cahaya qolbu – nur ilahi

3
CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI Satemenna kacida ahéngna pancén haté (qolbu) dina kahirupan manusa, hadé- goréngna hiji sifat jeung paripolah jalma mindeng dikaitkeun jeung gambaran kaayaan haténa. Malahan kahayang haté ieu leuwih gedé pangaruhna kana paripolah hiji jalma nepi ka bisa ngaleuwihan uteukna. Hiji jalma bisa silih pikanyaah tur pikaasih atawa silih pikangéwa ku alatan kaayaan haténa. Sifat hadé atawa goréng nu marengan lalampahan hirup jalma ogé teu leupas tina pancén haté dina dirina. Mémang haté téh lumrahna digunakeun keur ngagambarkeun diri hiji jalma anu sabener-benerna. Urang sok mindeng ngadéngé kekecapan saperti kieu: “ Ah éta mah ngan saukur luarna wungkul, saha nu nyaho di jero haténa mah siga naon!” atawa kalimah anu sarupa kitu. Satemenna moal aya nu bisa nganyahokeun kana kaayaan haté jalma kajaba tangtuna ogé ngan Allah swt jeung dirina sorangan. Hanjakalna teu salawasna haté ieu leupas tina rupa-rupa panyawat haté, Cahaya haté anu sakuduna bisa ngajadikeun hiji jalma ninggali kalawan jéntré kana hal anu hadé jeung nu goréng bisa pareum atawa malahan leungit ilang lebih tanpa karana ku alatan panyawat hate téa. Sifat sirik, dengki, atawa adigung-adiguna ngan sabagéan leutik tina panyawat haté anu mindeng nerap dina diri hiji jalma. Sabagéan jalma ngarasa wajar jeung maklum kana hal ieu, tangtuna henteu sagemblengna salah sabab satemenna manusa téh mahluk anu héngkér jeung pinuh ku kakurangan. Dawuhan Allah : “ Allah seja maparin kalangsaran ka anjeun, jeung manusa dijadikeun kalawan sifat héngkér (QS. An Nisaa : 28) Tapi lain hal anu mustahil lamun hiji jalma mampuh leupas tina panyawat anu mampuh mareuman cahaya qolbuna ieu. Loba carana keur ngajaga cahaya qolbu sangkan ulah jadi pareum. Jadi kudu ka saha atuh urang ménta tulung samangsa cahaya haté karasana poék-mongkléng? Salah saurang guru ngasongkeun pananyaan anu hampang ka murid-muridna, kieu”: “Naon anu ku maranéh dipigawé lamun saupamana rék nganjang ka imah tatangga tapi aya anjing nu ngajaga imahna anu galak jeung sok ngégél? Loba pisan jawaban ti para muridna téh. Hiji jalma bisa baé nékad asup ka imah bari nanggung hiji risiko digégél anjing, atawa ngabatalkeun niatna rék nganjang ka imah tatangga téa. Terus kumaha ari jawaban ki Guru? Anjeuna ngébréhkeun yén cara nu panghadéna nyaéta ménta tulung ka nu boga aning téa. Sakadang anjing sakumaha galakna ogé tetep bakal nurut ka dununganana. Jadi naha aya kaitanana antara analogi sakadang anjing tadi jeung haté manusa? Jawabanana pasti ‘aya’.

Upload: raden-wiraatmadja

Post on 25-Jul-2015

173 views

Category:

Documents


10 download

DESCRIPTION

CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI

TRANSCRIPT

Page 1: CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI

CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI

Satemenna kacida ahéngna pancén haté (qolbu) dina kahirupan manusa, hadé-goréngna hiji sifat jeung paripolah jalma mindeng dikaitkeun jeung gambaran kaayaan haténa. Malahan kahayang haté ieu leuwih gedé pangaruhna kana paripolah hiji jalma nepi ka bisa ngaleuwihan uteukna. Hiji jalma bisa silih pikanyaah tur pikaasih atawa silih pikangéwa ku alatan kaayaan haténa. Sifat hadé atawa goréng nu marengan lalampahan hirup jalma ogé teu leupas tina pancén haté dina dirina.

Mémang haté téh lumrahna digunakeun keur ngagambarkeun diri hiji jalma anu sabener-benerna. Urang sok mindeng ngadéngé kekecapan saperti kieu: “ Ah éta mah ngan saukur luarna wungkul, saha nu nyaho di jero haténa mah siga naon!” atawa kalimah anu sarupa kitu. Satemenna moal aya nu bisa nganyahokeun kana kaayaan haté jalma kajaba tangtuna ogé ngan Allah swt jeung dirina sorangan.

Hanjakalna teu salawasna haté ieu leupas tina rupa-rupa panyawat haté, Cahaya haté anu sakuduna bisa ngajadikeun hiji jalma ninggali kalawan jéntré kana hal anu hadé jeung nu goréng bisa pareum atawa malahan leungit ilang lebih tanpa karana ku alatan panyawat hate téa. Sifat sirik, dengki, atawa adigung-adiguna ngan sabagéan leutik tina panyawat haté anu mindeng nerap dina diri hiji jalma. Sabagéan jalma ngarasa wajar jeung maklum kana hal ieu, tangtuna henteu sagemblengna salah sabab satemenna manusa téh mahluk anu héngkér jeung pinuh ku kakurangan.

Dawuhan Allah : “ Allah seja maparin kalangsaran ka anjeun, jeung manusa dijadikeun kalawan sifat héngkér (QS. An Nisaa : 28)

Tapi lain hal anu mustahil lamun hiji jalma mampuh leupas tina panyawat anu mampuh mareuman cahaya qolbuna ieu. Loba carana keur ngajaga cahaya qolbu sangkan ulah jadi pareum. Jadi kudu ka saha atuh urang ménta tulung samangsa cahaya haté karasana poék-mongkléng?

Salah saurang guru ngasongkeun pananyaan anu hampang ka murid-muridna, kieu”: “Naon anu ku maranéh dipigawé lamun saupamana rék nganjang ka imah tatangga tapi aya anjing nu ngajaga imahna anu galak jeung sok ngégél? Loba pisan jawaban ti para muridna téh. Hiji jalma bisa baé nékad asup ka imah bari nanggung hiji risiko digégél anjing, atawa ngabatalkeun niatna rék nganjang ka imah tatangga téa.

Terus kumaha ari jawaban ki Guru? Anjeuna ngébréhkeun yén cara nu panghadéna nyaéta ménta tulung ka nu boga aning téa. Sakadang anjing sakumaha galakna ogé tetep bakal nurut ka dununganana.

Jadi naha aya kaitanana antara analogi sakadang anjing tadi jeung haté manusa? Jawabanana pasti ‘aya’.

Page 2: CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI

Pananyaan nu kudu dipikirkeun saméméhna nyaéta, naha ka saha urang kudu minang saraya lamun ieu haté mimiti leungit cahayana? Tangtuna ogé ka Nu Miboga Haté Manusa anu mampuh mulak-malikeun haté sakumna mahluk ciptaanaNa. Allah swt anu mampuh nyaangan haté anu poék mongkléng buta rajin! Maparin cahaya anu kaluar tina poékna haté manusa.

“Allah (maparin) cahaya (ka) langit tur bumi. Siloka cahaya-Na, siga hiji liang anu henteu molongpong jeung di jerona aya palita badag. Palita éta di jero buleudan kaca, (jeung) buleudan kaca éta kawas béntang anu méncrang, anu dihurungkeun ku minyak tina tangkal barokah, (nyaéta) tangkal zaitun anu tuwuhna teu di wétan jeung teu di kulon, anu minyakna téh ampir-ampir nyaangan, sanajan teu diseuneuan. Cahaya saluhureun cahaya, Allah maparin pituduh ka cahaya-Na keur jalma nu dipahoyongNa, ogé Allah midamel siloka-siloka pikeun manusa. Sareng Allah Maha Uninga kana sagala rupi. (Q.S. An Nuur: 35)

Cag!

*****

(Versi Bahasa Indonesia)

CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI Sungguh luar biasa peranan hati (qalbu) bagi manusia dalam kehidupannya. Baik buruknya suatu sifat dan tindakan seseorang sering dikaitkan dengan gambaran keadaan hatinya. Kehendak hati bahkan lebih besar pengaruhnya terhadap perbuatan seseorang jauh melampaui otak. Seseorang dapat saling mencinta pun saling membenci karena hati. Sifat baik ataupun buruk yang menemani perjalanan hidup seseorang pun tak luput dari peranan hati dalam dirinya. Hati memang yang paling lazim digunakan untuk menggambarkan diri seseorang yang sebenar-benarnya. Sering kita mendengar kalimat-kalimat seperti “Itukan hanya luarnya saja, siapa yang tahu di dalam hatinya seperti apa” atau kalimat sejenis lainnya. Memang tak akan ada yang bisa mengetahui keadaan hati seseorang kecuali tentunya Allah dan dirinya sendiri. Sayang tak selamanya hati terbebas dari beragam penyakit hati. Cahaya hati yang seharusnya bisa membuat seseorang melihat lebih jelas tentang hal yang baik dan buruk pun bisa meredup atau bahkan hilang sama sekali akibat penyakit-penyakit hati tersebut. Sifat iri, dengki, ataupun kesombongan hanyalah sebagian kecil dari penyakit hati yang sering kali melekat pada diri seseorang. Sebagian orang merasa wajar dan memaklumi hal tersebut, tak sepenuhnya salah karena memang manusia adalah makhluk yang lemah dan penuh dengan kekurangan. Firman Allah: Allah hendak memberikan keringanan kepadamu , dan manusia dijadikan bersifat lemah. (QS An Nisaa: 28) Namun bukan hal yang mustahil jika seseorang mampu terbebas dari penyakit yang mampu meredupkan cahaya hatinya tersebut. Banyak cara untuk menjaga cahaya

Page 3: CAHAYA QOLBU – NUR ILAHI

hati dari kepadamannya. Lalu kepada siapakah kita meminta pertolongan ketika cahaya hati mulai terasa padam?? Seorang guru pernah mengajukan pertanyaan ringan kepada murid-muridnya, sang guru bertanya “Apa yang akan kalian lakukan jika seandainya hendak mengunjungi rumah tetangga namun ada Anjing penjaga yang galak dan hobi menggigit ?”. Banyak jawaban yang muncul dari pertanyaan tersebut. Seseorang bisa saja tetap nekat masuk dengan resiko digigit, ataupun mengurungkan niatnya untuk mengunjungi tetangganya itu. Lalu bagaimana dengan jawaban sang guru? Beliau mengatakan bahwa cara terbaik adalah dengan meminta bantuan kepada si pemilik anjing tersebut. Seekor anjing penjaga seberapapun galaknya tetap akan menuruti perintah pemiliknya. Lalu adakah hubungan antara analogi anjing penjaga di atas dengan hati manusia? Jawabannya tentu saja ada. Pertanyaan yang harus kita renungkan sebelumnya adalah, kepada siapa kita meminta pertolongan ketika hati kita mulai kehilangan cahayanya? Tentu saja kepada Sang Pemilik Hati Manusia yang mampu membolakbalikan hati makhluk ciptaanNya. Allah yang mampu menerangi hati dari kekelamannya, memberikan cahaya untuk keluar dari kegelapan hati. Karena itu, jika cahaya hati dalam dirimu terasa mulai padam maka minta lah kepada Sang Pemilik Hati untuk menyalakan kembali cahaya hati tersebut. “Allah (pemberi) cahaya (kepada) langit dan bumi. Permumpamaan cahaya-Nya, seperti sebuah lubang yang tidak tembus yang di dalamnya ada pelita besar. Pelita itu di dalam tabung kaca, (dan) tabung kaca itu bagaikan bintang yang berkilauan, yang dinyalakan dengan minyak dari pohon yang diberkahi, (yaitu) pohon zaitun yang tumbuh tidak di timur dan tidak pula di barat, yang minyaknya saja hampir-hampir menerangi, walaupun tidak di sentuh api. Cahaya di atas cahaya, Allah memberi petunjuk kepada cahaya-Nya bagi orang yang dia kehendaki, dan Allah membuat perumpamaanperumpamaan bagi manusia. Dan Allah Maha Mengetahui segala sesuatu.” (QS.An-Nur: 35)

Semoga Bermanfaat!