contoh cerita pendek tugas ad

9
Contoh Cerita Pendek (Cerpen) B. Sunda atau Carita Pondok (Carpon) Septian Cahya 15.10 Kajadian Teu Disangka-sangka Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing- enjing pisan kedah tos ka sakola. Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan. Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada. Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika.

Upload: dani-rahman

Post on 23-Jan-2016

555 views

Category:

Documents


3 download

DESCRIPTION

referensi

TRANSCRIPT

Page 1: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

Contoh Cerita Pendek (Cerpen) B. Sunda atau Carita Pondok (Carpon)

 Septian Cahya  15.10

Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun.

Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola.

Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna,

margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal

rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse

mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.

Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo

enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil

nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.

Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR

anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya

ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-

tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.

Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna

sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.

Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”

“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.

Page 2: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.

Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna

mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan,

stress campu jadi hiji.

“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos

dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi.

Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora

bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan

dadakan dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi

kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun

pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.

Carpon basa Sunda

Ku: Dadang Sadkar

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti

lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti

indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah

karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun

ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur

nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké

Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.

Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun

sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping

lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Page 3: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana

beunang disebut  konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener

asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos

oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung

cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar

tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna

beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok

sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh

sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari

dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus

udud.

“Makasih, pa,” pokna

“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut

Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.

“Mau ke Jakarta?” cenah.

“Iya.”

“Di Jakartanya di mana?”

“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti

dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun

urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si

ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih

Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”

“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang

benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”

“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.

“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,”

témbalna.

“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan

téh…”

“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih

ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.

“Baruk, naha?”

“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”

“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi

Page 4: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés

diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.

“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa

nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

Sasakala Talaga Warna.Jaman baheula aya hiji raja nu kacida beungharna, tapi hanjakal anjeunna teu gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan prameswari tiasa ngagaduhan putra.

Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh ngandung. Kanjeng Raja kacida bingahna ningal prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna lahir hiji putri nu kacida geulisna.Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.

Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna ngalawan, sakitu sagala kahoyongna tara aya anu dipungpang teh. Raja sareng prameswari sering nangis upami emut kana talajak nu janten putrana teh. 

Page 5: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

Dina hiji dinten putri aya pamundut,tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana, sirikna henteu kana pameunteu raja sareng prameswari ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha Kawasa, na atuh ari burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton kakeueum. Leungit karaton timbul talaga.

Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal sarupaning warna-warni matak endah katingalna. Cenah eta teh Inten permata anu diawurkeun ku putri tea. Kitu saurna pamiarsa, dongeng Sunda sasakala Talaga Warna teh.Tamat.

Page 6: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

Lalakon Pandawa Lima : Putra Pandawa ayeuna parantos ngadeg raja, kagungan nagara ku anjeun, nanging teu acan tibra manahna, pedah wewekonna: teu sabaraha legana. Ku margi eta para saderek anu lima pada tawekal ngalegaan bawahan : Arjuna majeng ngaler, Bima ngetan, SadeWa ngidulan Nakula ngulon, Semihaji dina puseurna ngaheuyeuk dayeuh, nu minangka jadi rajana.Barang parantos ngaraos jembar bawahan, lajeng Pandawa ngayakeun pesta ngaruat nagara, ngondang para raja manca-nagara, malah Korawa oge ti Astina dihaturanan linggih.

Der pesta rame taya papadana, kawantu pesta raja, sakalian bari nongtonkeun karaton anu nembe pisan parantos. Sabubarna pestaan Duryodana mah sareng Sringkuning, kapirai ibuna Duryodana, henteu enggal-enggal mulih ka Astina, ngendek heula di karaton saderek misanna, wireh hayang imeut kana unak-anikna karaton, anu sakitu matak hookeunana, turug-turug aya manah hoyong niru deuih.

Nanging salamina Duryodana di dinya teh, sanes matak leler kana kajudesan manahna, anggur sirik pidik ka saderek wuwuh-wuwuh, tina pedah asa kaelehkeun tur inggis kalindih deuih. Ari ka-wuwuh-wuwuh sering kenging wiwirang, kabitur kadusunanana.

Page 7: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

Meh saban dinten jadi gugujon jadi gogonjakan para Pandawa, sumawonten na Bima mah, ngagumujengkeuna.na teh sareng akey-akeyan sagala, teu euleum-euleum nunjuk nganunan nu kaisieunan teh. Teu aja pisan ngomah-ngomahanana kana kawirang tamu teh, nja eta tina parantos pada ngandung ati ti tadina tea. Ari Duryodana neumbag kaca, atanapi ngarenjag ningali kalangkang ku anjeun, ku Bima enggal dilelewaan.

SIKABAYAN NGALA LAUK

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana

lalintarna aruntung bae.Manehna pohara kabitaeunana,tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal,tuluy nyarita ka

pamajikannana : "jem,engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan,kabita ku

batur aruntung bae."

 "Majar rek ngala lauk ? Na,rek ku naon ngalana ? Teu boga heurap teu boga

useup ! tembal pamajikannana haseum.

 "Tong rea omong,maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we.

Kadieukeun wedang pamere mitoha teh !" Cokot bae ku sorangan,tuh deukeut

pago !" tembal pamajikannana merengut keneh.

  

Reup peuting Si kabayan indit ka jalan tempat liliwatan tatangga-tatanggana nu

tas ngarala lauk.manehna eureun handapeun tangkal caringin gede.Tuluy

ditaranjang,awakna dibalur ku wedang. 

Sanggeus rata,tuluy manehnaa gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu

tuluy nyumput.

Teu lila ti harita,brul jelema-jelema anu tas ngarala lauk teh ngaleut ka

Page 8: Contoh Cerita Pendek Tugas Ad

lebah dinya. Waktu abrulan liwat lebah handapeun tanggal caringin,jleng Si

Kabayan luncat ka tengah jalan bari igel-igelan.

Puguh bae jelema-jelema  anu narenjo aya mahluk bodas luncat ka tengah jalan

teh,paburisat laluncatan bari tingjarerit,cul kana bawaan : " Jurig ! Aya

jurig !

   

Kalawan riweuh jeung teu weleh imut sorangan Si Kabayan mulungan lauk anu

ngabayak sapanjang jalan,nepi ka pinuh sasarung.

Geus kitu tuluy buru-buru balik,sieuneun aya nu nganyahokeun,sieuneun

katohiyan nipuna. 

Peuting eta Si Kabayan untung.