kasenian sunda 3.docx
DESCRIPTION
KASENIAN SUNDA 3kunjungi http://warungbidan.blogspot.com/TRANSCRIPT
![Page 1: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/1.jpg)
WAYANG GOLÉK
Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu
dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu
populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun
kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan
wayang kulit nu mintonkeun hirupna
bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di
wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah
wayang golék.
Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak
(cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang
dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk,
nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
Tumuwuh
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé
biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita
Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku
gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang,
bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang
(hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.
Karakter wayang golék Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu
kawentar ku kagandanganana.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén.
Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika
jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.
1
![Page 2: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/2.jpg)
Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar
dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur
mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén
kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan
nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék
nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda,
Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép
Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jld.
Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu,
dalang jeung sinden naik panggung, gending
jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung
biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4)
Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8)
Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari
leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi
nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal
ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan
wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.
Média nyebarkeun Islam
Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa),
wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda.
Kusabab ajaran Hindu harita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita
Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun
Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu
absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék
anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar.
2
![Page 3: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/3.jpg)
GAMELAN DEGUNG
Pintonan RRI maké gamelan degung (24 April 1966)
Gamelan degung nya éta gamelan has tradisional Jawa Barat hususna suku
Sunda[1]. Kecap degung asalna tina akronim Deg ngadeg ka nu Agung
(ngadeg=nangtung, agung= megah atawa pangagung)[2][3]. Lian ti éta asal kecap
degung tina kecap ratu-ratu agung atawa tumenggung, sabab jaman harita ieu
musik dipikaresep ku para pangagung (ménak atawa bangsawan), misalna Bupati
Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu sok mgadokuméntasikeun sababaraha
lagu kana bentuk rekaman[2][3]. Awalna mah degung téh dipintonkeun dina wanda
instrumental wungkul (karawitan gending), tapi kaayeunakeun mah, degung sok
dipaké pamirig lagu[1]. Dina kamus susunan H.J Oosting (1879) kecap degung téh
tina kecap De Gong (basa Walanda) anu hartina penclon-penclon nu digantung[3].
Bahan
Gamelan degung anu alus dijieunna tina perunggu, anapon gamelan anu maké
bahan wesi jeung kualitas anu leuwih basajan dimaksudkeun sangkan gamelas
bisa leuwih kahontal ku masarakat, hususna pikeun pangajaran di Lembaga-
lembaga atikan[1]. Anapon perangkat tambahan saperti kendang, suling, jsté
dijieun tina bahan anu béda deui[1].
3
![Page 4: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/4.jpg)
Papasingan Waditra Dina Gamelan Degung
Istilah waditra, hususna dina degung nya éta istilah anu nyoko kana alat-alat anu
digunakeun dina saperangkat gamelan (instrumén). Ilaharna wadtra-waditra dina
gamelan degung ngawengku:
1. Bonang, anu kabagi jadi 14 penclon dina ancakna. Ngadérét mulai ti nada mi
nepi ka nada la ageung;
2. Cemprés, anu ngawengku 14 wilah nada. Ngadérét ti nada mi alit nepi ka la
rendah;
3. Panerus, bentuk jeung jumlah nadana sarua jeung saron, ngan ilaharna sok
béda oktafna wungkul;
4. Jengglong, anu kabagi jadi 6 wilah. Disimpen kucara digantung atawa
disimpen siga bonang dina gemelan pélog (disimpen di Luhur benang);
5. Goong, Awalna mah ngan saukur maké gong gedé wungkul, tapi
kaayeunakeun mah sok maké kempul saperti anu digunakeun gamelan pélog;
6. Suling, dina gamelan degung, suling anu digunakeun nya éta suling anu boga
opat liang;
7. Kendang, pungsina keur ngatur ritem, anu ngawengku hiji kendang gede jeung
dua kulantér[2].
Kamekaran Gamelan Degung
R.A.A. Wiranatakusumah V, nu ngawanohkeun gamelan degung di Bandung
Pindah ka Bandung
Baheula, gamelan degung ngan dipaké minangka instrumén wungkul, lantaran
Bupati Cianjur R.A.A. Wiranatakusumah V ngalarang degung anu maké nyanyian
(vokal) sabab bisa nyieun suasana anu kurang serius[3]. Nalika R.A.A.
4
![Page 5: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/5.jpg)
Wiranatakusumah pindah ka Bandung, gamelan degung anu ngaranna
pamagersari ieu katut nayagana ngilu pindah ka pendopo Bandung dipingpin ku
Idi[3]. Sabada pindah ka Bandung, gamelan degung loba dipaké dina acara hajatan
sabab loba nu kairut ku sorana anu éndah[3]. Tisaprak harita Bupati nitah nyieun
gamelan degung deui anu dingaranan Purbasasaka, dipingpin ku Oyo[3]. Salian ti
éta, gamelan degung sok dipaké pikeun musik gending karesmén dina pagelaran-
pagelaran saperti Lutung Kasarung jeung Mundinglaya dikusumah[3]. Taun 1954,
degung mulai dipaké pikeun mirig kawih-kawih Sunda, utamana ku grup
Parahyangan anu dipingpin ku E. Tjarmedi[3]. E. Tjarmedi jeung Rahmat
Sukmasaputra nya éta salah sahiji anu méré ide ayana nayaga wanoja[3].
1970-1980
Taun 1970-1980 beuki loba waé anu ngagarap gamelan degung, misalna Nano. S
kalayan grupna Gentra Madya (1976), Lingkung Seni Dewi Pramanik anu
dipingpin ku Euis Komariah, Degung Gapura kagungan Kustyara, jeung degung
gaya Ujang Suryana (Pakutandang, CIparay) anu kasohor ku gaya maénkeun
sulingna anu has[3]. Nano. S ngasupkeun waditra kacapi dina degungna[3]. Nano. S
nyiptakeun lagu kalayan intro jeung aransemén sorangan, sababaraha karyana anu
direkam dina bentuk kasét suksés di Pasaran, diantarana Panglayungan (1977),
Puspita (1978), Naon Lepatna (1980), Tamperan Kaheman (1981), Anjeun (1984)
jeung Kalangkang nu dinyanyikeun ku Nining Meida jeung Barman Syahyana
(1986)[3].
Béda jeung mangsa awal (taun 1950an) nu dimana para penyanyi degung lolobana
ti kalangan penyanyi gamelan pélog saléndro (pasindén; ronggéng), penyanyi taun
1970-an lolobana ti kalangan mamaos tembang Sunda Cianjuran, boh lalaki boh
wanoja[3]. Juru kawih anu kasohor ti kalangan mamaos dianatarana: Euis
Komariah, Ida Widawati, Teti Afienti, Mamah Dasimah, Barman Syahyana, Didin
S. Bajuri, Yus Wiradiredja, Tati Saléh, jsté[3].
Kiwari
Gamelan Degung kaayeunakeun mah sok dipaké pikeun mirig lagu non-klasik
dina acara-acara ririaan (hajatan)[4][5]. Pikeun pola lagu atawa nabeuhna loba maké
polanu diadaptasi tina kiliningan[4]. Misal gending catrik, kulu-kulu, Cirebonan,
Banjaran, Jipang lontang, jsté[4]. Sedengkeun pikeun lagu-lagu klasik mah jarang
5
![Page 6: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/6.jpg)
pisan dibawakeun, aya kamungkinan ieu hal disababkeun alatan para pangrawit
degung loba anu henteu apal lagu-lagu klasik[4]. Salian ti éta musik degujng ogé
biasa kapireng dina upacara adat Sunda, féstival jeung pintonan seni[5]. Anu ironis
nya éta kurangna minat generasi ngora dina ngokolakeun katut ngamumulé ieu
budaya, anu malah leuwih dimekarkeun ku pihak asing[5].
Kamekaran di Luar Nagri
Saluareun Indonesia, kamekaran degung dilaksanakeun ku paguron luhur seni
jeung para musisi, misalna Lingkung Seni Pusaka Sunda ti Universitas Kalifornia
(Santa Cruz, USA), musisi Lou Harrison (Amerika), John Siddal (Kanada), jeung
Rachel Swindell anu dibarengan ku mahasiswa séjénna ti London (Inggris),
Paraguna ti (Jepang)[6][7]. Di Melbourne, Australia aya hiji perangkat gamelan
kagungan Universitas Melbourne anu sok dipaké ku hiji komunitas nu resep
musik Sunda pikeun latihan jeung minton di féstival-féstival[6]. Mekarna Gamelan
degung di Luar nagri teu leupas ti kontribusi Nano. S salaku seniman Sunda anu
imahna tara sepi ti para tenaga pengajar luar nagri anu hayang diajar seni Sunda[7].
John Siddal nya éta salah sahiji tokoh anu kungsi diajar ka Nano. S, tuluy John
ngadegkeun grup degung Ever Green di Vancouver, Kanada[7]. Garapan Degung
Ever Green salian mawakeun komposisi lagu Sunda, ogé mintonkeun garapan
anyar anu kaluar tina wengkuan gamelan degung di Sunda[7]. Garapan kalayan
pola musik Kulon diterapkeun dina gamelan degung tan maké waditra tambahan
séjénna[7]. Anu béda ngan komposisina wungkul, sedengkeun laras mah tetep
musrni[7].
Salah sahiji Universitas nu geus lila boga gamelan degung nya éta Universitas nu
aya di Santa Cruz[7]. Harita, naika taun 1990-an aya rombongan pengajar ti Santa
Cruz datang ka Bandung terus tepung jeung Wali kota Bandung, Ateng
Wahyudi[7]. Harita pa Ateng masihan saperangkat gamelan degung, saluyu jeung
paménta maranéhna[7].
6
![Page 7: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/7.jpg)
SINTRÉN
Numutkeun Arthur S. Nalan (2003), kecap sintrén asalna ti kecap SIN anu
hartosna sindir, sarta TETAREN anu hartosna patarosan ngaliwatan syair anu
kudu dipaliré sarta ditéangan jawabana. [1] Sintrén nya éta mangrupa kasenian
rahayat, anu sumebar di daérah Jawa, lakon utamana dipaénkeun ku wanoja tur
dibarengan ku angklung, gong, jsb [2]
Kasenian sintrén di Majaléngka aya di wewengkon Ligung, nya éta wewengkon
anu deukeut jeung Kabupatén Indramayu, anu diangken salaku wewengkon
karuhun asalna kasenian ieu, deukeutna wewengkon ieu ngabalukarkeun
lumangsungna pénétrasi indramayu ka wewengkon Ligung, anu disababkeun ku
ayana komunikasi, sentuhan sosial, jeung sentuhan budaya. [1] Basa nu dipaké ku
masarakat Ligung nya éta Basa Indramayu, hal ieu ngabalukarkeun sintrén dipirig
ku lagu-lagu indramayu kalayan gampang ditarima ku masarakatna. [1]
Sajarah Sintrén
Sintrén nya éta salah sahiji tarian anu sumberna ti carita asih Sulasih jeung
Sulandono. [3] Kacaritakeun yén Sulandono téh putra Ki Baurekso jeung Dewi
Rantamsari. [3] Radén Sulandono bobogohan jeung Sulasih, saurang putri ti Désa
Kalisalak, tapi hubungan asmarana henteu disatujuan ku Ki Baurekso. [3]
Pamustunganana Radén Sulandono indit tatapa jeung Sulasih tuluy milih jadi
tukang tari. [3]
Sanajan kitu, pasamoan maranéhanana masih terus lumangsung ngaliwatan alam
goib. [3] Pasamoan éta diatur ku Dewi Rantamsari anu maot tuluy jasadna ngiles
sacara goib, pasamoan ieu ku cara dina saban acara Sulasih jadi penari tuluy Dewi
Rantamsari ngasupkeun roh bidadari ka awak Sulasih, pas haritana ogé Radén
Sulandono anu keur tatapa digeroan ku roh indungna pikeun nepungan Sulasih. [3]
Saprak harita, saban diayakeun pintonan sintrén, penari pasti diasupan roh
bidadari ku pawangna, kalayan catétan yén manéhna enyaan masih dina kaayaan
suci (parawan). [3] Tapi ayeuna mah kasenian ieu bisa dipintonkeun ku saha waé,
jeung deui teu midulikeun unsur-unsur prosedural mistisme. [4] Parobahan esensi
7
![Page 8: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/8.jpg)
sintrén ieu mangrupa pangaruh tungtutan jaman anu beuki katandangan budaya
pop anu komersil. [4]
Lagu Dina Pintonan Sintrén
Salah sahiji lagu anu kawentar dina kasenian sintrén nya éta Turun Sintrén anu
sawaréh syairna saperti kieu: [1]
Turun-turun sintrén
Sintréné Widhadhari
Widhadhari tumuruno
Aja suwen mindho dalem
Dalam sampun kangelan
Lagu di luhur miboga kakuatan magis anu luhur, sabab salian ti lagu panganteur,
lagu ieu oge mangrupa lagu mantra anu pohara mangaruhan ka jalana pintonan
ieu. [1] Sedengkeun instrument/waditra anu dipaké nya éta dua ketipung, kendang
leutik, kecrek, jeung dua buyung/juru/klenting. [1] (Tuty Yuhanah, 1983). Alatan
salah hiji waditra anu dipaké nya éta buyung, ku kituna sintrén disebut ogé
Ronggéng Buyung. [1]
Lagu-lagu séjén anu dipake dina kasenian sintrén nya éta kidung, Kembang
Tareate, Gulung-gulung Klasa, Simbar Pati, Kilar Blatar, jeung sajabana. [1]
Sakumaha disebutkan di luhur yén lagu-lagu panganteur ieu ngabogaan kakuatan
magis, sabab aya sawatara lagu anu dipaké minangka sarana pemujaan (Tuty
Yuhanah). [1]
Waktu Pintonan
Pegelaran sintrén dipitonkeun dina peuting bulan purnama sarta numutkeun
kapercayaan masarakat leuwih utama deui lamun dipintonkeun dina peuting
kliwon. [5] Tapi ayeuna mah pintonan sintrén bisa dilaksanakeun iraha waé boh
beurang boh peuting henteu gumantung deui dina peuting bulan purnama. [5]
Tempat Lumangsungna Acara Sintrén
Tempat anu dipaké pikeun pintonan kasenian sintrén nya éta di lapangan. [5]
Maksudna aréna pintonan anu henteu make wates antara panongton jeung nu nari
8
![Page 9: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/9.jpg)
sintren atawa nu ngarojongna. [5] Hal ieu dimaksudkeun sangkan leuwih
komunikatif kalayan dibuktikeun dina waktu acara balangan sarta temohan, di
mana antara panongton sarta nu nari sintrén kasampak ngahiji dina hiji pintonan
kalayan milu nari sanggeus panongton ngalakonan balangan. [5]
Baju Sintrén
Baju anu dipaké penari sintrén baheulana mangrupakabaya, ayeuna mah maké
baju golék. [5] Kabaya ieu leuwih loba dipaké ku wanoja anu hirup di désa-désa. [5]
Sedengkeun macém-macém baju séjénna minangka palengkep pintonan sintrén
nya éta: [5]
Baju sapopoé, anu dipaké saméméh pintonan kasenian sintrén.
Baju golék
Lawon atawa jarit, modél busana wanoja Jawa.
Calana Cindé, nya éta calana tilu parapat anu panjangna ngan nepi ka tuur.
Sabuk
Sampur
Jamang, nya éta hiasan anu dipaké disirah kalayan kembang malati di
gigireun / sabeulah katuhu sarta kénca ceuli minangka koncér.
Kaos kaki hideung jeung bodas, kawas ciri has kasenian tradisional séjén
hususna di Jawa Tengah.
Tasma Hideung,miboga fungsi minangka panutup panon, penari sintrén
sok peureum panona alatan kasurupan trance, ogé minangka cicirién
kasenian sintrén. [5]
Sintrén Di Majaléngka
Pintonan sintrén dikawitan ku ngahurungkeun lampu tempel atawa obor, disusul
ku sora gamelan. [1] Sanggeus ngabeuleum dupa, penari nu maké tasma hideung,
maké raksukan dawam jeung leungeun nu dibeungkeut ku tambang, asup ka
tengah-tengah pintonan. [1] Sedengkeun para sindén nembangkeun lagu-lagu
pamujaan maké basa [Indramayu]]. [1]
Penari sintrén anu dibeungkeut ku tambang teu eling sabot pawang ngabacakeun
mantra-mantra, penari disarékeun sarta diasupkeun kana ranggap.[1] Pawang mawa
9
![Page 10: KASENIAN SUNDA 3.docx](https://reader031.vdokumen.com/reader031/viewer/2022012315/557212b5497959fc0b90c498/html5/thumbnails/10.jpg)
dupa bari maca mantra, leumpang ngurilingan ranggap, dipirig gamelan sarta
lagu-lagu anu kadéngé dinyayikeun mayéng. [1]
Nalika ranggap dibuka, tétéla putri sintrén geus ngajanggélék, manéhna maké
pakéan geulis sarta leungeun henteu kabeungkeut deui ku tambang.[1] Hiasan anu
dipaké ku putri sintrén kasampak caang alatan lampu, sarta tangtu waé maké
tasma hideung. [1] Lamun awak putri beunang ku sawéran panongton, mangka
awakna baris leuleus, ku kituna sabot sintrén nari sok dikurilingan ku juru kawih,
sarta baris dibacakeun mantra-mantra ambéh seger balik (Athur S. Nalan). Lagu
anu ditembangkeun nalika sawéran nya éta lagu Hayu Ngewer-ngewer Putren:
Hayu ngewer-ngewer putrén
Sing dikewer rujake baé
Hayu nyawer-nyawer putrén
Sing disawer panjoko baé
Lamun nu nyawer geus sepi, putri sintrén diuk sarta ditutup deui ku ranggap,
kalayan dibarengan ku lagu Orok-orok : [1]
Orok-orok
Banyu bangrimapar témbok
Wong lalajo dina udodhok
Sintrén metu salin erok
Sabot ranggap dibuka, kasampak putri sintrén geus robah deui kawas mimitina,
make raksukan biasa, maké tasma hideung, leungeun dibeungkeut ku tambang,
sarta geus henteu kasurupan deui. [1] Pawang ngabacakeun mantra nepi ka
manéhna éling deui. Pintonan lekasan dipirig ku lagu Ulung-ulung : [1]
Ulung-ulung Simbar Wulung
Sing Wulungpatiné layang
Ala gandrung éling-éling
Hayu si........ (nyebutkeun ngaran putri sintrén)........ dina balik.
Kasenian sintrén aya kénéh di désa Randegan wetan Kacamatan Jatitujuh, kalayan
group “ Metal Budaya “.
10