berita

2
Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh Di suku gunung Ciremai aya hiji pakampungan nu katelah na désa Padahérang. Désa Padahérang téh wates palih kidulna nyaéta désa Padabeunghar wates palih kulona désa Bantaragung wates palih kalérna désa Jerukleueut, sedengkeun wates palih wétana désa Lengkongkulon. Di désa Padaherang ngadeg bumi perkémahan nu namina buper Cilélés éstuning seueur nu ngahajakeun darongkap kanggo ngalaksanakeun pérkemahan. Para pamiarsa, salian ti siswa SLTP aya ogé ti SLTA sareng perguruan tinggi ti luar kabupatén nu ngadegdeg bumi perkémahan di buper Cilélés diantawisna ti Indramayu, Cirebon. Salian digunakeun kanggo bumi perkémahan éta tempat digunakeun sumber mata air kanggo dialirkeun ka lingkungan urang sorangan, aya ogé anu merlukeun éta cai ku désa nu sanes. Pamiarsa, désa Padahérang di bagi tilu blok, nyaéta : Blok Désa, Blok Heuleut sareng Blok Baligo. Blok Désa ayana di pusat désa, sedengkeun Blok Baligo jeung Heuleut watesna sareng Désa Léngkong Kulon, penduduk Désa Padahérang seuseueurna padamelanna kanu tani, aya ogé anu ngolah kebon, tapi aya kanu dagang, buruh jeung sajabana. Kaayaan alamna di désa Padahérang éstuning éndah matak pikabetaheun nu arulin, jauh tina polusi udara, hasil pakebonan seueurna aya kadu, malinjo, getah pines anu dikelola ku kahutanan.

Upload: galih-aditya-annazil

Post on 17-Sep-2015

236 views

Category:

Documents


0 download

DESCRIPTION

berita

TRANSCRIPT

Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuhDi suku gunung Ciremai aya hiji pakampungan nu katelah na dsa Padahrang. Dsa Padahrang th wates palih kidulna nyata dsa Padabeunghar wates palih kulona dsa Bantaragung wates palih kalrna dsa Jerukleueut, sedengkeun wates palih wtana dsa Lengkongkulon.Di dsa Padaherang ngadeg bumi perkmahan nu namina buper Cills stuning seueur nu ngahajakeun darongkap kanggo ngalaksanakeun prkemahan.Para pamiarsa, salian ti siswa SLTP aya og ti SLTA sareng perguruan tinggi ti luar kabupatn nu ngadegdeg bumi perkmahan di buper Cills diantawisna ti Indramayu, Cirebon. Salian digunakeun kanggo bumi perkmahan ta tempat digunakeun sumber mata air kanggo dialirkeun ka lingkungan urang sorangan, aya og anu merlukeun ta cai ku dsa nu sanes.Pamiarsa, dsa Padahrang di bagi tilu blok, nyata : Blok Dsa, Blok Heuleut sareng Blok Baligo. Blok Dsa ayana di pusat dsa, sedengkeun Blok Baligo jeung Heuleut watesna sareng Dsa Lngkong Kulon, penduduk Dsa Padahrang seuseueurna padamelanna kanu tani, aya og anu ngolah kebon, tapi aya kanu dagang, buruh jeung sajabana. Kaayaan alamna di dsa Padahrang stuning ndah matak pikabetaheun nu arulin, jauh tina polusi udara, hasil pakebonan seueurna aya kadu, malinjo, getah pines anu dikelola ku kahutanan.Pamiarsa, di wewengkon Dsa Padahrang anu merenahna di Blok Heuleut aya patempatan nu arana Punduk Guha, cenah mah baheulana aya kajadian anu ulin sapasang nonoman asup ka ta guha, ngaleungit teu bias kaluar deuikukituna ayeuna matak geueuman ta Punduk Guha th tara aya nu arulin deui. Salian ti ta di Dsa Padahrang aya bendungan anu dingaranan Cikuda, ngahaja dibangun pikeun kabutuhan cai, hususna kanggo masyarakat anu aya di wewngkon Dsa Padahrang keur kaperluan nyaian sawah, rumah tangga jeung sajabana. Teu saeutik ti dsa nu sjn ngabutuhkeun cai ti ta bendungan.Mung sakieu pamiarsa sadaya, nu tiasa diwartakeun ku simkuring.Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh