acara mieling - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/03/... · sasakala...

2
·_----_._--- •.._....._ _ .._ _ •..•.......••.......... - """"~ " " 'n o Senin o Selasa o Rabu • Kamis o Jumat o Sabtu o Minggu 2 3 4 5 6 7 @ 9 10 11 12 13 14 15 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 OJan OPeb • Mar OApr OMei OJun OJul OAgs OSep OOkt ONov ODes P oe Basa Indung (Hari Bahasa Ibu) Internasional anu digelar di Aula Unpad Graha Sanusi Hardjadinata Jalan Dipatiukur Bandung sawatara waktu kaIiwat (25/2), beda ti sasari. Kapa- nan biasana mah Unpad maneuh unggal taun ngayakeun "Tarucing CakrafTeka- Teki Silang)"jeung "Nini-Aki Maca Sajak". Harita mah Unpad mintonkeun "Dongeng Ngeng ..." jeung saembara fiksi mini (fiksmin) sakaligus silaturahmi Komuni- tas Fiksi Mini di "jejaring sosial (Face- book/internet)". Dina acara ngadongeng, tandang para juru dongeng petingan kayaning Wa Kepoh, Wa Kabul, Kang Yayat Hendayana, Kang Elin Sjamsuri, Miya Rumiyanajeung Mela Putri Setiati. Acara ngadongeng anu lumangsung bad a saembara fiksi mini, di mimitian ku Kang Yayat Hendayana. Harita, ieu dosen Luar Biasa Program Studi Bahasa & Sastra Indonesia Fakultas Ilmu Budaya (Fakultas Sastra) Unpad anu keur ngarengsekeun S3 di Unpad teh ngadongengkeun sasakala "Bulu Gagak Hideung Lestreng", Dongeng anu biasa, tapi kawantu inohong teater, sok bisa ngagelarkeunana, sarta raket ngahijijeung nu lalajona. Sakapeung direumbeuy ku dialog, ngawangkong jeung nu lalajo. Saruana jeung Kang Elin Sjamsuri anu ngadongeng "Sakadang Kuya (Suling Aing Tulang Maung)". Waktu Elin dihancenganan panggung, ujug rengkenek wae Elin mah ngeusian panggung teh, nuturkeun wirahma dog- dog reog Si Paser ti Cimuncang anu dipake panyelang unggal ganti lalakon. Harita ge, barang diwawarkeun langsung ngarengkenek bari sengak, tuluytutunjuk ngadoni ka Rektor Ganjar Kurnia, "Pa Rektor di gebruskeun ku si eta" cenah ge bari nunjuk ka Yayat Hendayana. Dasar ahli ngibing, drama jeung musik (Elin manten dosen Basa Sunda IKIP, kungsi jadi Ketua Jurusan Seni Drama, Tarijeung Musik di IKIP/UPI Bandung, kiwari redaktur Mangle, pan), dina derna ngadongeng ge terus we direumbeuy ku tehnik-tehnik teater, dramaturgina nyari, vokalna(soarana) atra, rengkak paripo- lahna (gesturna) mapaes kana jejer cari- tana, komo bari direumbeuy ku heureuy - cawokah, nyepertikeun "Sakadang Monyet" anu rek dicapit "totonna" ku keuyeup mah nu lalajo kaasup rektor Unpad, kuat ka alager-ageran, Kang Elin harita rnemang geus ngahirupkeun kaayaan anu keutar jadi hegar! Dina ngadongengna Elin ge ngajak panongton ngawih bareng, "Tret trot tret trot/ Suling aing tulang maung/Ditroktrokan ku cala- 6 Nqadumaniskeun elmu atikanjeung pamarentahan ACARA MIELING 'HARI BAHASA IBU INTERNASIONAL' DI UNPAD (NINI JEUNG AKI NGADARONGENG) di/Diliangan ku bangbara/Dipasieup ku sireupeun/Torotot ... torotot heong .. f." Saterusna giiliran manten Dosen STSI Miya Rumiyanafoyj.Ieu sarjana Teknik Sipil & Perencanaan !TB Bidang Ilmu De- sain Interior teh, ngadongeng "Monyet jeung Peucang", "Sireum Perang jeung Gajah". Disambung ku Wa Kabul dina lalakon "Karna Tandingan", nyaritakeun tepungna Dewi Kuntijeung Dipati Karna, mimiti Karna apal ka indung dina sarnemeh Bharatayuda. Wa Kabul harita Kllping. Humas (Jnpad 201 '1.

Upload: doankien

Post on 24-Feb-2018

282 views

Category:

Documents


5 download

TRANSCRIPT

Page 1: ACARA MIELING - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/03/... · sasakala "BuluGagakHideung Lestreng", Dongeng anu biasa, tapi kawantu inohong teater, sok

·_----_._--- •.._ .....•_ _ .._ _ •..•.......••....•...... -

""""~ " "·'no Senin o Selasa o Rabu • Kamis o Jumat o Sabtu o Minggu2 3 4 5 6 7 @ 9 10 11 12 13 14 15

17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31OJan OPeb • Mar OApr OMei OJun OJul OAgs OSep OOkt ONov ODes

Poe Basa Indung (Hari Bahasa Ibu)Internasional anu digelar di AulaUnpad Graha Sanusi Hardjadinata

Jalan Dipatiukur Bandung sawatarawaktu kaIiwat (25/2), beda ti sasari. Kapa-nan biasana mah Unpad maneuh unggaltaun ngayakeun "Tarucing CakrafTeka-Teki Silang)"jeung "Nini-AkiMaca Sajak".Harita mah Unpad mintonkeun "DongengNgeng ..." jeung saembara fiksi mini(fiksmin) sakaligus silaturahmi Komuni-tas Fiksi Mini di "jejaring sosial (Face-book/internet)". Dina acara ngadongeng,tandang para juru dongeng petingankayaning Wa Kepoh, Wa Kabul, KangYayat Hendayana, Kang Elin Sjamsuri,Miya Rumiyanajeung Mela Putri Setiati.

Acara ngadongeng anu lumangsungbad a saembara fiksi mini, di mimitian kuKang Yayat Hendayana. Harita, ieu dosenLuar Biasa Program Studi Bahasa & SastraIndonesia Fakultas Ilmu Budaya (FakultasSastra) Unpad anu keur ngarengsekeunS3 di Unpad teh ngadongengkeunsasakala "Bulu Gagak Hideung Lestreng",Dongeng anu biasa, tapi kawantu inohongteater, sok bisa ngagelarkeunana, sartaraket ngahijijeung nu lalajona. Sakapeungdireumbeuy ku dialog, ngawangkongjeung nu lalajo. Saruana jeung Kang ElinSjamsuri anu ngadongeng "SakadangKuya (Suling Aing Tulang Maung)".Waktu Elin dihancenganan panggung,ujug rengkenek wae Elin mah ngeusianpanggung teh, nuturkeun wirahma dog-dog reog Si Paser ti Cimuncang anu dipakepanyelang unggal ganti lalakon. Harita ge,barang diwawarkeun langsungngarengkenek bari sengak, tuluytutunjukngadoni ka Rektor Ganjar Kurnia, "PaRektor di gebruskeun ku si eta" cenah gebari nunjuk ka Yayat Hendayana. Dasarahli ngibing, drama jeung musik (Elinmanten dosen Basa Sunda IKIP, kungsijadi Ketua Jurusan Seni Drama, TarijeungMusik di IKIP/UPI Bandung, kiwariredaktur Mangle, pan), dina dernangadongeng ge terus we direumbeuy kutehnik-tehnik teater, dramaturgina nyari,vokalna(soarana) atra, rengkak paripo-lahna (gesturna) mapaes kana jejer cari-tana, komo bari direumbeuy ku heureuy -cawokah, nyepertikeun "SakadangMonyet" anu rek dicapit "totonna" kukeuyeup mah nu lalajo kaasup rektorUnpad, kuat ka alager-ageran, Kang Elinharita rnemang geus ngahirupkeunkaayaan anu keutar jadi hegar! Dinangadongengna Elin ge ngajak panongtonngawih bareng, "Tret trot tret trot/ Sulingaing tulang maung/Ditroktrokan ku cala-

6

Nqadumaniskeun elmu atikanjeung pamarentahan

ACARA MIELING'HARI BAHASA IBU INTERNASIONAL' DI UNPAD

(NINI JEUNG AKI NGADARONGENG)

di/Diliangan ku bangbara/Dipasieup kusireupeun/Torotot ... torotot heong ..f."

Saterusna giiliran manten Dosen STSIMiya Rumiyanafoyj.Ieu sarjana TeknikSipil & Perencanaan !TB Bidang Ilmu De-sain Interior teh, ngadongeng "Monyet

jeung Peucang", "Sireum Perang jeungGajah". Disambung ku Wa Kabul dinalalakon "Karna Tandingan", nyaritakeuntepungna Dewi Kuntijeung Dipati Karna,mimiti Karna apal ka indung dinasarnemeh Bharatayuda. Wa Kabul harita

Kllping. Humas (Jnpad 201 '1.

Page 2: ACARA MIELING - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/03/... · sasakala "BuluGagakHideung Lestreng", Dongeng anu biasa, tapi kawantu inohong teater, sok

make media wayang. Abong senimansarwa bisa (Wa Kabul aktif dina musik(band), drama, teater (STB, Kiwari),Penyiar/ngadongeng, ngadalang, panulis,wartawan jeung sinetron, pan), dinamedar jejer caritana ge karasa hirupna.Satutasna Wa Kabul, giliran Mela PutriSetiati (12) ti generasi anyar, sirungharepan, tandang mawakeun jejer carita"Sasakala Kampung Panyalahan Parnija-han". Soksanajan sakolana kakara kelas 6SD tapi tehnik ngadongengna matakhareugeueun, bleg wae ahli monoloh.Rektor Unpad ge ngaharewops, "Hade tahbudakti Tasik teh", cenah ge. Mela me-mang lain juru dongeng samanea. Ieu sibungsu ti tilu sadulur anu lahir ti pasa-ngan Yayat Rohayati (Guru SD Rengrang)- AA Furqon teh kungsi jadi Pinunjul 2Ngadongeng Tingkat Kabupaten Tasik-malaya (2009), Juara 1 Pasanggiri MacaSajak Sa-Tatar Sunda (2010), Juara 1Maca sajak Sunda Satatar Sunda (2011),Pinunjul 1 Ngadongeng Tingkat Kabu-paten Tasikmalaya (2011) jeung Pinunjul2 Ngadongeng Tinkat Propinsi Jawa Barat(2011). Kagiatan ngadongeng dipungkasku Wa Kepoh, anu harita mawakeunjejer carita "Nu Mulang". Aya anu matakkayungyun jeung pikagagaseun nalika ieu"Raja Dongeng Radio" maju ka panggungteh, Wa Kepoh anu mimiti nulis dongengdina mangsa umur 30-an (taun 1982)jeung medalkeun kurang-leuwih 400-ankarya nepi ka kiwari, anu kawentar ,kudongeng Si Rawing (180 episode nepi kadi-film-keun), anu biasana ber ka ditu berka dieu nyukcruk lembur saba kota dioganngadongeng, lajag-Iejeg di panggung, ki-wari didodorong dina korsi roda.Katara-jang kasakit gula cenah geus dua taun,tungtungna jadi stroke! Harita Wa kepohdina derna ngadongeng ge disarengan ku"Subadrana( istrina)", Hj.Nani NuraeniAhmad. Tapi sok sanajan kitu Wa Kepohtetep nyuguhkeun "kabisana" saperti nusasari.Vokalna, utamana mah, sora

awewena anu nyari anu pada muji (kaa-sup meunang pujian ti Wa Kabul, dalangge can puguh bisaeun bisa sora istri kawasWa Kepoh mah, cenah ge), jeimg soratokoh lianna, matak betah pamiarsa anungadarangukeun jeung harita teh dipirigku kacapi suling deuih .Atuh anu laljo kuatka ti peler-peler we jeung saregep pis an,malah aya anu gogoleran, lalangiranjeungbobogohan sagala, da carita roman don-gengna teh. Eum, urang daroakeun mugiaWa Kepoh walagri sabihara-biharideui.amien!

Kasilih ku TelevisiDongeng cek Elin Sjamsuri, media

atikan niley-niley budaya, ngawanohkeunhade jeung goreng salah-bener, batal-haram anu digambarkeun ku kalakuan-kalakuan sasatoan jeung contohkahirupan /alam. "Kanggo barudak mahsae pisan dongeng teh. Usaha Kang Ganjarsae pis an dina raraga "narnengan" pa-ngaruh budaya kasajagatan. Ku kitunapara sepuh dipiharep tiasa ngawanohkeundongeng-dongeng kapungkur ka mu-rangkalihna. Komo anu aya patalinasareng riwayat para anbiya (dongeng paranabi) mah, margi sae kanggo dadasaragama." Kitu saurna. Dongeng geu moalpeupeus. Moal leungit tina pikiran soksanajan nepi ka iraha wae oge. Sabab do-ngeng diturunkeun ku kolot ka budaknaanu uteukna/rnemorina dina keurkaayaan "ngarekam", keur kitu dina do-ngeng teh euyeub ku unsur atikan."Jantenpara sepuh anu saleresna ti keur mangsabudakna tos dibekelan ku dongeng tehtiasa ngatik murangkalihna ku dongeng.Kantun ngadugikeun!" Kitu saur WaKepoh samapadegan. Ngan hanjakal Do-ngeng ti Ema ti Bapa ti Nini ti Aki kiwarigeus kasilih ku televisi, kapan kitu cek WaKabul ge.Dongeng teh kacida pentingna.Tapi can aya anu medalkeun dongengjaman ayeuna. Barudak kadon antengkana televisi. Dongeng taya nu

ngokolakeunana. Dongeng radio di pilem-buran mah aya keneh; Ngan hanjakalngan ukur rekamanana wungkul.Kitusaurna.Dongeng memang relevan jeungkahirupan ayeuna. Di jerona aya unsur-unsur gotong royong, ngajenanbaturfetika), gegeden nu di luhurteu meu-nang adigung bari teu nyaah ka rayatna,jeung sajabana, "nu jelas Ibu kataji kudongeng teh kumargi nganggo basa Sundasareng edukatif. Sok waas ka pun biang,upami mepende teh sok barimangdongengkeun Sakadang Monyetjeung Peucang", kitu saur Ibu Miya nyore-ang alam ka tukang.

Dina taun So-an dongeng radio diBandung, memang kungsi ngalamanmangsajaya.Juru-juru dongeng petingansaperti Abah Kabayan (Radio Dahlia)kawentar ku dongeng silat Si BuntungJago Tutugan, Si Ruyung Kawung, jeungJaka Santang.Kitu deui Rahmat Dipradja(Radio Garuda) katelah ku dongengna SitiNur Elah, nepi ka aya saembara ngangkatsapatu raksasa anu dingaranan SapatuNur Elah.Aya deui Haji Dulacis ti RadioVolvo anu ngadongeng Si Komeng, MangJohny ti Radio Kencana anu ngadongeng

'Ranggaek Memeh Tandukan jeung SiBuntung Jago Tutugan, kaasup Wa Kepohdi Radio Emsa jeung Wa Kabul.Nepi kadongeng di Radio dipake obyekpanalungtikan skripsi ku mahasiswi Sas-tra Sunda Unpad.Tacan eta teh aimdisiarkeun di radio-radio daerah modelMang Barna jeung Wa Kepoh dina wa-ngun rekaman. Tah kiwari ngan kariwaasna. Waas balik sakola sore-sore barinyaneut cikopi atawa citeh katutlalawuhna ngadarepong hareupeun radiotransistor ngadedengekeun lalakon Andikeur tarung patutunggalan jeung Bahrowi,Sudinta Katut Ardasim."Seak Bah Rowinarajang bari nyabetkeun pecut kulitmundingna. Tapi orokaya Andi ngagiwarmake jurus panggal muih ...bari sayaga rekmetakeun jurus Gelap Ngampar anungaruntuytujuh. Barangjeungkitu da teukatuturkeun ku mata atuh, anu tiluan geusngajurahroh dihakan si Gelap Ngampar.Tapi saterusna Bah rowi mah perlayanateh lain ku leungeun Andi tapi asup ka bu-rang bagong.Euh ..pamiarsa waosna(wak-tosna) geuning tos teu nyekapan ....keuunurang diteundeun di handeuleum sieun ditunda di hanjuang siang paranti nyokotninggalkeun ...mangsa datang urang sarn-peur deui!".Halah ku waas.Nyanggakeuntah ka KPID. Jigana pantes pami Radio-radio nu aya di Bandung diwajibkeunnyiarkeun dongeng basa Sunda kanggongarojong mekarna basa Indung jeungngatik barudak kiwari.Cag! (Asep GP)Potret Asep GP

7