kasenian sunda 4.docx
DESCRIPTION
KASENIAN SUNDA 4kunjungi http://warungbidan.blogspot.com/TRANSCRIPT
KARINDING
Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya
sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun
karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong,
(Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung
(enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina
awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu
katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung
para wanoja rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna
leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya
tilu buku (ruas).
Cara Nabeuhna
Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta
résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5
Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon
Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna
kawas daun).
1
Mangpaatna
Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke
leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun
tina ditabeuha gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta
sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng,
simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh
disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun
ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi
wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh
karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah
tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma
anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur
ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl
kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu
dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang,
goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku
karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung
sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun
sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding,
upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa
ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge botik.
GAOK
Kasenian Gaok lamun dititénan mangrupa seni tradisional anu geus ngalaman
singkritisme antara ajén-ajén budaya etnis sunda buhun jeung budaya bernuansa
islami anu dibawa ti cirebon. [1] Di jero pintonan sok dimimitian ku bacaan
Basmallaa sedengkeun basa anu ditepikeun nyaéta basa sunda. [2] Sakapeung
gayana kawas jelema anu keur ngumandangkeun adzan. [2] Busana anu dipaké
2
pikeun pamaén mangrupa busana has sunda. [2] Seni ieu mimitian ngembang di
Majaléngka saprak asupna ajaran Islam kira-kira abad 15 sabot pangeran
Muhammad nyebarkeun agama Islam. [2] Anu dilaksanakeun minangka usaha dina
dakwah islam. [1] Nepi ka ayeuna seni tradisonal Gaok masih aya nya éta anu
dimekarkeun di désa Kulur Kacamatan Majaléngka ku saurang seniman ngaranna
Pidawuh Wangsaharja saprak kira-kira warsih 1920.
Kasenian ieu kaasup seni sastra jenis mamacan (maca teks) atawa singgetan ti
wawar ka anu acan (ngabejaan ka anu tacan nyaho), anu dipintonkeun tanpa
penggung dina acara ritual atawa upacara adat anu umumna dilaksanakeun sabot
ngayun (acara kalahiran orok ) ku cara ngadadarkeun carita kawas Babad Cirebon
anu ditembangkeun ngaliwatan vokal para pamaén anu jumlahna antara opat nepi
ka genep jalma. [1] Kalayan raksukanana make kampret/ toro pepek kalayan
beubeur, dipingpin ku saurang dalang/pengawawit sarta juru mamaos, diatur
dumasar runtuyan; [1]
tatalu
lalaguan
tarian
pintonan
Sedengkeun pakakas musik anu dipaké nyaéta Gong Buyung sarta Kecrek ti Awi.
Durasi pamaén biasana lumangsung sapeupeuting. Para pamaénna sacara
gagantian nembangkeun tembang kalayan sora nu keras, ku kituna dingaranan
Gaok anu dicokot ti kecap “ ngagorowok “ (ceuceuleuweungan) jeung wangun
pupuh atawa kakawen.
3
ANGKLUNG
Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku
cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun
sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu
badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana
saléndro jeung pelog.
Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung
jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi
wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar
tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung
lamun ditabeuh (diadu).
4
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di
antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung
pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah
jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung
kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré,
nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui
dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang
dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.
Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara
tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung
ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen
dina upacara musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung
teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung
Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari
Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan,
Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler,
Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong,
Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa
masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan
kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu
kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré.
Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung
adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
5
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab
masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun,
ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan
Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu
geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran
ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta
karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna
séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-
masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu
pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng
Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu
angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung
ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh
mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut.
Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad
ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam
ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka
masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua,
angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak
anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji.
Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu
6
kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -
inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku
debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti,
Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.
Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di
wewengkon Baros (Arjasari, Bandung).
TOPENG CIREBON
Topeng Cirebon
Dina sakabéh perbendaharaan seni pagelaran Jawa Barat, pagelaran topéng kaasup
nu pangdinamisna jeung canggih.[1] Aya dua bentuk pintonan.[1] Anu kahiji nya éta
Wayang Topéng nu mintonkeun pagelaran drama panjang jeung dialog
diucapkeun atawa ditembangkeun ku dalang.[1]Di Jenis kadua nya éta Topéng
7
Babakan, mintonkeun sarangkaian tari tunggal, anu masing-masing
ngagambarkeun tokoh nu tangtu.
Wayang Topéng
Drama-tari has Cirebon. Wayang topéng ogé dikenal ku ngaran wayang wong
jeung wayang dalang (carita dibawakeun ku dalang), mintonkeun 20 nepi ka 30
tokoh topéng nu dipirig ku gamelan lengkep dina laras saléndro nu nadana lima.
Pagelaran wayang ieu bisa lumangsung sapopoé jeung ngabutuhkeun penari nu
loba, nayaga, jeung pangrajin nu parigel. Pagelaran ieu kacida mahalna, nepi ka
ayeuna jarang aya nu nganggap. Sabalikna, topeng babakan mah masih kapanggih
di pilemburan wilayah budaya Cirebon.
Topéng Babakan jeung Tokohna
Topéng babakan mangrupa sarangkaian tari. Dina unggal babak nu bisa
lumangsung nepi ka sajam, ngan tokoh utama nu maén. Sakabéh tokoh
dibawakeun ku penari nu sarua, nya éta dalang topéng. Aya lima tokoh dina
wayang babakan. Nu kahiji nya éta Panji. Tokoh panji miboga watek lemes,
murni, jeung lugu siga orok nu karék brol, namung wijaksana, pinter ngadalikeun
diri, jeung handap asor. Panji mangrupa tokoh sajarah, tapi dina topéng babakan
manéhna ogé ngagambarkeun sipat dasar manusa.
Sangges nari sajam, dalang topeng nu geus cape ngareureuh, diuk deukeut kotak
kai di hareupeun nayaga. Saurang tukang bodor, Pentul naék panggung ngahibur
para tatamu salila jeda jeung ngabahas masalah sosial jeung para nayaga sarta
para panongton. Nalika dalang topéng geus meunangkeun deui kakuatana,
manéhna mere isarat ka Pentul pikeun nyingkah ka pipir. Tokoh kadua nu maén
nya éta Samba, lalaki nu pinuh ku heureuy jeung resep ngagoda, ngawakilan
mangsa keur leutik. Ngaran séjénna nya éta Pamindo, nu artina ganda atawa nu
kadua. Di tengah pintonan, Samba dipairan ku Pentul tukang bodor nu nanyakeun
saha dirina jeung naon nu rék dilakukeun. Samba muka saeutik topéngna nepi ka
bisa ngawanohkeun manéh. Manéhna mere nyaho Pentul yén manéhna téh
diondang pikeun nari. Paguneman nu singget éta ngawanohkeun para penari ka
8
panongton jeung sakalian ngabéwarakeun runtuyan pintonan. Sangges éta Samba
nuluykeun nari. Tuluy kaluar [[Tumenggung], lalaki anu kuat jeung
kalungguhanna luhur, ngagambarkeun pribadi anu mapan. Saperti dana dua
adegan saméméhna, dalang topéng ngamimitian pagelaran teu make topéng.
Sangges mungkas bagian kahiji, manehna istirahat, diuk di deukeut kotak.
9