pragmatik 3.docx

3
E. REPRESENTASI SEMANTIK DEKLARATIF INTEROGATIF JEUNG IMPERATIF Saméméh medar gambaran deklaratif interogatif jeung imperatif dina tingkat semantik, aya hadéna medar katiluna dina tingkat sintaksis. Istilah-istilah deklaratif, interogatif, jeung imperatif sacara husus dipaké pikeun kategori-kategori sintaksis minangka tipe dasar kalimah. Sacara konvensional katiluna dibédakeun tina kategori-kategori anu patali jeung semantik atawa tindak ujar, anu sewing-séwangan nyoko kana istilah-istilah assertion, question, jeung command. Bisa dicindekkeun, yén wangenan kalimah deklaratif, kalimah interogatif, jeung kalimah imperatif nya éta posisi patalekan jeung paréntah. Mata rantai antara kategori-kategori semantik jeung pragmatic masih kénéh can jelas. Saperti anu geus ditilik yén posisi atawa hiji patalekan bisa ngabogaan kakuatan impositif, siasat-siasat teu langsung ngajamin yén unggal tipe semantik bisa dicocogkeun jeung anéka tipe pragmatik. Husus pikeun istilah-istilah ‘asersi’(assertion) jeung ‘bertanya’(asking) kudu dibéré watesan-watesan anu puguh. Watesan-watesanna nya éta medar yén asersi jeung patalekan téh masilangkeun informasi antara pawicara jeung paregep. Ieu hartina yén patalekan ujian jeung patalekan retoris contona teu ngabogaan kakuatan pikeun hiji asking (bertanya). Ku teu saluyuna terminologi sejénna nya éta kurangna istilah anu baku, anu diaku kelas umum kasatuan-kasatuan logis anu memperlakukan proposisi, patalekan jeung paréntah minangka subkategori-subkategori. Ilaharna aya eusi ideasional umum anu bisa dipaké babarengan ku proposisi, patalekan, sarta paréntah anu dibéré kalayan ku sagala rupa cara minangka propotional content (eusi proposional), predication (predikasi), atawa sentence radikal (radikal kalimah). Conto: Manéh rék diuk Naha manéh rék diuk?

Upload: kaditafasha

Post on 05-Dec-2014

81 views

Category:

Documents


1 download

TRANSCRIPT

Page 1: PRAGMATIK 3.docx

E. REPRESENTASI SEMANTIK DEKLARATIF INTEROGATIF JEUNG IMPERATIF

Saméméh medar gambaran deklaratif interogatif jeung imperatif dina tingkat semantik, aya hadéna medar katiluna dina tingkat sintaksis. Istilah-istilah deklaratif, interogatif, jeung imperatif sacara husus dipaké pikeun kategori-kategori sintaksis minangka tipe dasar kalimah. Sacara konvensional katiluna dibédakeun tina kategori-kategori anu patali jeung semantik atawa tindak ujar, anu sewing-séwangan nyoko kana istilah-istilah assertion, question, jeung command.

Bisa dicindekkeun, yén wangenan kalimah deklaratif, kalimah interogatif, jeung kalimah imperatif nya éta posisi patalekan jeung paréntah. Mata rantai antara kategori-kategori semantik jeung pragmatic masih kénéh can jelas. Saperti anu geus ditilik yén posisi atawa hiji patalekan bisa ngabogaan kakuatan impositif, siasat-siasat teu langsung ngajamin yén unggal tipe semantik bisa dicocogkeun jeung anéka tipe pragmatik.

Husus pikeun istilah-istilah ‘asersi’(assertion) jeung ‘bertanya’(asking) kudu dibéré watesan-watesan anu puguh. Watesan-watesanna nya éta medar yén asersi jeung patalekan téh masilangkeun informasi antara pawicara jeung paregep. Ieu hartina yén patalekan ujian jeung patalekan retoris contona teu ngabogaan kakuatan pikeun hiji asking (bertanya).

Ku teu saluyuna terminologi sejénna nya éta kurangna istilah anu baku, anu diaku kelas umum kasatuan-kasatuan logis anu memperlakukan proposisi, patalekan jeung paréntah minangka subkategori-subkategori. Ilaharna aya eusi ideasional umum anu bisa dipaké babarengan ku proposisi, patalekan, sarta paréntah anu dibéré kalayan ku sagala rupa cara minangka propotional content (eusi proposional), predication (predikasi), atawa sentence radikal (radikal kalimah).

Conto: Manéh rék diuk

Naha manéh rék diuk?

Diuk manéh?

Katilu kalimah di luhur mibanda hiji eusi proposional umum X, katiluna béda tina wangun logis. Tapi Leech (1983) maké istilah tunggal-proposional- anu bisa dilarapkeun pikeun pengertian katilu kalimah kasebut. Proposional-proposional baris dinyatakeun jeung pamakean ( ).

Patalekan ya-tidak, bisa dilukiskeun minangka hiji fungsi proposional nya éta hiji proposional dina tanda tanya mangrupakeun hiji variabel lepas anu usik ngawengku positif jeung negatif. Variabel lepas eta mangrupa hiji jurang dina pengertian proposional.

Variabel bébas mangrupa argumen anu henteu ditangtukeun nu digambarkeun kecap-kecap, saha, naon, naha, kumaha. Parentah mangrupa hiji kategori anu leuwih umum batan naon anu bisa dihartikeun kalayan komando (command). Paréntah ngagambarkeun hiji unsur harti umum anu babarengan dipiboga ku tilu kaayaan nya éta imperatif, infinitif, sarta subjungtif dina sagala rupa wangenan basa. Kabéh éta bisa dibikeun minangka non indukatif dina

Page 2: PRAGMATIK 3.docx

wangenan yén henteu méré sagala rupa pernyataan kajadian anu dibayangkeun minangka anu henteu ditepati. Konstruksi-konstruksi non induktif biasana disajikeun jeung wangun dasar kecap pagawéan tanpa infleksi.

Sajaba imperatif, wangun indikatif aya atawa lumangsung dina klausa - klausa anu pakait, dimana wangunan - wangunan kasebut sacara sistematis ditangtukeun ku prédikat - prédikat nu tangtu. Hal ieu ngabingbing urang dina observasi yén proposisional - proposisional mangrupa proposisi, patalékan, atawa paréntah, anu bisa di asupkeun kana proposisional séjén.

Hiji kontras logis anu relevan pikeun impositif nya éta pangbéda antara proposisi - proposisi nyata sarta henteu nyata. Sacara logika, proposisi henteu nyata bisa diasupkeun kana kategori indukatif, alatan proposisi – proposisi kondisional anu henteu nyata éta salah atawa bener.

Wajar ngomong yén proposisi mangrupa hiji anu kurang has, sarta perlu dilengkapan jeung hiji kaayaan implisit. Boh proposisi non-indikatif boh proposisi henteu nyata, ngabogaan sipat – sipat anu tangtu di antarana : leuwih umum lumangsung dina posisi nu patalina jeung kajadian ditangtukeun ku watesan pamilih predikat.

F. INTERPRETASI IMPOSITIF

Cara panafsiran impositif dipariksa sarta digolongkeun dumasar kawijaksanaan, kanggo maksud nu di luhur hayu urang mimitian ku imperetatif, kalayan wangun anu paling langsung. Hiji impositif imperetatif memang canggung atawa henteu bijaksana, dina hal ieu manéhna nyokot resiko kalayan teu patuh, anu mangrupa wanda situasi komplik anu rada gawat.

Implikator mangrupa hiji masalah konveksi yén paréntah – paréntah sarta subjek orang ka dua ngaekspresikeun maksud pawicara nyuruh paregep ngalakukeun sesuatu, yén panafsiran ieu mangrupa‘interpretasi kegagalan’ anu paling wajar, anu cenderung ngajelaskeun yén pawicara tos ngajelaskeun hiji paréntah.

Maké wangun – wangun henteu nyata tangtu ngabutuhkeun tahap leuwih lanjut dina hal pengingkaran jangji, ku ngaganti kecap-kecap ‘mau kah sarta sudahkah’ ku kecap ‘maukah kiranya sarta sudahkah kiranya’ , maka pawicara méré paregep pernyataan punten anu lain jeung nolak paménta pawicara, jeung nyieun implikasi hiji impositif leuwih terperinci deui. Nepi ka hal-hal anu relatif atawa condong negatif bisa ditambahkeun. Tapi, aya hiji hal anu perelu dititénan ngeunaan wangun – wangun hipotésis, nya éta henteu aya na protasis anu jelas, anu nyieun wangun-wangun éta teu bisa ditarima.