kadaharan & kaolahan - file.upi.edufile.upi.edu/direktori/fpbs/jur._pend._bahasa_daerah/... ·...

29
KADAHARAN & KAOLAHAN

Upload: tranphuc

Post on 02-Mar-2019

708 views

Category:

Documents


4 download

TRANSCRIPT

Page 1: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

KADAHARAN & KAOLAHAN

Page 2: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Naon atuh ari kadaharan téh?nya éta nya kadaharan atawa kadaharan téh bahan nu ku urang bisa didahar atawa anu bisa nyeubeuhkeun beuteung sangkan teu lapar (james danandjaja)

Cara Meunankeun Kadaharan :

Langsung diramu ti alam sapertingaramu,diburu,jeung ku miara lauk atawa sasatoanlaut anu bisa didahar.

Ku cara melak sagala pepelakan di sawah,kebon jst.

KADAHARAN RAHAYAT

Page 3: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Numutkeun Levi-Strauss dina buku nu judul na Mytholoque 1: le cru et le cuit(metologi ,aya nu atah jeung nu asak) taun 1964,“negeskeun yén manusa téh sacara universal resep namah ngolah kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah heula”(Koentjaraningrat).

Page 4: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Istilah Anu Patali jeung Ngolah Béas- Napi : meresihan béas atawa jeung nu séjénna make nyiru anu tujuanna sangkan kokotorna (huut,keusik,sérahna) kapiceun.- Ngaheler : ngabéaskeun pare make mesin hélér.- Nutu :ngabéaskeun make halu atawa ngabubukeun béas népi ka jadi tipung.- Pakakas anu dipakéna nyaéta halu jeung lisung atawa jubleg.

Page 5: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Istilah Anu Patalina jeung Nyangu- Ngisikan : meresihan béas ku cai, digiles ku leungeun, diwadahan kana boboko saméméh diasakan.- Ngagigihan : ngagodog béas népi ka ngagolak, tuluy dituuskeun sangkan béasna beukah jadi gigih atawa nyeupan béas dina aseupan, tuluy diasupkeun kana cai ngagolak,diantep sina jadi gigih.- Ngarih : ngaduk-ngaduk gigih ku pangarih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya beukah.- Nyeupankeun : ngasupkeun gigih kana aseupan tuluy sina asak atawa sina panas deui.- Timus : sangu dina aseupan anu geus nyerebung saabna nandakeun geus asak. - Ngakeul : ngurah-ngaréh sangu nu kakara ditamplokeun tina aseupan bari diteueul jeung dihihidan.- Nimbel : ngawadahan (ngalulun) sangu ku daun cau sangkan leuwih pulen.- Ngahaneutkeun sangu : manaskeun deui sangu sangkan teu karasa teuas atawa beueuy.- Ngagoreng sangu : ngasakan sangu maké minyak, dicampur bawang beureum jeung uyah.- Nyangray sangu : ngagoreng sangu teu maké minyak.

Page 6: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Rupa-rupa Sangu- Buceng : timbel congcot, sangu haneut digulung ku daun cau.- Congcot : sangu anu diakeul, ditamplokkeun tina aseupan,jadi nyungcung persis jiga aseupan.- Sangu anyar : sangu tina béas anyar panén atawa dibuat.- Sangu bear : sangu anu muruluk,rada heuras,lantern ngisikana kurang cai,atawa béasna nu kurang hadé.- Sangu beueuy : sangu beyé, pédah nyanguna atawa ngagigihanna loba teuing cai.- Sangu heuras : sangu anu rada lantaran ngagigihan kurang cai - Sangu ketan : sangu nu dijieun tina béas ketan.- Sangu wuduk : sangu anu digigihan maké cipati,dicampur daun salam ngarah seungit, minangka deungeunna dadar endog, bonteng, jeung goreng bawang.

Page 7: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Deungeun Sangu2.3.4.1 Anu bahanna tina tutuwuhan

- Angeun haseum : papasakan pikeun deungeun sangu, dijieun tina bahan sarupaning daun tangkil ngora,tangkil, jagong ngora, waluh, térong, kacang panjang,disamaraan uyah,gula,asem.

- Angeun kacang : papasakan pikeun deungeun sangu, bahanna kacang beureum,samarana uyah,gula, asem,make laja.

- Bihun : kadaharan sabangsaning soun, dijieunna tina tipung béas, siga emih,warnana bodas biasana sok dipaké nyampuran kaolahan sayuran atawa dicampur jeung emih baso.

- Emih : kadaharan saperti bihun,soun,dijeunna tina adonan tarigunu dicampur ku endog,jeung cai sacukupna,sanggeus diaduk rata,digiling sangkan mangrupa tali.

- Emping : kadaharan sabangsaning kiripik tina bahan tangkil anu dikulub atawa disangray,sanggeus dipékprék sina ipis tuluy dipoésina garing.

- Karédok : kadaharan loték anu bahanna tina lalab atah sabangsaning engkol,bonténg,saladah,terong, jeung nu séjénna.

- Loték : kadaharan anu bahanna tina sabangsaning lalab asak jiga engkol,bonteng,saladah,terong jeung anu séjénna.

Page 8: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Oncom : kadaharan anu dijieun tina bungkil (hampas suuk) makéragi sangkan bulukan.

- Pais suung : kadaharan tina suung nu dicampuran ku samara bawang jeung uyah,dibungkus ku daun cau, ngasakanna dibubuy atawa diseupan.

- Sambel : ngaran deungeun sangu anu biasana maké céngék atawa cabé supaya lada,bahanna rupa-rupa : sambel tarasi,sambel oncom,sambel muncang,jsté.

- Sambel goang : sambel anu dijieunna tina céngék jeung uyah hungkul,disebut ogé sambel tolényéng.

- Semur jengkol : sarupa kaolahan jengkol,samara luluguna pala jeung pedes.

- Tahu : kadaharan anu dijieunna tina kacang kadelé atawa kacang jepun; takoah.

- Tauco : kadaharan has urang cianjur,bahanna tina kacang kadelé.- Témpé : ngaran kadaharan sarupa oncom tina kacang kadelé,sok

aya oge nu nyebut oncom témpé.- Ulukutek leunca : kadaharan anu bahanna tina leunca jeung

oncom,dioseng make samara.

Page 9: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Anu bahanna tina daging- Abon : daging meunang kulub nu disuiran,sarta disamaraan terus digoréng

nepi ka garing. Disebut ogé sawud.- Bakakak : panggang hayam atawa manuk teu disempalan, beunang meulah

palebah dadana,tuluy disina mébér.- Bistik : sabangsaning kaolahan daging,daging kulub dirorojan heula ku garpuh

tuluy disamaraan,digolotrokna maké cipati,geus hipu dijait.- Dééng : disebut ogé déngdéng atawa kéré, sabangsa daging meunang

nyiksikan araripis terus dibungbuan katuncar,uyah, gula beureum, asem, tuluy dipoé sina garing,ngasakanna digoréng.

- Empal : angeun maké daging sarta dicampur kelewek,disebut ogé angeun hideung.

- Gepuk : asakan tina daging meunang ngulub,disambaraan,tuluy digoreng biasana dipurulukan sarundéng.

- Gule : angeun anu bukurna biasana daging domba disamaraan konéng,cipati jeung sambara sejénna sapuratina.

- Kéréwédan : pasisian daging anu liat, biasana daging sapi rea kéréwédna,ngasakanna sok digoréng atawa dijieun sop.

- Opor : kadaharan anu dijieunna tina daging hayam,ngasakanna dikulub dibarengkeun jeung samara sarta make cipati..

- Saté : beuleum daging bisa domba atawa sapi biasana daging dipanggang ku tusuk saté tina awi atawa ku nyéré,disamaraan suuk,bawang,kecap,jeung samara séjénna sapuratina.

Page 10: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

3 Anu bahanna tina lauk- Asin : kadaharan sabangsaning lauk nu diawetkeun ku cara

dipoé,dicampur uyah,rasana asin.- Buntil : kadaharan nu dijieun tina daun sampeu atawa daun

gedang anu digulungkeun ditengana maké parud kalapa dicampur teri,disamaraan jeung dicampur cipati.

- Cobék belut : pasakan belut meunang ngagoréng anu dicampur jeung rendos céngék,bawang beureum disiksikan jeung kécap.

- Pais lauk : pasakan sabangsaning lauk dibungkus ku daun cau,ngasakanna dibubuy atawa diseupan.

- Pindang : pasakan tina sabangsaning lauk meunang ngagodog lila nepi ka hipu kana cucuk-cucukna.

- Sardencis : lauk laut sarupaning lauk sarupa lamuru nu disamaraan sapuratina,diasupkeun kaléng nu diségel.

Page 11: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

5 Istilah Ngasakan- Mais : ngasakan kadaharan ku cara diseupan atwa dibubuy,saméméhna dibungkus heula ku daun cau.. Nu dipais biasana lauk,hayam,oncom,jsté.- Manggang : ngasakan kadaharan make panggangan luhureun ruhak, dibulak balik sangkan teu tutung,biasana opak,lauk,jagong, jsté.- Meuleum : ngasakan kadaharan diluhureun ruhak atawa seuneu,biasana sate,asin,tarasi, tomat.- Mubuy : ngasakan kadaharan ku cara ngasupkeun kana jero lebu panas biasana sampeu, hui, papaisan.

- Ngabakar : ngasakan sarupaning kadaharan diluhureun ruhak atawa seuneu.- Ngabangkerok : ngasakan sabangsa kadaharan tina ketan nu dicampur parud kalapa dina katél panas nu diulasan minyak kalapa atawa mantega (cara ngasakanna siga liwet tapi diarah kerakna).

Page 12: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Ngabolostran : ngasakan béas ku cara ditim,diwadahan kana rantang atawa palastik anu dibolongan make panitih,biasana cainarada loba,diantep teu dikulah kaleh model ngabubur. Pikeun daharjalma nu karak hudang gering.- Ngagoréng : ngasakan sarupaning olahan kadaharan dina katél make minyak kalapa.- Ngaliwet : ngasakan béas dina kastrol,dalung,atawa panci kalawan teu digigihan heula (teu diseupankeun).- Ngulub : ngasakan sarupaning kadaharan ku cara digodog dina cai ngagolak.- Nyangray : ngasakan sarupaning olahan dina katél panas nu teu maké minyak.- Nyeupan : ngasakan sarupaning kadaharan nu ditaheunkeun diluhureun cai ngagolak,saperti dina luhureun sarang langseng jeung aseupan luhureun sééng.

Page 13: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

6 Kadaharan Tradisional Sunda2.3.6.1 Anu bahan pokona tina béas- Bacang : kadaharan sabangsa leupeut,dijieunna tina béas beunang ngagigihan,biasana maké jeroan mangrupa daging ragot (daging jeung sayuran ) ,dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang bodas.- Bongko : lontong gedé saperti anu aya di tukang soto atawa kupat tahu. Tapi disawatara daérah nu disebut bongkoh téh sabangsa lontong gepokkan atwa anu gépéng dua patangkod-patangkod ditalian.

- Leupeut : kadaharan anu dijieun tina béas ceré atawa ketan dibungkus ku daun cau sok dikacangan.ngagodogna alusn maké cai apu.- Loganda : sabangsa lontong (di daérah Subang),dijieunna tina béas beunang ngarih,ngasakanna digodog.- Tangtang angin : kadaharan sarupa leupeut juru tilu dibungkus ku daun tamiang.

Page 14: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

-Bubur beureum : bubur anu dijieunna tina béas nu dicampur gula beureum jeung cipati,biasana sok aya dina acara salametan méréngaran budak.- Bubur bodas : kadaharan tina béas,ngolahna digodog ku cai atawa cipati nepi ka méh ancur.

-Bubur Lemu-Buras/uras : kadaharan anu dijieunna tina béas nu digigikeun heula, sok dikalapaan atawa dicipatian.dibungkus ku daun cau dibuleudkeun saperti lontong ngan parondok.- Kupat : kadaharan anu bahanna tina béas meunang ngisikan, diwadahan kana daun kalapa meunang nganyam ngawangun pasagi opat, diolahna dikulub.- Leumeung : kadaharan has Pandéglang,dijieunna tina béas ketan anu diasupkeun kana ruas awi baseuh (anu anyar nuar ),ngarah henteu gampil hurung dibeuleuna.

Page 15: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

2.3.6.2 Anu bahan pokona tina tipung béas- Ali agrem : kuéh cingcin, dijieunna tina tipung béas, kalapa parud sangray,uyah,gula bodas,gula beureum,cai.jeung minyak.- Apem : kuéh mangkok,dijieunna tina tipung béas dicampur tipung sagu jeung cipati. Ari bahan biangna tina ragi instant,cai jeung tipung béas,bahan siropna tina gula bodas jeung cai kalapa ngora.- Awug : kadaharan tina tipung béas,diseupan boh digulaan boh henteu,biasana sok dipurulukan kalapa.- Bibika : kadaharan anu dijieun tina adonan tipung sagu tapioca,gula bodas,konéng,endog,vanili,cipati kentel,daun pandan,kulit jeruk purut jeung minyak goring atawa pawarna konéng disebut oge bika ambon.- Bubur lemu : kadaharan anu dijieun tina tipung béas. Diolahna aya ogé nu sok dicampur cipati jeung gula beureum.- Burayot : kadaharan anu arasana amis tina tipung ketan atawa béas dicampuran gula beureum jeung cipati,ngasakanna digoreng ,bagian luarna garing jerona rada hipu.- Cara : kadaharan anu dijieun tina tipung béas dicampur gula jeung cipati,wangunna siga surabi tapi leuwih leutik,diasakanana dina citakan.

Page 16: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Cipuk : kurupuk atah anu dicampuran ku aci tuluy dicaian, wangunna kotak, dipoé nepi ka garing,ngasakanna digoreng.- Cuhcur : sabangsa kuéh nu rasana amis,dijieunna tina tipung béas dicampur cipati jeung gula kawung,wangunna buleud,tengahna rada munu’u,ngasakanna digoreng.- Jojongkong : kadaharan tina tipung béas dicampur gula beureum dicampur kalapa ngora meunang ngerok,dipincuk ku daun cau,ngasakanna diseupan.- Koléang muncang : kadaharan has Pandéglang,sabangsa rémpéyék,ipis jeung rangu dijieun tina tipung béas maké cipati,bungbu jeung kacang hejo tuluy digoreng,biasana didahar pikeun deungeun sangu.- Laksa : sabangsaning kadaharan tina bihun dicampur ku angeun konéng,dicampuran ku oncom jeung surawung.- Nagasari : sarupaning kadaharan anu rasana amis dijieunna tina tipung béas dicampur gula bodas, ditengahna maké cau, dibungkus ku daun cau,ngasakanana diseupan.- Pais bakatul : pais bubuk kulit ari (kulumud) béas panutuan,ngasakanna di pais dina lebu atawa diseupan.

Page 17: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Papais : kadaharan nu dijieun tina tipung béas dicampur cipati,dibungkusan ku daun cau ngasakanana diseupan.- Pasaung : kadaharan has Pandéglang dijieunna tina tipung béas ketan dicampur cipati,gula beureum (nu amis ),goréng bawang (nu asin) dibungkus ku daun cau wangunna kerucut diseupan, rasana aya nu amis aya anu asin.- Peucang : kadaharan nu dijieun tina sampeu jeung kacang (leupeut kacang) dibungkusna ku daun cau ngasakanana diseupan.- Semprong : ngaran kuéh sabangsa simping anu digulungkeun siga songsong leutik.- Sorabi / surabi : kadaharan anu dijieun tina tipung béas jeung cipati, ngasakanna dina citakan surabi nu dijieun tina gagarabah.

Page 18: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

2.3.6.3 Anu bahan pokona tina béas ketan atawa tipung ketan- Angléng :kadaharan sarupa wajit tina tipung ketan,dibungkusna biasana ku upih atawa kararas.- Bugis : sabangsa amis-amis tina ketan (tipung ketan dieusian entén),dibungkus ku daun cau sahuapeun,diseupan.- Dodol : kadaharan anu amis – amis dijieunna tina ketan dicampur cipati,digodog nepi ka liket,diwangunna dikeureutan atawa di emplé-emplédumasar kahayang.- Gemblong: kadaharan nu dijieun tina adonan tipung ketan bodas atawa ketan hideung beunang ngagoréng, dibalur ku kinca gula beureum atawa gula bodas- Jalabria: kadaharan anu rasana amis, wanguna buled siga ali agrem, dijieuna tina tipung hideung, ngasakanana digoréng, meunang ngagoréng diasupkeun kana kinca warna bodas- Jiwel: kadaharan anu dijieuna tina tipung ketan, dikeureutan kotak-kotak, diwarnaan hideung, dicampur parud kalapa- Kelepon: kadaharan anu wanguna buled siga kaléci, dijerona aya gulaan, dipurulukan parud kalapa, dijieuna tina ketan

Page 19: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Kikipik: kadaharan anu dijieun tina tipung anu diulén ditengahna make ongso daging hayam, dibungkus ku daun cau samodél lemper- Koci: disebut ogé moci, sabangsa kadaharan anu dijieun tina ketan, rupana bodas sarta dijerona maké suuk jeung gula bodas, luarna dibalur ku tarigu- Kolontong: kadaharan tina ketan kawas opak, rasana amis, wanguna parasagi sarta kembung jeung koyoposna.

-Lemper/lelemper: kadaharan nu dijieuna tina sangui ketan kira-kira sakeupeul, dieusi abon jeung sajabana - Lempog: ilikan dodol- Ondé/ondé-ondé: sarupaning kadaharan tina ketan, wangunna buleud, dijerona dieusian entén atawa kacang héjo digulaan, diluarna make wijén, ngasakanana digoreng- Opak: ngaran sarupa kadaharan tina ketan sanggeus diseupan tuluy ditutuan diléot sina baruleud ipis, di poé nepika garing, lamun digoreng kudu dibeuleum heula- Peuyeum Ketan: peuyeum nu dijieun tina ketan hideung atawa ketan bodas meunang nyeupan, make dicampur ragi, dikekeb 2-3 poé

Page 20: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Rangginang: kadaharan tina sangu ketan, dicitak sina baruleud gépéng, dipoé, tuluy digoréng- Sasagon: kadaharan tina tipung ketan anu disangray make gula bodas jeung parud kalapa- Téngténg: kadaharah amis-amis dijieun tina béas ketan jeung sabangsana- Ulén: sangu ketan anu ditutuan nepi ka liket bias ogé dicampur parud kalapa, biasana digoréng atawa dibeuleum- Wajit: kadaharan anu rasana amis, dijieuna tina ketan dicampur gula beureum jeung parud kalapa, dibungkus laleutik ku daun jagong atawa upih.

Page 21: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

2.3.4.6. 4Anu bahan pokona tina sampeu, aci kawung atawa tarigu- Ancémon: kadahar anu dijieuna tina sampeu anu diserud, sanggeus diseupan dipurulukan ku parud kalapa- Comro: kadaharan anu dijieun tina sampeu diparud, diemplé-emplésangkan buled, dijerona disambeloncoman, ngasakana digoréng- Gaplék : sampeu atah meunang mesék dipasian panjang tuluy dipoé nepi ka garing; disebut ogé koléntang.Gegetuk : kadaharan anu dijieun tina seupan sampeu,tuluy ditutu sina lemes atawa digiling,dicampur gula,sarta dipurulukan parud kalapa.- Katimus : kadaharan nu dijieun tina parud sampeu,dijerona maké gula beureum,dibungkus ku daun cau,diasakan diseupan.- Kicimpring : kadaharan sabangsaning kiripik nu dijieun tina parud sampeu,dicampur uyah,bawang daun jeung sakapeung makétarasi,diemplé-emplé sina ipis. Wangunna aya nu buleud,lonjong,kumaha kahayang. Méméh dipoé diseupan heula terus digoréng nepi ka garing.

Page 22: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

- Kuéh pandan : kadaharan anu dijieun tina adonan tarigu,gula jeung endog,dicampuran daun pandan ngarah seungit,biasana warnana héjo,ngasakanna disangray tina katél anu geus diulasan minyak suuk.- Misro : kadaharan anu dijieun tina sampeu diparud,diemplé-emplésangkan buleud, dijerona di gula beureuman,ngasakkeun digoréng.- Onggol-onggol : kadaharan nu dijieun tina aci kawung meunang ngagodog,dicampur gula beureum,dipurulukan ku parud kalapa.- Opak sampeu : kadaharan sabangsaning kurupuk dijieunna tina sampeu meunang nyeupan,tuluy ditutu,diemplé-emplé sina ipis,diwangun baruleud terus dipoé ,ngasakanana digoréng atawa disangray dina keusik panas,atawa didéangkeun dina ruhak.- Peuyeum gantung : peuyeum sampeu gelempengan anu digantungkeun.- Peuyeum : kadaharan tina sampeu,nu jadi amis lantaran diragian,sarta tuluy dibunian dua nepi ka tilu poé.- Putri noong : kadaharan nu dijieun tina parud sampeu,dicampur cai,di tengahna maké cau nangka,ngasakanana diseupan,dipurulukan ku parud kalapa.- Simping: ngaran sarupa kuéh rupana buleud ipis,dijieunna tina aci,jsté,sok disebut ogé kuéh gapit.

Page 23: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

2.3.6.5 Anu bahan pokona tina jagong atawa hui- Borondong garing : kadaharan anu dijieun tina jagong kolot beunang nyangray,rasana amis,wangunna dibuleud-buleud sagedébal tennis.- Candil : sabangsa amis-amis tina hui,sagede-gede siki salak,dipeueutan jeung dicipatian.- Keremes : sabangsaning kadaharan anu dijieun tina hui anu disiksikan aripis panjang,digoreng,satuluyna diasupkeun kana adonan gula beureum,wangunna biasana buleud saperti ranginang.

Page 24: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

2.3.6.6 Anu bahan pokona tina tarigu- Bolu : sabangsaning kuéh basah anu dijieunna tina tarigu,mentega,endog,jeung sapuratina,dikocok nepi ka ngagalo atawa ngahiji,ngasakanna dibeuleum atawadikukus(diseupan).- Dadar gulung : kadaharan anu dijieunna tina tarigu dicampur cipati sarta diwarnaan ku daun suji,biasana warna héjo,dijero gulunganna makéentén anu dijieunna tina kalapa meunang marud jeung gula,wangunna siga karoket, rasana amis.- Donat : sabangsaning kuéh anu dijieunna tina tarigu,mantega,sarta endog dikocok nepi ka kuled,wangunna buleud sarta bolong tengahna saperti ban,ngasakanna digoréng,sok aya anu dipurulukan gula tipung,diolésan mantéga tuluy dipurulukan coklat atawa suuk.- Kuéh semprit : sabangsaning kuéh kering anu dijieunna tina tarigu,gula,mantéga,endog anu dikocok nepi ka kuled,diwangunna makésempritan sakumaha kahayang nu nyieun,biasana wangunna samodél kekembangan,diasakanana dibeuleum kana open.- Roti : kadaharan tina tarigu nu diadonan dicampur ragi supaya beukah.- Sus : sarupa kuéh bakar nu dieusian ku sarupa adonan amis palem.

Page 25: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

INUMAN TRADISIONAL- Bajigur : inuman anu rasana amis,dijieunna tina cipati dicampuran gula kawung jeung cangkaleng,diseungitan ku daun pandan. Nyieunna digodogkeun.- Bandrek : inuman nu rasana amis lada,dijieunna tina cai campuran gula kawung jeung jahé.nyieunna digodogkeun.- Céndol : kadaharan sabangsa dawet,dijieun tina aci kawung jsb,digéréntél-géréntél,di daharna maké peueut dicipatian.- Cingcaw : kadaharan siga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh,didaharna maké sirop.- Goyobod : sabangsa kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager,didaharna jeung alpuket maké sirop diésan.- Lahang : cai amis tina leungeun kawung,kalapa,jeung sabangsa palem lianna,sok diinum atawa dijieun gula.-Sakoteng : ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta

dipulas siga siki dalima,ditinyuh ku gula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagédé-gédé dadu.- Teh tubruk : inuman anu dijieun tina cai dicampur entéh,nyieunna entéh ditinyuh ku cai panas ngagolak,dicampur ku gula bodas.

Page 26: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

KADAHARAN BARUDAK- Arumanis : kadaharan tina gula pasir,dipanaskeun nepi ka mangrupa ramat lancah,sakapeung diwarnaan.- És bonbon : sabangsa amis-amis tina gula maké sari bungbuahan jsté,didaharna dikolomoh.- Gulali : ngaran amis – amis tina gula sina jadi liat.- Peremén : ngaran kadaharan sarupa kembang gula nu maké méntol,rasana amis sari lada jeung haneut.

Page 27: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Cara midangkeun

Cara nyajikeun kadaharan téh bisa sifatna sederhana mung bisa oge nu méwah.tujuanna mah sangkan jelema hirup.tapi bisa pikeunang di suguhkeun pikeun anu maot,roh pribadi anu hirup kénéh,roh karuhun jst.

Cara nyajikeun kadaharan sapopoé mah sederhana ,sedengkeun jang pésta atawa upacara mah leuwih rumit,ogé sering leuwih ngeunah jang ditempo tibatan didahar,tina cara nyajikeun kadaharan éta bisa katempo hal-hal kana taraf kamekaran dina kabudayaan hiji suku budaya.

Page 28: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

Pungsi kadaharanJenis kadaharan miboga arti simbolik,dina arti social agama,jeung séjén-séjeénna.Art social dina arti miboga Pungsi kamasarakatan,saperti jang ngaraketkeun karempegan désa,ngukuhkeun golongan nu aya di masarakat,ngabédakeun status golongan dumasar kana bédana séks,umur,kasta jst.

Pikeun ngaraketkeun arti simbolik ieu sering fungsidikaitkeun jeung kapercayaan,kayakinan,atawa tahayul.Pikeun nunjang éta sering aya sanksi boh mangrupakeunhukumna nu kongkrét,atawa goib.Numutkeun Foster dan Anderson sacara simboliskadaharan téh saeutikna miboga 4 ungkapan 1975:268-271).1.iketan sosial2.solidaritas kelompok3.ketegangan jiwa4.simbolisme kadaharan dina bahasa.

Page 29: KADAHARAN & KAOLAHAN - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · kadaharanana,sanajan resep oge kana kadaharan anu atah mun diantarana sok aya anu diolah

KacindekanTina pedaran di luhur urang bisa nyindeken yén tina urang bisa

mikanyaho ngeunaan cara meunangkeun, ngolah, nyajikeun,pungsi sarta urang ogé bisa nyaho conto-contokadaharan nu aya di tatar Sunda. Boh kadaharan rahayat,

kadaharan barudak, jeung kainumanana.