktu dina Wawacan Pangantén Tujuh dibagi jadi sababaraha
bagian, di antarana waktu sapoé sapeuting dumasar kana kajadian alam nya éta
wanci isuk-isuk, poé Jum’ah jeung peuting. Éta latar waktu bisa katitén dina
cutatan-cutatan di handap.
(a) Poé Jum’ah
Poé Juma’ah nya éta poé nu dipaké nikah ku sababaraha nabi jeung
sahabat dina ieu wawacan. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Ngan sakitu nu jadi mamanis, caritana Adam sareng Hawa, kala mangsa papangantén, Adam ku Sang 1Yang Agung, di damelna nembé ngajai, nya dina Jum’ah téa, di Sawarga lungguh, awitna dina Poé Jum’ah, Ibu Hawa di damelna ku Yang Widi, nya dina poé Jum’ah. (3: 55)
(b) Peuting
Nabi Musa rék dipaéhan ku Raja Pir’aon lantaran geus teu nurut kana
paréntahna. Harita Nabi Musa kabur ti Mesir ka Madyan. Éta perkara bisa katitén
dina ieu cutatan di handap.
Pokna Musa geuwat-geuwat, minggat ngalolos ti Mesir, ajengan rék dipaéhan, ku Pir’on Sang Raja Mesir, enggeus mepek prajurit,
84
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
soldadu mang ratus-ratus, gancangna Nabi Musa, jengkar minggat peuting-peuting, los ka leuweung angkatna saparan-paran. (2: 151)
(c) Puluh-puluh Windu Dina ieu wawacan, kagambarkeun kumaha sedihna Siti Julaéha pisah
jeung Nabi Yusuf. Salila puluh-puluh windu kaédanan euweuh pegatna. Éta
perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Lamun henteu laksana pinanggih, mugi balikeun mulang kacintaan, mugi ati kuring pepes, balik mulang ka Yusuf, geus harépot kuring, mang pirang-pirang alam, puluh-puluh windu, kedanan taya pegatna, Nyi Julaéha Nalangsa tengahing wengi, Kinanti nganres manah. (3: 74) (c) Subuh
Dina ieu wawacan, Nabi Yusuf teu saré lantaran mikiran waé Siti Julaéha.
Beurangna Nabi Yusuf singkil maké baju karajaan bari nyungkilang pedang. Éta
perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Henteu kulem tas pisan datang ka subuh, Kocap geus beurangna, Kangjeng Nabi Yusuf singkil, Nganggo-nganggo Karajan nyung kilang pedang. (4: 115)
85
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(e) Poé Isuk Sanggeus dipanggihkeun ku Rayan bin Halid di karajaanana, Nabi Yusuf
jeung Siti Julaéha ditikahkeun poé isuk, nya éta dina poé Juma’ah. Éta perkara
bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Ayeuna mah jadi kawin poé isuk, Yusuf ka Julaéha. Sri Maha Rayan bin Halid, Ngagentraan ka Yusuf kaluar, (4: 140)
(f) Duhur Nabi Sulaéman néangan Hud-hud nepi ka wanci lohor, tapi weléh teu
kapanggih. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.
Nabi nimbalan lap-alap, ngilab hud-hud sing kapanggih, weléh baé teu kapendak, waktu lohor geus rék ahir, datang ka murang-maring, wera Sang Sulaéman bendu. taya deui nu awas, kana tempat aya cai, ti kapungkur ngan hud-hud baé nu awas. (2:245)
86
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Tabél 4.3 Latar Waktu dina Wawacan Pangantén Tujuh
No Waktu Judul
1 2 3 4 5 6 7 1 2 3 4 5
Poé Juma’ah Subuh Isuk-isuk Peuting Taun
V V
V
V
V
V
V
V V V
V
V
Tina tabél di luhur, katitén yén latar waktu anu pang lobana muncul dina
ieu wawacan, nya éta poé Juma’ah.
4.2.4.3 Pupuh nu Digunakeun
Pupuh nu digunakeun dina wawacan Pangantén Tujuh aya 10 pupuh. Guru
lagu jeung guru wilangan, teu salawasna luyu jeung patokan nu geus
ditangtukeun, aya padalisan nu jumlahna kurang tina patokan, aya ogé anu leuwih.
Pupuh anu aya dina ieu wawacan, nya éta: Asmaradana, Sinom, Dangdanggula,
Kinanti, Pangkur, Mijil, Magatru, Maskumambang, Gambuh, jeung Ladrang.
Sangkan leuwih jéntré, dipedar ngeunaan distribusi pupuh dina wangun tabél.
87
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
TABÉL 4.4
DISTRIBUSI PUPUH NU DIGUNAKEUN
No Pupuh Frékuénsi Pupuh Total %
1 Asmarandana 30, 42, 32, 39 143 19,3
2 Sinom 24, 60, 20, 14, 42, 9 169 22,8
3 Dangdanggula 20, 23, 29, 23, 26 121 16,3
4 Kinanti 68, 44, 19 131 17,7
5 Pangkur 33, 38 71 9,6
6 Mijil 9 9 1,2
7 Magatru 27 27 3,6
8 Maskumambang 22 22 3
9 Gambuh 16 16 2,2
10 Ladrang 31 31 4,2
∑ 740 740 100
Tina éta tabél, katitén pisan yén pupuh anu pangmindengna digunakeun
dina ieu wawacan nya éta Sinom, jumlahna aya 169 (22,8%).
4.4 Ajén Budaya Wawacan Pangantén Tujuh
Ajén budaya dina ieu panalungtikan, nya éta ajén anu raket patalina jeung
kabudayaan. Kabudayaan sorangan bisa dihartikeun beungkeutan pikiran, jeung
hasil karya manusa. Wangun budaya gelar dina sawatara unsur, di antarana réligi
jeung kaparcayaan, sistem organisasi jeung kamasarakatan, basa, kasenian, élmu
pangaweruh, jeung téhnologi katut pakakas.
88
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Wujud kabudayaan bisa mangrupa idé-idé, gagasan, ajén-inajén, norma-
norma, palanggeran, kagiatan manusa di masarakat, jeung pakakas hasil karya
manusa. Di handap ieu mangrupa hasil analisis ngeunaan ajén-ajén budaya, anu
aya dina Wawacan Pangantén Tujuh.
4.4.1 Ajén Kapercayaan
Unggal masarakat, ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan, pon kitu
deui masarakat Sunda. Bisa katitén tina ieu eusi wawacan nu nyaritakeun kisah
para nabi, aya sababaraha hal anu raket patalina jeung ajén kapercayaan atawa
ajén kaagamaan, di antarana taat kana paréntah Alloh SWT, perkara ibadah, sipat
wajib Alloh swt jeung rosul-Na, mu’jijat para rosul, tatakrama, jst.
(1) Taat kana paréntah Allah SWT
Dina ieu wawacan, Malaikat Jibril gancang ngalaksanakeun paréntah ti
Pangéran pikeun nyebit daging Nabi Adam, tina iga beulah kénca. Dina ieu
cutatan, katitén kataatan Malaikat Jibril jeung Nabi Adam ka Pangéran. Éta hal ka
asup kana ajén ka agamaan nu aya dina carita Wawacan Pangantén Tujuh.
Sigeugkeun kocap Yang Widi, ka Malak Djibril nimbalan, Adam kudu di dodoho, sebit saeutik dagingna, tina iga wekasan, atawana iga burung, anu sabeulah ti kénca (1: 16)
89
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Enggal Malaikat Jibril, tumandang titahing Sukma, nyebit dagingna sasebit, disembahkeun ka Pangéran, Adam hanteu ngarasa, henteu nyeri henteu paur, hanteu bohak hanteu nyeda. (1: 17)
(2) Kataatan Para Malaikat jeung Widadari ka Allah SWT
Dina ieu cutatan, katitén sakabéh Malaikat jeung Widadari di paréntah ku
Alloh SWT pikeun tatahar sawarga lantaran rék ngawinkeun Nabi Adam jeung
Babu Hawa di sawarga. Perkara anu ngajelaskeun ngeunaan éta hal, bisa katitén
saperti ieu di handap.
Sigeug gentos kacarita, kersana Gusti Yang Widi, nimbalan ka malaikat, kudu tetelah sawarga, jeung para widadari, kudu midang sarwa ngempur, anéh urang sawarga, ibur pahibut, pakupis cara urang dangdan rék ngangkat karia. (2: 40)
(3) Sarat Sahna Nikah
Saméméh Nabi Muhammad SAW ngalaksanakeun akad nikah, aya salah
sahiji sarat anu kudu ditedunan, nya éta mas kawin. Sakumaha diparéntahkeun ku
Alloh SWT ka para mu’min. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di
handap.
90
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Kangjeng Nabi Adam maca, solawat sapuluh kali, ka kangjeng Nabi Muhammad, nyéta ngencengan mas kawin, ayeuna Adam kenging, reujeung Hawa pagugulung, dibeuli ku solawat, piwarangan Sang Yang Widi,
kitu deui anu mu’min di paréntah (2: 52) (4) Solat
Dina ieu cutatan, katitén aya rupa-rupa ibadah anu dilaksanakeun ku para
nabi jeung sahabat, di antarana solat, ngadu’a, jeung ucapan sukur ka Pangéran.
Nabi Yusuf ngalaksanakeun solat minangka bukti kataatanana ka Alloh SWT.
Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Eukeur makungkung tapakur, keur ngahening mujasmedi, tegesna nukeur netepan, keur solat tenget ka Gusti, Nabi Yusuf ngadagoan, dédéhém di téngah bumi. (4: 103)
(5) Ngadu’a
Dina ieu cutatan, katitén Siti Julaéha keur ngadu’a, méntah pituduh,
munajat sabari ceurik ka Alloh SWT sanggeus manéhna asup Islam. Perkara
ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Teu kélékéd keran Ratna Dewi, tuluy ngucap kalimah syahadat, tapékong geus dirorod, dipiceun kanu jauh, nyi Julaéha Islamna beresih,
91
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
dumadak meunang ilham, pitulung Yang Agung, tengah-tengah peuting kocap, Nyi Julaéha munajat barina nangis, pokna Ya Ilahana. (3: 71) (6) Ucapan Sukur ka Gusti Allah SWT
Dina dua’ana, Siti Julaéha teu hilap ngucapkeun sukur ka Alloh SWT anu
geus ngadamel anjeunna jeun méré rohmat nu welas asih. Perkara ngeunaan éta
hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
kalepasan pok-pok nyebut,
Subhanallahu Maha Suci, Pangéran Kawasa Kersa, ngadamel abdi Gusti, kaula ngadi raja, ku rohmat nu welas asih. (4: 79) (7) Amanah Dina ieu cutatan, katitén sikep Nabi Suéb anu ngajaga amanah ti jalma nu
kungsi nitipkeun iteuk ka anjeunna (Malaikat Jibril), lantaran sieun katempuhan.
Nepi ka Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa.
Kudu dihilikeun deui, éta mah iteuk titipan, iteuk pihapé nu sején, anu urang ogé loba,
milih nu panghadena, aya anu leuwih alus, Nabi Musa teu bahula. (2: 188)
92
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Sueb bawaning ku inggis, sieun jadi katempuhan, ku nu mihapé baréto, jaba ti sieun karamna, make barang titipan, Nabi Musa anu pangguh, nurutkeun karépna tongkat. (2: 193)
(8) Mu’jizat Mu’jizat nya éta, kamampuan luar biasa ti Allah SWT nu dipimilik ku para
nabi jeung rosul. Dina ieu cutatan, katitén mu’jizat Nabi Musa, nya éta iteukna nu
sakti, saupama ditancebkeun kana taneuh bisa ngaluarkeun cai.
Sanggeus Kangjeng Nabi Musa lilir, ningali iteuk baseuh baloboran, pinuh ku getih lambokot, kagétna mah geus tangtu,
lamun Musa butuh ku cai, dicocogkeun iteukna, kana tanah mancur, sirah cai ngandak-ngandak, lamun Musa lapar iteuk sok ngajadi, tangkaling bungbuahan. (3: 207)
(7) Sipat Wajib Nabi jeung Rosul
Sipat wajib pikeun nabi jeung rosul aya opat, nya éta sidik, amanah,
patonah, jeung tablig. Dina ieu cutatan, katitén Nabi Muhammad SAW nu miboga
sipat sidik, amanah, tablig, jeung patonah.
Laa ilaha illahu, Muhammad Rosullahi, gamparan téh Rosulullah,
93
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
nu Sidik amanat tablig, saéstuna anu patonah, nu ngaleungitkeun prihatin. (4: 571)
(8) Wahyu Wahyu nya éta omongan Allah SWT anu diturunkeun ka para nabi jeung
rosul anu mangrupa ayat-ayat Alqur’an. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén
ieu di handap.
Kangjeng Nabi Sollalohu Alaéhi Wasallim maos ayat-ayat, Anu bieu candak Djibril, Kieu ungel ayat wahyuning Pangéran. (10: 680) Innaladina Yaau bilipki usbatun minkum laatah, Subuhu syarrun lakum bal hua khoerun lakum likum, Lin riim minhum lahu adhaabun adhi. (10: 681) Hartina éta dalil wahyuning Yang Widi, Saéstu éstuna, Jalma anu ting kecewis anu datang gawé-gawé mawa béja. (10: 682)
Tina cutatan di luhur, bica katitén yén Nabi Muhammad narima wahyu ti
Allah SWT anu ngajelaskeun jalma-jalma anu ting kecewis ngomongkeun
kagoréngan batur bakal meunang balesan dosa kana pagawéanna.
94
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.4.2. Sistem Organisasi jeung Kamasarakatan
Ajén kamasarakatan, nya éta ajén-ajén luhung anu aya di sabudeureun
masarakat. Saperti, sistem organisasi, sistem pamaréntahan, adat-istiadat,
tatakrama, jst. Dina ieu wawacan, katitén aya sababaraha adat istiadat dina
kawinan. Di antarana aya sawéran, mas kawin, jeung iring-iringan dina kawinan.
(1) Hajat jeung Salametan (sawéran)
Hajat nya éta niat atawa kaperluan pikeun salametan. Perkara anu
nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Cékcok pada silih tanya, ieu téh rék naon deui, Sawarga tambah di pajang, dawuhan Gusti Yang Widi, hih Adam érek kawin, kudu disawér diawur, ku kembang kayu tuba,
unggal-unggal widadari, kudu nyangking hiji bokor jeung banéja. (2: 41) Nyi Julaéha mayar sanggup naur kaul, mangsana diarak, ngawur emas duit, jeung permata dianggo nyawér helaran. (4: 141) Dina ieu cutatan, katitén kariaan di sawarga anu disadiakeun ku para
malaikat jeung widadari pikeun ngahajatkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa. Éta
hajat disawér ku rupa-rupa kembang. Salian ti éta, aya ogé kariaan nikahna Nabi
Yusuf jeung Siti Julaéha nu disawér ku duit emas jeung permata.
95
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(2) Adat-istiadat dina Nikah
Adat- istiadat nikah nya éta kabiasaan anu dipaké dina upacara nikah.
Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Adat biasa paranti, geus salsé nu akad nikah, riungan di bumi Sueb, sadayana sukan-sukan, tuang leueut rendéngan, minangkana huap lingkung, walimatul urus hajat. (2: 184) Dina ieu cutatan, katitén aya adat-istiadat nu dipaké dina walimah. Sanajan
carita ieu wawacan kaasup carita para nabi, tapi adat nu dipaké dina walimah lain
adat bangsa Arab tapi adat Sunda. ieu hal mungkin waé dikasangtukangan ku
pangarang ieu wawacan. di antarana, Aya adat huap lingkung dina walimahan
Nabi Musa jeung Sapura.
(3) Akad Nikah
Akad Nikah mangrupa salah sahiji rukun nikah. Kaasup runtutan acara
dina walimah. Lamun dina nikah euweuh akad nikah, mangka éta nikahna teu sah
nurutkeun agama Islam. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Gancangna nu mangun gurit, Musa milih ka Sapura, poé juma’ah Nabi Sueb, ngumpulkeun para punggawa, para Syeh pra Ulama, akad nikah isuk-isuk, Sapura ka Nabi Musa. (2: 183)
96
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Tina éta cutatan, katitén akad nikah nu dilaksanakeun ku pasangan Nabi
Musa jeung Sapura isuk-isuk.
(4) Mas Kawin
Salah sahiji rukun nikah, nya éta mas kawin ti pihak lalaki ka pihak
awéwé. Awéwé boga kah ménta mas kawin ka pihak lalaki, tapi mas kawin nu
dipénta ulah nepi ka nyusahkeun ka pihak lalaki. Jadi kudu ngukur kana
kamampuan. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Pihaturna engké heula, tadi Gusti Allah jangji, teu acan kongan ngopépang, bayaran heula mas kawin, huleng Adam rasa éling, bener dawuhan Yang Agung,
mas kawin kudu kontan, sembah Adam ka Yang Widi, Ya Ilahi saeusi ieu Sawarga (2: 48)
Manéh Adam kudu maca, solawat sapuluh kali, ku Rosul nu penganggeusan, Muhammad kakasih kami, nu jadi wit dumadi, karuhuning sakabéh Ruh, kakara manéh kongang, sacombana tunggal resmi, reujeung Hawa tebus heula solawat (2: 51)
Teu gaduh pikeun mas kawin, saur Suéb Ya he Musa, mas kawinna teu kudu kentjeng, pang ngangonkeun baé domba, jero tahun dalapan,
97
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
jejegkeun sapuluh tahun, lunas mas kawin ti musa. (2: 182)
Dina éta cutatan, katitén Mas kawin anu dibikeun ku Nabi Adam ka Babu
Hawa mangrupa maca solawat sapuluh kali, jeung mas kawin nu dibikeun ku Nabi
Musa ka Sopura mangrupa ngangon embé salila sapuluh tahun.
(5) Bukti Kakawasaan Raja
Raja nya éta pamingpin dina hiji karajaan. Raja boga kakawasaan
pangluhurna. Jaman Nabi Musa aya hiji raja anu dengki jeung jahat, ngaranna
Raja Pir’aon. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Pang di palidkeun sababna, sieuneun ku Raja dengki, nya éta Raja Pir’aon téa, réhna urang bani Israil, nu ngajuru lalaki, ku Raja Pir’aon dibunuh, euweuh nu dihirupan, sakur urang bani Isroil, sabab tangtu pimusuheun geus gedéna. (2: 145)
Dina éta cutatan, katitén Raja Pir’aon dipikasieun ku rahayatna, sing saha
jalma Bani Isroil anu teu tuhu kana paréntahna bakal dipaéhan.
(6) Hakim
Hakim boga hak pikeun mutuskeun saha nu salah, jeung nu bener. Perkara
anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Keur butuh pisan ku Hakim, nu buat mutuskeun inya, cing néda sampean baé, mang hukumkeun kaula, saur hakim nu datang,
98
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
gampang kula sanggup mutus, iteuk balangkeun ku Musa. (2: 199)
Bisa katitén, dina ieu cutatan Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa
marebutkeun iteuk. Lantaran teu manggih jalan kaluarna, éta masalah
dipasrahkeun ka hakim. Ti dinya bisa diputuskeun sacara adil, yén nu Nabi Musa
nu boga hak kana éta iteuk.
(7) Jabatan di karajaan
Salian ti Raja, di karajaan ogé aya jabatan-jabatan séjén, di antarana waé
ponggawa Bupati, Mentri, jeung Papatih. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén
ieu di handap.
Waktu masamoan agung, ponggawa Bupati Mantri, hémpak di payuneun Raja, nu tilu ratus Papatih, sareng opat ratus Raja, sami dumeuheus ka Bulkis. (4: 281)
Dina éta cutatan, bisa katitén waktu aya acara agung di karajaan Ratu
Bulqis, sakabéh para ponggawa, bupati, Mentri. Tilu ratus papatih jeung opat ratus
Raja datang ngadeuheus ka Ratu Bulqis.
(8) Sélér Bangsa
Unggal bangsa jeung nagara tangtu miboga sélér bangsa, lamun di Nagara
Arab aya sélér bangsa asli, nya éta Badwi. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén
ieu di handap.
Badwi-badwi nu papanggih, ningal satria nonoman, simeuteun olohok bengong,
99
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sigeg kocap Sang Hodijah, sabudal onta-onta, di bumina kalem kabut, nguluwet juwet kaliwat. (1: 496)
Dina éta cutatan, bisa katitén sélér bangsa Arab (Badwi) nu panggih jeung
Siti Hodijah. Unggal Badwi-badwi ditanya ku Hodijah ngeunaan Nabi
Muhammad. Tapi badwi-badwi euweuh nu apalaeun.
(3) Bayaran budak beulian
Di jaman para nabi aya nu ngaranna budak beulian. Saha waé nu boga
kakawasaan jeung nu boga duit bisa meuli budak. Perkara anu nuduhkeun éta hal,
katitén ieu di handap.
Ku Nabi Yusuf kadangu, ditambalang manéh nini, urang mana saha ngaran, Nyi Julaéha melas asih,
ieu nu meuli andika, ku emas pérak jeung duit. (4: 80) Ku permata intan jamrut, ku sutra kapur kastori, nya ieu awak kaula, nu tara saré beurang peuting, luput nginum carang dahar, kangen mangen konéng brangti. (4: 81) Dina éta cutatan, katitén Nabi Yusuf jadi budak beulian raja Mesir. Nabi
Yusuf dibeuli ku emas, pérak, duit, permata, jeung intan jamrud.
100
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.4.3. Ajén Basa
Basa nya éta alat patalimarga dina kahirupan papada manusa. Unggal sélér
bangsa miboga basa nu can tangtu sarua. Dina ieu cutatan katitén aya basa nu
dipaké dina komunikasi sapopoéna. Lantaran ieu wawacan nyaritakeun kisah para
nabi, tangtuna waé basa anu dipaké, nya éta basa Arab. Salian ti éta aya
sababaraha babasan jeung paribasa anu dipaké dina ieu wawacan.
1) Babasan jeung Paribasa
Babasan nya éta ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman. Paribasa
nya éta ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa silokaning hirup ((Kamus
Umum Basa Sunda, 51: 2007)). Dina cutatan di handap aya babasan dulang
tinandé anu hartina ngaran istri mah kudu nurut ka salaki.
Mesem walon Babu Hawa. hih teu umum moal teuing, awéwé datang maranan, kuduna ogé lalaki, anu datang pribadi, lamun enya mikabutuh, dulang tinandé istri mah, kuliat nu brang teng galih, Nabi Adam nyampeurkeun ka Ibu Hawa. (2: 36)
Cek babasan urang gunung ngarangkaskeun dungus, euweuh kira-kira, Yusuf curinghak ningali, gentak raja sasauran ah teu ketah. (4: 124)
101
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Asa gedong pareum lampu, tengah peuting peteng kalem kabut, cek babasan bale gedé jempé jempling, balé Bandung asa suwung, babancong nu bangun kosong. (9: 579)
Tina cutatan di luhur, katitén aya sababaraha babasan jeung paribasa di
antarana:
a. Dulang tinandé hartina pamajikan mah kudu nurutkeun salaki
b. urang gunung ngarangkaskeun dungus hartina euweuh kira-kira
c. Asa gedong pareum lampu, bale gedé jempé jempling, Balé Bandung asa
suwung, babancong nu bangun kosong hartina bakat ku jempling.
(2) Basa Arab Basa mangrupa pakakas komunikasi antara manusa, unggal bangsa tangtu
miboga basana sorangan, kitu deui bangsa Arab boga basa Arab. Perkara anu
nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Sabot Ratu Purti Abdas, pahibut nu rék arindit, sunduk-sunduk geus dipasang, saontana masing-masing, palangki Ratu Putri, geus dibébéyéng dijungjung, dingkat kana onta, onta tutunggangan Putri, Marukan Sang Ratu Aisyah, (2: 637)
Dina éta cutatan, katitén basa nu digunakeun aya pangaruh tina basa Arab,
di antarana aya kecap “Sunduk” nu hartina kardus.
102
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.4.4 Ajén Kasénian
Pikeun ngébréhkeun rasa éndah, gumbira, jst. Bisa diwujudkeun dina
wangun karya seni. Seni di antarana, seni sora, seni rupa, seni tari, seni pahat, seni
musik (kaasup seni musik tradisional), seni kasusastraan, jeung seni drama.
Kasenian anu nyampak dina Wawacan Pangantén tujuh katitén dina ieu cutatan.
(1) Iring-iringan Pangantén
Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa ramé pisan, geus disiapkeun
saméméhna iring-iringan pangantén. Diayap ku malaikat, diaping ku widadari.
Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.
Diayap ku Malaikat, diaping ku Widadari, dijajar ku Wildan-wildan, daun kai ting arenit, nu sada setap musik, nu sora pélog jeung degung, nu sada tarawangsa, kakayon katebak angin, riuh ramé kawih soraning gamelan. (2: 45)
(2) Hiburan dina panganténan
rupa-rupa hiburan geus disiapkeun pikeun ngabagéakeun pangantén, di
antarana degung, tarawangsa, jeung kawih nu dipirig ku gamelan. Perkara anu
nuduhkeun éta perkara, katitén ieu di handap.
Sadayana sukan-sukan, ramé manuk manyanyi, kawih sipir nadom tembang, narembang sora musik,
103
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
gamelan daun kai, umyung degung Sawarga gung, disawérna teu kendat, panyawér amrih wangi, kekembangan amancawarna sosoca. (2: 46)
4.4.5. Ajén Pakasaban jeung Sistem Ékonomi
Dina ieu cutatan, kagambar yén pakasaban anu aya dina ieu carita
wawacan téh, di antarana dagang. Éta hal bisa katitén dina lobana sudagar atawa
padagang gedé. Aya ogé pakasaban ngangon embé, domba, sapi, sarta onta.
(1) Ngangon
Jaman harita, ngangon mangrupa salah sahiji pakasaban anu loba dipigawé
ku bangsa Arab. Dina cutatan di handap, katitén pakasaban sapopoé bangsa
Madyan nya éta ngangon embé jeung domba, sapi jeung onta. Kaasup putrina
Nabi Suéb, nya éta Sapura jeung Siti Mursilah.
Teu kulem teu barang tuwang, geus meunang sapuluh peuting, jol sumping ka tanah Madyan, tengah poé mentrang-mentring, panas kaliwang saking, muru kahandapeun kayu, rék ngahub Nabi Musa, dumadakan bareng nepi, béh mendakan nu ngangon embé jeung domba. ( 2: 151)
104
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Pagelek paheula-heula, nginumkeun domba jeung kambing, reujeung sapi sarta onta, campur awéwé lalaki, Nabi Musa ningali, embé jeung domba sagunduk, misah ti nu loba, heunteu pagelek pabeulit, disampeurkeun ku satria Nabi Musa. (2: 152) Sigeug iteuk kocap angon kambing, Nabi Musa jadina gombala, dalapan tahun geus cumpon, Nabi Suéb ngadawuh, ye he Musa kaling mas kawin, ayeuna geus lunas, ku dalapan tahun, dua tahun deui tambah, pikeun ama muruhkeun ngangon mimiti, ngitung poé ayeuna. (3: 208)
(2) Patani
Di karajaan Nabi Sulaéman kacaritakeun aya pakasaban tani, dina cutatan
di handap, katitén aya patani anu ngupat ngomongkeun ngeunaan karajaan Nabi
Sulaéman anu taya tanding.
Ki juru patani ngupat, pokna putra Daud mukti, mulya ngungkulan sasama, dipasihan ku Yang Widi, Karajaan taya tanding, Kaprabon punjul ginunggung, mo aya deui Raja, najan para Nabi-nabi, nu mapakan kana kamulyaan Sulaéman. (2: 229)
105
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
4.4.6 Ajén Téhnologi
Téhnologi mangrupa salah sahiji unsur budaya hasil karya manusa.
Téhnologi bisa ngawujud alat komunikasi, pakakas, pakarang perang, kadaharan,
pakéan, jeung alat transportasi. Ngeunaan téhnologi nu nyampak dina ieu
wawacan kaitung loba, sanajan caritana lumangsung dina jaman para nabi. Ajén
téhnologi nu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh bisa katitén dina ieu cutatan.
(1) Pakéan jeung perhiasan
Tina cutatan di luhur, katitén pakéan jeung perhiasan anu dipaké ku Babu
hawa di sawarga. Babu Hawa maké tujuh puluh lapis sinjang sutra manca warni.
Perhiasan nu dipaké ku Babu Hawa, nya éta siger mas pinetil, kembang goyang
sunting anting, jeung gelang kalung ilat bahu,
Mangga lajengkeun carita, sanggeus Babu Hawa jadi, istri sampurna, sembada ngungkulan widadari, meureun da geulis bibit, lajeng ku Gusti Yang Agung, dirias di anggoan, sinjang sutra manca warni, tujuh puluh lapis sinjang sutra. (1: 31)
Parandéné Babu Hawa, lengkéh angkéngna mapanting, teu ridu ku perhiasan, nganggo siger mas pinetil, kembang goyang sunting anting, gelang kalung ilat bahu,
106
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sanggeus reres nu midang, di linggihkeun dina korsi, korsi emas mayunan kenap berlian. (1: 32)
Juriasna lima ratus, pakéan cara lalaki, di calana di makuta, tumpak kuda prikitingting, nyoréng pedang emas,ngangsar, belenyén pisan lalaki. (4: 301) Lalaki nu lima ratus, papakéan cara istri, niron awéwé di dinya, make geulang kalung anting, tumpak kuda di malayah, rarahab emas sutra wilis. (4: 302)
(2) Korsi emas jeung kenap berlian
Babu hawa nu geus dangdan, dilinggihkeun dina korsi emas mayunan kenap
berlian. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saprti ieu di handap.
Parandéné Babu Hawa, lengkéh angkéngna mapanting, teu ridu ku perhiasan, nganggo siger mas pinetil, kembang goyang sunting anting, gelang kalung ilat bahu, sanggeus reres nu midang, di linggihkeun dina korsi, korsi emas mayunan kenap berlian. (1: 32)
107
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(3) Ranjang kantil
Kenap nu nyanding jandéla, di payuneun ranjang kantil, ngagédéng ka Nabi Adam, tapi misah anggang deui, lain di tempat hiji, patingal sedeng paceluk, kocap Sang Nabi Adam, rét ningali ka Babu Hawa ngarenjag. (1: 33)
(4) Gudang Béas Mesir
Gudang béas nya éta tempat paranti neudeun béas. Gudang béas Mesir
hartina tempat neundeun béas pikeun masarakat Mesir. Perkara ngeunaan éta hal,
bisa katitén saperti ieu di handap.
Saumur opat welas taun, geus kitu Julaéha mulih, ngaliwat payuneun gudang, gudang béas raja Mesir, rambutna baseuh ngarunday, ngangsar digusur ka bumi. (4: 98)
(5) Pakéan keur Solat
Solat mangrupa kawajiban ibadah sakabéh umat muslim, dina ieu
wawacan kagambar yén para nabi gé geus ngalaksanakeun solat. Perkara
ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Teu mamaga Nabi Yusuf, datang wateking lalaki, kojéngkang ka pajuaran, nyampeurkeun ka Ratna Dewi, Nyi Julaéha eukeur solat,
108
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
maké mukena jeung komis. (4: 109)
(6) Pakarang Perang
Pedang mangrupa salah sahiji pakarang. Kacaritakeun Nabi Yusup teu bisa
saré lantaran mikiran Julaéha. Nabi Yusuf singkil make pakean karajaan
nyungkilang pedang. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Henteu kulem tas pisan datang ka subuh, kocap geus beurangna, Kangjeng Nabi Yusuf singkil, nganggo-nganggo Karajan nyungkilang pedang. (4: 115)
(7) Kadaharan
Sagala rupa hadaharan jeung inuman aya di sawarga, sagala rupa nu haram
di dunya, di sawarga mah jadi halal, diantarana aya bungbuahan, inuman nu matak
mabok gé aya, anggur jeung susu. Di karajaan Nabi Sulaéman sakali masak téh
kudu nyadiakeun opat rébu sapi, sarébu onta, opat puluh opat rébu embé, hayam,
meri, japati jeung manila pikeun méré dahar sakabéh rahayatna. Perkara ngeunaan
éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Barang tuang warnis jinis, bungbuwahaning Sawarga, leuleueutan aya kabéh, sampanyeu bréndi madérah, saguwér arak tuak, permut anggur madu susu, Adam sakawenang-wenang. (1: 10)
109
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Sapoéna opat ribu sapi, nu dipeuncit jeung sarébu onta, meuncit domba sarta embé, pat opat puluh ribu, jaba hayam sowang jeung meri, japati jeung manila, éta nu sakitu, ngan ukur baé walatra, rebu koki henteu reureuh beurang peuting, angot jaga mejana. (3: 223)
(8) Iteuk
Iteuk mangrupa salah sahiji mu’jizat Nabi Musa anu sakti. Perkara
ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Ningali iteuk ngabaris, sabeungkeutan pirang-pirang, anu panjang anu pondok, Musa nyandak pang panjangna, ku Sueb ka tingalan, di pégat bari di haru, Musa ulah iteuk éta. (2: 187)
(9) Karpét Pramedani
Nabi Sulaéman maréntahkeun ka sakabéh ratu jin pikeun nyieun
permadani anu gedé jeung rubak. Dijieunna tina emas jeung sutra, pasagina ti juru
ka juru deui. Éta permadani téh rék dipaké pikeun jalan-jalan ngurilingan nagrina.
Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
110
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Para Ratu di payuneun Nabi, lajeng Nabi Sulaéman maréntah, ka para Ratu Jin kabéh, nu ti sunklak ti sinkluk, kudu nyieun pramedani, amparan gedé rubak, ari nu dibangun, nya éta emas jeung sutra, pasagina ti juru ka juru deui, perjalanan saparsa. (3: 214)
(10) Singgasana
Salian ti permadani, dijieun ogé palinggihan Nabi Sulaéman nya éta
singgasana anu diteundeun di tengah-tengah, dijajar ku korsi emas jeung korsi
pérak. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Henteu panjang tatapi pasagi, enggeus salsé nu nyieun amparan, gancang nu mangun carios, Singgahsana ning Ratu palinggihan Sulaéman Nabi, di teundeun téngah-téngah sayagi ngabagug, dijajar ku korsi emas, katukangna korsi perak bérés baris, lajeng Nabi Sulaéman. (3: 215) (11) Pakakas Paragi Masak
Di dapur karajaan Nabi Sulaéman aya rupa-rupa pakakas paragi masak, di
antarana pameuleuman roti, tungku beusi, pariuk, jeung pangageunan. Perkara
ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
Aya dapur pameuleuman roti, aya dapur paranti popolah tungku beusi sakabéh, puluh-puluh pariuk, pangangenan pang liwet beusi,
111
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
dina sapariukna, sakali ngabubur, dicampur sapuluh onta, henteu lébér geus kamuat kabéh sayagi, numpang dina amparan. (3: 222) (12) Surat
Nabi Sulaéman nitah hud-hud sangkan ngirim surat ka Ratu Bulqis nu
eusina maréntahkeun Bulqis datang ka karajaanana. Perkara ngeunaan éta hal,
bisa katitén saperti ieu di handap.
Wekasan Nabi ngandika, kéké hud-hud geus kadangu ku aing, sacarita manéh hud-hud, tapi aing ayeuna, ménta tanda saksi anu yakin tuhu, ngaenyakeun carita awak, rék ngirim surat ka Bulkis. (5: 274)
\ (13) Alun-alun
Nabi Sulaéman maréntahkeun ka para ratu jin pikeun nyieun alun-alun
alapan parsah pasagi, dijieunna tina emas jeung pérak. Perkara ngeunaan éta hal,
bisa katitén saperti ieu di handap.
Kudu nyieun alun-alun, salapan parsah pasagi, di ubin ku emas jeung perak, dipaselang adu manis, dipayunan singgahsana, palinggihan Kangjeng Nabi. (4: 313)
112
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(14) Tutumpakan Onta mangrupa salah sahiji tutumpakan jaman para nabi, kagambarkeun
sanggeus perang Siti Aisah diangkat kana onta. Perkara ngeunaan éta hal, bisa
katitén saperti ieu di handap.
Sabot Ratu Purti Abdas, pahibut nu rék arindit, sunduk-sunduk geus dipasang, saontana masing-masing, palangki Ratu Putri, geus dibébéyéng dijungjung, dingkat kana onta, onta tutunggangan Putri, Marukan Sang Ratu Aisyah, (2: 637) Rampak budal ti Madinah, ngajugjug Bani Mustholik, ramé-ramé sajajalan, sora onta kuda kuldi, palangki Ratna Dewi, diabrul-abrul di payun, diayah ku sanjata, diaping ku senapati, tangéh lamun dicatur lampah di jalan. (2: 633)
4.4.7 Ajén Élmu Pangaweruh
Dina ieu cutatan, katitén aya sababaraha hal anu aya patalina jeung élmu
pangaweruh, di antarana hikmah maca solawat, sipat wajib Allah SWT jeung
rosul. Élmu pangaweruh sorangan miboga kalungguhan penting dina kahirupan
manusa. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
113
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
(1) Hikmah Maca Solawat
Hikmah tina maca solawat nya éta saha-saha nu macana, tina pok maca
solli diharamkeun asup ka naraka, tuluy pok maca wasallim dihalalkeun asup
sawarga salila-lilana. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
ku Pangéran dina kur’an, kudu solawat ka Nabi, saha-saha anu maca, solawat ka Kangjeng Nabi, tina pok maca solli, diharamkeun ku Yang Agung, jasadna ka Naraka, tuluy pok maca wa sallim, dihalalkeun Sawarga sawenang-wenang. (2: 53)
Ungeling paréntah kur’an, Amanu sollu alaiha, wa sallimu tasliman, Nabi Adam ogé geuning, nembé ka Hawa kénging, sapatemon pagugulung, sanggeus maca solawat, komo teuing anu mu’min, anu maca solawat ginadang Surga. (2: 54)
(9) Sipat Wajib Allah
Dina ieu wawacan kagambarkeun sababaraha Sipat wajib Alloh SWT, di
antarana sipat Jamal, Beunghar, Daim, Baqo, Kudrot, jeung Irodat. Perkara
ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.
114
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Cek Malak Jibril he Yusuf, Julaéha geus henteu geulis, Gusti Allah sipat Jamal, élok ti beurang ti peting, Julaéha geus teu beunghar, Gusti Allah anu sugih.
(4: 90) Ratu Julaéha sepuh, Gusti Allah Daim Baki, Angger langgeng tara owah, tara géséh tara gingsir, Sipat Kudrat Irodat, nu béréhan murah asih. (4: 91)
4.5 Silabus jeung RPP
Nurutkeun Sudaryat (2004: 26-27), standar kompetensi mangrupa
gambaran umum kamampuh basa jeung sastra anu ngamuara kana opat kaprigelan
basa, nya eta kaparigelan résétif-aktif (ngaragepkeun jeung maca) jeung
kaparigelan produktif-aktif (nyarita jeung nulis).
Kompetensi dasar mangrupa pedaran ngeunaan kamampuh nu kudu
dicangking ku siswa waktu komunikasi, boh lisan (nyarita jeung ngaragepkeun),
boh tulis (nulis jeung maca. Indikator mangrupa pedaran kompetensi anu leuwih
husus kudu dicangking ku siswa pikeun cecekelan dina meunteun kahontalna hasil
diajar.
115
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
RPP (Rencana Pelaksanaan Pembelajaran), nya éta tahap rencana atawa
rarancang pangajaran anu ngawengku cara mekarkeun silabus jeung sistem
meunteun hasil diajar. Dina ngolah pangajaran, aya tilu hal anu perlu
diperhatikeun, nya éta ngararancang, ngalaksanakeun, jeung meunteun.
116
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
(RPP)
Sekolah : SMP
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : VIII/1
Alokasi Waktu : 2 x 40 menit (1 pertemuan)
I. STANDAR KOMPETENSI
8.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa teks
kepahlawanan, cerita wawacan, sajak, dan karangan argumentasi.
II. KOMPETENSI DASAR
8.3.2 Membaca penggalan cerita wawacan.
III. INDIKATOR
- Membaca cerita wawacan dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang
baik.
- Menembangkan cerita wawacan dengan lagu-lagu pupuh rancag yang
sudah lazim.
- Menanggapi berbagai aspek cerita wawacan.
- Meceritakan kembali isi (penggalan) cerita.
- Menanggapi berbagai aspek cerita wawacan
117
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
IV. TUJUAN
Siswa dapat memahami cerita wawacan.
Nilai budaya dan karakter bangsa yang diinginkan
- Kreatif
- Rasa ingin tahu
- Gemar membaca
V. MATERI PEMBELAJARAN
Mikawanoh Wawacan
Ditilik tina asal kecapna (étimologis), wawacan téh asalna tina kecap
waca, nu hartina maca. Jadi, wawacan téh hartina naon-naon anu dibaca. Gelarna
wawacan téh tangtuna ogé sabada masarakat Sunda barisaeun maca, umumna di
kalangan para ménak jeung di kalangan pasantrén, priyayi Sunda saperti bupati,
demang, jeung para pamingpin sahandapeunna, kaasup pamingpin Agama Islam,
saperti panghulu jeung kalipah
Dina éta pedaran disebutkeun yén wawacan téh mangrupa carita panjang
anu kauger ku patokan pupuh, saperti guru lagu, guru wilangan, jeung gunta-ganti
pupuh. Ari pupuh nu sok ditembangkeun taya lian Kinanti, Asmarandana, Sinom,
jeung Dangdanggula (Iskandarwasid, 2003: 168). Sedengkeun maca wawacan
biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Tapi, henteu sakabéh lalakon
wawacan biasa dipidangkeun dina pagelaran beluk.
118
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa.
Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19. Saméméh
asup pangaruh Mataram. Dina kasusastraan Sunda téh geus kapangaruhan ku
Agama Islam. Dina mangsa harita urang Sunda geus loba nu mikawanoh kana
aksara Arab. Waktu tatar Sunda diéréh ku karajaan Mataram (Islam), para bupati
Sunda, utamana anu di wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di
Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung, balikna mawa sawatara adat-cahara
Mataram ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik pangagung urang Mataram anu
ditempatkeun di Sunda. Kaayaan éta beuki nguatkeun adat-cahara paraménak
Sunda. Pangaruhna kana widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana
guguritan jeung wawacan.
Unsur-unsur anu aya dina wawacan dibagi jadi sababaraha bagian, nya éta
téma, palaku jeung watek palaku, galur, jeung latar.
a. Téma
Téma téh nya éta gagasan, idé atawa pikiran utama, anu jadi
dadasar dina hiji karya sastra
b. Palaku jeung watek palaku
Palaku téh nya éta nu ngalalakon dina carita. Palaku téh aya dua,
nya éta palaku utama jeung palaku tambahan. Sedengkeun nu disebut
watek palaku nya éta cara midangkeun tokoh, boh sipat pisikna boh sipat
psikologina.
119
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
c. Galur
Galur téh nya éta runtuyan kajadian anu dicaritakeun ku
pangarang, ti mimiti nepi ka pungkasan carita. Galur téh dibagi tilu, nya
éta galur mérélé, galur mobok tengah, jeung galur tiheula pandeuri.
d. Latar
Latar téh nya éta lumangsungna hiji kajadian. Ku kituna, latar
biasana patali jeung hal-hal saperti di mana tempatna, iraha kajadianana,
sarta kumaha éta kajadian téh lumangsung
VI. PENDEKATAN/MODEL/METODE PEMBELAJARAN
A. Pendekatan Pembelajaran:
- kontekstual
- kompetensi komunikatif
B. Metode Pembelajaran:
- metode langsung
- metode membaca
- metode tidak langsung
LANGKAH-LANGKAH PEMBELAJARAN
Kegiatan Pendahuluan:
- guru menyampaikan tujuan mempelajari wawacan.
- guru menyediakan teks wawacan.
120
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
- guru menjelaskan ciri-ciri dan aspek yang terdapat dalam wawacan.
Kegiatan Inti:
1. Eksplorasi
- siswa membaca wacana wawacan.
- siswa mendengarkan guru atau kaset nyanyian pupuh (wawacan).
- siswa mengikuti dalam menembangkan pupuh yang terdapat dalam
wawacan.
2. Elaborasi
- siswa mencari aspek dan ciri-ciri yang terdapat dalam wawacan.
(rasa ingin tahu, gemar membaca)
- siswa menceritakan isi wawacan dalam parafrase. (kreatif)
3. Konfirmasi
- siswa menyimpulkan isi cerita wawacan.
Kegiatan Penutup:
- guru menilai kemampuan siswa dalam menceritakan isi wawacan
ke dalam sebuah parafrase.
- guru memberitahukan pembelajaran selanjutnya.
121
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
VII. SUMBER PEMBELAJARAN
- Buku Teks
- Tape recorder dan kaset
- Kamus Bahasa Sunda
VIII. TUGAS TERSTRUKTUR/TUGAS MANDIRI TIDAK
TERSTRUKTUR
Siswa diberi tugas membaca wacana wawacan untuk mengetahui ciri-
ciri dan aspek yang terdapat dalam wawacan.
IX. PENILAIAN
Indikator Pencapaian Kompetensi (IPK)
Penilaian
Teknik Bentuk Instrumen
Siswa mampu menembangkan cerita wawacan.
Tes unjuk kerja
Uji petik kerja prosedur dan produk.
Tembangkeun ku hidep ieu carita wawacan téh!
Siswa mampu memahami aspek-aspek dalam cerita wawacan yang telah dibaca.
Tes unjuk kerja Uji petik kerja prosedur dan produk.
Pék ku hidep tengetan apsék-aspék anu aya dina éta carita wawacan!
122
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
RUBRIK PENILAIAN:
Aspek Uraian/Kriteria Skor
Lisan
Siswa mampu menembangkan cerita wawacan dengan baik.
50
√
Siswa menembangkan cerita wawacan dengan kurang baik.
40 -
Siswa samasekali tidak mampu menembangkan cerita wawacan.
0 -
JUMLAH 50
Tertulis
Siswa mampu menanggapi aspek-aspek yang terdapat dalam cerita wawacan dengan baik.
50 √
Siswa menanggapi aspek-aspek yang terdapat dalam cerita wawacan dengan kurang baik.
40 -
Siswa samasekali tidak mampu menanggapi aspek-aspek yang terdapat dalam cerita wawacan.
0 -
JUMLAH 50
JUMLAH TOTAL 100
123
Dewi Handayani, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
KUNCI JAWABAN
1. Tembangkeun ku hidep ieu carita wawacan téh!
Jawaban:
(Pangajén/peunteun ti guru diluyukeun jeung kamampuh siswa dina
nembangkeun carita wawacan).
2. Pék ku hidep tengetan apsék-aspék anu aya dina éta carita wawacan!
Jawaban:
(Pangajén/peunteun ti guru diluyukeun jeung kamampuh siswa dina
ngadéskripsikeun aspék-aspék dina carita wawacan anu geus dibaca).
PEDOMAN PENILAIAN:
Jumlah skor perolehan X 100 = Nilai akhir = 100 X 100 = 100
Skor maksimal 100