bambu wulung

91
AWI WULUNG GUNUNGLARANG KUMPULAN CARITA PONDOK ANO KARSANA

Upload: asep-daryana

Post on 07-Sep-2015

462 views

Category:

Documents


5 download

DESCRIPTION

Dongeng carita urang sunda

TRANSCRIPT

  • AWI WULUNG

    GUNUNGLARANG

    KUMPULAN CARITA PONDOK

    ANO KARSANA

  • 16. KOLCR

    MATUH angin ngahiuk ti wtan-kidul mun isuk-isuk mah. Sakapeung

    ukur hiliwirna. Nangka, minanangka tangkal nu pangluhurna di pakarangan, sok

    pangheulana oyag. Hg nma kana tangkal balingbing, jeung daun roay nu

    ngabakutet tangkal buah jeung jambu batu. Pabeubeurang angin th eureun,

    masing dihotan ditangtang ku barudak nu ngapungkeun langlayangan tara ieuh

    datang. Tatangkalan, dangdaunan, dapuran awi taya nu robah. Carkna jegjreg th

    jegjreg ba. Tabuh dua belas atawa setengan satu kakara, kawasna, pangparatan

    awang-awang th disingkabkeun. Angin ngahiuk deui, ngan datangna ti belah

    kuon ayeuna mah. Di sawah tukangeun imah aya nini dodongkoan keur nyabutan

    jukut. Keur domba, jigana. Ngala jukut teu mak arit. Cukup dicabutan wa. Teu

    ngagunakeun arit da euweuh ariteunana. Jukutna keri. Malah, geus loba nu garing.

    Atuh da, halodo lila. Ongko, ongko jambret. Ongko, ongko jambret. Terus,

    dikiplik-kiplik taneuh nu narapel na akarna. Sok-sok diteundeun kana carangka.

    Ngaprak ka tengah sawah. Sawah kark dirambt mindo, terengteng ka halodoan.

    Bareulah. Sawah tadah hujan, ngandelkeun saaya-aya ti langit ba. Mun ngijih,

    ngmbr-ngmbr.

    Alak-ilik, dodongkoan mapay-mapay pager turut-turut sisi kebon.

    Nangna awi. Asana, kungsi neundeun cocongoan jeung puhu awi ssa nyieun

    balandongan. Nangan awi dua buku nu saruan panjangna. Manggih. Kabeneran

    lantas, hg bukuanana panjang. Cukup jigana. Gk diuk nyanghareupan

    popongkol paranti talenan kudak-kadk. Awi th diraradan buku-bukuna. Dicekel

    lebah puhuna, sanggeus merenah nyinekelna trok ditarok buku nu luhur. Hg

    dibalikkeun. Trok ditarok deui. Beubeulahana dicekel, dibbkeun. Jadi, dua

    beulahan. Nu sabeulah disirih deui saparapatna. Geus kitu mah kakara hinisna

    disirihan dipiceun. Sina rada ipis. Nu rk diala bagian hatna wungkul ngaraut th

    mimiti ti lebah buku nu tengah maju ka tungtung. Beuki nungtung beuki ipis

    kandelan.

    Nini-nini anteng knh nyabutan jukut jang domba. Sanggeus dodongkoan

    lila, hg ngarandeg terus cengkat ngalempengkeu cangkng. Cangkeul kawasna,

    lila teuing dodongkoan. Sirahna ditiung ku samping kebat diparkoskeun

    nyocontong.

    Ceg kana tatah leutik. Nyieun liang pasagi lebah buku nu tengah ta. Ati-

    ati pisan. Sieu beulah. Geus kacontoan nyieun liang di lebah dinya th sok

    mindeng gagal. Mun tatah atawa pso raut tigicel, sok nyoldat ka gigir. Hartina

    pagawan th gagal.

    Duh, bageur, sans seja nyamikeun salira sareng kolcr anu nuju

    dipidamel ta. Da, kumaha ari katineung mah teu welh nganteng. Ku kituna, mun

    ujug-ujug mut ka salira apan teu terang dimana-manana sareng gaw naon anu

    nuju dilaksanakeun. Carkkna mut, ah mut w kasalira, atanapi ngakukeun sim

    kuring anu salira; danget ieu th nuju diuk pipir saung hareupeun hawu paragi

    dudurukan. Ngaraut kolcr. Tiasa janten, kagungan mutan sans kana kalakuan

    sim kuring, muhun anu sok ngaengkangkeun ka salira ta; kanggo naon nyieun

    kolcr. Ar, ari saleresna mah dina sabudereun konsntrasi, museurkeun

    implengan ka salira og. Mun ta mah gunem catur batin sareng salira bari jeung

    teu aya kagiatan. Kuriak wa dianggap jalmi baluweng mutan. Geura ari bari

    disanding ku rarautan apan teu katinggal, yn nuju mut ka salira. Tadi og tos

  • disanggemkeun teu pisan-pisan seja nyamikeu sareng kolcr. Ieu mah, hiji

    kagiatan anu aya patalina sareng antengan tatali asih. Tuh apanan brasna mah nya

    ka salira deui, ka salira deui. Ku nyandingkeun hiji kagiatan bari mut ka salira, ih

    seueur pisan mangpaatna, nily atawa harga tambahna lipet-lipet. Geura ieuh

    diantawisna ba, padamelan nggal rngs; hasilna jadi langkung sa. Ari margina

    apan dibarung ku kaasih salira. Pangdunga batin salira, rupina. Nu sansna,

    midamel dua kagiatan dina waktos anu sami, bari jeung teu katingali ku batur.

    Asa geus cangkeul, lila asana teu cengkat-cengkat. Hg nangtung. Balieur

    ka knca, kerekek cangkng nu knca, balieur ka katuhu, kerekek cangkng nu

    katuhu. Leungun gantian ditonjokkeun ka luhur.

    Nini-nini nu ngarit geus jauh mapay-mapay galengan ka tebh kalr.

    Gawna dodongkoan jumbrat-jambret, terus cengkat bari nunda jukut kana

    carangka nu eusina geus ngunung-ngunung. Nini-nini di lembur, teu jiga nini-nini

    dikota; sok kapanggih marak baju olahraga subuh-subuh. Gerak jalan gerak

    badan. Kitu deui nu rada ngora, lolobana nu awakna bukekeng ngahajakeun

    senam langsing hayang ceking. Heuheuy, deuh. Ari dilembur dipadsaan, mun

    kabeneran aya waktu sautak-saeitik tina rnghapna gaw maneuh sapopo, nya

    sok dieusian ku gaw deui. Saincak-saincak th stuning taya pisan waktu

    kapiceun. Upamana, mun rk niat nang cai ka sawah bari sakalian nanggung

    gemuk. Atuh, balikna carangka th dieusian ku suluh saaya-aya ditalun kalapa

    atawa sarah ti sarakan. Kitu deui awwna.

    Gap kana ruasan awi saged curuk hileudeun. Hg, diukur panjangna dua

    buku curuk. Terus diukur sarua panjangna. Ditengah diraut pasagi opat.

    Ukuranana sarua jeung gedna liang nu geus aya dina beubeulahan jangeun

    kolcrna. Ieu barungbung th biasa dijieun tina ruasan anu lantas tur garing.

    Supaya kuat, jeung engkna alus nyekit ngageritna mun pagsrk jeung kai

    panyolokna. Barungbung th bus diabuskeun kana liang nu aya dina beubeulahan

    kolcrna. Rada sereg. Terus, diraut deui saeutik. Mun ngarautna kandel, engkna

    bisa logor teuing na liangna.

    Ku sim kuring, muhun nu sok ngabasakeun ngaengkangkeun ka salira; tos

    kajudi tos karasa sikep ati-atina salira. Ku nginten-nginten dina serat, dina basa nu

    dianggo ku salira. Upamina ba, ta w soal alamat bimi, apan dugi ka ayuna da

    teu masihan wa. Nu dipasihkeun th mung alamat tempat didamel. Kawasna, ck

    pangira-ngira, mun sim kuring nu sok maksa ngaengkangkeun ka salira, aya

    maksad leres-leres tinangtu kana bakal dipilarian disusulna. ta mah, mun

    wangwangan sim kuring. Duka leres henteuna mah. Apan, nu terang maksad

    saleresna, mung aya di salira kuanjeun. Kitu deui, sikep nahan diri aya ngancik na

    diri salira. Mun na serat, mun sim kuring, nu sok ngaengkangkeun ka salira ta;

    siga maksa hoyong terang waleran anu tandes kana panalk sim kuring, ih

    ongkoh-ongkoh w. Malih, jongjon-jongjon ba. Sakapeung mah, ta waleran

    serat ti salira tara aya nyabit-nyabit kana nu ditaroskeun ku sim kuring. Janten,

    stuning tara aya patalina pisan. Mungguh matak panasaran, sakapeung gumulung

    ngajantenkeun kakeuheul. Dina lebah dieu, hapunten. Maklum atuh. Tiasa janten

    mosi salira mah adem ayem, henteu dmonstratif atanapi meledak-ledak ck basa

    barudak mah. Salira, sans aliran musik rock, upami dipapandkeun kana

    tongkrongan penyanyi mah. Muhun, geuning ari penampilan penyanyi rock mah

    sakitu mijahna ujrat-ajret bari ngajgang, istri og. Bari, teu welh angked-

    angkedan. Ih, tetebiheun salira mah kana kitu. Salira mah tingtrim, tenang. Talaga

  • wening, canmbrang hrang, anu sisina iuh ku kakayon kanyaah. Dina musik,

    dina karawitan; kawasna salira mah Cianjuran atanapi degung anu ditabeuhna

    antar nakeran. Soantena, ngajantenkeun tanaga batin nu tiasa ngagerakkeun

    manglipet-lipet ukuran tanaga kuda, ka nu ngupingkeunana.

    Nini-nini nu ngarit geus euweuh, tayohna geus loba beubeunangan

    ngaritna.

    Langit beurang nu disurung-surung tiung samping kebat nini-nini caang

    mentrang-mentrang. Hawana, ngahab. Langit beurang langit ka tiga, nguwak-

    ngawik mga carang ipis-ipis. Katoong, bh dituna langit biru ngelewong-

    ngelewung. Mga carang, haseup bodas uwak-awik kabaya brukat nu cenah

    seragam nayaga degung nu biasa dianggo ku salira. Beu, ari sihorng sok

    ngadegung sok ngwih ngahaleuang. Wilujeng.

    Raut-raut rgang jambu batu th dirautan, na puhuna dijuru tilukeun,

    jangeun paniir atawa cocolok nu rk diasupkeun kana barungbung ta. Ari

    maksudna diraut dijuru tilukeun sangkan dina pagsrkna ngalantarankeun aya

    sora ngagerit, engkna. ta cocolok tk hg diasupkeun kana awi ruasan sasiku.

    Ditungtung tukangna mak kikiping tina sng ipis. Biasana mah sok dijieun tina

    salumpit atawa tina anyaman awi atawa urut nyiru butut. Tina sng soth amh

    awt w kapakna. Kikiping th minangka kamudina anu ngagulak-gilekkeun

    kolcr nurutkeun paniup angin. Ku ayana kikiping, kolcr teu welh muter,

    nutur-nutur datangna ngin. Dina tungtung awi ruasan jangeun ngasupkeun

    tetengger ta diluhurna mak awi saged jeujeur leleus anu tungtungna mak

    beungbeurat jeung kukucir tina lamak. Melengtung ka tukang, luhureun bubuntut

    atawa kikiping ta. Ieu awi nu melungkung kawas jeujeur th disebutna bubat.

    Mun engk kolcr geus ditagenkeun, katebak angin ged katukang ngadayagdag.

    Angin kendor ngagentak, kolcr ka geblagkeun ka hareup. Bubat ngabertrik ka

    hareup dibarung ku sora ngajegur.

    ta mapandkeun salira mani tos kana sagala rupi w nya. Sawios atuh.

    Apan, tadi tos disanggemkeun salira mah mosina salawasna kauger ku tetekon

    ayem, kawas panembang Cianjuran atanapi lagu degung, jiga talaga nu

    canmbrang hrang. Kumaha atuh, da mapandkeun og sans bad niat awon.

    Ieu mah minangka pangiat atanapi aksn kana kasumpingan lelembut salira dina

    antengan sanubari kaasih. ta cenah mani disamarutkeun sareng padamelan

    ngarautan kolcr, ah henteu da denteu ieuh pacampur. Ngaraut midamel kolcr

    mah apanan pagawan raga badag, pagawan anu sipatna pisik. Moal pacorok

    sareng implengan asih anu sipatna lemes ngadalingding ngahiliwir. Sing

    percanten. Sareng deuih, da nu poko aktip atanapi usik mah apan batin.

    Paguneman batin sareng salira. Tangtos moal katingalina, da usukna atuh batin

    batin anu nyamuni buni. Nemb katangn saupami anu sami usik lelembutanana.

    Nemb karaos ku jalmi anu lemes sanubarina anu lah hatna kawas salira. Tuh,

    bet kasalira deui ba, muhun, antawis urang th nuju ngantengkeun tlpati

    lelembutan, apan. Usik-amlikna asih urang tiasa katangnkeun ku masing-masing

    diri. Naja kaayaan nuju patebih sapertos ayeuna. Sim kuring, anu sok maksa

    ngabasakeun ngaengkangkeun ka salira; apan pisikna mah jentulna mah nuju diuk

    najojodog hareupeun hawu diasaung eurih nuju ngadamel kolcr. Salira, nya kitu

    deui, danget ieu, nemb mulih ti padamelan. Nuju istirahat ngimpleng lalangit

    asih. Tuh apan, katingali ku salira, dilalangit anu nuju diteuteup bari

    lalangkarakan ta aya cakcak dua silih udag. Moal boa ta dua cakcak dicipta-

  • cipta urang nuju ulin silih udag di palataran kebonraya handapkeun kakayon

    linduk. Moal boa, ta cakcak og keur silih teuleuman hat ceuk ciptaan salira.

    Nya, sami ciptaan sim kuring og. Muhun, sim kuring nu sering ngaengkangkeun

    ka salira ta. Cakcak th sisirigan lumpat ka juru lalangit nyaketan rang-rang.

    Didinya, aya lancah leutik keur ngait-ngaitkeun ramatna, ngantengkeun rasana,

    ngantengkeun asihna, dina lalangit asih salira lalangit asih sim kuring.

    Langit beurang mentrang-mentrang. Haseup bodas ayang-ayang diuwak-

    awik angin katiga. Ngahiuk angin, nghiuk. K, angin sakeudeung deui ieu kolcr

    rk ditagenkeun.

    Kolcrna sup diasupkeun kana cocolok nu dijieun tina rgang jambu

    batu. Tungtungna, ditanceban paku lebut, malar teu lsot ka tebak mun engk

    angin malik. Kolcr th telus dipalincang ati-ati bisi tarik teuing marieuskeunana.

    Tarik teuing mah beulah ngabarabat. Nu beulah biasana tetengahna. Mun kitu, nya

    dicacag ka keuheul bari terus dipangpngkeun.

    Kolcr dipalincang ati-ati, rintih perbawa watek salira. Duh, aya ku....

    Kolcrkeun th disangkareupkeun kana datangna angin. Ugag igeug,

    muter antar. Beuki lila, beuki tarik. Moal boa, paniup batin salira, nya?

    Tetenggerna awi saleunjeur, saged pigeulang kolot. Rada leuleus unyad-

    nyod. Dihaja kitu. Supaya alus katempona, tetengger th diraradan heula buku-

    bukuna sakalian miceunan mrang awina. Bilih napel kana panangan sinareng

    rma salira. Ditungtung bagian congona diragaji malar rata. Teu didngdng ku

    bedog, sieun beulaj jeung sok cacag nangkaeun. Mun rata mah, gulak-giluk katiup

    anginna th teu pered.

    Naon cing? Anu pang diarep-arepna ku sim kuring, anu sok

    ngaengkangkeun ka salira ta tina waleran serat salira? Mung sakecap tina

    papanjang serat waleran th, mung sakecap. Nya ta, kecap muhun. Muhun,

    salira, muhun. Tah, ta kecap nu diarep-arep th. Muhun ku sim kuring anu sok

    ngaengkangkeun ka salira ta; muhun th hiji kapastian anu ngalantarankeun, anu

    ngajantenkeun manjangna lalakon urang, tug dumugi ka danget ieu. Ari hartos

    kecap muhun, apan ngaenyakeun atanapi ngbenerkeun kana panalk anu

    didugikeun ka salira. Duh, tah ngarep-ngarep kecap muhun diunggal-unggal

    kecap waleran mani asa geus kesel. Da, salira teu masihan wa waleran muhun.

    Ku kituna mah kahartos. Mun nilik kana sipat salira ta, kana sikep rintih ati-ati.

    Teu ieuh gurung gusuh ngaragragkeun ucap muhun, sateuacan nu ngedalkeun ta

    panlk th leres-leres atanapi ukur bbnjo wungkul. Tuh geuning, ari saterasna

    mah da tos katingal dariana nya teu burung aya waleran. Muhun. Malah,

    sakapeung mah sim kuring sok jiga maksa-maksa supados salira ngawaler kecap

    muhun. Ih, hapunten atuh. Da, geuning salira mah ongkoh-ongkoh ba, jongjon-

    jongjon ba teu gedag kapangaruhan. Rupina, harita salira, basa ku simkuring siga

    nu dipaksa-paksa malar ngawaler kecap muhun ta, nuju ngayakeun hiji ujian ka

    sim kuring. Rupina, upami kiat, sareng keukeuhatanapi leres-leres tinangtu moal

    pundung atawa ngejat alatan asa diulinkeun. Ari sim kuring kumaha cing?

    Keukeuh w deuih, ngukuntit sakumaha kahoyong salira ta. Sugan ari hantem

    diakalan ditarkahan maha hat sanubari salira janten lah manahna. Ngawaler

    panalk lelembutan sim kuring, kageterkeun karsonasi kawat batinna, kagero

    lelembutanana. Muhun, salira, muhun.

    Angin, ngahiuk ti belah kulon. Gen, kolcr ditagenkeun tetenggerna di

    pipir saung. Muter, nguwak-nguwik. Sakapeung dibarung ku sora ngagerung.

  • Ngagerung, digeblagkeun dirempodkeun angin leuleuy dibarung ku mecutna

    bubat ka hareup. Kitu jeung kitu w.

    Ih, tada teuing bingahna atuh. Kantenan upami dikupingkeun sareng

    disrangkeun ku duaan sareng salira. Apan, salira g ngiring mantuan ku mareng

    asihna lelembutan, waktos sok ngadamel kolcrna. Resep geura. Sok sanaos,

    resepna, upamina, mung kapaksa eungkul. Lebah dieu, lebah resep kapaksa, sim

    kuring og maphum. Kitu deui sim kuring, ayeuna mah ngiring mikaresep kana

    kalangenan salira. Sok sanaos, alesanana mah supados saati supados runtut raut.

    Ayeuna, kateupanujuan sakudak-sakedik mah atuh jamak, panginten. Sagala rupa

    th urang tinggal sana ba, urang tinggal berkahna ba. Duh, ieuh!

    Panas beurang beuki mentrang-mentrang. Angin ngahiuk muterkeun

    kolcr. Kuak kuik diselang ku gegerungan. Angin nguwak-ngawik awang-awang

    katiga. Angin ngoyagkeun tatangkalan. Angin niup pongporang mumbul-mumbul

    ka langit paul.

    Mangle No. 1169

  • 17. PLT

    Teu pira ari mimitina mah pdah kungsi leumpang bareng, diuk

    ngarndng, ngobrol paduduaan, terus ngnteur solat asar ka musola. Ditambah

    ngobrol bari ngahariring dina beus dihitaran ku kenk-kenk beus, bari

    ngadagoaan nu sjn arulin di basisisr. Entong boro kuring atuh anu geus lila apal

    kana paripolah sapopo di kampus mun kabeneran bareng kuliah, dalh kenk beus

    g, kawasna, kacida kasengsrem kataji ku manhna th ta w mani embungeun

    arulin ka basisir atawa ngdon ngalobrol jeung papada kenk, papada supir di

    warung. Ari ieu anggur maturan Rinni nembang ngahariring. Bisa tah si kenk th

    ngahitarna mah. Malah sakapeung mak jeung dibarung ku tembang sagala. Ari

    Rinni, apan teu pilih-pilih teu ngabda-bda ka saha ba th angger somah ba.

    Teu jiga nu sjn, mak dak ngahariring dihitaran ku kenk.

    Angin basisir kasornakeun asa teu matak seger kana awak. Sakapeung

    mah asa anggur matak teu ngareunah. Ieu mah ngangin sotnan pdah ba.

    Maksud th pdah ba, ngan waktu ieu wungkul indit piknik ngabubuhan jeung

    batur sajurusan ka basisir Tirtamaya, biheung iraha bisa ngumpul deui kawas kitu.

    Pdah ba, nu hiji deui, nya ta pdah bareng jeung marengan hiji wanoja anu

    kacida ku kuring dipikaresepna. Ulah salah tapsir kana nyurahan kecap resep th.

    Tangtu bda nyurahanana mun kecap resep dilarapkeun kana kalimah, sarupa

    kieu, upamana: Kuring resep nempo kandahan alam. Atawa, kuring resep nyieun

    sajak atawa ngarang carpon. Kecap resep anu dilarapkeun kana kalimah: Kuring

    resep ka Rinni, mah tinangtu leuwih tina harti nu tadi ta. Leuwih jero ngalibetna

    dina diri. Kacida nembresna kana hat. Mana pantes, sok sanajan ukur sajam

    atawa dua jam babarengan di basisir Tirtamaya, tapi ngajadikeun leuwih

    manjangkeun carita. Ari cirina ta kajadian nembres manjang dina ati nya ta

    sagala pikiran kuring, perasaan kuring teu welh ngamuara deui ka manhna, ka

    Rinni. Rinni geus ngahudangkeun deui karep, jadi inspirasi tulisan-tulisan rkaan

    kuring, sajak, carpon, atawa novel pndk. Sanggeus ngahariring di basisir

    Tirtamaya jeung Rinni ta, murudul tulisan-tulisan kuring nu kungsi mendet th

    lir kacolok deui kuluwung rasana. Lebah dieu kuring kacida nganuhunkeunana ka

    Rinni. Kuring teu kungsi maluruh, naha carita kuring dina carpon atawa dina sajak

    anu ngamuara sabudeureun Rinni bakal aya mangpaatna jangeun nu maca. Enya,

    pdah carita tresna jeung nu ngalalakonna apan ngan ukur salira, manhna, anu

    maksudna mah nya Rinni deui-Rinni deui. Geura pk ba baca ieu sajak kuring:

    Basisir Tirtamaya

    11 Dsmber 1988

    Keur: Rinni Rahmatin

    Ombak laut

    nolan tungtung basisir

    teuing ku lah

    hat:

    salira?

    Ombak laut

    sisirigan manjang

    lalakon:

  • urang?

    Ah!

    Laut Tirtamaya

    Idih, kiruhna

    teu kasawang

    teu kagero

    jerona

    hat salira

    Kiceup Rinni Tirtamaya

    cangra jeung ceudeumna

    po ieu:

    nya salira

    ayana

    Palataran kampus kaciri ram mun pergantian mata kuliah. Mahasiswa

    tingalabring nangan ruangan, pindah ruangan kuliah bda deui mata kuliah.

    Komo mun po Rebo atawa Saptu mah apan kuliah umum.

    Po rebo mah kuliah umum th ngan dua nya ta Bahasa Indonsia jeung

    Agama. Rngs kuliah tara buru-buru balik, tapi sok ngadon diuk heula w

    nyals. Mun rngs kuliah nu ngaliwatan tegalan, pakebonan sayur, sok eureun

    th di warung nu di kebon ta. Di dinya sagala aya. Jajanan rk lotk, kupat tahu,

    baso, atawa sabangsaning nu digorng. Tapi, mun kulian di ruangan-ruangan

    heubeul mah nya nangkring th sok na tangga tras hareupeun ruangan 16.

    Kaitung stratgis diuk lebah dinya mah. Sok loba mahasiswi nu boga penampilan

    atraktif. Rupa-rupa surahanana atraktif th. Pokonna mah matak narik kana hat

    nu ningalina.

    Sp, tempo euy, tah atraktif naker, nya? ceuk di nuduhkeun ku panonna dibarung ku ngungkleukkeun sirahna.

    Enya ari atraktif ta mah. Dangdanan bolh, kawas peragawati. Ngan ta euy, lebah pameunteu, mik-ap, asa lamdong teuing. Aing mah sieun kagaris w.

    Mani kawas kuh ulang taun atuh! ceuk Asp, bari paneuteupna nuturkeun bujur saabringan mahasiswi nu katonggohkeun.

    Mun teu lamdong kitu mah mmang atraktif, Ayat mairan. Tah, tah euy aya deui. Tuh Si Calana komparang! di manggihan barang

    anyar.

    Rk ka sawah jigana. Ku mapantes manh atuh ari nyai! Deuleu ituh, kawas televisi warna! Na kumaha kitu? Wajahnya, mik-apna, meriah deui wa! Atraktif! Tapi teu komunikatif. Idih, kucemnya, sombongnya . . . . ! Pameunteu, marahmay, tapi ih . . . . kitu, nya? Tah nu ieu . . . . kawasna komunikatif! Lungguh, euy! Antieum! Agrsif atuh, saeutik mah, nng! Dfrsif naker. Borangan. Geuning tuh lempangna, anggur meded ka gigir.

    Kawas di jalan satapak wa atuh!

  • Hy! Hy deui! Baku ari geus nangkring didinya th! Yu, ah! Yu, rk kamana? Kapanorama! Urang ka Rinni geura! Yanti, Sri, Yanti Mahry ngsbrul sasobatna. Fitri,

    pangleutikna niliktik ditungtun ku dwi anu besekel. Si Centil, Ani, pakalng-

    kalng jeung Ijos. Tapi, ktang ari ngaranna mah Iyos, ngan sok disebut Ijos ba.

    Ised saeutik tina pangawakan Fitri nya ta ti, Si Glnycawhwr. Atin siga

    lungguh, tapi mun aya music dangdut rancingeus naker bareng jeung ti ting

    garitek. Si Hpi, Lungguh ta mah. Saurang deui Si Ogo Si Agrsif nng Hni

    Suhhe.

    Keun engk nyusul! Ani jeung kleup liwetna ngabring bari capk rahm. Cenah, rk baralik ka

    Panorama. Kawasna mah rk ngaliwet di imah Yanti Leuwihrang.

    Po beuki beurang. Di masjid kampus geus aya nu ngaji. Tandaning moal

    lila deui adan duhur. Biasana, mun geus aya sora nu ngaji, karyawan th geus

    mimiti ngalabrul ka masjid rk solat duhur.

    Cp damang? Si Emang, Mang Rasiman, nu kapapancnan jadi juru kunci jeung bbrs di ruangan 16-19 nyampeurkeun bari nyolongkrong ngajak

    sasalaman.

    Sa, Mang! cekng th, Sawalerna! Gk Mang Rasiman diuk gigireun. Asp, di, jeung Ayat arindit rk

    motokopi heula.

    Alhamdulillah, Cp! Mang Rasiman, apal pisan ka mahasiswa hiji-hijina nu mindeng diuk lebah

    dinya. Darah ta apanan darah kakawasaan Mang Rasiman. Sakeudeung deui,

    cenah rk pangsiun.

    Cp kumaha sareng Nng Rinni th? Mang Rusiman bari gnusiwelkeun ngaluarkeun dompt wadah bakona. Srwk nyohkeun pahpir, hg dipaud-paud

    nku indung leungeunna. Ambh rada cekrung kawasna. Terus nyiwit bako sok

    kana pahpir nu meunang nyengkrungkeun ta. Bakona diatur manjang beuki

    tungtung beuki leutik. Hg digrlngkeun ku dua dampal leungeunna. Lebah

    tungtung hiji deui , nu bakona rada kandel, hg dipncoskeun dicepit-cepit ku

    tungtung tungtung curuk jeung tungtung jempolna.

    Teuing nyaho ti mana ta Mang Rasiman nepi ka apaleun kuring resep ka

    Rinni, nng Rinni Tritamaya ta. Meureun, mindeng nempo kuring sok nutur-

    nuturkeun Rinni.

    Mang Rasiman ngulak-ngilik lintingan rokona. Pel kan biwirna nu kandel,

    tungtung rokona nu leutik th. Jeks kork api, sut kana tungtung rokona, kenyot

    selebung haseupna tina liang irung nu kawas knelpot leutik. Katmbong rada

    narolol , tungtung bulu irungna, rada prang. Kawasna ba bakat ku mindeng

    kahaseupan roko.

    Seungit bakona, Mang! ceuk kuring. Bageur Nng Rinni mah! keukeuh Mang Rasiman nyaritakeun Rinni

    Tirtamaya.

    Euh . . . . !

  • Supados langkung geugeut, langkung sonoeu. Hoyong pendak wa sareng Encp, nng Rinni-na, Emang gaduh taeun.

    Gaduh naon, Mang? Mang Rasiman ngenyot rokona rada jero, kaciri jemblong lebah tungtung

    nu dikenyotna.

    Asihan! Paragi naon nu kitu th, jeung kumaha makna, Mang? ceuk kuring rada

    panasara. Hayang nyaho. Mmang kungsi diajar, dibr bacaan, cenah plt, ti

    guru penca di lembur baheula. Tapi teu kungsi disirepkeun harita th. Ah, teu

    perlu nu kitu w harita mah. Geus poho-poho acan babacaanana og.

    Gampil, Cp! Wah! Cik, cik, kumaha? Emang nyuhunkeun menyan saageung indung suku mah! Dimana msrna, Mang? Artosna w. Jenengan isstrina nu lengkep. Sok serat! Kuring dak w deuih. Keun, hayang nyaho matih henteuna tah ajian

    kinasihan Mang Rasiman th.Brwk kuring nyohkeun kertas sasirih. Trs nulis

    ngaran Rinni Tirtamaya. Sok dibikeun ka Si Emang.

    Hat th aya percaya aya henteu. Mmang cenah sok aya aww atawa

    lalaki anu kabungbulengan alatan diplt ta. Tapi biasana mah anu marak nu

    kitu th dipasisian di pilemburan jauh. Lain di kota. Tapi, teu nyaho ketang, di

    kota g aya w meureun nu mak.

    Isukna papanggih deui jeung Mang Rasiman. Manhna mikeun bungkusan

    leutik. Kuring panasaran. Terus muka ta bungkusan. Eusina menyan bubuk

    beunang ngarieus, lembut kacida. Ari bungkusna, nya ta keretas nu eusina ngaran

    ta. Kawasna mah dirames-rames ngeusikeun ajianana.

    Kumaha ieu th makna, Mang? Gampil. Purulukkrun ba na jalan nu sok kaliwatan ku jinisna ta, ku

    wanoja nu dipika hayangna ta! Si Emang sorana tatag pinuh ku kayakinan.

    sapalihna deui beuleum dikamar bari nyebat-nyebat jenengan wanoja ta!"

    Wah, tada teuing batur ibur meureun, Mang. Apan, kamar th ngan sacangkwok!

    Nya, purukukkeun w atuh na liliwatan ta! Enya lah urang coba w! ceuk kuring th deui. Isukna indit th rada tangian da boga niat rk ngawurkeun ajian ta. Di

    ruangan kuliah can aya batur da kakara satengah tujuh. Atuh, laluasa ngawurkeun

    bubuk menyan th. Na lebah panto, lebah tras nu sok dipak ngariung ku

    manhna sabatur-batur. Jeung liliwatan sjnna.

    Mang Rasiman kasampak keung nyikat jamban jeung kakus.

    Kumaha cp? Mang Rasiman, kawasna nanyakeun enggeus encanna ajian kinasihan pamrna dipetakeun ka kuring. Tayohna hayang apaleun, hayang

    geura ngabuktikeun ka kuring yn pamltna th enya matih.

    Tos dipuruleukkeun, bieu! ceuk kuring, ngan kad w kasapukeun ku emang!

  • Moal, da sasapuna og tos brs! cenah, bari sewur-sewur nyblokan thel beunang nyikat, kari ngantosan w Cp! Geura engk, piraku teu montl, tah!

    Mudah-mudahan w atuh, Mang! Leos w kuring mang ninggalkeun si Emang, muru babaturan anu geus

    mimiti jul-jol daratang. Beuki lila beuki loba. Aww mah dimana og sarua teu

    welh ngageulis. Nu indit kana motor atawa dianteurkeun diboncng, pasti w

    kudu masang eunteungsatampah na juru jandla. Gesruk nyisiran, luway-liwey,

    memener biwir. Kuring kuliah teu saprogram jeung Rinni Tirtamaya, ngan sarua

    tingkatna wungkul. Ngan biasana mun po senn mah Rinni kuliahna waktuna

    bareng tabuh tujuh diruangan gigireun ruangan nu dipak kuliah ku kuring. Dua

    jam pelajaran Rinni mah saratus lima puluh menit, ari kuring salapan puluh menit,

    jadi, po ta teu katangn naha rini aya atawa henteu milu kuliah.

    Milu kuliah po tamah asa kurang saregep. ta, gara-gara ajian plt ti

    Mang Risman ta. Mani hayang geura panggih jeung Rinni w. Ceuk sangkaan

    kuring waktu ta th waktu bubaran kuliah Rinni. Kuring, buru-buru permisi,

    mnta idin, alesan mah hayang ka jamban. Geus kaluar luak-lieuk nempoan kelas

    Rinni. Meureun geus buburan. Tapi, euweuh dilaluar. Panasaran, terus noong tina

    lebah liang konci tiiseun, horng geus pindah ruangan. Geus ganti nu makna.

    Tingkat tilu. Kuring asup deui. Hat teu jejem. Pinuh ku kapanasara. Inget ba ka

    Rinni. Kana tawur ajian asihan ta. Tapi, tangtu ta tawur menyan th saeutikna

    geus kalngkahan ku Rinni dua kali. Basa asuk karuang kuliah jeung basa bubaran

    ka luar. Jeung, kaciri knh barodas na thel, can kasapukeun ku Mang Rasiman.

    Moal, moal wanieun nyapukeun. Tangtu Mang Rasiman apaleun. Yn, nu barodas

    kawas bubuk kapur th nya ta bubuk menyan nu geus dijamp ku manhna ta.

    Piraku ngagagalkeun acara mah. Mun gagal hartina mang Rasiman sorangan nu

    bakal wirang. Sabab, ajian nu pajarkeun matih th gening laas, lh, teu teurak.

    Tangtu bakal raeun, sabab bakal panggih mh unggal po jeung kuring.

    Ku gogoda th deui, bet teu panggih ba jeung Rinni th. Kuring hayang

    nempo raksi Rinni sanggus ngalngkahan tawur ajian ta. Mun enya mah teurak

    ceuk nu mr asihanana og, cenah bakal montl, bakal malik asih, hayang

    panggih ba.

    Basa rk kaperpustakaan pusat panggih jeung Rinni pada baturna di

    warung kebon.

    Kamana wa? ceuk kuring, bari hayang ngolongan enya henteuna, atawa mika sono hayang panggih jeung kuring.

    nemb wangsul ti Wanayasa. Kengging tilu dinten di lembur! ceu Rinni taya tapak-tapak keuna ku ajian pamr ti Mang Rasiman ta. Enya rk teurak

    kumaha, apanan dina poan kuring ngawurkeun ajian asih ta Rinnina og apanan

    teu kuliah.

    Rinni ngaliud jeung pada baturna di warung kebon. Kuring indit rk ka

    perpustakaan pusan.

    Kuring leumpang anca muru perpustakaan. Ingen ka Rinni, inget ka mang

    Rasiman.

    Salam asih ka: Rini Tirtamaya

    Mangle 1180

  • 18. SKRIPSI

    Caina ngagolontor rada kiruh ngocor ti juru balong. Tarat kembang

    kasumba marangkak, daunna rarbak mayakpak naleukeun na luhur cai. Aya

    rerenteng tina cocongoan awi dipasang lebah kokocoran jeung na tempat-tempat

    anu sakirana pangliuhan lauk. Kawasna, ngahaja malar nu rk ngarungkup ngecrik

    maling ti peuting sungkaneun ari aya rerenteng kitu mah. Balong th ditmbok

    tambak-tambakna, turut-turut sisina. Jadi, najan cai ged ngagulidag og tara ieuh

    kajadian galengan rempag ngabalukarkeun balong bedah. Katmbong laukna

    baradag. Katangen tingberekbek nyungkuran jukut buruk sisi tambakan.

    Sakapeung ngagulipek jujungkiran pikabitaeun tukang nguseup. Bet ngalenyap,

    bet ngagebeg nyeueung lauk emas kitu kalakuanana th. Geuwat nyokot batu

    leutik nu nogl dina galengan, hg ditnggorkeun lalaunan ka lebah jungkirna

    lauk. Kucibek. Reuwaseun, terus minggat ka tengahkeun.

    K, k,... aya panguseupan di lembur th? ceuk dosn kuring dina hiji waktu, basa aya perlu ka kantor jurusan.

    Aya, Pa! Kantenan! jawab kuring th. Ieu bapa dosn th, cenah ceuk lanceuk-lanceuk kelas karakterna, moal

    deuk nyebut kalakuan bisi dianggap kasar, rada bda ti nu sjn. Enya siga

    seriusna mah, ngan nya kitu lah, teu wasa ta nyabutkeunana. Kitu-kitu g apan

    guru kuring sorangan knh.

    Gaduh, mung alit. Disebatna og kokobak. Isin kaanjanganana! ceuk kuring, leuheung mun seueur laukna deuih!

    Ih bet mani sieun w kaanjangan th! saurna bari ngalagedaykeun salirana, mencrong rada sinis. Kuring murengked. Sok sieun ngajaheutkeun

    manahna. Weu, atuh mun jaheut manahna, hartina naraka leutik keur kuring.

    Kacipta, mata kuliah ti anjeunna moal lulus-lulus. Mangka, aya kana dua

    semsterna. Mangkaning opat skas samata kuliah th.

    Sans kitu, Pa! ceuk kuring ngawani-wani ngajawab, Mung rorompokna tebih di kampung!

    Nya keun ba, apan tepi ku tutumpakan! saurna. Insya Alloh, Pa! kuring sorangan g teu ngarti naha kuring ngawalon

    kitu.

    Tah kitu ari nu apal mulang tarima mah! Tas kitu th atuh berengbeng kuring nyelang balik ka lembur, malar urang

    lembur mmrs kokobak ta. Nu di lembur rampang-reumpeung disebutkeun rk

    aya nu ngadon mancing ka lembur th. Kaharti na kituna mah, apan di lembur

    mah sagala hs teu kawas di kota. Komo bari jeung teu nyampak pakeunna.

    Kolot th gegelendeng, cenah waawanianan, rk ngawiwirang kolot, tayohna mah.

    Meunang sapo di lembur th. Kalayan kolot maphumeun pisan kana maksud

    kuring.

    Anu dipikasieun th bet kasorang pisan ku sorangan. Kudu paaduhareupan

    jeung dosn nu gorng adat ta. Ceuk hat, mun teu kaayunkeun yh bakal gorng

    pibalukareunana. Sok sanajan, kawasna, di tempat sjn og aya anu leuwih ti

    kitu. Tapi, angger ba nu kitu th paripolah nu kacida gorngna. Ngaruksak korp,

    ngaruksak sesebutan, ngaruksak karisma dosn. Enya, manglebarkeun ku nu geus

    ngahaja, nu ti heula, nanjeurkeun komara jurusan komara nu ngajarna. Ari ayeuna

    ngadon diruksak ku polah kitu. Lain kawasna, lain jigana, apan kuring apal kana

  • talajak anjeunna g ti lanceuk kelas anu geus ngalaman leuwih ti heula.

    Ngabjaan, ngawawadian, yn kudu ati mun engk nyanghareupan dosn nu ta

    mah. Kuring sabatur-batur taya nu wani nyarita atawa lapor ka pupuhu jurusan.

    Sieun. Sieun, engkna malindes deui ka kuring sarra. Kuring sadar kana

    kaayaan kuring. Kacipta, moal lulus-lulus tntamn. Komo deui, ujian sidang.

    Tah, ku rupa-rupa alesan kitu, ta kabiasaan gorng th lumangsung terus ti

    mangsa ka mangsa. Taya nu wani ngagunasika, taya nu wani ngalaporkeun, ka

    dosn sepuh atawa dosn senior. Duka deuih, naha dosn nu sjn teu

    aruningaeun atawa teu wasaeun nyaram atawa nglingan. Kuring, Ddi, Asp,

    Ayat, Rinni, di kamar kontrakkan sok mindeng ngadiskusikeun, nyawalakeun

    kaayaan ieu th. Sarra boga kacindekan, mun diantep, bakal ngabalukarkeun

    ancurna jurusan sorangan ta. Lebar puguh. Dalah kumaha, da apan kaayaan

    kuring sarra ayeuna aya di pihak anu babari disalahkeun. Jigana mah, kuduna

    meureun, beungkeutan alumni jurusan nu kudu mr ppling. Apan, maranhna

    og aya nu kungsi ngalaman dihskeun. Piraku sugan ari geus parokeun

    panempo jeung pangdng onaman.

    Euy, teu kudu getol milu kuliah ti bapa ta mah. Pokona mah asal ged duitna, bisa lulus kalawan nyugemakeun! ceuk Jajuli dina hiji waktu.

    Ari manh, Juli, nyarita th! tmbal Hudori. Enya, na kumaha kitu? ceuk Jajuli deui, Getol g kateuteuari, kacap-

    cap. Engk g tangtu dipanggilan hiji-hiji geura. Hg dibawa ngobrol urula-

    arileu. Urang, nya kudu surti w geus kitu mah. Apan ku embung surti ta, geus kajadian, Asp nepi ka ayeuna mata

    kuliah pikasebeleun ta hiji-hijina nu ngababayut th. Lantaran, manhna mah teu

    mr duit pamulang tarima ta. Sok sanajan apan, ngajar mah kawajiban

    anjeunna. Teu kudu diimplik-implikan ku nu taya patalina jeung palmuan. Geus, gandng, Juli! Di palataran taman nu aya balong ta, mahasiswa dariuk aya nu maca aya

    nu ngobrol. Nu papasangan nu ngabubuhan sabaturna sakelompokna.

    Asa geus kesel diuk th, aya kana sajamna mah. Ngadagoan Rinni, ark

    bareng ka jurusan. Rk konsultasi jeung pembimbing skripsi. Puguh kuring th

    gorng nasib. Enya, apan nu jadi pembimbing th nya dosn anu jadi catur ta.

    Sarra pada embung dibimbing ku anjeunna mah. Lamun bisa mah hayang

    nawar. Atawa, lamun ta mah mata kuliahna beunang dipilih, mata kuliah ti dosn

    ta mah moal dk dicokot. Da, bongan matak seunggah sagala-galana.

    Dina riungan diskusi leutik, dina sawala sabatur-batur g malah sok

    ngadurnyomkeun, sual loba anu teu lulus mata kuliah ti dosn ta. Da saeutik-

    eutikeun mah geus apal kana situasi diajar ngajar th, apan kuring saparakanca

    lulusan ti spg deuih. Enya, mun ta mah kajadian tina sakelas loba pisan anu

    teu lulusna. Apan, aya sababaraha kamungkinan. Kahiji, meureun sual nu

    dibikeun th hs teuing. Kadua, muridna nu barutek. Katiluna, guruna anu teu

    mampuh nepikeun pelajaranana. Nya, munasabah mun ta nu teu lulusna th ngan

    ukur opatan atawa limaaan. Geura ieu mah tina opat puluh urang th leuwih

    satengah kudu dihr. Jeung, tangtu can puguh anu hr hartina g mulus rahayu.

    Rereged kitu kaalaman pisan ku Si Irenne Marfuah!

    Abdi, Pa. Inne! Muhun Irenne Marfuah! ceuk si Inne basa meunang panyaur ti bapa dosn nu ngageremet ta. Ari kudu mangadep th wanci duhur,

  • mun suasana kantor geus tiiseun. Duka da waktuna biasana mah sok wayah kitu

    ba nyauran nyambat mahasiswa th. Meureun, rinhna bawayah kitu.

    Hidep, geus lulus nya ayeuna mah? saurna. Parantos, Pa! ceuk Si Inne bari sidakepna rkp nakeran. Saregep bari

    nganti-nganti rk ka mana ta obrolan th mngkol ngalokna. Pok deui

    nyambung kalimahna, Abdi lulus, rupina ieu mah teu tebih ti kaweningan manah Bapa! ceuk Si Inne ngalem meureun maksudna mah. Supaya dosn anu

    disanghareupan th raoseun manahna.

    Mun geus lulus th, kumaha? anjeunna naros. Tinangtos nganuhunkeun, rupina, ka nu parantos nulungan! ceuk Si

    Inne, geus kajudi ayeuna mah rk ka mana ngalokna ta omongan th. Kedah mulang tarima !

    Sarra geus apal, mun geus nepi kana kecap mulang tarima, kudu aya nu

    dihaturkeun. Si Inne g apal, da sammhna geus dibjaan ku Hudori

    saparakanca.

    Hatur lumayan w, Pa! bari song amplop th digolosorkeun luhur mja. Amplop dibuka. Si Inne kacida reuwasna. Awakna ngadargdg.

    Ngan sakieu geuning. Moal mahi atuh. Ieu mah keur ka petugas komputer wungkul atuh! saurna, pinuh wibawa.

    Insya Alloh, Pa! Bad nambih deui. Jalaran teu acan wangsul! Si Inne sakalurna ti kantor th langsung lumpat terus ceurik sanggeus nepi ka Jujuli jeung

    Rinni nu satia ngadagoan. Cenah, apanan duit sakitu g beunang nginjeun ti

    Hudori. Geus teu boga duit da can balik ka lembur ta. Teuing bener henteuna

    mah, yn mikeun ngasupkeun pengumuman ka petugas komputer th mak biaya

    atawa henteuna. Teu hayang ieuh papanjangan. Ah, mending percaya ba,

    kawasna. Moal enya pantar anjeunna mak resep ngagedebul ngabohong onaman.

    Ku geus kesel diuk. Rongkong kana jukut garing, keleweng kana lauk nu

    ngadeukeutan. Kucibek, soloyong ngajauhan. Rongkong deui kana batu leutik nu

    nogl dina galengan, belewer kana kembang tarat mangkak kasumba. Baturna

    nyangsang. Caina angger ngagulidag tina kokocoran awi bitung bh tonggohna,

    kiruh knh. Tatangkalan sabudeureunana ngariyom daroyong ka balong. Pucuk

    areuyna nolan tungtung cai. Kawas buuk Rinni nolan taktakna.

    Hoyyah! Ngalamun nya! Ti tatadi! ceuk Rinni ngabetahkeun nepak taktak kuring.

    Henteu! jawab th pondok, keuheul tuda. Lila naker ngadagoan. Mani geus kesel. Da lamun ta mah Rinni teu lila kawas kitu moal nepi ka ngalamun

    jiga tadi. Pikiran moal ngacacang kana hariwang.

    Aya w saparapat jam mah ngajengjen pengeureun. Jongjon ba! ceuk Rinni Tirtamaya, bari gk diuk gigireun. Kusiwel ngodok kantong nyokot sisir.

    Gesut-gesut nyisiran kawas sahayuna pisan. Tapi, brs.

    Ngmutan saha? Kuring jongjon mencrong ka tengah balong.

    Teu! tmbal th pondok. Rada keuheul knh. Punten, atuh! pondok ayeuna mah nyaritana, da meureun omongan

    kuring g parondok, Aya peryogi heula! Peryogi? Muhun! Ari di dieu sans peryogi kitu?

  • Peryogi! Geuning ? Zuki? Zuqqi maksud mah nyebut lalaki nu mikahayang Rinni. Ngahaja

    nyebut th ditasjidkeun nepi ka nyekleukna. Cemburu, timburu, meureu mahsudna

    mah. Da enya apa Zuki mah imahna deukeut pisan jeung imah kontarkan Rinni.

    Teuing saha ngaran benerna mah, ta mah lalandian kuring w. Keuheul atuh da.

    Tos pok deui, nya? Rinni baeud. Nya! Nya, tos ba! beuki manyun. Kuring hariwang mun geus manyun kitu mah sok sieun katutuluyan. Hg

    ba enyaan pundungna bari enya enya jeung Si Zuki ta. Hat ngajak genjatan

    senjata, damy. Kuring ayeuna mah nyanghareup ka Rinni. Ari nyampak manhna

    malik ka gigir. Ck hat, beu tiwas kaya kieu mah yeuh. Sok rada tanggel. Ah,

    sugan moal katutulyan ayena mah. Pel lalaunan leungeun katuhu ditumpangkeun

    kana taktak nu katuhu. Dikpskeun.

    Rin, hapunten! cekng th. Engga! Huh, bet tambah-tambah deui atuh pasualan th. Apan, ieu th balukar tina

    mikiran dosn kuring ta. Rk konsultasi ka pembimbing skripsi. Bet amuratel

    atuh kapusing th ka Rinni anu teu tuah teu dosa. Gues kieu apan nambah-nambah

    pikiraneun. Apan, ngajentul sisi balong th seja ngadagoan Rinni. Ari geus jol

    anggur dimusuhan. Saha nu sudi atuh. Apan ark bareng ka dosn ta. Jeung

    apan-apan nu lianna w.

    Rin? cekng th leuleuy, sugan w ari geus lila mah manyunna rada leyur, Puguh tadi th keur aya kapusing. Anggur pk atuh nrtlan ka Rinni anu teu kua teu kieu. Upami ta mah Rinni rido manah ngahapunten, kahoyong mah

    nya hapunten w kana kalepatan. Upami kaabotan, nya dalah dikumaha ? Yu! Rinni nangtung. Kuring nuturkeun terus leumpang parrndng. Ck hat, alhamdulillah cageur, geuning. Manyunna geus leyur, geus lh.

    Paromanna geus ngadeukeutan nu aslina, marahmay. Ngan, can full senyum cara sasari. ra knh kawasna. Moal enya kudu ngagentak mah barobahna, tina full-

    manyun kana full-senyum. Apan, aya w nu kasebut masa peralihanana. Kuring

    moal deuk pangangguran ngaheureuyan deui kawas tadi, sieun hs

    nyageurkeunana.

    Geus pirang-pirang untung teu kapapanjangan og. Kumaha mun tadi

    anggeus-angggeusan. Beu naraka atuh. Kacipta mun Rinni lsot tinacangkingan,

    tanwand skipsi g kana kabolr enya-enya. Kawasna, biheung anggeus g.

    Piraku ari kudu bobolh mah ngabatalkeun nulis skripsi pindah kana program

    tuntas. Gara-gara Si Ratu Si Ogo Si Marahmay Si full-manyun, h si full-senyum

    ktang, mangkaburkeun. Duh, ku paralun teuing, atuh Rin. Muga-muga w

    manjangkeun lalakon. Apan Rinni th panambah sumanget, panambah spirit.

    Di kantor nyampak knh smah. Kuring jeung Rinni ngadagoan handapan

    tangkal kembang kertas kayas. Rinni nyelang ka kantor tata usaha. Rk nempo

    pengumuman cenah.

    Ari manh bet teu apal kana adat. Dori, di lembur aya manuk? Irenne Marfuah nanya mh bareng jeung Jajuri. Ti harita berengbeng Hudori balik ka

    lembur rk nangan manuk. Duka manuk naon, rk manuk borokokong, atawa

    manuk bajogrog, pokona mah jang diplomasi w ambh urusan lancar. Da jeung

  • enyana atuh, sanggeus dihaturanan manuk mah hasil tntamn nu mulan-maln

    teu diparios alatan sibuk th, cenah kaluar kalawan lungsur-langsar. Lambat-

    lambut, meureun, pibasaeunana mun nu ngajuru mah. Teu pira ari bener

    diplomasina mah. Cck bock nu kararitu, atawa anu meres mahasiswa

    ngaduitkeun lulus tntamn, mmang hs disusud bukti-bukti nu nyata

    bungkeuleukanana. Alatan, taya rngkolna, taya bukti kutansina, apanan.

    Rinni kahman kuring, geus full-senyum ayeuna mah. Tntamn mata

    kuliah dasar umum, lulus meunang peunteun ba, cenah. Paingan atuh paromanna

    mrahmay. Gk diuk gigireun.

    Di jero rohangan kantor geus taya tamu. Kuring jeung Rinni asup sabada

    ngucapkeun assalamualaikum, jeung meunang pangjawab ti jero.

    Sanggeus dihiapkeun kuring ngadep, gk diuk pasinghareup-singhareup.

    Bapa dosn nyampaikeun dua pananganana kana knca-katuhu panyarandan

    korsina. Calikna rada nangreu, dangah. Kuring campenot, palaur.

    Ari maksad mah bad konsultasi perkawis skripsi. Sakumaha anu parantos ditangtoskeun ku bapa ta!

    Cik, mana? Golosor disanggakeun. Hg dibukaan saaya-aya, sahayuna wa jiga teu

    dines naker.

    Salah! Sistematikana, yeuh! bari kewok-kewok nyortan nu dianggapna salah.

    Kuring, ah saregep w ngabandungan pagawan anu kacida diapik-apik

    nyieunna th, ayeuna mah teu manggapulia di payuneun nu mariksa mah. Ck

    rarasaan mah asa gagabah tah mariksa th. Apan, kudu rinh, kudu asak

    tinimbangan. Mun salah caritakeun salahna, jeung kumaha alusna.

    Geus boga bukuna? Buku nu medar cara-cara nyieun karya tulis, atawa cara ngitung dina panalungtikan sarupa kieu? socana mencrong seukeut.

    Teu acan! Paingan atuh! Ck kabiasaan, anu maranti, ceuk bja anu turun-tumurun ti lanceuk-

    lanceuk kelas, mun geus ragrag kecap paingan atuh, urang, atawa kuring meureun

    na waktu ieu mah nu keur nyanghareupanana, kudu ngajawab ku kecap manawi

    aya knh di Bapa. Abdi bad msr.

    Manawi sayogi knh di bapa. Diktat knging bapa ta! Aya asana mah. Keun isukan! sorana leuleuy. Sok sanajan, dina buku sjn g aya. Jeung, hargana g leuwih murah mun

    meuli di toko. Atawa, mun urang sorangan motokopi. Tangtu bisa leuwih ngitrit

    kana biaya. Keun, apan ieu mah diplomasi ta, malar urusan lulus banglus mulus

    rahayu.

    K, k . . . . ari lembur th ti mana? Abdi. Ti Kawung Luwuk, Pa! Asana . . . . loba leuweung knh, nya? Muhun! ku kuring geus katangkep sinyal tangarana rk ka mana

    pimaksudeunana ta caritaan.

    Mun teu salah mah ti leuweung lebah dinya mah loba knh manuk had. Sabangsaning Tod, Bultok, Bincarung, Ciung!

    Insya Alloh bad meryogikeun wangsul, Pa!

  • h, kad ulah pajar dipnta ku Bapa! saurna bari ngagakgak gumujeng, ulah ngarasa pajar dititah nangan manuk!

    Ih, ari Bapa brt awon sangki. Henteu, Pa! Iraha ka lembur th? Minggu, manawi! Enya, enya . . . . ! isuk pagto tang w na koropak ieu yeuh. Sugan

    anggeus mariksana. Kudu aya tambah tanaga, tambah nrgi, kawasna mariksana

    g . . . . ! Sanggeus amitan kuring undur terus kaluar ti rohangan. Rinni nuturkeun.

    Taya maksud nanaon Rinni mah da tadi g niatna ukur rk nganteur kuring.

    Rin, ari harti nrgi naon? ceuk kuring sanggeus anggan ti kantor. Rinni msem surti.

    Kuring ngarandeg sakedapan. Rt, neuteup pameunteuna. Hayang sidik

    ngelemengna kanyaahna, kahmanna, ka diri kuring. Rinni imut, full-senyum,

    full-marahmay, ciri aslina.

    Rin, nuhun! Kuring leumpang parrndng muru jalan nu ka handap. Muru jalan

    panjang sorangeun duaaneun. ***

    Mangl No. 1192

  • 19. BULAN KASUMBA

    Tos nya. Engk sans waktos deui! Sakedap deui. Saeutik deui, nya! Iy cunihin! Sok hayang seuri, anh deui mun ras inget kana kajadian haritath.

    Manhna diuk lebah mja, nakorsi nu ngan hiji-hijina ta.

    Gesut-gesut mja th dielapan. Luhur mja bisa keur tempat buku, bisa

    keur tempat dahareun, atawa tempat paragi ngistrika. Ah, pokona mah mja

    serbaguna w. Suku mja th opatanana disapatuan ku kalng nu dieusian cai.

    Atuh da bongan sireum sok ngasrek kana dahareun. Diakalan kitu mah teu

    bisaeun. Dikolong mja aya blk. Eusina kayaning: opak, ranginang, jeung kr

    lauk bawa ti lembur. Blk th mibanda pungsi jiga kulkas. Enya kulkas kampung.

    Blk th luarna geus hideung jeung parnyon balas tidadalagor dina mobil.

    Dientong-entongge, dibahana blk ku kolot th, hih maksa w kudu dibawa.

    Amhteu sagala meuli, basana th. Cenah dikota mah sagala mahal sagala kudu

    meuli. Atuh peupeuriheun anu teu bisa nyieun atawa euweuh diurangna.

    Embungna mah nataku mawa nukararitu ti lembur th. Asa raridukudu mamawa

    blk hideung pe.... cau ngora, kalapa. Da barina og langka pusuk-pasak. Asa

    leuwih praktis meuli ti warung. Da, deukeut panganjrekan th loba warung

    dahareun.

    Na enya, na kituna mah balik ti lembur th sok resep pada moro ku

    babaturan. Moro olh-olh bawa ti lembur. Aya nu nanyakeun pais lauk, uln.

    Geus puguh ari opak ranginang mah kudu aya ba. Minangka batur keueung.

    Enya, apan mun digayem th sok ram sorana tingturukruk.

    Boboko, rantang, gelas, sok-sok dikakolong mjakeun. Da mjana rk

    dipak ngetik. Ayeuna keur loba tugas, mun henteu disebut usumna og. Geura

    mata kuliah umum, geur puguh mata kuliah jurusan mah. ta nu sok riweuh th.

    Mun kabeneran kudu mareng waktuna, waktu mikeunna. Leuheung mun dosnna

    bageur, narajang mun nu galak mah, sasatna kudu po ta th teu beunang diisuk

    pagtokeun. Mungpang, atuh hartina bakal jauh kana meunang peuteun had. Nya

    ripuh-ripuh og maksakeun ngetik kawas peuting ieu. Sanaja, geus cangkeul ramo

    balas ditotog-totogkeun kana hurup mesin tik. Rada teuas mesin tik th, geus lila

    henteu diservis.

    Nyieun tugas, karya tulis, nu ieu mah niat th rk enya-enya pisan. Had

    ngetikna, beresih, tur had eusina. Mun bisa mah. Lain hartina tugas-tugas nu

    sjn dimomorkeun. Ngan husus nu ieu mah ulah ngrakeun. Ngrakeun diri

    kuring sorangan, nu nyieun, nu mikeun pancnna ka dosn.jeung, ulah

    ngalantarankeun ngawiwirang nu nitah jeung nu mr peunteunna engk. Maksud

    th, ieu mah ngan ck sangkaan hat kuring, apan dosn nu ieu mah, dosn

    kuring, sobat kuring. Mun ta mah aya kakurangan sautak-saeutik bisa

    ngahampura. Geura, kumaha mun ta mah eukeur eusina gorng katurug-turug

    ketikanana loba salah jeung ramtk, weu, apan ngrakeun sarra kitu mah.

    Komo mun loba salah ngetik, hg ditimpah ku tip-x, apan kaciri lodrona th.

    Keu jongjon-jongjon ngetik aya nu gegeroan di luar. Ari dibuka hor Si

    Mayang, batur sajurusan nu nywana kahalangan saimah ti panywaan kuring.

    Ngetik naon, Ipit? nyebutna th Si Ipit, pdah panon kuring rada sipit. Pancn nu kudu dikumpulkeun isukan ta!

  • Si Mayang ngulutrak mukakeun blk, kulkas ta, di kolong mja. Rauk-

    rauk ngagares ranginang. Si ta mah mun diuk th sok sangeunahna, rada

    andolkak, komo mun pada aww, najan aya babaturan lalaki og tara ieu upat-

    ipet. Lalangkarakan, sukuna ditojrkeun kana tmbok. Erokna nyorosor kana puhu

    sukuna. Keplok-keplok nyabokan pingping sorangan. Dicoco reingit.

    Na aya reungit ngarti nya, apal ka nu ngeunah diggl? bari ulak-ilik kana puhu pingpingna anu ngaliglag.

    Nya, enya atuh. Matak g kudu paringpen! cekng th. Pit, ka dieu th rk nginjeum pita mesin tik. Puguh itu geus pang naker. Euweuh. Da ngan ieu-ieuna, apana! ck kuring na ngetik naon? Piper Ilmu Sosial Dasar, nu po rebo dikumpulkeunana. Ari ta pancn keur Pa ta ta,nya? Si Mayang indir bari seuri Ke, ke,

    hg ngarongkong deui ka kolong mja mukakeun kulkas blk, Dak w nya! Da, bageur, pan!

    Ih! Ari manh Mayang! Da ituna mah boa apaleun, boa henteu! Si Mayang nglos bari ngambng ranginang. Trktk deui w kuring mah

    nganggeuskeun hanca. Nyieun pancn. Tapi, asa jadi teu jongjon ngetik th jeung

    jadi loba salah deuih. Bet jadi inget terus omongan Si Mayang th.

    Pit, dak w, nya. Ah, duka atuh. Teuing, ah! Bet jadi teu pararuguh. Goldad w kana kasur pot, pot balas dikedengan, didiukan ku nu

    ngaranjang. Mencrong neuteup lalangit bodas kolot. Mencrong lalangit teu puguh

    TIK-na, taya tujuan hususna. Mencrong th, stuning mencrong w tamba henteu

    teung mencrong. Da bongan tadina og teu niat sar sor-sor. Apan keur ngetik

    ngarngskeun pancn nu kudu dibikeun dina poan kuliah jurusan. Jadi teu

    pararuguh ngetik, teu pararuguh cabak th, ta omongan Si mayang tadi, sok

    ngajangjaruhkeun ka dosn ta. Malah, lain mayang wungkul nu osok

    ngajangjaruhkeun th batur-barur sakelompokna og kitu. Antukna, kuring jadi

    gr. Tapi, ktang sabisa-bisa mah teu nmbongkeun semu. Bisi babaturan beuki

    curigaeun. Da mang henteu.

    Tos ieu kuliah naon? manhna enya Si Manhna ta nu sok dijangjaruhkeun ka kuring, nanya.

    h, naon, nya? bet jadi geumpeur Mayang, tos ieu kuliah naon? nanyakeun ka Si Mayang.

    Naha mani teu terang jadwal? omongna deui. Dikitukeun th kalah kateu puguh peta.

    Babaturan kuring raribut, cenah dosn nu didagoan ta teu bisa mr

    kuliah jalaran aya diskusi ilmiah. Enya lah, mandingge mindeng diskusi, seminar,

    jeung sajabana, ambh rada rinh saeutik mah teu diudag-udag teu nyieun tugas.

    Nyieun Pancn th mani neregteg ti mimiti ujian tengah semster mah. Babaturan

    ting alabring sasobatna sakelompokna swang-swangan. Aya nu balik rk medar

    soal pancn, aya og anu rk ngcng mahasiswa ti sjn fakultas. Euweuh nu

    asup nominasi ti batur sajurusan mah. Ah, geus apal teuing w, asa teu resep.

    Kuring, Mayang, Meumeut, Hegar, jeung Asih muru mudun ka kidulkeun,

    ti ruang kuliah PSB mipir-mipir gedong perkantoranbjog nka nkebon. Kebon

    blumkol, cab kalan, sisi-sisina jerekjek tangkal sampeu.sisi blumkol diselang-

    selang ku bawang daun. Mani marontok teu kawas awak Si Meumeut. Besekel.

  • Dosn kuring ta ngilu ngabring paselang jeung babaturanana. Pindah

    ruang kuliah sjn deui mahasiswana. Ayeuna mah sok sanajan nu siteuteup

    angger lalangit, tapi pipikiran jeung wangwangan th jalan. Nyipta-nyipta malikan

    deui laku lampah kumaha mimitina dalit jeung dosn kuring ta. Mimitna mah

    dosn kuring th sok ngajak ka kantin ngadon jajan. Di kantin nu aya dikampus,

    atawa ka kampus nu aya diluareun kampus, di Ledeng. Basana,

    mangmaturankeun. Anhna kuring th dak w deuih.

    Tos henteu ayeuna mah. Kamari th, nggal knh, kutu jawaban kuring basa dosn kuring sobat kuring nanya soal kabogoh kuring ta, Bapa, Bapa, Ipit th ayeuna mah nuju rarandaan. Randa bngsrat! inget ba tah Si Mayang nu mimiti ngabjakeun kuring anggeusan jeung Kang Emud th.

    Naha atuh mani trh-trh teuing? Ah, rupina mah parantos teu aya duriat w! jawaban th nurutan

    paguneman dina sandiwara, atawa lagu nu dihaleuangkeun ku sindn.

    Kuting sok boga rarasaan, ngaku sorangan, dosn nu ta mah asa bda

    mun nitah atawa cara nempona th. Nu kieu mah ngan kuring wungkul nu

    mikanyahona. Batur mah teu ieuh dibjaan, engk sieun digeuhgeuykeun najan ku

    sobat sorangan kawas Si Mayang, Meumeut, Asih, jeung Si Hegar. Enya da

    kawasna mah teu sing teuing ngabda-bda. Duh, ieu rasa bet ambon sorangan.

    Muga-muga w sangkaan th bener, yn dosn kuring , ka kuring mah pelongna

    pelong husus, kiceupna kiceup spsial jangeun kuring soranganeun.

    Basa hiji waktu, artere Bumi Siliwangu aya Cerdas Cermat Basa Sunda

    pikeun murid SMP, manhna, enya dosn kuring ta, wios atuh nyebat manhna

    og da ieu mah sarua jeung anjeuna apan, kungsi nyebat cenah resep ka kuring.

    Teu pira cenah resepna th nempo centik bujurna kawas gorng teri. Terus, sorana

    waktu nyarita rada ogo. Terus, kana kiceup kuring anu rada kerep. Tapi ktang

    kerep kiceup kuring mah da lain keureuceum budak cacingeun. Keureuceum

    kiceup panyari, he, he,he.

    Ipit mah kabogoh Bapa, nya . . . . manhna ngaheureuyan kuring, ti samet ayeuna Ipit mah balad Bapa . . . . Sok cantk heula, cenah bari nyantlkeun cingirna kana cingir kuring. Kuringna, dak w deuih, anh. Nyebut ka kuring

    nurutan sobat-sobat kuring, Ipit.

    Bapa mah rakana Ipit, ck kuring th, Ipit raina, nya Pa? Ah, Alim! jawabna pondok. Nya entos ba alim mah! ck kuring th deui. Hiji waktu sjnna, kungsi suring jeung mayang, sarta Meumeut diajak ka

    Maribaya. Cenah aya warung sangu, rstoran, murah tur olahanana ngeunah.

    Harita th Meumeut mah teu tulus milu da deuk balik ka lembur rk nyokot bas-

    siswa. Balik ti Maribaya rada sor. Trt kuring nulis na buku harian, kieu unina:

    tabuh sapuluh nak mobil ti ldeng nuju ka Maribaya. Indit tiluan kuring, Mayang

    jeung manhna. Kuring kakara nyaba ka Lmbang ka Maribaya salila kuring

    kuliah di Bandung. Mmang rung batok. Resep. Kaayaan teu pati ram da lain po

    per. Tanggal asih bulan geugeut- taun kagandrung. Tempat kuliah mimindengna mah di ruangan 16 jeung 17. Di PSB(Pusat

    sumber Belajar) mah ngan po salasa wungkul. Kuliah di PSB mah asa resep,

    ceuk Si Mayang ta mah penyegaran. ta dumh ku mindeng-mindengna kuliah

    di ruang 16-17 ba jadi asa heureut tetempoan. Geura di PSB mah mun ngalangeu

    sammh datang dosn di tras luhur sok resep loba tetempoan. Nempo, atawa

  • silih pelong jeung batur peuntaseun ruangan kuliah kuring. Babaturan geus

    nyanggun. Enya, beubeunangan silih pelong unggal po salasa ta. Barudak

    program S1 hahadan jeung barudak proram D2. Ngan, antara babatur sakelas tur

    saprogram mah asa can aya. ta meureun, pdah geus pada apal teuing. Pada-pada

    nyaho kana adat sapopo. Jeung kamampuhna ku sabab pagiling gisik unggal

    kuliah. Duka tah. Nya ari sakuduna mah da geus pada wanoh ta, kudu w aya nu

    bogoh. Tapi, welh euweuh.

    Bapa mah da raka Ipit, pan? Ah, alim! Nya, atos baalim mah! Ah, alim janten rakana! Alim nganggap rai? Teu! Po ta trt kuring nulis dina buku harian, unina kieu: Ieu hat sok sanajan

    enya resep ka manhna ta, tapi da moal deuk gurung gusuh. Teu, teu dangaku

    saratus persen, yn kuring resep. Tapi, anh mun teu panggih sok asa leungiteun.

    Sapodua poteu jonghok, sok sono hayang nempo atawa ngobrol. Sok komo deui,

    mun nangnankeun manhna ngobrol jeung nu sjn asa sok teu resep nempona.

    Sebel th. Malah sebelna og ditasjid. Duka, nya, hatth bet kieu jadina.

    Kuring mak inget keur mangsa di SMA baheula, dipikaresep dipikabogoh

    ku guru kuring. ta ku anhna th, enya kawas nu karandapan ayeuna. Dak w

    hat th. Resep malah. Sadrk jigana nanya. Naha kuring teu kagok, mun dikelas

    atawa mun di sakola. Ah, henteu singning. Biasa-biasa wrarasaan th. Malah,

    asana, mun di kelas mah sok rada galak tah. Di SMA sakola siang. Lamun seug

    kabeneran kuring kabeurangan asup, hg jam kahiji th manhna ngajar, biasana

    mah sok langsung nitah nyatet dina bor. Ck hat, ih apan cap knh, ti poporos

    apanan datang g, ieu hayoh dititah nyatet. Nyatet ta matak pikasebeleun. Sakitu

    geus ngeplk th leungeun bakat ku cangkeul, ih tara ieuh nitah eureun atawa

    diganti ku batur nu sjn. Ongkoh-onkoh w manhna mah. Ksang geus karasa

    na palipisan terus turun mayap pipi. Nya, diantep w rk disusut disusut kumaha

    apan leungeun th pinuh ku kapur. Tada teuing atuh engk lamdongna. Ck hat,

    teu kawas sri keur ulin mak sok dipangnyusutankeun, atawa mun kabeneran

    beungeut kasawran hujan mani titn naker nyusutan th. Kuring, ah nimat w

    disusutan kitu th mani terus rasa kana hat. Mmh kuring jadi kabogoh

    manhna, manhna mun mariksa PR sok nanda tangan na hasil pagawan barudak

    na buku tugas. Dina PR kuring sok ditambahan daun cng leutik gigireun tanda

    tanganna ta. Basana, ta gambar leutik th minggu hareupna rk ditang deui,

    mun dipupus musuh cenah. Lucu, nya? Tapi, da kuring g resep, ah.

    Di kamar babaturan nu prnahna di knca katuhueun kamar kuring geus

    jarempling. Ukur wawuh-wawuh biasa ba da teu ieuh sajurusan safakultas. Salah

    saurang pangeusi kamar nu gigireun ta, sok kaciri ngasupkeun lalaki, kabogohna

    kawasna. Babaturan-babaturan sjn g geus pada tarerangeun kitu kalakuanana.

    Malah, ku nu boga imah geus dipplingan geus dilingan, tapi kawasna manhna

    mah boga sipat noyod. Keun sina karasaeun balukarna geura. Bet teu ngeunteung

    kana kajadian-kajadian balukar tina talajak kitu. Apan sok loba anu brhan,

    balukarna beuteunna ngarebhan. Geus kitu, pan sadrog bisa neguh.

    Dipanywaan teu pika lucueun og loba. Dina hiji sor keur ngariung

    jeung Mayang, Hgar, katut Asih. Na ari deregdeg th Si Mayang lumpat

  • nuturkeun tukang baso nu anyar pisan ngaliwat ka pipir. Teu lila balik deui bari

    siga aya nu dikeupeul buni naker.

    Ngeupeu naon, Mayang? ceuk Asih, Mani disumputkeun kitu, nya? Nyengcl we dina luhur kcap! tmbalna. Enya, naon? Si Hegar panasaraneun pisan. Ieu! Mayang bari mukakeun keupeulanana. Barakatak th sarra seuri nimat nakeran. Nepi ka reumbay ci panon.

    Malum jajalaneun th sslk ka pipir nu pinuh ku sasampayan. Mana pantes

    popoan karampid ku tanggungan baso g. Siga tadi, untung kaciri ku nu boga

    barangna. Narajang mun taya nu nangenankeun, meureun terus w ngider milu

    dagang ngurilingan kampus.

    ta ku wanian. Sok sanajan sapopo sapeupeuting ngotok ngowo di nu suni, enas-enasna mah ber sakitu wanianana mak ancleung-ancleungan rk

    ngurilingan kampus sagala! ceuk kuring th. Enya, Si Kasebelan th! tmbal Si Mayang. Peuting beuki simp asa jauh pitunduheun, tapi ari heuay mah, wuah deui

    wuah deui. Ari dipeureumkeun teu reup ba. Ras, kan pancn ketikeun nu can

    anggeus. Rk dipaju deui asa sungkan. Padahal kudu dibikeun isukan. Hg apan

    nu keur diketik th anu diniatan dijieunna dihad-had ta. Boh eusina, boh

    warugana. Kudu, anggeus kalawan had. Bisi nguciwakeun. Nguciwakeun kuring

    sorangan, jeung nguciwakeun nu narimana. Nya bisi kagokkeun meunteunna ari

    gorng mah. Apanan, nu narimana, enya nu mr pancnna th anu ku kuring rk

    dianggap lanceuk ta. Ngan, teu narima cenah ari kuring diaanggap adina mah.

    Enya, tuh kuring tanggur ingt ba ka manhna. Bet anh deui hat th, ongkoh rk

    dianggap lanceuk, tapi mun manhna uplek ngobrol jeung nu sjn sok teu resep

    nempona. Timburu meureun, nya? Malah, mun karrt ngaheureuyan Si Mayang

    g asa ulahuen hat th. Asa teu mikeun hat th. Manhna mah, kiceupna kiceup

    keur kuring. Seurina imutna iruteun kuring. Teung atuh ah bet jadi kararieu.

    Peuting geus rh nakeran. Simp. Ngagojod nyimbutan hat. ***

    Mangl No. 1198

  • 20. BANDA TATALANG NU ILANG DI PAJARATAN

    Regeyeng cai sambr ti sumur kompa th dijingjing ka hareup lebah

    lawang ka jalan. Sok ditunda gigireunana. Cai sabun jeung lamak elap mah geus ti

    tadi ngajugrug. Stangna malik ka jero buruan, buntutna ka jalan, ka nu mudun.

    Engk mun geus dibanjuran malar caina nyurulung. Henteu meuting dina sela-sela

    kalngna. Rk ngumbah motor vspa th asa rada klkd naker, rada haroram.

    Ceg kana sisiuk. Gewur-gewur disblokkeun. Sanggus rata baseuhna hg

    disabunan rata dikobtan dicoklan leutak garing nu narapel disakujurna.

    Ayeuna mah sagala rupa kagiatan, perhatian th tujukeun kana poanana. Boga duit sautak-saeutik teundeun tabungkeun, ceuk lanceukna dina hiji po. Apanan urang th kudu barang bawa. Kudu babawaan.

    Enya po nu dianti-anti puluhan taun ku kuring t bet nyrlk ba. Malah

    asa gancang pisan waktu th, mani siga nu tuturubun muru kuring. Tuturubun th

    ani asa rk notog rg notog ba kana dada. Enya bubuhan po nu didadago

    puluhan taun th didagoan ku euweuh persiapan ta. Sabenerna mah lain teu apal

    mun rk kawin th kudun nyiapkeun sapuratina. Rarasaan bet asa teu ari wa rk

    barang teundeun atawa rk nabung di bank th. Ah kitu w meureun perbawana.

    Cacak mun sapo neundeun sarbu g euleuh meureun tada teuing eusi

    cngclngan th. Mun teu sapo sarbu og, atug sabulan sarbu g tangtu mun

    dikalikeun sakitu puluh taun, weu muncekil tah simpenan th. Ari ayeuna pan stu

    ulutud, atawa mucicid mun kahujanan mah meureun. Tapi, keun w ah nu

    enggeus mah da apan geus kalakonanna ge enggeus moal ka sorang deui. Ayeuna

    kudu sasadiaan satkah polah ba waktuna kudu cumpon wh.

    Kumaha sanggup, No? Hat nanya ka diri. Nya atuh sanggem, waruga. Enya, etamah kuma dinya mun sanggup hartina tulus. Mun teu sanggup

    meureun bolay. Sangem. Sanggem pisan! Gesut-gesut lamak elap beunang nyabunan th dokosok-kosokkeun kana

    tukeung sadel. Geus koropok naker geuning. Ditoktrok-toktrok ku tungtung ramo

    g katangn ngepros. Ttla jorok. Enya atuh iraha mak ngumbah motor apik

    nepi ka ngodokan ka jerona. Unggal ngmandian th cukup luarna wungkul. Mun

    budak gering mah ngan diseka ku ci haneut. Tara digewur dimandian. Teu

    kanyahoan boga motor th. Mimiti ngiridit tilu tauneun, lunas bari motorna gagah

    knh. Atuh saterusna ti satutas lunas kiriditan th leceng nepi ka umur salapan

    taun jalan teu ganti-ganti kendaraan anyar. Tah ayeuna dina umur nu ka salapan,

    minangka puncakna babakti ka dunungan mun rncang mah. Babakti

    panungtungan. Disebut panungtungan soth mun ditingal tina jugrugan wangunna.

    Bakal euweuh tina paninggal kuring. Moal ngajugjrug ditunda dipipir imah. Ari

    leungiteun ta mah pasti, apan ngajugjrugn adi pipir th geus salapan taun. Unggal

    peuting g kaciri tina jandla kaca, ti ruangan tengah. Geus otomatis w

    kalebahdinya th hayang ngalieuk nempo motor. Kacipta, tada teuing panon

    leungiteunana kana barang nu geus dipikawanohna. Tadi g disebutkeun

    leungiteun soth mun ninggal jugrug warugana, da lamun ninggal natratna,

    napakna dina lelembutan mah tangtu mun engk salinjinis jadi duit tur ta duit th

    apan rk dipak kaperluan anu pangpoko-pokona, puncakna kaperluan, kuringna

    kacida pisan narimakeunana. Narimakeun kan pangabaktina anu hs pisan

  • mulang tarimana. Teu kawas mun aya knh jirim ragana, ngamandianana, jeung

    ngoman bagian onderdil anu geus raruksakna.

    Ceg kana sisiuk, gewur, gewur caina caina dibarung diusap nyaah ku

    dampal leungeun. Dina umur nu kasalapan karasa motor th geus rada ririwit.

    Loba pisan gogogdana unggal po th aya w gogodana. Ari bitu ban mah pantes

    meureun da sok susuruduk ka sisi mun kabeneran jalan mact. Ieu mah nu

    patalina jeung mesin atawa onerdil lianna. Sher mah ta sher diganti mah

    diganti, nya kitu ari geus ti bngkl th sok asa katipu wa. Ku ngltrk ta, ku

    gocrak ta. Atuh geus puguheun ari pegat kabel rm mah atawa kabel kupling

    mah mani asa teu eureun-eureun. Apan sautak-saeutik th teu welh duit wa.

    Geus dua minggu ieu mah indit ka pagawan th teu kana motor, nya itung-itung

    sina rada istirahat rada lila dumh rk pileuleuyan ta. Mun ninggal nyorang

    salapan taun ka tukang basa mimiti boga motor ieu th inget kana nyokotna ti toko

    jeung sobat kuring, Pa Maman. Diajak soth apanan kuring mah can bisa

    numpakanana. Ari singhorng th Pa Maman og can pati timu ari kana vspa

    mah, da bogana th motor honda. Di jalan terus ngadadak eureun. Terus dioprak-

    oprk ku nu teu timu ta, samar cabak. Piraku onaman ari geus mogok deui mah.

    Apan kark g ti toko, ngahayoh diputar-puter tutup buka selang kuplingna. Apan

    enya teu timu ta. Ngahayoh diselah bari bngsinna ditutup. Katangn soth geus

    taunna aya di kuring mun diputer ka lebah dinya th hartina liang bngsinna

    nutup. Atuh, gantian nungtun jeung Pa Maman ka bngkl pangdeukeutna.

    Boga sabaraha deui tabungan th? pok deui lanceuk kuring nanya. Tara nabung, da! Urang th kudu boga keur mas kawin, biaya mantuan hajat, pakan

    bawaeun. Atuh, kitu deui pakeuan urang. Piraku indit ngaligincing. Basa mawa

    awak uulutudan. Ku mindeng aya nu nanya sarupa kitu lain beuki teger hat th, anggur

    rrnjagan. Da puguh pangjawabna kosong ta. Antukna, kawas nu bengong

    kabina-bina. Molohok ba. Rajeung ngajawab, ngan ukur unggut-unggut kawas

    dederuk. Unggut kuring nu teu wibawaan.

    Regeyeng ngajingjing deui cai sambr lbr. Sok ditunda. Cag kana

    sisiuk. Gewur-gewur cai th disblok-sblokkeunkana sakujurna ti tungtung

    katungtung. Kitu deui di kolong-kolongna imeut disblokan taya nu kaliwat.

    Nyblokan th stu nyals naker dibarung ku gunem catur batin. Gunem catur

    jeung onderdil-onderdik nu guyon cicing di tempat ajanganana. Geus ngabatin na

    diri kuring, geus sumerep na lelembutan. Geus ngalemah jeung ngawaruga ali

    kuring th apan salapan taun jalan lilana. Gunem catur anya nu wangunna

    pananya, upamana kunaon atuh sher th bet mani ririwit naker. Kunaon ban th

    asa ku mindeng bitu. Lampu mah ta lampu asa pegat jeung pegat mani remen.

    Karburatos, busi mun teu titn th nya skok kitu mawa berewit diperjalanan.

    Sagala rupa kakeuheu, sagala rupa karenced ayeuna mah kari waasna ba. Ayeuna

    mah kara nyaahna. Malah, bakat ku jero nineungna mak jadi mandeg mayeng rk

    ngaluarkeun rk ngajual si dukun th. Asa lebar ku berewitna, asa lebar ku

    karwlanana.

    Motor pulas boda geus bell, dipoyankeun. Caina ting kareclak. Gog

    nagog, bari disrangkeun ti kaanggangan. Nu kapoyanan beuki tuhur luhurna.

    Handapna nu kaiuhan baseuh knh. Cai nu ngareclakan beuki leuwik jiga nu

    sedih geus bakkeun cipanon.

  • Geus cunduk, ayeuna waktuna geus cunduk. Apan kajadian ieu thnu

    didagoan, nu diperjuangkeun mangtaun-taun lilana. Lain anggur bengon. Geura

    tanghi, sina tanginas rasa, sina tanginas hat, sina teger.

    Daun cerem mirikpik ragragan nyarangsang kana luhureun motor nu keur

    dipoyankeun. Siga pajaratan nu ditawur kekembangan.

    Kuring neuteup waruga jeung lelembutan motor. Waruga kuring,

    lelembutan kuring. Biheung isuk biheung engk geus ganti dunungan. Ngan

    mugia w sing sanajan engk geus dipibanda ku nu lian sing titn mulasarana.

    Malah, kudu had ngariksana tibatan kuring.

    Po beuki beurang, tambah morrt. Motor geus tuhur. Malah geus panas

    sakujurna th. Daun cerem nu nawur dikeprukan ku elap nu geus garing.

    Po beuki nyrlk ba ka beurang. Hartina nyrlk waktu nu

    dijangjikeun th beuki deukeut ba. Rasa beuki nyeunyeuitan lebar pisah jeung

    banda nu geus lawas misobat. Ari ditahan moal enya. Apan ngan ti dinya-dinyana

    banda nu kaitung badag th. Malah karasana bakal leuwih natrat leuwih manjang

    dina hirup kuring, dina sajarah lalampahan kuring. Jaga th meureun kuring

    nyawang panineungan hirup kuring, rumah tangga kuring kungsi kungsi

    dideudeul, kungsi meunang pangrojong ku banda kuring. Nya ta nu ayeuna

    ngajrag hareupeun kuring ta. Jadi, bakal ngageretihan lalampahan hirup kuring.

    Tauh apan, birak-birakanana aya di kuring dina raga badagna. Kumaha mun

    meunang cilaka, tabrakan upamana, apan geus moal kapuluk dina wangun nu

    waringkas. Ku kituna, sok geura dangdanan, geura buru-buru cumponan nu

    dijangjieun kamari ta. Sasatna nya apan manhna anu bakal nulungan ka kuring,

    salah saurangna. Kumaha engk ari kuring geus niat, geus nyantek waktu, taya nu

    nawar-nawar acan. Mwureun kacipta kokolopokanana. Kasawang

    pibalukareunana. Beuki deukeut kana waktu panggih jeung nu niat meuli, asa

    beuki teu ngeunah hat teu ngunah cicing. Tapi, kuring kudu buru-buru nedunan

    kahayang nu rk niat meuli ta.

    Panonpo manceran na embun-embunan. Daun cerem garing ngabayak di

    buruan urut ngamandian jeung moyankeun motor. Kaciri rada baraseuh knh.

    Rap jakt rap hlem rap kacamata nu geus logor nyantlna kana ceuli th dipak.

    Geus merenah sakumaha kuduna. Kepruk-kepruk dampal leungeun th

    diteunggeul-teunggeulkeun kana sadelna. Minangka pangjurung, malar meunang

    harga nu luyu jeung kahayang jeung paniatan. Atuh, lancar deui urusanana. Sing

    ngajurung w kana pamaksudan kuring ta. atung, dimana engk dicobaan boh

    diselah dihirupanana, boh diajaran ditumpakanana sing ck gur sing tumaninah.

    Biur ba indit ka jalan pajajaran, ka bngkl langgan. Nyampak sals.

    Manhna nitah ngadagoan di bngklna, sabari ngabiur tumpak motor kuring rk

    ngajonghokeun jeung nu rk meulina ta. Teu lila geus jol deui. Cenah, ngan wani

    ngaduitan genep ratus rbu rupia. Nu rk meuli th bubuhan jalma nu apal kana

    motor kana mesin jeung kana raga warugana. Cenah, kana saaratus lima puluh

    rbu mah keudu jangeun ngelasan nu korok jeung ngaganti bagian anu raruksak.

    Mun ark dikaluarkeun ku harga sakitu mah sok. Upama leuwih ti sakitu kajeung

    bedo, cenah. Kuring teu bisa majar kumaha. Mun bedo ti pajaratan, kuring teu

    timu deui kudu kamana jeung kudu kasaha nawarkeunana. Jeung deui, kacida

    perluna ta. Nya kuring nyaluyuan da puguh rusuh ta. Tadina mah ku taksiran

    kuring jeung babaturan kudu ari payu dalapan ratus rebu mah. Ari ayeuna batur

    ngan wanieun sakitu. Kuring teu bisa majar kumaha.

  • Sanggeus diteuteup anteb, biur deui banda kuring th ngabelesat ka

    kulonkeun. Kuring teu kungsi nyabak heula. Nyabakl ngusak rk

    mileuleuyankeun kana geus babakti salapan taun lilana. Panutup nuturkeun nepi

    ka lesna ilang dina pngkolan di Pajajaran. Pileuleuyan, teu karasa biwir

    ngunyem. Mak jeung sedih sagala, asa ditinggalkeun ku jalma nu kacida

    dipikaasihna.

    Aya kana dua jamna ngadagoan th. Nu dititah ngajual ta leumpang

    ngagidig. Datang-datang hg cingogo. Kuring nyampeurkeun milu cingogo.

    Manhna teu buru-buru nyarita. Teg ba hat nyangka gorng. Boa-boa geus

    kajadian gorng. Boa-boa duit th aya nu ngarampog, duit kuring ladang ngajual

    motor kuring. Boa manhna akon-akon aya nu ngarampog. Padahal mah duit ku

    manhna disumputkeun. Enya deuih bet kurang jeujeuhan. Enya og langganan

    ngabngkl apan da teu apal saha ngaranna jeung dimana imahna. Duh, boa-boa.

    Motor lapur. Duit teu kapuluk. Apan ngahaja ngajual motor th boga niat nambah-

    nambah balanja. Kuring can nanyakeun aya kajadian naon nu geus karandapan ku

    manhna basa ngajual motor kuring ta.

    Kusiwel manhna muka bungkusan kantong krsk. Hg dibuka deui aya

    bungkusan koran. Dibuka deui. Duitna ngntp rupa-rupa lambaranana. Aya lima

    ratusan, rbuan lima rbuan. Lambaran puluh rbuanana mah ngan saeutik.

    Katmbong lolobana mah lembaran lima ratusan. Malah lambar ratusan og aya.

    Ngahunyud. Hg diitung sabeungkeut-sabeungkeut. Tangtu lilana mah da rupa-

    rupa ta. Tapi itunganana mah panceg genepratus lima puluh rbu rupia. Nu

    mangngajualkeun dibr sapuluh rbu th embungeun. Hayangna th dua puluh

    lima rbu rupia. Ku kuring digolran lima welas rbu. Ck hat, ta mah dak teu

    dak.

    Geus aya kana samingguna euweuhna motor th. Konci busi diteundeun

    dina lomari. Teu milu dijual. Keur panineungan tapi, ari panempo mah kawas nu

    teu apal-apaleun yn motor th geus euweuh dina tempatna dipipir. Ku hayang

    ba ngalieuk ka lebah dinya th. Kacipta ngjugrugna kacipta diharuduman jas

    hujan. Kacipta aya bard dina sepakbor hareup urut labuh. Hlem srep guwang-

    gawing ngait tukangeun panto kaluar. Ngahaja teu dijual. Diiwalkeun.

    Po patkadan, dina bulan kayakinan pacngreud asih beuki gancang

    ngadeukeutan. Tipoporos hayang buru-buru nganjogkeun jonghokna kuring

    jeung nu kacida dopikaasihna. ***

    Mangle No. 1271

  • 22. NU NATAHARAN NGADEGNA BAL SMAH DI SUKU GUNUNG

    GAJAH

    Panon po nyorotna geus rada linduk. Cahayana nyorot kana paratag sisi

    panyawran beulah kulon. Cahayana rada kahalangan tangkal bungur. Tangkal

    mah diiwalkeun basa ngabukbak tangkalan nu geus umuran malah geus karahot.

    Cenah, ngahaja henteu dituar alatan aya nu nyicingan. Rahayat henteu wani nuar,

    pajar th sieun katulah. Nya nepi ka ayeuna ta tangkal bungur masih ngajega

    dikarimunan daunna anu gomplok. Mun pucuk-pucukna geus karembangan mani

    reunceum kawas kond disarungsum kembang wung. Hartina ta th deuih

    pertanda, yn rk usum hujan.

    Sakurilingun tangkal bungur geus rempeg padumukan ayeuna mah. Nu

    ngeusian ta lembur th lolobana, malah kawasna sakabhna jalma anyar

    wungkul. Ngababakan.

    Ssa ngalelemah ngaharunyud knh na tempat nu ngawates ka tanah

    milik urang kampung dinya nu teu ka kurung ku babakan anyar ta. Kayaning

    taneuh, barangkal, batu, jeung ra-ra deui.

    Cahaya panonpo sor masih knh nyorot kana paratag na panyawran

    belah kulon. Bubuhan negrak jrung paratag rada jangkung, ti panonpo mencrong

    nepi ka reupna pisan th teu welh nyorot ka lebah dinya. Paratag th paratag awi

    pancar dibeulahan, sabeulah-sabeulah. Ngahaja dijieun lebah dinya paragi

    popoan maju ka sor. Mukaha panas kacida.

    Imah th nyanghareup ngtan, nandan sinar srangng. Hareupeunana

    jalan. Mun isuk-isuk th sok ngeunaheun moyan. Mun kasornakeun keur nedeng-

    nedengna panas, anggur linduh iuh di imah th. Katurug-turug loba tatangkan di

    pakarangan th deuih.

    Boga imah geus ti bh ditu, sammmh kawin. Maksud th sasadiaan mun

    jaga aya jodo teu sararak-sururuk di batur, atawa mondok lila di mitoha. Nya ta

    rencana th atuh kaparengkeun.

    Ana pruk kawin th teu lila di imah mitoha. Teu betah nataku. Teu

    betaheun, lain pdah galak atawa teu bageur ka minantu, ih lain. Mun ta mah teu

    bageur meureun anakna moal dibikeun dikawin. Ieu mah asa karagok rk guwa-

    gaw atawa cicing th. Arguwa-gaw di pakarangan sok diulahkeun, atawa

    mimindengna mah geuwat dipiheulaan. Ari ngotok ngowo ba di pangkng, komo

    deuih. Apan, ari ngotok ngowo di pangkng keur anu nyar kawin mah pagawan

    pangbetahna. Lah, kawas teu ngarasa ba, ilaing mah. ta og tara barng geureuh

    atawa sindir sampir, da meureun nganyahokeun, da meureun mmang keur

    wancina kudu mindeng aya nu di nu nyingkur.

    Mokaha rada rempeg nu ngalanteu pindah th. Salian ti dulur, tatangga g

    loba nu milu deuih.

    Kuring nyapukan ba, malah mah ngajurung pisan. Pamajikan ngndong

    di imah anyarna saminggu. Terus nang atawa balik ka imah kolot. Maksudna

    imah anyar th, imah nu kadua sanggeus imah kolotna, imah mitoha kuring.

    Ungkrah-angkring kitu th kaitung rada lila, bubuhan pamajikan kakara pisan

    misah ti kolot. Eukeur mah bungsu apan.ah, encan ngalemah ba meureun.

    Maksud had basa keur bubujangan, kukumpul sasadiaan, sakapeung mah

    sok gsh tina implengan. Ari geus pruk rumah tangga mah ta niat nu had th.

    Enya sual imah ta. Pamajikan atoh teu atoh geus disadiakeun imah th, da asa

  • tumarumpang ba cenah. Alesanana mah teu milu mikir, teu kungsi ngarasakeun

    nyieun, teu milu hsna, jeung sapapadana. Da kitu kanyataanana, sangkana kitu

    meureun. Sumawona didongng-dongng ari paguntreng duaan. Padahal ari

    kuring mah da taya ingetan bakal pikitueun. Ari niat nyadiakeun imah th ambh

    teu hs ta, sedeng pruk kawin, nya imah jeung sapapadana g pruk ba deuih

    sarua milik manhna, teu aya pikiran anu lain-lain.

    Ih kacida bagjana atuh. Nu hunna og mangpirang-pirang. Moal kaubaran

    ku harga imah lembut kitu, lahna hat manhna. Lah, dak kawin jeung kuring,

    mun ta mah dibandingkeun, sanajan manhna sok ambek mun kuring nyarita kitu

    th, datara ngabanding-banding cenah, kuring ajueng alalaki sjn nu papada

    mikahayang manhna. Nu jaregud pakayana, sumawona pangkatna, jeung karesep

    meureun. Tangtu, mun nempo nu kararituna mah, lh kuring th. Tapi, aya

    onjoyna kuring mah, tina harega nu diiming-imingna, tina pangkatna, jeung tina

    rupana, mana manhna milih kuring g. Manu mun pareng heureuy jeung

    manhna ayeuna, atawa aya nu nyebutkeun yn pamajikan kuring geulis, bageur

    th geuwat kuring nmpas bari nyebut saha heula atuh salakina. Cekng th rada sombong.

    Tah, dina raraga ngaheueuhan pamajikan, anu cenah asa tumarumpang di

    imah ta. Kuring jeung manhna th niat nambahan wangunan imah. Rk nyieun

    kamar, rohangan tamu. Alesanana ngaheulakeun rohangan tamu, nya ta sangkan

    kuring sakulawarga , dulur-dulur nu ngaranjang ambh lalauasa di patengahan

    imah. Teu kagiridig ku smah. Ayeuna mah mindeng kajadian, pamajikan kitu

    deui indung kuring sok nongton Teve th bari gogolrana dianggel, ana datang

    datang tamu atuh ting biritik indit saanggelna sasimbutna. Anu pangpentingna,

    malah niat nu poko, nyieun rohangan tamu th, nya ta rk nyieun hiji tanda

    minangka tetengger hirup hurip kuring kulawargana jeung manhna. Manhna

    milu aub ngawangun rumah tangga. Ngadegkeun katawekalan diniatan ku duaan,

    dirasakeun ku duan, dipikiran ku duaan. Rk miceun nyieuhkeun

    katumarumpangan rarasaan pamajikan.

    Tah, ku kituna ti mimiti ngawangwang nyipta pirupaeunana jeung lebah

    mana rk diadegkeunana disrnkeun ka pamajikan ba. Atuh nu kapapancnan ,

    si arsitk, unggal po ngusey ngagambar. Gambar hasil ropana digantungkeun dina panto ka enggon, sangkan unggal waktu kaciri yn boga niat. Jeung muga-

    muga gancang ngajirim. Sakapeung ta gambar th dipindahkeun ngagantungna

    lebah tunjangeun na tenggon, ambh atra ku duaan kaimpleng samsar. Sirikna,

    ngimpi g ulah nu lain, kudu ngimpi nyieun rohangan tamu ba.

    Aya kalana gambar nu geus anggeus th dioman deui sababaraha kali,

    sanajan ahirna mah kitu knh kitu knh. Sakapeung mah pamajikan th geus

    demam teuing rohangan tamu tepi ka unggal usik th ngan meusmeus rohangan tamu meusmeus rohangan tamu. Karing salakina, nya ari ku mindeng-mindeng

    teuing nga ngadng kecap rohangan tamu mah jadi polusi ddngan. Pamajikan

    kitu peta th stu sumanget naker hayang geura-geura ngajirimkeun ciptaanana.

    Ayeuna mah aya mbohna deuih kagiatan si arsitk th, nya ta ngumpulkeun majalah , geus puguh nu aya diimah, nu aya di imah mitoha g dikumpulkeun hg

    disohan nu aya rohangan arsitkturna. Gambar rupa-rupa wanguna imah katut

    tata rohanganana, kitu deui modal patamananana dibeundeul diklipingkeun. Boga

    rasa can nyukupan ta gambar th, unggal ulin ka dulur atawa kababaturanana

  • mun kabeneran manggih gambar nu aya patalina jeung wangunan imah katut

    patamanan imah sok langsung dipnta ba.

    Si arsitk th kacida rongkahna ngumpulkeun bahan penujang ciptaanana. Sok sanajan ari rohangan nu rk dijieun th, kitu deui nurutkeun

    gambarna ta, ukuran opat mter ka tilu mter leuwih sababaraha snti ba. Teu

    bisa leuwih ged ti dinya, da lahan ngan sakitu-kituna. Heureut kacida.

    Kagiatan mmh sar, ayeuna mah salian neuteup gambar rarancang nu

    ngagantung na tth nya ta bari mukaan beundeul kliping gambar arsitktur. Mana

    nu pangcocogna, mana nu pangantikna nu luyu jeung rohangan tamu ciptaan

    pamajikan.

    Jandla kaca dapur mun dibuka th blak kana paratag pamoan.

    Lebakeunana sawah guludug. Nya dina paratag ta kuring jeung pamajikan

    mindeng cinutrung, nyongclo meurun pibasaeunana th, nyals. Nyals ngadon

    nyawang sawah, nyawang kebon, nyawang tangkal bungur, nyawang gunung,

    nyawang pilemburan, jrung tangtu ba bari ngobrolkeun bari ngimpleng rohangan

    tamu anu rk dijieun ta. Hareupna nurutan gambarna nu itu , pantona ti nu ieu,

    jandlana ti nu ieu, korsina ti nu ieu, gardng nu ieu, pulas kusn warna nu ieu.

    Ah, pokona mah pihadeun wh mun enggus mangrupa mah. Sugan mah kamar tamu bunga rampai w ieu mah.

    Keur ngawujudkeun rohangan tamu ta, geus aya sababaraha bahan

    matrial nu kumpul. Diantarana, kusn ciptaan pamajikan mak rakock palucat-

    palicet, batu jangeun pondasi beunang nugaran Mang Andi ti sisi dapuran cau. ta

    batu th kungsi dipiceun ka lebah dinya, nu ayeuna dipulungan deui. Kitu deui

    keusik jeung semn geus sayagi.

    Dina prungna merenahkeun bahan th teu lila, sapo kaduana g geus

    brs. Tohaga da mak selup rangka beton sagala. Ngan, narajang ta nu nyieun

    batu split bahan carpur keur rangka betonna ta ngageduk, ngabubukeun batu

    saged-ged hulu nepi ka saged kalci beulah. Ripuheun dulur nu mantuan th,

    dampal leungeunna barucat. Batu split th teu asup kana anggaran balanja. Da

    atuh meuli th kagok, teu meunang meuli saeutik. Kudu satengah colt paling

    saeutik th. Apan ari keur pondasi mah ra teuing sakitu mah, pira rohangan

    saged kitu.

    Kuring ngajangjian ka nu nmbok th k ckng th tujuh minggu deui

    urang paju deui. Maksud mah heureuy ba, bari ngadagoan tanaga waragadna

    cumpon. Atuh kuring jeung pamajikan bari ngumpul-ngumpul deui keur bahan

    matrialna. Sok reuwas ngageblug duitna ari disakalikeun balanja mah. Jeungna

    deui ktang, teu cumpon w ari disakalikeun mah. Regeyeng ngajingjing taraj.

    Golosor disorosodkeun kana paratag. Nangreu nt kana sawah garing. Laluasa

    turun dina paratag th. Narajang pamajikan maha araringgiseun, sieun tikoswad.

    Niat mah ark jalan-jalan. Mapay sawah nindak ka pakebonan. Bras wa ka

    babakan anyar ta. Leumpang lembur. Bari nyawang wangunan imah, pamajikan

    ngaluarkeun kantong krsk tilu lambar. Bari cingogo, leungeun mah ngoppang

    milihan batu nu manjing jeung ukuran batu split. Teu lila tilu kantong krsk th

    geus pinuh ku batu koral, bahan pispliteun jang campuran beton. Mun aya nu

    ngaliwat buru-buru nangtung bari tanjak-tunjuk ka imah di jauhna. Mun geus rada

    jauh leumpangna nu ngaliwat, kuring duaan th cingogo deui.

  • Ayeuna geus liwat ti tujuh minggu, malah ampir genep bulan ta tmbok

    pondasi th can diadegan. Batu split beunang mulung, kantong krskna

    ngalklk saroh. Batuna maruragan sisi pondasi.

    Gambar bagan rohangan tamu guwang-gawing dina tmbok enggon

    tunjangeun. Diteuteup ku duaan.

    Islih teuteup. Reup.

    Mangl No. 1287

  • 23. PIPISAHAN RAGA

    Beuki peuting nyrlk simp. Geus sababaraha ratus kiplik panon

    ngiceup, geus sababaraha puluh kali heuay nyora huah teu dibarengan tunduh. Peuting mingkin simp. Katoong kaca jandla ibunan. Ibun janari.

    Sajorlat imutna sapucuk kahman bari ngucap wilujeng kulem jungjunan.

    Nya salahna mah salah kuring sorangan. Bongan saha atuh balik ti

    pagawan lain hg indit ka Jembar. Ari ieu ngadon balik ka Cihapit di suku

    Gunung Gajahlangeu. Cenah nyaah, cenah hman, cenah honcwang hariwang

    mun pamajikan indit sorangan. nya teu dibaturan ku kuring. Mana komo ayeuna

    apan loba kajadian panumpang nu dirangsadan perhiasanana. Tong boro peuting

    dalah waktu beurang mentrang-mentring di nu ram ya ba kajadian. Mangka

    pamajikan th apan awakna teu weweg teu seseg. Mun ngpskeun pangjewang

    rampog moal deuk katanagaan da leungeunna teu paregel. Peupeuteuyanana g

    rata w. Lempay leungeunna th. Deukeut-deukeut kana rangony. Enya atuh da

    tukang ngigel. Boga karesep kana tari. Awakna jangkung, lempay. Mun awakna

    seseg manan moal deuk hariwang. Bangsat limpeu mah kawasna moal wanieun

    ngayonan ka pamajikan.

    Geuning bohong. Cenah nyaah. Cenah kadeudeuh ati. Cenah ratu. Mana

    buktina, geuning ngantep ka pamajikan. Kumaha mun kapiuhan dina beus kota.

    Meureun digndng, ditangkeup ku lalaki sjn. Atawa ku aki-aki. Duh, asa teu

    mikeun hat th najan enya rk narulungan g. Jaba nu ngajambrt geulangna.

    Geulang nu ngan sajerelet th lapur meureun. Enya atuh deuih, ngageulangan th

    mani ngan sajerelet teuing. Leutik kawas bola cap jarum. Keun engk mun boga

    milik meunang duit loba rk meuli geulang saged indung suku mah geura.

    Alesan teu milu nganteurkeun pamajikan ka kolot di Jembar th da bongan

    kahalangan gaw, kahalangan dines. Pamajikan mah kana beus kota ka

    Cicaheumkeun. Ari kuring nak angkot nu ka Statsion. Balik ti pagawan henteu

    nuturkeun ka Jembar. Tah ieu nu salah th. Nu ngalantarankeun kuring teu genah

    cicing teu tingtrim pikir.

    Naha geus nepi ka kolot ayeuna atawa encan. Teu bisa mastikeun. Nu

    puguh kuring jadi teu tingtrim loba kasieun kahoncwang. Beuki mindeng

    nganaha-naha kana diri, mingkin honcwang. Rarasaan th tambah ngacacang ka

    nu lain-lain.

    Jam geus tabuh salapan leuwih saparapat, peuting. Tapi, teu puguh gaw.

    Apan alesan teu nuturkeun og nya ta rk ngarngskeun nulis naskah pibukueun

    anu kudu rngs bulan ieu. Genep naskah buku anu rata-rata 50 lambar tik th

    kudu rngs dina waktu sabulan. Manhna, ngidinan. Da apaleun apan naskah th

    mun geus rngs dibayar kontan. Ngan nya kitu, anggur mawa mamala. Kuring

    teu bisa mikir. Ngetik g salah wa.

    Tukangeun imah, bangkong raeng di sawah. Atoheun kaparipisan hujan.

    Ngahuleng deui. Maksud mah museurkeun pikiran jeung rasa. Teu bisa.

    Anggur ngalamun. Anggur nyipta-nyipta pamajikan. Keur gaw naon na wanci

    kieu. Boa mitoha ngagelendeng kuring, pedah kuring ngantep pamajikan indit

    sorangan. Najan kuring nu diomongkeunana, apan pamajikan nu

    ngabandunganana. h, karunya. Boseneun boa.

    Nyanghareupan mja, nukangan lawang ka enggon. Na mja ngabarak

    mesin tik, kertas, buku sumber, gelas nu geus kosong.

  • Biasana mun kuring keur nyanghareupan mja ta th pamajikan tara jauh

    ti dinya. Basana th ngabaturan. Gogolran na korsi panjang dianggelan na

    tangan-tanganna nepi ka guherna pisan.

    Mun kuring keur ngetik atawa nulis na mja ta, aya w ngagoda th.

    Kudu ngusap beuteungna nu meujeuhna menyendol. Pajar meni geus hilap ngusap

    g, komo ngadoakeun si jabang cenah. Atwa mnta dipangnineskeun nu ateul dina

    tonggong.

    Kuring neruskeun deui ngetik,. Teu lila pok deui nyarita, cenah aya bntol

    ateul pisan dina bitis tapak reungit. Bari pk nuduhkeun lebahna. Atuh kuring th

    kudu nempo kana tempat anu dituduhkeunana. Mun teu ngagugu, pajar th geus

    teu nyaah. Pajar th geus embung merhatikeun. Enya, aya ku guranyih naker boga

    bntol saged beunyeur leutik og, mani ditmbong-tmbong. Atuh garo w

    langsung, da kuring og moal deuk nyark.

    Sakapeung mun mindeng-mindeng teuing kudu nempo panuduhanana th

    sok rada keuheul, da gaw teu kaur pk. Meusmeus bntol apuan, bntol tines.

    Atawa pangmenctkeun palipisan sakedap. Rada rieut.

    Enya sakapeung sok keuheul. Ari ayeuna apan euweuh. Manhna teu

    maturan kuring ngetik. Asa leungiteun kacida. Kacipta. Ari dilieuk na korsi bet

    suwunf. Biasana bari peureum nangkeup anggel. Aya w polahna th, sukuna mah

    ditunjengkeun kana lahunan kuring nu keur ngetik.

    Bangkong di sawah tukangeun imah disarada k. Peuting beuki simp.

    Duka tabuh sabaraha. Da teu ngalieuk jam. Ah, da taya gunana rarasaan th. Sar

    g teu dak peureum. Heuay g suwung. Keukeuh asa aya nu leungit tina diri, asa

    aya nu leungit tina rasa, tina suasan, tina galcokna batin. L