maklah sunda.doc

7
KECAP PANGANTEUR Sagala puji sareng syukur ka hatur ka Alloh SWT. Teu hilap sholawat miwah salam mugia maye'ng ngocor ka kanjeng nabi Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para sohabatna tur dugi ka urang kaum Muslimin sareng Muslimat salaku umatna. Kulantaran rahmat sareng hidayahna sim kuring tiasa ngarengsekeun ieu makalah anu mangrupi pangajak pikeun urang ngajagi kabersihan utamina mudah-mudahan ieu makalah tiasa aya manfaatna kangge urang sarerea. Rumaos seueur kakirangan dina ieu makalah, sim kuring miharep kamandang atanapi kritik enggoning ngaronjatkeun ajen ieu makalah, sim kuring oge nyuhunkeun di hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan dina panulisan ieu makalah. Banjar, Mei 2015 Panulis

Upload: a-shobah-permana

Post on 17-Dec-2015

27 views

Category:

Documents


5 download

TRANSCRIPT

KECAP PANGANTEUR

Sagala puji sareng syukur ka hatur ka Alloh SWT. Teu hilap sholawat miwah salam mugia maye'ng ngocor ka kanjeng nabi Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para sohabatna tur dugi ka urang kaum Muslimin sareng Muslimat salaku umatna.

Kulantaran rahmat sareng hidayahna sim kuring tiasa ngarengsekeun ieu makalah anu mangrupi pangajak pikeun urang ngajagi kabersihan utamina mudah-mudahan ieu makalah tiasa aya manfaatna kangge urang sarerea.

Rumaos seueur kakirangan dina ieu makalah, sim kuring miharep kamandang atanapi kritik enggoning ngaronjatkeun ajen ieu makalah, sim kuring oge nyuhunkeun di hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan dina panulisan ieu makalah.Banjar, Mei 2015

Panulis

BAB 1

BUBUKAA.Kasang TukangNgajaga kabersihan lingkungan sakola teh mangrupa kawajiban urang sadaya, upami urang sadaya ngajaga kabersihan, aya sababaraha mangpaatna, diantawisna :

Sehat Enakkeun diajarna Endah tur bersih katinggalna.Kumargi kitu hayu urang sasareungan miara tur ngajaga lingkungan sakola ieu anu bararesih.B. TujuanTujuan ngadamel makalah ieu nyaeta pikeun ngalaksanakeun tugas pelajaran bahasa sunda, salian ti eta pikeun nganyahokeun yen kabersihan kelas di sakola teh penting pisan.

BAB II

EUSI1. Pentingna Kabersihan Kelas

Mun ditilik tina segi kabersihan, jaman ayeuna urang sok ninggali loba siswa hoream ngajaga kabersihan umumna dilingkungan sakola. Tempat urang nemba elmu. Kusabab, maranehna asik teuing ameng jeung teu nyaho pentingna lingkungan anu bersih bakal mangaruhan kasehatan urang.

Kitu oge anu tugasna piket sok telat jeung lalai kanu kawajibanana. Kusabab eta, abdi ngangkat judul esai Peran Kabersihan Kelas Keur kanyamanan diajar.

Sacara umum, kabersihan bisa diartikeun hiji hal anu endah ditinggal jeung dirasakeun. Mun lingkungan sabudereun urang utamana kelas teh bersih, eta artina pangkal tina kasehatan.

Sedangkeun, tina agama bisa diartikeun satengahna tina iman. Salaku siswa urang kudu atawa wajib ngajaga kabersihan sabab kabersihan teh ngaruh kanu proses KBM(Kegiatan Belajar Mengajar) di kelas, lian ti eta hal ieu jadi panangtu ti kabeh guru ka kabeh siswana boh ti saragam sakola na, boh ti kabiasaannana. Urang bisa, ngamumule tinu hal-hal anu leutik diantarana:

Piceun sampah ka tempatna

Mun urang ninggal kelas kotor, urang kudu gancang meresihan

Tong ngabiasakeun miceun sampah ka solokan atawa ka irigasi, sabab hal eta bisa nimbulkeun banjir.

Bersihan panangan saacan tuang atawa sanggeusna

Kabersihan boga peran anu penting utamana keur kanyamanan diajar.

Mun urang ngabogaan kelas anu teu bersih, urang moal ngarasa nyaman ngalaksanakeun KBM di kelas, hususna keur siswa/I anu kelas XII anu teu lila deui bakal mihareupan UN jeung UAS. Urang bakal ngarasa kaganggu sabab kelas urang teu bersih. Contona: aya sampah di kolong bangku. Eta teh bisa ngaganggu kasehatan urang, da kaserang ku kuman panyakit anu disebabkeun ku eta sampah.

Kasimpulanana, urang salaku siswa kudu sadar kanu kebersihan. Yen kabersihan teh penting pisan. Sarta kabersihan teh mangaruhan kanyamanan urang di ajar di kelas, umumna keur urang sadayana salaku warga nagara anu alus, supados urang jauh tina sagala panyakit.

2. Cara Miara Kabersihanmiara kana ieu lingkungan teh aya 3 paling sautik supados lingkungan tetep bersih jeung sehat nyaeta ngagunakeun teknik dihandap

1. Simpen sampah plastik

maksadna nyaeta , simpen sampah anu parantos diangge teh ulah nepikeun ka di piceun dimana wae.

2. gunakeun deui eta sampah

saparantosna di simpen teras di bersihkeun , nah upami tos kitu mah tiasa di gunakeun deui eta sampah plastik teh

3.daur ulang eta sampah

dina penelitian sampah plastik teh bisa ancur ku taneuh ku jarak waktu 24 taun, pasti lami ari kitu mah, nah ku kituna tiasa eta sampah teh di daur ulang janten barang rumah tangga anu sanes , janten henteu dimana wae.

BAB IIIPANUTUP

A. KacindekanKabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Dimana urang bisa ngarawat kabersihan lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. lamun dina hadistna nyaeta: Anu hartina: kabersihan teh mangrupa bagean tina kaimanan.

Ku kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola. Lingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagana. Ku kituna kabersihan sakola kudu dipiara kalawan sae. insyaalloh urang sadayana anu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan.B. SaranKanggo urang salaku siswa wajib nganyahokeun yen penting pisan ngajaga kabersihan sakoal, utamina di kelas, amih urang diajarna tekun bari betah tur ngareunah, awah sehat, pikiran sehat.