sejarah cianjur

Upload: irwananwar

Post on 16-Jul-2015

1.327 views

Category:

Documents


110 download

TRANSCRIPT

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 1

SAJARAH

CIANJURSARENG

RADEN ARIA WIRA TANU DALEM CIKUNDUL CIANJUR

drs. bayu surianingrat

Penerbit: Rulcun Warga Cianjur- Jakarta

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 2

"Ahabbul a'maali ilaJJaahi adwamu-haa wa ingqalla",Amal nu langsung dipikaresep mung-guhing Gusti Allah, nya eta nu langkung sering dijalankeun sanaos mung saeutik. (H.R. Bukhari-Muslim ).

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 3

Padaleman atanapi Kabupaten Cianjur kiwari, di-modern-keun mung luluguna mah rupina tetep keneh

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 4

KATA SAMBUTAN Pertama-tama saya sampaikan penghargaan dan terimakasih atas jerih payah Drs. Bayu Surianingrat yang telah menyusun naskah buku ten tang " Pandangan Kritis Mengenai Sejarah Cian-jur " dan "Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wiia Tanu, Dalem Cikundul" Patut saya kemukakan bahwa dalam rangka untuk mencari dan menetapkan Hari Jadi Cianjur, secara resmi oleh Pemerintah Kabupaten Daerah Tingkat II Cianjur telah disampaikan bahan/ naskah tentang " Risalah Singkat Tinjauan Sejarah Ten tang Kemunculan, Kahadiran dan Kelangsungan Nama Cianjur, Disampaikan Sebagai Bahan Hari Jadi Cianjur " kepada DPRD Tingkat II Cianjur, yang telah disusun oleh satu Team dengan mendapat bantuan empat Ahli Sejarah di Jawa Barat. Sehubungan dengan hal tersebut di atas dan upaya untuk mem-pereepat proses penetapan Hari Jadi Cianjur, mudah-mudahan naskah ini akan merupakan sumbangan masukan dan penyegaran kembali bagi kita semua untuk segera mengambil langkah kepu-tusan, mengingat hal tersebut sudah lama menjadi harapan kita. Sedangkan penetapan adanya Hari Jadi Cianjur yang definitip, sudah lama didambakan oleh masyarakat dan Pemerintah Daerah. Kami yakin naskah ini akan mendukung pemilihan Altematip tentang Hari Jadi Cianjur yang telah kami sampaikan. Saya berpendapat bahwa yang akan menentukan cepat atau , lambatnya ditetapKan Hari Jadi Cianjur, akan tergantung kepada kesepakatan bersama mengenai penetapan kriteria dan momentum, di samping adanya faktor keberanian untuk mengambil keputusan. Akhirnya, saya harapkan pula Drs. Bayu Surianingrat dapat mempelajari bahan/naskah yang telah disampaikan oleh Ekse-kutip kepada DPRD Tingkat II Kabupaten Cianjur, sebagai bahan perbandingan penetapan Hari Jadi Cianjur.

Terimakasih. Cianjur, 1 Juni 1982 BUPATI KEPALA DAERAH TINGKAT II CIANJUR

Ir. ADJAT SUDRADJAT SUDIRAHARDJA NIP : 480022989. I

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 5

PANGJAJAP TI YAYASAN WARGI CIKUNDUL Ass. wr,wb, Henteu ngabibisani, teu kinten langkana bahan sareng tulisan aim aya kaitanana sareng Dalem Aria Wira Tanu, Cikundul, anu aya oge pasolengkrah-papalimpang matak bararingung ami' ngaos, mangrupikeun masalah anu sanes lumayan kanggo nyusun ieu naskah, Bingah amarwata suta ayeuna ieu naskah parantos rengse kalayan dicitak dugi ka tiasa diaos ku para wargi. Mugi-mugi bae ieu naskah anu judulna SAJARAH GIANJUR SARENG RADEN ARIA WIRA TANU DALEM CIKUNDUL tiasa nyaangan poekna sajarah Cikundul, khususna kanggo para wargi seuweu-siwi mndayan ti karuhunJayasasana jujuluk Aria Wira Tanu anu dipendem di Cikundul. Sadaya kakirangan atanapi kalangkunganana teu langkung kapara wargi mugi aya luntur galih kersa ngahapunten sareng nyampurnakeun.

Cianjur, Maret 1982 YAYASAN WARGI CIKUNDUL

Pangurus :

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 6

YAYASAN WARGI CIKUNDUL CIANJUR" Alamat Kantor : Jln. Siti Jenab No. 14 Pamuka catur Kagegelan ti YAYASAN WARGI CIKUNDUL SINOM Neda agung pangaksama Hakeki ka Maha Suci Lahirna ka balarea Mugi henteu lepat tampi Sanes ati kumaki Reh agul ku payung butut Mapay laratan turunan leu man ibarat misjl Ibaratna budak anu mapay Bapa. Cianjur nagri kawentar Dinajaman pra-bopati Tangtu ngandung titimangsa Sajarah pon kitu deui Ngandung warsih mimiti Saha anu ngadeg papayung Catetan mere jawaban Sajarah geus mere bukti Kabudayaan kasenian anu geus nyata. DANGDANGGULA Cikundul Cijagang jadi bukti Patilasan bupati baheula Nelah Aria WiraTanu Cakal bakal Cianjur Sinaieng panyebar agami Neraskeun kangjeng rama Nu punjul linuhung Aria Wangsa Goparana Nu ngadegkeun Sagaraherang nagari Ulama Islam munggaran Dalem dipundut ku Anu Asih Digentosna ku ingkang putra Wiramanggala namina Cikundul teras dikantun Ka Cikalong midamel ngalih Mung di dinya teu lawas Ngalih gura-giru Ngababakan padaleman Nyumponan wangsit ngadamel nagari Katelah Pamoyanan Undur taun bagentosan warsihSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 7

Pamoyanan sepi kantun ngaran Dina waktos Dalem Dicondre Pikeun ciri papayung Nya pangguyangan Badak Putin Jadi tengah nagara . Bukti alun-alun Cianjur murbawisesa Subur ma'mur gemahripah loh jinawi Nyebar ka janapria Didangding ku R.A. Hanafiah Wiradireja Cianjur , 19 Maret 1982.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 8

Sukabumi, 29 Maret 1982 PANGIRING KABINGAH Ass.wr.wb. Sim kuring sumujud ka anu Maha Suci ngahaturkeun syukur Alhamdulillah diiringan ku kabingah rehna dina wangkid ieu ay a salahsawios katurunan Raden Arya Wiratanu anu tiasa sareng keisa nyukcruk-nyukcruk patilasan, nalungtik sajarah kawit ti Pajajaran, anu janten ngarundaykeun Pamarentahan di Cianjur. Sabadana simkuring maos ieu buku sajarah breh bae paninggal sapertos ti nu' poek ka nu caang, mendakan susunan cariosan anu eces pisan ngeunaan sajarah Wiratanu anu sumare di Majalaya, Cikundul. Paingan teu weleh heran, geuning dugj ka wangkid ieu seueur keneh bae anu jarah ka makamna Arya Wiratanu. Singhoreng mantenna teh sanes jalmi samanea da puguh turunan ti Pajajaran anu ngaheuyeuk Jawa Barat salami ratusan taun. Arya Wiratanu anu nurunkeun para Dalem Cianjur dugi ka sawelas turunan. Raden Arya Wiratanu anu henteu gimir ku karisi, sieun ku baha-ya, gagah rongkah wantun mayunan musuh nandingan dina sagala rupi peperangan estuning bakti ka lemah cai, nawiskeun yen anjeunna hiji "patriot". Ageung pangaruhna ka rahayat, dipitumut ku prajurit, dipiasih ku wargana, da puguh janten kiai anu patuh kana agama Islam. Sim kuring kalintang banggana, Cianjur dina waktos harita nga-gaduhan hiji pamimpift anu ngajalankeun perjuanganana sagaris sareng perjoangan nasional, mempertahankan lemah cai tina sagala rupi penjajahan, Teu aya sanes sim kuring manjatkeun du'a ka anu Maha Suci mugi generasi katurunana tiasa mikaconto kana kasaenana sareng kana sifat "patriot-n a Wiratanu. Saha deui anu bade mika asih, ngamumule paninggalan karuhun lintang ti sadaya rundayanana. Wassalaam sareng diiring ku kabingah ti sakaluarga,

(Achmad Diredja)

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 9

Saucap sambutan pamapag medalna buku "SEJARAH CIANJUR SARENG RADEN ARIA WIRA TANU" DALEM CIKUNDUL, CIANJUR" kenging Dis. Bayu Surianingrat Assalaamu Alaikum wr,wb., Waktos simkuring sakola dasar di H I S . sareng di MULO, teu kantos kenging palajaran sajarah Lemah Cai INDONESIA anu nyugemakeun, margi palajaran sajarah jaman harita anu disebat "Indische Geschiedenis" ten, mung wungkul nonjolkeun mekarna kakawasaan Pamarentah Kolonial Hindia Walanda. Malah di sakola dasar E.L.S. mah palajaran sajarah anu diutama-keun teh anu disebat "Vaderlandse Geschiedenis," nya eta sajarah nagara Walanda. Dupi anu ngeunaan sajarah INDONESIA mah, sapertos sajarah SRIWIJAYA, MAJAPAHIT, MATARAM sareng nagara-nagara sanesna anu aya di INDONESIA, langkung ditonjolkeun anu negatifna tibatan anu positifna kayaning salah urus nagara, despotisme, papaseaan antawis pawaris-pawaris tahta anu nimbul-keun peperangan, anu saleresna didalangan ku Pamarentah Kolonial Walanda dina ngajalankeun politik "divide et impera"-na, dugi ka nagara-nagara anu araya di INDONESIA raruntag, atuh saterasna daerahna dijabel dijantenkeun daerah jajahan Walanda. Ngeunaan sajarah daerah-daerah mah sama sekali teu diajar-keun, maigi dianggap hen teu perelu Ku kituna diantawis generasi sim kuring awis-awis anu khusus ngayakeun studi kana sajarah daerah. Kaseuseueuranana terang kana sajarah daerah sareng karuhun teh, mung tina carita sareng dongeng rayat (folklore -legenda) anu didongengkeun ti indung-bapa ka anak incu turun-tumurun, kitu oge dongengna teh kadang-kadang pasolengkrah, sautas diditu sautas didieu, henteu dumasar kana dokumentasi anu otentik. Kango "Urang Cianjur," umumna parantos aruninga, yen iCamhun-Luluhur urang Cianjur teh, nyaeta RADEN ARIA WIRA TANU (DATAR), anu kenging julukan KANGJENG DALEM CIKUNDUL, anu makamna aya di Kabupaten Cianjur bagian Kaler, jelasna di desa Majalaya,kacamatan Cikalong-Kulon sareng dianggap karamat ku Balarea. Ti awit RADEN ARIA WIRA TANU ka-1 dugi ka ayeuna parantos 4 abad, mangpuluhratus-rebu mekar turunan DALEM CIKUNDUL, nyebar di sakuliah Tatar Sunda, sakuliah Indonesia, tiasa janten oge aya anu di manca nagara. Kanggo kasauseueuran turunan anu araya danget ieu, rupina daerah asalna anu disebat Cianjur teh, mung aya dina kenangan bae, malahan tiasa janten aya anu teu aruningaeun, yen aranjeunna turunan Cianjur, komo deui sajarahna, ku jalaran parantos "pareumeun obor." Ku kit una sim kuring ngaraos bingah amawarta suta kumedalna buku "SAJARAH CIANJUR sareng RADEN ARIAWIRA TANU - DALEM CIKUNDUL, CIANJUR" kenging saderek Drs. Bayu Surianingrat, anu ngabeberkeun sacara lengkap sajarah perjuangan Karuhun Luluhur Cianjur, hiji karya mangrupi Amal-Ibadah. ngahormat, ngajungjung luhur Karuhun Nenek-Moyang urang sadaya. Mugia ieu buku sajarah teh nyekapan harepan Balarea husus na "Urang Cianjur" sareng masarakat Tatar Sunda, umum-na Bangsa INDONESIA dina nambihan kakayaan Elmu Sajarah Nasional Bangsa Indonesia, sanes bae mangrupi pangeling-ngeling nanging utamina kanggo dijantenkeun dasar tatapan pikeun ngahudang rasa kabanggaan di kalangan anak-incu, di kalangan anu ngarora generasi penerus, supados kersa Belajar dari Sejarah sangkan bela ka salembur sabatur, babakti ka daerah asalna, babakti ka Nagara Bangsa sareng Agama, langkung waspada sareng iatna dina ngahonta! ritancita, ulah dugi ka keuna ku panpaos "Melengkung beukas nyafchan " sareng "Cianjur kata-lanjuran. Jakarta, September 1982 Kalawan asmana Rengrengan SesepuhSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 10

"Rukun Warga Cianjur" di Jakarta, (H. Sadikin Tisna Kusumah) DAFTAR EUSI RUPI-RUPI SAMBUTAN................................................................................................. WIWITAN........................................................................................................................... BUBUKA ........................................................................................................................... CIANJUR KAPUNGKUR ................................................................................................ BAB I JAMAN PAJAJARAN....................................................................................... BAB II RUNTUYAN WIRA TANU 1.................................................................................................................................................Raden Aria Wangsa Goparana ........................................................................................ 2. Raden Aria Wira Tanu I .................................................................... 3. Raden Aria Wira Tanu II ................................................................... 4. Raden Aria Wira Tanu III .................................................................. 5. Raden Adipati Wira Tanu Datar IV ................................................. 6. Raden Adipati Wira Tanu Datar V .................................................... 7. Raden Adipati Wira Tanu Datar VI .................................................. 8. Raden Aria Adipati Suria Nata Kusumah.......................................... 9. Raden Adipati Wira Tanu Datar VIII ................................................ 10. Raden Aria Adipati Prawiradireja I ............................................................ 11. Raden Tumenggung Wiranagara ................................................................. 12. Raden Aria Adipati Kusumahningrat .......................................................... 13. Raden Aria Adipati Prawiradireja II ............................................................ 14. Raden Aria Adipati Suriadiningrat .............................................................. 15. Raden Aria Adipati Suria Nata Atmadja ..................................................... BAB III CIANJUR KIWARI ........................................................................................... TANAMBIH : 1. Silsilah Runtuyan Dalem Aria Wira Tanu .............................................................. 2. Rengrengan para Bupati Cianjur ............................................................................. 3. Rengrengan Pangurus Yayasan Wargi Cianjur ....................................................... 4. Daftar Pustaka .......................................................................................................... ***

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 11

BUBUKA Ahuuung ! Ahuuung ! Bui kukus aing ka manggung, ka Uihur ka Sang Rumuhun, ka handap ka kadatuan, ka Batara ka Batari, Sang Batara Susuk Tunggal, nu babakbabak di Kahiangan. Sanaos simkuring sanes ahli dina widang sajarah, nanging ka-jurung ku langkana bahan sareng warkah sajarah ngeunaan Cianjur sareng karuhun GkunduL hususna Aria Wira Tanu miwah runda-yanana, katambih bahan anu aya seueur anu henteu tetela, paso-lengkrah matak bingung sarta sulaya tina sajarah, simkuring mak-sakeun ngeureuyeuh nikreuh ngarayap nyusun ieu naskah. Alhamdulillah, para sesepuh Cikundul sareng Cianjur ka simkuring henteu ngantep. seueur pisan pituah katut bahan anu katampi kanggo ngalengkepan ieu naskah. Henteu diwijiwiji, prah bae ka sadayana simkuring ngahaturkeun rebu nuhun. Ngahaturkcun nuhun taya hinggana ka Bapa Bupati Kepala Daerah Tingkat II Cianjur kiwari, nya eta Bapa Ir. Adjat Soe-dradjat Soedirahardja miwah para Kapala Bagian Kantor Peme-rintah Kabupaten Daerah Tingkat 11 Cianjur, anu parantos masihan rupi-rupi piwejang sareng dorongan ti wangkid ieu naskah mang-rupi curat-coret simkuring dugi ka rcngsena. Nya kitu deui hatur nuhun husus ka Bapa H. Utut Zaenudin. Bapa Achmad Diredja, anu parantos nasihan bahan sareng piwejang kanggo ngalengkepan eusi naskah. Salajengna, hatur nuhun ka para Pamingpin "Jajasan Wargi Tjikoendoel", anu parantos'masihan pangdeudeul moril kanggo ngaluarkeun ieu naskah.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 12

Ngahaturkeun rebu nuhun husus ka Bapa R.H Sadikin Tisna Kusuma, Bapa R.H. Moh. Kosasih Atmadinata, Bapa R.H. Ir. Arif Uwen, sareng sadaya para wargi ti R'ukun Warga Cianjur (RWC) Jakarta, arm parantos masihan bahan, koreksi sehat sareng sum-bangan moril, Finansial dugi ka, ieu naskah tiasa dikaluarkeun. Ngahaturkeun nuhun anu teu aya hinggana, husus ka Bapa R.H. Buldan Djayawiguna, Bapa R. Saleh Pradjakoesoemah, anu parantos kersa miceun waktos ngoreksi basa Sunda ieu naskah. Aya paripaos batur: "Tidak ada gading yang tidak retak", ieu naskah tangtos tuna keneh, seueur kakirang, boh basana boh eusina, nyanggakeun ka anu ngaos bae, dina ieu bubuka pisan simkuring neda hampura, nyanggakeun laksa duduka, sinareng neda koreksi atanapi kiritik malar ieu naskah tiasa langkung sam-purna. Bilih bae kaleresan aya bahan atanapi kauninga ngeunaan sajarah Cikundul sareng Cianjur anu teu acan kamuat, kalangkung atanapi tojaiah, teu kinten bingahna upami simkuring diwartosan, timpah nuhun ti sateuacanna, Jabi ti eta simkuring neda hapunten, bilih aya ucap matak nyugak, henteu cocog sareng panggalih atanapi aya pamendak anu henteu sami, biasa dina sajarah dina poekeun bahan sok rajeun kirata, dikirakira supados nyata, sadaya ukur nyaketan anu saleresna. Ieu naskah sanaos judulna SAJARAH CIANJUR SARENG RADEN ARIA WIRA TANU, eusina man ngawengku sajarah lokal (Cianjur), sajarah daerah (Jawa Barat), malih aya oge sajarah Na-sional (Indonesia). Naskah disusun sakadar nyaangan sajarah ka-ruhun, mugi-mugi aya hikmah hidayahna, keur para rundayan ma-malar henteu pareumeun obor teuing, keur anu ngersakeun ngaos manawi aya pulunganeunana salian ti nambihan pangaweruh sajarah bari ngamumule basa Sunda. Nyanggakeun.

Bandung, April 1982 nuju ngeprul hujan lebu, Bayu Surianingrat Jin, Sukajadi 180 Bdg. 2

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 13

CIANJUR KAPUNGKUR Cianjur jaman kapungkur masih leuweung geledegan, ayana di suku Gunung Gede anu nande, Gunung Pangrango ngadago, pangeusina wama-wama sato galak, monyet pating terekel lutung, pating gulayun meong maung tinggalaur, badak oge riab. Kacarioskeun, duka leres duka henteu mung sapedah ay a tapakna, kitu oge pacenahcenah keneh tug dugi kaayeuna pisan, ay a badak kulitna bodas, mun munding mah bule di jalmi mi-nangka albino, da biasana mah tara aya badak bodas kultna. Pemahna di juru alun-alun Cianjur kiwari aya cai nyangkrung, cenah eta teh "pangguyangan badak putih." Kacarioskeun deui dina munggaran abad ka 17 darongkap ka sisi waJungan Cianjur saabrulan cacah, dokdak naluaran ka-kayon, cita-citana ngebon nyawah keur pibekeleun hlrup hurip, sakalian ngababakan; lami-lami j an ten lembur anu katelah Cianjur nami numutkeun walungan. Cakal bakal urang lembur Cianjur ngangken cacah Wira Tanu, asal ti nagri Cikundul sateuacanna mah ti nagri Sagaraherang panglinggihan ulama ageung terah ka-7 ti raja Pajajaran anu mung kantun wawangina bae sumebar di rahayat Pasundan. Cianjur kapungkur teu acan kawentar, ti pandeuri batan Galuh sareng Sumedang, sanaos pada-pada di Parahiangan, kumargi nyingkur buni sapengkereun gunung di titik tengah pisan ayana di Tatar Sunda, tebih ti mana-mana, pemahna henteu caket walungan anu sok dianggo lalayaran, Cianjur langka kadongkapan batur, nembe manggung dina sajarah nalika nincak jaman emas, dipayungan ku wadyabala jagabaya anu leber wawanen, wani nyekel sabuk milang tatu, tanggung jawab mun aya maung ngamuk gajah meta. Teundeun di handeuleum sieum , Tunda di hanjuang siang , Paranti nyokot ninggalkeun.................................

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 14

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 15

Duka tilas saha atanapi tilas naon batu anu sakitu seueurna sareng rata ageungna boh rupina, Ngantosan

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 16

para ahli sajarah urang,nangtang pana-lungtikanana, Teu acan dicobi-cobi dikali biheung teuing sapertos Boro budur mung sanes candi ieu mah. Pernahna di gunung Padang kiduleun Cianjur.

Samemeh ieu batu-batu dipaluruh nanging ari diamankeun mah kedah, bi-lih seep dibantunan teu puguh.SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 17

Kawajiban Pamarentah sareng rahayat ngarawat ieu titilar nini moyang, BAB I JAMAN PAJAJARAN Etang-etang kanggo pangjajap sareng panaratas jalan, upami tuang man minangka mumulukna, ieu naskah urang kawitan ku jaman Pajajaraji. nuju jaya, wanci Silih Wangi jadi narpati, rea ketan rea keton, repeh rapih gemah ripah loh jinawi, da bongan aya pakaitna sareng eusina naskah. Urang ngawitan ti Galuh ngadeg ratu, kitu oge katomper-nakeun, 4/5-na jaman Galuh bade dikmcatan bae supados naskah henteu hambar ngayayay. Kacarioskeun, anu janten ratu di nagara Galuh (caket Ka-wali di kabupaten Ciamis kiwari) jenenganana teh Prabu Wangi alias Niskala Wastu .Kancana C + 1357 - 1461). Dina Carita Parahyangan, ^ kenging nyusun 'Dis. Aca, lambaran ka21 kaunggel ; " Aya naseuweu Prabu, Wangi ngarana, inyana Prabu Niskala Wastu Kancana, nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma, lawas niya rati: saratus opat taun, kena rampes na agama, kertajaga " (Aya deui anak Prabu, Wangi ngaranna, nya eta Prabu Niskala Wastu Kancana, nu pupus di Nusalarang di Gu-nung Wanakusuma, lamina jadi ratu seratus opat taun, ku lantaran sampurna dina agama, subur makmur). 1) Carita Parahyangan teh sami sareng Pararaton di Jawa Tengah, buku anu nyaiio*-keun runtuyan par* Hyang atanapi para ratu anu agageugeuh karajaan Giluh, disc rat ku sepuh baheula, duka saha sareng iiahana mah heunteu aya katerangan anu paiti, kinten-kinten sab&da buiakna Pajajaran, Basa anu diangge nya eta baia Sunda kuno. Eusina seueur anu cocog sareng bukti sajarah sanes. "Sakitu sugan aya nu dek nurutan inya twu(h) nu surup ka Nusalarang. Daek eleh ku satmaka, eleh ku nu ngasuh. Nya mana e(na)k mangan, sang resi enak ngaresianana, ngawakan nu purbatisti, purbajati. Sang dis(r)i enak masini, ngadunan alas pari alas.SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 18

Ku beet hamo diukih, ku gede hamo diukih.............................." {Sakitu, sugan aya anu rek nurutan anjeunnatuh nu pupus di Nusalarang. Daek eleh ku satmaka. Lantaranana subur makmur, eleh ku nu ngasuh. Ku sabab kitu ngeunah dahar, sang resi ngeunah ngaresianana, ngamalkeun nu purbatisti, purbajati. Sang dukun ngeunah masini ngamalkeunkamanusaanana/igabagi leuweung. Ku nu leutik moal digambreng, ku nu gede moal digambreng). Prabu Wangi alias Niskala Wastu Kancana digentos atanapi disilih ku putrananu jenengan Prabu Dewa Niskala (1461 1468). Ku margi ieu Prabu Dewa Niskala teh ngagentos rama anu jenengan Wangi, janten tiasa oge disebat panyilih atanapi hiji silih Wangi. Upami kitu Prabu Dewa Niskala teh tiasa disebat panyilih Prabu Wangi atanapi Prabu Silih Wangi anu kahiji. Salajengna Prabu Dewa Niskala alias Prabu Silih Wangi I digentos ku putrana, jenenganana Prabu Jayadewata ('1468 2) leu angka taun teh kenging mexueut sareng ngurut tina Carita Paiahyangan, Sa-leiesna anu lengkep dina Carita Parahyangan mah mung runtuyan ratu Galuh ti nu kahiji dugi ka anu p anu tup, ari tareh mah teu aya hiji-hiji acan. Namuug upami nyandak hiji taun anu tiasa dianggap pasti, misalna bae tareh prasasti Batu Tulis anu eces ditatah : "panca pandawa (e(m)ban bumi," sapertosna Holle macana = 0, Purbacaraka 2, Husein Jayadiningrat = 3, ari Pleyte mah = 4. Nanging upami dikaitkeun sareng runtuhna Pajajaran taun 1579, bacaan Pleyte rupina pangco cogna, margi upami bacaan sarjana sanes ngaakibatkeun jangka waktos antawis pupusna Jayadewata alias Prabu Sflih Wangi II sareng "ngahyangna" Prabu Seda dugi ka ratusan taun, hiji hal anu mustahil, (Holle = 1055 S = 1133 M, Purbacaraka 1255 S - 1333 M Husein Jayadiningrat = 1355 S = 1433 M, Pleyte = 1455 S = 1533). Antawis Prabu Jayadewata sareng Prabu Seda heunteu kaselang ratu nanging ngamuat lamina "masa tahta** unggal ratu. Ku margi kitu tiap taun jenengan ratu tiasa dietang kalayan ngagunakeun taun prasasti Batu Tulis 1533, kanggo koncina. 1507 ). 2) Prabu Jayadewata oge hiji Prabu Silih Wangi, nya eta ami kadua. Numutkeun Sajarah Cirebon kenging nimba tina kitab Purwaka Caruban Nagari *) t waktos Prabu Jayadewata masih kench janten raja di karajaan alit, Sindang kasih (ayeuna : Majalengka), ari anu janten ratu di Galuh nya eta jeng Aki jenengan Prabu Niskala Wastu Kancana, Prabu Jayadewata teh kantos "ngaron-da" ka Karawang marios pasantren IsJam di dinya. Di pasan-tren aya santri istri teu kinten geulisna. Prabu Jayadewata kapin-cut, enggalna carios teras nikah ka eta santri istri anu jeneng-anana Subanglarang, putrana Mangkubumi ti karajaan alit Singa-pura (ayeuna : Mertasinga). Subanglarang janten *vameswari. Ti ieu prameswari, Prabu Jayadewata kagungan putra tilu, nya eta : 1. Pangeran Walangsungsang ; 2. Ratu Rara Santang ; 3. Raja Sagara (Kian Santang) Ku jeng ibu para putra teh dididik kana agama Islam. Subanglarang wafat dina tahun 1441 di Pakuan. Para putra ngadeuheus ka ramana neda widi supados lebet agama Islam, nanging jeng rama ngawagel. Kumargi kitu Welangsungsang rerencepan ngantunkeun karaton teras angkat henteu puguh anu dijugjug, nya sumping ka daerah Priangan kiwari wewengkon Gunung Mara (ayeuna : di Ciamis), patepang sareng wiku Budajenengan Danuwarsih, anu kaleresan kagungan putra istri. Pangeran Walangsungsang nikah ka putra wiku. Walangsungsang neraskeun lalampahan tumut kana piwejang mertua. Teu lami rain a, Ratu Rara Santang, nyusul ti Pakuan, teras anjeunna tiluan angkat ka palih kaler dugj ka hiji kampung, nu namina Jati "(ayeuna : Gunung Jati). Di dieu Walangsungsang, istrina sareng Rara Santang dialajar agama Islam ka utama ageung jenengan Seh Nur Jati. Walangsungsang calikna di palih kiduj nyiruruk di Kuwu Ki 3) Sulendraningrat, P.S. Sejaiah Cirebon, Lembaga K&budayaan Wilayah III Cirebon, Gedeng Alung-alang. Sabadu ieu kuwu wafat. Walangsungsang janten Kuwu. rtganggoSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 19

jenengan Cakrabuanu sareng Sri Mangana. Teu lami, Walangsungsaftg dtwejang ku Sen Nur Jati supados angkat ka Mekah Walangsungsang, istrina sareng Kara Santang lajeng arangkat ka Mekah Kacarioskeun waktos di tanah suci pependak sareng Patih Karajaan Mesir anu ngemban tugas mi-lari pigarwaeun Sultan Mesir. Kara jntang kaleresan sami pa-meunteuna sareng prameswari Sultan Mesir almarhumah. Eng-galna carios Rara Santang nikah lajeng janten padmi Sultan Mesir, jenengan Syarif Abdullah. Sultan ti Rara Santang kagungan putra dua : 1. Syarif Hidayatullah ; t ? 2. Syarif Nurullah. J Waktos Sultan pupus para putra masih aralit keneh. Dina yuswa 20 taun Syarif Hidayat angkat ka Mekah sakalian ngulik agama ka Syeh Attaulahi Sajali. Ti dinya teras ka Bagdad kanggo nguhk-tassauf Ari mulih ka Mesir dipasrahan karajaan, Mesir kanggo ngagentos ramana, nanging Syarif Hidayatullah henteu Versaeun margi langkung katarik ku nyebarkeun agama Islam. Anu janten Sultan man raina, Syarif Nurullah. Syarif Hidayatullah lajeng angkat ka Jawa, nyimpang di Gujarat, ti dieu nembe teras ka Pasei (Aceh) sakalian ngulik deui agama kenging 2 taun. Ti Pasei, Syarif Hidayatullah teras angkat ka Banten. Di Banten, sareng tempat sanesna di basisir Ka-ler Pula Jawa teh parantos mekar agama Islam upadi iii Cirebon mah. Ti Banten Syarif Hidayatullah teras ka Cirebon. Ku Seh Nur Jati anjeunna dipangdamelkeun bumi di Sembung (Jati), nya disebat Maulana Jati. Syarif Hidayatullah henteu liren-hren nyebarkeun agama Islam sanes bae di tatar Sunda (Banten sareng sajabina) nanging oge ka luar nagara, nya eta ka nagara Cina, Ka daerah Syanghai Islam lebet taun 700 Ti Nyai Ratu Kawunganten, Syarif Hidayatullah kagungan putra dua : 1. RatuWanon; 2. Pangeran Sabakingkin alias Hasanudm lanu engkena dijantenkeun Sultan Banten kahiji). Ti Nyai Tepasan, Syarif Hidayatullah kagungan putra dua : 1. Rata Ayu (kapayunna janten istri Falatehan); 2. Pangeran Pasarean (engkena ngalajengkeun ra-ma di Cirebon). Ti Nyai Lara Bagdad, Syarif Hidayatullah kagungan putra dua : 1. Pangeran Jaya Kelana ; 2. Pangeran Brata Kelana (Gung Anom). Ti garwa anu sanesna, Nyai Babadan, Putri Ong Tien, sareng Ratu Mas Pakungwati (padmi) mah henteu kagungan putra. Nyebama agama Islam pingpinan Syarif Hidayatullah beuki lami teh beuki majeng bae. Malih kabehdieunakeun sipatna cara teh kanagaraan. Cirebon dileupaskeun tina kakawasan Galur janten nagara anu mandiri. Syarif Hidayatullah janten raja pan-dita di Cirebon. Nyebama agama Islam ka Galuh beuki nyedek bae. Anu jeneng ratu di Galuh nya eta Prabu Jayadewata alias Prabu Silih Wangi II. Sakumaha parantos diterangkeun, Prabu Jayadewata tehEyangtegesna Syarif Hidayatullah ti pihak ibu. Ibuna Syarif Hidayatullah jenengan Rara Santang, putra Prabu Jayadewata nikah ka Sultan Mesir Syarif Abdullah-Janten Eyang sareng putu ben ten agama, putu agama Islam an Eyang agama Hindu. Duanana pada keukeuh sareng tukuh nyepeng agamana. Sajeroning eta Cirebon janten nagara anu mandiri leupas ti nagara Galuh. Nanging sumebarna agama Islam henteu liren malih langkung, nyebar nuju ka Galuh. Lami-lami raja Galuh, Prabu Jayadewata, ngaraos rempan ka-peped. Dina taun 1533 anjeunna ngalih ka beh kulon, ka we-wengkon Bogor kiwari, teras bae ngadegkeun nagara anu disebat nagara Pajajaran. Di Galuh anjeunna digentos ku Prabu Sura-wisesa(1507-1521). Pajajaran enggal pisan ageung sareng majengna, Hindu pangageungna di Tatar Sunda, ngnwengku sakuhah Parahiangan iwal ti anu lebet ka Galuh Palabuanan di basisir kaler Uut-Jawa di antawisna Pontang (Banten) Sunda Kalapa, Cikande, Tangerang. Sadayana sering kadong kapan kapal-kapal asing di antawisna Portugis. Portugis wak-tos harita kawasa di Malaka. Kanggo Pajajaran anu nuju kasedek-keun kuSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 20

nyebania agama Islam dongkapna Portugis tehdimang pa'atkeun , kanggo milari balad mayunan Cirebon. Lajeng Pajajaran nyaketan urang Portugis anu aya di Malaka. Dina buku Hageman, J.Cz.J., fc^ Geschiedenis der Soenda-Lan-den 4) dicarioskeun kieu : In het jaar 1512, kwam er een heidense koning van Zunda, genaamd Samiam, zijne hulde bij Alfonso d'Albuquerque aanbieden. Deze koning Samiam kwam an-dermaal te Malaka in 1521, toen Jorge d'Albuquerque aldaar gezaghebber was. Uh de opgaven deze "Rej de Zunda" vernam Dom Jorge veel van de handel van Zunda en Wilde daarom een proef nemen en zond in 1522 zijn swager, Henriques de Leme met een setup van Malaka naar Zunda, met geschenken voor de koning Samiam die daar heer van het land was ", (Dina taun A 512 sumping raja Sunda jenenganana Sang hyang anu nyembah area masihan kahormatan ka Alfonso d'Albruquerque. leu raja Sanghyang teh sumping deui dina taun 1521 waktos Jorge d'Albuquerque janten panguasa di ditu. Numutkeun catetan ieu "raja Sunda " Donn Jorge jadi seueur katerangan tina hal perdagangan Sunda, ku margi kitu hoyong ngayakeun panalingtikan lajeng ngintun dahuanana, Henreques de Leme, dina taun 1522 balayar kapal ti Malaka ka Sunda, ngabantun hadiah kanggo raja Sanghyang anu janten raja di dinya). Anu dimaksad Sunda teh nya eta Pajajaran Puncakna ieu hubungan mangrupi hiji "padrao" (tugu tina hatu) dina taun 1523. Numutkeun carios, pihak Pajajaran diwakilan Ku Prabu Seda, putra Prabu Jayadewata. 4) Hageman, J-C.z J, de Geschiedenis der Soenda-lajiten, 1867. Dina taun 1521 Portugis ngereh Pasei (Aceh). Rajaputra anu jenenganana Fadilah Khan alias Falatehan ngejat ka Mekah, maksadna jabi ti munggah haji, bade nyuhunkeun bantuan ka Raja Mekah. Lajeng Falatehan angkat ka Demak nagara anu dasar-na agama Islam. Anu janten sultan jenenganana Trenggono. Teu lami Falatehan diangkat janten Panglima wadyabala Demak. Falatehan ditikahkeun ka raina Sultan Trenggono anu jenangan Ratu Pulung. Dina tahun 1526 Falatehan diutus ku Sultan Trenggono supados angkat ka Banten sareng Sunda Kalapa kanggo nyebarkeun agama Islam bari sakalian ngarurug urang Portugis. Dipiwarang ngarurug Portugis man Falatehan ten atuh asa mobok manggih gorowong, margi ti payun Portugis ngarurug Pasai lemah cai Falatehan. Kanggo ngiatan wadyabala Demak, Falatehan supados nepangan Syarif Hidayatullah. Falatehan sumping ka Cirebon nyandak wadyabala Demak seueuma 1864 urang. Portugis waktos harita ngayakeun perjangjian sareng Pajajaran, mung kumargi dirurug ku Falatehan, Portugis teh hen teu tiasaeun ngabantu ka Pajajaran. Dina taun 1526 Banten, anu harita lebet wilayah Pajajaran dirurug teras dire but ku Falatehan. Lajeng Banten dijantenkeun nagara mandiri. Pangeran Hasanuddin, putra Syarif Hidayatullah Sunan Gunung Jati, diangkat janten Sultan Banten anu nga-witan. Saparantos Banten direbut sareng rahayatna lebet agama Islam, lajeng Falatehan narajang palabuan Pajajaran anu namina Sunda Kalapa dina taun 1527, Henteu lami Sunda Kalapa karebut Falatehan dijantenkeun Bupati Sunda Kalapa anu namina digentos janten Jayakarta. Falatehan sok sering disebat raja Sunda kumargi janten Bupati Sunda Kalapa tea. Nyebama agama Islam ti Cirebon henteu liren. Dina taun 1528 Rajagaluh nagara caket Cirebon, dirurug. Wadyabala Cirebon dipimpin ku Adipati Kuningan, putra angkat putrid Ong Tien, istri Syarif Hidayatullah ti nagara Cina. Katelah Kuningan kumargi numutkeun wartos nalika orokna dilironan ku bokor kuningan candak ti nagara Cina. Orok teh asalna ti Raja Luragung. Lajeng ku Syarif Hidayatullah, rama angkatna, dipaparinan je-nengan Adipati Kuningan. Rajagaluh lebet wilayah Cirebon, rahayatna lebet Islam. Agama Islam teras disebarkeun ka daerah Talaga. Dina taun 1529 wadyabala Cirebon ngarurug Talaga. Talaga lebet wilayah Cirebon, rahayatna sabagian ageung lebet Islam. Ari raj ana mah kenging sababaraha turunan tetep bae nganut agama Hindu, Raja di Talaga ; 1. Batara Gunung Picung, 2. Sunan Cung-kilak, 3. Sunan Benda, 4. Sunan Gamboh, 5. Ratu Penggang Sang Romiang, 6. Prabu Darmasuci, 7. Bagawan Gara Siang, 8. Ratu Matangkaruna, 9. Rangga Mantri (Pucuk Umum), 10. Sunan Wanapri (Aria Kikis).5) Nembe putra Sunan Wanapri,SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 21

jenengan Aria Wangsa Goparana anu lebet Islam teh, malih ku margi ramana henteu saluyu lajeng Aria Wangsa Goparana ngantunkeun kara-ton Talaga, ngejatna teh ka Sagaraherang. Teras ngadegkeun nagara di dinya. Usaha nyebarkeun agama Islam di Cirebon salajengna dituju-keun ka nagara Galuh. Lamilami Galuh kateter, rahayat katut pingpinan nagara beuki mundur ka rawa Lakbok. Dina kintenkinten taun 1565 Galuh rurrtuh; numutkeun babad, raja anu pangahima Nusia Mulya, anjeuna lajeng ngahiang.6) Di palih kulon agama Islam teh disebarkeun ku Sultan Hasa-nudin ka Pajajaran. Wadyabala Banteningarurug Pajaran nanging Pajajaran tetep nagen. 5) Numutkeun catetan anu aya di Musium Talaga. Aii numutkun catetan anu ditimba tins babad kenging Dal em Pancaniti mah Pucuk Umun teh putrana Munding Sari, Leutik (unggali dina Bab Aria Wangsa Goparana), 6) Numutkeun babad Galuh. Aya wartos, di Ciamis mah ari kabupaten nu)u pesta nganggo iring-iringan teh suk diayakeun kuda kosong dirarangkenan, dipayungan nganggo sela, gin ding sapertos tutunggangan BupatL Atuh di Kabupaten disayagi-keun sasajen. lit a sadaya kanggo ngahonnal ratu Galuh anu ngahiang, bilili ngd-sakeun rurumpaheun. Ngahiangna aya anu nycbatkeun di rawa Lakbok anu nga-plak satungtung deuleu. Sultan Hasanudtn pup us, digentos ku putrana nu jenengan Maulana Yusuf. Sultan Maulana Yusuf oge neraskeun nyebar-keun agama Islam ka Pajajaran. Nanging Pajajaran tetep henteu ru-buh. Numutkeun babad Banten, mangsa aya gulang-gulang Pajajaran anu ngarasanyeri hate, teras biluk ka Banten, wastana Ki Jungju^ sareng adina, Ki Jongjo. Ki Jungju ngadeuheus ka Sultan, nerangkeun yen sanggem narajang dayeuh Pajajaran asal dibahanan lima ratus prajurit nu tumpak kuda sareng maneh-na janten hulubalangna. Paneda Ki Jungju ditedunan ku Sultan. Ki Jungju mio mingpin wadyabala tumpak kuda nuju ke dayeuh Pajajaran. Da puguh urang" "jero" Ki Jungju apal jalan. Wanci tengah wengi Ki Jungju sareng para piajurit lebet ka jero benteng. Perang rongkah pisan, urang Pajajaran bobor karahayuan, da henteu disangka-sangka rek dijorag. Dayeuh katut karaton diburak-barik ku wadyabala Banten, rayat bubar katawuran pangagung nagara katut para putra raja mencar ka mana-mana. Aya sabagian rahayat anu kaburna teh ka leu-weung gunung Kendeng, dugi ka ayeuna masih aya keneh di-dinya, kasebat urang Baduy"^ anu masih keneh hirup-hurip kalayan masih tetep nganut agama karuhunna (sok aya anu nye~ bat agama Sunda, nyembah ka Sanghyang Batara Tunggal). Ari raja Pajajaran mah numutkeun babad teras ngahiang. Dina Saja-rah Banten panarajang ka Pajajaran teh dicarioskeun kieu : 7). Numutkeun babad Banten. 8). Sok wring ditafsiikeun kecap Baduy teh asaLna tina Badewi, salahsahiji selet bangsa Arab anu alimeun lebet agama Islam. Aya pan gl am on lucu ngeunaan urang Baduy waktos simkuring (nu nyerat ieu naskah) "kuli" di Banten. lliji waktoi tumi ka daerah Baduy, kenging saminggu nganjiek di rorompok "karuhun", neda sasaiengan ari wengi ngobrol boyong terang hirup kumbuhna sadidinten. Waktos sim kurng nerangkeun yen ayeuna mah urang teh parantos mandiii (merdika), pok teh Jaro Luai, Samin, nyanggem kieu : rtDa kula mah ti baheula oge mardika, tacan kungsi dijajah ku Walanda". Di emut-emut ucapan Jaro teh aya teres aya henteu. Di tingaJ tina pangakuan Pamarentah Hindia Walanda mah (de jure ?) daerah Baduy teh lebet ka Hindia Walanda janten dijajah Walanda sami sareng daerah sanesna di Indonesia + 35 0 taun Lamina. Namung urang Baduy oge henteu lepaUepat teuing, da dugi ka danienan sim kuring dongkap teh henteu scan kungsi aya bangsa Walanda ngalanto ka daerah Baduy. J am an Hindia Walanda daerah Sampuning palastra nanging wanianen ika, ratu Pa kuan ini apan sami sayaga, Ian paraSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 22

ponggawa, yen ana musuh prapti, geger wong Pakuan, tan karuhan idepnya, polahe wus borakbarik. Adan kocapa mangke wus te-ngah wengi, iyata ki Jungju adan manjing jeroning kuta, wayahe tengah wengi, geger wong jro kuta, tan koningan lebatnya, ki Jungju kuwat ngamuki sarewangira, wong bmangatus ngoeni. Ramening prang gusrekan tunjang-tinunjang, angrebut anak rabi ingkang gasik ngalas, kang katut tan pejah. Kocapa ratu nira neki, Sang Seda Ian Pucuk Umum malih. Prabu Seda anglengleng Ian kakaleng ika sami musna, tan kikas yen ujaro ika ingaran ngahyang ilang wa kakawami. Kocapa bala ing sakatahe kang kari Ian kinen amandang kalimah kalih sahadat, saweneh karsa pribadi, mangke kwasna Panembahan nirekL Panembahan lami lungguh ing Pakuan " Cutatan di luhur teh urang salin *cana basa Sunda ayeuna sacara bebas bae, supados langkung kahartos : Saparantos sayaga rupi-rupi, ratu Pakuan (aos Pajajaran) oge sami sayaga sareng para ponggawa yen aya musuh tarapti, gehger urang Pakuan teu kantenan pikiranana,po-lahna geus kaweur, Lajeng kakocapkeun engke parantos tengah wengi, nya eta Ki Jungju teras lebet ka jero kuta wayahna tengah wengi, gehger jatmi di jero kuta, teu kinten ramena, Ki Jungju meni ngamuk teu kira-ki-ra, jalmi lima ratus kitu. Ramena perang tanding, silih sedek, ngarebut anak pamajikanana enggal ka leweung, dibawa teu pisah. Kocapkeun Raja sareng prameswari. Prabu Sada

Baduy teh diaianiep bae ku urang Walanda, tara ditempo-tempo, ari kukitu tea mah bade naon Walanda iempa-tempo ka dinya, Malfli mah sabada Pajajaian runtuh oge ku Pamaientah kasultanan Banten (Maulana Yusuf) mang Baduy teh diingkeun bae asal henteu ngaganggu ka Banten. Janten iasana mah tangtosna oge masih keneh jadi rahayat Pajajaran anu nuju ngungsi nebihan panarajang wsdya-bala Banten ban tetep mandiri. ! Anu janten panarik teh eta sikap "henteu acan kungst" dijajah. Sihoreng sanes di Baduy bae anu kitu teh, cenah, waktos simkuring ka Sulawesi, aya daerah caket Palu, anu leres-leres dijajah ku Walanda teh nembe dina taun 1938*an .Walanda parantos rampeu nyanghaieupan, dina karuntuhanana. Kantos dijajah atanapi henteu dijajahna uiang Baduy ku Walanda, rupina kumaha sareng ti beulah mana njngalina bae, naha ti pihak urang Baduy. atanapi ti pttiak Walanda.SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 23

Tan ieu urang Baduy teh.asli 3arta murni rundayan rahayat Pajajaran.Bilih hoyong uninga tata cara hirup kumtuh urang Fajajaran aHll,kedah angkat lea Baduy. Aya dtia mpi urang Baduy,nu dieebat Baduy Kajeroan aareng Baduy Lu ar.Eentenna tiasa katingali dina pakeaiiana. Urang Rajeroan man pak anana teh sarwa bodaa.Sawangsulna Baduy Luar pakeanana aarwa hideung Wartosna urang Kajeroan man masih bereaih.hartoana ten acan ngareopak adat Baduytupaisina bae udud roko. "boda3* (aigaret) atanapi nganggo bahan ti luar Baduy keur midamel rorompok,kayaning paku.seng aareng sajabina,Salian ti eta urang Kajeroan mat teu kenging plsan ka luar tl daerah Kajeroan.Paroarentahan Baduy kenglng disebatkeun lengkep, aar.aos saderhana aareng mung tahap handap {Deflfi,nagari,negorl3-Bld). Pangluhurna Fuun.kapala dina sagale rupi hai. bok adat bok pamarenta-han.Lajeng aya Girang Seurat,upand ayeuna. mah Sekretaria Jenderal pauginten.Dltenia ku Jaksa tukang n^ajagl Kaamazian sareng katengtremar.-TI dinya WawaJsil nagari sanesnB.Rorompok urang Baduy nganggo ko-long (tincali potret),sanes keur ingon-ingon naiiiung bilih aya eato galak.Ari wengi tarajena dikaluhurkeuii.Pakarang urang Baduy teh be-do^.Afiu kon^lne lebet ka daerah baduy munj" beuai keur bedog.kapaa ktur pakean dltinun tjoranf.an, uarvnc uyah.Salian tl eta ah pantranc* Poto Una Hajalah KARTIHI NO.173 sareng Pucuk Umun deuih. Prabu Seda kalintang ewed-na, nya kitu deui nu kadeuheus ka anjeunna. Nanging teu lami (ku kasaktenna) aranjeunna sami musna tanpa aya tilasna, bejana kasebutna ngahiang, leungit teu katingali. Kocapkeun bala-rea anu kantun ngucapkeun dua kalimah sahadat kalayan kahayang pribadi sanes ku pamaksa Panembahan. Panembanan lami calik di Pakuan" Sadava anu dicarioskeun di luhur teh kajantenanan dina ta-un 1579. Dina taun eta Pajajaran burak. Pajajaran kantun ngaran, Silihwangi kantun nami. Wangi tug dugi ka kiwari, ngada lingding sakuliah Tatar Sunda, kaambeuna mung ku urang Sunda. Tina cutatan di luhur tiasa kauninga yen jenengan raja Pa-jajaran anu pangahirna teh nya eta Prabu Seda sareng saparantos dayeuh Pajajaran direbut ku pasukan Banten (ki Jungju), sang Prabu katut garwa teras ilang tanpa karana, nya eta ngahyang. Kumaha tiasana ki Jungju lebet ka jero benteng tiasa diaos dina sajarab Banten tea. Dina Serat Banten oge dicarioskeun carana ngajaragA. ka Pajajaran, sami teu benten sasieur sanggem paripa-osna mah.SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 24

Iraha Prabu Seda ngagentos Prabu Jayadewata, ramana ? Kanggo ngajawab patarosan teh henteu aya katerangan anu pas-ti, mung aya bahan saeutik nya eta tulisan dina prasasti Batu Tulis di Bogor (ayeuna oge ieu prasasti teh tiasa diuninga di Jalan Batu Tulis.kota Bogor). Unina prasasti teh kieu : watu geng pun. sri sang ratu de -wata pun ya nu nyusukna pakuan diya anak rahyang dewa niskala, sasida mokta di guna tiga. incu rahyang niskala wastu ka(n)cana sasida mokta ka nusa lara(ng) jasija nu miyan saka(n)ta guru nusan ? niyan samida sanghyang talaga rena maha-wijaya ya siya. I saka pandawa (tiban) bumi '*. (Transkripsi kening Hoik ') Disalin kana basa Sunda mah kinten-kinten kieu : Mugi salamet leu sasakala, prabu purana, anjeunna di-ngaranan prabu guru dewaprana, anjeunna dingaranan nganggo jenengan sri baduga maharaja ratu haji di pakuan pajajaran sri sang ratu dewata. Anjeunna anu ngadamel balungbang (Ind parit) di pakuan, anjeunna putra rahyang dewa niskala anu pupus di guna tiga incu rahyang niskala wastu kancana nu pupus di nusalarang sareng anjeunna anu ngadamel samida, ngadamel sanghyang talaga rena mahawijaya sareng tah eta anjeunna ten. Saka panca pandawa emban bumi. leu naskah henteu gaduh maksad nga-analisa prasasti di lu-hur, upamina bae naon hartosna 'purana" , iraha pupusna Prabu Jayadewata ? Sana anu ngagentosnya ? Sareng sajabi ti eta. Namung di dieu mah urang candak ririgkes sareng pokona bae, nya eta yen Prabu Dewata Sana teh sami sareng Prabu Jayadewata. Jan ten prasasti dipidamel kanggo pangeling-ngeling ka Prabu Jayadewata. Prabu Jayadewata nganggo rupi-rupi jenengan atanapi gelar sanesna sapertos : Prabu Guru Dewata Sana, Sri Baduga Maharaja, raja di Pakuan Pajajaran. Di luhur parantos disebatkeun yen anu ngagentos Prabu Jayadewata alias Silih Wangj II teh nya eta putrana anu jenengan Prabu Seda. Janten Prabu Seda teh raja Pajajaran Panutup ku margi ngahyang waktos dayeuh Pajajaran direbut ku pasukan ki Jungju ti Banten (1579). 9) HoBe, ICF.f de Batu Tulis te Buitenzorg, Nog n woord over de Batu Tulis t* Buitetizorg,1867, 1867. Parantos diterangkeun yen Prabu Jayadewata ngalih ti Galuh ka wewengkon Bogor teras ngadamel nagara Pajajaran dina atun 1507. Ti taun ieu Prabu Jayadewata janten raja Pajajaran dugi ka digentosna ku Prabu Seda ( antawis 1523 1533, nya eta taun perjangjian Pajajaran - Portugis sareng taun didamelna prasasti Batu Talis, Bogor ). Di Galuh mah Prabu Jayadewata teh digentos ku Prabu Surawisesa. Prabu Surawi-sesa digentos ku Prabu Ratudewata, Prabu Ratudewata digentos ku Sang Mangabatan, Sang Mangabatan digentos ku Sang Nilakendra, Tohaan di Majaya. Sang Nilakendra digentos ku Nusiya Mulya. Galuh runtuh ku raraga Cirebon dina nye-barkeun Islam dina taun 1565, janten samemehna burak Pajajaran (1579). Barang Nagara Pajajaran burak (1579), harita keneh karaja-an aralit, nagri, malih "volksgemeensc happen" (Ind = kesatuan masyarakat) atanapi "groepsgemeenschappen" (Ind = kesatuan golongan) nu kawitna kaereh ku Pajajaran ngaraos mandiri. Sala-sawios kabupaten anu jenten mandiri nya eta Sumedang Larang, bupatina jenengan Geusan Ulun, Anjeunna enggal ngembarkeun yen sakuliah tilas Pajajaran teh janten bawahan Sumedang La-rang.SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 25

ini sasakala prebu ratu prana pun diwastu diya di ngaran prebu guru dewata - sana diwastu diya di ngaran sri oaduga maharaja ratu haji di pakuan pajajaran

Namung kanyataanna seuseueurna mah henteu nam pi kana ieu embaran, atuh kapaksa Geusan Ulun ngerahkeun wadyabalana kanggo naluk-nalukkeun kabupatian atanapi nagri anu nanduk atanapi teu ngangken ka Sumedang Larang. Anu ngawitan dihanca teh nagri-nagri di sapanjang basisir kaler sapertos : Ciasem, Pama-nukan, Pagaden, Karawang, sareng sajabina, sanaos eta tempat nuju dicepengku Banten. Ringkesna mah, mangsa runtuhna nagara Pajajaran ngandung hartos mangsa mandirina karajaan, padaleman, nagri, malih "volksgemeenschappen" pisan. Geusan Ulun teu laksana ngawangun Sumedang Larang, Anjeunna kabu-jeng pupus. Engke kapayun aya deui bupati Sumedang, jenengan Pangeran Rangga Gempol III (1656 1706), anu hoyong ngalaksanakeun cita-cita Geusan Ulun, nanging Pangeran Rangga Gempol III oge henteu laksana.

Kujang, pakarang- urang Pajajaran, ayeuna sok dianggo lambang. Kujangna mah "asli" tilas karuhun anu kumelip dina mangsajayana Pajajaran. Sarangka sareng perahna mah kenging jalmi ayeuna.

Tan ieu padrao teh, tugu sasakala pangemut-ngemut perjangjian antawis Pajajaran - Por-tugis, Portugis harita nuju kawasa di Mala-ka, ari Pajajaran sawangsulna nuju mayunan karuntuhanana (1523).

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 26

Batu paranjang ieu sami caket prasasti

Patilasan parit anu ngurilingan karaton, jerona kinten-kinten 10 M.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 27

Di Jalan Batu Tulis Bogor kota, caket prasasti seueur batu-batu prasasgi, paranjang. Bet asa sami sareng arm aya di Gunung Padang, Cianjur, Boa fungsina oge sami. Mugi pangnalungtikeun ku nu tiasa.

Batu ieu oge caket Prasasti Batu Tulis. Anu rata, war-tosna paranb gulang-gulang nu calik ngajagi lawang. Kacipta nuju silana.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 28

75. Portugeesche wapenzuil, ter herinnering aan het verdrae gesloten met Padjadjaran in Augustus 1522, gevonden m 1918 m de Prinsenstraat te Batavia. Citakan padrao kanggo pangemut-ngemut perjangjian . Portugis - Pajajaran, Aeustus 1522. Kapendakna dina taun 1918 Prinsenstraat, Jakarta.

Laporan Amrique de Leme, tanggal 21 Agustus 1522 Koleksi Areip "Toere do Tomb?' , Lisbon, Portugal. Bukti perjangjian Pajajaran - Portugis tea.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 29

Sesa-sesa patilasan benteng Pajajaran, kinten-kinten panjangna ay a 300 M. Pernahna di Lawang Gintung (Bogor kota).

Area tina batu, wartosna patilasan jaman Pajajaran. Pernahna di sisi jalan Batu Tulis, Bogor kota.

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 30

P rasas ti Batu Tulis, sasakala Prabu Jayadewata, Sri Ba-duga Maharaja, Prabu Guru dewatasana, prabu ratu purana (aim.)* Pernahna di Jalan Batu Tulis, Bogor kota.

Ljngga-lingga patilasan Pajajaran, fungsina lam bang ka; rajaan, nagara Pakuan Pajajaran. Pernahna caket prasasti pisan. -

SilsilahBayubud.Blogspot.com

Page 31

"Watu Gigilang" Piranti ngistrenan raja-raja Pajajaran, Teu syah jadina raja upama teu diistrenan dina ieu batu. Waktos Pajajaran run-tuh, Watu Gigilang dialihkeun ka Banten. Dugi ka ayeuna. Ku dialihkeunana Watu Gigilang, Pajajaran moal tiasa deui ngadeg ratu. Nu nudamelna jenengan Sang Susuk Tunggal (Carita Parahyangan lembar no. XVI/) Ukuranana : 189 x 120 x 16 cm. Pasagi palih kiwa : 47 x 36 cm. 1. RADEN ARIA WANGSA GOPARANA abadke-17 1) Nagara Pajajaran, karajaan Hindu anu pangahirna di Tatar Sunda (= Jawa Barat), "burak" dina taun 1579. Runtag-na Pajajaran teh ku ay ana panarajang wadyabala Banten dina jeroning nyebarkeun agama Islam. Awahing ku keukeuh peu-teukeuh hoyong tetep ngagem agama asal nya eta agama Hindu, Raja sareng Ratu Pajajaran teh mutuskeun langkung sae "ngahiang" sanaos moal mulih deui tinimbang sumerah raga atanapi lebet agama anyar. Samemeh les leungit tan katingalan.sanggem sakaol,Raja sasauran heula, di antawisna: "Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing teu wasa mawa dia pipilueun, milu hirup jadi balangsak ngilu rudin bari lapar Sabab pikeun ngaing henteu pantcs jadi Raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak " Saparantos Raja sareng Ratu ngahiang, para gegeden nagara paburencay teu puguh anu dijugjug, asal rnubus ka gunung atanapi ka leuweung geledegan, supados buni teu kapanggih, malar tiasa nebihan agama anyar. Duapuluhdua taun Dayeuh dikantun ku raja, "Watu Gigilang" Sriman Sriwacana, nya eta batu paranti ngistrenan raja, di"boyong" ku urang Banten. Dugi ka ayeuna masih aya di Banten, sarta Pajajaran henteu wasa deui ngistrenan raja. Ti harita dayeuh Pakuan, ibukota Pajajaran, anu sakitu rame sareng resikna teh sakedet netra les leungit malih warni janten leuweung luwang-liwung sapertos anu satia ka raja,alim dikantun. (Henriques de Leme, urang Portugis anu kantos dongkap ka dayeuh Pakuan, nyarios yen warga dayeuh teh langkung ti 50.000 jalmi. Kanggo waktos harita mah jumlah sakitu teh kacida seu-eurna lir ibarat Jakarta kiwari) Kakayon di leuweung teh langkung ti munding arageungna, pangeusina ukur sato alas anu garalak meong-maung tingharaung, 1) Data numutkeun CUcundulbond, didasarkan kana lebetna agpma Islam Aria Wang-sa Goparana dina taun 1525 S* (1603 MX Salasawios putra Prabu Silih Wangi anu panutup, jenengan Munding Sari,ngejatna teh ka daerah Talaga di suku gunung Ce-reme. Sariaos caket ka puseurna agama Islam di Cirebon,nanging kanggo harita mah Talaga teh kalebet buni. Di Talaga aya karajaan Talaga anu tetepSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 32

nganut agama Hindu. Ti ngawitan taun 15297Talaga parantos kalebet ka wilayah Cirebon, rayat-na oge katelah rayat Cirebon. Munding Sari kagungan putra, jenengan Munding Sari Leutik, Munding Sari Leu tik, puputra Pucuk Umun anu janten Sunan Talaga. Pucuk Umun calikna dileresan Bantengirang. Salajengna Pucuk Umun anu kawentar sakti, puputra Sunan Parung Gang-sa. Sunan Parung Gangsa puputra Sunan Wanapri jumeneng ratu di Talaga. Sunan Wanapri puputra Sunan Ciburang. Sunan Ciburang teh sakti mandraguna, weduk teu texirak ku pakarang. Sadaya rundayan Prabu Sihwangi nu kasebat di luhur tetep ngagem agama Hindu. Salajengna Sunan Ciburang kagungan putra dua, jenengan anu cikal Aria Wangsa Goparana, anu ngarundaykeun para bupati Cianjur, anu nganggo gelar Wira Tanu. Ti ngawitan Wira Tanu IV. gelarna teh ditambih, janten Wira Tanu Datar. Aria Wangsa Goparana sareng panembahan Girilaya lalebet agama Islam, kalayan henteu kapameng janten ulama ageung, leket ibadah sareng tapa, kuru cileuh kentel peujit sadidinten, malih kagungan pasantren ageung. Patilasan eta pasantren aya-na di Talutug (Kacamatan Sagaraherang). Kumargi Aria Wangsa Goparana rai-raka lalebet agama Islam, kapaksa kedah ngan-tunkeun karaton Talaga, lajeng angkat sakaparan-paran, mi-pir gawir mapay lebak ngalangkungan leuweung geledegan, nya anjog di kampung Nangkabeurit kiwari kalebet ka Kacamatan Sagaraherang, Kabupaten Subang. Di dinya anjeunna ngadegkeun nagri atanapi negri (Wld = negorij, Sansk = Desa), anjeunna janten DalemT nya eta kapala atanapi pamingpin nagri. Numutkeun wartos mah samemeh ka Nangkabeurit teh, calik di Gunung Gedogan sareng Gunung Layung heula. Aria Wangsa Goparana teh panjang yuswana, namung henteu ay a katerangan anu pasti sabaraha taunna mah. Sakadar kanggo bahan nginten-nginten tiasa dicandak salasawios taun anu pasti, sapertos taun lebetna Islam ka Talaga, 1529. Aria Wangsa Goparana pupus dina taun-taun abad ke-17, dipendem di kampung Nangkabeunt, Kacamatan Sagaraherang, Kabupaten Subang, ngantunkeun putra seueurna 8:1. Jayasasana, anu sabada jumeneng Dalem nganggo gelar Wira Tanu, 2. Wiia-diwangsa, 3. Candramanggala, 4. Santaan Kumbang, 5. Yudana-gara, 6. Nawing Candradirana, 7. Santaan Yudanagara,.8. Nyi Murti. Saparantos Aria Wangsa Goparana pupus, Sagaraherang mah masih ngagaduhan lalakon malah rayatna oge ngiring kabaud. Dina taun 1579 keneh sabada Pajajaran runtuh, aya bupati ageung muncul, jenenganana Pangeran Geusan Ulun, weweng-konna kasebat Sumedang Larang. Geusan Ulun ngangken yen iabagian ageung tilas wilayah nagara Pajajaran teh kalebet bawahan Sumedang Larang, di antawisna Sagaraherang. Na-nging para bupati aralit sabada Pajajaran runtag teh ngaraos bebas sareng mandiri, ringkesna henteu kabawah ku Sumedang Larang. Kawuwuh anu ngarubuhkeun Pajajaran teh Banten. Numutkeun kabiasaan waktos harita tilas wewengkon Pajajaran teh kedah janten wewengkon Banten. Ku margi kitu kapaksa Geusan Ulun ngerahkeun wadyabala kanggo nalukkeun para bupati aralit nu ngaraos parantos mandiri, nanging anu dipa-yunkeun dixurug teh wewengkon basisir kaler sapertos : Ka-rawang, Ciasem, Pamanukan sareng sajabina, sanaos di eta tempat teh nuju aya balad Banten. Usaha Geusan Ulun teu acan rengse anjeunna kabujeng pupus, lajeng digentos ku putrana jenengan Pangeran Kangga Gem-pol I (1601-1625), anu digentos ku Pangeran Rangga Gede (16Z5-1633), Kangga Gede digentos ku Pangeran Rangga Gempol II (1633-1656), anu digentos deui ku Pangeran Rangga Gempol III (1656-1706). Dina jaman Pangeran Rangga Gempol I dugi ka Rangga Gempol III mah naluk-nalukkeun bupati aralit teh leler. Mung ngawitan Pangeran Rangga Gempol III usaha ngawangsulkeun wewengkon Sumedang Larang teh janten panas deui. Ti taun 1529 keneh oge Talaga parantos kalebet bawahan Cirebon nu akibatna Sagaraherang oge jantenSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 33

lebet ka Cirebon kumargi dianggap dibuka ku rahayat Talaga. Barang ngadangu yen Rangga Gempol III ngalajengkeun usaha Geusan Ulun, enggal bae Cirebon taki-taki ngajagi wates di pagunungan Cimapag sareng pagunungan Cianjur. Para pa dagang Sumedang dipegat, anu keukeuh maksa ngaliwat barangna dirampas. Pangeran Sumedang lapor ka VOC di Batavia (D.20 Januari 1678} nyuhunkeun supados pagunungan Cimapag sareng pagunungan Cianjur diamankeun deui, VOC henteu nedunan pamundut Sumedang rupina bae sajalan sareng pulitik "divide et impera"~na. Lajeng Pangeran ngerahkeun wadyabalana ka dayeuh Cidamar, Sagaraherang sareng Cikundul (D.30 Agustus 16/8 , U. 2 September 1678). Sabagian rahayat Cidamar, Sagaraherang sareng Cikundul diboyong ka Sumedang, margi ku ngaboyong rahayat teh hartosna ngarebut wilayah. Teu ku hanteu, Sumedang dim rug ku wadyabala Banten ti palih Pagaden, malih Cili Widara anu mingpin wadyabala Banten kenging dua taun ngabupatian Sumedang. Atuh wewengkon Sagaraherang teh sawatawis taun wangsul deui ka Cirebon, aya anu dicepeng ku Sultan Sepuh sareng aya sabagian ku Sultan Anom. Namung hentue kantos lami kabujeng dongkap VOC anu ngangken yen wewengkon sakuloneun walungan Pamanukan teh janten wewengkon VOC dumasar kana kontrak antawis Amangkurat II (Mataram) sareng VOC ping 19-20 Oktober 1677. Saleresna dina taun 1652 oge aya pamasrahan daerah ti Amangkurat I, nya eta antawis Untung Jawa - Citarum. Nanging ku margi tisan, ku VOC dianggap kirang kiat, disebatna oge "afspraak" (babadamian).

Makam Aria Wangsa Goparana, di kampung Nangka-beurit, Kacamatan Sagaraherang, Kabupaten Daerah Tingkat II, Subang. 2. RADEN ARJA WJRA TANU (1) (Djayasasana) pupusantawis 1681 - 1691SilsilahBayubud.Blogspot.com Page 34

Putra cikal Aria Wangsa Goparana jenenganana Raden Djayasasana. Ti anomna keneh Djayasasana damelna teh mung ngulik agama sareng tapa. Patilasan tapana dugi ka ayeuna oge ay a keneh, di antawisna di pasir Sagaraherang sareng di guha Cita-rum *\ Saparantos janten Dalem Raden Djayasasana teh nganggo gelar Aria Wira Tanu (Perhatoskeun : henteu nganggo "Datar", anu nganggo Datar mah nembe Wira Tanu IV). Ngeunaan yuswa Wira Tanu 1 mung ay a katerangan pupusna bae, nya eta dina taun 1691. Dina buku de Haan 2) disebatkeun kieu '......................dat in 1691 of zeer kort daarvoor een Ngabehi Wira tanu, Hoofd te Cianjur, meerderjarig 3) en bekwaam om zelf te besturen was geworden " (..................yen dina taun 1691 atawa teu lila samemehna, Ngabehi Wiratanu, Kepala di Cianjur, geus dewasa sarta cakep pikeun marentah sorangan), 1) Numutkeun carios sareng kapercanteunan anu mash keneh aya hususna di kaJangan rundayan seuweu-siwi Wira Tanu (Datar) waklos Wira Tanu tapa teh kasumpingan jin Islam mangrupi istri geulis kawanti-wanti. leu jin kantos ditikah kalayan kagungan putra 3, anu cikal pameget jenenganana Suriakancana, anu panengah istri jenenganana Indang Kancana atanapi Indang Sukaesih sareng anu bungju pameget jenenganana Andaka Wirusajagat. Nuju ieu para putra ti jin tea aralit keneh sok dieyong diayun dina sinjang sup ados enggaJ kuiem. Hiji mangsa nuju dieyong les leungit, sanggem caries dicandak ku ibuna. Nya Raden Suriakancana ngageugeuh di gunung Cede. Ari rai anu istri di gunung Cereme (Cirebon) sasarengan sareng ibu, dupi anu bungu di gunung Kumbang (Karawang). Nya dugi ka ayeuna wartosna turunan Cikundul mah teu kenging (pantrang) dieyong diayun ku sinjang. Sareng upami kagungan hajat pepestaan ria kedah nyayagikeun sasajen mangrupi tuangeun. Malih anu pestana rongkah mah sareng nganggo iring-iringan sok disayagian kuda kosong lengkep nganggo sela sareng dipayungan sakumaha biasana kanggo Dalem. Sasajen sareng kuda teh haturan Suriakancana bilih luntur galih sumping ngalayad ka anu gaduh hajat malar kenging, berekah kasalametan. Tuangeun sok rajeun coceng, kuda sok ngoprot kesangan leumpangna kawas anu ripuh pisan, Numutkeun carios, eta teh hartosna kasumpingan anu gaib tea. Anu dimaksad Wira Tanu di luhur teh nya eta Wira Tanu II (Raden Wiramanggala). Dina taun 1691 Wira Tanu II ngagentos ramana, Wira Tanu I, janten Dalem (sanes "regent", kecap regent dianggo kanggo istilah Dalem dina jaman atanapi nu di-angkat ku Walanda. Istilah "Bupati" kanggo Dalem anu diang-kat ku kakawasaan anu langkung luhur. Istilah Dalem mah kanggo hartos umum sareng mangsa samemeh Walanda, atanapi teu aya anu ngangkat, hartosna jeneng ku sorangan. Biasana gentos Dalem teh dumasar kana turunan, nya eta ku putra cikal, dina waktos Dalem nu digentos tea pupus. Ku margi eta taun je-nengna hiji Dalem sok dihartoskeun taun pupusna Dalem anu digentos. Dina taun 1680 Wira Tanu I teh mingpin pertempuran ma-yunan wadyabala Banten anu ngarurug nagri Cianjur. Janten pupusna Wira Tanu I teh antawis 1680 - 169 L Ngeunaan lahirna Wira Tanu I henteu aya katerangan anu pasti**) 2) Haan, F. de, Priangan, de Preanger Regentschappen ondei net Nederlands Bestum tot 1811, Jilid I, kaca 169, G. Kolft & Co., Batavia, 1922. 3) Numutkeun Kamus Groot Woordenboefc da Nederlandse Taal, s'Gravenhage, Martinus Nijhoff, 1969, istilah "meerderjarig" teh hartosna : 1. sawawa (nincak umui 21 taun nurulkeun undang-undang Walanda); 2. mandiii, henteu merelu-keun deul panalingaan ti pihak sejen. Numutkeun bahan ti Sagaiaherang mah lahirna Wiratanu teh taun 1604. Emutan mah teu taun henteu lepat-lepat teuing. 4) Munutkeun data ti Sagaiaherang Wira Tanu I : 1604 - 168]; numutkeun catetanSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 35

Cikoedoelbond : 1630 - 1691; kamatgi yuswana kmten-kinten 75 taun, nipina Wira Tanu I jumenengna : + 1696- + 1691, Nuju marurangkalih keneh mah Djayasasana, aim engkena nganggo gelar Wira Tanu (I) sasaderek-saderek caralikna teh di Sagaraherang. Saparantos sawawa nembe Wira Tanu I ngalih ti Sagaraherang, ngaleut sareng cacah milari tern pat padumukan anyar leresan Cikundul, salahsahiji walungan di kacamatan Cika-long Kulon kiwari. Cacah henteu sadayana ngempel di hiji tempat nanging mencar ka mana bae anu sakinten sae kanggo dicicingan kalayan tiasa tatanen pibekeleun hirup. Umumna mah caket wahangan, Cibalagung, Cirata sareng sajabina. Seuseueuma mah matuh di Cijagang margi di dinya calikna Wira Tanu 1. Aleutan cacah anu ngiring sareng Wira Tanu I teh sanaos padnmukanana mencar oge tetep ngarupikeun hiji golongan (Wld = gemeenschap, Ind = kesatuan). Nganggo basa ilmiah mah cacah (Wld - volk, Ind = masyarakat) nu ngiring ka Wira Tanu I teh disebat hiji "volksgemeenschap" (Ind. = kesatuan masyarakat). Saban volks-gemeenschap ngagaduhan kapala. Hubungan antawis kapala sareng volksgemeenschap dumasar kana kapammgpman (leadership). Volksgemeenschap Wira Tanu 1 diseuai cacah Wira Tanu bae saku-maha anu kasebat ku Puspawangsa waktos ngayakeun cacah jiwa (Wld = sensus) Lami-lami dina volksgemeenschap teh lahh tata-ca-ra aturan hirup kumbuh anu wajib ditaati ku unggal cacah Wira Tanu sarta janten sifat mandiri volksgemeenschap. Tata cara di unggal volksgemeenschap ngagaduhan sifat ngahiji, janten di unggal volksgemeenschap aya "rechtsgemeenschap" (Ind * kesatuan hukum). Kawajiban alamiah unggal kapala volksgemeenschap teh nya eta ngadu jajaten dina aya bancang pakewuh, sapenw upami aya anu ngarumg ngadon ngauoyong rahayat, atanapi aya paling rampog nu ngaganggu kana katengtreman rahayat. Ku margi kitu kapala volksgemeenschap tangkung cocog upami disebat panglima atanapi senapati, Daerah bawahanana disebat kasenapati-an. Wira Tanu I ngawitan mah teu benten ti hiji senapati sanes Da-lem sapertos Dalem Sumedang, Bandung sareng sajabina. Istilah Dalern ngandung hartos ayana pamarentahan jero nagara, sedengkeun volksgemeenschap Wira Tanu I masih aya dina tahap ka-senapatian. p ^mukiman nu anyar dicicingan ku sababaraha cacah disebat babakan pibakaleun lembur. Lembur rnekar janten kampung, kampung nmgkat kana nagri. Kumpulan nagri nu ngahiji biasana disebat nagara. Ti nagri dugj ka nagara sok disebat oge pada-leman, kapalana nya eta Dakm. Kapala nagara mah namina raja, sultan, sunan atanapi gelar sanesna. Cacah Wira Tanu t maratuhna di sababaraha nagri. Wilayah nagrina janten hak milik sarta bawahan Wira Tanu I. Harita nu jadi ibu-nagri, nya eta Cikundul. Saheulaanan urang wangsul deui kana mangsa Cirebon, Ti payun parantos diterangkeun yen Cirebon ngarebut Banten (1526) sareng Sunda KalaDa (1527) ti nagara Pajajaran. Di Banten diangkat putrana Syarif Hidayatuliah, jenengan Hasanudin janten Sultan Banten kahiji. Sultan Hasanudin teh saderekna Sultan Cirebon, nu jenengan Pangeran Pasarean. Janten hubungan Banten - Cirebon teh caket sarta layeut, margi sami saderek. Oge salajengna patalina Banten - Cirebon tetep katalian ku kakula-wargian, pernah misan, dugi ka Sultan Panembahan, Ratu. Panem-bahan Ratu kagungan hubungan kulawargi sareng Mataram ku jalan pernikahan. leu ngalantarankeun kakawasaan Cirebon beuki lami beuki ngirangan, ahtrna Cirebon janten nagara bawahan (Wld = vazal) ti Mataram. Sakuliah wilayah Cirebon sareng cacah Cirebon dihuruiibalungkeun janten wilayah Mataram. Wates wilayah Cirebon anu pasti mah mung palih kaler, nya eta basisir laut Jawa, ari palih kulon mah teu teges numutkeun tempat padumukan cacah atanapi urang Cirebon bae. Ku naon wates Cirebon di palih kulon teu tangtos ? Tanah dina mangsa harita teu aya hartosna, sing saha bae tiasa ngagarap, sakumaha bae legana sarta di mana bae kahoyong. Tanah anu teu aya nu ngagarap disebat tanah kosong teu aya nu gaduh teu lebet kaka-wasan mana oge. Upami tanah digarap ku urang Cirebon, taSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 36

keukeuh nganggap yen Bandung, Sukapura sareng Parakajunun-cang kedah lebet deui ka Sumedang, tegesna sabada icalna pre-tensi mung Sumedang wungkul anu mandiri, mung aya hiji ka-bupatian bae, nya eta Sumedang samemeh dibagi janten opat kabupaten. Nanging Bandung, Sukapura sareng Parakanmuncang tonggoy ngaraos janten mandiri, bebas merdika. Sumedang napsu, nya kapaksa kedah tiasa naklukeun kabupatian nu baha di anggap barontak. Nya ku Sumedang kapaksa dirurug ditalukkeun hiji-hiji. Nanging sakumaha nu parantos diterangkeun di payun ieu pulitik ekspansi Rangga Gempol III teh teu hasil. Aya deui conto pretensi : Sabada nagara Pajajaran runtuh, 1579, muncul hiji kabupaten ageung. kasebatna Sumedang Larang' Prabuna jenengan Geusan Ulun, Geusan Ulun ngaluarkeun pietensi, yen wilayah tilas nagara Pajajaran janten wilayah Sumedang Larang, Pretensi Geusan Ulun henteu dipirosea ku padaleman-padaleman anu kapengkema aya dina kakawasaan Pajajaran. Geusan Ulun oge kapaksa ngarurug padaleman atanapi nagri anu nolak pretensi anjeunna. Geusan Ulun oge teu hasil ngalebet-keun sadayana padaleman atanapi nagri tilas kawasan Pajajaran ka Sumedang larang. * Iraha icalna pretensi Mataram (1614) teh? Atanapi iraha dae-rah-daerah nu dibawah pretensi Mataram balik deui kana status asal, sapertos Sumedang jadi mandiri deui, Parakanmuncang, Sukapura sarta Bandung nu diadegkeun ku Mataram jadi merdika atanapi Cianjur anu mekar sorangan jadi padaleman dina mangsa kakawasaan Mataram? Ari tanggal, bulan malah taun anu pasti man teu aya, katerangan sareng data anu aya pakaitna kacida 5) Ulah pahfli Sumedang Larang sareng Sumedang! Sumedang Laiangmah hiji karaja-an nu wilayah na ngawengku tilas wilayah Pajajaran, "penerus" karajaaii Pajajaran. Nalendrana jenengan Prabu Geusan Ulun. Ari Sumedang mah ngarupikeun kabupaten, Bupatina nu kahiji nya eta Pangeran Rangga Gempol (I), cacahna mung sapa-rapat cacah Priangan (1125) sabada dibagi opat ku Mataram, wflayahna oge mung sabagian ti Priangan nu dieicingan ku cacah kasebat, sanaos bupati Sumedang di-angkat janten "Opperregent" : 11) De Graaf, H.J- de, Tome Pires Suma Oriental en het Tydperic van Gods dienstovergang op Java, BKI 1952. " De verzwakking van het Mataramse gezag verlevendigde de lust naar onafhankelijkheid bij de rijksdelen in het bijzonder bij die aan de rand lagen. Cheribon, Priangan en vooral Madura hadden zich slechts node onder het gezag van de Sultan geschikt ", (Ngiranganana kakiatan kakawasaan Mataram beuki ngahirupkeun kahoyong jaai meraiKa bagian-bagian karajaan pangpangna bagian anu ay a di sisi (nagara). Cirebon, Priangan jeung pangpangna Madura ngan awahing ku kapaksa bae ayana dina kakawasaan Sultan teh). Disambung ku de Haan : "..................de Javaanse regentjes gelijken heertjes op haarselven te willen wesen, elck zoals hij het stetlen en main-tineren kan, voomamelijk die wat verre afgelegen zijn en in de bovenlanden ". (..................para bupati Jawa (baca : Sun da) anu aralit hoyong jadi kawasa sorangan sorangan, nurutkeun ka-bisana ngurus jeung ngatur sorangan, pangpangna para bupati anu jarauh pisan sareng nu aya di pagunungan). Janten di Cianjur (daerah kulon) atanapi di Madura (daerah wetan), kakawasaan Mataram teh parantos teu katingal, teu karaos sarta teu aya deui. Cianjur anu harita parantos mekar janten padaleman, kenging disebatkeun janten padaleman anu merdika, tegesna lesot leupas tina kakawasaan Mataram. Nanking ari tanggal, bulan sarta taun anu xeges merdikana Oian-jur teh kedah dipaluruh leres-leres, margi mekarna Cianjur tina hiji volksgemeenschao dugi ka janten padaleman teh ngaru-pikeun niji "evolusi" , mekarna mayeng teu kaciri iraha-irahana rerangterang parantos mangrupi padaleman. Mangsa mekar kenging disebatkeun antawis 1670-1675, mangsa ngahontal tahap padaleman + 1675 - 1684. Kaayaan witayah Mataram sakumaha anu digambarkeun ku de Graaf sareng de Haan di luhur teh ditambih ku tara ayana deui tingkah laku pamarentahan ti Mataram di daerah* Sanaos kitu daerah-daerah anu dibawah ku Mataram teh ari biiontak ngamerdikakeun diri mah henteu prak, rupina lang-kung sae sareng langkung aman milih jalan ngantos runtuhna karajaan Mataram da katingalna Mataram teh parantos totolon-jongan disedek ku Trunojoyo nu barontak ka Mataram. Atuh sadaya kabupatian, padaleman malih nagri pisan, anu man-diriSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 39

samemeh aya pretensi Mataram (Sumedang, Madura, Ci-rebon sareng sajabina), anu diadegkeun ku Mataram dina kakawasaan Mataram (sapertos Bandung, Parakanmuncang, Suka-pura sareng sajabina), anu mekar ngahontal tahap padaleman dina mangsa kakawasaan Mataram (sapertos Cianjur sareng sajabina) ukur kekerot, kekejot, geregeteun hoyong geura-geura merdika bae, nyabar-nyabar maneh ti batan barontak, tapi matak cilaka. Aya dua momentum atanapi kajantenan anu tiasa dianggo cecepengan dina maluruh ngadegna padaleman Cianjur, nya eta : I. Ditawisna kontrak antawis Mataram - VOC tanggal 25 Februari 1677 sareng tanggal 19/20 Oktober 1677. II. Nyirorotna kakawasaan Mataram di daerah bawahan. Momentum I teh kajantenanana di Mataram. Ad I : Kiten-kinten awal taun 1677 di Mataram aya nu barontak, jenenganana Trunojoyo. Nu keur kawasa teu mampuh numpes nu barontak. Amangkurat I anu lindeuk ka Walanda (VOC) lajeng, minangsaraya ka VOC. Kanggo pamales jasa Amangkurat I ngadamel kontrak Mataram - VOC tanggal 25 Feburari 1677, nu pokona netepkeun : 1. Mataram ngaku sarta narima yen Batavia milikna VOC; 2. Mataram masihkeun daerah itawis Cisadane Cima-nuk ka VOC. 3. Sawetaneun Gunung Salak, atanapi sakiduleun Gunung Pmgrango dipasrahkeun ku Mataram ka VOC sarta kawengku ku kontrak tanggal 25 Februari 1677Xeuk dina Elmu Nagam man, sacara teoritis, yuridis - formal ti 25 Februari 1677, daerah antawis Cisadane - Citarum teh janten wilayah Walanda (VOC). Kanyataaanana mah henteu kitu, anu ka VOC mung "de jure" bae, an "de facto" masih tetep diaku ku Mataram. Kanya4. taanana pisan mah, di daerah-daerah pretensi Mataram teh, ko-mo di Cianjur atanapi Madura mah nu tebih pisan pernahna ti Mataram, geus teu aya parentah naon-naon ti Mataram ti samemeh 1677 oge. -Atuh daerah, kabupatian atanapi padaleman teh praktis parantos bebas merdika , katambah " de jure ' VOC teu acan tetela. Rupina moal lepat upami disebatkeun yen Cianjur anu merdika kalayan henteu diadegkeun ku pihak sanes nangjng estu ngadeg ku hojahna sorangan, ngadegna teh dina mangsa (Ind kurun waktu) + 1675 - 1684. Dina taun 1684 Walanda (VOC) parantos aktif ngajajah wilayah Cianjur. Ringkesna padaleman Cianjur (padaleman = kabupaten nu ngadeg ku hojahna sorangan, henteu diadegkeun ku kakawasaan sejen, contona : Cianjur dina mangsa + 1675-1684. Kecap "kabupaten" dina ieu naskah diterapkeun kana kabupaten nu diadegkeun ku kakawasaan sejen, contona: kabupaten Parakanmuncang, Bandung, Sukapura diadegkeun ku Mataram (1641). Kecap "regent-schap" (Wld) dipake pikeun kabupaten nu diadegkeun, disahkeun atawa diaku ku Walanda (VOC atawa Hindia Walanda), contona: regentschap Cianjur (1691) diaku regentschap ku VOC), Cianjur 5. 12) "de jure" = numutkeun hukum, sacara hukum; "de facto" = numutkeun fakta, sa-caia nyata. Hiji nagara anu kasebat mandiri lengkep, nya eta bebas merdika, kedah ngagaduhan "de jure" sareng "de facto". Sok rajeun ditambihan ku pangakuan ku nagara sanes. Hakekatna mah nagara anu kitu teh ngagaduhan kadolatan, Saiat aya-na atanapi ngadegna nagara biasana mah : 1. rahayat;2. wilayah .3. pamarentahan; 4. kadolatan; 5, ditambih ku pengakuan ku nagaia sanes anu merdika. No. 5 (pangakuan) osok oge dianggo ngagentosan "dejure" upami "de jure" teu dipasmkeun1 bae ku nu gad Lib kakawasaan (upamina: nu ngajajah, nagara in dung. Atanapi ku matgi padaleman, kabupatian, nagri. nagarana lahii soran^n, upamina nganggo Jalan "ptoklamasi". dina ngadeg mangsa 1675 1684, nya eta mangsa penjajahan nu minimal a. pretensi Mataram tamat; b. Walanda (VOC) teu acan aktif ngajaiah. Tegesna antawis + 16751684 teh kabebasan pikeun mandiri keur Cianjur mah maksimal, katambih dina eta mangsa pisan Ci-anjur ngahontal tahapSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 40

padaleman (=kabupaten nu ngadeg ku ho-jahna sorangan). Dina ieu mangsa (+ 1675-1684) ay a dua kajadian nu taunna pasti, nya eta : 1. diayakeunana kontrak Mataram VOC (1677), nu hartos-na tamatna pretensi atanapi kakawasaan Mataram di dae-rah bawahan; sarta penjajahan VOC teu acan aktif; 2. pertempuran balad Cianjur (Wira Tanu I) ngalawan balad Banten nu narajang ka Cianjur (1680). Dumasar kana katerangan di luhur taun ngadegna padaleman Cianjur tiasa dipilih salasawios taun kajantenan di luhur: 1677 atanapi 1680. Bentenna, 1677 netelakeun kabebasan Cianjur nu mfksimal sarta Cianjur aya dina tahap padaleman; ari 1680 inah netelakeun pertempuran anatara balad Banten ngalawan balad Cinajur, janten peketrok urang jeung urang, tunggal bangsa Indonesia, malah duiur. Dian taun 1677 Cianjur keur meujeuhna gemah ripah, aya dina puncak kamajengan, sabab nembe ngahontal tahap pa-damelan, sadarajat sareng regentschap anu diaku ku VOC sapertos Sumedang, Bandung sareng sajabina. Malah dina taun 1680 (D, 24 Januari 1680, Wira Tanu I teh disebat "regent" ku VOC, sanaos anjeunna teu diaku regent, ari dina 1680 mah kaayaan Cianjur nuju repot, dayeuh diruksak ku balad Banten, prajurit sareng rahayat seueur anu tiwas, kakayaan rahayat meh seep sareng seueur deui katunggaraan sanesna. Ad II: Gcus niti wanci ninggang mangsa, Mataram ami sakitu gagah rongkahna teh kedah kateter ku Trunojoyo anu barontak. Dina tanggal 2 Juli 3 677 Amangkurat I, anu kawentar kadda telenges-na, boboleh teras ngantunkeun karaton Jolos ka Tegal. Nanging sabada meuntas walungan Opak anjeunna brek teu damang dugi ka pupusna. Amangkurat II harita keneh oge ngagentos rama, malih kabujeng diangkat samemeh ramana pupus, Lolosna Amangkurat I ti karaton ngarupikeun htji ciri yen Mataram parantos henteu wasa ngaheuyeuk nagara palih kulon. Pretensi Mataram anu dikaluarkeun taun 1614 parantos tuntur sarta dianggap henteu laku deuL Nagara, kabupatian atanapi nagri pisan estuning asa mobok manggih gorowong, hoyong mandiri ti kapengker ayeuna mendak kascmpetan. Atuh sadayana paheula-heula ngabebaskeun atanapi ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram. Sadaya bawahan Mataram mcncar mancawura, paturay paburencay tina simpay Mataram. Cianjur anu dina mangsa eta parantos ngahontal tahap pa-daleman, langsung janten padaleman anu mandiri. Cianjur anu waktos aya dina kakawasaan Mataram teu dijantenkeun padaleman, ayeuna man ngajanggelek janten padaleman anu bebas sarta merdika 1 2) Numutkenn catetan Cikundul bond dina mangsa eta C 1677) 1, Cipamingkis (Dalemna: Nalamerta), 2. Cimapag (Dalemna : Nyiuh Nagara), 3. Cikalong (Dalemna : Wangsa Kusumah), 4. Cibalagung (Dalemna : Natamang-gala), Cihea (Dalemna : Wastu Nagara) sareng 6. Cikundul (Dalemna : Wira Tanu I) sami-sami nganyatakcun yen wilayahna janten Cianjur. leu teh hiji buktos yen "volksgemeenschap" Cianjur dina + 167/ parantos dewasa, sarta aya dina tahap padaleman kalayan ngadeg sorangan henteu diadegkeun ku nu sanes (Mataram atanapi Walanda). 12)Kamertlekaan di dieu dihartoskeun : merdeka bebas tina kakawasaan Mataram atanapi merdeka sacara "de facto" Margi an sacara "de jure" mah kapan dibawah VOC didasar keun karia kentrak antawis Mataram VOC tanggal 25 frebruan 1677, dipindo ku kontrak 20 Oktober 1677 anu ngabujeng ka Cianjur, sasih Desember 1679 parantos anjog ka Maroberes (= Muaraberes, kalereun Bogor, + 15 Kty). Nya wadyabala ieu anu engkena ngajorag nagri Cianjur (24 Januari 1680). Jeroning ngawangun deui wilayah Sumedang Larang anu ngawengku men sakuliah tilas Pajajaran baheula, Pangeran Sumedang, Rangga Gempol Hi, lajeng ngiangkeun balad ka manamana, babakuna ka daerah anu baha kana pretensi Sumedang. Hiji-hiji dim rug supados lebet bawahan Sumedang Larang, ra-hayatna diboyongan, margi nyeueuran cacah hartosnya ngalegaan wilayah sareng ngaageungan komara. Rahayat atanapi daerah anu bade dirurug kuSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 41

Sumedang tarapti taki-taki, caringcing pa-geuh kancing satekah polah, di antawisna nagri Cianjur ngaya-keun tempat-tempat jaga di jalan nu sok kalangkungan ku urang Sumedang, upami bade ngadon dagang ka Batavia, nya eta di leresan pagunungan Cimapag sareng pagunungan Cianjur. lin-dakan "urang Cirebon" (baca Cianjur) teh dilaporkeun ku Bu-pati Sumedang ka VOC. Sagala laporan atanapi warta atanapi serat anu katampi di benteng VOC di Batavia ku VOC teh ra-jin pisan dicatet dina buku sadidinten. Ieu buku teh disebatna "Dagregister" 15^ (Ind = register harian). Laporan bupati Sumedang tea dicatet dina Dagregister, dipondokkeun "D'\ D,20 Januari 1678. Nami (Wld - naam, Ind = nama, sebagai suatu istilah) Cianjur ngawitan pisan manggung dina data sajarah teh nya dina D. 20 Januari lb78, anu eusina ringkesan tina surat laporan bupati Sumedang tea. Di antawisna transkripsi de Haan1^ kieu : 15) "Dagregister'* teh hlji buku catetan dintenan anu diayakeun ku VOC Unggal aya Uporan atanapi wartos anu katampi di benteng VOC, tens haiita atanapi dinten eta keneh dicatet dina Dagregister- Eta teh teu ngandung hartos, yen peristiwana kajantenan dina dinten eta ksneh, peristiwana rnah tiasa janten lumangsung saba-baraha dinten anu kalangkung16) Aya peibentenan transkripsi keeap "Santoir" {de Haan, jilid I) sareng transkripsi dina Bataviaasch Genootschap (BG). Dina BG diserat "Contour" (Bid = omtrek, Ind sekelilingnya). Seratan isliha mah tiasa "Santoir" atanapi "Cantoir"* Rupina mah leres de Haan: Santoir, anu kedah diaos T si an toil (^Cianjur). Tanu I, hiji senapati ing ngalaga. Anjeunna uninga kana kaayaan sareng katunaan musuh : 1. wadyabala musuh parantos cape sareng mopo; 2. kedah ngajagi boyongan anu sakitu seueurna (numut- keun D.l Februari 1680 seueurna 800 urang). 3. kedah ngajagi gonimah mangrupi sapi-munding anu ra-tusan seueurna (dina D.l Februari 1680: 670 siki) 4. di antawis wadyabala Banten tangtosna oge aya anu tatu. Sawangsulna wadyabala di pihak anjeunna jumlahna langkung alit nanging sabagian, nya eta wadyabala Cikundul, tanaga sareng wawanenna weuteuh keneh. Ku senapati Wira Tanu I timbang taliti sareng asak pisan ngeunaan untung-rugina, lajeng anjeunna ngalaksanakeun taktik "meupeuh - mabur*' ( Ingg = Hit and run action ). Nyata yen taktik ieu teh matin, buktosna dina D.l Februari 1680 sareng D,10 April 1680 disebatkeun kieu : (D.l Februari 1680) "......................dat Ingebey Santa Prana, hooft der negofyen Tsitsianjor en Tsitieroua voornoemd, met wel 200 van de zyne jongst in een schermutsel met de Bantammers was comen te sneuvelen, en het hooft deser Bantamse rovers Jaipa Diprana hadt met verlies van 160 der zyne de overhandt gecregen en daarop 800 van Santa Prana's volck benevens 670 stux beesten van buffels, koeyen en paarden tot buyt gemaeckt, en bovendien noch wel 2 a 3000 zielen uit de omleggende dorpen gerooft en met sigh weghgesleept, niemand verschonende die geen gelt wisten op te brengen, nemende voorts ten eersten syn wegh over Tanjoulan weder na Bantam uyt vreese van d onse aghterhaelt te werden, " (......................yen Ngabehi Santa Prana, kapala nagri Cianjur jeung Cisarua nu kasebut tadi, jeung meh 200 urang balad ladden gestaan" moal ngahalangan kana dilaksana-keunana maksud culikana pikeun ngadegkeun karajaan leutik anu mandiri, anu ngawengku wilayah nu baretona diereh ku akina). Salajengna diterangkeun yen dina sasih Juli 1677, Rangga Gcm-pol III, bupati Sumedang, nalika disaur ku Amangkurat II su-pados sumping ka Tegal, anjeunna hentcu nedunan panyaur. Kitu deui dina taun 1678 , waktos aya pangagung karaton nga-langlangan ka dacrah-daerah "tilas" bawahan Mataram pikeun ngajak supados satia ka Mataram, ku Rangga Gempol dihina sarta dirampas seseratanana. Utusan Mataram teh kabur harita keneh. Kangga Gempol 111 kalah nyaketan Banten, nanging saterasna mah nyaketan Walanda, anu diarcp-arep ku RanggaSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 42

Gempol III supados Walanda (VOC) ngabantu anjeunna ngadeg-kcun deui wilayah Sumedang Larang. Ringkesna, Juli 1677 ngarupikeun sa'at disadana loeeng kamerdikaan, sanes bae kanggo kabupatian Cianjur, naging sa-dayana daerah anu kawengku ku pretensi Mataram, nya eta sakuliah Jawa Barat kjwari, iwai ti Banten, sanaos waktos eta 13) DeHaan. Jilid I, kaca37, 43 Mataram teu acan runtuh, Hanging nu pasti pretensi Mataram di daerah bawahanana kenging disebatkeun parantos leungit. leu ngandung hartos Hrenna kakawasaan Mataram di daerah palih kulon sareng wetan. "Merdika" di dieu hartosna sanes mer-dika 100'/, sanes merdika mandiri bebas tina sagala rupi kakawasaan pihak sanes. nanging "bebas tina kakawasaan Mataram" atanapi "tamatna pretentsi Mataram", copelna kakawasaan Mataram parantos teu katingal di daerah bawahan, sanaos engkena aya penja-jahan sacara "de jure", upamina. ti VOC Da ari bebas 100%mah daerah sakurilingeun Gunung Gede sareng Gunung Salak teh ti ja-man Pajajaran oge teu acan perenah. Geura urang tataan: ngawitan janten daerah Pajajaran, saparantos runtuh diaku kalebet ka Su-medang Larang, disambung ku pretensi Mataram (1614), disambung deui ku VOC, atuh dina taun 1942 direbut ku Jepang dugi ka 1945. Nembe ti 17-84 945 leres-leres merdika tug dugi ka kiwari. Ringkesna aya mangsa (Ind = kurun waktu) sananaos henteu lami, Cianjur tiasa ngarenghap nyeuseuphawa "kamerdikaan", nya eta sawatara taun samemeh 1677 (ku margi nyirorotna kaga-gahan sareng kakawasaan Mataram di daerah bawahan palih kulon sareng wetan Mataram. dugi ka pesna pisan pareum pretensi Mataram dina taun 1677) dugi ka sawatara taun sabada 1677 (waktos penjajahan VOC teu acan aktif, teu acan aya parentah-parentah, ngintun upeti, mayar pajeg sareng sajabina, penjajahan teh nembe "de jure" bae, hartosna kasebat atanapi "resmina" dijajah, upami dina emas mah pangiten mung 12 karat). Sanaos kitu, taun anu nangtoskeun (Wld = doorslag gevend, Ind = menentukan) nya eta taun 1677, ku margi dina eta taun pretensi Mataram tamat. Tinimbang mangsa sanes, mangsa anu pangkendorna penjajahan atanapi pangageungna kanierdikaan, nya eta mangsa antawis sawatara taun samemeh sareng sabada taun 1677, margi dina mangsa eta pretensi Mataram reupreupan dugi ka pesna pisan sarta penjajahan VOC nembe "de jure" atanapi formalitas. Dina eta mangsa, di Cianjur aya dua kajadian penting : 1. Cianjur ngahontal tahap padaleman; (19-20 Oktober 1677) 2, Cianjur nembongkeun eksistensina ku jalan mertahankeun lemah caL (D. 24 Januari 1680). Dina mangsa di luhur teh, daerah-daerah bawahan Mataram anu kapengkerna kawengku ku pretensi (1614 tea) janten sapertos anu leres-lcres mandiri, merdika bebas tina sagala rupi kakawasaan pi-hak sanes. Sasih Juli 1677 ngandung sababaraha rupi kajantenan : a) 1. lolosna Amangkurat [ ti karaton: 2. pupusna Amangkurat I.; 3. diangkatna Amangkurat II jadi Sultan Mataram. leu sada-ya kajadianana di luar Jawa Barat kiwari. b) 1. (pretensi Mataram tamat; 2. kakawasaan Mataram di daerah bawahanana leungit; 1 sareng 2 sanes ku margi lolosna Amangkurat I ti karaton, sanes ku margi pupusna Amangkurat II, sarta sanes ku margi Mataram runtuh, da Mataram mah henteu rubuh. Amangkurat I lolos ngantunkeun karaton soteh mundur diatur. Pamarentahan Mataram tetep aya keneh, mung kakawasa-anana sareng kakiatanana teu kinten nyirorotna. c) Juti 1677 ngarupikeun taun kabebasan tina kakawasaan Ma taram atanapi taun kamerdikaan daerah bawahan Mataram (catetan : de "jure ' dipasrahkeun ka VOC), Aya 3 rupiSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 43

kamerdikaan daerah : 1. merdikana deui atanapi wangsulna deui kana kaayaan sarta status samemeh aya pretensi Mataram (pretensi Mataram taun 1614) kanggo kabupatian, padalernan atanapi nagri anu parantos aya, sarta merdika samemeh pretensi Mataram (Sumedang, Madura, Cirebon) ; 2. ngawitan merdikana kabupatian, padalernan anu dia-degkeun ku Mataram dina mangsa kakawasaan Mataram, sapertos Bandung, Sukapura, Parakanmuncang sareng sajabina ; 3. merdikana kabupatian, padaleman atanapi nagri anu mekar ku hojahna sorangan dina mangsa kakawasaan Mataram, sapertos Cianjur; d) .gubragna kamerdikaan sadaya kabupatian, padaleman atanapi nagri oge tanpa disarengan perjoangan (Wld = strijd, Ing = struggle) naon-naon, da gubragna kamerdikaan teh estu timbul ku turunna kagagahan sareng kakawasaan Ma-taram; e) .sacara teoritis, yuridis-formal daerah antawis Cisadane - Citarum janten bawahan Walanda (VOC) dumasar kana kontrak 25 Februari 1677. leu serensumeren dipindo dimuat dina kontrak kadua tanggal 20 Oktober 1677 sarta daerah nu dipasrahkeun ka Walanda (VOC) ditambin ku daerah antawis Citarum - Cipunagara. Nya dina kontrak ieu saleresna Sume-dang, Bandung sareng sajabina warangsul deui kana status samemeh pretensi Mataram ; f) Dina kanyataanana daerah-daerah kasebat di luhur "de facto*- na mah mandiri, bebas meTdika, dUgi ka dongkapna utusan VOC ngaroris daerah nu dipasrahkeun ka Walanda (VOC). Kanggo Cianjur mah, dugi ka + 1680, margi dina taun eta parantos aya Walanda dongkap. Tina katerangan di luhur tiasa kauninga fakta sareng faktor anu netelakeun yen wilayah Jawa Barat, salian ti Banten, Cirebon, bebas deui tina kakawasaan atanapi pretensi Mataram. rt Folow up" (= akibat salajengna), daerah anu kapengkerna diereh ku Mataram wangsul deui kana status samemeh pretensi Mataram, tegesna daerah teh janten sapertos mandiri leres ("de jure" kakawasaan Mataram digentos ku VOC). Fakta sareng faktor dimaksad tiasa digolongkeun sapertos di handap: 1. sacara teoritis, yuridis ~ formal : kontrak Mataram -VOC, tanggal 25 Februari 1677, nu dipindo ku kontrak 20 Oktober 1677; 2. sacara teu formal : Amangkurat I lolos ti karaton, 2 JuK 3. 1677, sarta teu wasa deui ngaheuyeuk daerah bawahan ; 3. faktor penunjang : 4. a. kakiatan sareng kakawasaan Mataram surud sacara ngadadak pisan (1670- 1677); 5. b. teu aya deui polah-pamarentahan Mataram di daerah, komo di nu tebih pisan mah ti Mataram ; 6. c. aya kahoyong ageung atanapi tekad daerah pikeun mandiri, bebas merdika tina kakawasaan sanes ; 7. Supados gampil maluruhna sareng langkung eces, teu aya lepatna upami momentum sareng data kasebat di luhur di-rekon-struksi deui.Urang ngawitan ku padaleman Cianjur. 8. Parantos diterangkeun di payun yen dina mangsa kakawasaan Mataram, (16141677), padaleman Cianjur mah teu acan ngalalakon Dina taun eta cacah Wira Tanu 1 nembe mangrupi hiji "kesatuan masyarakat" (Wld = volksgemeenschap), lajeng naek kana ka-senapatian. Wira Tanu 1 harita kapapancenan ngajagi wates wilayah Mataram palih kulon. ( + 1650 ). Samemeh 1677 "ke-satuan masyarakat" Wira Tanu I parantos ngahontal tahap padaleman, naging ku Mataram henteu kantosSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 44

didamel kabupatian, tia-sa janten ku margi kakawasaan Mataram parantos luntur, malih Mataram teu wasa deui ngaheuyeuk daerah bawahan palih kulon, Atuh Wira Tanu I oge teu kantos janten Dalem atanapi bupati Mataram. Nu mawi henteu aya piagem Mataram ngeunaan angkatan Wira Tanu I janten bupati sanaos dipilari di mana sarta ka mana oge. Numutkeun kontrak 25 Februari 1677 sarta dipindo ku kontrak 20 Oktober 167/, daerah nu ngawengku Cianjur kiwari, nya eta antawis Cisadane - Citarum, lajeng ditambih ku daerah antawis Citarum - Cipunagara, dipasrahkeun ka Walanda (VOC). 9. Dina perjangjian antawis Mataram, - VOC, 19-20 Oktober teh ditangtoskeun yen : 10.1. wilayah sakuloneun Ujung Jawa (Cisadane) dugi ka walung-an Karawang (Citarum), ka kalema fedj Jawa, ka kidulna laut Hindia, diserenkeun ka VOC katut sagala pangeusina; 11. 2. wilayah sakuioneun walungan Karawang (Citarum) dugi ka walungan Pamanukan, ka kalerna laut Jawa, ka kidulna laut Hindia diserenkeun ka VOC katut sagala pangeusina. Sadaya rahayat kedah ngaku sareng taat ka VOC anu janten panguasa anu sah ; 12. 3. VOC dipasihan mono poll dagang rupi-rupi barang. 13. Kawitna mah Mataram teh bade nyuhunkeun tulung ka Banten dina mayunan Trunojoyo. Nanging ku margi Banten teh kalah ngabantu Trunojoyo, lajeng bae Mataram neda tulung ka VOC. 14. Naon margina Banten ngabantu Trunojoyo ? Banten aya 15. pikir kadua leutik, nya eta hoyong nyandak deui dua Pangeran turunan Cirebon anu diboyong ku Trunojoyo. Ku Trunojoyo dipasihkeun, teras duanana dicandak ka Banten, malih enggal dijantenkeun Sultan, namung aranjeunna dipapancenan kedah ngalebetkeun Cirebon ka Banten. Akibat polah Banten kitu teh, hubungan Mataram - Banten janten renggang, malih dugi kajadi mumusuhan. 16. Cindeknya mah , daerah-daerah nu aya dina kakawasaan Mataram teh warangsul deui kana status asal samemeh pretensi Mataram-Cianjur mah nya janten padaleman nu mandiri, Wirat Tanu I dina D. 24 Januari 1680 disebat "regent1' 17. Mangsa 1670 - 1677 ngarupikeun saptawarsa kabebasan tina kakawasaan Mataram kanggo sadaya bawahanana. Taun 1677 mangrupi taun kabebasan sadaya, sasarengan (Ind = bersama) sareng kabupatian, padaleman atanapi nagri sanes anu kapeng-kerna sami-sami diereh ku Mataram, sapertos Bandung, Para-kanmuncang, Sukapura, Madura sareng sajabi ti eta. (Ulan lali, nu dimaksad merdika atanapi mandiri teh nya eta bebas tina pretensi Mataram atanapi penjajahan minimal ku VOC) Salangkung mah gubrag lahirna padaleman Cianjur nu mandiri teh henteu disarengan ku "heroisme, patriotisme' . henteu aya perjoangan (Wld = strijd, Ingg = struggle) naon-naon, estuning kabaud ku kontrak Mataram VOC, surudna kakawasan Mataram, di-tambih ku kahoyong mandirina daerah-daerah nu diereh ku Mataram. Saleresna aya oge perjoangan Wira Tanu I, nya eta ngikilitik ti leuleutik, ngamumule nepi ka gede "kesatuan ma-syarakaf dugi ka ngahontal tahap padaleman. leu teh sane* karsa sareng karya alit-alit kanggo jaman harita mah. Perjoangan, heroisme, patriotismc sarta eksistensi padaleman Cianjur nu man-diri ngawitan katingal dina D. 20 Januari 1678, waktos Wira Tanu I ngadamel pos pangjagian di pagunungan Cimapag sareng pagu-nungan Cianjur. Ari nu tetela pisan mah dina D. 24 Januari 1680 (paluruh Bab ieu di pengker). Dupi Cianjur nu mandiri teh bebas tina kakawasaan Cirebon ? Urang cutat ucapan de Haan, jilid II, kaca 121 : **................is het niet onwaarschijnlijk dat hier de stichting van Tjiandjoer wordt bedoeld> waarbij niet a an koloni-seenng van uit de hoofdstad Cheribon behoeft te worden gedacht'". (......................................tiasa janten anu dimaksad di dieu teh ngadegnaSilsilahBayubud.Blogspot.com Page 45

Cianjur kalayan teu kedah ngemutkeun kana kolonisasi ti dayeuh (Ind = ibukota) Cirebon). Cianjur anu dilahirkeun ku kajantenan, polah Mataram mah henteu sami sareng nagri sanes anu diadeg