wangsit prabu siliwangi

Upload: mat-peta-harum

Post on 04-Apr-2018

243 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

  • 7/30/2019 Wangsit Prabu Siliwangi

    1/5

    WANGSIT PRABU SILIWANGI

    SAUR PRABU SILIWANGI KA BALAD PAJAJARAN ANU MILU MUNDUR DINA SAMEMEHNA

    NGAHIANG :

    Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu., najan dia kabehan ka ngaing pada satia

    Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipiluen.

    Milu hirup bari balangsak, milu rudin bari lapar.

    Dia mudu marilih pikeun hirup kahareupna.

    Supaya engke jagana, jembar senang sugih mukti.

    Bisa ngadegkeun deui Pajajaran. Lain Pajajaran nu kiwari.

    Tapi Pajajaran anu anyar, anu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman.

    Pilih!

    Ngaing moal ngahalang-halang, sabab pikeun ngaing henteu pantes jadi raja, lamun somah sakabehna,lapar bae jeung balangsak.

    Darengekeun!

    Nu dek tetep milu jeung ngaing, geura misah ka beulah KIDUL.

    Nu hayang balik deui ka dayeuh, nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah KALER.

    Nu rek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah WETAN.

    Nu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah KULON.

    Darengekeun!

    Dia nu di beulah WETAN, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia.

    Nya turunan dia anu engkena bakal marentah ka dulur jeung batur.

    Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamilinaan.

    Engkena bakal aya balesna. Jig geura narindak!

    Dia anu di beulah KULON, papay ku dia lacak Ki Santang!

    Sabab engkena, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung batur.

    Ka batur urut salembur, ka batur anu nyorang sauyunan, ka sakabeh anu rancage di hatena.

    Engke jaga, mun teungah peuting ti gunung Halimun kadenge sora tutungguan, tah eta tandanaSaturunan dia disambat nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke, sabab talaga bakal bedah!

    Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

    Dia anu marisah ka beulah KALER, darengekeun!

    Dayeun ku dia moal kasampak. Nu kasampak ngan ukur tegal baladaheun.

    Turunan dia lolobana bakal jado somah. Mun aya nu jadi pangkat, bakal luhur pangkatna, tapi moal bogakakawasaan.

    Arinyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur, loba batur nu anggang, tapi batur nu sarusah, jeungbatur nu nyusahkeun..

    Sing waspada!

    Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi ngan waktu nu perelu. Ngaing bakal datang deui,nulungan anu barutuh, mantuan nu sarusah, tapi ngan anu hade lampahna.

  • 7/30/2019 Wangsit Prabu Siliwangi

    2/5

    Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge. Memang ngaing bakal datang,tapi ngan kanu rancage hatena, kanu weruh semu anu saestu anu ngarti kana wangi nu sajati, jeung nusurti lantip pikirna, nu hade laku lampahna.

    Lamun ngaing datang nyawara, tapi mere ciri ku wawangi.

    Ti mimiti poe ieu Pajajaran, leungit ti alam hirupna.

    Leungit dayeuhna, leungit ngarana.

    Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay.

    Sabab bukti nu kiwari, bakal rea anu mungkir!

    Tapi engke jaga, bakal aya nu nyoba-nyoba supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, nganmapayna kudu make amparan.

    Tapi nu mapayna loba anu arieu-aing pangpinterna.

    Mudu aredan heula. Engke bakal rea anu kapanggih sabagian-sabagian.

    Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang!

    Aya anu wani ngorehan terus, teu ngahiding kana panglarang.

    Ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari seuri. Nyaeta budak angon, imahna dibirit leuwi, pantona batusatangtung, kahieuman ku haneuleum, karimbunan ku hanjuang.

    Ari ngangonna?

    Lain kebo lain embe. Lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung tutunggul.

    Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih.

    Sabagian disumputkeun, sabab encan wayah ngalakonkeun.

    Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba anu kabuki, jeung rareang marenta dilalakonkeun.

    Tapi mudu ngalaman loba lalakon sanggeus nyorang:

    Udur jaman, datang jaman. Sabab jaman mawa lalakon.

    Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma ngusumah eujeung nitis.

    Laju nitis dipinda sukma.

    Darengekeun!

    Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsana: Tanah bugel sisi cibantaeundijieun kandang kebo dongkol.

    Tah didinya sanagara bakal jadi samalan.

    Sampalan kebo barule nu diangon ku jalma jangkung di alun-alun.

    Ti harita raja-raja dibelenggu.

    Kebo bule nyekel bubuntut. Turunan urang narik wuluku, ngan narikna henteu karasa, sabab jamanseubeuh hakan.

    Tidinya wuluku ditumpakan kunyuk.

    Laju, turunan urang aya anu lilir.

    Tapi lilirna cara nu kakara tina ngimpi.

    Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggihna tapi loba nu pahili.

    Nya kabawa, nu lain mudu diala.

    Turunan urang loba anu heunteu eunggeuh, yen jaman ganti lalakon.

    Tidinya gehger sanagara. Panto nutup dibuburak ku nu ngalanteur pamuka jalan, tapi jalan nu pasingsal.

    Nu tutunjuk nyumput jauh, alun-alun jadi suwung, kebo bule kalabur, laju sampalan diranjah monyet.

  • 7/30/2019 Wangsit Prabu Siliwangi

    3/5

    Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu warung beak ku monyet.Sagala diranjah ku monyet.

    Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyet.

    Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut.

    Wulukuna ditarik ku turunan urang kabeh, loba anu paraeh kalaparan.

    Tidinya turunan urang urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan, maresek catur rangga.Heunteu arengeuh yen jaman geus ganti lalakon.

    Laju hawar-hawar ti tungtung sagara kaler.

    Ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog.

    Genjlog saamparan jagat!Ari di urang, rame ku nu mangpring, prangpring sa buluh-buluh gading.

    Monyet ngumpul ting rumpuyuk, laju ngamuk turunan urang, ngamukna teu jeung aturan loba nu paraehteu boga dosa.

    Puguh musuh, dijieun batur. Batur, disebut musuh.

    Ngandak-ngandak loba nu pangkat nu marentah cara nu edun.

    Nu bingung tambah baringung.

    Barudak satepak jaradi bapak, nu ngaramuk tambah dosa.Ngamukna teu ngilik bulu, nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang.Sabab anu ngaramuk teu beda di tawon dipalengpeng keuna sayangna.

    Sanusa dijieun jagal, tapi kaburu aya nu nyapih.

    Nu nyapihna urang sabrang.

    Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa, tapi memang titisan raja.

    Titisan raja baheula, jeung biangna putri pulo dewata.

    Da puguh titisan raja anyar, hese apes ku rogahala!

    Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lalakon; iraha?

    Hanteu lila sanggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bentang caang ngagenclang.

    Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan dijeroeun karajaan, jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

    Laju aya deui raja, tapi raja-raja buta nu: ngadeugkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto,teu beunang ditutup.

    Nyieun pancuran ditengah jalan. Miara heulang dina caringin.

    Da raja buta! Lain buta Duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu.

    Buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet, ngorowot somah anu susah.

    Sakalina aya nu wani ngageuing, nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngelingan.

    Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala.

    Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan.

    Da nu ngawulukuna lain jalma tukang tani nya karuhan, tarate hapa sawareh, kembang kapas hapabuahna.

    Buah pare loba nu teu asup kana aseup.

    Da bongana nu ngebonna tukang ngabarohong, nu tanina pinterna kabalinger.

    Tidinya datang budak janggotan.

    Datangna sajamang hideung bari nyoren kaneron butut.

  • 7/30/2019 Wangsit Prabu Siliwangi

    4/5

    Ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan kanu paroho.

    Tapi heunteu diwararo! Da pinterna kabalinger, harayang meunang sorangan.

    Arinyana teu areungeuh, langit eunggeus semu beureum. Haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro rekngawaro. Malah budak anu janggotan ku arinyana ditewak, diasupkeun kapangberokan.

    Laju arinyana ngawut-ngawut dapur, majarkeun neangan musuh.

    Padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

    Waspada!

    Sabab engke arinyana bakal nyaram Pajajaran didongengkeun.

    Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyanan anu jadi gara-gara sagala jadi dangdangrat.

    Buta-buta nu baruta, mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bule. Arinyana teu nyaraho,yen harita jaman teh anggeus asup kana jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato. Jayana buta-buta hanteu pati lila, bongan kacida teuing nyangsara ka somah. Loba somah anu pada ngarep-ngarepcaringin reuntas di alun-alun.

    Buta-buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan iraha mangsana?

    Engke mun tembong budak angon! Tidinya loba nu rebut. Mimiti ti jero dapur, ti dapur jadi salembur. Tilembur jadi sanagara!

    Nu barodo jaradi gelo, mantuan anu garelut.

    Dikokolotan ku budak buncireung!

    Matakna garelut? Marebutkeun warisan.

    Nu hawek hayang panglobana, nu teu hawek hayang loba.

    Nu boga marenta bagiannana. Ngan anu areling cararicing.

    Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabararengan.

    Nu garelut laju areureun.

    Laju kakara arengeuh, kabeh ge taya nu meunang bagian.Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel gadean.

    Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara.

    Laju nareangan budak angon, anu saungna di birit leuwi, nu pantona batu satangtung, nu hateupna kuhaneuleum, ditihangan ku hanjuang.

    Nareangan budak tumbal, tapi sejana dek menta tumbal.

    Tapi budak angon eunggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak janggotan. Geus mariangpindah ngababakan, pindah ka lebak Cawene!

    Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.

    Darengekeun!Jaman bakal ganti deui. Tapi engke lamun gunung Gede eunggeus bitu, disusul ku tujuh gunung,genjlong deui sajajagat.

    Urang Sunda disarambat. Urang Sunda ngahampura.

    Hade deui sakabehanana. Sanagara sahiji deui.

    Nusa jaya, jaya deui.

    Sabab ngadeg deui Ratu Adil. Ratu Adil anu sajati.

  • 7/30/2019 Wangsit Prabu Siliwangi

    5/5

    Tapi ratu saha? Timana asalna eta ratu?

    Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah siar ku dia, eta budak angon!

    Jig geura narindak!

    Tapi ulah ngalieuk ka tukang!