bab ii tatapakan tiori 2.1 kandaga kecap...

36

Click here to load reader

Upload: phamdat

Post on 20-Mar-2019

296 views

Category:

Documents


4 download

TRANSCRIPT

Page 1: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 9

BAB II

TATAPAKAN TIORI

2.1 Kandaga Kecap

2.1.1 Wangenan Kandaga Kecap

Numutkeun KUBS, ‘kandaga’ nya éta ngaran wadah, sabangsaning peti

leutik. Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

harti nu tangtu.

Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata

dina basa inggris disebut lexicon. Ari asalna mah tina basa Yunani: lexicon hartina

‘kecap’. Widang élmu basa anu maluruh selang surupna kandaga kecap,

parobahan, katut kamekaranana disebut leksikologi. Kandaga kecap bisa

dihartikeun: (1) sakumna kecap anu aya dina hiji basa, (2) kecap-kecap anu geus

dipikanyaho jeung dipaké ku hiji jalma atawa kelompok jalma di hiji wewengkon,

(3) daftar sapuratina kecap atawa ungkara anu disasar dumasar kana susunan

aksara latén (alfabétis) tina hiji basa, biasana dilengkepan ku wangenan jeung

katerangan (Adiwimarta spk., 1986: 7).

Numutkeun Chaer (2006:5) nu dimaksud kandaga kecap nya éta sakabéh

kecap anu aya dina hiji basa anu mangrupa kabeungharan atawa khasanah tina éta

sorangan.

Numutkeun Sudaryat (1991:111) nétélakeun yén kandaga kecap téh nya éta:

a) sajumlahing kecap anu aya dina hiji basa;

b) kecap-kecap anu geus dipikanyaho tur diparaké ku jalma atawa sababaraha

Page 2: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

10

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

jalma di hiji wewengkon;

c) sajumlahing morfém an aya dina hiji basa;

d) istilah; kecap-kecap anu dipaké dina élmu pangaweruh;

e) kamus; daftar sapuratina kecap anu disusun sacara alfabétis (dumasar abjad)

tina hiji basa, biasana dilengkepan ku wangenan atawa katerangan.

Ari Kridalaksana (1993:127) nétélakeun yén léksikon téh nya éta:

a) komponén basa anu nyangking sakabéh informasi ngeunaan ma’na jeung

cara makéna kecap dina basa;

b) kabeungharan kecap anu dipiboga ku salasaurang panyatur, panulis, atawa

hiji basa; kosakata; perbendaharan kecap;

c) daftar kecap anu disusun saperti kamus, diwuwuhan ku katerangan anu

singget tur praktis.

Tina sababaraha pamadegan anu geus ditétélakeun ku para ahli di luhur, bisa

dicindekkeun yén anu dimaksud kandaga kecap téh nya éta sakumna kecap anu

aya dina hiji basa tur dipaké ku masarakatna.

2.1.2 Kamekaran Kandaga Kecap

Kandaga kecap robah ti mangsa ka mangsa, henteu angger, mekar

ngarekahan atawa ngurangan. Tumuwuh jeung mekarna kandaga kecap téh sok

aya patalina jeung rembesna kecap atawa ungkara basa lian, boh wangunna boh

hartina. Mun geus lila aya dina hiji basa, kecap-kecap tina basa deungeun téh sok

teu karasa deui asingna (Prawirasumantri,1990:53).

Sacara étimologis asupna kandaga kecap téh bisa ku rupa-rupa cara,

Page 3: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

11

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kayaning: analogi, deteriorasi, ekstensi, elevasi, konkretisasi, metaforisasi, radiasi,

spesialisasi, jste. Sumber kandaga kecap basa sunda téh rupa-rupa saperti tina:

a. basa Jawa: adus, bisa, dusun, kulem, lali, lebaran, ngimpen, rega, sasih, jste.

b. basa Arab: ajaib, gaib, hakim, hak, imam, jilid, kekal, paham, waktu, jste.

c. basa Cina: cengkeh, lonceng, loteng, mie, panggung, tauco, jste.

d. basa Inggris: aktip, badminton, cek, gul, kapten, meter, sukses, jste.

e. basa Portugis: armada, bandera, kamer, biola, jandela, kameja, ronda, roda.

f. basa Parsi: Bandar, gandrung, jam, kawin, pasar, tahta, laskar, jste.

g. basa Sanskerta: agama, cahaya, cakra, istana, rusiah, nista, widadari, jste.

h. basa Tamil: cuka, martil, pinggan, tilam, jste.

i. basa Walanda: baki, bengkel, bor, elo, duit, kartu, pelesir, jste.

2.1.3 Kandaga Kecap Dasar

Kandaga kecap sok disebut ogé kabeungharan kecap, atawa kajembaran

kecap (kosakata: vocabulary) basa sunda, bisa dijadikeun sumber pikeun

ngawangun istilah saupama nyumponan pasaratan saperti ieu di handap.

1) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu hartina sarua, pikeun istilah dipilih

anu pangmerenahna, tur kecap teu ngahudang rupa-rupa tapsiran. Contona:

ngurus, miara, jeung ngaraksa.

2) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua maksudna, pikeun istilah dipilih

anu pngpondokna. Contona: tukang tani—patani

3) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua hartina tapi béda ajénna

(konotasina), pikeun istilah dpilih kecap anu konotasina hadé tur ngeunah

Page 4: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

12

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kadéngéna. Contona: ungklukXtunasusila.

4) Kecap umum dibéré harti husus ku cara diheureutan atawa dilegaan harti

asalna. Contona: carita pondok, tapak jalak, pangjejer, jeung sambutan.

Kandaga kecap dasar nya éta sajumlahing kecap anu asli dina hiji basa tur

saeutik pisan kamungkinan diserep tina basa kosta, biasana rélatip angger. Anu

kagolong kana kandaga kecap dasar, diantarana:

1) istilah pancakaki, contona: ema, bapa, uyut, bao, janggawareng, udeg-udeg,

gantung siwur, karuhun, jste.

2) ngaran babagéan awak, contona: sirah, rambut, panon, cepil, jste.

3) kecap pagawéan dasar, contona: dahar, saré, hudang, mandi, jste.

4) kecap sipat dasar, contona: resep, gering, gumbira, jste.

5) kecap bilangan dasar, contona: hiji, dua, tilu, opat, lima, jste.

6) kecap barang universal, kayaning:

a) ngaran waktu: pajar, balébat, haneut moyan.

b) ngaran poé: senén, salasa, rebo, kemis.

c) ngaran bulan: januari, pebruari, maret.

d) ngaran kekembangan: olohok, ulated, mencéngés, jamotrot.

e) ngaran anak-anakan: belo, begog, rarong, bilatung, eneng.

f) ngaran undagi (arsitéktur): camped, hontob, darurung, empér, sosompang.

g) ngaran patukangan: anjun, legig, maranggi, panday, pamayang.

h) ngaran pakakas tani: pacul, koréd, étém, garpuh.

i) ngaran usum: halodo, ngijih, katiga.

(Sudaryat, 1991:117-118)

Page 5: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

13

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.2 Istilah

2.2.1 Wangenan Istilah

Numutkeun Sudaryat (2003:117) yén Istilah nya éta kecap atawa kantétan

kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsép, prosés, kahanan,

atawa sipat anu husus dina hiji widang. Ngawangun atawa nyieun istilah dina hiji

basa aya aturanana. Aturan nyieun atawa ngawangun istilah téh sok disebut tata

istilah.

Istilah-istilah dina basa Sunda bisa mangrupa kandaga kecap umum jeung

bisa mangrupa kecap injeuman tina basa séjén, saperti basa Indonesia, basa

sadapuran, jeung basa kosta. Ari wangunna bisa mangrupa kecap asal, bisa oge

mangrupa kecap rundayan atawa kecap turunan.

2.2.2 Bédana Istilah jeung Kecap

Saperti anu geus dipedar dina wangenan istilah yén ari istilah téh nya éta

kecap atawa kantétan kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsép,

prosés, kahanan, atawa sipat anu husus dina hiji widang. Ari kecap mah nya éta

bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung harti nu tangtu.

Jadi, tétéla béda antara istilah jeung kecap sok sanajan sarua mangrupa

unsur basa. Salaku unsur basa, kecap jeung istilah téh béda, ari bédana téh kieu.

1) Kecap sipatna polisemantis, nu hartina ngandung ma’na nu loba, ari istilah

Page 6: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

14

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

sipatna monosemantis, hartina ngandung ma’na hiji. Istilah anu hade téh

henteu aya sinonim jeung homonim tina istilah-istilah anu dipaké. Contona

kecap asam (Basa Indonésia) bisa ngandung ma’na (a) haseum, saperti

cuka; (b) boga rasa sedih; (c) ngaran tangkal, daunna laleutik jeung buahna

haseum. Ari dina widang élmu kimia istilah kimia ngandung harti

persenyawaan cair (cai) jeung oksidasi, saperti asam arang, asam amino,

jsb.

2) Kecap sipatna kauger ku kontéks, hartina ma’nana gumantung kana

kontéksna sarta bisa robah akibat éta kontéks, ari istilah sipatna bébas

kontéks, hartina ma’na istilah henteu gumantung kana kontéks jeung

henteu roba ma’nana akibat éta kontéks, atawa dina kalimah kumaha waé,

istilah henteu robah ma’nana. Kecap akar ngandung ma’na anu

ngawengku:

(a) bagian tutuwuhan anu asup kana jero taneuh, minangka bagian tina

tutuwuhan anu pungsina pikeun nguatkeun jeung nyeuseup zat

kadaharan;

(b) bibit buit, puhu, anu jadi sabab musababna. Istilah akar aya dina tilu

widang élmu diantarana: (1) tata basa; (2) biologi; jeung (3)

matématika.

3) Kecap kauger ku konotasi sosial, ari istilah mah bébas tina konotasi sosial.

Contona saperti kecap: budak, bumi, jsb. kauger ku konotasi sosial. Ari

istilah-istilah saperti: sinar X, frékwénsi, jsb. bébas tina konotasi sosial.

4) Istilah sipatna internasional, hartina ma’na hiji istilah dipikawanoh sacara

Page 7: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

15

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

umum dina widang éta élmu, ari wawangun istilahna dina hiji basa

sakurang-kurangna henteu pajauh jeung wangun istilahna dina basa séjén.

Contona: biology (Basa Inggris)-biologi (Basa Sunda), positif (Basa

Inggris)- positip (Basa Sunda).

2.3 Adegan Kecap

2.3.1. Wangenan Kecap

Numutkeun KUBS, kecap nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri

sarta ngandung harti nu tangtu. Sudaryat (1991:40) nétélakeun yén kecap

mangrupa wangun katatabasaan bébas pangleutikna.

Nurutkeun péréléan di luhur bisa dicindekkeun yén kecap téh nya éta

wangun katatabasaan bébas pangleutikna anu mibanda harti tur bisa madeg

mandiri dina kalimah.

2.3.2 Wangun Kecap

Wangun kecap nya éta papasingan kecap disawang tina unsur

pangwangunna. Prosés ngawangun kecap tina wangun liana nu jadi dasarna ku

cara nepungkeun morfém nu hiji jeung morfém liana disebut prosés morfologis

(Sudaryat, 1991:40).

Anapon ciri-cirina, nya éta:

a) aya parobahan wangun, tina wangun asal jadi wangun jembar;

Page 8: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

16

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

b) biasana aya parobahan warna (kategori) kecap;

c) aya parobahan harti kecap tur ngahasilkeun harti gramatikal, jeung

d) hasilna mangrupa kecap jembar.

Prosés morfologis mibanda dua fungsi utama, nya éta:

1) Fungsi Gramatikal (fungsi) nya éta fungsi anu aya patalina jeung robahna

wangun gramatik tur ngahasilkeun warna (kategori anyar). Upamana

parobahan kecap tani anu mangrupa kecap asal jeung kecap pagawéan jadi

patani anu mangrupa kecap rundayan tur kagolong kana kecap barang.

2) Fungsi semantik (ma’na) nya éta fungsi anu aya patalina jeung robahna harti

wangun gramatik tur ngahasilkeun harti anyar (harti gramatikal). Upamana

parobahan kecap tani anu hartina ‘ngalakukeun’ jadi kecap patani anu hartina

‘palaku’.

Prosés morfologis téh rupa-rupa, anu biasa dina basa sunda aya tilu

kayaning:

1) prosés ngararangkénan (afiksasi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku

cara nambahkeun rarangkén (afiks), hasilna disebut kecap rundayan;

2) prosés ngarajék (réduplikasi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku cara

nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, hasilna disebut kecap rajékan;

3) prosés ngantétkeun (komposisi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku

cara ngantétkeun dua cakal (kecap) atawa leuwih, hasilna disebut kecap

kantétan.

Prosés morfologis téh ngawangun kecap jembar tina kecap asal. Ku kituna,

wangun kecap téh gurat badagna kieu:

Page 9: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

17

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Bagan 2.1: Wangun Kecap

WANGUN KECAP

Kecap Salancar Kecap Rekaan

Kecap Kecap Kecap Kecap

Rundayan Rajékan Kantétan Wancahan

2.3.2.1 Kecap Asal (Salancar)

Kecap asal nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, sipatna

ékamorfém, sarta lain hasil tina ngareka atawa prosés morfologis. Contona:

kuring, rék, dahar, sangu.

Disawang tina jumlah engangna, kecap asal dina basa sunda aya nu mibanda

sipat:

a) Ekaengang : ah, ka, blug, jung, rék, jste.

b) Dwiengang : lang, bapa, adi, atah, kuring, jste.

c) Triengang : tiasa, awéwé, olohok, anjeucleu, jste.

d) Caturengang : atanapi, amburadul, kukulutus, jste.

e) Pancaengang : élékésékéng, murukusunu, néngtéréwéléng.

Page 10: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

18

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.3.2.2 Kecap Rekaan (Jembar)

2.3.2.2.1 Kecap Rundayan

Kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun

rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan

disebutna ngararangkénan (afiksasi). Dumasar kana wanda rarangkénna, kecap

rundayan bisa diwangun ku lima cara, nya éta (1) ngararangkénan hareup

(préfiksasi), (2) ngararangkénan tengah (infiksasi), (3) ngararangkénan tukang

(sufiksasi), (4) ngararangkénan barung (konfiksasi), jeung (5) ngararangkénan

bareng (ambifiksasi). Contona:

baca + di- dibaca

tulis + -in- tinulis

karang + -an karangan

datar + pa-an padataran

2.3.2.2.2 Kecap Rajékan

Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa

leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung

robahna sora atawa ngararangkénan boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan

téh disebutna ngarajék (Réduplikasi) (Sudaryat, 2007:60). Wanda kecap rajékan

dina basa Sunda téh gurat badagna aya tilu rupa.

Page 11: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

19

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(a) Kecap rajékan gembleng nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut

dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana

boh henteu. Kecap rajékan gembleng aya dua rupa nya éta:

1) Dwilingga, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali

sagemblengna wangun dasarna boh robah sorana boh henteu. Aya dua

rupa dwilingga nya éta:

a) dwimurni, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua

kali sagemblengna wangun dasarna bari teu robah sorana. Contona:

buku-buku, kuda-kuda.

b) dwiréka, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali

sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: gulang-

guling, tulas-tulis.

2) Trilingga, nya éta kecap rajékan sagemblengna anu diwangun ku cara

nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna

biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora (onomatope) anu ngan

saengang. Contona: dar-dér-dor, hah-héh-hoh.

(b) Kecap rajékan sabagian nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut

dua kali sabagian wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Kecap

rajékan sabagian aya dua rupa:

1) Dwipurwa, nya éta kecap rajékan sabagian anu diwangun ku cara nyebut

dua kali engang mimiti wangun dasarna. Contona: tatajong, papaling.

2) Dwimadya, nya éta kecap rajékan sabagian anu diwangun ku cara nyebut

dua kali engang panungtung wangun dasarna. Contona: sababaraha.

Page 12: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

20

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(c) Kecap rajékan binarung rarangkén nya éta kecap rajékan anu diwangun ku

cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa

sagemblengna, boh robah sorana boh henteu bari binarung jeung

ngararangkénan. Contona:

1) Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:

- di- Dm : diawut-awut, diarep-arep

- ka- Dm : katilep-tilep, katindih-tindih

- pa- Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang

- sa- Dm : sabisa-bisa, saalus-alus

- di- Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun

- N- Dm-keun : nawar-nawarkeun

- Sa- Dm-na : saalus-alusna, samahal-mahalna

2) Dwiréka (Dr) binarung ngararangkénan:

- di- Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting

- ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting

- Dwipurwa (Dp) binarung ngararangkénan:

- Dp-an : babawaan, babarayaan

- di-Dp : dibobodo, dibibita

- N-Dp : ngalilieur, ninitah

- di-Dp-keun : ditatanyakeun

3) Dwimadya (Dy) binarung ngararangkénan:

- sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten

- ti-Dy-ar- : tikakarait, tibabareubeut

Page 13: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

21

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

- sa-Dy-eun : sakop-kopeun, sahos-hoseun

- ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan

- ka-Dy-i : kaleuleuwihi

Bagan 2.2 :

Wanda Kecap Rajékan

dwimurni

gembleng dwilingga dwiréka

trilingga

Kecap Rajékan sabagian dwipurwa

dwimadya

dirarangkénan -hareup

-tengah

-tukang

-barung

-bareng

2.3.2.2.3 Kecap Kantétan

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua

wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran

duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan

disebut ngantétkeun (komposisi) (Sudaryat, 2007:61).

Page 14: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

22

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nya éta:

a) Rakitan dalit, nya éta kecap kantétan anu sipatna éksoséntris, patali unsur-

unsurna geus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap anu boga

harti mandiri nu béda tina harti unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina teu

sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona: panonpoé, rajakaya.

b) Rakitan anggang, nya éta kecap kantétan anu sipatna éndoséntris, patali

unsur-unsurna can awor pisan, harti éta kecap kantétan masih katitén tina

unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa

sakabéh unsurna. Contona: seuri konéng, panon hideung.

2.3.2.2.4 Kecap Wancahan

Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap

atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah

(abréviasi) (Sudaryat, 2007:63).

Aya sababaraha kecap wancahan, diantarna:

a) kecap tingkesan (akronim), anu mangrupa kantétan aksara atawa engang nu

diucapkeun jadi hiji kecap, contona:

Diknas Pendidikan Nasional

b) kecap singgetan, anu mangrupa kantétan aksara atawa engang anu diéjah

masing-masing, contona:

Page 15: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

23

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

RRI Radio Républik Indonésia

c) kecap tangkesan, nu diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu

ngaruntuy babarengan, contona:

dékah déwék mah

d) kecap memet (réduksi), anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina

kantétan kecap, contona:

kirata dikira-kira sugan nyata

e) kecap sirnaan, anu diwangun ku cara miceun sawatara foném tina kantétan

kecap bari teu ngarobah harti, anu ngawengku:

1) sirnapurwa (aférésis), anu ngaleungitkeun foném atawa engang mimiti

tina hiji kecap, contona: umilu milu

2) sirnamadya (sinkope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang tengah

hiji kecap, contona: niyata nyata

3) sirnawekas (apokope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang

tungtung tina hiji kecap, contona: benzine bén(g)sin

2.3.3 Warna Kecap

Warna kecap nya éta papasingan kecap dumasar kana sipat, fungsi katut

paripolah formalna dina kalimah (Sudaryat, 1991:64)

Page 16: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

24

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sudaryat (1991:65) dina bukuna Pedaran Basa Sunda warna kecap bisa

dipasing-pasing kieu:

Bagan 2.3: Warna Kecap

Kecap barang (nomina)

Kecap pagawéan (vérba)

Kecap lulugu

Kecap sifat (adjéktiva)

Kecap bilangan (numeralia)

Warna kecap

Kecap panambah (advérbia)

Kecap panyambung (konjungsi)

Kecap pancén

Kecap pangantét (préposisi)

Kecap panyeluk (interjéksi)

(1) Kecap lulugu (utama) nya éta sajumlahing kecap anu mibanda harti léksikal,

sipatna peka alam, peka budaya, peka tempat, tur umumna bisa robah

wangunna. Kecap lulugu ngawengku:

a) Kecap barang (nomina), nya éta kecap anu nuduhkeun barang atawa

ngaran nu dianggap barang, boh konkrit boh abstrak. Kecap barang

nuduhkeun jalma, sasatoan, tutuwuhan, zat, ngaran, waktu, hal, jste.

Contona: guru, hayam, cai, lembur, buku.

b) Kecap pagawéan (vérba) nya éta kecap anu nuduhkeun paripolah atawa

Page 17: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

25

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

gawé jalma jeung mahluk séjénna saperti tutuwuhan jeung sasatoan.

Contona: indit, nulis, saré.

c) Kecap sipat (adjéktiva), nya éta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan

barang katut gagantina. Contona: geulis, alus, rajin.

d) Kecap bilangan (numera), nya éta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah,

beungkeutan, urutan atawa tahapan tina hiji hal. Contona: hiji, dua,

sarébu, duaan.

(2) Kecap pancén nya éta sajumlahing kecap anu gunana pikeun nuduhkeun tatali

katatabasaan (gramatikal) atawa mibanda pancén pikeun ngajéntrékeun

kalimah katut babagianana. Kecap pancén ngawengku:

a) Kecap panambah (advérbia), nya éta kecap pancén anu umumna jadi

panambah (atribut) dina wangunan frasa atribut. Contona: deui, baé,

teuing, rada, ogé, heula, téa, mah.

b) Kecap pangantét nya éta kecap pancén anu cicingna hareupeun warna

kecap atawa frasa barang, gunana pikeun ngawangun frasa pangantét.

Contona: tina beusi, dina méja, keur saré.

c) Kecap panyambung (konjungsi), nya éta kecap pancén anu gunana paranti

nyambungkeun wangun katatabasaan (kecap, frasa, klausa, kalimah) jadi

wangun katatabasaan anu leuwih jembar. Contona: jeung, atawa, tapi,

sangkan.

d) Kecap panyeluk (interjéksi), nya éta kecap pancén anu gunana paranti

ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna. Contona: ambuing, ey, euleuh.

Page 18: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

26

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.4 Kasenian

2.4.1 Wangenan Kasenian

Kasenian asalna tina kecap Seni, tina kecap ars (Basa Latin) atawa art (Basa

Inggris) anu hartina kamahéran. Aya ogé anu nyebutkeun yén seni téh asalna tina

basa walanda anu hartina genius atawa jenius. Ari dina Basa Indonésia mah

kecap seni téh asalna tina basa Sanskerta nu hartina pemujaan.

Numutkeun KBBI, ‘seni’ téh nya éta “kecakapan membuat ( menciptakan )

sesuatu yang elok-elok atau indah. Sesuatu karya yang dibuat (diciptakan)

dengan kecakapan yang luar biasa seperti sajak, lukisan, ukir-ukiran dan

sebagainya.” Ari numutkeun KUBS mah, seni téh nya éta kakuatan atawa

kamampuh hiji jalma pikeun nyiptakeun kaéndahan. Kasenian nya éta naon-naon

anu jadi seni jelema diantarana aya kasenian ngibing, penca, jsb. kecap kasenian

dina basa Sunda disebut kabinangkitan.

Dumasar péréléan di luhur, bisa dicindekkeun yén anu dimaksud seni téh

nya éta kamampuh atawa kamahéran hiji jalma pikeun nyiptakeun karya anu

éndah, sedengkeun kasenian mangrupa naon-naon anu jadi seni jelema, bisa

mangrupa karya sastra, patung, lukisan, seni pintonan, jsb.

Kasenian mangrupa salasahiji unsur tina kabudayaan. Luyu jeung anu

diébréhkeun ku Danandjaja (2002:21) yén tujuh unsur kabudayaan universal

diantarana nya éta sistem réligi, sistem pakakas hirup, sistem

kamasarakatan/sosial, basa, kasenian, sistem élmu pangaweruh jeung sistem

pakasaban.

Page 19: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

27

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.4.2 Cabang Kasenian

Numutkeun sifatna, kasenian dibagi dua, nyaéta :

1) kasenian tradisional, nyaéta kasenian hasil cipta, karsa jeung rasa manusa nu

sumberna tina aspék perasaan éstétis nu sifatna lokal, dina hartian ngan

dipiharep ku sakelompok masarakat tur hirup di masarakat éta.

2) kasenian modern, nyaéta kasenian nu hirup dina jaman ayeuna nu

ngagunakeun waditra-waditra modern.

Sedengkeun numutkeun genrena, kasenian dibagi jadi:

1) seni musik/seni sora, nya éta seni anu ditepikeun ngaliwatan media sora,

saperti angklung, kacapi, jsb.

2) seni rupa, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média panénjo sarta

pangalaman batin anu ngagunakeun média warna, tékstur, garis, jsb.

saperti lukisan, patung, jsb.

3) seni tari, nya éta seni anu diwujudkeun dina wangun gerakan ritmis jeung

éndah sakabéh anggota awak sacara teratur anu dipirig ku musik. Saperti

jaipongan, bajidoran, jsb.

4) seni drama, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média gerak jeung

akting.

5) seni sastra, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média basa, saperti

carpon, novel, guguritan, jsb.

Page 20: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

28

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.4.3 Seni Bénjang

Ujungberung mangrupa hiji daérah tempat gumelarna kasenian Bénjang,

salasahiji kasenian Sunda anu masih kénéh hirup di tengah kaayaan lingkungan nu

sarwa modérn, masih dipiara ogé dipikaresep ku masarakatna. Wilayah

Ujungberung jarakna kurang leuwih 12 Km ti puseur Kota Bandung kawétankeun.

Aya sababaraha kacamatan di ujungberung kayaning Kac. Ujungberung, Kac.

Rancasari, Kac. Arcamanik, Kac. Cibiru (kaasup wilayah Kota Bandung), Kac.

Ciléngkrang, jeung Kac. Cileunyi (kaasup kana wilayah Kabupatén Bandung).

Numutkeun Widjaya (2006) nétélakeun yén teu aya nu apal persis iraha

kasenian Bénjang ieu mimiti aya. Ngan diperkirakeun seni ieu mimiti mekar dina

panungtung abad ka-19, anu saterusna pada mikawanoh taun 1920-an.

Dina kamekaranana, seni Bénjang ieu asalna tina wangun seni terebangan,

anu saterusna mekar jadi seni béla diri, seni arak-arakan jeung seni pintonan.

Sakabéh kasenian ieu mangrupa rangkaian pintonan anu dipagelarkeun salila

sapoé sapeuting.

Numutkeun Widjaya dina bukuna Bénjang (2006), aya sababaraha vérsi

ngeunaan asal muasal ngaran bénjang, diantarana:

a) bénjang asalna tina kecap bén jeung jang. Kecap bén pondokna tina kecap

ambén (tepas hareupeun imah), jeung kecap jang pondokna tina kecap

bujang. Lantaran kasenian bénjang ieu dilakukeun di hareupeun imah ku para

bujang anu dipirig ku sora terebangan;

b) bénjang asalna tina kecap genyéng jeung pakenyang-kenyang anu disingget

jadi genyang. Patali jeung robahna gerakan seni ieu tina gerakan silih dorong

Page 21: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

29

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kana gerakan pakenyang-kenyang. Kecap genyang robah jadi bénjang.

Sacara umum seni Bénjang ieu dibagi jadi 3 bagian, nya éta:

1) Bénjang Arak-arakan/Helaran, nya éta hiji wangun seni arak-arakan pikeun

ngarak budak hitanan. Seni ieu nyoko kana budaya islam jeung budaya

mistis. Dua budaya anu patukangtonggong ieu ngahiji, nyipatakeun hiji

wangun seni anu unik, pikasieuneun jeung pikaresepeun,

2) Topéng Bénjang, nya éta seni tari topéng anu dipagelarkeun dina

panungtung pintonan bénjang arak-arakan.

3) Bénjang Gelut, nya éta seni béla diri anu miboga gerakan mirip gulat, yudo

jeung pencak silat.

2.5 Bahan Pangajaran Basa Sunda

2.5.1 Bahan pangajaran

Bahan pangajaran mangrupa eusi anu ditepikeun ku guru ka murid dina

lumangsungna prosés diajar, atawa salasahiji komponén tina sistem pangajaran

anu salawasna gawé babarengan tur silih lengkepan jeung komponén lianna

saperti tujuan, guru, murid, sarana, evaluasi sarta métode pangajaran.

Pikeun nangtukeun bahan pangajaran basa Sunda gumantung kana ajén

inajén anu diébréhkeun dina tujuan, sarta bahan pangajaranana kudu nyoko kana

rumusan tujuan anu aya dina KTSP.

Tujuan dina KTSP, dumasar kana Standar Nasional Pendidikan (SNP), dina

Page 22: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

30

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

ngawujudkeun tujuan pendidikan Nasional, nya éta:

1) nangtukeun ajén pangaweruh ngaliwatan kamandirian jeung inisiatif sakola

anu ngamekarkeun kurikulum, ngolah jeung ngagunakeun sumber-sumber

anu aya;

2) ningkatkeun kepedulian warga sakola jeung masarakat dina ngamekarkeun

kurikulum ngaliwatan kaputusan balarea;

3) ningkatkeun kompeténsi anu sehat antar satuan pendidikan ngeunaan kualitas

pendidikan anu rék dihontal.

KTSP mangrupa stratégi kamekaran kurikulum dina ngawujudkeun sakola

anu éféktif, produktif, jeung miboga préstasi anu nyongcolang. Guru, kapala

sakola, komite sakola, jeung dewan pendidikan miboga wewenang jeung

tanggungjawab pikeun ngamajukeun jeung ningkatkeun kualitas sarta kuantitas

sakolana.

2.5.2 Prinsip Nyusun Bahan Ajar

Dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku tilu prinsip, nya éta:

1) Prinsip Meulit (Spiral)

Prinsip meulit atawa spiral dilaksanakeun ku cara nimbang-nimbang bahan

dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nya éta ti mimiti hal-hal:

Page 23: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

31

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Bagan 2.4:

Prinsip Meulit Spiral

2) Prinsip Tématis

Prinsip tématis dilaksanakeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana (a)

téma, (b) bahan gembleng, (c) racikan rupining widang bahan, (d) sumaér

(fleksibel), (e) kamampuh dasar, sarta (f) karep (minat) jeung kabutuh siswa.

Ari anu disebut téma téh nya éta dasar atawa amanat utama caritaan. Téma

bisa dimekarkeun jadi subtéma atawa anak téma, anu engkéna dimekarkeun deui

jadi topik. Topik diheureutkeun deui jadi judul wacana.

Di handap ieu patalina téma, konsép jeung wacana.

(a) nu deukeut

(b) nu basajan

(c) nu heureut

(d) nu deukeut

(e) nu nembrak

(f) nu kauni

(g) nu apal

(h) nu wewengkon

(i) nu régional

Nu jauh

Nu ruwed

Nu lega

Nu jauh

Nu nyumput

Nu nyamuni

Nu teu apal

Nu lulugu

Nu nasional

Page 24: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

32

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Bagan 2.5:

Dadasar Bahan Ajar Basa Sunda

3) Prinsip Komunikatif

Prinsip komunikatif dilaksanakeun dumasar kana prinsip yén basa téh

mangrupa pakakas komunikasi. Ari komunikasi téh dina enas-enasna mangrupa

prosés panyatur nepikeun pesan (rasa, pikiran jeung kahayang) ka pamiarsa nepi

ka jadi amanat ngaliwatan médium (basa atawa pepeta). Upama pesan ti panyatur

teu nepi jadi amanat ka pamiarsa disebut pasalia atawa salah paham. Médium basa

bisa mangrupa maca, nulis, nyarita jeung ngaregepkeun. Di handap ieu bagan

kompeténsi komunikatif dina basa Sunda.

SOSIAL BUDAYA SUNDA

Judul Wacana

Wacana Tulis

Konsép

Basa

BAHAN AJAR

Jejer Omongan

Téma Sastra

Topik

Anak Téma

Basa

Omongan

Konsép

Sastra

Page 25: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

33

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Bagan 2.6:

Kompeténsi Komunikatif Basa

Internal Interpersonal

Réséptif

Tulisan Lisan

Éksprésif

4) Prinsip Gumulung (Integratif)

Prinsip gumulung (integratif) ngadumaniskeun rupining bahan (a) kaweruh

basa (adegan basa, kandaga kecap), (b) kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita,

ngaregepkeun), (c) kaparigelan sastra (kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési).

Pangajaran kaparigelan basa miboga dua sipat, nya éta:

(1) kaparigelan tunggal, nu mangrupa aspék ngaregepkeun, maca, nulis jeung

nyarita;

(2) kaparigelan miganda, nu mangrupa campuran tina tina dua aspék atawa

leuwih. Racikan atawa kombinasina bisa kieu:

Komunikasi

Adegan Basa

Kontéks

NULIS NYARITA

NGAREGEPKEUN MACA

Interaksi Sosial

Page 26: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

34

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(i) ngaregepkeun jeung nulis,

(ii) ngaregepkeun jeung nyarita,

(iii) maca jeung nulis,

(iv) maca jeung nyarita,

(v) nulis jeung maca,

(vi) nulis jeung nyarita(keun), jeung

(vii) nyarita jeung interaktif.

Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa

diintegrasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar boh sastra

duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.

2.5.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran

Kritéria milih bahan pangajaran téh kacida pentingna, lantaran bahan

pangajaran anu saterusna moal bisa kahontal kalawan nyugemakeun, lamun

sakumna bahan pangajaran teu diwatesanan. Ku kituna, bahan pangajaran anu

baris diajarkeun kudu disaluyukeun jeung pangabutuh sarta kamampuh siswa

sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran.

Rahman (2000:16) nétélakeun yén kritéria milih bahan pangajaran téh nya

éta saperti ieu dihandap.

1) eusi bahan pangajaran kudu aya kaitanana jeung tujuan pangajaran,

2) eusi bahan jelas,

3) susunan bahan pangajaran logis,

Page 27: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

35

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

4) eusi bahan pangajaran bisa dipertanggungjawabkeun,

5) basa dina bahan pangajaran kudu disaluyukeun jeung bahan pangajaran anu

rék ditepikeun,

6) runtuyan kagiatan pangajaran loyog jeung bahan anu rék diajarkeun,

7) bahan pangajaran anu ditepikeun kudu ngirut siswa,

8) ngarojong kana ngamekarkeun cara mikir siswa,

9) ngagunakeun pamarekan anu bisa ngarangsang alat indra (multy sensori

stimulation approach), jeung

10) ngabogaan perpindahan nilai (transfer value).

2.5.4 Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Ambahan bahan ajar nya éta sakabéh matéri pangajaran jeung pangalaman

anu rék dibikeun dina hiji widang studi atawa hiji pokok bahasan.

Bahan ajar (matéri pokok) basa jeung sastra Sunda ngawengku tilu widang

utama, nya éta:

a. Pangaweruh basa, anu ngawengku:

(1) adegan sora: ucapan, éjahan;

(2) adegan kecap: wangun kecap, warna kecap;

(3) adegan kalimah: wangun, warna, fungsi, jeung wanda kalimah;

(4) kandaga kecap: warna harti, robahna harti, patali harti, kecap serepan,

kecap ulikan (istilah), pakeman basa, undak usuk basa, jeung gaya

basa.

b. Pangaweruh, aprésiasi, jeung éksprési sastra, anu ngawengku:

Page 28: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

36

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(1) Puisi (wangun ugeran): jangjawokan, kakawihan, sisindiran, pupujian,

guguritan jeun wawacan;

(2) Prosa (wangun lancaran): unsur, warna (carita pantun, carita wayang,

dongéng, carpon, novel);

(3) Drama: unsur, warna (purnadrama, gending karesmén).

c. Kaparigelan basa: maca(keun), nulis(keun), nyarita(keun), tur

ngaregepkeun.

2.5.5 Métodologi Pangajaran Basa

Numutkeun Sudaryat (2004:37) métodologi pangajaran basa mangrupa

ulikan atawa pedaran ngeunaan prinsip-prinsip katut prosedur dina kagiatan

diajar-ngajar basa atawa kagiatan ngondisikeun siswa diajar basa.

Aya tilu perkara anu patula-patali jeung métodologi pangajaran basa, nya

éta:

(1) Pamarekan (approach), nu mangrupa prinsip-prinsip, tiori, atawa tangtungan,

ayana dina tahap aksioma;

(2) Métode (method), anu mangrupa strategi atawa rarancang gembleng

ngeunaan pangajaran, ayana dina tahap prosedural; jeung

(3) Téhnik (technique), nu mangrupa cara-cara praktékna pangajaran basa, ayana

dina tahap operasional.

Ari dina KTSP mulok basa jeung sastra Sunda kurikulum 2006 nyebutkeun

yén métode téh mangrupa bagian tina aktifitas dina ngawujudkeun pamarekan anu

Page 29: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

37

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dipaké.

Jadi, métode téh nya éta hiji rarancang dina kagiatan diajar boh aplikasina

boh téorina. Métode pangajaran dipilih jeung dilaksanakeun ku guru. Dina milih

jeung nangtukeun métode diluyukeun jeung (1) tujuan pangajaran, (2) bahan

pangajaran, (3) sarana anu aya di sakola.

Pamarekan dina pangajaran basa, diantarana nya éta (1) Pamarekan

kompeténsi komunikatif, jeung (2) Pamarekan kontékstual.

Dina pangajaran basa jeung sastra Sunda aya sababaraha métode pangajaran

anu bisa dipaké, nya éta:

(1) métode langsung,

(2) métode teu langsung,

(3) métode kontrol basa,

(4) métode linguistik,

(5) métode tata basa,

(6) métode mimik-mémorasi (mim-mém),

(7) métode maca,

(8) métode tarjamahan,

(9) métode unit, jeung

(10) métode éléktik.

Dina prakna pangajaran basa, métode téh bisa dipraktékkeun maké rupa-

rupa téhnik, nya éta:

(1) téhnik papancén (resitasi),

(2) téhnik tanya jawab,

Page 30: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

38

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(3) téhnik diskusi,

(4) téhnik ngararagakeun (simulasi, sosiodrama),

(5) téhnik latihan,

(6) téhnik ceramah,

(7) téhnik survéy jeung widyawisata.

2.5.6 Model Pangajaran Basa

Sudaryat (2004:57) nétélakeun yén modél pangajaran téh nya éta pola atawa

conto dina prosés diajar ngajar. Dina modél pangajaran kudu kagambar rencana

atawa skénario pangajaran. Eusina nyoko kana opat hal nya éta silabus, kagiatan

diajar-ngajar, bahan, jeung évaluasi.

Silabus eusina ngawengku dua hal, nya éta:

(1) idéntitas silabus (mata pelajaran, satuan pendidikan, kelas/seméster, alokasi

waktu); jeung

(2) unsur silabus (kompeténsi dasar, matéri pokok, hasil diajar, indikator, jeung

pembelajaran)

Kagiatan diajar siswa ngurung lima aspék, nya éta latihan (1) ngagunakeun

kaweruh atawa kabisa, (2) mikir, (3) indrawi, (4) metakeun, jeung (5)

ngagunakeun alat. Siswa leuwih aktif kréatif, guru ngan ngalelempeng tur ngaping

kagiatan siswa.

Bahan ajar basa Sunda, kaasup sastrana, ngamuara kana opat aspék

kamahéran, nya éta nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis. Bahan ajar kaweruh

basa (adegan basa jeung kandaga kecap) diadumaniskeun kana bahan ajar aspék

Page 31: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

39

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kaparigelan basa.

2.5.7 Mekarkeun Silabus Jeung Sistem Évaluasi

2.5.7.1 Silabus

Sudaryat (2004:47) nétélakeun yén anu dimaksud silabus téh nya éta

beungkeutan rarancang jeung susunan kagiatan pangajaran, ngolah kelas, jeung

meunteun hasil diajar. Silabus mangrupa wujud operasionalisasi kompeténsi

dasar, pedaran matéri poko anu leuwih spésifik, kagiatan diajar, évaluasi, jeung

alokasi waktu. Ari gunana mangrupa padoman guru dina ngararancang,

ngalaksanakeun jeung ngolah pangajaran.

Dina nyusun silabus aya sababaraha tahap anu kudu dipilampah, nya éta:

(1) idéntifikasi (idéntitas/jatidiri sakola, mata pelajaran, kelas, seméster);

(2) ngaruntuykeun standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar;

(3) nangtukeun bahan utama (matéri pokok) katut wincikanana;

(4) milih pangalaman diajar (kagiatan fisik-méntal siswa patali jeung bahan);

(5) ngawincik kompeténsi dasar kana cicirén (indikator) hontalan hasil diajar;

(6) ngawincik indikator kana penilaian (warna tagihan, wangun instrumén jeung

soal);

(7) nangtukeun alokasi waktu; jeung

(8) milih sumber/alat/bahan.

Page 32: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

40

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.5.7.2 Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD)

Dina Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD) Mata

Pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda (2007:91-92), dijéntrékeun yén standar

kompeténsi lulusan SMP/MTs dina mata pelajaran Basa jeung Sastra Sunda

ngawengku opat aspék, nya éta:

1) Menyimak (Ngaregepkeun),

Mampu menyimak untuk memahami dan menanggapi beragam wacana

lisan yang berupa percakapan, pidato, pembacaan atau pelantunan puisi

(sajak, pupujian, guguritan), dan pembacaan prosa (dongéng, cerpen,

novel, berita, biografi, bahasan dan artikel).

2) Berbicara (Nyarita),

Mampu berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan

yang berupa percakapan, wawancara, bercerita, menceritakan,

mengumumkan, menelpon, menjelaskan, berdiskusi, pidato, dan bermain

peran.

3) Membaca (Maca),

Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi beragam teks yang

berupa percakapan, prosa (sejarah, bahasan, biografi, carita pondok,

dongeng, novel), dan puisi (sawer, sajak, guguritan, wawacan)

4) Menulis (Nulis).

Page 33: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

41

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Mampu menulis untuk mengungkapkan berbagai pesan (pikiran, perasaan

dan keinginan) secara tertulis dalam beragam karangan yang berupa

pedoman wawancara, prosa (pengalaman, biografi, bahasan, berita, esai,

surat, carita pondok, laporan, bahasan), dan puisi (sajak, guguritan,

sisindiran)

2.5.7.3 Sistem Évaluasi

Pikeun mikanyaho hasil henteuna kagiatan diajar siswa atawa préstasi diajar

siswa kudu diayakeun évaluasi atawa peniléyan. Évaluasi dilaksanakeun pikeun

nyumponan rupa-rupa tujuan, diantarana:

(1) mikanyaho tahap kahontalna kompeténsi siswa,

(2) ngukur tumuwuh jeung kamekaran siswa,

(3) nangtukeun atawa ngadiagnosis kasulitan diajar,

(4) mikanyaho hasil pangajaran,

(5) mikanyaho kahontalna kurikulum,

(6) ngadorong siswa diajar, jeung

(7) ngadorong guru sangkan ngajar leuwih alus.

Aya sababaraha léngkah dina nyusun alat évaluasi diantarana nya éta (1)

nangtukeun tujuan, (2) nyusun kisi-kisi, (3) milih wangun alat évaluasi, (4)

nangtukeun panjangna alat ngajén (meunteun, évaluasi).

Dina uji kompeténsi, sakumna siswa diperedih mampuh nyumponan sakur

Page 34: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

42

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

bahan atawa kagiatan anu diujikeun, anu disebut tagihan. Aya sababaraha warna

tagihan, nya éta (1) kuis, (2) pertanyaan lisan, (3) ulangan poéan, (4) ulangan

blok, (5) tugas individu, (6) tugas kelompok, (7) résponsi (ujian prakték), jeung

(8) laporan kagiatan (praktikum, widyawisata,jste.)

Anapon wangun tagihan dina évaluasi, bisa mangrupa tés jeung bisa

mangrupa non-tés. Wangun tés bisa mangrupa (1) pilihan ganda, (2) uraian

obyéktif, (3) uraian non obyéktif, (4) jawaban singget atawa ngalengkepan, jeung

(5) ngajodokeun.

Ari wangun non-tés bisa mangrupa (1) ngararagakeun (unjuk kerja atawa

performans), jeung (2) portofolio (kumpulan tugas-tugas jeung karya siswa katut

kamekaranana).

Évaluasi pangajaran evaluasi dina pangajaran teh nya eta pikeun ngjugjugan

nepi kamana materi atawa bahan pangajaran kacangking ku siswa. Naha tujuan

anu geus dirumuskeun dina tujuan pangajaran teh kahontal atawa acan.

2.5.8 Maca

Maca téh salasahiji kaparigelan tina opat kaparigelan makéna basa. Maca

mangrupa hiji prosés ngawanohkeun simbul-simbul tinulis, dina ieu prosés

kaasaup prosés ngawanohkeun kecap-kecap sacara taliti. Dina maca ogé

ngawengku kana masalah mekanismena maca, prosés ngawanohkeun kecap-kecap

jeung frasa bacaan kalawan prosés pemandu jeung nataan sajumlahing unsur harti,

nepi ka mangrupa hiji beungkeutan ide anu ngaguluyur tur mibanda harti. Ieu hal

luyu jeung pamadegan Tarigan (1979:7) dina bukuna Membaca Sebagai Suatu

Page 35: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

43

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Keterampilan Berbahasa, anu nétélakeun yén maca nya éta prosés nu

dilaksanakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun nyangking informasi nu

ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan média kecap-kecap/basa tinulis.

Maca mangrupa kagiatan maham jeung nyangkem kana wacana tinulis

atawa bacaan. Maca bisa dipasing-pasing jadi:

1) Maca munggaran, nya éta pangajaran maca anu ditepikeun ka barudak sakola

dasar atawa barudak anu kakara dialajar maca. Tujuanana pikeun ngabina

mékanismena maca,

2) Maca nyoara, nya éta pangajaran maca anu mangrupa léngkah saterusna tina

maca munggaran atawa bisa disebut maca tingkat lanjut, upamana maca hiji

wacana kalawan sorana ditarikkeun,

3) Maca ngilo/maca di jero haté, tujuanana ngabina siswa sangkan maranéhna

bisa maca kalawan teu nyoara, jeung mampuh nyangkem eusi wacana, boh nu

tinulis atawa nu kaunggel,

4) Maca pemahaman, dina prinsipna mah sarua jeung maca dina jero haté,

5) Maca basa, ieu pangajaran maca téh dina seuh-seuhanana mah mangrupa

strategi pangajaran basa, kusabab dijerona ngawengku nalaah basa,

6) Maca téhnik, ngabina siswa dina hal téhnik maca, pikeun latihan intonasi,

lafal kecap, jeung fungtuasi, biasana babarengan jeung maca nyoara,

7) Maca inténsif, jeung

8) Maca éksténsif.

Page 36: BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Kandaga Kecap …a-research.upi.edu/operator/upload/s_bd_0705972_chapter2...Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung

44

Intan Nurhasanah, 2011 Kandala Kecapn Dina...

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu