adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung...

54
Adejuve.wordpress.com Ade Risna Suhendi

Upload: buidien

Post on 11-Jul-2019

344 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Adejuve.wordpress.com

Ade Risna Suhendi

Page 2: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

BULAN WANCI SAREUPNA

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu

kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung

ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan.

Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun

imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah

saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh;

pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring

kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi

ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris

maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da

ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék

indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang

nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”

“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita

bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta

ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”

“Saha baé nu milu téh?”

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani

ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah,

henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.

“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring,

misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya,

Page 3: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang

pikahareupeun.

Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus

ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih

tandinganana.

“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.

“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.

“Hayu atuh urang indit ayeuna!”

Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina

milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih

naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan.

Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.

Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan,

saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu

téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya

waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan

kasorot bulan nu beuki pias.

Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha

urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup

harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.

Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu

karasa.

Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng

lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte

gancang ditoél.

“Pa, rék kamana urang téh?”

“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.

Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur

saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di

lembur.

Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus

henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit.

Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel

Page 4: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang

ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu

séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa,

diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?

Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring

karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga

bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna

miang ogé, biheung geus réngsé.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung

nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa

manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna

bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan,

hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung

lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa

Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi

ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka

pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya

menyatna.

“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.

“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.

Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget

ka imah anu henteu kungsi kaoméan.

Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan,

dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh

inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana

mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah.

Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa

Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari

ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa

Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.

“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!”

kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu

pangjerona.

Page 5: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina

panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan.

Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana.

Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa

taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur.

Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-

libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang,

ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha

henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan

hirup?

Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu

lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.

“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab.

Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?”

pokna.

“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu

boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara

tangkal samoja!”

“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”

“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu

némbongkeun robahna semu.

“Pikiran baé ku sorangan!”

Lebeng. Henteu kapikir.

Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah

lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.

Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug,

ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara

ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi

ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita,

kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu

hayang diajar ngaji.

Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu

ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan

éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.

Page 6: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék

kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun,

ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut

angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu

ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari

lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi

baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna

mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang

disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti

harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas

peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli

motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus

kebon sawit.

Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di

alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna

mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.

Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék

dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana

anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan

kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu

bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan,

seuseurian, patingcakakak sangeunahna.

Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon

ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud.

Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik.

Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal

lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari

kapireng sorana inghak-inghakan.

“Ku naon Pa Olot?”

Henteu ngajawab.

Page 7: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis

Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.

Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.

Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh

sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger

nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha.

Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.

Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi

patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.

“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.

Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup

kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu

tinggaleun.

“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring

keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara

ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.

“Saha anjeun?”

“Pangeusi ieu kapal!”

“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”

“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”

“Naha anjeun henteu milu ceurik?”

“Naon nu perlu diceungceurikan?”

“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun

di ditu!”

“Kabéh aya nu tinggaleun?”

“Enya!”

“Kaasup kuring?”

“Bisa jadi!”

“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”

“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.

Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu

mani pangtarikna.

Page 8: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun.

Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.

Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus

maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh.

Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak.

Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan

nu beuki pias …***

Saung Pangreureuhan, 2000

sumber: daluang.com

Page 9: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Angin Kasumba

Ku Annisa Wulandari

Kareta api nu indit jam tujuh peuting geus ngadius ka wetankeun. Simpe deui kaayaan

di setatsion teh. Padahal aya keneh jalma nu ngajanteng lebah peron. Tapi kabeh oge

jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk acan. Sabudeureun setatsion masih keneh

dibanjur girimis. Ti sore keneh hujan teh can raat bae.

Najan henteu gede, tapi matak wegah rumingkang.

Poe ieu mah, waktu teh beak dipake ngajentul di setatsion. Mun teu salah, mimiti anjog

teh jam dalapan isuk-isuk. Wanci haneut moyan. Teuing geus sabaraha hiji kareta api

nu datang jeung nu indit teh. Tapi nepi ka kiwari, tacan panggih keneh jeung nu

didagoan.

Kuring neuteup ka jalma-jalma nu ngajanteng dina peron. Boa maranehna oge aya

nu saniatan jeung kuring, ngadagoan hiji jalma, nganti anu mere jangji. Beda we

patingharuleng, bangun hanjelu. Katembongna lieuk deui, lieuk deui, nenjoan kareta

anu datangna ti wetankeun.

Poe tadi, basa rek indit ka kantor, manehna nelepon.

"Kang, dinten deui abdi ka Bandung. Kaleresan enjing teh ngawitan lebet kuliah.

Papagkeun nya, di setatsion!"

"Jam sabaraha angkatna?"

"Ayeuna oge tos bade jung!"

Telepon ditutup. Kuring pindah mobil, kana angkot jurusan setatsion. Keun bae teu

miluan apel oge. Angkeuhan teh, engke we asup mah jam dualas. Nelepon heula ka

kantor, dadakuna mah ka rumah sakit, nganteur pamajikan kontrol.

"Kade euy, mun aya pamajikan nelepon, ulah dibejakeun euweuh!" ceuk kuring, ka

sobat dalit di kantor, basa nelepon.

"Beres lah. Asal sing inget we!"

Ceuk itungan, sajauhna oge Tasik-Bandung, kana kareta api mah dua jam oge nepi.

Dina elatna tilu jam. Tapi jam sabelas beurang, anu didagoan tacan ngurunyung.

Padahal apan ti Tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoan tea apan keselna teh

leuwih-leuwih ti nu didagoan. Dicobaan dikontak kana HP-na, henteu nyambung bae.

Mailbox.

Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing kesel ngadagoan, jadi terus

narawangan, nginget-nginget beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robah

Page 10: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

mah, enya oge sabulan teu panggih. Ongkoh apan manehna mah tara sabaraha

dangdan, basajan bae. Make tiung, diwedak ipis, dilipstik ipis.

Sanggeus liburan semester, manehna tangtu sono ka kota Bandung jeung ka "nu aya" di

Bandung. Lain hayang-hayang teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna

mah. Atawa geus teu kuat kitu, hayang midang deui dina televisi, luyu jeung pancenna

jadi penyiar acara kasundaan.

Ceuk kitu ceuk kieu oge, ayeuna kuring keur mapagkeun manehna, keur nganti-nganti

manehna. Bongan geus dijangjian. Satungtung can tepung mah, kuring rek terus cicing

di dieu, di setatsion kareta api. Upama terus ngejat, heg manehna datang, meureun

kuring anu disebut jalir jangji teh.

Kira-kira wanci asar, setatsion mimiti dibanjur cihujan. Bet jadi inget kana catetan

katukang. Enya, hujan teh apan bisa dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari

dipayung. Kikicipritan kaluar ti kampus.

Tepung jeung manehna teh mimindengna mah di kampus. Da kitu ari ngajangjian teh,

sok di kampus bae. Ari kampus Unpad, apan almamater kuring. Aya alesan upama

mindeng jadi mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak Sanggar Seni masih

keneh ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek we, da dadakuna mah hayang

nepungan manehna, lain jadi aktivis kampus.

Teuing kumaha mimitina deuih, manehna bet bisa jadi penyiar televisi. Mawa acara

kasundaan saban poe Kemis. Nya dina televisi, kuring bisa neuteup manehna leuwih

eces, leuwih leleb, da euweuh nu ngaharu-biru. Ari lalajo televisi mah apan pagawean

anu lumbrah. Pamajikan oge moal nyarek, jeung moal apaleun upama anu keur

dilalajoan awewe anu mindeng ditepungan ku kuring.

Dina televisi, kuring sok ngadenge sorana anu halimpu. Puguh we, da diracik ongkoh

make sound system. Matak jadi penyiar oge, meureun sorana teh henteu kasebut

goreng, pon kitu deui rupana. Geus lain rusiah, hayang jadi penyiar mah kudu hade

sora hade tangtungan.

Basa geus kadenge adan asar, aya telepon ti pamajikan.

"Di kantor keneh, Pa?"

"Euh, sumuhun,"

"Tabuh sabaraha mulih?"

"Teu acan tangtos, Mah. Sigana mah aya lembur wengi ieu teh!"

"Oh, kitu nya. Mun uih, kade meser fried chicken tea. Si bungsu nanaroskeun wae.

Geura yeuh dangukeun!"

Page 11: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal salah Si Bungsu.

"Pa, meser ciken, nya!"

"Muhun!"

"Awas mun bohong!"

"Muhun!"

Angkeuhan teh, memeh magrib oge manehna bakal ngurunyung. Piraku elat-elat

teuing. Tapi nepi ka sareupna, malah nepi ka kiwari, teu katembong tiung-tiungna acan.

Saban aya kareta api eureun, kuring teu weleh neges-neges awewe nu make tiung.

*

Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot ku lampu. Jalma di

lebah peron tinggal sababaraha urang deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna.

Gebeg teh, basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa enya

manehna, mani teu kanyahoan datangna. Tapi basa disampeurkeun, horeng kasamaran,

ukur sisigaan, pedah sarua ditiung.

Keur kitu hand-phone disada deui. Ti imah horeng teh. Moal dijawab tadina mah, sieun

ngabolaykeun acara. Tapi bisi penting deuih, bisi Si Bungsu gering, atawa aya mitoha

nganjang.

"Pa!"

"Enya,"

"Di kantor keneh?"

"Sumuhun,"

"Kieu Pa, di bumi teh aya tamu!"

"Si Abah ti lembur?"

"Sanes!"

"Bejakeun we atuh, keur lembur kitu!"

"Parantos eta oge, tapi bade ngantosan cenah. Istri, Pa. Ari nyaurkeunana mah

mahasiswi Bapa. Abdi teh kerung, da raraosan, Bapa mah henteu kantos jadi dosen.

Ngangge kerudung, jangkung alit, nyandak tas ageung,"

"Saha cenah?"

"Teu acan ditaroskeun jenenganana mah. Ngan mani nyopan pisan, Pa. Resep abdi

mah. Atos we atuh, sina kost di imah urang, apan aya kamar kosong. Itung-itung purah

ngasuh Si Bungsu. Tuh, da mani ujug-ujug apet. Bapa bade nyarios sareng anjeunna?"

"Moal sigana mah,"

"Enya, enggal we mulih, bisi penting pisan. Kade fried chicken tea!"

Page 12: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Telepon ditutup. Ngahuleng sakedapan mah. Enya kitu manehna? Asa cangcaya. Lain,

lain manehna.

Kuring angger ngajanteng. Ngadagoan. Sabab engke, kareta api nu ti wetankeun, bakal

cunduk jam dalapan peuting. Sugan bae manehna aya di dinya.

Page 13: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

ISUKAN LEBARAN

Dulag nitir di masigit, ditakolan ku barudak ti asar mula Kiwari wanci sareupna, barudak

beuki marotah, suka bungah galumbira nakol bedug ngawirahma parat nembus peuting.

Allohu Akbar, Allohu Akbar Allohhuakbar, Laaillahailelelohhualloh hu Akbar allohuakbar

walilahilham. Isukan lebaran.

Isukan lebaran? Arni nanya ka dirina, ret ka gigir anakna ngageubra. “Deudeuh Kani”

gerentes hate Arni.Lalaunan sirah budak diusapan deudeuh naker, budak ngulisik, nyah

beunta, “Geus uih acan bapa teh Ma?” Ditanya kitu ku budak teh Arni kalah olohok. Teu

karasa aya nu haneut mapay pipina Ih kalah ka ceurik, pan geus jangji dina hate moal ceurik

hareupeun budak. Buru-buru Arni nyusut cipanon, tuluy imut bari ngusapan sirah budak. ”

Teu acan kasep, sok bobo deui we, urang pepende ku ema nya?” Budak unggeuk, bangun

atoh. Haleuang Arni nembang , dipirig kacapi asih, ngawih na jemplingna peuting, mepende

jimat awaking.

Anaking jungjunan kalbu

Didoakeun siang wengi

Hidep teh sing panjang yuswa

jeung masing luhur darajat

Masing jadi jalma soleh

Cageur bageur bener pinter

Mun hidep jaga geus jangkung

geuwat gera nyiar elmu

Keur obor engke di ahir

Tungtut elmu masing luhung

Ku indung dijurung-jurung

Budak lir kasirep ku sora indung, sare tibra bangun ayem. Ari Arni cunggelik nyorangan,

dibaturan ku kabingung , inggis nyanghareupan beurang, inggis alah batan maut hinis.

Kumaha nya pijawabeun mun Kani nanyakeun deui bapana. Ray, beungeut Farhan salakina

nembongan, ngalangkang dina ingetan, teungteuingeun Kang Far, indit teh meni ampleng-

amplengan, na teu inget kitu ka budak?

Geus opat taun Farhan salakina aya di nagara deungeun,indit jadi TKI waktu Kani umur 2

taun, ayeuna budak geus 6 taun, hayang nyaho rupa bapa tapi nu jadi salaki lir diteu reuy

jurig teu beja teu carita, boro ampar ngirim duit. Arni sasat dicangcang teu diawur teh lain

bobohongan. Eta oge lain teu hayang niat beberes ka lebe, ngan watir ku budak. Jeung teu

Page 14: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

hade we deuih awewe teu kuat nahan gogoda. Matak nyabar-nyabar maneh . Arni satia

ngadagoan salakina. Da ceuk pikiranana, manehna ngarasa yakin Farhan teh aya keneh.

Ah, teu pira sabenerna mah anu ngajadikeun Arni ngahurun balung siga kieu teh. heueuh

ceuk batur ketang teu pira teh da keur Arni mah beurat kacida. Tadi pabeubeurang basa Arni

balik ti pagawean, Kani nyampeurkeun. Bangun lungse budak teh da keur diajar puasa. ” Ma,

ari bapa nyaah teu ka ujang?” eta budak ujug-ujug pok we ngomong kitu ” Ih nya enya atuh

bageur” ceuk Arni tiba engab ” Naha gening teu aya wae neang ujang? ” ” Apan keur barang

siar keur sakola ujang engke ” ” Ah, taun mangkukna teu aya, taun kamari ge henteu kadieu,

sabenerna ujang teh boga bapa teu Ma?” ” Nya enya atuh bageur, piraku euweuh bapa mah

aya ujang anu sakieu kasepna”

” Ma ,ujang hayang jiga batur, dipangku ku bapa, jalan-jalan jeung bapa ah…mun enya ge

bapa ujang aya, meureun ujang teh diogo, dipangmeulikeun momobilan jiga Cep Gani, tuluy

disunatan nya Ma?”

Arni ngagebeg ngadenge omongan budak, euleuh gening budak teh geus hayang disunatan. ”

Hayang disunatan ujang teh? Nya keun ke ku ema diobrolkeun ka aki” ” Embung, ujang mah

embung disunatan ku aki, hayang ku bapa da Jang Dudi, Jang Olih, jeung Cep Gani oge

disunatanana teh dianteur ku bapana, lain ku akina. Balikna meuli momobilan!” Hing budak

teh ceurik.

” Heug atuh, hayang dianteur ku bapa oge, ke ari bapa ujang uih nya?” ” Lebaran pasti aya

nya Ma? Isukan pan lebaran teh nya Ma?” ” Enya bageur, ke mun aya bapa, acuk saena

anggo nya? ” Budak unggeuk bangun atoh kacida tereleng lumpat muru babaturanana. Bada

asar, torojol deui budak teh nyampeurkeun. Harita Arni keur kaprak-keprek di dapur. Enya

kangaranan rek lebaran, kudu we ngueh-ngueh bae mah, era bisi aya nu nganjang, piraku teu

disuguhan. Eta ge sasat maksakeun da teu sabaraha atuh gajih buruh pabrik mah. Bane we

hayang nyugemakeun nu jadi anak. Da bongan diculkeun ku bapana.

” Ma, mana gening bapa teh can kadieu wae?” Kani hariweusweus deui nanyakeun. ” Ke

jigana mah, bada magrib” Arni padu engab. Magrib kaliwat, parat tepi ka isa, nu didagoan

weleh teu embol-embol. Barina ge ketah, na ceuk saha Farhan rek datang? Eta mah ukur

kahayang Arni we keur ngabeberah budak. Boa ingeteun boa henteu Farhan mah. Ah boa

geus boga pamajikan deui meureun. Arni ngagebeg, reuwas ku bayanganana sorangan, mun

enya teh…teungteuingeun Kang Farhan…….. ( To be continued ) Copy right by reni. (

Plagiator dilarang icikibung! )

Beuki peuting, sora dulag beuki ngageder, kani beuki ngageubra sarena, teu kaganggu ku sora

dulag

Page 15: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Ngan Arni nu cunggelik sorangan teh, panon hese dipeureumkeunana. Pikiran ngacacang ka

waktu opat

taun ka tukang, mangsa hirup babarengan ngambah sagara rumah tangga jeung farhan. Atuh

amprokna Arni ka Farhan estu karep maranehna sorangan, euweuh nu ngareremokeun. Ngan

nya kitu atuh sagala oge teu bisa jadi jaminan ayem tengtremna rumah tangga maranehna.

Sataun oleng panganten, nincak taun kadua, brol ngajuru ku Kani, teu ku hanteu atuh

abongkena kahirupan lir ibarat jalan anu teu salawasna mulus. Der dodoja datang, Farhan

kagoda ku Suti anak mang Juhaya. Suti kembang desa Haur Geulis nu kakoncara kurang hade

laku lampahna.Ari Farhan bet toloheor, kabengbat ku Suti nu kawentar tukang ngaheroan

salaki batur. Nya eta atuh abong jalama Farhan oge teu kuat nahan gogoda, hayoh nyieun

masalah, nyaho pamajikan anyar ngajuru teh kalah

hayoh hahadean jeung Si Suti. Ari Si Suti mah da geus lain caturkeuneun.

Peurihna hate Arni harita geus lain caturkeuneun, asa dihianatan teh lain bobohongan, matak

teu aneh,

piring, gelas,sendok ting kalayang kana tarang salakina da mun teu buru-buru istigfar mah,

boa budak ge dicekek. Arni ceurik aprek-aprekan bari menta diserahkeun bakat ku teu suka

salakina salingkuh, untung harita aya Wa Haji Danu, nya ku alpukahna Wa Haji, Arni bisa

kapeper ambekna, teu jadi menta diserahkeunana. Ngan nya kitu ibarat gelas geus rengat,

sanajan dikumaha wae oge angger we tapak rengatna natrat. Komo ninggang di Arni nu gurat

batu mah, masalah eta teh hese pisan leungitna. Hese pisan bisa mopohokeun kalakuan

salakina. Kajadian eta sok mindeng jadi bahan papaseaan. Farhan ge teu bisa kukumaha

ngabandungan adat pamajikanana, rumasa manehna salah.

Kaparengkeun atuh Farhan teh keur nete semplek nincak semplak,dikaluarkeun ti pagawean,

da eta cenah nu boga pabrik beakeun modal, antukna pausahaan kudu ditutup. Farhan

ngaligeuh,kakeuheul Arni beuki kanceuh.

” Matak ge Kang, ari jadi lalaki ulah sok toloheor, matak mawa apes kana diri” ceuk Arni

harita.

“Geus atuh ulah nyabit-nyabit carita anu geus lawas” Farhan nyureng asa teu ngeunah

dikingkilikan wae ku pamajikan, eukeur mah eukeur manehna teh bingung ka mana kudu

nyiar pagawean deui, der deuih nu jadi pamajikan negterewelang bae.

Lain nyabit-nyabit, abdi yakin urang ripuh kieu teh alatan kalakuan akang!” Arni keukeuh teu

bisa balem.

” Arnisah! Cik atuh nurut ka salaki teh, ceuk aing cicing! cicing! Ulah nengterewelang wae

lieur!” Farhan geus teu bisa nahan amarahna.

Page 16: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

” Lieur dijeun ku sorangan, ari geus kieu anak urang rek diparaban naon?:

” Bere we huut” omong Farhan asal engab.

” Naon? Anak urang rek diparaban huut? Memangna anak urang teh hayam? Nurustunjung

boga salaki teh, piraku anak pamajikan rek diparaban huut!” Arni beuki keuheul.

” Alusnya, ari harita mah ka si Suti sagala dibikeun, ka kongkorong, kongkorong digadekeun

keur mahugi, ari ayeuna anak pamajikan rek diparaban huut! Teu sudi aing mah teu sudi!”

Arni gegejret.

” Arnisah! Cik atuh carita sataun ka tukang mah ulah disabit-sabit wae! Na saha nu rek

maraban ku huut? Nyaho akang teh keur lieur mikiran pagawean!” Farhan maksakeun rada

leuleuy da ningali Arni geus siga maung rek neureuy kitu mah matak soak. Farhan ngahaja

ngaakangkeun deui, sugan we Arni paler ambekna.

Ari Arni, teu nembalan ngan hing we ceurik bangun kanyenyerian. Kani anu harita keur

anteng ulin, kagareuwahkeun ku sora ceurik indungna. Hing we budak oge milu ceurik. Ku

Farhanburu-buru dipangku

dibangbrangkeun, kukurilingan tumpak sapedah butut paranti manehna indit gawe, da ngan

eta-etana kabogana teh. Kungsi ketang ngalaman boga motor, ngan nya kitu, kulantaran

kabengbat ku Nyi Suti

awewe pangeretan tea, manehna jadi burindil, matak pantes Arni rek ambek oge.

Ray poe, ray poe teh kahirupan karasana beuki seuseut, beuki peuheur keur Farhan mah. Kani

anu ayeuna geus umur 2 taun, keur meujeuhne nalaktak jeung loba tatanya. Beuki loba

pangabutuh keur tumuwuhna. Butuh gizi anu alus keur kamekaran otakna, kitu anu kabaca ku

Arni jeung Farhan dina buku keur jaman maranehna sakola.

Enya da dihenteu-henteu oge Farhan jeung Arni teh kungsi ngalaman sakola sanajan ukur

tepi ka smp, teu laluhur jiga batur tapi sasieureun sabeunyeureun mah, elmu ti guruna teh aya

nu nerap, komo keur Arni mah da kaasup murid anu nyongcolang. Teu diteruskeun soteh

bane wae teu kaduga ku modalna da gening sakola jaman kiwari mah teu bisa dibayar ku

sampeu, tapi ku duit anu teu saeutik jumlahna. Matak pamohalan keur kolot Arni mah bisa

nyakolakeun budak, sakitu oge Arni kaasup untung make disakolakeun tepi ka SMP sagala.

Nya bakat ku teu kuat kudu dahar sore henteu isuk, antukna dina hiji peuting Farhan waleh ka

Arni rek indit jadi TKI. Sugan jeung sugan bisa ngarobah kahirupan.

” Kang , ari abdi kumaha atuh?” omong Arni harita.

” Nya, wayahna keur saheulaanan mah jauh ti akang, kade we mihape budak” omong

salakina semu beurat kacida. Arni teu ngajawab, pipina juuh ku cimata. Da mun teu era ku

Page 17: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

kalalakian mah Farhan ge hayang milu ceurik tapi sakuat tanaga ditahan, inggis beuki

nganyerikeun hate Arni.

Peuting eta peuting nu endah keur maranehna, peuting pamungkas keur sosonoan oleng

panganten, sabab isukna Farhan rek indit. Kaasih, kapeurih, kasedih cacap jadi hiji dina

peuting eta. Peting panungtung keur maranehna duaan.

Rebun-rebun Farhan indit, sanggeus wareg ngagalentoran budak nu keur tibra sare. Ari Arni

nu keur nyadiakeun cai kopi diteuteup kalayan geugeut. Buukna anu galing muntang

katingali kulimia keneh urut sosonoan tadi peuting, asa nambahan kageulisanana. Enya geulis

Arni teh ceuk sasaha oge. Rancunit jeung ngembang cengek. Hanjakal teu kasipuh ku dunya

barana. Boro kabedag dibajuan jiga batur teu kabeuli wedak-wedak acan.

Rumasa Farhan oge jadi salaki teh teu bisa nyenangkeun, kalah kungsi nganyenyeri,kuhayang

nebus sagala dosana ku nyenangkeun hate Arni, matak rek indit jadi TKI oge. Farhan indit

dijajap ku gupay asih, memeh indit embun-embunan Arni diseuseup geugeut naker, geus kitu

mah leos we teu ngalieuk deui ka tukang, nepi ka ngaleungitna diteureuy pepedut subuh.

Allohuakbar Alloh Huakbarallohu akbar Lailahailallaaohualo huakbar Allohuakbar

walillahilham. Sora takbir terus ngalanglaung, meulah simpena peuting. sorana ngageterkeun

hate Arni. Hirup bagja teh keur Arni mah ukur impian, da gening nepi ka kiwari Farhan teh

teu beja teu carita.

Di jero kareta Saemasul, hiji lalaki diuk sisi jandela. Panonna anteng neuteup ka luar. Kyong

Bu geus kaliwat, teu lila reg kareta teh eureun di Chung Yang, jrut si lalaki turun, teu sirikna

gura-giru lumpat ka luar peron muru taksi.

Supir taksi bangun surti, biur ngalumpatkeun mobilna ka kulonkeun muru bandara

internasional Seaul. Sapaparat jalan hate si lalaki marojengja, teu genah cicing hayang gera

tepi ka bandara.hayang gera biur ngapung ka jomantara. Duh ieu hate meni asa hayang gera

gok panggih, kunaon atuh beungeut anak pamajikanana teh kokolebatan wae?

Pileuleuyan walungan Han, pileuleuyan kembang samon nu mayakpak laligar di Gyeongju,

pileleuyan. Ti mimiti poe ieu kuring amit arek mulang enya bisi, bisi kuring tuluy mulang,

mulang ka lembur karang pamidangan. Nya poe ieu urang pileuleuyan. Kitu ceuk dina jero

hatena.

Si lalaki noroweco terus dina hatena, bari panon mah anteng meuteup jalan nu asa kacida

panjangna. Padahal biasana mah teu kitu asa sabiasa we da unggal waktu oge kaliwatan. Na

ari poe ieu bet beda tisasari. Enya sabenerna mah geus dua minggu manehna guling gasahan,

teu genah sare teu genah cicing. Ingetan kumalayang ka nu di lembur. Breh beungeut

pamajikanana jeung anakna piligenti nembongan. Jiga kumaha nya anakna ayeuna enya mun

Page 18: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

aya keneh dikieuna. Seredet hatena asa aya nu nurihan, peurih lir diturihan ku hinis, 4 taun

lain waktu sakeudeung keur ngarobah sagalana, kaasup hirup manehna.

Opat taun manehna apruk-aprukan di lembur batur, estu loba pisan carita hirup nu kaalaman

ku manehna. Asa ngalangkang dina ingetan, munggaran manehna indit ti lembur, niat jadi

TKI. Aras-urus surat kolu ka kudu ngajual sapedah butut jeung tanah sacangkewok titinggal

kolotna, eta ge teu bebeja ka pamajikanana mah, angkanan teh keun we geus hasil ge sabatae

kagantian deui.

Tilu bulan aras-urus susuratanana oge, kitu we rerencepan. Matak kacipta keneh

ngajenghokna pamajikanana waktu manehna waleh rek indit jadi TKI. Pamajikanana teu bisa

kukumaha iwal ti pasrah da sanajan hatena teu mikeun ge, geus lain bolaykeuneun ari tinggal

jung mah.

Si lalaki teh ngaranna Farhan. Manehna ngarenghap panjang dadana karasa eungap waktu

manehna inget kumaha pait peuheurna hirup di nagara deungeun.Harita ge mun teu teu

dipangaruhan ku Kandi mah sobat ulinna ti leuleutik anu mukim di Arab, sigana boro-boro

hayang ka luar ti lembur. Enya harita teh Kandi balik heula ka lembur tuluy amprok jeung

Farhan, nya waleh we Farhan teh ka kandi perkara bangbaluh hirupna. Ku Kandi dibere

saran, milu we cenah jeung manehna ari hayang ngarobah kahirupan mah, malah urusan

susuratan ge Kandi nu manguruskeun.

Mimiti pisan mah Farhan digawe di Arab saudi jadi tukang kebon di Juragan Al Fayed di

Dubai. jalma beunghar pamajikanana ge opat. Ngan edas galakna moal aya. Meunang sataun

dikontrakna teh tapi can ge sataun Farhan kamusibatan dituding ngajinahan pamajikan

AlFayed anu kaopat. Teuing kumaha mimitina manehna bet dituduh kitu. Onggeng-

onggengan susumpahan oge ku si arab teh teu dipercaya, antukna Farhan dijagragkeun ka

pangadilan. Mun teu bisa mere bukti dina jero tilu bulan, Farhan bakal ditibanan hukum

rajam tepi ka maot. Bari ngadagoan bukti, Farhan kudu cicing di jero bui.

Farhan ceurik di jero bui, dunya asa poek mongkleng teu kacipta ti anggalna make kudu

ngajaran dibui sagala. Gening kitu hukum di Arab mah, beda pisan jeung hukum di

Indonesia. rek menta tulung menta tulung ka saha da teu boga baraya.Kungsi eta oge Kandi

neang, jangji rek nulungan kucara ngumaha ka kedutaan Indonesia.

Aya eta oge nu datang ti keduataan teh, cenah mah rek dibereskeun secara diplomatik jeung

pamarentah Arab Saudi tapi bet pleng les teu embol-embol deui. Tungtungna Farhan ukur

nunggu nasib nu rek tumiba ka dirina. Enya asa euweuh hargaan jadi bangsa Indonesia di

nagara deungeun. teu jiga basa aya urang Inggris maehan urang Arab da meni tumplek atuh

para pejabat kedutaan Ingris tarurun, tuluy menta ka pamarentah Arab Saudi supaya wargana

Page 19: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

di ekstradisi wae kanagarana. Jadi masalahna bisa disidangkeun make hukum di nagarana.

Eh…da teu kungsi lila si urang Inggris teh dibebaskeun.

Ari Farhan, panon celong, awak kuru balas disiksa unggal poe nepi ka dina hiji poe mah

manehna geus teu kuat nandanganana. Farhan ceurik tengah peuting, hate muntang ka nu

kawasa. Pek teh teuing nyawa teu ngaboga-boga, mun enya takdir manehna kudu maot alatan

difitnah batur, nya teu bisa majar kumaha meureun geus kitu kuduna takdir diri bagja awak.

Ngan hiji nu dipenta ka nu Kawasa teh mihape anak jeung pamajikan di lembur anu geus

ampir dua taun ditinggalkeun, teu beja teu carita. Geus kitu mah Farhan longsong

nyanghareupan poe isuk.

Kersaning Gusti, tilu poe ti harita, torojol Kandi mawa beja pikabungaheun. farhan bakal

bebas cenah sabab bukti geus aya. horeng anu ngajinahan pamajikan Al Fayed teh supirna

sorangan jeung lain ngajinahan deuih da sarua purunna. Ayeuna si supir teh geus kacerek ku

Kandi sabalad-balad malah make jeung disiksa sagala supaya ngaku. Ah Farhan teu hayang

ngadenge dongengna, nu penting mah manehna hayang gera bebas.

Alhamdulillah dina sidang anu katilu manehna dibebaskeun, Farhan teu sirikna sujud syukur

ka Nu Maha Agung. Kaluar ti pangadilan digondeng ku Kandi dibawa ka imah dunungan

Kandi anu kabeneran bageur pisan. Matak watir awakbegung jeung barau da di penjara teh

arang panggih jeung sabun. mandi ge kitu we dibanjur ku selang ti luar estu jiga ka anjing

budug wae.

Barang tepi ka padumukan Kandi, anu pangheulana ditanyakeun teh beja ti lembur tapi Kandi

kalah gideug, geus tujuh surat euweuh balesan. Farhan ukur ngaheruk.

” Geus Han, ulah dipikiran, mending oge pulihkeun heula awak, keun saheulaanan mah

didieu heula,da dunungan oge ngidinan” omong Kandi waktu ningali Farhan ngahuleng wae.

“Nuhun, Kan, mun euweuh anjeun nasib kuring teuing kumaha. Ngan ieu hate inget wae ka

lembur. Deudeuh Arni, Kani sigana maranehna arep-arepeun.” ceuk Farhan ngalimba.

“Sabar Han, da usaha mah kurang kumaha, unggal nu balik ti lembur ditanya, dipihapean

surat tapi weleh teu aya beja deui. Atuh urusan kuring nulungan anjeun, omat ulah jadi

pikiran, pan urang teh geus asa jeung dulur” omong Kandi bari sor mikeun sagelas susu

coklat ka Farhan. Farhan imut bari neuteup ka Kandi ku teuteup pinuh tumarima ka Kandi nu

sasatna geus nyalametkeun nyawana.

Tilu bulan Farhan cicing jeung Kandi, kitu we sagawe-gawe. Ayeuna awakna geus lingsig

deui. Manehna geus niat mun awakna geus jag-jag rek balik ka lembur moal cicing di Arab.

Enya da rek naon aya di nagara deungeun oge ari ukur rek ngadon sangsara mah. Enya da dua

taun aya di nagara deungeun boro-boro meunang gajih nu puguh mah kalahka difitnah batur.

Page 20: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Boga ketah gajih 8 bulan ti Si AlFayed teh tapi nya kitu tea beak dipake aras-urus waktu

sidang, da bareuki duit geuning urang Arab teh.

Teu kuhanteu atuh, piduaminggueun rek balik jol teh aya beja, pajar Desa Haur Geulis beak

beresih ku lini anu kacida rosana tangka imah-imah ge rata jeung taneuh. Loba penduduk nu

tiwas kaasup anak pamajikan Farhan. Eta beja datangna ti Ceu Rumi nu digawe di Tuan

Fadil, tilu blok ti tempatna Kandi. Ari Ceu Rumi teh boga kolot di Haur Geulis sarta apal

pisan ka Arnisah. Atuh puguh Farhan ngajenghok, tuluy ngelepek kapaehan. Inget-inget

waktu diceuceuhan tarangna ku Kandi di tengah imah, dunungan Kandi ge milu riweuh.

Ti harita Farhan siga nu jauh panineungan, pagaweanana huleng jentul. Dina hiji poe mah

kabeneran aya kolegana dunungan Kandi nu kabeneran keur nganjang. Manehna teh ti Korea,

butuh ku tukang elas, ku kabeneran bet amprok jeung Farhan,atuh barang ditawaran teh teu

sirikna disantok. Teu kitu kumaha, apan jaman keur di lembur mah kana ngelas teh Farhan

mah tukangna.

Farhan geus gilig rek indit ka Korea, milu jeung Tuan Yung Han. Enya balik ge rek naon ari

ukur nambah kapeurih hate mah. Kitu deui cicing di Arab,teu bararetah teuing. Manehna sok

kukurayeun wae mun inget kana pangalamanana di jero bui. Nya mending miceun maneh we

ka Korea. Nya biur we dibawa ku Yung Han ka Korea. Nganjrek di kota Wuwon bawahan

Pusan kuloneun Kota Seoul. Hiji daerah industri nu deukeut ka palabuhan.

Nya di dinya manehna ngamimitian hirup. Teu pira ukur jadi tukang elas di pausahaan Yung

Han. Boga panghasilan lain lumayan keur ukuran manehna mah da kolu nyewa apartemen

sagala.

Beuki lila beuki betah hirup di Korea teh, komo da ayeuna mah geus diangkat jadi mandor.

Gawena hade atuh ku babaturan dipikaresep. Nu mikaresep beuki loba sanggeus nyaho

Farhan lalagasan, malah ku pagawe awewe mah teu sirikna pada ngalendean, pada

ngareletan.

Aya hiji nu kapicangcam, urang Korea ngaran Kim Yung Chun. Eta kataji soteh pedah

Farhan sok maling teuteup ari panggih. Di sidik-sidik teh Kim asa sarimbag jeung Arni.

Camperenik, rancunit jeung ngembang cengek. Bedana teh palebah buuk. Arni mah galing

muntang ari Kim mah sailaharna buuk urang Korea we panjang, hideung jeung lempeng.

Eta ku batu turun keusik naek.Kim oge jiga nu neundeun hate ka Farhan. Linggekna, imutna,

keletna estu katingali pisan mere hatena. Ah teu di mana teu di mendi awewe mah kitu

adatna…. Ayeuna geus ampir sataun Farhan hahadean jeung Kim.

Page 21: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

” Far, naha urang teh rek kikieuan wae?” ceuk Kim dina hiji poe waktu maranehna balik ti

pagawean.

” Kieu kumaha? ‘ ceuk farhan api-api teu ngarti.

” kuring hayang jadi pamajikan anjeun! ‘ omong Kim togmol. Farhan tangka ngagebeg bakat

ku reuwas. Teu sangka Kim bet ngomong kitu.

” Kuring embung pisah jeung anjeun, kuring embung kaleungitan anjeun!’ Kim nginghak

dina dadana. Farhan ukur ngahuleng bari leungeun anteng ngusapan sirah Kim. Lalaunan

Farhan ngomong, ” Kim, kuring oge nyaah ka anjeun, na saha nu rek ninggalkeun anjeun?

Ngan perkara kudu kawin jeung anjeun eta can kapikiran sabab kuring boga kulawarga” ceuk

farhan bari derekdek manehna nyaritakeun deui jalan hirupna ti mimiti indit ti lembur nepi ka

harita, saeutik oge euweuh nu kaliwat ku manehna kabeh dicaritakeun ka Kim.

” Tah kitu Kim, sanajan ceuk beja, anak pamajikan kuring teh geus euweuh tapi ari can bukti

mah hate teh teu bisa narima. Ku kituna kuring embung ngawin anjeun dina kaayaan hate anu

can bangblas” omong farhan bari neuteup seukeut ka Kim. Diteuteup kitu ku farhan, Kim

ukur ngahuleng. Enya manehna oge surti sabab lain sakali dua kali Farhan nyaritakeun

pangalaman hirupna. Kim oge ngarti, ngarti pisan yen lalaki anu kacida dipicintana teh geus

aya nu boga, sanajan ngan ukur carita.

” Kuring ngarti Far, teu kudu dicaritakeun deui, kuring geus apal saha diri anjeun tapi lain

hartina hubungan urang euweuh kajelasan, sanajan kumaha bae oge tetep kuring menta

kaputusan!”

” Enya kumaha atuh Kim? Cik kumaha ceuk anjeun? ” omong Farhan semu bingung.

” Kieu we atuh Far, kumaha mun Farhan mulang heula ka Indonesia? ”

” Ka Indonesia rek naon? Rek nurihan hate sorangan?”

” Ih lain, keur ngabuktikeun aya keneh henteuna anak pamajikan , ulah ukur beja ti batur!”

” Mun bener sakumaha ceuk beja?”

” NYa buru-buru Far balik deui ka Korea. Sakalian we aras-urus jadi warga nagara Korea”

omong Kim tendes. ” Tapi lamun anak pamajikan Far aya keneh,……” Kim teu kebat

nyaritana, ngan segruk wae ceurik tuluy nyuuh kana lahunan Farhan. Ku Farhan diusapan

buukna deudeuh naker bari hatena sabil antara nurut kana omongan Kim jeung henteu.

Dipikir dibulak-balik, tungtungna manehna sadar yen omongan Kim aya benerna. Ku kitu ku

kieu manehna kudu kuat narima kanyataan. Naha salila ieu manehna bet leutik burih kawas

lain lalaki, sieun itu sieun ieu. Kuduna manehna kuat narima sagala nu rek tumiba ka dirina.

Nya kaputusan eta anu ngalantarankeun manehna ayeuna aya di jero kapal Korea Air Lines

nu keur ngapung di jomantara. Ngapak mega ngalayang di awang-awang. Geus talatah ka

Page 22: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Kim, ku kitu ku kieu pasti manehna bakal mere beja ngan poma kudu ngahampura bisi

manehna teu bisa balik deui ka Korea. Harita Kim ukur juuh cimata. Dirina beurat kacida

ngaleupaskeun beubeulahan hatena.

” Attention…attention, air plane will take of, the passanger are ready to take of. The packages

dont leave. thanks you” ceuk sora halimpu tina media player. Ngadadak awak Farhan asa

paranas tiris. Teuing kunaon, hete ge bet ting seredet.

Hatena ngageter waktu mungggaran sukuna nincak deui lemah cai anu geus opat taun

ditinggalkeun. Ka luar ti bandara manehna rikat neangan taksi. Kalacat naek tuluy diuk

bangun tumaninah. Jandela taksi ngahaja ku manehna dibuka. Manehna jiga nu hayang

seubeuh nyeuseup hawa lemah caina. Mobil terus maju bangun surti kana hatena nu hayang

buru-buru tepi ka lemburna di Haur Geulis.

Wanci geus ngagayuh ka peuting. Hawar-hawar kadenge sora takbir ti masjid nu kaliwatan.

Farhan asa kaingetan yen isukan lebaran. Lebaran? Leuh geus opat taun manehna teu

ngalaman lebaran. Nepi ka teu eungeuh isukan lebaran. Paingan atuh meni rame sora takbir.

Luk manehna tungkul tuluy biwirna kunyem milu takbir. Aya nu ngalembereh mapay pipina,

asa ribed ku dosa awak teh. hatena ngajerit menta hampura ka nu ngayuga.

” Isukan lebaran? Arnisah, Kani naha anjeun araya keneh? Duh Gusti, mun maranehna araya

keneh, pendakeun abdi jeung maranehna. Mun geus teu aya, atuh pangnuduhkeun

kuburanana” kitu ceuk hatena nu keur muntang ka Nu Kawasa. Ari mobil angger nyemprung

na jemplingna peuting, nyuaykeun kasimpe hate awor jeung kasono, kadeudeuh ngajadi hiji.

meni asa hayang gok panggih.

Sumber: http://weninggalih.blogsome.com/category/carita-pondok/

Page 23: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Carpon Ahmad Bakri

Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati

aya nu ngulampreng. Tukang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut,

nawarkeun daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun

saré.

Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarangkong ngénca-ngatuhu, silih gonjak

bari udud pataréma sakenyot séwang.

Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….

Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-

jéréwét di dieu, nu tingweuleuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kalaluar.

Ger cékcok di mana-mana, ngaromong teu puguh leunjeuranana dibarung ku kasima. Cék nu

meneran di imah, awak asa lénjong, réa parabot marurag tina lomari, tina bupét naon ku

hanteu. Cék nu lulungu asa ngimpi dialungboyongkeun. Cék nu meneran keur leumpang di

jalan, rarasaan téh cénah asa rék kateureuy ku jagat. Nyeueung jalan siga ombak-ombakan.

Riyeg deui …. Éar deui …. Awéwé réa nu riwih-rawah, bari ngakeup ongkoh, nuyun ongkoh.

“Gustiiii … boa ayeunaaaaa …. Lebur kiamah téééééh ….!” Cék nini-nini bari eueuriheun.

“Ka dieu, nini, rék ka mana!” cék sora lalaki ti kebon cau.

“Rék … rék néang incuuuuu …!”

“Ulah … ulah ka mamana, bisi kumaonam!”

“Aaaaah … da melaaaang ka budak!” témbalna bari ngabéngbéos, lilinieunana beuki kacida.

Wanci tumorék, sasari mah iwal ti sora jangkrik jeung simeut, harita mah ngadak-ngadak

geunjleung. Jelema bahé ka luar, ka jalan. Barudak rungsing lulungu, keur meujeuhna tibra

kagareuwah. Nu ngadat dina aisan dicombo ku susu indungna, di dinya di geusan pabaliut.

Pulisi jeung tentara matroli ka sakuliah kota, asa keur usum perang. Para pajabat jeung

pamong désa teu cicing, lolongok ka ditu-ka dieu.

Geus rada leler meueusan, silih tanya, kumaha … kumaha … kumaha ….?

Jol nu rancucut, ngahodhod kawas hayam kabulusan.

“Nanaonan silaing téh kawas nu kabancuh?”

“Walah … sial, euy … heuheuheuheuheuh …,” cék nu ditanya, ngaheuheuh awahing ku tiris.

“Ari kitu …?”

“Ngusial beuteung … heuheuheuh …. Lumpat ka balong bari lulungu …. Kakara gé gog na

ana atuh ari riyeg téh … galéong waéh pacilingan runtuh …. Nepi ka diturunmandikeun

tengah peuting …. Jarijipen heuheuheuh ….”

“Naon tuh eusi patuangan téh …? Ogoan, lungsur mani kudu dianteur ku nu kagungan.”

Page 24: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Semet nyengir bari ngaheuheuh, huntu noroktok.

Ger béja, imah Dokter Gigi runtuh, imah Kuwu di Lembursitu rebah, garasi, warung baso,

garduh jeung réa-réa deui.

“Alusna mah toko Si Akoy nu rugrug téh nya euy,” cék saurang.

“Eum, sok aya-aya baé, ngadungakeun cilaka ka batur!”

“Tuman, bongan tara méré nganjuk!”

“Saha nu sudi nganjukkeun ka tukang ngajeblug!”

“Barina gé lebar ku Si Amoyna.”

“Bangsa babah mah tara keuna ku musibat.”

“Naha?”

“Diaping dijaring ku Tapékong béjana.”

“Wah, ngomong téh!”

Héaaaang sora sirine. Jelema caruringhak. Lar mobil ambulans kawétankeun. Ti mana …

saha … ku naon …? Silihtanya pada teu nyaho. Jol motor nyusul. Diparegat, ditaranya.

Urang Nagrak cénah, sakulawarga …. Imahna ambruk pisan. Kabéh tatu parna …. Dius

deuih waéh …. Saréréa tinggarodeg, tingkarecrék ….

Jelema pabuis ka ditu ka dieu, silih longok, nu inget ka sobat, ka baraya …. Barudak ngora

tingdaréngdék ngadédéngékeun, bisi aya béja imah kabogoh kumaonam.

Jol mobil disarurung ku limaan.

“Ku naon tatéh …?”

“Rék nganteurkeun nu cilaka ka rumah sakit.”

“Na atuh disusurung kitu?”

“Teu daék hirup …. Kagebah lini meureun!”

“Saha kitu? Ti mana?” cék nu nanya bari nempo ka jero mobil.

“Ti Sindangrasa, katinggang lomari!”

Nu nyarurung mobil nyarelang ngarambekan heula bari nyarusut késang ku leungeun baju.

“Sok lah sarurung deui, agé-agé nepi!” cék nu nyekel setir.

“Ké heula … capé! Manéhna ngeunah nyéngclé …! Euweuh nu dagang bajigur-bajigur acan

…. Garing tikoro!”

“Eum, sok aya-aya waé …. Cageur mantén atuh diselang jajan heula mah!”

Nu ngagimbung tingséréngéh ngadéngé supir ngomong kitu téh.

Sakeudeung-sakeudeung héang … sakeudeung-sakeudeung héang sirine mobil ambulans,

ngakutan nu carilaka …. Tengah peuting, bari tas manggih kareuwas pohara, kukurayeun

ngadéngé kitu téh.

Page 25: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Nu srugsrog jeung baraya jeung sobat, silih rangkul bari maraca Alhamdulillah, urut tadi

kamemelangan asa kaubaran, kajeueung salametna.

“Ari lini téh naon tuh asal-muasalna, asa gagah-gagah teuing?”

“Béjana mah aya gunung bitu ari kitu téh.”

“Wah, meureun kadéngé jelegurna!”

“Ari jauh …?”

“Ning oyagna nepi ka dieu?”

“Pan sajagat kaendagkeun!”

“Cék kolot mah … buta cénah nu nanggeuy jagat. Mun cangkeuleun sok nguliat. Nya

eundeur ka urangna téh.”

“Lain kétah, lain buta!”

“Naon atuh?”

“Oray naga nu nanggeuy jagat mah …. Kabéjakeun geuning sok aya endog lini …. Pan buta

mah tara ngendog!”

“Gandéng lah, ngaraco! Dongéng jaman tai kotok dilebuan ta mah! Paranti nyingsieunan

budak.”

Jol érté ngiringkeun nu ngabébéyéng jelema, beungeutna balancunur.

“Ku naon tatéh …? Katinggang naon?”

“Katinggang peureup!” témbal érté.

“Eum, Pa Érté mah …. Nu leres … ku naon?”

“Disariksa …, tuman!”

“Ari kitu …?”

“Batur-batur narulungan nu cilaka, ari ieu kalah ka haripeut ngabadog barangna ….

Ngagugubug tip!”

“Rék dikamanakeun ayeuna?”

“Ka Kantor Pulisi!”

“Ning Si Ébon!” cék saurang bari nempo beungeut nu balancunur.

“Meujeuhna si éta mah,” cék nu séjén ngaharéwos ka baturna, “baréto gé bapana keur

sakarat, lain nungguan cara batur, kalah ka nanawarkeun balong.”

“Keur pawit ngadu meureun jeung keur meuli inuman pimabokeun! Cekékeun tétélo jelema

kitu mah!

“Pan ayeuna gé sakongkol jeung lini …. Asa dijurung laku, dibéré jalan keur ngiruh!”

Page 26: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Lain saeutik korban lini téh. Katut Pa Camat mantuan mangkuan nu carilaka, diunggah-

unggahkeun kana ambulans. Geus puguh deui Pulisi jeung Tentara mah teu kaur mingé.

Malah aya nu bobolokot getih balas mangkuan nu taratu.

Tambah ketir nyeueung nu kitu mah, asa nyeueung pilem lalakon perang. Béh dieuna asa

jaman répolusi baréto.

“Asa reugreug nyeueung alat nagara kitu mah, nya euy!”

“Ari urang can kabagéan gawé. Taya pisan gadag, semet lalajo nu pabuis ….”

“Urang onaman ….”

“Onaman kumaha …? Da kawajiban saréréa nulungan nu cilaka mah …. Tugas kamanusaan,

deuleu!”

“Mana atuh tulunganeunana? Ma enya nu cilaka kudu kokotéténgan néangan nu rék

nulungan! Kudu urang nu nyampeurkeun!”

“Yu atuh urang ngider …. Lebar tanaga baso teu kamangpaatkeun!

Jol jajaka tiluan, tingtarempo nyidik-nyidik nu tinggarimbung kawas aya nu ditéangan.

“Néangan saha, Ton?”

“Agus …. Aya di dinya?”

“Tadi mah aya …. Ngaléos deui.”

“Ka mana?”

“Nyao … ka imahna sugan …. Aya naon kitu?

Nu ditanya teu némbal. Gura-giru indit jeung baturna muru ka imah Agus. Nu ditinggalkeun

panasaran, bring naluturkeun, bisi aya tulunganeunana, bubuhan keur usumna.

“Tuh geuning sigana,” cék saurang bari nunjuk ka nu diuk di émpér imahna.

“Keur naon, euy, Gus?”

“Teu nanaon …. Ngareureuh tas ngider …. Taya nanaon di ditu?”

“Nyéta puguh rék ngabéjaan!”

“Ngabéjaan naon?” cék Agus ngoréjat.

“Si Enéng, kabogoh di dinya, kamusibatan!”

“Kapapaténan boa,” cék nu séjén, “da midangdam baé.”

“Saha nu cilaka téh …? Si Enéng …?” cék Agus teu sabar.

“Si Enéng mah nu midangdamna! Nu cilakana mah bapana boa …. Atawa … indungna sugan

….”

“Keun waé modar gé bapana mah …! Indungna kajeun …, cua, siga nu sarebeleun pisan ….

Pédah déwék batan sakieu, ngaligeuh can boga gawé …. Sieuneun anakna dibawa kokoro

meureun minantuan ka déwék mah!” cénah bangun nu sebel kabina-bina.

Page 27: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

“Tah kabeneran, euy, ari kitu mah!” cék Enton.

“Naha?”

“Ayeuna waktuna nu mustari keur némbongkeun jasa …. Nyeueung silaing tohtohan mah

piraku sugan haténa teu lilir …. Malik asih pasti …. Jadi minantu kadeuheus engké silaing,

Gus!”

“Heueuh geura …. Minantu idéal cék basa ayeuna mah,” cék nu séjén mairan.

Ngahuleng waé Agus téh kawas keur mikir.

“Tong disapirakeun, euy, kasempetan alus kacida …. Mangpaatkeun, meungpeung aya

pitulung lini!”

“Na enya kitu, euy?” cék Agus asa-asa, “sebel ku gedé-huluna gé déwék téh! Angot

bebengok bapana mah, mani kawas neuleu anjing budug ari déwék ngulampreng hareupeun

imahna téh!”

“Heueuh ayeuna waktuna cekéng gé bangsa raja nu minantuan ka anak si itu si éta, ari geus

bukti mah kapahlawananana …. Lah … éta sirine ambulans aya ku matak ketir ….”

“Kudu kumaha atuh déwék ayeuna …?” cék Agus bangun bingung.

“Néang ambulans …, rawu ku silaing bapana atawa indungna nu cilaka, bawa ka rumah sakit

…. Kerong tah irung déwék mun itu teu malik asih ka silaing.”

“Kana naon atuh ka dituna …? Leumpang waé nya …?”

“Nelepon waé atuh ti … ti Kantor Penerangan nu deukeut!”

“Heueuh …. Yu atuh anteur!”

Bring waéh.

“Asa rék gedé mangpaatna nya euy lini téh keur Si Agus mah!”

“Hih tuda sagala ogé sugri Kersaning Pangéran mah taya nu teu mangpaat …. Kari bisa waé

napakuranana …. Nu puguh waé geura, tukang kayu tukang tembok baris maréma, réa imah

oméaneun.”

“Urang gé mun ditampik ku pimitohaeun mending ngondang sakadang lini, neda

kamandangna.”

“Yéh, ngabarabékeun sajajagat siah!”

Srog ka Kantor Penerangan.

“Hallo …! Nyuhunkeun … eu … ambulans …. Hallo … ieu ti Kantor Penerangan ….

Nyuhunkeun dikintun ambulans …. Muhun … nyuhunkeun énggal … répot …! Di … di

Jalan Hanjuang No. 7 …. Muhun … énggal diantos!”

“Kumaha cénah?” cénah baturna.

Page 28: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

“Sakeudeung deui cénah, keur nurunkeun heula korban ti Bolénglang …. Yu waé ka ditu,

urang dagoan hareupeun imahna!”

Bring ka Jalan Hanjuang. Hareupeun imahna kadéngé kénéh nu midangdam téh. Tétéla Si

Enéng, da wawuh kana sorana. Gék dariuk dina téras, capé tas leuleumpangan waé.

Héang sirine …. Gura-giru dipapagkeun ka jalan. Reg eureun hareupeun lawang buruan.

“Mana …?” cék supir ambulans.

“Ké antos!” cék Agus bari muru panto hareup.

Trok-trok-trok …. Ngadagoan sakeudeung …, trok-trok-trok deui beuki tarik.

Bray panto tengah muka, bréh bapana Si Enéng, bray deui panto hareup. “Aya naon?” cénah

bangun reuwas.

“Itu … eu … abdi ngabantun ambulans ….”

“Ambulans …? Keur naon?” cék pribumi kereng sanggeus apal kana beungeut sémah.

“Sanés aya nu cilaka?”

“Hah …!?”

“Badé dibantun ka rumah sakit.”

“Cék saha aya nu cilaka?”

“Kakuping … eu … Enéng nangis.”

Gebrug panto ditutupkeun hareupeun irung Agus, ceklék dikonci. Tinggal Agus ngajanteng

samar polah. Ngalieuk ka babaturanana geus areuweuh, naringgalkeun. Kari supir ambulans

kawas nu teu sabar, ngalangeu naleukeum kana panto mobil.

Torojol Si Encum, réncang di dinya, ti gigireun imah.

“Ku naon Enéng téh?” cék Agus bari nyampeurkeun.

“Sumilangeun …. Biasa Enéng mah ari badé kareseban téh sok siga ripuh pisan.”

Agus ngarahuh. Léos waéh muru pager gigir, jleng luncat.

“Héy … héy …! Rék ka mana …? Mana nu cilaka téh?” cék supir ambulans.

Ngabéngbéos waé calon minantu kadeuheus téh, teu ngalieuk-lieuk acan.

sumber: daluang.com

Page 29: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

JANG PUCUNG

Budi Rahayu Tamsyah, Minggu, 22 Maret 2009

Pabeubeurang, balik ti sakola, aya surat buligir gular-golér dina méja. Henteu maké kop

surat. Ditujulkeunana, jelas ka kuring. Dicokot, dibuka jepitan hékterna. Horéng surat

ondangan. Eusina ngondang kuring kana acara silaturahmi sakalian ménta pidu’ana yén

manéhna arék tandang makalangan dina Pemilu 2009 pikeun jadi anggota DPR RI.

Disebutkeun partéyna, urutanana, jeung daérah pemilihanana deuih. Di handapna, aya tanda

tangan manéhna jeung ngaran jelas: Ir. H. Ujang Mulyana. Anu matak kuring kapiasem, di

handapeun ngaran lengkep, aya tulisan leungeun ku mangsi hideung dina jero kurung. Unina:

Murid Ibu, Ujang Pucung téa.

Kagugu jeung kagagas deuih. Teu karasa, aya anu beueus dina kongkolak mata. Masih

kénéh inget ka kuring, geuning, masih kénéh nganggap guru ka kuring téh, geuning. Padahal

kuring jadi guru manéhna téh basa keur di SD, sakitu puluh taun ka tukang. Padahal ayeuna

manéhna geus jadi jalma jugala. Kaasup salasahiji pengusaha suksés di Bandung. Di lembur

kuring, malah bisa jadi di kabupatén kuring, moal aya nu bireuk deui ka Bapa Haji Ujang

Mulyana mah. Boa sa-Jawa Barat kétang. Ngaranna jeung potrétna mindeng katémbong dina

koran. Beungeutna, anu ceuk kuring mah, méh taya robahna ti jaman keur budak, pédah

ditambahan kumis ipis, mindeng katémbong dina televisi, dina rupa-rupa acara jeung

kagiatan.

Enya, Ujang Pucung.

(Heuheuy deudeuh, sok aya-aya baé hidep mah, Pucung.)

Di lembur kuring loba anu ngaran Ujang téh. Pikeun ngabédakeunana sok dituturkeun

ku ngaran kolotna. Ujang Agus, Ujang anakna Pa Agus; Ujang Karim, Ujang anakna Mang

Karim; Ujang Jaya, Ujang anakna Ki Jaya; Ujang Amil, Ujang anakna Pa Amil, jeung réa-réa

deui. Tapi ari manéhna mah nenggang ti nu séjén: Ujang Pucung, pihartieunana Ujang anu

resep nembangkeun pupuh Pucung. Kuring apal kana pihartieunana, lantaran rumasa wé,

kuring anu boga dosa ngalandih manéhna kitu téh. Malah sakapeung mah, cukup ku nyebut

Pucung baé, teu maké Ujang deui.

Murid Ibu, Ujang Pucung téa, cenah.

(Emh, Pucung, nuhun henteu poho ka Ibu).

Enya, murid kuring manéhna téh. Mimiti kaajar di kelas tilu SD. Manéhna kaasup

murid calakan. Hiji mangsa, dina pangajaran basa Sunda, kuring ngajarkeun pupuh. Ari anu

diajarkan téh pupuh Pucung. Rumpakana, rumpaka anu geus populér. Ari sababna, salian ti

Page 30: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

hésé néangan rumpaka séjén téh, kuringna sorangan ngan apal kana éta rumpaka. Anu unina

kieu geuning:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Barudak dititah ngapalkeun éta pupuh, sarta minggu hareupna kudu bisa nembangkeun

sorangan-sorangan. Dina émprona, manéhna pangheulana ngacung. Ka hareup, ngong

tembang. Sanajan sorana henteu halimpu, tapi wirahmana mah bener. Harita ku kuring dipuji.

Da enya kudu meunang pamuji tina usaha jeung kawanina. Sabab kuring nyaho, sanajan

uteukna éncér, manéhna teu boga anléh kana seni sora. Lain, lain teu boga bakat seni, da ari

kana ngagambar jeung nyieun karajinan mah, kawilang alus.

Manéhna kaajar deui ku kuring téh di kelas lima. Tah, harita kuring ngalandi manéhna

Si Pucung téh. Lain ngéwa, lain keuheul, ih teu pisan-pisan. Ngan kagugu wé. Atuda unggal

dititah nyanyi ka hareup, angger nembangkeun pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa

batur”. Teu galideur ku digeuhgeuykeun, malah sakapeung sok sakalian diheureuykeun.

Maenya geura, nembangkeun pupuh Pucung bari jogéd kawas nyanyi dangdut! Babaturanana

ager-ageran, manéhna mah kalem wé teu riuk-riuk.

“Hidep mah angger taya robahna ngalagu téh, ti kelas tilu kénéh, hayoh waé pupuh

Pucung,” ceuk kuring.

“Atuda resep Ibu,” témbalna.

“Ganti-ganti atuh rumpakana, ulah ‘utamana jalma’ baé!”

“Ah, teu raoseun, Ibu,” cenah.

“Si Pucung wé sugan hidep mah!”

Babaturanana saleuseurian.

Kuring gé teu nyangka, omongan kuring bet jadi panglandi anu napel nepi ka kaluar

sakola. Jeung deuih, manéhna ogé kawas anu reueus dilandi Ujang Pucung téh. Hal éta

katangén waktu manéhna jadi juara pasanggiri maca sajak antar-SD dina Porseni Kacamatan.

Ku kuring diumumkeun di kelas. Ari pokna téh, “Ujang Pucung téa atuh, siapa dulu dong

gurunyah ....”

“Huuuhhh ...,” ceuk barudak nu séjén.

Kuring kapiasem.

Ayeuna Si Pucung, Ujang Pucung, aéh Ir H. Ujang Mulyana, jadi caleg DPR RI. Naha

henteu cukup kitu ku jadi pengusaha suksés? Engké rék ditanyakeun ka manéhna. Sakalian

Page 31: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

ménta dihampura, pédah kuring geus ngalandih Si Pucung. Enya, dihenteu-henteu ogé aya ari

rasa rumasa salah mah. Atuda sugan téh moal kitu jadina ....

(Emh, Pucung, hidep kudu béak-béak ngahampura ka Ibu.)

Dina waktu anu geus ditangtukeun, kuring datang ka imah Mang Atang, aéh Haji

Atang, bapana Ir. H. Ujang Mulyana. Agréng jeung lega ayeuna mah imahna ogé.

Sup ka pakarangan imahna, horéng geus loba jelema. Ti jero imah kaluar lalaki umur 35

taunan, rurusuhan nyampeurkeun kuring. Teu samar, najan awakna jadi lingsig jeung

katémbong beresih ogé: Si Pucung, aéh ....

“Ibu, Bapa, aduh .... mangga ka lebet. Kawitna mah ku abdi badé dipiwarang

dipapagkeun ka supir ....,” cenah, solongkrong munjungan, cium tangan.

“Ieu téh ....?”

“Pucung, Ibu,” pokna. Enya, tadi gé henteu samar. Ngan bingung, kudu kumaha nyebut

ka manéhna ayeuna? Geuning, teu kudu robah. Angger ngabasakeun: Pucung, Ujang Pucung.

Kuring didiukkeun ngaréndéng jeung Bi Haji Isah, indungna. Ari salaki ngaréndéng

jeung Mang Haji Atang. Di tengah-tengah antarana, manéhna diuk ngaréndéng jeung

pamajikanana. Teu kungsi lila, der baé acara dimimitian. Da cenah nu boga hadas keukeuh,

acara kakara bisa dimimitian lamun kuring geus datang!

(Emh, Pucung, dianggap naon atuh Ibu ku hidep téh?)

Acara dijejeran ku Pa Agus, anu sok biasa nga-MC-an di lembur kuring. Teu loba unak-

anikna, sanggeus dibuka langsung kana biantara ti sohibul-bét. Capétang perténtang

nyaritakeun lalakon hirupna, direumbeuy ku heureuy seger. Suasana karasa hégar. Tapi

kuring mah mindeng ngalimba salila ngadéngékeun caritaanana téh. Carita ngeunaan

manéhna, anu sabagian gedé kuring geus apal. Ngan henteu saeutik deuih anu kakara apal

harita kana jero-jerona.

Manéhna ngamimitian biantara ku nembang. Nembangkeun pupuh Pucung:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silihtulungan,

silihtitipkeun nya diri,

budi akal lantaran ti padajalma.

Cenah, éta téh lagu anu munggaran ku manéhna diapalkeun enya-enya. Méh unggal

usik. Bisa jadi mimitina mah lantaran aya “kawajiban” kudu apal. Lagu anu manéhna henteu

sieun ngahaleuang, lantaran dipuji ku guru waktu munggaran ngahaleuangkeunana hareupeun

batur. Saterusna, jadi lagu karesep manéhna. Tungtungna, jadi “lagu wajib” manéhna. Lain

baé mun dititah nyanyi di kelas, tapi boh hahariringan, boh héhéotan, asa kurang afdol lamun

Page 32: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

lain lagu Pucung “Utamana jalma kudu réa batur” téh. Nepikeun ka manéhna meunang

panglandi Ujang Pucung. Henteu ambek, henteu éra deuih. Duka ku naon, reueus baé nu aya

disebut Ujang Pucung téh.

Tina karesep keur budak, bet jadi kabiasaan. Kabiasaan hahariringan atawa héhéotan

lagu Pucung téh manjang nepi ka ayeuna. Komo ayeuna mah, sanggeus manéhna ngarasa,

yén pangna manéhna bisa suksés téh lantaran lagu Pucung. Lain wirahmana, lain rumpakana,

lain dang-ding-dungna wungkul. Tapi gumulung, sumerep-sumarambah jadi jenggléngan

palasipah nu miraga-sukma. Bari manéhna sorangan henteu sadar kana prosésna.

(Emh, Pucung, Ibu mah ngan saukur guru SD. Teu nyangka geuning pangajaran Ibu téh

gedé pangaruhna keur hidep mah.)

Manéhna bisa ngaréngsékeun kuliah, sasatna mah ditulungan ku babaturan sakampusna.

Da ngandelkeun pangasilan kolotna di lembur mah, pimanaeun atuh. Kahirupan kolotna anu

jadi buruh tani, geus lain koréh-koréh cok deui, tapi cok koréh-koréh. Ku babaturanana,

manéhna dipihapékeun ka emangna anu boga percitakan. Ahirna manéhna bisa kuliah bari

digawé di percitakan.

Teu kungsi sataun, antara manéhna jeung dununganana, “silihtitipkeun nya diri”.

Manéhna nitipkeun dirina sorangan, ari dununganana nitipkeun diri anakna nu awéwé.

“Nya ka anjeunna abdi nitipkeun pibudakeun téh,” cenah, ditungtungan ku sareuri

hadirin.

Réngsé kuliah, manéhna neruskeun usaha mitohana. Tina percitakan dironjatkeun jadi

penerbitan, husus nerbitkeun buku-buku pangajaran. Ngaran pausahaanana ogé diganti jadi

CV Utama, nyokot tina padalisan kahiji pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”.

Taun 90-an mémang keur meujeuhna booming bisnis buku pangajaran. Tah, harita Penerbit

CV Utama mimiti ngajaulna téh, jadi salasahiji penerbit gedé di Bandung. Buku-bukuna

sumebar ka sakuliah Indonésia.

Usahana ngarekahan kana widang séjén, nya éta rumah makan. Rumah makan anu

munggaran diadegkeun di jajalaneun ti Bandung ka lemburna. Dingaranan Rumah Makan

Situ. Cenah, “stu” téh singgetan tina “silitulungan”, padalisan kadua tina rumpaka pupuh

Pucung paporitna. Kiwari RM Situ geus muka cabang di sawatara tempat.

Tina rumah makan, ngagilek saeutik kana hotél. Hotél anu mimiti dibeuli ku manéhna

téh ayana di salasahiji tempat wisata. Ngaranna diganti. Anu tadina ngagunakeun basa asing

jadi Hotél Titip Diri. Cenah dicokot tina padalisan katilu rumpaka pupuh Pucung

kameumeutna.

Page 33: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

“Ari anu ngawitan ngawanohkeun pupuh Pucung ka abdi, jalmina ogé ayeuna aya di

dieu. Tah, Ibu Purma. Sasatna mah, nya anjeunna anu masihan dadasar palasipah hirup ka

abdi téh. Hatur nuhun, Ibu,” pokna.

Aya nu nyelek dina tikoro, aya anu beueus dina kongkolak mata. Horéng geuning,

kuring teu kudu ménta dihampura pedah geus ngalandi Si Pucung ka manéhna. Da geuning

keur manéhna mah malah jadi kakuatan anu luar biasa. Jadi dadasar palasipah hirup, cenah.

(Emh, Pucung, Pucung .... hidep geus mumbulkeun rarasaan Ibu ka awang-awang ka

uwung-uwung.)

Karasa aya anu can réngsé cenah dina ngamalkeun palasipah pupuh Pucungna téh. Nya

éta dina ngajanggélékkeun padalisan kaopat “budi akal lantaran ti padajalma”.

Bulan Juli taun tukang, manéhna ditawaran jadi caleg ku salasahiji partéy gedé. Haratis,

sarta ti mimiti nomer urut nepi ka daérah pemilihanana, bisa milih sorangan. Boa-boa ieu

cenah, jalan pikeun ngawujudkeun “budi akal lantaran ti padajalma téh”. Sanggeus dipikiran

dibulak-balik, dibeuweung-diutahkeun, disawalakeun jeung kulawargana, dipadungdengkeun

jeung babaturanana, éta tawaran téh ditarima. Nyokot daérah pemilihan anu ngawengku

lemburna sorangan, bari susuganan manggihan jalan pikeun mulang tarima ka lemah sarakan.

Naon deui atuh? Da ceuk kuring mah geus loba anu dipigawé ku manéhna keur

lemburna téh. Kaasup ngaronjatkeun ajén lemburna. Manéhna, ka saha baé ogé, di mana baé

ogé, sok ngakukeun dirina pituin urang lembur dieu. Tara ngaku urang Bandung! Éta anu jadi

pamujian saréréa téh: teu poho ka purwadaksina.

“Nu mawi ayeuna abdi neda pangrojong sareng pidu’ana ti sadayana. Upami janten

anggota déwan téh baris seueur mangpaatna kanggo urang sadayana, mugi-mugi abdi sing

kapilih. Upami langkung seueur madorotna, langkung saé ulah kapilih,” pokna.

Najan teu dipénta, najan teu dikurihit, kuring baris ngadukung caleg anu ngamalkeun

pupuh Pucung “Utamana jalma kudu réa batur”. Tong boro ukur jadi caleg, malah jadi cagub

atawa caprés ogé, pasti didukung. Siap jadi jurkamna deuih, teu kudu dibayar, teu kudu

dibibita ku carita. Lain pédah ka murid sorangan, lain pédah ka batur salembur, lain pédah ka

nu loba duit. Lain, lain pédah éta. Lain pédah aya haréwosna deuih, “Ibu sareng Bapa, henteu

palay angkat jarah ka Mekah? Ieu mah teu aya hubunganana sareng pemilu ….” Lain, sakali

deui, lain pédah éta. Aya nu leuwih teleb ti éta.

(Emh, Pucung, muga-muga hidep salalawasna aya dina rido jeung panangtayungan

Gusti Alloh.)

Palataran Wanayasa, 2009

Page 34: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Sumber: http://caritapondok-uing.blogspot.com/

SI PELUNG

Ku Usép Romli HM

Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung

masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago

pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.

Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam.

Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.”

Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan:

“Padahal lain turunan Bangkok, nya?!”

Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan

Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!”

Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang

dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar,

dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun.

Ayeuna Encép Umar geus téréh lulus és-em-a. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa

usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weléh

ngahalangan.

”Butuh ku gawéna, tukang ngageuingkeun janari,” cenah. ”Néangan deui baé hayam

séjén. Keun Si Pelung mah, ulah diharubiru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu

kapuluk mah.

Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasoléhan jeung

kahadéanana. Getén tulatén, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab

kasopanan. Handap asor, lain baé ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan ogé sarua.

Ku Si Pelung mindeng kadéngé. Ki Haji ngawurukan putra atawa réncang, sangkan ulah

wani-wani nyarékan komo bari laklak dasar – ka sato ingon-ingon.

”Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur.

Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tétélo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu

meunang étah. Diharamkeun ku agama,” cék Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu

mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui

brul deui. Ma’lum hayam.

Page 35: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Tukang ibadah Ki Haji téh. Najan lubak-libuk luhur kuta gedé dunya, teu

katongklokeun ngurus harta, kawas karéréanana nu baleunghar séjén.

Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa

dipacikeuhkeun. Témpo panén, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka

dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra baé.

Ngan kana pepelakan salian ti paré, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong,

telik pisan ngimeutan téh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar

tukang kemplang, méméh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.

”Tara ngandung barokah, ladang tatanén anu dijual kemplangan mah, kadéngéeun pisan

ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona.di tengah imah. ”Moal samata-mata

agama ngaharamkeun, lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka

balaréa..”

Barabat Ki Haji medar pamanggih, yén ngajual barang ku cara kemplang,

ngaleungitkeun sumber amal kahadéan. Témpo diala, nu boga hadas melak ukur lalajo.

Meunang tekal-tekil dipupul batur. Ka tatangga, ka baraya, ka batur salembur teu bisa méré

ngasaan, lantaran barang geus dibayar ti heula ku bandar. Teu saeutik kajdian nu boga pelak

malik buburuh ngala ka bandar. Anu sakuduna jadi dunungan bet jadi kuli.

”Baroraah kana méré mawéh. Manéhanana sorangan apan elah-elih namprak upah ti

batur. Padahal nu macul di dinya, nu melak di dinya, manéhanana sorangan. Naha éta lain

mamala? Coba lamun dipertahankeun nepi ka usum ngala, tong karooh ku pangolo, meureun

diala ku sorangan. Kaburu kénéh méré ngasaan ka batur. Hartina amal hadé. Sodakoh. Atuh

témpo ngajual, harga bisa rebut tawar tur barangna nyata ngagelar hareupeun. Lain rebut

tawar pucuk atawa kembang karék néngtét, diwangwang dilelebah, bari hargana kurang

merenah. Bener, karéréaanana jual beuli jaman ayeuna maké cara kemplang. Ambéh babari,

ambéh henteu réncéd. Tapi tétéla éta téh henteu nimbulkeun kauntungan. Malah wungkul

karugian. Nu matak, teu anéh, kiwari réa patani kari daki, réa padagang tinggal hutang, sabab

ladang gawé béak sakaligus ti heula. Komo jual beuli kemplang mah, geuning langka ku duit,

tapi ku barang, radio, televisi, motor, mobil, jadi hésé ngeureut neundeun keur pimodaleun

usum hareup téh. Témpo butuh unjam-injeum ka bang, hésé lain dagoaneun. Kapaksa lumpat

ka tukang rénten atawa ka bandar kemplang baréto. Sasat nandonkeun hasil pepelakan anu

karék rék ceb dipelak. Kitu jeung kitu terus, unggal usum migawé. Kahadé urang mah,

Ujang, Nyai ulah kabawakeun. Sing tuhu kana tetekon agama nu geus dicontokeun turun

tumurun, tur karasa hasilna ngandung barokah. Saeutik mahi, loba nyésa. Moal samata-mata

Abah lega sawah lega kebon, anu asalna tina hasil nyawah jeung ngebon satapak peucang

Page 36: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

atawa nengah mertelu, lamun prakprakanana méngpar tina aturan hukum. Tegesna hukum

agama. Ngajauhan riba, boh dina modal, boh dina ngajual pisan. Sabalikna mereketkeun

manéh sangkan tuman balabah. Daék ngaluarkeun sodakoh, infak, nepi ka zakat pisan, upama

geus nisab. Peupeujeuh, lamun Abah geus euweuh, kabiasn kieu téh kudu terus dipilampah.

Insya Allah, lamun gugon-tuhon, anak incu turunan Abah, baris tinemu kahirupan mulya.

Bagja dunya ahérat. Moal kurang sandang kurang pangan, bari aya dina karidoan Allah

Subhanahuwata’ala.

Si Pelung nyakséni, keur Haji Basari jumeneng kénéh mah, éta papatah téh teurak. Atuh

sataun dua taun ti sabada Ki Haji tilar dunya, aya kénéh tapakna.

Ngan pajamanan barobah teuing ku cepet. Jalma-jalma nu ngajamananana ogé gancang

pisan kakeunaan ku owah gingsir. Pangaruh kaayaan, pangaruh campur gaul jeung sajabana

dina kagiatan pakumbuhan, méré warna katut rupa kana sikep pasipatan jeung paripolah

masing-masing. Kaasup anak-anak Haji Basari, anu ti bubudak tara petot dijejelan papatah,

sakalian ditémbongan conto prakprakanana ngeunaan hadé goréng, halal haram, salah bener,

dibarung ku atikan ti sakola jeung pangajian.

Karasaeun pisan ku Si Pelung. Lamun pareng manéhna disada kekerukan bari semu

ngahayéyéng nandakeun manggih téténjoan ahéng di alam anu teu katembus ku panon

manusa, sok dibuburak. Di antarana ku Encép Umar anu baréto dibélaan téa.

”Si, sieuh, sieuh! Babatok hayam goblog. Baku ari geus kekerukan kitu téh!” cenah bari

mubat-mabit ku naon baé nu karawél.

Hiji hal anu can kungsi kaalaman jaman Haji Basari jumeneng kénéh. Ki Haji mah,

mun ngdangueun Si Pelung nyoara kitu, sok rambasbas, malah mindeng sesegruk, terus

dzikir jeung istigfar. Ka Si Pelung sok nyarita rintih, ”Meugeus Pelung, kami gé ngarti.

Manéh keur nyaksian pangeusi alam kubur nandangan ujian anu pohara. Emh, kami ogé

Pelung, isuk pagéto baris ngalaman. Malah boa leuwih rosa ti batan anu kasaksén ku manéh

ayeuna.”

Atuh lamun Si Pelung kongkorongok salah mangsa, pangpangna tengah peuting tangéh

kénéh ka janari, Haji Basari sok gancang ngoréjat. Cacarita ka Ambu Haji: ”Kadéngé tah, Si

Pelung kongkorongok lain wayah? Kahadé anak urang, Si Ujang, Si Nyai bisi boga lampah

nirca. Jeung kahadé deui, anu baroga anak parawan atawa randa, béjaan. Sing taritén kituh,

ngaping ngajaring anak….”

”Lah, Kang Haji, sok nu lain-lain. Barina gé, opénan teuing ka batur. Mani kudu

walihweuh, teu pira Si Pelung kongkorongok. Gundam meureun,” walon Ambu Haji.

Page 37: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

”His, lain teu pira. Hayam kongkorongok lain mangsa, komo tengah peuting ngaweng-

ngaweng kieu, cék kolot, pertanda aya nu reuneuh jadah, lain opénan nitah ngélingan téh.

Kawajiban dina raraga amar ma’ruf nahyi munkar. Ngajak kana kahadéan, nyegah tina

kagoréngan. Bisi urang, dulur, baraya urang, tatangga urang caliweura, teu diélingan mah

urang kababawa dosa engké. Baruk kumaha akibatna, lamun urang cul amar ma’ruf nahyi

munkar? Bari jeung urang mampuh migawéna? Dila’nat ku Allah, ku mangrupa siksa jeung

moal dikobul du’a, Nyi Haji. Lain lalawora!”

Sok panjang cacarita Ki Haji téh. Kadangkala parat nepi ka waktu salat tahajud. Isukna,

prak migawé anu geus diomongkeun ka Ambu Haji. Silaturahmi ka saban tatangga, bari

ngipat-ngipatan, kudu silih riksa, silih talingakeun, bok bisi aya nu méngpar kausap sétan,

ngarempak aturan hukum dina urusan sahwat birahi.

Tara aya nu wani nambalang. Sabab saréréa nyaho, saha Haji Basari. Jalma jegud,

lubak-libuk, béréhan, hadé budi hadé basa, taat kana ibadah, balabah ka sasaha, teu pandang

harkat teu pandang darajat. Istuning taya cawadeunana anu bisa dipaké ngahualkeun atawa

malikkeun.

Anak-anak Hají Basari, henteu bisa neruskeun tapak lacak bapana kitu. Ukur bisa

neruskeun kajegudanana wungkul, sabada buka waris ngarecah sawah, kebon katut pakaya

séjénna.

“Lain teu hayang nurutan Bapa méré papagah ka batur, ngan kumaha atuh, da urang

sorangan papagahaneun kénéh batur. Kuriak baé dianggap tukang ngélmu ajug,” kawas nu

badami, anak-anak Hají Basari sapuk sapamadegan.

Jadi, Si Pelung kongkorongok lain magsa tara diperhatikeun enya-enya. Malah mindeng

disaleungseurikeun disebut hayam pikun. Kajaba mun geus aya kajadian, aya awéwé

melendung teu karana boga salaki, karék ribut nyaritakeun kongkorongok Si Pelung.

Saminggu dua minggu, lat deui poho. Atuh nu bureuyeung ukur éra saliwat. Ka dituna mah

damang baé. Teu anéh lamun terus ngarekahan. Kamari Si Itu, pagéto Si Éta, minggu hareup

geus aya cadangna. Sisindiran “piring pisin diragaji, colénak dikalapaan –abdi isinku paraji,

boga anak teu bapaan”, geus henteu laku.

Si Pelung gé rumasa, saenyana manéhna disada salah mangsa téh lain nyaho-nyaho

teuing kana aya atawa bakal aya nu reuneuh jadah. Ukur kabeneran baé, katindih ku kari-kari,

katinggang ku kanyatan. Da maksud kongkorongok téh, taya lian ngageuing manusa, sangkan

ulah kajongjonan teuing ngaguher. Ngageuing sangkan manusa nyaring, ngamangpaatkeun

wanci mustari, saat mustajab, anu disayagikeun ku Allah swt. pikeun munajat tur bakal

dikobul. Tina sakitu taun sakitu ratus kali kongkorongok tengah peuting jeung janari, ukur

Page 38: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

sababaraha urang anu surti. Haji Basari Almarhum di antarana. Karéréaanana mah nyawang

tina jihat nu lain-lain baé, kagugu ku tahayul. Haji Basari onaman, dina enyana kabawakeun

kitu, henteu ngan sakadar ngaréka prasangka. Tapi dituturkeun ku sikep nu leuwih teleb,

didasaran ku kasadaran ngajalankeun paréntah agama. Silih wasiatan dina jalan haq jeung

kasabaran.

Antukan Si Pelung prustasi. Beuki dieu beuki kedul kongkorongok. Da kapikireun,

kapeuyeuh-peuyeuh, didaréngé tara. Tong boro sora hayam kolot, panggero manusa nu

ngalanglaung dispékeran gé, geus tara pati aya nu maliré. Komo sanggeus mahabu adu-

aduan, manusa mabok ku bangsaning kode jeung ilapat, tur hiji mangsa sora kongkorongok

Si Pelung dijarieun kode ku Encép Umar sabatur-batur, timbul niat dina haté éta hayam kolot,

pikeun kemba sakuatna.

”Dianggap nguyung, teu nanaon. Ambéh dipeuncit. Geura-geura paéh, susuganan di

ahérat tepung jeung Haji Basari. Rék dicaritakeun, yén anak-anakna lain salukuran kana

ni’mat meunang warisan loba, tapi anggur ngalancrud,” cék pamikir Si Pelung.

Ongkoh kaayaan lingkungan imah, kiwari mah teu matak betah deui. Kandang

nambahan. Lain kandang hayam jago atawa bikang, ieu mah kandang anjing. Padahal Haji

Basari baréto omat-omatan, sakumaha hayang jeung resep ogé, ulah ngukut anjing.

”Kajaba keur kaperluan moro atawa ngajaga pakaya, ngukut anjing diharamkeun.

Komo ukur keur kaagulan jeung cocooan nu matak nonglokeun mah.” Kitu kasauran Haji

Basari basa Encép Umar mawa kicik. ”Di imah mah teu pantes diaayaan anjing. Matak

disingkahan malaikat Rohmat. Ngajaga bisi aya bangsat, ku ronda gé cukup.”

Harita Encép Umar ngagugu. Kicik disingkahkeun deui. Tapi ayeuna mah taya nu

ngagetrik. Bébas merdika. Nu dibawa lain kicik jeung henteu hiji. Opat sakaligus. Anjing

teureuh nagri wungkul. Keur meulina, ceuk béja ngagadékeun sawah sababaladon.

Si Pelung ngangluh. Keur mah geus pada mopohokeun, turug-turug aya saingan.

Pangeusi imah tamplok perhatianana kana anjing kukutan Encép Umar, anu sagala rupana

dipupujuhkeun.

Ngeusian beuteung gé, Si Pelung mindeng sakasampeurna. Mindeng nyaba rada jauh

sakaparan-paran. Sakapeung sok ngarep-ngarep aya lasun atawa ganggarangan nyasab, hég

nekuk. Sadrah pasrah tibatan hirup pakokolot kalunta-lunta.

Ti isuk nepi ka beurang, hiji poé Si Pelung aprak-aprakan. Pucak-pacok sakapanggih-

panggih. Ti lebah buruan maju ka sisi sawah, bras ka tegalan. Méngkol ka lebah nu linduk ku

tatangkalan. Dina jujumplukan kirinyuh aya simeut dagé nalokom. Gancang ku Si Pelung

diboro. Simeut luncat kana tangkal bakasem. Terus diobrot. Geleber ka tukangeun rungkun

Page 39: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

saliara, handapeun tangkal juar sapasang. Si Pelung mébér jangjang sieun kaleungitan

udagan. Garapak, guprak ka béh ditu. Ninggang tonggong dua jalma anu keur papuket,

luhureun jukut. Lalaki jeung awéwé ditataranjang.

Si Pelung reuwas kabina-bina. Gancang lumpat bari ngabarakataktak kokotak. Poho

kana simeut dagé, bakating ku silo ku téténjoan. Jeung apal ka salasaurang di antarana, Encép

Umar. Jeung Si Pelung apal bakal kumaha balukarna. Encép Umar, bari ulad-alid nyarékan

bébéakan, terus ngabeledig. Mabuk hulu Si pelung ku dahan garing nepi ka remuk.

Pasosoré di buruan imahna, Encép Umar ngagero maréntah bujangna.

“Di kebon tonggoh, deukeut tegalan, handapeun jaar, Si pelung modar. Cokot

bangkéna, geuwat. keur parab anjing!”

Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM

Sumber:Bujanggamanik.wordpress.com

Page 40: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

ADA MAIN

Ku Darpan Ariawinangun

Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula

paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip

ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk

ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn,

jiga nu rèk seserahan.

Pucuk ti girangna mah: listrik!

Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana

mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat

ka luhureun dèsa tèh.

“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha,

inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD.

“Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum

PLN jiga ada main!”

Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.

Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.

“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk salahsaurang.

“Mènta kaadilan wè kituh!”

“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”

“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”

“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan kitu?”

“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”

Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.

“Maksud tèh sing wajar wè.”

“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu

wajarna.”

Sarèrèa unggut-unggutan deui.

“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”

“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”

Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.

Jalan nu diliwatan, jalan dèsa nu can diaspal. Sisi-sisina sawah makplak garapeun. Manjing

usum porèkat, tapi teu jadi bahan obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa

Page 41: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

ngajanteng di tengah jalan basa nu abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat gè

maksakeun nyisi heula.

“Kè, saha nu apal ka Camat anyar?” cèuk salahsaurang deui.

“Mun geus tepung mah engkè gè meureun ngaku sorangan.”

“Bisi wè kasamaran.”

“Saha atuh engkè nu pangheulana rèk nyarita?”

“Mending ti nu ngora heula. Jang Anèn wè tah nu ngamimitian mah!”

“Ah, ti kolot heula alusna mah,” ceuk nu ditunjuk.

“Kumaha mun Mang Ursin?”

“Is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa nyarita jeung Camat. Nu bedas tanagana wè heula,

ti nu ngora,” Mang Ursin kèkèpèhan. Sarèrèa silih rèrèt.

“Kieu atuh. Kumaha mun babarengan. Langsung cocorowokan.”

“Tah enya, mending kitu!” ceuk sarèrèa mèh bareng.

Urang lembur beuki gancang leumpangna.

Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan, kasampak simpè. Sarèrèa silih pelong bari

nyusutan kèsang, sanggeus leumpang jauh abring-abringan.

“Anèn komandoan!” salahsaurang ngaharèwos.

Anèn luak-lieuk heula, “Ngomandoan naon?” pokna.

“Ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala rupa nu kudu dikomandoan, komandoan

ku manèh.”

“Naon nu rèk digorowokkeunana?” Anèn masih kerung.

Sarèrèa silihpelong deui. Salahsaurang mèrè bongbolongan, “Kieu wè atuh: Camaaaat,

kaluaaar! Kituh!

Sarèrèa nyatujuan.

“Hijji… du…”

“ulah gancang teuing, nèn! Bisi teu bareng. Kumaha kèh nu ngagorowok ti heula nu

katempuhan?”

“Ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok ka dinya Nèn!”

Anèn malikan deui, “Hiji… dua…tiluu!”

Lir keur kampanyeu. Bari ngacung-ngacungkeun peureup tingjorowok nitah Camat kaluar.

Tukang bèca nu keur nambangan ngadadak ngeureunkeun heula bècana. Si Ayu nu keur

ngaladangan jajamu ngahajakeun tunga-tengo heula. Barudak SD nu karèk baralik ti sakola

tinglaliud nyalampeurkeun, ngadarangong na tèmbok bèntèng.

“Camaaaaatt… kaluaaaaarrr!! Kaluaaaarr Camaaaaat!”

Page 42: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Karyawan kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi sanggeus ningali nu tingjorowok mah

tingrarengkog deui. Jiga nu sadar, yèn jelas-jelas nu daratang tèh lain nu rèk nguruskeun

KTP. Heuleut ti harita karèk waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-

cekel leungeun.

Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita, “Tenang, tenang! Cenah, “Kè, aya naon para sadèrèk?”

“Bapa tèh Camat?” ceuk salah saurang.

“Lain kuring mah!”

“Euh, lain Camat mah ulah pipilueun atuh. Kuring mah butuh ka Camat.”

Sèkwilmat kerung, pokna, “Keur eweuh Pa Camat mah.”

“Ah, wadul. Sok daèk naon?”

Sekwilmat rurat-rèrèt heula ka stap sèjèn. Geus kitu pokna, “Daèk… medu! Euweuh Pa

Camat mah!”

“Anakna atuh?” ceuk Usèn nu sapopoèna kuli macul.

“His, rèk naon mamawa anak Camat?” Nu gigireunana ngagebès.

“Enggeus kudu ka saha deui?”

“Aya ku belegug ari manèh.”

Sèkwilmat mariksa deui, “Sakali deui rèk naon para sadèrèk tèh?”

“Rèk ka Camat! Mani teu cukup ku sakali.”

“Sugan bisa diwakilan ku kuring?”

“Is teu bisa! Ceuk Lurah gè nu ada main mah Camat!”

“Ada main?” Sèkwilmat mah kerung.

“Camaaaaat… kaluaaarr!” salahsaurang ngagorowok deui. Dituturkeun ku nu sèjèn, bari

nyedek rèk asup ka jero kantor. Sèkwilmat jeung stap nu sèjèn undur-unduran. Tapi nu

nyedek beuki ngangsreg. Antukna stap kacamatan tèh barirat lalumpatan.

“Camaaat… kaluaaar!”

Dor! Kadèngè sada nu ngabeledug. Nu cocorowokan ngadadak simpè. “Saha nu ulin

pepetasan euy?” salahsaurang nanya.

“Pepetasan atawa pèstol?”

“Pèstol?” sarèrèa tingcuringhak.

Anèn teu kaburu ngomandoan, urang lembur kaburu buriak kabur katawuran! Tingberetek

satujuanana sèwang-sewangan.

“Jangan lariii!” aya nu ngagorowok. Anèn ngalieuk, “Pulisiiii….! Bari jicir leuwih kenceng.

Dor!

Page 43: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Mang Ursin bèak tanaga, bru nyempod di juru imah batur bari rènghap ranjug. Ngan teu lila

jol nu disaragam. Dada Mang Ursin asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka

melong

“Geuning Kang Ursin,” ceuk pulisi.

Sakedapan Mang Ursin ukur matasimeuteun. Sanggeus teges karèk bisa nyarita, “Leuh

geuning manèh Kamsir. Ti iraha jadi pulisi?”

“Ssstt, Banpol kuring mah! Cenah bari luak-lieuk, Naha Akang pipilueun ka nu kieu?”

“Hih, èra atuh teu milu mah.”

“Ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeuna mah lumpat wè atuh sing jauh, singtarik!”

ceuk Kamsir.

“Is nanaon tèh. Kumaha mun kanyahoan di tengah jalan? Tiwas Akang”

Kamsir ngahuleng. “Atuh kumaha lamun urang ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag

Akang. Mun geus euweuh sasaha, Akang gancang balik.”

“Nya teu nanaon ari kitu mah.”

Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg diudag ku Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sèjèn nu

milu ngudag. Gorowok Kamsir megatan, “Keun…keun ieu mah kuring nu nyerek. Udag wè

nu sèjèn!” Pulisi nu milu ngudag nurut. Beretek mèngkol ka nu sèjèn.

Di kebon sampeu tugtung lembur, sanggeus jauh ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk

kacapèan. Teu lila Kamsir nyusul. Duanana rènghap ranjug. Sanggeus sababaraha heuleutan,

Kamsir nanya, “Aya naon tadi tèh? Siga rèk ngajakan perang.”

“Puguh rèk nèangan Camat.”

“Har, piraku teu tepung jeung Camat? Kapan tadi tèh katingalina mah ka Karangsaga-keun

kana motor. Ceuk dunungan kuring mah rèk ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN.”

Mang Ursin colohok, “Rèk naon Camat jeung Lurah ka kantor PLN?”

“Kapan nguruskeun listrik dèsa Karangsaga!”

“Naha? Ku naon atuh lurah ambek-ambekan?”

“Lurah?” ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.

“Kamari gè Lurah ambek-ambekan ka komandan kuring. Pèdah Camat anyar jiga ada main

jeung pamajikan ngorana.”

Mang Ursin teu bisaeun milu seuri cara Kamsir.

Pok Kamsir nyarita deui, “Jung geura balik, Kang. Bisi urang disangka ada main!

Tina Nu Harayang Dihargaan, Karya Darpan Ariawinangun

Page 44: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Dongéngéng Sora Indung

Ku Chyé Rétty Isnéndés

Utun, nyebut Utun baé nya, Ambu téh. Enya utun inji. Bongan Ambu can nyaho naha

hidep téh awéwé atawa lalaki. Cenah sesebutan Utun-Inji téh pikeun hidep, pibakaleun lalaki

atawa awéwé. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana; Guru Minda nu

geus jadi bujang, tur nyebut inji ka Pohaci Purbasari putri parawan Pasirbatang. Meusmeus

Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana téh. Kitu nu kabaca ku Ambu tina carita pantun

‘Loetoeng Kasaroeng’ kénging nyarungsum CM Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan

keur hidep –Utun Inji—téh geus aya ti béh mula, meureun ti jaman Pajajaran kénéh. Saha nu

nyaho.

Aéh, Utun, meureun ayeuna mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku

Ambu. Geuning buktina, hidep sok embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu.

Sérését ka katuhu, sérédét ka kénca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna

mah enyut-enyutan dina parindikan Ambu. Komo lamun pareng Ambu capé pisan. Ih, ieu

mah mani ajol-ajolan kawasna téh.

Saur Bu Bidan genep bulan mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku

Ambu. Nyeri haténa, peurih rasana, sedihna, tunggarana, rasa senangna, bungahna, jeung

bagjana. Ari ceuk Ma Paraji mah, heueuh hidep téh geus usik malik Meureun cangkeul nya,

ngeluk baé atawa ngaréngkol baé mah. Da Ambu ogé, kolot, sok nyeri tonggong ngaréngkol

waé mah, komo hidep. Aéh, kétang kitu gé Utun, sakapeung Ambu téh sok ngarasa aral ku

ayana hidep téh. Komo waktu umur sabulan, dua bulan, tilu bulan, nepi ka opat bulan mah.

Aduuh, nyerina Ambu téh. Sagala karasa. Lain nyeri ku awak tapi nyeri ku rasa. Gering

Ambu téh, gering psikic—saur guru Ambu mah—Gering nangtung ngalanglayung. Sangu asa

catang bobo, cai asa tuak bari. Mandi kedul, sagala rupa embung. Leuleus asa teu nangan.

Taya tangan pangawasa. Kahayang téh ngagolér baé bari neuteup lalangit kamar, ngahérang.

Murel baé ongkoh, tungtungna luga jeung luga baé, Ambu téh, nepi ka kuru aking

ngajangjawing.

Enya sakapeung mah matak aral aya hidep téh. Sakapeung hayang neundeun heula

hidep di hiji tempat, nepi ka Ambu ngarasa genah, bagja, hampang. Engké, di mana Ambu

geus jagjag deui, rék disampeur deui. Hi, hi, hi, lucu, Tun, nya?!

Ceuk Ma Paraji mah, “Wayahna, Enéng, kapan ieu téh anugrah nu kedah ditebus ku

pangorbanan hijji indung. Emh bagja temen kagungan putra téh. Tingali Ema, geus nulung

mangratus-ratus jabang, tapi nepi ka nini-nini kieu teu saésé-ésé acan Ema mah. Teu

dipaparin anak ku Nu Maha Kawasa.” Cenah daria.

Page 45: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Ti dinya bari ngurut hidep nu turun baé, gorolang Ma Paraji téh miwuruk. Cenah

wayahna sagala karasa. Da mémang kitu kuduna. Ku naon pangna dara nu kakandungan sok

ripuh baé. Kapan cenah ngamimitian sagalana. Komo sabulan, dua bulan, tilu bulan mah.

Disebutna ogé keur wayah ngahérang, cenah. Namperkeun jati tina sagala rasa. Beureumna,

bodasna, konéngna, hideungna, atawa nu disebut nu opat kalima pancer atawa ceuk urang

Jawa mah kiblat papat kalima pancer téa. Upama geus namper, mimiti cacai téh asup kana

wayah ngalénggang atawa luménggang. Kumaha wé nu midang, éta cacai téh cenah nyedotan

sagala sari tina awak urang, tina kadaharan jeung tina rasa urang, bagja, sedih, ogé tina

cahaya urang, jeung sajabana. Tah lamun geus cukup, cacai téh asup kana wayah gumulung.

Di dinya cenah sagala sari nu geus dikumpulkeun téh dikocék, digalokeun, digumulungkeun.

“Matak luga waé, Enéng, temahna ka urang. Meusmeus Borolo, meusmeus u-o. Tah

kitu ceuk indung Ema baheula, jeung mémang kitu ceuk pangalaman Ema nalangan nu

kakandungan…” Tuluy Ma Paraji nuluykeun papatahna. Cenah lamun geus opat bulan mah

Si Utun Inji téh wayah mirupa. Kuduna mah ngupat cenah, soalna dina wayah mirupa Si

Utun téh dibéré kahirupan: nyawana, bagjana, rejekina, jodona, jeung patina ku Pangéran.

Leres Ema. Ambu téh ngaheueuhkeun dina haté, Utun. Da mémang kunggel dina Al

Qur’an ogé. Kitu pisan teu jauh sakumaha omongan Ma Paraji. Ngan sabab manéhna mah

maké adat karuhun, jadi basa nu kakedalkeun téh kitu unina. Utun, mun hidep apal—engké

baris apal kétang—adat-adat karuhun urang, urang Sunda, réa nu saluyu jeung ajaran agama

Islam. Komo dina palasapahna mah. Tapi lamun gelarna dina paripolah geus béda tina

palasapahna, éta mah dibeungharan baé ku maranéhna minangka insan nu hirup jeung

papadana. Minangka insan nu berbudaya téa, nu dipaparin budi akal ku Mantenna. Enya,

sakapeung mah réa nu siga papalingpang. Tah di dinya, urang kudu atina-atina, Utun.

Utun, ayeuna hidep geus nincak wayah usik, wayah malik. Ambu téh ngarasa eungkeut-

eungkeut deui, maju ka cageur. Ambu téh asa rada janglar deui, hudang deui, béar deui,

getihan deui. Enya sok ngarasa bagja ayeuna mah. Kieu maksud téh, Utun. Baheula ogé bagja

Ambu téh, komo sanggeus nyaho aya kahirupan dina beuteung. Tapi kabagja harita kalindih

ku ‘gering’ téa. Nyiram ngéléhkeun kabagjaan Ambu. Tah, ayeuna mah Ambu téh asa rék

cageur deui. Tangtu kabagjaan Ambu manglipet-lipet deui.

***

Aéh, Utun, karasa teu ajrug-ajrugan? Ambu ogé rada pepelengkingan, ieu téh, Ambu

keur aya dina karéta ieu téh. Enya, tadina mah hayang genah kana karéta téh, da disawang

Page 46: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

bakal ngageleser dina erélna. Heueuh, kapan erél karéta mah moal aya garékgok nu

nyababkeun ampul-ampulan gilinding kandaraanana. Tapi buktina? Sarua baé karasana ku

Ambu mah, matak enek. Na hidep téh atuh réwél-réwél teuing? Sénsitif pisan? Geus

puguhing kana sakabéh babauan mah, ieu…kana renjulna jalan ogé. Najan leutik, tapi

matakna mawa pohara. Cing tulungan Ambu. Sing bageur, sing ngajurung kana laku, nya!

Dina karéta Ambu téh. Rék ka dayeuhkeun. Dayeuh gedé. Kota nu pangraména di

Indonesia, cenah. Ti Bandung téh subuh naker Ambu téh. Poék kénéh, indung peuting masih

ngalimpudan dayeuh Bandung. Ambu téh ngalamun dina karéta, da neuteup kaluar meredong

kénéh atuh. Lalamunan téh kieu…kumaha lamun Ambu ngarang carita lalampahan dina

karéta. Meureun resep temen. Enya, Ambu téh sok hayang ngarang carita ngeunaan

kahirupan dina karéta. Tapi Ambu téh can apal lingkungan karéta, can apal bubuk leutikna

karéta. Kakara apal gerbong, piluit, péron, perewis, nu karitu baé. Heuheuh lucu, nya?

Naha Ambu maké hayang ngarang? Sualna, Ambu ngarasa salila lima bulan ieu Ambu

gering, teu bisa ngumbar imajinasi. Teu bisa ngumbar angen-angen. Teu bisa ngararasakeun

ni’matna hiji perjalanan. Ambu téh asa hayang baruntak, hayang ngabudalkeun sakabéh

imajinasi nu katalikung téa.

Lila Ambu ngahuleng. Horéng di luar geus rada caang. Cahaya panonpoé paselang

jeung sésa reumis nu haliber, mawa métapora nu kacida éndahna. Borélak-borélak panonpoé

nyaangan karéta. Cahayana keuna kana beungeut Ambu. Haneut temen, Utun. Sapanjang

liliwatan nu katingal téh ukur ‘bujur dayeuh’, enya pasisianana. Kapan kitu karéta mah. Tara

ngaliwatan puseurna, mipir wé, nyisir ka pasisian, ka padésaan, ka pagunungan. Meuntas

sasak beusi nu kacida panjangna. Ngaliwatan bédéng-bédéng butut, makam-makam, jarian,

leuweung leutik, kebon sampeu, sawah, jeung walungan-walungan nu geus kalimpudan

polusi.

Meureun Utun nanya, naha karéta mah jalanna ka nu kararitu, Ambu? Heueuh, Ambu

ogé teu ngarti. Ngan lamun dipatalikeun jeung sajarah ieu nagri mah, utamana di pulo Jawa

sigana aya korélasina, hubunganana. Kapan cenah kompeni muka erél karéta téh, guna

utamana mah pikeun ngangkut palawija jeung hasil kebon (entéh, karét, kina, paré, gula, jsb)

nu baris diangkut ku lori atawa karéta basajan. Diangkut ku Si Sepak Sengok atawa ku Si

Kuik téa ngaliwatan bubulak, mipir pasir mapay jungkrang. Da kitu kapan, ari ngaranna

pakebonan mah tara aya di tengah dayeuh.

Diakutan pakaya nagri téh, Utun, teuing dibawa ka mana, ka Batavia meureun, laju

dibawa ka Sunda Kalapa, diakut ti palabuan ka nagrina. Teungteuingeun, nya. Najan enya

ayeuna aya gunana jeung mangpaatna ogé, kasang tukang sajarah nu hideung mah, angger

Page 47: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

bakal tuluy ngahihileudan kana jiwa rahayatna. Kitu deui kasang tukang kahirupan hiji jalma

ogé, Utun. Bakal tuluy ngahihileudan kana jiwana nu teu bisa merdéka. Muga Utun mah sing

bagja. Lamun Gusti marengkeun, Ambu jeung Ayah hayang méré kabagjaan jiwa keur Utun

Inji, sangkan jiwa hidep bébas merdéka teu katalikung ku hideungna kasang tukang mangsa

bocah.

Utun, sigana karéta geus mimiti asup ka sisi dayeuh téa. Tuh sawahna nu makplak

satungtung deuleu karonéng buahna. Téréh panén sigana mah. Tuh, enya baé beulah ditu mah

keur ngagebot sigana téh. Leuh mani loba jalma nu mantuanana. Ti iraha maranéhna gawéna?

Ti subuh mula meureun, nya Utun. Mémang kitu patani mah. Hudang subuh balik burit.

Kadang mondok di sawah nunggu paré atawa néang cai.

Capé? Tangtu utun. Hirup mah capé. Tapi tina capé urang bakal ngarasa bagja.

Bingung, nya Utun? Tangtu bingung deuih. Da atuh boro-boro ngarti, medal ogé acan kapan.

Engké ogé, lamun Utun medal, hirup waras, hurip walagri nepi ka wayah ngarti, sawawa,

bakal surti kumaha ari hirup saéstuna. Heueuh salah Ambu, siga ka nu hideng baé, cacarita

téh. Tapi keun baé, ieu mah itung-itung ngawahan sangkan panalar jeung pangaweruh hidep

dina waktuna jembar jeung guna pikeun manusa séjénna.

Tah Beulah dieu mah sawahna ancal-ancalan, diwates ku bénténg. Pabrik meureun.

Tuh, da enya, katingal pisan cai limbahna dipiceun ka walungan. Emh, teungteuingeun deui

baé. Paingan sawah nu deukeut pabrik mah goréng kitu jadina. Ngaranggas, Utun. Sigana dua

tilu taun nu bakal datang mah, sisi dayeuh nu tadi ogé bakal keuna ku industrialisasi.

Naha nya, Ambu mah teu ngarti, pamaréntah daérah kalah méré idin ka pangusaha

pikeun ngadegkeun pabrikna di wewengkon nu subur jeung léndo, cocog pikeun pasawahan

pakebonan? Naha kalah méré idin téh di tanah nu kitu. Lain di ditu…di tegalan di

wewengkon nu jauh jeung daérah agraria masarakat.

Ieu mah industrialisasi dipaksa téh saenyana. Antukna sagala teu nincak kana lebahna.

Tatanan kahirupan masarakat barobah kapaksa. Kapan ruksakna fisik mawa akibat kana

ruksakna psikis. Méntal masarakat robah, kapaksa jeung dipaksa. Antukna Indonesia teu

mangrupa da robahna teu alamiah téa. Lamun nu hudang téa mah lain dililirkeun, diusap,

diguyah-guyah. Tapi kalah dibanjur, digebug, disentak, disépak, digentak. Antukna sawan,

ilang pangacian. Nu ngari, olohok molohok, lulungu. Ninggang di sadar, ambek

ngagugunung. Ambek nyedek tanaga midek. Lila-lila baruntak, anarkis téa antukna.

Ah nya éta, Utun. Kudu kumaha jeung ti mana ngamimitian deuina, sagalana geus hésé

dirobahna Urang tengetan baé, bari hojah sabisa-bisa. Da euweuh guam pisan mah, arca

Page 48: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

meureun disebutna. Kapan urang manusa, Utun. Nu nyababkeun budaya jeung nyiptakeun

budaya. Utun gé, bakal kitu, jaga.

Aéh-aéh, geus nepi ka biwir dayeuh geuning, Utun. Naon cing cirina? Meureun Utun

pansaran. Itu tuh… tingal pagaliwota jeung patali marga kahirupan mani paciweuh kitu.

Sibuk téa. Jam sabaraha nya? Paingan, jam satengah dalapan leuwih saeutik geuning. Keur

meumeujeuhna manusa téh ngudag pakasabanana ka unggal pongpok angin. Ciri

séjénna…naon cing, Tun? Tuh…runtah jeung limbah tingtalambru di unggal juru. Kahirupan

kucel, cakueum, kusam. Béda baé jeung di pasisian mah, nu caang, béngras, taya polusi nu

ngalimpudan rohang dada manusa-manusana.

Utun…geus karasa nya? Tangtu. Ambu ogé geus lapar ieu téh. Ééh, peujit koréseun

geuning Utun téh. Heueuh lain Utun meureun, Ambu. Da geus nincak wayah sasarap atuh,

Tun. Ceuk Wa Édi téa mah di Nagrak Sukabumi; wanci mumuluk euy! Tutug uyah sagedé

peureup kolot, dibuleud-buleud, dibungkusna ku daun cau manggala meunang ngaleumpeuh.

Di luhureun tutug, sangray sirinding jeung sambel tarasi medok kenging Ema. Uyut nyebutna

hidep mah meureun. Haduh ni’matna, Tun. Seuhah tapi col deui col deui kana sambel.

Ngariung saanak incu Ema Taaara unggal usik mah, tapi mimindengna kitu. Kitu Utun,

Ambu mah baheula. Hareupeun hawu éta téh, saméméh miang tolab élmu ka sakola dasar.

Teu wudu hurip walagri geuning, Utun, malah ayeuna bisa ngakandung Utun.

Ambu mah turun di setasion kahiji ieu téh. Kapan rék ka dinya, ka Jalan Salémba. Jalan

nu pinuh ku moméntum perjuangan pisik nepi ka jaman réformasi, Utun. Loba pisan dongéng

Ambu téh. Engké deui urang guar hihi-hiji. Engké lamun utun geus jadi budak.

Jam dalapan kurang saparapat, ayeuna téh. Piluit tanda eureun di setasion Jatinegara

geus disada tah. Ké sakeudeung, Ambu bébérés heula, bisi aya nu tinggaleun atawa mik-ap

teu matut, éra temen, engké Ambu. Geus puguheun beuteung mah mendeyang, bentelu ku

Utun, atuh beungeut-beungeut teu camérong.

Da geulis mah henteu Ambu téh, ngan manis wungkul meureun, heuheuh. Tapi cenah

Tun, manis mah sok geulis, sedeng geulis mah can tangtu manis. Matak lain Ayah hidep

wungkul baheula nu ehem téh. Ngan nu wani jeung tanggung jawabna; wungkul manéhna.

Nu séjén mah aringgiseun. Duka ku naon. Ceuk kolot nu kungsi diwawancara disungsi

élmuna ku Ambu mah kieu omonganana téh.

“Nénéng mah beurat ajina. Pameget-pameget sérabeun ku Nénéng. Seueur pisan nu

palayeun, namung arisineun. Anu jodo sareng Nénéng mah, waja sorotna…,” anéh nya Tun.

Kapan nu nyorot mah cahaya atawa mun nu ngaborélak téa mah inten jeung emas.

Bolongkotan. Emas nu ayeuna hargana apung-apungan, tapi da Ambu gé resep. Hé hé hé…

Page 49: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Ieu téh kalah ngadongéng ka mana-mana. Heup heula, nya, Tun. Karéta geus eureun

ayeuna mah. Bismillah Ambu ngucap du’a, muga dipaparin kasalametan ku Gusti Alloh di

dayeuh Jakarta. Babadagna lelembutna Ambu jeung Utun-Inji, hayu urang turun. Amin.***

Parongpong, 13 September 2000.

(Tina Manglé, No. 1782)

Tina: http://bujanggamanik.wordpress.com/2007/12/27/dongengeng-dongeng-ambu/#more-

120

Page 50: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

RENGHAP EULIS

Meusmeus regot, meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK.Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè.

Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah tangga tèh, Eulis. Sakuat-kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan.

Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut ngaheureuyan. Ki Momon aki-aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus.

Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela dina jero dada.

Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel ngodokan saku bajuna.

Di belah wètan, Nini Ocih katempo nalaktak gugurawilan dina tangkal jambu nu Haji Uyud, jiga nu hayang dibandring. Si Akina bangun nyalsè ngabaheuhay niup suling gigireun tangkal. Kolot di lembur mah gening mani jaragjag, pait daging pahang tulang, teu kawas kolot di kota nu saeutik-saeutik geuring nyangsaya.

Nempo maranèhna, kuring ujug-ujug inget ka umur sorangan nu bakal ngolotan. Jiga daun garing. Jiga warna panon poè nu rèk nyumput. Kuring hayang mèakeun umur di lembur, nempo alam nu weuteuh maplak pepelakan. Hiliwir angin tibelah gawir. Ngan hanjakal Eulis geus teu ngilu diuk gigireun kuring…

*** Nepika poè isukna, pikiran tèh masih pajeujeut. Kudu timana heula ngamimitian sangkan hirup bisa robah. Jiga kamari, wanci haneut moyan, kuring geus ngadaweung hareupeun imah. Sora hayam silih tèmbal. Sakapeung kadèngè sora domba Mang Dadang belah girang nèmbalan lagu dangdut ti imah Kang Maman. Kuring saukur bisa nempo nu pareng lalar liwat di jalan. Leng pikiran nguliat deui. Panon geus cangkeul tetempoan. Hatè geus teu

Page 51: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

genah rarasaan. Imah leutik geus teu kaurus. Pakarangan balatak. Tikotok tingarenclo di buruan.

Tibaheula kuring sok ngandelkeun pamajikan nu ngurus imah. Dipikir-pikir mah naon salahna ngurus rumah tangga mah ku opat leungeun, ambèh pamajikan teu ngarasa digawèkeun. Apan èta mah geus kawajiban pamajikan, lin? Tapi naon kawajiban kuring ka Eulis salila ieu? Kalangkang Eulis kokolèbatan, teu welèh kacipta dina ingetan, peureum kadeuleu benta karasa.

Duh, Gusti, euweuh pamajikan mah hirup tèh asa cicing sorangan di jero sumur nu poèk. Lamun sangheuk leuleumpangan, kuring sok ngadon ngahuleng sisi walungan gedè. Nyawang pikahareupeun. Naha bet jadi ngeleper kieu hirup tèh? Sarua ngeleperna pareng nyanghareupan Pa Junaedi bandar kai nu teu bosen jeung teu poho nagih hutang ka kuring. Sajeroning kokolèbatan kalangkang Eulis, sakapeung kalangkang Pa Junaedi sèsèlèkè ngawur kapaur dina pikiran kuring. Halah kèder hatè tèh lamun nempo Pa Junaedi ngamang-ngamang bedog rèk nagih hutang. Nempo ramona gè sagedè gedang. Mun diteunggeul ku manèhna tangtuna kuring jehjer, teu walakaya. Panonna bolotot. Huntu gè sakitu wewegna, tangtu cilaka mun ngègèl. Puringkak bulu punduk kuring nulak taktak.

Hariwang, melang, sieun teu welèh nyiksa, baur jeung kapaur milampahan hirup kahareup. Sok hayang ujug-ujug beunghar, ngalayah duit di tengah imah. Sok kabita nempo Haji Daud nu loba harta. Mobilna dua jeung imahna dua umpak. Mun balik gawè tèh sok angkaribung ku bawaan. Leungeun pamajikanna gè reunceum ku barang mahal. Leng pipikiran dungdeng rinyay tetempoan. Nyel ambek.

Teuing geus sabaraha lila kuring diuk sisi walungan. Sora cai walungan lir ibarat sora getih nu ngagolak nyaksrak jero awak. Kuring ngarènghap panjang. Eungap, nahan amarah nu teu daèk ingkah. Karasa leler deui kaambek tèh. Kuring melong langit jeung tatangkalan. Kuring nempo Neng Marni jongjon nyeuseuh luhureun batu walungan. Sok ngadadak inget ka pamajikan. Kuring nyegruk ceurik.

“Kunaon, Delon? Kawas cucurut kaibunan waè…” kadèngè aya nu nanya ti tukangeun. Kuring ngalieuk. Brah ki Dede keur ngangkat calana. Buukna dipolès beureum. Kuring ukur seuri konèng, tuluy nyumputkeun beungeut, nahan inghak. “Ceuk kuring gè naon, tong loba nonton sinètron, jadi wè teu kaopan.” Ceuk ki Dede bari tuluy ngarandeg hareupeun kuring. “Pohokeun awèwè kitu mah, nèangan deui wè.” Pokna bari tuluy leumpang rusuh muru walungan.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh?” kuring nanya. “Puguh acara gaplèh gè di pause heula, teu kuat hayang miceun.” Ceuk Ki Dede bari ngalieuk ngusapan beuteung sorangan. “Tong miceun didinya, di hareup aya Neng Marni keur nyeuseuh.” Ceuk kuring bari nunjuk Neng Marni nu masih jongjon nyeuseuh. “Watir, ètana palid ka Neng Marni.” “Baruk aya nu nyeuseuh?” ki Dede ulak-ilik. “Baè ah, ieu mah darurat.” Pokna bari morosotkeun calana. Kuring nangtung bari gogodeg, tuluy ngalèos rèk balik. Katempo panon poè eumeul-eumeul. Tikajauhan kadèngè Neng Marni ngagorowok. “Ema! Ki Dede ngarudal!” “Hampura Nyai! Ieu mah teu bisa di pause!”

Page 52: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

*** Reup maghrib. Jelema jul-jol ka tajug rèk solat maghrib. Kuring ti tatadi geus nempo Aki kuring sila nukangan. Sok jadi sedih. Iwal Aki Dasmi nu masih deukuet jeung kuring ayeuna sanggeus pamajikan ninggalkeun kuring, sanggeus kabeh ninggalkeun kuring. Rèngsè solat, Ki Dasmi nyampeurkeun kuring nu anteng sila. Gèk manèhna diuk nyanghareup kuring. “Geus tilu poè kuring nempo ilaing loba ngahuleng. Mikiran pamajikan, lin?” Ki Dasmi miheulaan ngomong. Kuring ukur bisa ngeluk tungkul. Ki Dasmi ngarènghap panjang. “Yeuh, lamun jodo mah si Eulis tangtu balik deui. Nya kitu deui lamun teu jodo, wayahna.” Pokna. Kuring beuki ngeluk. Geumpeur nahan kasedih. “Tapi nu penting mah ayeuna, kumaha ilaing satèkah polah ngayakinkeun pamajikan.” Ceuk ki Dasmi nuluykeun.

“Ki, kuring geus dua kali jauh-jauh panjang gagang ngadatangan pamajikan ka Jakarta sangkan bisa riung mumpulung deui di lembur, tapi diolo gè embungeun deui balik ka lembur. Kuring geus merul ngirim surat maksud ngayakinkeun, tapi hasilna kieu. Kuring hayang akur deui, tapi manèhna geus ngomong teu betah rumah tangga jeung kuring. Kuring geus pegat harepan.” Ceuk kuring dareuda. “Ilaing boga salah naon ka pamajikan?” ki Dasmi nanya semu heran. Kuring ngabetem. “Nya sanggeus di PHK tèa, Ki, kuring jeung pamajikan pasèa waè.” Ceuk kuring “Aèh, lain geus opat kali ilaing di PHK tèh, tapi baheula mah pamajikan teh teu kabur. Malah mèrè sumanget, lin?” Ceuk Ki Dasmi heran naker. “Naha ayeuna mah bet kabur?” “Pangpangna mah sanggeus pamajikan nyahoeun kuring gedè hutang ka Pa Junaedi.” Ceuk kuring beuki ngeluk.

“Baruk ilaing boga hutang?” Ki Dasmi semu nu reuwas. Kuring unggeuk. Ki Dasmi ngarènghap panjang. Sakapeung mah batuk ngohkoy. Teu karasa geus asup solat isya. Ki Dasmi nangtung ngajak solat bareng. Rèngsè solat Ki Dasmi ngajak kuring ka imahna. Peuting ayeuna Ki Dasmi mènta kuring maturan manèhna. Di tengah imah lampu bohlam koneng ayun-ayunan katebak angin nu asup tina liang para imah. Cahyana oyag-oyagan nyieun kalangkang dina bilik. Samak diamparkeun, kuring jeung Ki Dasmi dariuk, tuluy Ki Dasmi ngawangkong deui.

“Jang, tong hariwang ku hutang; lamun daèk ngèsang mang tangtu katalang. Tong melang ku kahayang; lamun kabayang mah tangtu kasorang. Tong pegat harepan. Kudu dileukeunan nya, urang kudu sabar jeung daèk ngèsang. Jang, hirup mah mun teu ngoprèk moal nyapèk. Kadè, mun pareng aya masalah, tong ditèmbal ku amarah. Kudu merenah mikiran jeung mèrèskeunna. Omat tong luhur teuing ngukur, lantaran hirup mah kacegat umur jeung liang kubur…” Jempling sajongjonan.

“Jang, tong loba ngahuleng teu puguh, arèk mah ngeunteung katukang. Kudu diajar bungah dina susah, sangkan teu guligah. Tong nyapirakeunn kasalahan leutik, mun seug ngumpul mah sok hèsè ngerik. Lamun meunang rijki, kudu bisa ngeureut neundeun. Jang, kadè kudu somèah ka sèmah, akur jeung dulur salembur. Tong sombong, tong jahat ka sasama, tong nganyenyeri hatè batur. Omat, Jang, robah lampah. Poè ayeuna kudu leuwih hadè batan poè kamari. Poè isuk kudu leuwih hadè batan poè ayeuna. Cag geura niatkeun hirup bener…” Ceuk Ki Dasmi. Kuring nyuuh kanu jadi Aki. Sumegruk ceurik.

“Jang, ieu tarima duit ti kuring.” Ceuk Ki Dasmi bari mikeun kaen coklat. “Kuring tibaheula ngumpul-ngumpul. Susuganan jaga mangpaat, boh ka kuring sorangan, boh ka dulur.

Page 53: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

Tibaheula gè kuring mah embung makè duit kaleuleuwihi, mangkana awèt. Tarima, Jang. Tong ngarasa kasinggung.” Pokna. Kuring olohok. Ki Dasmi muka tali kaèn, katempo duit ti mimiti nu lecek nepika nu heuras ngagulung dibeungkeut karet.

“Duit halal ieu mah, Jang. Ladang kèsang…Sugan wè bisa ngalunasan hutang ilaing.” pokna. Leungeun kuring ngadègdèg narimana. Sabot kuring masih olohok nempo duit, Ki Dasmi ngagolèdag sasarèan. Manèhna neuteup lalangit. Kuring ngilu ngagolèr gigireunna bari teu ngiceup neuteup duit dina leungeun. “Ki…” “Jang, tong hariwang ku hutang ka jelema. Hutang nu kudu dipikamelang mah nyaèta hutang ka Gusti Nu Maha Agung.” Ceuk ki Dasmi. Sorana laon. “Hutang ka Gusti? Hutang naon, Ki?” “Hutang kahirupan.” “Kunaon mayarna, Ki?” “Ibadah jeung amal hadè…”

Peuting beuki jempling. Reup kuring peureum. Poèk. Teu karasa kabèh dunya pareum dirawu peureum. Sajorelat pikiran jeung rarasaan nyawang dina jengkal sarè. Inget-inget geus bedug shubuh. Adan geus ngahaleuang ti tajug. Tong reuwas lamun jempling peuting bisa nyarita nu leuwih singget tur pinuh rasiah sual kahirupan jeung pilampaheun, nu sapanjang janari nepika sareupna dipikiran panjang, dipilih-pilih, dipajang, ditimang-timang…

“Aki!!!” kuring ngagorowok meupeus simpèna shubuh. Rugap-ragap awak Ki Dasmi nu ngajelepeng tiis teu usik-usik. Jul-jol jalma daratang muka panto imah. Innailahi wa innailahi Raoji`uun…

*** Gusti, umur mah anjeun nu ngatur. Umur ngora bisa waè isuk maot. Aki Dasmi mulang, beuki melang wè kuring hirup sorangan. Saha deui nu bisa raket deui jeung hatè kuring ayeuna? Kuring leumpang sorangan ngajugjug ka walungan. Rumangsang beurang maheutkeun deui kamelang. Kuring nangtung sisi walungan. Katempo ki Dede hanjat ti walungan. Manèhna nalikeun tali kolor, tuluy teurab mani beurat.

“Rèngsè ngarudal, Ki?” kuring nanya. Manèhna unggeuk. “Sabar nya Jang. Tibaheula ki Dasmi sobat kuring.” Ceuk Ki Dede bari nepakan punduk kuring. Manèhna ngalèos ngajugjug jalan. Karasa deui tiis deui rarasaan, simpè hatè najan sora cai walungan kadèngè tarik. Leuleus hirup, ngudupruk sumanget. Asa lila deui rèk nabeuh harepan tèh. Kumaha ngamimitian hirup lempeng deui, heuras deui, sumanget deui? Kuring ngarasa hirup sorangan di dunya tèh, jiga batu, jiga gebog cau nu palid di walungan…

“Kang…” kadenge aya sora halimpu titukangeun kuring. Kuring ngalieuk. “Eulis?!” kuring reuwas naker. Gusti, ngimpi lain ieu teh? Pamajikan geus aya hareupeun. Rarayna marahmay. Eulis nyuuh ka kuring.

“Hapunten, Kang, hapunten Eulis salami ieu ninggalkeun Akang. “ ceuk Eulis peura, nyegruk ceurik. Cipanonna haneut dina leungeun jeung pingping kuring. Teu karasa kuring cirambayan. Gabrug tèh kuring nangkeup pamajikan mani pageuh. Kuring bungah pisan pamajikan daèk balik deui ka lembur. Kuring jeung pamajikan namplokeun kasono nu salila dua bulan teu panggih.

Page 54: Adejuve.wordpress · kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh

“Hapunten, Kang, hapunten Eulis.” Ceuk Eulis nginghak. Kuring duaan nangtung pahareup-hareup. “Eulis, sami-sami hapunten Akang. Ti ayeuna mah urang tong pipisahan deui nya?” ceuk kuring peura. Eulis unggeuk, inghak-inghakan nahan ceurik. Kuring tuluy ngalèng pamajikan ngajak leumpang. Sapanjang jalan kuring duaan silih teuteup pinuh kasono. Di jalan paamprok deui jeung Ki Dede. “Walah, balik deui Eulis? Panyana tèh geus kawin jeung urang kota.” Ki Dede ngarandeg melong pamajikan kuring.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh? Rèk ngarudal deui?” kuring nanya. “Tadi ngarudal, hilap teu cebok.” Pokna bari lumpat, tuluy ngajleng ka walungan. Kuring jeung pamajikan silih pelong nempo kalakuan Ki Dede. Manèhna imut ngagelenyu. Gusti, teuteup Eulis karasa iuh. Seuri Eulis karasa haneut. Kuring asa katumbu umur ku Eulis. Sapeupeuting, rènghap Eulis lir ibarat simbut. Di luar imah, sora tarompèt kadèngè silih tèmbal. Geus ganti taun…

Sumber: http://gw-hd.saungdedimlyd.web.id/sastra-budaya/carita-pondok-carpon-bahasa-

basa-sunda-renghap-eulis.html