sundac2

16
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA A Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya. Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana. Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna. Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri napsu kapegung. Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung. Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah. Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang). Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener. Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh. Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

Upload: zabran-ryfi

Post on 27-Nov-2015

58 views

Category:

Documents


8 download

TRANSCRIPT

Page 1: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

A Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa

pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina

hayang nyaruaan nu mulya.

Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung

pisusaheunana.

Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan

masih bisa meper diri

napsu kapegung.

Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun

geus ambek teu reureuh sakeudeung.

Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara

dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu

pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere

hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari

umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.

Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti

indung bapa.

Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana

teu diarep arep.

B Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.

Page 2: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti

baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede

sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.

Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet,

gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya

pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok

sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beurat birit hese jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana

pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun

ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan,

seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna

cara/siga beuteung anjing.

Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa

rasiah batur.

Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa

kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.

C Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi

jempling pisan.

Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara

bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Page 3: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin

nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu

kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

D Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa

pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah

embung.

Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan

batina anu diarah kacida leutikna.

Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.

Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo

(waris).

Desa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yen

kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh

beda-beda.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi

tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

E

Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan

henteu.

Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Page 4: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah

atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat,

balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.

Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua

milikna, rejekina atawa darajatna.

G Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.

Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati

ati hasilna teh teu nyugemakeun.

Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara

jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.

Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana

geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran

aya dahareun nu didagoan.

Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake

lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka

jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena

jeung karajinanana goreng.

Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot

atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

H Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna

hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.

Page 5: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu

gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan

sapoe.

Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok

mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere

dahareun.

Hampang birit gampang jeung daekan dititah.

Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik

eutik acan.

Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan

lumayan da ari salaki mah boga.

Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu

ngurus jeung nangtayungan.

Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku

jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna

rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna

ieu teh rejeki halal atawa haram.

I Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh

ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok

maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana

sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun

sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake

dina seserahan).

Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan

menak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.

Page 6: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis

jeung paur kabina bina.

Ipis kulit beungeut Gede kaera.

Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa

pibahayaeun.

J Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji

perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu

nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu

ngahalangan pijodoeun hiji awewe.

Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.

Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.

K Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal

pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan

ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu

matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape

gawe asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak

cilaka.

Kandel kulit beungeut euweuh caerأ،.

Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga

dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Page 7: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab

ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu

kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu

ngahargaan pisan.

L Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda

arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku

kasalahan anu gede bae.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.

Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.

Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.

Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.

Leutik burih euweuh kawani.

M Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung

Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana. Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih. Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa

nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

Page 8: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.

N Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan

urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet. Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan

mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae. Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah. Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi

bae, turug turug kasusah nambahan deuih. Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya

uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.

Ngabejaan bulu tuur Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun. Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun

kahayang atawa kadeudeuh. Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa

barangbere supaya dipuji. Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun

batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.

Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun. Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang

ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur. Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya

galurna.

Page 9: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.

Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna

manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga. Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun

naon naon. Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung

maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun. Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang

di hareupeunana. Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana

loba naker. Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta

pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

P Pait daging pahang tulang Arang gering. Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon

bae. Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada

geus jadi aki-aki nini-nini. Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah. Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara

bogaeun. Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina. Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho.

Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.

R Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba

pepelakan.

Page 10: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

S Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja

sacilaka. Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun

oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji. Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan

beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang. Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur

Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.

Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hate bae, tacan bruk-brak

Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.

Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan. Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan

Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

Page 11: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam. Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis. Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga

keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.

Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.

Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).

Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu. Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan

pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah. Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan. Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

T Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan. Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah. Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu

dilaksanakeun kalawan alus sarta bener. Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga

tanaga. Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di

dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).

Page 12: sundac2

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA SARTA HARTINA

Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan. Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan

tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.

U Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki

meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.

Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah. Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun

diri sorangan Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan

kakawasaan Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang

nyaruaan ka nu geus jeneng. Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung. Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda,

ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.

Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh. Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik. Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade

atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

W Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal

kajadian. Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang

nau pohara gedena.