sacangkewok -...

3
o Selasa 0 Rabu • Kamis 0 Jumat o Sabtu 456789 @ 11 20 21 22 23 24 25 26 12 13 27 28 29 30 31 eMar OApr OMei OJun OJul 0 Ags OSep OOkt ONov ODes I(; bawaku rombongan maha- siswa Sajarah Unpad nu gayakeun panalitian ka Priangan Wetan, dipingpin ku Prof.Dr.Hj.Nina Herlina Lubis, jadi ngalaman deui nyaba ka Rawa Onom. Loba anu robah, gaungna oge geus ngurangan sanajan urang Ciamis jeung sabudeureunnana masih keneh loba anu percaya yen onom aya keneh, sanajan maranehna keuna ku maot jiga manusa. Ceuk kolot mah umur onom leuwih panjang batan manusa, sabab kaasup bangsa jin. Enya ge urang Galuh Ciamis, da teu pati apal kana sajarahna mah, ngan Ki lanceuk almarhum Marcusi Suwanda anu rada capetang ngadongengkeun onom mah, malah dina MANGLE tulisanna kungsi dipedar nyambung. Tepi ka aya anu nyebutkeun yen Marcusi anu nyekel konci nagara onom teh, duka teuing lebah dinyana mah. Ngan ku nu boga hajat gede sok dipinangsaraya jadi panitiya husus nu pancenna ngon- dang inohong ti nagara onom. Mun nagara boga karia ge, Marcusi dipen- tes gawe ritualna. Basa Mang Ihin jadi keneh Gupemur Jawa barat, ngaresmikeun helikopter Ciung Wanara di alun-alun Ciamis, upacara adatna Kang Wahyu Wibisana, kusabab upacara gede, nya ngondang onom; anu dipercayana teh.; Marcusi. Duka da Ki lanceuk mah kacida nalaktakna jeung pada mercaya deuih. Kamari ieu asup ka wewengkon Rawa Onom teh pabeubeurang jiga anu sabregbregeun hujan, langit geus ceudeum .. Sup teh ka wewengkon Purwa- harja. Nu dikenal kontrak karetna jeung kebon jati. Keur loba anu nuaran jati, tepi ka jalan ka Rawa Onom rada kahalangan. Hujan muruhpuy basa tepi ka sisi rawa teh, kabeneran Kuncen Ero kasampak aya. Saenyana lain kuncen najan bapa jeung karuhunna kuncen oge di rawa anu mashur onomna teh. 50 Rawa Onom Tinggal Sacangkewok Puncak Manik Ganti ku Bawang Tetela Pa Ero ge loba kanyahona, bisa jadi kusabab pituin urang lembur eta, bisa disebutkeun natangga jeung nagara onom. Da cenah ku nu kawenehan atawa nyaho kana elmu- na mah saperti Marcusi, sup ka sisi rawa teh, breh we katingal lembur anu garenah tumaninah, ariuh lin- duk, lingkungannana kapiara, hawana seger, Barudak arulin lulumpatan, jalma-jalma balawiri, kuma kaayaan di lembur manusa. Bedana teh di ditu mah bajuna sarua, kabeh hideung, lalakina marake iket barangbang semplak, awewe lalaki taregep. Marcusi kungsi ngadongengkeun lalampahan nyaba ka nagara.onom teh, atuh ka kulawar- gana oge ngadongeng mani imeut. Kulantaran kitu sok ditarelah Kuncen nagara onom. Na ari urang nagara onom baleunghar? Ceuk anu apal, da "sama rasa sama rata" jigana teh, boh Kllplng Rumas Onpad 2011 papakeannana, boh imah jeung pakayana kabeh sarua, euweuh anu beda iwal ti rajana. Kitu ge eta raja tara pamer kabeungharan, sarua we jeung rayatna basajan. Imah-imah di nagara Onom saragem bahanna, tina kai jeung awi ceuk Kilanceuk, tangtu- na ge jiga imah-imah jaman Pajajaran. Ih resep temen, pikabeta- heun. Tapi cliajakan nyaba mah ka nagara Onom embung sieun teu bisa balik deui. Naha Onom teh aya atawa teu aya atawa kumaha? Eta anu sok ditatanyakeun teh. Awahing ku panasaran sabab urang Ciamis mah mani percaya kana ayana Onom teh lantaran loba kajadian aheng tea. Jeung memang aya anu disebut Rawa Onom, moal enya aya ngaranna lamun euweuh buktina, kitu pamang- gih rahayat mah. Para calon sejarawan oge ka dinya pisan tumanyana teh, Ari Onom teh Mangle No. 2313

Upload: buikien

Post on 31-May-2019

242 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

o Selasa 0 Rabu • Kamis 0 Jumat o Sabtu4 5 6 7 8 9 @ 1120 21 22 23 24 25 26

12 1327 28 29 30 31

eMar OApr OMei OJun OJul 0 Ags OSep OOkt ONov ODes

I(;bawaku rombongan maha-siswa Sajarah Unpad nugayakeun panalitian ka

Priangan Wetan, dipingpin kuProf.Dr.Hj.Nina Herlina Lubis, jadingalaman deui nyaba ka Rawa Onom.Loba anu robah, gaungna oge geusngurangan sanajan urang Ciamisjeung sabudeureunnana masih kenehloba anu percaya yen onom ayakeneh, sanajan maranehna keuna kumaot jiga manusa. Ceuk kolot mahumur onom leuwih panjang batanmanusa, sabab kaasup bangsa jin.

Enya ge urang Galuh Ciamis, dateu pati apal kana sajarahna mah,ngan Ki lanceuk almarhum MarcusiSuwanda anu rada capetangngadongengkeun onom mah, malahdina MANGLE tulisanna kungsidipedar nyambung. Tepi ka aya anunyebutkeun yen Marcusi anu nyekelkonci nagara onom teh, duka teuinglebah dinyana mah. Ngan ku nu bogahajat gede sok dipinangsaraya jadipanitiya husus nu pancenna ngon-dang inohong ti nagara onom. Munnagara boga karia ge, Marcusi dipen-tes gawe ritualna.

Basa Mang Ihin jadi kenehGupemur Jawa barat, ngaresmikeunhelikopter Ciung Wanara di alun-alunCiamis, upacara adatna Kang WahyuWibisana, kusabab upacara gede, nyangondang onom; anu dipercayanateh.; Marcusi. Duka da Ki lanceukmah kacida nalaktakna jeung padamercaya deuih.

Kamari ieu asup ka wewengkonRawa Onom teh pabeubeurang jigaanu sabregbregeun hujan, langit geusceudeum ..

Sup teh ka wewengkon Purwa-harja. Nu dikenal kontrak karetnajeung kebon jati. Keur lob a anunuaran jati, tepi ka jalan ka RawaOnom rada kahalangan.

Hujan muruhpuy basa tepi ka sisirawa teh, kabeneran Kuncen Erokasampak aya. Saenyana lain kuncennajan bapa jeung karuhunna kuncenoge di rawa anu mashur onomna teh.

50

Rawa Onom Tinggal SacangkewokPuncak Manik Ganti ku Bawang

Tetela Pa Ero ge loba kanyahona, bisajadi kusabab pituin urang lembur eta,bisa disebutkeun natangga jeungnagara onom. Da cenah ku nukawenehan atawa nyaho kana elmu-na mah saperti Marcusi, sup ka sisirawa teh, breh we katingal lemburanu garenah tumaninah, ariuh lin-duk, lingkungannana kapiara,hawana seger, Barudak arulinlulumpatan, jalma-jalma balawiri,kuma kaayaan di lembur manusa.Bedana teh di ditu mah bajuna sarua,kabeh hideung, lalakina marake iketbarangbang semplak, awewe lalakitaregep. Marcusi kungsingadongengkeun lalampahan nyabaka nagara.onom teh, atuh ka kulawar-gana oge ngadongeng mani imeut.Kulantaran kitu sok ditarelah Kuncennagara onom. Na ari urang nagaraonom baleunghar? Ceuk anu apal, da"sama rasa sama rata" jigana teh, boh

Kllplng Rumas Onpad 2011

papakeannana, boh imah jeungpakayana kabeh sarua, euweuh anubeda iwal ti rajana. Kitu ge eta rajatara pamer kabeungharan, sarua wejeung rayatna basajan. Imah-imah dinagara Onom saragem bahanna, tinakai jeung awi ceuk Kilanceuk, tangtu-na ge jiga imah-imah jamanPajajaran. Ih resep temen, pikabeta-heun. Tapi cliajakan nyaba mah kanagara Onom embung sieun teu bisabalik deui. Naha Onom teh aya atawateu aya atawa kumaha? Eta anu sokditatanyakeun teh. Awahing kupanasaran sabab urang Ciamis mahmani percaya kana ayana Onom tehlantaran loba kajadian aheng tea.Jeung memang aya anu disebut RawaOnom, moal enya aya ngarannalamun euweuh buktina, kitu pamang-gih rahayat mah.

Para calon sejarawan oge ka dinyapisan tumanyana teh, Ari Onom teh

Mangle No. 2313

Tim pana/iti sajarah Ca/uh

\ Pro! Dr. Hj. Nina Lubis, mingpin TimPanaliti Sajarali Galuli ti Unpad

aya euweuh?Disebutna ge bangs a jin, nu bisa

dicaritakeun teh, Onom henteu katin-gal ku mata lahir manusa anu boIotot.Ceuk tadi ge ari ku nu boga elmunamah nya bisa katingalieun. Dedegpangadegna ;.~epali'. t~u' ,'.beda timanusa.

Mangle No. 2313

Nyai Ratu Gendrawati

BaheuIa mah anu disebut IemburOnom teh bawahan KacamatanCisaga, wates kiduI Citanduy, wetanCijoIang, nya Iebah dieu pisan pere-nahna Rawa Onom teh BaheuIa mahusum ngijih caina orot, usum halodoIoba tatangkalan' pangpangna kasoanu tumuwuh subur, numatak kupara menak baheuIa mah sok dipaketempat moro.

Aya tujuh pasir nu disebut Pulo dieta wewengkon teh, anu hiji kiduIeunrawa disebutna PuIo Majeti, hejongemploh da rajeg tatangkalan galedeminuhan puIo.

Ceuk masarakat mah nya di PuloMajeti marangkukna onom teh.

Basa jaman Operasi BhaktiSiliwangi ngawangun jaIan SaketiMalingping (Proyek Samping) di Ban-ten, kungsi aya sepuh ti Pandeglangnyaritakeun Onom sabab garwanaurang Ciamis. Sauma teh, baheuIamah para ahIi tatapa ti Banten soktarapa di PuIo Majeti. Ti Bantentarumpak parahu mayang ka PuIoMajeti. Dipairan ku perwira Siliwangianu nyebut ngalaman ngendong diRawa Onorn, Nurutkeun pamanggihSang Perwira, Iamun saur kasepuhanBanten kitu mah, tangtuna RawaOnom teh baheuIana Iaut. Da Ieganage baheula mah upIuk-apIak, ayeunamah tinggaI sacangkewok da geusIoba anu disawahan, cenah ku nubaroga Iahan eta teh.

Kajadiannana eta rawa waktunurutkeun sajarah, jaman RawaOnom kabawah ka KabupatenTasikmalaya, jaman Kangjeng DalemWiratanuningrat dipentes gawengarobah Rawa Labok jadi sawah,kebon jeung Iahan pertanian anusubur. Katompemakeun taun genep-puIuhan deukeut Rawa Onom ayaDesa anu disebut SiIuman, tapi ayeu-na mah geus ganti ngaran jadiKertaharja, tatanggana Purwaharjajeung Buniharja, Rawa Onom kaasupPurwaharja,

Caturkeun din a hiji mangsanagara nu diratuan ku Ratu Gendra-wari diamuk ku musibah caah, hujan

angin anu kacida rohakana, tepi kanagarana jadi carem robah jadi lau-tan, Ratu Gendrawati milu caremjeung rayatna, Ceuk saujaring carita,rayat jeung ratu henteu maraot, tapiahima ngahiyang jadi siluman,dimeureun-meureun, nya anu sate-rusna disebut Onom tea, nagaranangempIang jadi Rawa Onom. Tapiceuk versi sejen mah, saenyanamaratuhna para onom teh di PuIoMajeti tea, tonggoheun rawa beuIahkiduI kuIon. BaheuIa mah ceukkasepuhan anu ngalaman, Iamun ayaanu kasurupan atawa kasarumahansajaba ti ditambaan teh sok aya anurajeun diparancahan ngagerendeng-keun Iagu keur nyingkahkeun lelem-but atawa siIuman sileman anu gang-gu. Kieu cenah kawihna teh:

"Helisia siluman-sileman nu nyandingaing nyaho ratu sianyai Gendrawati nu sohornu nyekeljangji pasinimoal deuk ganggu ka kamiputra putu Ratu Galuh ..."jeung saterusna

Kitu di antarana, sawarehna pohodeui saur sepuh teh, Ratu Onom geuspaheut jangji moal arek ganggu kaputra putu Ratu Galuh kum jeungrayatna. Memang sok rajeun seringaya anu kasarumahan, tapi tacantangtu onom anu gangguna. Sapertikajadian ngagerebegna sajumIahsiswa SMPN Ciarnis waktu minton-keun Gending Karesmen LutungKasarung. Nu sok dipentes nambaanbarudaknu kasarumahan tehkasepuhan Ciamis, SenimanBudayawan anu sohor dina jamanna,jenenganna Mama Galil, guru ngibinganu dihormat pisan ku urang Ciamis.Onom ge hormat ka Mama Galilmah.

Naha enya Iamun nagara kariaanatawa rayatbaroga hahajatan Onomsok diondang? Bener, tepi ka awaItaun geneppuIuhan masih kenehdipake eta kabiasaan teh. Malah mahdi pendopo Kabupaten Ciarnis kungsiaya kamar husus nu ngahaja ditete-bah keur ngabageakeun Iamun utu-

Pulo Majeti kiduleun mwa 0110m, ceuk sakaol tempat pa110110bal1 onom

san onorn daratang. Ngan jamanBupati Momon Gandasasmita etakamar dilebur, dijadikeun kamarbiasa deui, cenah kabiasaan ngan-dang onom lamun nagara baga kariage mimiti diteu ayakeun. Da bias anamah unggal pesta nagara, Agustusanatawa pesta naan bae, rayat age tanpadiparentah harideng nyadiakeunSasajen dina sosog dibalikkeun, heugdi jerona disimpenan puncak manikatawa cangcat puncakna diteun-deunan kulub endag hayam ditance-ban sate cabe beureum jeung bawangbeureum meunang meuleum. Eta

matak resep lamun peuting raang, sisijalan ken ea katuhu aya sasajendicaangan ku lampu palita. Eta tehsusuguh keur anam cenah. Ceukbarudak nakal anu ayeuna geus aki-aki, nu sok nyarokatan endag hayamtin a puncak manik, da didahar teh etamah endag hayam, teu puguh rasana,tiis becis taya sarian cenah. Da kuduwe aya budak narakal saperti kitu tehbaheula age. Malah di antarana ayaanu ayeuna pangsinan BrigadirJenderal. Pokna teh, "yeuh uing, bati-na nyolong endog hancengan onom,jadi jenderal!" Dasar Si eta!Memeh -pumawirawan kungsi jadi

Saur sepuh tangtu bae sasajenleungit sarina da geus didahar kusernah onom tea. Wallahu alam enyahenteuna mah. Da atuh boro-boronyalong kulub endogna, ngadeu-keutan sosogna oge sieun atuh! Tapibarudak bantangor mah, euweuhsieun!

Ari kamari basa milu PanalitianSajarah para calan Sejarawan tiUnpad tea, bener aya jajaran sosogteh, tapi... henteu dieusian congcotjeung sasajen anu sejenna, ayeunamah eusina teh rangkal bawang daun,surawung jeung tutuwuhan perdupangabutuh rumah tangga. Ayakamajuan anu produktip tah, aluspisan.

Sagala rupa kabiasaan anu bauonom di Ciamis geus mimiti dileu-ngitkeun najan cenah anu barogakaria gede mah masih keneh sokpupundut ka onom, tapi bejana deuipepentaanana ulah kaleuIeuwihi,sapereIuna bae. Kungsi kajadian con-tona menta domba tiIu ngan diberehiji, tetela cukup hiji ge rnalah leuwih.Sakur barang anu dipikabutuh ku nuhajat dianteurkeunnana dina rupa-ning panyambungan, ngan anu awasmata batinna anu nyahaeun saha anungirimna. Wallahu alam enya henteu-na mah."?"

52 Mangle No. 2313