kitab bayanutasdiq

Upload: kang-iyan

Post on 09-Jul-2015

404 views

Category:

Documents


69 download

TRANSCRIPT

TEMPAT TEMPAT LATHIFAH Kanyahokeun ku anjeun, saenya-enyana manusa eta di susun tina 10 latifah, ari nu 5 tina anu sapuluh teh dingaranan 'Alamul Kholqi, ari nu 5 deui dingaranan 'Alamul Amri. 'ALAMUL KHOLQI Ari 'Alamul Kholqi eta disusun tina 5 lathifah, nyaeta Lathifatun Nafsi anu pernahna antara halis dua, sareng anu opat deui nyaeta anasir seune, anasir 'Angin, anasir cai sareng anasir taneuh. Di mana-mana eta nu opat kumpul, dingaranan Lathifatul Qolab, tegesna lelembutan sakabeh badan. Jadi jelasna Alamul Kholqi teh ngan 2 lathifah, nyaeta: 1. Lathifatun Nafsi (anu pernahna di antara dua halis). 2. Lathifatul Qolab (anu pernahna dina embun-embunan). 'ALAMUL AMRI ArI Alamul Amri eta disusun tina 5 lathifah, nyaeta: 1. Lathifatul Qolbi, anu pernahna eta handapeun susu kenca, anu anggangna kira-kira dua ramo condong ka belah gigir, rupana saperti buah sanubari. Tah eta teh aya dina bawahan sampean Nabi Adam a.s. Ari cahayana eta lathifah teh koneng. 2. Lathifatul Ruhi, anu pernahna dina handapeun susu katuhu kira-kira dua ramo, condong kana dada. Eta mah aya dina bawahan sampean Nabi Nuh a.s jeung Nabi Ibrohim a.s. Ari cahayana eta lathifah teh beureum. 3. Lathifatul Sirri, anu pernahna luhureun susu kenca anu anggangna dua ramo, condong kana dada. Tah eta mah di bawahan Nabi Musa a.s. Ari cahayana eta lathifah teh bodas. 4. Lathifatul khoffi, anu pernahna luhureun susu katuhu kira-kira dua ramo anggangna, condong kana dada. Tah eta mah dina bawahan sampean Nabi 'Isa a.s. Ari cahayana eta lathifah teh hideung. 5. Lathifatul Akhfa, anu pernahna dina tengah dada. Tah eta mah dina bawahan sampean Kangjeng Nabi Muhammad saw. Ari cahayana eta lathifah teh hejo. Kanyahoken ku anjeun, saenya-enyana kalobaannana ahli tarekat anu luhur sok ngitung kana pirang-pirang lathifah nu aya dina diri manusa, gunana supaya ngagampangkeun suluk ka jalmajalma anu keur diajar ngambah tarekat, jeung dzalikirna teh ngan wungkul ku lafadz jalalah atawa ismudzat, gunana supaya ngahasilkeun jadbah, tegesna persani atawa mahnit anu di tangtukeun dina bangsa dzat. Dawuhan Alloh: wadzkur robbaka fii nafsika tadloru'aw wa khiifataw wa duunal jahri minal qouli bil ghuduwwi wal aashooli wa laa takum minal ghoofiliina "Kudu dzikir maneh dina jero hate maneh bari depe-depe sarta kudu boga rasa sieun ku Pangeran, teu kudu ditarikkeun dina ngucapkeunana, ari carana dzikir kudu langgeng ti isuk nepi ka sore, jeung ulah kabuktian maneh jadi jalma anu poho". (Al-A'rof 205) Dawuhan Kangjeng Nabi saw: maa shobballoohhu syai-am fii shodrii illaa washobabtuhhu fii shodri abii bakrin "Henteu pati-pati ngocorkeun Gusti Alloh kana hiji rasiyah dina dada kami anging ngocorkeun deui kami kana eta rasiyah kana dada Abu Bakar". Ari carana mindahkeun dzikir tina hiji lathifah kana lathifah nu sejen, cara tina lathifatul qolbi kana lathifatur ruhi eta kudu make idzin Guru.

HADNA THORIQOT SUFIYAH Ari hadna ilmu Thoriqot Sufiyah, nyaeta elmu paranti nganyahokeun kana tingkahna nafsu anu di pujina atawa anu dicacadna, jeung nganyahokeun cara pertingkahna ngaberesihkeun eta nafsu tina sifat Madzmumah, jeung nganyahokeun cara mapaesannana eta nafsu ku sifat Mahmudah, jeung nganyahokeun pertingkah ngambah jeung leumpang menuju ma'rifat ka Alloh Ta'ala. MAUDLU'NA THORIQOT SUFIYAH Ari maudlu'na thoriqot sufiyah, nyaeta pagawen hate jeung panca indra dina nilik cara ngabresihkeun, jeung ngamurnihkeunnana. TSAMROHNA THORIQOT SUFIYAH Ari Tsamrohna thoriqot sufiyah, nyaeta keur ngaberesihkeun hate sangkan bisa ma'rifat kana pirang-pirang alam ghoib, boh kapanggihna teh ku daek, tegesna pangrasa, jeung ku Wujdan, tegesna paningal hate, jeung ngahontal kasalametan di akherat, jeung ngahontal kabagjaan dumeh meunang karidloan Alloh, jeung kabagjaan anu lawas, jeung ngahontal kana papadangna hate, tegesna beresihna hate, nepi kabisana kabuka, atawa katinggal sagala perkara Anu Agung, jeung ningal kana pirang-pirang tingkah anu aheng. FADLUNA THORIQOT SUFIYAH Ari fadluna thoriqot sufiyah, nyaeta pangmulya-mulyana ilmu, lantaran cumantel piken ma'rifat ka Alloh jeung mikacinta ka Anjeunana. NISBATNA THORIQOT SUFIYAH Ari nisbatna thoriqot sufiyah, nyaeta asalna sakabeh elmu, jeung jadi syarat kana sakabeh elmu, karana moal aya elmu, jeung moal aya amal anging ngeja tawajuh ka Gusti Alloh. Ari ma'na tawajuh teh nyaeta mulajamahna hate ka Alloh kana ma'na ismudzat. Jadi nisbatna ieu elmu teh saperti nisbatna ruh kana jasad. WADLI'NA THORIQOT SUFIYAH Ari wadli'na thoriqot sufiyah nyaeta Gusti Alloh Tabaroka Wa Ta'ala, Anjeuna ngawahyukeun ka Rosululloh saw, sareng ka para nabi samemeh Kanjeng Nabi saw. Jadi kauninga elmu thoriqot teh arwahna elmu syare'at. Dawuhan Gusti Alloh dina Al-Quran Surat Al-Maidah Ayat 48 anu hartosna: "Tiap-tiap para Nabi ngajadikeun Kami Anu Agung ti antara maraneh, tegesna nabina umat-umat diayakeun syare'atna jeung thoriqotna, tegesna jalan karohaniannana". ISMUNA THORIQOT SUFIYAH Ari ismuna thoriqot sufiyah nyaeta elmu thoriqot ahli tasawuf, anu di antarana Thoriqot Qodiriyyah Wan Naqsyabandiyyah. ISTIMDADNA THORIQOT SUFIYAH Ari istimdadna atawa dadasarna thoriqot sufiyah nyaeta tina Quran jeung tina Hadits jeung tina atsarna (cariosan) sahabat jeung tina Ijma' Qiyas para ulama Salaf jeung ulama Kholaf. HUKUMNA THORIQOT SUFIYAH Ari hukumna thoriqot sufiya ceuk syara, nyaeta Hukumna Wajib 'Aen, karana henteu suwungsuwung salah sahiji manusa tina kacacadan, atawa tina gering hatena, iwal para Nabi 'Alaihi Musholatu Wassalam. Dawuhan sapalihna ahli ma'rifat: "Sing saha jalma anu henteu boga bagian tina ieu elmu, tegesna ilmu bathin, mangka mikasieun kaula kana ka manehna tina Su'ul Khotimah, tegesna goreng panungtung, nyaeta maotna heunteu eling ka Alloh". MAS'ALAHNA THORIQOT SUFIYAH Ari masalahna, tegesna bahasannana, nyaeta pirang-pirang qodiyyah anu ngabahas ngoreksi pirang-pirang sifatna hate, jeung anu anut ka dunya anu geus berlaku antara kaum-kaum seperti zuhud, tegesna tapa, jeung waro, tegesna apik jeung mahabbah, tegesna cinta ka Alloh, jeung Fana tegesna ruksak sifat Madzmumah, jeung Bako' tegesna langgengna sifat anu terpuji, nyaeta akhlaq anu hade.

PERTELAANNANA ELMU SYARE'AT, TAREKAT JEUNG HAKEKAT SYARE'AT Ari syare'at teh nyaeta: al-ahkaamul munazzalatu 'alaa rosuulillaahhi sholalloohhu 'alaihhi wa sallam "Pirang-pirang hukum anu diturunkeun ka Rosululloh saw." Anu maham kana eta hukum teh para Ulama, boh tina Qur'an atawa Hadits. Boh tina enas atawa istinbath. TAREKAT Ari tarekat teh nyaeta: 'amalu bisysyarii'ati "Ngamalkeunnana syare'at", jeung nyandak kana perkara anu pangpentingna, jeung ngajauhan tina gampangna dina perkara anu henteu pantes digampangkeunnana, jeung ngajauhan tina perkara paharaman jeung pamakruhan, jeung ngalakonan pirang fardlu anu kaduga tina pirang pasunatan di bawah pemeliharaannana Guru anu Arif tegesna ma'rifat ka Alloh, nyaeta ahli nihayah, tegesna Mursyid. Atawa harti tarekat teh nyaeta: ijtinaabul manhhiyyaati zhoohhiron wa baathinaa "Ngajauhan tina sakabeh anu dicegah dhohir bathinna", jeung numutkeun ka Pamarentah Gusti Alloh menerut kemampuhannana, ngan henteu aya jalanna atawa obatna iwal ti ku ngalobakeun dzikir ka Alloh Ta'ala. HAKEKAT Ari Hakekat teh nyaeta: takholliin nafsi 'ang rozaa-ilil akhlaaqi "Nngaberesihkeun nafsu tina kotorna akhlaq", jeung mapaesan nafsu ku pirang-pirang sifat anu dipikaridlo ku Pangeran, jeung ku akhlaq anu hade, sakira-kira kaayaan nafsu teh gampang migawe amal anu sholeh jeung gampang migawe kana amal anu hade, sahingga teu aya kacapean, balik ta lamun manehna ninggal tea mah kana amal heunteu diturut ku nafsuna. Saenya-enyana, ari hakekat teh eta buahna tarekat. Jeung saenya-enyana, kalakuan misti keur jalma anu ngambah jalan ka akherat kudu ngumpulkeun antarana ieu anu tilu, jeung ulah arek ngosongkeun hiji perkara tina ieu nu tilu perkara, karana saenyana Hakekat anu henteu make Syareat eta batal, jeung saenyana Syare'at anu henteu make Hakekat eta kosong. Dawuhan Imam Maliki r.a: mang tasyarro'a wa lam yatahaqqoq faqod tafassaqo wa mang tahaqqoqo wa lam yatasyarro' faqod tazangdaqo wa mang jama'a baynahhumaa faqod tahaqqoq "Sing saha jalma anu migawe Syare'at tapi henteu ber-Hakekat, eta hukumna Faseq, tegesna dosa gede. Jeung saha jalma migawe hakekat tapi henteu ber-Syare'at, eta hukumna Jindiq. Sing saha jalma nu ngumpulkeun migawe syare'at jeung hakekat, mangka eta jama nyata benerna". Ari Syare'at eta saperti jasad. Ari Tarekat eta saperti nyawa. Ari Hakekat eta saperti rasa. Ari syare'at jeung hakekat eta dua-duana mulajamah, tegesna henteu bisa dipisahkeun, saperti talajumna kai jeung cai, atawa jasad jeung nyawa.

PASEKNA JALMA ANU MIGAWE SYARE'AT TINGGAL HAKEKAT Hartina paseq ka jalma nu migawe syare'at tinggal hakekat karana: likhuluwwi 'ilmihhii 'ang shidqit tawajjuhh "Suwung elmuna tina bener nyanghareupna hate ka Alloh", anu eta tawajuh teh bisa ngahalangan kana ma'siat ka Alloh. Jeung suwung elmuna tina ikhlas anu disyaratkeun eta ikhlas teh dina sagala amal. ZINDIQNA JALMA ANU MIGAWE HAKEKAT TINGGAL SYARE'AT Jindiqna jalma anu migawe hakekat tinggal syare'at karana: li-annahhu qo-ilum biljabri "Manehna gucapkeun anu sifatna Jabariyah", tegesna kapaksana ku Qudrot Irodatna Alloh anu matak ngahak kana ngaleungitkeun hikmah jeung pirang-pirang hukum. BENERNA JALMA ANU NGUMPULKEUN SYARE'AT JEUNG HAKEKAT Ari benerna jalma anu ngumpulkeun antara syare'at jeung hakekat, nyaeta: liqiyaamihhii bilhaqiiqoti fii 'aini tamassukihhii bilhaqqi "Karana geus ngadegkeunana manehna ku eta hakekat dina datiahna nyekel eta ajaran teh kalawan hak". Dawuhan Syekh Juruqi r.a: "Ari Tauhid eta 'Arasy. Syare'at anu ngabersihkeun eta Qursina Arasy". Ari hakekat anu ngunggulkeun dina nyare'at eta langitna. Ari bagian nafsu eta bumina. Sakursakur hakekat anu teu dibarengan syare'at eta henteu rekenan ka jalma-jalma nu migawena. Sakur-sakur syare'at anu teu dibarengan ku hakekat eta teu aya kasampurnaannana. Ari Hakekat eta 'Arasy. Ari Syare'at eta bumi. Salagi langgeng nyawa dina lauatan tauhid, eta kaya-kaya dina Arsyur-Rohman, tegesna mahlige atawa karaton Katuhanan. THORIQOT TABARUK Ari ngaran Thoriqot Tabaruk teh nyaeta nyokotna perjangjian ti salah sahiji Mursyid, jelasna pisan mah nyaeta: akhdzul muriidi 'alaa dzikrim ming syaikhi mursyidi "Nyokotna si murid kana dzikir ti guru mursyid", karana maksudna nundung poho tina hate anu teuas, jeung ngiparatan pirang-pirang dosa, jeung sangkan ucul tina pirang-pirang balai, jeung sangkan salamet tina pirang-pirang warna nu di pikangewa ku syara, jeung sangkan salamet tina kagorengan jeung siksaan, nepi ka bersih hatena, jeung supaya balik si hate nyanghareup kana tempat anu langgeng nyaeta akherat, jeung supaya renggang tina pirang-pirang tempat kama'siayatan. THORIQOT SULUK Ari ngaran Thoriqot Suluk nyaeta: tahhdziibun nafsi 'anil anwaa'ir rodzaa-il "Ngabersihkeun nafsu tina pirang-pirang warna nu kalotor", kucara ngalobakeun riyadoh, seperti lapar, melek, ujlah, tapa, kalawan perantaraan mursyid, supaya unggah kalawan nungtut satahap demi satahap kana makom kasampurnaan. Ari ngaran suluk ceuk Imam Ghozali mah malah kieu: mang tafakkaro fii diinihhi faqod salaka "Saha-saha jalma anu geus bisa tafakur dina agamana eta oge suluk". Ari hartina suluk teh leumpang atawa ngambah atawa mapay, nu maksudna mah migawe ibadah nu di barengan ku dzohir jeung batinna, sangkan meunang karidhoan Alloh swt. Timbalan Alloh dina Al-Quranul 'Adzim: faslukii subula robbiki dzululan "Kudu ngambah maneh dina jalan Pangeran maraneh" (An-Nahli:69) bari boga rumasa hina, tegesna henteu gumede atawa takabur. Saha-saha jalma nu neangan karidoan Alloh, tangtu ganjaran ti Pangeran bakal di pasihkeun ka jalma-jama anu neangan kana karidoan. Timbalan Alloh dina AlQuran: wa may yaf'al dzaalikabtighoo-a mardlootillaahhi fasayu-tihhii ajron 'azhiimaa "Sing saha jalma nu migawe amal karana nyuprih karidoan Alloh, mangka Alloh bakal masihan ganjaran ka eta jalma anu pohara gedena".

FARDHU 'AIN HUKUMNA PIKEUN JALMA ASUP KANA THORIQOT SUFIYAH Ieu pasal nerangkeun hukumna asup kana thoriqot Sufiyah. Dawuhan Imam Ghozali ra: "Asup dina thoriqot Sufiyah hukumna fardhu 'ain, boh ka lalaki atawa ka awewe, karana henteu suwung salah sahiji manusa tina kacacadan atawa gering hatena, saperti ujub atawa thoma, takabur, riya jeung sajabana, anging para nabi". Dawuhan Imam Syadzili ra: mal lam yatagholghol fii 'ilminaa hhaadzaa maata mushirron 'alal kabaa-iri wa hhuwa laa yasy'uru wa haitsu kaana fardlu 'ainiy yajibus safaru ilaa may yakhdzuhhu 'anhhu idzaa 'arofa bittarbiyati wasytahharod dawaa-u 'alaa yaddihhii wa-in khoolafa waalidaihhi "Saha jalma anu henteu asup dina elmu kaula, nyaeta thoriqot sufiyyah ieu, mangka paehna eta jalma sarua jeung ngalanggengkeun dosa gede, bari manehna henteu nyaho yen fardu 'aen hukumna wajib indit neangan jalma nu mere be'at ka manehna dimana manehna geus nyaho kana Syekh Tarbiyah, tegesna guru nu ngadidik mere ajaran tarekat, jeung geus mashur obatna dina panangannana, sanajan eta jalma nu rek ngalap tarekat teh dicaram ku indung atawa ku bapana". Katerangan nu nyarioskeun eta teh lain saurang bae, malah seueur deui, sapartos syekh Balali jeung Sanusi sareng nu sanesna. Dawuhan sapalihna ahli ma'rifat: mal lam yakul lahhu nashiibum min hhaadzaa 'ilmil baathini akhoofu 'alaihhi ming suu-il khootimah "Saha-saha jalma nu henteu boga bagian tina ieu elmu bathin, tegesna elmu thoriqot Sufiyyah, mangka mikasieun kaula ka eta jalma teh tina tumiba waktu paehna su-ul khotimah, ya'ni goreng pangnuntung". Sakabeh ahli tarekat geus rempug ngawajibkeun ka manusa-manusa kudu ngalap kahiji guru nu mere pituduh kamanehna pikeun ngaleungitkeun kana pirang-pirang sifat anu matak ngahalangan ka manehna tina ma'rifat ka hadrot Alloh ku hatena, tegesna elingna hate ka Alloh, supaya sah hadirna hate jeung khusuna dina pirang-pirang ibadah. Tah eta teh kaasup kana bab henteu sampurna wajib anging kudu ku eta perkara - cara didieu henteu khusu dina sholat anging kudu elingna hate - sedengkeun moal bisa hasil elingna hate anging kudu guguru heula ka ahlina. Jadi atuh ngalap guru teh hukumna wajib. Dawuhan Sayyidi Syekh Abdul Qodir Al-Jailani qs: fal waajibu 'alal ingsaani tholaabu hayaatil qolbil ukhrowii min ahhlit talqiini fid dunyaa qobla fawtil waqti, fa-inad dunyaa mazro'atul aakhiroti, wa mal lam yazro' fid dunyaa lam yahshud fil aakhiroh. "Mangka wajib ka manusa-manusa neangan ka hirupan hate bangsa ka akheratan ti ahli Talqin di dunya samemeh beak waktu - tegesna maot, sabab saenya-enyana ari dunya teh eunteungna akherat. Jeung jalma anu henteu melak di dunyana tangtu moal panen di akheratna". Dawuhan Wahab Sya'roni ra: tholabusy syaikhi fith thoriqi waajibun 'alaa kulli muriidiw wa law min akaabiril 'ulamaa-i anna kulla mal lam yattakhidz lahhuu syaikhoy yursyiduhhu ilal khuruji 'an hhaadzihhish shifaati fahhuwa 'aashil lillaahhi wa lirosuulihhi li-annahhuu laa yahhtadii lithoriiqotil 'alaaji wa law takallafa laa yamfa'u bighoiri syaikhiw wa law hafizho alfa kitaabi "Neangan guru dina tarekat eta wajib ka tiap-tiap murid, sanajan gegeden ulama, karana saenyana sakur-sakur jalma anu henteu ngalap dzikir ti guru mursyid anu ngaluarkeun tina sifatsifat nu di cacad, mangka eta jalma geus ma'siyat ka Alloh jeung ka Rosulna, sabab manehna moal meunang hidayah kana jalan nambaan eta panyakit hate, najan bari maksa, tetep moal mangfaat lamun tanpa guru, sanajan manehna katalar 1000 kitab". (Kitab Risalatul Qudsiyyah).

DIPIKASIEUN KHOTIMAH

PIKEUN JALMA

ANU ANTI

KANA TAREKAT PAEHNA SU-UL

Kanyahokeun ku anjeun, saenya-enyana ingkar atawa anti ka gegeden tasawwuf jeung kana tarekat anu luhur saperti Qoodiriyyah Wan Naqsyabandiyyah jeung lian-liana anu ngajawuhan tina bid'ah mardud, khusus ka ahli elmu anu mangfaat, jeung ka ahli amal anu luhur, oge ka ahli ma'rifat jeung ka ahli Asror, jeung ka ahli mukasyafah anu soheh, ka ahli nu geus yakin dina ma'rifatna, oge ka jalma nu keur diajar dina elmu Thoriqot Sufiyyah, tah eta ingkar teh ngarupakeun baruwang nu matak maehan jeung nyilakakeun nu pohara gedena, malah geus datang ancaman nu kacida bangetna, tegesna matak pikareuwaseun, jeung ingkar eta teh ciri wancina jalma nu geus malieus hatena ti Alloh, anu di pinuhan hatena ku panyakit hasud, thoma jeung kadedemes, sieun beakeun murid, sieun beakeun alas. Malah dipikasieun pisan keur jalma nu ingkar teh maotna su-ul khotimah, tegesna maot henteu iman ka Alloh, ngan kabiasaannana henteu pati-pati kaluar panyacian atawa pamoyokan ka ahli tarekat teh anging ti sawarehna ahli fiqih nu lalawora, tegesna sundek. Dawuhan Al-'Arif Abdul Ghoni Anna Balasi: "Geus jadi kabiasaan ahli fiqih dina tiap-tiap jaman sok ngoreksi kana kacacadan jalma-jalma anu ditoropong tina jihad hukum sara', anu maranehannana tara make ta'wil heula, pedah teu kapanggih masalahna, atawa pedah sulaya jeung kanyahona, padahal kenging ka manehna na'wilan ku sarebu ta'wil, balik ta terus wae ingkar, nepi ka ingkarna teh tungtungna kana pokona tarekat jeung ka jalma-jalma anu ngamalkeun tarekat, malah kum we ka sakabehna ahli tarekat dianggap salah, tah eta kalakuan kitu teh pagawean jalma-jalma nu pifiqihan, anu panatik, anu barodo, lain anu jetu, nyaeta ahli fiqih nu lalawora, nu maksud kitu teh keur ngahasilkeun tujuan hayang tenar, hayang sohor, ngarah kasebut ahli elmu, ahli fiqih, ngarah meunang kaagungan, anu eta tujuan teh iwal perbuatan syetan, anu estu wungkul hayang ngalaksanakeun kapuasan nafsu, demi keur kaagungan dirina. Dina pikirannana jeung daya ciptana wungkul mulitik kagorengan batur tanpa dicek heula. Dimana manehna geus hasil maksudna, geus bisa ngadobrak ku hiji aturan-aturan naon bae-nepi ka eta nu dibenci eleh, boh hujahna atawa eureun tina pagaweannana, tegesna eureun tina amalna anu sakumaha biasana, mangka pada barungah maranehna lir ibarat bungahna jalma-jalma nu geus ngamilik kana dunya, tegesna menang duit gede kalawan bungah anu kacida. Lamun maranehannana nenjo atawa nyaho kaalusan-kaalusan ti jalma anu dibencina, cara ti ahli Kamil (jalma anu sampurna) sumawona lamun ti ahli tarekat, gura-giru disidem disumputkeun. Tapi lamun nenjo atawa ngadenge aya kagorengannana, guragiru diuar-uar. Henteu aya keur maranehna teh iwal nareangan kapelesedna jalma, lain hayang ngomean tina kapelesedna iwal ti ingkar atawa nyaci anu kacida bangetna, khususna nyaci ka ahli kamil atawa ka ahli tarekat anu keur khussu, atawa ka ahli ibadah anu sok ngalakonan padzikiran, tah eta jalma anu ingkar sarupa kitu teh jalma sasar tur nyasarkeun. Dawuhan Syaikhul Islam Al-mahzumi: "Henteu meunang ka salah sahiji ti para Ulama ingkar atawa benci kana tasawwuf anging manehna kudu geus ngambah heula kana tarekatna jeung geus nenjo kana pagaweannana, tur eta pagawean teh sulaya tina Qur'an jeung tina Hadits, jeung tina kaul Ulama Salaf, tegesna mujtahid. Ari sakadar beja atawa denge-denge tere mah, jeung sangkaan atawa beja-beja bohong ti saliwat jalan, atawa jijieunan, henteu meunang ingkar, benci atawa moyok pikeun maranehana ka ahli tarekat kalawan sagawayah". MEUNANG INGKAR KANA TAREKAT ASAL TABAHUR HEULA KANA ANU 70 PERKARA Dawuhan Syekh Mahzumi: "Saeutik-eutikna kawajiban ka jalma anu ingkar kana tarekat, mangka kudu nganyahokeun heula kana 70 perkara, kakara manehna dimeunangkeun ingkar kana ucapan, pagawean jeung tingkahna ahli tarekat". Tina sabahagianana, nyaeta: Kudu geus teuleum dina nganyahokeun Mu'jijatna Rosululloh Saw. Kudu geus nganyahokeun karomat-karomatna para Auliya dina pangkatna sewang-sewang. Kudu geus nekadkeun dina kaimanannana yen para wali teh pewaris para nabi. Kudu geus ngamuthola'ah kana kitab-kitab tafsir karangan Ulama Salaf jeung Ulama Kholaf. Kudu geus ngamuthola'ah kana kitab-kitab Hadits. Kudu geus ngamuthola'ah kana perbedaan pendapatan Imam-Imam Mujtahidin. Kudu geus nganyahokeun kana rahasiah-rahasiah Qur'an jeung Hadits. Kudu geus nganyahokeun kana ma'na dhohir jeung ma'na ta'wil sarta syaratna ta'wil.

Kudu geus nganyahokeun kana elmu lughot, tata bahasa, elmu majaz jeung elmu sti'aroh hingga nepi kacacapna. Kudu geus ngamuthola'ah kana pendaptna Ulama Salaf jeung Ulama kholaf dina ngabedakeun ma'na tina ayat khobar jeung ayat 'amar. Kudu geus nganyahokeun kana mana dalil anu unggul tinu sejena. Kudu geus nyagara dina elmu 'Ushul. Kudu geus nyaho kana elmu kalam jeung kasampurnaan elmu 'aqo'id. Kudu geus nganyahokeun kana perbedaan paham ulama ahli tasawwuf, ahli filsafat, ahli 'adab, ahli syareat, ahli tarekat jeung ahli hakekat dina ngabeda-beda ibarat tina ngajelaskeun masalah tajalli dzatiyah jeung tajalli suri nurutkeun hakekatna tajalli, jeung tina ngajelaskeun naon dzat jeung dawatidzat (anu boga eta dzat). Kudu geus nganyahokeun cara kumaha perbedaan ma'fat asma jeung ma'rfat sifat. Kudu geus nganyahokeun kana perbedaan antara hadrot, ahadiyat jeung wahidiyat. Kudu geus nganyahokeun kana dhohirna Alloh, bathinna Alloh, azali jeung abad. Kudu geus nganyahokeun kana alam ghoib, alam mumkin jeung alam sahadah. Kudu geus nganyahokeun kana Su'un anu disebut masi'ah tegesna pangersa Alloh. Jeung kudu nganyahokeun kana alam masi'ah, tegesna pangersa Alloh. Kudu geus nganyahokeun kana alam mahiyah jeung alam hawiyah nalika fana'a. Kudu geus nganyahokeun kana sakar (mabok) dina mahabbah. Kudu geus bisa ngabedakeun anu sakarna bener jeung jalma anu keur mazdub,tegesna kasedot ku persani gha'ib, hingga nu majdub teh meunang ka murahan dina kalakuan jeung ucapna. Kudu geus nganyahokeun kana anu bahong dina nalika keur mazdub. Sing saha jalma anu henteu nyaho kana maksudna jeung tujuan ahli thoriqot sufiyah, mangka kumaha rek meunangna maranehanna ingkar atawa anti kana tarekat. MATAK KUFUR KA JALMA ANU NYALAHKEUN KANA TAREKAT Dawuhan Syekh Sufiyah: yaa ahhlazh zhoohhiri laa taj'aluu hujjatan 'alaa ahhli baathini li-annahhum ghozluhhum roqiiquw wa fahhmuhhum roqiiqun 'ibaarotuhhum laa yamfahhum ghoiruhhum "He, ahli dhohir, tegesna ahli syare'at atawa ahli fiqih, ulah rek wani-wani maraneh ngahujjah ka ahli batin, nyaeta ka ahli tarekat, lantaran ahli batin mah tarucingna lemes, pahamna jero, ibaratna moal ka paham lamun lain ku ahlina deui". Dawuhan ulama Sufiyah: wa iyyaaka ing taquula thoriiqotush shuufiyyati laisa 'alaihhaa kitaabuw wa laa sunnatum fainnahhuu kufrun li-annahhaa akhlaqum muhammadiyatuw wa sairotun ilaahhiyyah "Kudu sieun maneh ngucapkeun atawa nyebut-nyebut yen tarekat tasawwuf teh euweuh tina Qur'ana atawa tina haditsna. Mangka tah eta kitu teh matak kufur, lantaran tarekat teh akhlak Kangjeng Nabi Muhamad saw, jeung kalakuan anu dipikarido ku Pangeran". Dawuhan Ibnu hajar dina Sarah Minhaj tina Kitab Riddah: "Eta teh Matak pegat Islam, atawa omongan matak kufur, lantaran dihaja, atawa lantaran nenjo anu nembongkeun kabencian. Ngan lamun katalanjuran lisan, atawa dipaksa, eta mah henteu matak naon-naon, ngan meunang doraka, tegesna sakadar dosa gede". Dawuhan Syekh Romli dina Kitab Fatawil Khoiriyah: wa haqiiqotu maa 'alaihhish shuufiyyatu laa yungkiruhha illaa kullu nafsing jaahhilatin ghooniyyah "Ari hakekatna mah ka ahli tasawwuf moal aya anu ingkar, kajaba jalma-jalma anu banget bodona". Dawuhan sapalihna deui ahli tasawwuf: "Di mana-mana manehna nenjo atawa manggihan jalma-jalma anu nyalahkeun atawa benci kana tasawwuf, atawa ka ahli padzikiran, kudu kabur maneh ti eta jalma, saperti kaburna maneh tina meong. Jeung kudu ngahereng maneh ka eta jalma, tegesna ulah dihadean, karena henteu aya elmu anging sok tumiba sakapeng henteu butuh kana eta elmu dina sawaktu-waktu, anging elmu tasawwuf tegesna elmu tarekat dzikir. Mangka henteu mikasugih, tegesna butuh si jalma dina hiji waktu jeung pirang-pirang waktu, cara keur kumaha bae, malah usik malikna, nangtung diukna, sare jeung nyaringna oge kudu make tasawwuf atawa tarekat dzikir".

Dawuhan Alloh dina Al-Qur'an: fadzkurulloohha qiyaamaw wa qu'uudaw wa 'alaa junuubikum "Kudu areling maraneh ka Alloh, boh keur nangtung, boh keur diuk, boh keur nyangkere". (An-Nisaa 102) DZIKIR KA ALLOH HUKUMNA WAJIB Ari dzikir ka Alloh eta hukumna wajib 'aen. Dawuhan Alloh dina Al-Qur'an: yaa ayyuhhal ladziina aamanudzkurulloohha katsiiroo "Heh, jalma-jalma anu ariman, kudu dzikir maraneh ka Alloh kalawan dzikir nu saloba-lobana". (Al-Ahzab 41) Dawuhan Syekh Tastari: wadzdzikrul katsiiru allaa yangsaahhu abadan "Ari dzikir nu loba teh nyaeta anu henteu aya poho salawasna". Dawuhan Imam Thoriqot Syadziliyyah: adzdzikru ruknung qowiyyum fii thoriiqil qoumi bal huwal 'umdatu laa yashilu ahadun ilalloohhi illa bidzikri "Ari dzikir teh rukun anu kuat dina thorekat ahli tasawwuf atawa tihangna, malah moal wusul salah saurang ka Alloh-tegesna moal ma'rifat ka Alloh-anging ku dzikir". Dawuhan Ibnu 'Abbas ra: kullu 'ibaadatim fardlohhaalloohhu ta'aalaa ja'ala lahhaa wa qutam makhshuushow wa 'udzdzirol 'ibaadu fii ghoiri aw qootihha illaadzdzikro lam yaj'alillaahhu lahhu waqtam makhshuushon "Sakur-sakur ibadah anu dipardukeun ku Gusti Alloh aya waktu khusus tur bisa dihampura si abdi dmana ngalakonan dina lain waktuna karana aya uzur, anging dzikir eta henteu diayakeun ku Alloh ka si abdi waktu nu tangtu". Dawuhan Alloh Ta'ala: udzkurulloohha dzikrong katsiiroo "Dzikir maneh ka Alloh ku dzikir anu loba". (Al-Ahzab 41) Dawuhan Alloh Ta'ala: fa-idzaa qodloitumush sholaata fadzkurulloohha qiyaamaw wa qu'uudaw wa 'alaa junuubikum "Di mana maraneh rengse sholat, mangka dzikir maraneh ka Gusti Alloh, bari nangtung, bari diuk, jeung bari nyangkere". (An-Nisaa 102) Salah saurang unjukan ka Rosululloh saw: yaa rosululloohhi katsurot 'alayya sya'aa-irul islaami fa-awshinii bi-amri adriku bihhii maa faataanii wa awjiz faqoola laa yazaalu lisaanuka rothbam bidzikrillaahhi "Ya Rosululloh, parantos seueur si'ar islam ka jisim abdi. kumargi kitu mugia Gusti ka abdi masihan wasiyat ku hiji perkawis dimana abi nunda eta padamelan tiasa kasusul deui ku abdi, sareng mugi Gusti ngaijazahan ka jisim abdi". Dawuhan Kangjeng Nabi: "Ulah petot-petot lisan maneh sing baseuh ku dzikir ka Alloh". Ngadawuh Rosululloh saw: law anna rojulam fii hijrihhii daroohhimu yuqsimuhhaa wa aakhoru yadzkurulloohha lakaanadz dzaakirulloohhi afdlolu "Saenya-enyana hiji lalaki dina tempatna ngabogaan pirang-pirang dirham, tuluy kumanehna eta dirham dibagikeun ka fakir miskin, ari anu saurang deui mah ngan dzikir ka Alloh, eta leuwih utama batan boga dirham dibagi-bagikeun ka fakir miskin". Dawuhan Rosululloh Saw: alaa unabbi-ukum bikhoiri a'malikum wa azkaahhaa ingda maliikikum wa arfa'ihhaa fii darojaatikum wa khoiril lakum min imfaaqidz dzahhabi wal waroqi wa khoiril lakum min ang talqow 'aduwwakum fatadlribuu a'naaqohhum wa yadlribuu a'naaqokum qooluu wa maa dzaaka yaa rosuulullooh? qoola dzikrillaahh

"Hei eling-eling, kaula ngabejaan ka maraneh kabeh ku pangalus-alusna amal maraneh, jeung pangberesih-beriesihna amal mungguh Nu Ngaratuan, jeung pangluhur-luhurna amal dina darajat maraneh, jeung leuwih alus ka maraneh kabeh batan nganapakohkeun mas-perak, jeung leuwih alus ka maraneh batan papanggih jeung musuh maraneh, tuluy maraneh neunggeul kana sirah musuh maneh ku pedang, jeung musuh nareunggeul kana sirah maraneh". Naros para sahabat: "Naha naon ya Rosululloh, amal nu pangsae-saena teh?". Dawuhan Kanjeng Nabi: "Dzikir ka Gusti Alloh". DZIKIR AYA PAEDAHNA MUN DITALQINKEUN KU GURU Parantos ngadawuh para ahli tasawwuf, yen dzikir moal mere faedah anu sampurna anging kudu di gurukeun heula. Diriwayatkeun ku Imam Ahmad sareng Imam Thobroni yen ari asal-asalna ayana talqin dzikir teh kawarid tina hadits Kangjeng Nabi saw dina waktos Rosululloh ngabe'at para sahabatna. Dicarioskeun ku Syaddad bin Aos: Kaula sarerea keur aya di gedengeun Kangjeng Rosululloh saw. Saur Nabi saw: hhal fiikum ghoriibuy ya'nii min ahhlil kitaabi? faqultu laa, fa amaro bigholqil baabi, wa qoola irfa'u aydiyakum wa quuluu laa ilaahha illalloohu tsumma qoola alhamdulillaahhi alloohhumma innaka ba'atstanii bihhaadzihhil kalimati wa wa'attanii 'alaihhaal jannata wa innaka laa tukhliful mii'aadi tsumma qoola alaa ubsyiiruu fa innalloohha qod ghofaro lakum "Naha di maraneh aya jalma-jalma anu ngumbara, tegesna ahli kitab, nyaeta Nasroni atawa Yahudi?". Ceuk kaula: "Henteu aya". Teras Anjeuna miwarang nulakan panto. Dawuhananna: "Jarungjungkeun leungeun maraneh kabeh, bari pek ucapkeun ku maraneh kalimah LAA ILAAHA ILLALLOH". Tidinya teras Anjeuna ngadawuh: "Alhamdulillah, Nun Gusti Pangeran jisim abdi, sayaktosna Gusti parantos ngutus ka abdi ku ieu kalimah, sareng parantos jangji Gusti ka abdi ku ieu kalimah bakal lebeut ka sawarga, sareng sayaktosna Gusti eta henteu sulaya kana jangji". Teras Anjeuna ngadawuh deui: "Heh eling-eling, sing barungah maraneh, saestuna Alloh geus ngahampura ka maraneh kabeh". Dawuhan Kangjeung Nabi saw: maa mingqoumin ijtama'uu yadzkuruunalloohha ta'aala laa yuriiduuna dzaalika illaa wajhhahhuu illaa naadaahhum munaadim minas samaa-i quumuu maghfuurol lakum qod buddilat lakum sayyiatikum hasbanaati "Teu aya di antara kaum-kaum anu ririungan dalikir ka Alloh Ta'ala bari henteu ngarepkeun maranehananna ku eta dzikir teh anging samata-mata karana Alloh, anging ngundang ka eta kaum nu gegeroan ti luhur langit: Geura narantung maraneh kabeh tur dihampura maraneh kabeh, sarta digantikeun kagorengan maraneh ku kahadean". Ngadawuh Alloh Ta'ala: fastabsyiruu bibai'ikumul ladzii baaya'tum bihhii dzaalika hhuwal fauzul 'azhiimu "Sing barungah maraneh ku ayana maraneh geus be'at, anu eta be'at teh ngarupakeun kabagjaan anu agung". (At-Taubat 111)

ASAL MUASALNA THORIQOT QOODIRIYYAH Anapon ari talqinna para Shahabat mangka ngadawuh Yusuf Al-Kaorani sareng anu sanesna kalawan sanad anu soheh, sayaktosna Sayidina Ali r.a. tumaros ka Kangjeng Nabi saw. Dawuhan Sayyidina Ali kw: dullanii 'alaa aqrobith thuruqi ilalloohhi ta'aala wa ashhalihhaa 'alaa 'ibaadihhii wa afdlolihhaa 'indalloohhi ta'aala "Mugi Gusti kersa nuduhkeun ka abdi kana pangcaket-caketna jalan ka Alloh Ta'ala, sareng anu panggampil-gampilna di amalkeunnana ku pirang-pirang abdina Alloh, sareng pangafdolna mungguh Alloh Ta'ala?". Mangka ngadawuh Kangjeng Nabi saw: 'alaika bimudaawamati dzikrillaahhi afdlolu maa qultu anaa wan nabiyyuuna ming qoblii laa ilaahha illalloohhu wa law annas samaawaati wal ardliinas sab'i fii kaffatiw wa laa ilaahha illalloohhu fii kaffating larojahhat bihhinna "Wajib ka anjeun ngadawamkeun dzikir ka Alloh. Ari anu pangutama-utamana nu diucapkeun ku kami jeung para nabi samemeh kami nyaeta LAA ILAAHA ILALOOH, jeung lamun pirang-pirang bumi anu tujuh di teundeun dina hiji cecempeh, tangtu ngunggulan eta kalimah LAA ILAAHA ILALLOH kana langit jeung bumi anu tujuh". Teras Sayidina Ali karromalloohhu wajhhah tumaros deu ka Kangjeng Nabi saw: kaifadzkuru yaa rosuululloohh? "Kumaha ari cara dzikirna, ya Rosululloh?". Mangka ngadawuh Nabi saw: ghomidl 'ainaika wasma' minnii tsalaatsa marrootiw wa anaa asma'u "Peureumkeun panon anjeun duanana, heug kupingkeun ku anjeun ti kami tilu balikan, engke kami anu ngadengekeun". Teras Kangjeng Nabi saw ngucapkeun LAA ILAAHA ILLALLOH tilu wangsulan bari meureumkeun soca duanana sarta narikkeun soantenna. Ari Sayyidina Ali kw anu ngupingkeunana. Ba'da kitu teras Sayyidina Ali kw maos LA ILAHA ILLALLOH sapertos Kangjeng Nabi. Ari Kangjeng Nabi eta nu ngarungukeun. Tah ieu tarekat anu dinisbatkeun ka Sayyidina Ali kw, anu dinamian Thoriqot 'Aliyyah, anu ayeuna disebat Thoriqot Qoodiriyyah dina cara prak-prakkannana talqin Dzikir. *** ASAL MUASALNA THORIQOT NAQSYABANDIYYAH Anapon ari nisbat bathin dina talqin dzikir nu bangsa hate eta mah ku kalimah isbat wungkul, henteu make kalimah nafi, karana dawuhan Alloh Ta'ala: qulillaahhu tsumma dzarhhum fii khoudlihhim yal'abuuna "Pek ucapkeun ku maneh jenengan Alloh dina hate maneh, tuluy tinggal ku maneh jalma-jalma anu dina ririungannana maranehannana estu heuheureuyan kabeh". (Al-An'am 91) Tegesna anu sifatna eta kaom henteu eling ka Alloh ta'ala. Pangna kitu lantaran ka bengbat ku pangaruh dunya jeung bangsana. Dawuhan Kanjeng Nabi saw ka baginda Ali kw: yaa 'alii, ighmidl 'ainaika walshiq sya'baka wa a'li lisaanaka wa qul alloohhu-alloohh "Heh Ali, peureumkeun panon anjeun duanana, sarta rapetkeun bibir anjeun duanana, sarta tikelkeun letah anjeun, jeung pek ucapkeun ku anjeun kalimah: Allohu-Alloh". Tah ieu nisbat Siddiqiyah, tegesna tarekat Sayyidina Abu Bakar Siddiq r.a, anu ayeuna mah dinamian Thoriqot Naqsyabandiyyah, tegesna tarekat sayyidina Abu Bakar ra anu kenging nyandak ti Kangjeng Nabi Muhammad saw, tegesna tarekat bangsa batin, nyaeta tarekat dzikir anu tetep renggenek dina manahna Sayyidina Abu Bakar ra, sakumaha anu didawuhkeun ku Kangjeng Nabi saw:

"Henteu ngungkulan ka maraneh kabeh Abu Bakar ku sabab loba puasana jeung henteu ngungkulan ka maraneh kabeh ku sabab loba sholatna, balik ngungkulan teh ku sabab aya hiji perkara anu tetep renggenek dina hatena (dzikir khofi)". Ngadawuh Gusti Alloh Ta'ala: walladziina aamanuu wa tathma-innu quluubuhhumu bidzikrillaahhi alaa bidzikrillaahhi tathmainnul quluuba "Ari jalma-jalma nu ariman eta sok nganteungkeun hatena eling dzikir ka Alloh. Inget, ku ayana eling dzikir ka Alloh bakal anteng hatena". (Ar-Ro'du 28). Jeung nyata sakabeh tarekat nu Mu'tabaroh eta kabeh nganisbat kana tarekat Jahar (Qoodiriyyah) jeung tarekat Khofi (Naqsyabandiyyah), anu eta nu dua teh jadi asalna tina sakabeh tarekat, sarta anu dua ieu aya dina Rahmaniyyah Alloh Ta'ala. PERTINGKAHNA DZIKIR JAHAR Ari pertingkahna dzikir jahar teh nyaeta kudu ngamimitian jalma anu dzikir ku ngucapkeun kalimah "LAA" tina handapeun bujal, terus diembatkeun eta kalimah LAA teh sing nepi kana uteuk nu aya dina sirah. Geus kitu, mimitian deui saba'dana ngucapken LAA teh ku ngucapkeun "ILAAHHA" tina kawitan uteuk kalayan diciptakeun, tuluy diturunkeun eta kalimah ILAAHHA teh sing nepi kana walikat nu katuhu. Geus kitu, kawitan deui saba'dana ti eta ku hamjahna "ILLALLOOHH" Kalawan diciptakeun tina walikat katuhu, tuluy diembatkeun eta kalimah kalawan diturunkeun kana kursina dada, sahingga nepi kana ati sanubari nu aya dina gigir beulah kenca handapeun tulang gigir jeung tikatuhu, tuluy teunggeulkeun kalimah jalalah sakuat ambekna anu dipengkek kana hihideungna hate, nepika tapakan ku panasna eta dzikir kana sakabeh, kalawan bisa ngaduruk kana sakabeh babagian anu ruksak dina badan, tegesna tina pirang-pirang juzna anu maslahat, kalawan wasilah ayana cahayana lafadz jalalah. Sanggeus kitu, tuluy edarkeun eta dzikir teh sina ngaliputan kana sakabeh lathifah-lathifah nu aya dina badan, sarta ngalirik kana ma'na tahlil, tegesna henteu aya nu dimaksud anging Alloh. *** PERTINGKAHNA DZIKIR KHOFI Ari pertingkahna dzikir Khofi nyaeta nungkulkeun sirah sina meneran kana hate bari meureumkeun panon sarta letah ditikelkeun kana lak-lakan, bari pengkek ambekan, tuluy ucapken kalimah ALLOH sina langgeng dina hate, sina ngalindih eta kalimah kana sakabeh, sahingga sepi ka puncak himmah ingetan manah, mangka tangtu bakal muka ka maneh tina panto ma'rifat ka Pangeran. DZIKIR JAHAR ANU MAKE SYARAT BISA NGALEULEUSKEUN HATE ANU TEUAS Ari pirang-pirang syaratna dzikir jahar eta aya tilu, nyaeta: ayyakuunadz dzaakiru 'alaa wudluu-ing tammiw wa ayyudzkaro bidlorbing syadiidiw wa showting qowiyyin hatta tahshula anwaarudz dzikri fii bawaathinidz dzaakiriinawatashiiro quluubuhhum ahyaa-a "1. Kudu kabuktian dzikirna teh tina boga wudlu anu sampurna. 2. Dzikirna teh kalawan neunggeulkeun anu tarik. 3. Sorana anu kuat, nepi kabisa ngahasilkeun cahaya dzikir dina batinna jalma-jalma anu dalikir sahingga nepi kajadi hatena jalma nu dzikir teh hirup". Dawuhan Alloh nu hartosna: laa yadzuuquuna fiihhaal mauta illaal mautatal uulaa wa waqoohhum 'adzaabal jahiimi "Ari jalma mu'min eta moal ngarasakeun maot anging maot di dunyana, sarta ngaraksa Alloh tina siksa naraka jahim". (Ad-Dukhon 56)

Dawuhan Kangjeng Nabi saw: almu'minuuna laa tamuutuuna bal yungqiluuna ming daaril fanaa-i ilaa daril baqoo-i "Ari jalma-jalma anu mu'min eta henteu maot, balik ta parindah bae tina tempat anu ruksak kana tempat anu langgeng". Dawuhan Kanjeng Nabi saw: muutuu qobla ang tamuutuu wa man arooda ay yangzhuro ilaa mayyitiy yamsyii 'alaa wajhhil ardli falyangzhuru ilaa abii bakring rodliyalloohhu "Kudu maraot maraneh samemeh maneh maot. Sing saha jalma nu ngarepkeun hayang ningali ka mayit nu leumpang di luhur bumi, tingali bae Abu Bakar Sidik r.a". Ari nu jadi sabab dzikir jahar pangna kudu tarik, lantaran saestuna manusa teh hatena lir ibarat batu. Dawuhan Alloh Ta'ala: tsumma qosat quluubukum mim ba'di dzalika fahhiya kalhijaaroti aw asyaddu qoswataa Tuluy teuasna hate maraneh kabeh tina saba'dana narima nasehat, lir ibarat batu, malah leuwih teuas batan batu". (Al-Baqoroh 74) Sedengkeun batu moal beulah anging kudu kuat neunggeulkeun paluna, nyakitu hate moal tereh peupeusna anging kudu kuatna sora dzikir jeung paneunggeul anu tarik, karana saenya-enyana dzikir moal tapakan dina ngumpulkeun paburantak hate nu ngabogaan dzikir, anging kudu ku kuatna sora dzikir. Dawuhan Syekh Ibrohim Al-Matbuli r.a: "Kudu narikkeun maraneh kana sora dzikir nepi ka ngahasilkeun ka maraneh jam'iyat, tegesna gembleng ati saperti ahli ma'rifat. Ari jam'iyat teh nyaeta narima kumpulna sagala ingetan disanghareupkeun ka Alloh jeung ngajauhan tina lurat-leret ka lian ti Alloh. Sarta wajib ka murid-murid tarekat nu tarap belajar kudu narikeun soarana dina dzikir, nepi ka eta sora teh ngadobrak kana hijabna hate saperti 'ujub, riya jeung sabangsana". Parantos ngadawuh Ulama ahli Tasawwuf: "Di mana-mana si murid dzikir ka Pangeran kalayan bari tarik sorana jeung bari pengkuh, tegesna henteu nyoledat neunggeulkeunnana eta sora, mangka dikumpulkeun ka manehna pirang-pirang maqom tarekat kalayan gancang henteu kendor, mangka terkadang bisa ngarampungkeun dzikir teh dina lalakon sajam kana barang anu moal bisa rampung ku salian ti dzikir dina lalakon sabulan atawa leuwih". Dawuhan Imam Bukhori dina kitab shohehna tina bab dzikir saba'da sholat fardu: "Nyarioskeun deui ka kaula Ishak Ibnu Abdurrohman, anjeuna nyarios deui ka kaula nampa carita ti Jurej, ceuk Jurej kaula oge nampa ti Umar, saenya-enyana Aba Ma'bad Maula Ibnu Abbas r.a nyarios: narikkeun soara dina dzikir nalika rengsena jalma-jalma tina sholat fardlu eta teh geus ka buktian dina zaman Kangjeng Nabi Muhamad saw. Dawuhan Ibunu Abas: malah kaula oge leuwih nyaho nalika Sahabat-Sahabat ngamalkeun eta dzikir ba'da sholat, malah kaula ngadengekeun".

ANU SYAH DIJIEUN GURU Ari anu syah dijieun Guru eta seueur syarat-syaratna, ngan tina sapalihna bae, nyaeta: 1. Kudu 'Aliman, tegesna ngarti kana hukum syara', saperti ilmu fikih sarta 'aqoid nu dipikabutuh ku murid-murid anu masih di ajar. 2. Kudu 'Arifan, tegesna uninga kana kasampurnaan hate jeung ngubarannana eta hate. 3. Kudu Roufun, tegesna welas-asih ka muslimin umumna sareng ka murid-murid khususna. 4. Kudu Satiron, tegesna tiasa nutupan kana kawirang murid-muridna. 5. Kudu Najihan, tegesna ulah mikabita kana hiji perkara barang nu aya di murid. 6. Kudu ulah guguyon atawa heureuy jeung murid-murid anging dina waktu butuh. 7. Kudu Sofiyah, tegesna bersih dina nyariosna, henteu dibarengan ku hawa nafsu. 8. Kudu Pon Dzakiron, tegesna nyarita jeung murid-muridna teh iwal ngajak eling ka Alloh. 9. Samihan, tegesna laer aisan. 10. Ma'dunan, tegesna geus diijinan ku Guruna pikeun mere ijazah kanu sejen.

Tina sapalihna katerangan disebatkeun: famal Laa syaikho Lahhu yursyiduhhu pamursyiduhhusy syaithoonu "Sing saha jalma anu henteu boga guru anu nuduhkeun ka manehna, mangka guruna teh syetan". Ari guru anu arif, tegesna geus ma'rifat atawa mukasyafah, anu geus wushul ka Alloh, eta wasilahna murid keur nepikeun ka Alloh, malah jadi lawang pikeun asup kana ma'rifat ka Alloh. Kulantaran kitu ayeuna kauninga, saenya-enyana kalakuan henteu meunang ngamimitian pikeun ngalap be'at, tegesna mere ijazah ka murid-murid, anging kudu saba'da tarbiyah, tegesna dilantik sarta dibere idzin ku guruna, tegesna Hirqoh Sufiyah, sareng surat tanda idzin nyaeta piagam, sakumaha dawuhan para Imam Rohimahumuloh, karana henteu samar deui sing saha jalma nu wani-wani ngamimitian mere ijazah dzikir bari manehna teh lain ahlina kana mere eta ijazah, tegesna henteu meunang idzin ti guruna, eta manehna ngaruksakna kana tarekat leuwih loba batan ngamaslahatkeunnana, malah tetep ka manehna dosana jalma anu ngabegal di jalan, sabab megatkeun tarekat, sarta manehna harita keneh dipecat tina martabat murid Shodiq, tegesna anu bener, sumawona tina martabat guru 'Arifin. TATA KRAMA MURID KA GURU Ari tata krama murid ka guruna eta kacida lobana, tina sapalihna bae, nyaeta: 1. Kudu ngahurmat si murid ka guruna, jeung ngagungkeun ka guruna dohir batin. 2. Kudu masrahkeun dirina, tegesna rido ngahidmah ka guruna, naon panitah jeung panyarekna kudu diturut. 3. Ulah rek ngalawan atawa nyalahkeun kana perkara nu didamel ku guru. 4. Ulah kabuktian ririungan jeung guruna ngamaksud hiji perkara iwal ti taqorub ka Alloh. 5. Ulah rek mulitik kana tingkah guru. 6. Kudu ngajaga ka guruna nalika keur euweuh kudu saperti keur hadir, sarta kudu ngalirik ku hate dina sakabeh perkara boh keur nyaba atawa keur di imah, supaya meunang berkah. 7. Ulah nyumputkeun perkara ka guruna tina Ahwal Khowatir atawa mukasyafah atawa karomat anu dipaparinkeun ku Alloh ka manehna. 8. Ulah wani-wani na'bir kana perkara anu dhohir dina impian atawa mukasyafah anging kudu diunjukkeun heula ka guruna, sarta didagoan jawabannana. Lamun guru nanyakeun hiji masalah ulah waka gancang ngajawab, sanajan bisa. 9. Ulah ngabukakeun rasiah guruna, sanajan aya nu maksa. 10. Ulah ngawin istri patilasan guruna, boh nu ditalaq atawa nu ditinggalkeun maot. 11. Ulah nyieun isyarat ka guruna di mana eta guru mere isyarat ka manehna, balik ta kudu menta nasehat ka guruna, sarta kana kasampurnaan adab sarta guruna. 12. Kudu ngahurmat ka kulawargina guru, supaya condong manehna ka eta murid. 13. Di mana murid manggih kaanehan dina dirina jeung boga rasa alus kana tingkahna, kudu dicaritakeun ka guruna, supaya ditudukeun obatna, sabab lamun disumputkeun akibatna matak jadi riya jeung munapek dina hatena. 14. Kudu nganggap gede jeung berharga kana naon-naon nu dipasihkeun ku guruna, jeung ulah hayang ngajual atawa dibikeun deui ka batur. 15. Ulah ngurangan 'itiqad kapercayaan ka guruna ku sabab ninggal dina maqom guruna kurang apik atawa loba sare dina waktu sahur, sabab Gusti Alloh sok nibakeun ka sawarehna walina kana lalawora dina waktu poho engke dina waktu eling ka Alloh ngahudangkeun ka manehna dina waktu keur sajero poho. 16. Ulah loba nyarita di hadireun guruna, sumawona loba heureuy, anging ngalobakeun khusu' jeung khudu'. 17. Kudu ngalonkeun soara di majlis guru, sabab narikkeun sora teh Su'ul Adab. 18. Ulah diuk cangogo atawa nagog di payuneun guru, sarta ulah wani-wani diuk dina sajadah guru, balik ta kudu boga rasa hina jeung hidmat, sabab hidmat teh pangalus-alusna amal. 19. Kudu gagancangan kana panitah guruna tanpa dipikir heula, sarta ulah nunggu kana perkara anu sejen. 20. Kudu kabur tina perkara anu dipikangewa ku guru. 21. Ulah ririungan jeung jalma-jalma anu dipikangewa ku guruna, jeung kudu mikaresep ka jalma anu dipikaresep ku guruna. 22. Kudu sabar tina pangwarahna guru, upama teu ditanya teu ditakon ulah nyebut kieu: naha ari ka si anu mah guru teh anu, ari ka awak kuring mah kieu. 23. Ulah wani-wani diuk dina tempat anu parantos dicawiskeun kanggo guru. 24. Ulah nukil atawa mindahkeun tina dawuhan-dawuhan guru diharepeun manusa anging kudu ngukur kana paham jeung akalna eta manusa-manusa.

DIADEGKEUNANA TAREKAT SUFIYAH Ari diadegkeunnana Thoriqotul Aliyah kana amal eta aya 11 perkara. Anu 8 perkara eta kawarid ti Hadlrotis Syekh 'Abdul Kholiq Fajdawani kalawan make kalimah farisiyah, nyaeta: 1.Husydardum. 2. Nazhorbarqodam. 3. Sapardarwathon. 4. Kholwatdaranjuman. 5. Yadkarod. 6. Bajkasyat. 7. Nakahdasyat. 8. Yaddasyat. Ari nu 3 deui eta kawarid ti Syaihkhul 'Akbar Assayyid Muhammad Bahauddin Naqsyabandi, nyaeta: 1. Wukufuz Zamani. 2. Wukuful Adadi. 3. Wukuful Qolbi. HUSYDARDUM Ari Husydardum nyaeta ngaraksa ambekkan tina poho. Nalika kaluar asupna eta ambekan kudu hatena dzikir ka Alloh, karana sakur ambekan anu kaluar asup dibarengan dina hate bari dzikir ka Alloh eta ambekan hirup tur bisa wusul ka Alloh, sabalikna ambekan anu kaluar asupna dibarengan ku poho, eta ambekan paeh, mangka dipegatkeun ti Alloh, tegesna henteu wusul ka Alloh. NAZHORBARQODAM Ari Nazhorbarqodam nyaeta: Jalma anu keur salik eta wajib ka manehna ulah rek rurat-reret dina paningal hatena anging wungkul ka Alloh. SAFARDARWATHON Ari safardarwathon nyaeta: Kudu pindah tina sifat kamanusaan anu hina kana sifat kamalaikatan nu mulya tur utama. KHOLWATDARANJUMAN Ari Kholwatdaranjuman nyaeta: Kudu bisa nyumput dinu caang, anu maksudna ari hatena si salik eta kudu rasa hadir jeung Pangeran, ari lahir mah jeung papada makhluk. YADKAROD Ari Yadkarod nyaeta: Ngalanggengkeun eling dina hate atawa dina lisan. BAJKASAT Ari Bajkasat nyaeta: Kudu balik dina dzikir ka Alloh jeung sagala ibadah kana: ilaahhii angta maqshuudi wa ridloka mathluubii "Nun Gusti Pangeran Abdi, ngan Salira Gusti anu diseja ku abdi, sareng karidoan Gusti anu dipamrih ku jisim abdi". NAKAHDASYAT Ari Nakahdasyat nyaeta: Kudu ngajaga si murid kana hatena bisi kaasupan ku khawatir, tegesna kereteg perbawa syetan. Dawuhan Syeikh Abu Bakar Al-Katani: "Kaula ngajaga kana panto hate kaula lilana 40 taun, henteu ngabukakeun kaula kana lawang hate di pake ngareret ka lian Alloh nepi ka eta hate henteu nyahoeun salian ma'rifat ka Alloh Ta'ala". YADDASYAT Ari Yaddasyat nyaeta: Madepkeun hate anu ditasarufkeun (disepikeun) tina lafadz-lafadz, dihadepkeun sina musyahadah kana cahaya Dzat Ahadiyah, ngan moal hasil anging kudu saba'dana fana anu sampurna sarta ngancik dina baqo'.

WUKUFUZ ZAMANI Ari Wukufuz Zamani nyaeta: Di mana-mana ngaliwat waktu dua jam atawa leuwih kudu ngoreksi kana dirina, naha dina sajeroning dua jam eta eling atawa poho. Lamun eling kudu syukur, lamun poho kudu istighfar. WUKUFUL ADADI Ari wukuful Adadi nyaeta: Kudu ngajaga kana bingbilangan gangsal dina dzikir nafi-itsbat, nyaeta kalimah LA ILAAHA ILLALOOH 3 kali, tegesna narik dzikir tilu kali. WUKUFUL QOLBI Ari Wukuful Qolbi nyaeta sakumaha dawuhan Syekh Ubaiduloh Ahror Quddisa Sirruhu: Saenyaenyana Wukuf Qolbi mah nyaeta: 'Ibaarotun 'an huduuril Qolbi ma'alhaqqi subhaanahhu 'ala wajhhil Laa yabqo lilqolbi Maqshuduun ghoirol haqqi subhaanahhu wa laa duhhuunun 'am ma'naa dzikrin "Ibarat tina hadirna hate babarengan jeung Pangeran swt netepan kana hiji wajhah anu henteu tetep kana hate aya maksud lian Pangeran, jeung heuteu poho si hate tina ma'na dzikir". HATE ANU MUKA SUMBER KAHADEAN Parantos ngadawuh para ahli tasawuf: wa qooluu man arodalloohhu bihhii khoirom fataha lahhu qufla qolbihhii waja'ala fiihhil yaqiin. "Sing saha jalma nu ngersakeun Gusti Alloh ka eta jalma kana hade, mangka ngabukakeun Alloh kana tutup hatena, jeung ngajadiken Alloh dina hatena kana yakin". Dawuhan Syekh Abu Sya'id Al-Khorroz: "Di mana ngarasakeun Alloh rek ngajadikeun wali ka abdina, mimitina mukakeun heula Alloh ka manehna kana lawang dzikir. Di mana manehna geus ngarasa ladzat kana eta dzikir, ngabukakeun deui Alloh ka manehna lawang Qurbah. Geus kitu tuluy diunggahkeun deui kana Majlis Unsyi, tegesna tempat nu pikabetaheun. Geus kitu mah tuluy didiukkeun dina kursi Tauhid. Di manamana geus kitu, tuluy diasupkeun kana Darol Fardani, tegesna nu nunggeulang tur nunggeuling. Geus kitu mah dibukakeun ka manehna Hijabul Jalal, tegesna mukasyafah ningali kana sifat jalaliyah atawa ka agungan Alloh. Di mana geus ningali kana jalaliyah jeung ka agungan Alloh, mangka tetep manehna, tegesna baqo langgeng musyahadah kana Lahut, tegesna nyicingan dina alam lahut, hartina henteu aya nu dipikainget tur dipikaresep jeung anu ditingali anging Alloh wungkul. Di mana geus kitu, mangka eta si abdi nyicingan dina jaman fana, tegesna ruksak panenjo hatena tina ningali ka lian ti Alloh sarta ngancik dina baqo, tegesna langgeng musyahadah ka Alloh tur bersih atawa salamet tina pangajak nafsuna". Dawuhan kholid bin Ma'dan: "Henteu aya hiji abdi anging manehna teh boga panon dua dina beungeutna, bisa nenjo ku dua eta panon kana urusan dunya, jeung dua panon deui dina hatena, bisa nenjo ku eta dua panon kana urusan akherat. Di mana Gusti Alloh ngersakeun ka si abdi kana hade, mangka ngabukakeun Alloh kana panon duanana si abdi nu aya dina hatena kana perkara anu dijangjikeun ku Alloh, nyaeta bisa ningali kana alam ghoib. Di mana Alloh ngersakeun ka si abdi kana lian ti kitu, mangka Alloh ninggalkeun kana sakumaha asalna". Ngadawuh Ahmad bin Hadrowiyah: "Ari hate teh wadah. Di mana pinuh hate ku hak, mangka tembong tambah cahayana hate kana anggahota, kaya manehna resep ibadah. Di mana hate pinuh ku batal, mangka tembong poekna hate kana anggahota, kaya resep ma'syiat". Ngadawuh Dzunun Al-Mishri: "Ari beresihna hate dina sajero sajam, eta leuwih utama batan ibadahna jin jeung manusa". Di mana-mana kabuktian Malaikat tara asup kana imah anu aya gambaran atawa arca, komo deui moal asup Musyahadatul Haq kana hate anu pinuh ku sifat-sifat lian ti Alloh Ta'ala. Ngadawuh Wali Agung Abu Hasan Syadzili: "Sagede siki sasawi tina amalna hate, eta ngabndingan kana misilna gunung,dina amalna anggahota".

AKHIRUL KALAM Sim kuring (K.H. Syihabudin Suhro Wardi), nu nyusun ieu risalah, nyuhunkeun ka Pangeran supados ngamanfa'atkeun kana iye risalah, boh kanu nulisna sareng nu ngaluarkeunnana, oge ka jalma-jalma nu mutola'ahna, nu macana, nu ngamalkeunnana, oge nu ngupingkeunnana, atawa nu ngahasilkeunnana tina sapalihna eusina ieu risalah. Sarta muga-muga dihasilkeun sagala paneda dunya sareng akherat. Sarta maotna aya dina Husnul Khotimah. Amin. kalawan ngucapkeun kalimah LAA ILAAHA ILLALLOOH. *** Tamatna ieu risalah dina dinten ahad kaping 23 Sya'ban 1395 Min Hijrotin Nabawiyyah (13-8-1975 Mayladiyyah)