bi antara

2
Assalamu’alaikum Wr. Wb Para saderek sadaya, sabangsa jeung sanagara, Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu, mangga urang sambut ku tasyakur kahadirat Illahi Rabbi. Anu mugi-mugi Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan. Teu hilap sholawat jeung salam urang haturkeun ka Nabi Muhammad SAW. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji basa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Jong Java, Jong Sumatera, Jong Celebes, Jong Ambon jeung sajabana. Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan nasional. Ditinggali ti jangji kahiji, “Kami poetra dan poetri Indonesia, mengakoe bertoempah darah jang satoe, tanah Indonesia.” nu hartina unggal warga nagara Indonesia kudu ngajaga kautuhan lemah cai Indonesia. Tapi dina jaman ayeuna, kakayaan alam urang malah dijualan ka jalma asing. Dina jangji kadua, “Kami poetra dan poetri Indonesia mengakoe berbangsa jang satoe, bangsa Indonesia.” nu hartina unggal warga Indonesia mangrupa hiji kasatuan. Tapi ayeuna loba pamuda Indonesia nu leuwih resep diajar budaya asing tibatan budaya urang sorangan. Dina jangji katilu, “Kami poetra dan poetri Indonesia mendjoendjoeng bahasa persatoean, bahasa Indonesia.” nu hartina basa Indonesia mangrupa basa persatuan warga Indonesia. Tapi ayeuna pamuda Indonesia leuwih resep nyarios make basa Inggris. Ku mieling sumpah pamuda ieu, hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana ngamalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928. Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana.

Upload: nadhilah-gitarani

Post on 20-Oct-2015

77 views

Category:

Documents


31 download

TRANSCRIPT

Assalamualaikum Wr. WbPara saderek sadaya, sabangsa jeung sanagara,Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu, mangga urang sambut ku tasyakur kahadirat Illahi Rabbi. Anu mugi-mugi Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan. Teu hilap sholawat jeung salam urang haturkeun ka Nabi Muhammad SAW.Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji basa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Jong Java, Jong Sumatera, Jong Celebes, Jong Ambon jeung sajabana. Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan nasional.Ditinggali ti jangji kahiji, Kami poetra dan poetri Indonesia, mengakoe bertoempah darah jang satoe, tanah Indonesia. nu hartina unggal warga nagara Indonesia kudu ngajaga kautuhan lemah cai Indonesia. Tapi dina jaman ayeuna, kakayaan alam urang malah dijualan ka jalma asing. Dina jangji kadua, Kami poetra dan poetri Indonesia mengakoe berbangsa jang satoe, bangsa Indonesia. nu hartina unggal warga Indonesia mangrupa hiji kasatuan. Tapi ayeuna loba pamuda Indonesia nu leuwih resep diajar budaya asing tibatan budaya urang sorangan. Dina jangji katilu, Kami poetra dan poetri Indonesia mendjoendjoeng bahasa persatoean, bahasa Indonesia. nu hartina basa Indonesia mangrupa basa persatuan warga Indonesia. Tapi ayeuna pamuda Indonesia leuwih resep nyarios make basa Inggris.Ku mieling sumpah pamuda ieu, hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana ngamalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928. Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana.Akhirna minangka penutup sambutan ti simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945. Sarta mugi-mugi khususna para pamuda bangsa sing jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade pikeun ngahontal cita-cita jeung harepan urang sadayana. Aamiin...Wassalamualaikum Wr.Wb

Nadhilah GitaraniXII IPA 6