nguseup

Upload: rbr-net

Post on 15-Oct-2015

66 views

Category:

Documents


0 download

DESCRIPTION

carpon sunda

TRANSCRIPT

NGUSEUPKang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, nangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, nangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibbrs, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lnglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapo kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.Po ieu rk nguseup, rk mopohokeun karudet sapopo. Mata dipak manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk ged.Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolrkeun dina jukut, didempt ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disolndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rk indit. Karasa nimat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pdah tadi isuk can sasarap.Sak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Mh-mhan teu karawl. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu nimatna nguseup th keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.Lauk bak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahgak cap. Pasrah, kokolaban dina beungeut cai.Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rk kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bisi ba leupas. Lauk ngolab deui. Kek ditwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar. Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri. Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun. Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarrt. Enya buncir lauk th, keur endogan, trh megar. Mun ieu lauk diala, digorng, dicobk make sambel jah atawa dipsmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok cngk, seuhah, nimat kabina-bina. Tapi saha nu rk masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah g ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapamnta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng mr nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.Kang Sabri, lalagasan knh, gaw jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagaw nagri. Mun pasosor ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak th, teu risi tatanya, pinter budak th da teu welh rngking di sakolana. ta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep w ngajar ka barudak th, da ta mah geus tugasna, prdikat guru th teu leupas najan teu keur di sakola, dimana ba g kudu tetep mr conto ka barudak.Ayeuna g nguseup th pdah w keur po per, rk balik ka lemburna rada hororam malum ahir bulan, boga bekel th ukur cukup keur dahar.Lauk kokolaban dina koja, enya ged lauk th, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rbu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarbu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digorng, didahar jeung sambel jah, ukur nimat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galed bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur mr pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make strum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk mak tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digorng garing dicocolkeun kana sambel jah, bakal nimat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngaggag, teu welh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadng kumaha ngahgakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manh nepi ka ged. Bulan hareup uing rk nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manh th kawajiban ngaping anak geus lekasan, manh kudu nyantok deui eupan kami kang Sabri nyebut leungli th pdah inget kana dongng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak aww lanjang.Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna Naha dileupaskeun jang guru?.Ari dilieuk sihorng mang Kanta, tukang bca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan.Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun.Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mrsan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.Muhun mang, engk upami knging deui ukur kitu omong kang Sabri.Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup th. ta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina tlvisi, geuning upami tos knging th laukna sok teras dileupaskeun deuiBnten paniatan kumaha mang?Ari emang mah nguseup th teu bnten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup th kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana bas, upami hasilna sakedik nya sok digorng w kanggo rncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup th mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sans udagan. Suka bungah th nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah th ningali anak tiasa barang dahar, balakcrakan dahar lauk.Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.Sabulan ti harita dina mangsa po per, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibbrs, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk ged, mun meunang, laukna rk dibikeun ka mang Kanta.Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan. Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.Ck sawarh nguseup th pagawan tambuh laku, ngajejentul mo manh. Ck sawarh nguseup th neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakcrakan.Mh tengah po, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyng-benyng kenur.Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik knh saged-ged cinggir budak.Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.Subhanalloh ck kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.Ieu th manh leungli? kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna. Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar gorng lauk. Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manh, sina galed, sina ngabeungharan ieu walungan kang Sabri ngaharwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngolab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik knh.Kang Sabri bbrs, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.

Unsur intrinsik tina carpon diluhur1. Tema : Pelestarian Lingkungan Hidup2. Amanat : urang kudu bisa ngajaga lingkungan hidup urang keur masa depan urang, urang kudu nohonan janji, kudu karunya ka sasama.3. Tokoh : Kang Sabri, Mang Kanta.4. Penokohan :Kang Sabri Bageur, Deudeuhan, Teu MarukMang Kanta, Rajin, karunya ka kulawarga5. Gaya basana : sederhana / basajan6. Suasana cerita : pikasediheun7. Latar : di walungan