cai laut asin

5
Cai Laut Asin Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Upload: cahyono-orra-neckonecko

Post on 02-Jan-2016

411 views

Category:

Documents


9 download

DESCRIPTION

dssss

TRANSCRIPT

Page 1: Cai Laut Asin

Cai Laut Asin

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.

Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung

tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.

Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung

pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir

jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang

lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur

saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-

aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu

dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki

teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.

Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.

Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.

Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga

jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana

carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal

geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho

teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Rincian Dongeng:

Tema : Perang Duduluran

Judulna : Cai Laut Asin

Bahasana : Kasar

Alur/plot : Ngagunakeun alur maju

Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama

Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.

Watek palakuna :

Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.

Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.

Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.

Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna

bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur

tentrem

Page 2: Cai Laut Asin

1. Sinopsis

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal namina Jana, ari nu bungsu namina

Jani. Jana ka asup jelema benghar tapi koret ai Jani ka asup lama teguduh tapi bageur sok

mere ka anu butuh bantuan na hiji poe Jani bade nginjem beas ka lancekna saking koret na teu

di pasihan beas ,teras dibere ku Istri lancakna the tapi bubuian. Sa ntos eta si Jani teh uih

patepang sareng aki-aki awakna peang lempangna rumanggieung si Jani teh ngajak si aki ka

ompokna saentos ka ompok beas anu tadi di bubur di dahar bareng ,pas gugah sare si aki teh

bade pamit si Jani teh di Pasihan jimat ku si aki, Jimatna teh lamun palay naon-naon sebut bae

saban nyomot tanah sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” kalilaan si Jani

the jadi jalma benghar teras kakakna teh iri haying nyandak jimat anu si Jani pas tos dicandak

si Jana the nuhun keun permohonan hayang ugih tapi hilapan nyandak taneh jadi teu tiasa

ngendali keun eta jimat tuluy jimatna teh ngaluar keun uyah teu euren-eureun-eureun teras

jadi laut anu asin.

2. Isi Dongeng

Aya jalmi beda watak nu hiji medit aya hiji bageur, Anu medit palay ngausai jimat anu boga

jalmi bageur saking hawekna si jalmi koret teh kena batona tilelep kanu laut anu caina asin.

3. Tinjauan Bahasa

Judulna : Cai Laut Asin

Bahasana : Kasar

Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.

Watek palakuna : Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.

Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.

Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.

4. Unsur Budaya

Nilai Moral

5. Saran saran

Jadi jalma ulah koret jeung jahat siga ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka , kudu kawas

Ki Jani bageur hirupna jadi senang tur tentrem

6. Kesimpulan

Jadi si Jani tos bengharv ari kahuna iri palay lewih benghar ti si Jani kalah ka akan ku

omonganna sorangan

Page 3: Cai Laut Asin

TUGAS BAHASA SUNDA

DONGENG

“ CAI LAUT ASIN “Di ajukan untuk memenuhi salah satu tugas mata pelajaran bahasa Sunda

Disusun oleh :

1. Elin Herlina

2. Linda Permata

3. Maya Shofa

4. Rina Lisnawati

5. Siti Waki’ah

Kelas : XII.IPS .3

SMA NEGER 1 CILEDUG

CILEDUG – CIREBONTahun ajaran 2013-2014

Page 4: Cai Laut Asin