dongeng sasakala situ bagendit

5
Sasakala Situ Bagendit Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega, ngaranna Situ Bagendit. Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ Bagendit ngadon lalayaran jeung balakécrakan. Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon teu aya situ teu sing. Nu aya téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh kieu: Di tengah lembur aya imah anu nenggang tinu séjén. Nenggang sotéh lain hartina anggang, tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur éta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endit. Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu agréngna, atuh kakayaanana lain ukur lega sawah jeung kebonna, emas jeung berlian gé dipetian. Nyi Endit mah lain waé kasohor ku bengharna tapi ogé kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa ”bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung kanu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtah batan dibikeun ka tatangga mah. Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalma anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Éta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit niat ménta tulung, tapi lain dibahanan ku pangbutuh

Upload: dheanirac

Post on 09-Aug-2015

5.250 views

Category:

Documents


122 download

DESCRIPTION

contoh dongeng bahasa Sunda dengan judul "sasakala Situ Bagendit"

TRANSCRIPT

Page 1: Dongeng Sasakala Situ Bagendit

Sasakala Situ Bagendit

Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega,

ngaranna Situ Bagendit. Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka

ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ Bagendit ngadon lalayaran jeung balakécrakan.

Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon teu aya situ teu sing. Nu aya

téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh

kieu:

Di tengah lembur aya imah anu nenggang tinu séjén. Nenggang sotéh lain

hartina anggang, tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di

lembur éta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah

Nyi Endit.

Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu

agréngna, atuh kakayaanana lain ukur lega sawah jeung kebonna, emas jeung berlian

gé dipetian. Nyi Endit mah lain waé kasohor ku bengharna tapi ogé kasohor ku

peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa ”bru di juru bro di panto

ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung kanu butuh. Hasil

tatanén kajeun buruk jadi runtah batan dibikeun ka tatangga mah. Padahal di éta

lembur téh teu saeutik jalma anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré.

Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Éta oge sok aya anu lahlahan

nepungan Nyi Endit niat ménta tulung, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir

bari dicarékan.Teu saeutik jalma anu nyeri hate nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian

ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi

Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.

Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajagrijeugan kundang

iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya

pisan téh kawas nu kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit. Barang nepi

ka buruan gedong téh ak-aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung

di tepas imah bari balakécrakan lain ditembalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki

rudin téh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak. ”Rék naon datang kadieu. Rék barang

pénta ? Indit ! Kami moal rék mikeunan dahareun.”

Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa

karunya kalah popolotot nitah indit. Méméh ngaléos éta aki-aki téh nyarita kénéh ka

Page 2: Dongeng Sasakala Situ Bagendit

Nyi Endit. “Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana

mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hade jeung kanyaah

ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka !” Aki-aki ngaléos indit

tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit.

Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku anéh,

tina urut iteuk nanceb téh kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila

mah mancer tarik pisan. Cai tina urut iteuk nanceb teu eureun-eureun. Mimiti ngan

ukur ngumplang di pakarangan, lila-lila leleban caah. Cai beuki gagulidang, Nyi Endit

geumpeur. Nempo lembur kakeueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah car

batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.

Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeung harta Nyi

Endit kakeueum di dasar situ. Cenah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu

gedé nu reunceum ku perhiasan.

Paingan ceuk aki-aki téa, dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi

Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.

Page 3: Dongeng Sasakala Situ Bagendit

Tugas Bahasa Sunda

Maca Dongeng

Diajukeun pikeun salah sahiji tugas Bahasa Sunda

Disusun ku:

Dheanira Clara

Kelas : XII IPA 6

Absen : 09

SMA NEGERI 2 CIMAHI

JL. KPAD Sriwijaya IX No. 45 Cimahi Telp. (022) 6652715

http://www.smandaci.sch.id

email : [email protected]