khutbah jumat sunda

8
KASAIMBANGAN HIRUP Assalamu‟alaikum Wr.Wb., Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu. Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana. Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuh Alloh SWT dina surat adz-dzariat ayat 56 : “Jeung Kuring (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian pikeun maranehna kacuali nyembah ka Kawula.” Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah jeung sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablu minalloh) atanapi ibadah kasasama manusa (hablu minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa ngalola jeung ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan hirup manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah. Hadirin Rohimakumullah, Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disinghareupan baheula nepi ayena ieu, sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal datang. Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab lamun urang teu bisa ngatur jeung ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana leungiteun kabahagian hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoe. Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi, daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani jeung rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur sanajan sawareh oge nu aya kaitan jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya bisa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani eta. Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur muslim. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al- Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 :

Upload: dani-al-fath

Post on 02-Jul-2015

7.386 views

Category:

Documents


11 download

TRANSCRIPT

Page 1: Khutbah jumat sunda

KASAIMBANGAN HIRUP

Assalamu‟alaikum Wr.Wb.,

Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin

kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan

sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana

nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu.

Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana,

Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman

anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana.

Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka

jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka

Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna

supados kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu

panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge

janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuh Alloh SWT

dina surat adz-dzariat ayat 56 :

“Jeung Kuring (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian pikeun

maranehna kacuali nyembah ka Kawula.”

Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade

didasaran parentah Allah jeung sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina

ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablu minalloh) atanapi ibadah kasasama

manusa (hablu minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa ngalola jeung

ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan

hirup manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah.

Hadirin Rohimakumullah,

Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disinghareupan baheula nepi ayena ieu,

sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung

tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal

datang. Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab

lamun urang teu bisa ngatur jeung ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana

leungiteun kabahagian hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoe.

Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi,

daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani

jeung rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur

sanajan sawareh oge nu aya kaitan jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya bisa

maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani eta.

Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan

jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur muslim. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-

Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 :

Page 2: Khutbah jumat sunda

“Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngado‟a : „Nun gusti, pasihan diri kami kasaean

di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa seuneu naraka‟”.

Leuwih jelasna deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir :

“ Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akherat teh lain jalma nu hade, kitu

oge jalma nu ninggalkeun urusan akherat ngan saukur pikeun dunya kacuali lamun manehna

meunangkeun dunya jeung akherat babarengan sabab dunya teh jalan keur ka akherat jeung

urang teh ulah jadi beban keur batur”.

Hadirin Rohimakumullah,

Tina ayat Qur’an jeung hadits di luhur meunang kasimpulan sapertos kieu :

1. Urang sadayana dituntut kudu bisa nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah

duniawiyah jeung kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo

lamun mentingkeun salah sahijina. Duanana kudu saimbang, sajalan, sauyunan jeung

saarah. Sakumaha conto saimbang jeung saarahna rel kareta api teu bisa jangkung

sabeulah, sabab bisa ngakibatkeun kareta api nyangeyeng malahan bisa tiguling.

2. Dunya teh mangrupikeun jambatan keur nuju akherat. Dunya ieu lain tujuan sabab fana

nu sawaktu-waktu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur jeng binasa ka

asup manusa nu bakal balik nyinghareupan ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.

Hadirin Sidang Jum’at Rohimakumulloh,

Mung sakieu rupina khutbah nu tiasa didugikeun dina kasempetan ayeuna, mugia aya

manfaat khususna kanggo khotib sareng umumna ka para jama’ah salaku kaum muslimin.

Mugia Alloh SWT maparin kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan

urang sadayana sahingga tiasa ngajalankeun parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna

nu akhirna Gusti Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal ‘alamin.

Wassalamu‟alaikum Wr.Wb.

Page 3: Khutbah jumat sunda

Ulah Peunggas Harepan

“ Ucapkeun: Hei hamba-hamab Kami nu ngaleuwihan wates wangen ka diri diri maranehna, Poma

aranjeun ulah putus harepan tina Rahmat Alloh. Saestuna Alloh ngahampura sakabeh dosa,

saenyana Mantena Nu Maha Pangampura sareng Maha Heman “. ( QS. Az Zumar : 53 )

Geus jadi sunatulloh, yen manusa baris moal lesot tina gawe salah sarta dosa, da memang kitu nu

jadi katangtuanana, hirup di riung ku gogoda jeung dodoja, hawa nafsu teu weleh elekesekeng

ngabibita lampah maksiat nu di buleun ku rupa rupa kanikmatan dunya, sarta Alloh kacida

maklumna kana ieu kalemahan manusa, da memang maksud Alloh ngadangdadanan manusa ku sifat

condong migawe dosa taya lian maksud jeung tujuanana pikeun nembongkeun salah sawios

kakawasanana sareng kaheman, sarta kanyaah Mantena, Alloh Zat nu mibanda sifat Gofuururrohiim

“ Ucapkeun: Hei hamba-hamba Kami nu ngaleuwihan wates wangen ka diri diri maranehna (dina

migawe dosa), Poma aranjeun ulah putus harepan tina Rahmat Alloh. Saestuna Alloh ngahampura

sakabeh dosa, saenyana Mantena Nu Maha Pangampura sareng Maha Heman “. ( QS. Az Zumar (39)

: 53 )

Hadits Qudsiy riwayat Al Imam Bukhari sareng nu sanesna

... “Kami (Allah) marengan (nuturkeun) sangkaan Hamba Kami “. Mangsa hiji hamba /manusa aya

kereteg dina hatena hayang dipikanyaah ku Alloh, mangka mangsa eta Alloh keur mikanyaah

manehna, mangsa hiji hamba keur sono ka Alloh nya pon kitu Alloh keur mikasono eta hamba, malah

mangsa aya kereteg sangka goreng ka samodel boga rasa yen Alloh teu adil ka dirina, mangsa eta

Alloh mere ka teu adilan ka eta hamba.(shahih Bukhari) lamun hiji hamba boga rasa dina dirina

miharep dihampura ku Alloh tina rupa rupa dosana , saestuna doa sareng munajatna baris ditarima

ku Alloh sarta dosa dosana baris dihampura. Gusti Nu Maha Kawasa Alloh Azza Wajalla, kalintang

endah Sifat Gusti,

Hadirin...

kukituna Allah nengtremkeun jiwa manusa nu teu elat migawe dosa nu peunggas harepan tina Asih

sareng Heman Mantena. Firman Allah SWT :

Hei hamba-hamba Kami nu ngaleuwihan wates wangen ka diri diri maranehna (dina migawe dosa),

Poma aranjeun ulah putus harepan tina Rahmat Alloh. Saestuna Alloh ngahampura sakabeh dosa,

saenyana Mantena Nu Maha Pangampura sareng Maha Heman “.

Hadirin…

Ramadhan nu dasarengan ku pirang pirang kamulyaan pantos lekasan, ngajauhan waktu sesa umur

urang, bari jeung urang teu apal naha urang baris pinanggih deui sareng bulan romadon anu mulya

taun payun. Mangsa mangsa solat jamah tarowih geus liwat, mangsa nikmatna buka puasa geus

Page 4: Khutbah jumat sunda

liwat, mangsa sumanget tadarus geus liwat, mangsa hudang ti peuting geus liwat, mangsa pahala

pahala amal nu di lipat gandakeun oge geus liwat. Mangsa kaagungan peuting Lailatul Qadr sareng

nu sanesna oge geus lekasan, Ngan anu tinggal prak prakan dinan mere jiwa poe kahareup ku jiwa

jiwa nu aya dina bulan romadon, naha aya tapakna ladang tarbiyah ruhiyah jasadiyah (didikan ruh

sareng jasad) anu diamalkeun dina sabadana romadon? Salah sawios conto amal romadon qiyamul

lail/tarowih/tahajud, naha masih keneh diamalkeun mangsa rengsena/ sabada romadon, padahal

urang geus dididik ku solat tarowih sareng hudang peuting mangsa sahur. Padahal pirang pirang

katerangan nguningakeun leberna fadilah kautamaan sholat sunat tahajud/qiyamul lail, ruku’ sujud

paduduaan sareng Alloh dina mangsa sepi jempling, raket caket sareng nu ngusik malikkeun diri

mangsa rehe combrek, ngagungkeun, sarta muji muji kakawasaan Mantena, Allah SWT ngadawuh

dina hadits qudsiy riwayat Al Imam Bukhari dan Muslim, Allah SWT ngagero dina sapertilu peuting

panungtung ka(manusa) hamba hamba mantena, sing saha nu menta ampunan ka Kami pasti di

hampura, sing saha anu taubat ka Kami pasti ditarima tobatna. “

Hadirin Hadirat yang dimuliakan Allah..

Ladang didikan latihan salami romadon anu salah sawiosna qiyamul lail/tahajud, sing dugi ka aya

tapakna, kalintang rugelna mangsa awal peuting, tengah peuting nepi ka janari leutik nu pinuh ku

barokah sarta jadi mangsa nu utama pikeun diijabahna doa, ngaliwat kitu wae tanpa

dimangfaatkeun ku urang sadayana nu teu weleh migawe maksiat sareng dosa ka Alloh SWT. Naha

teu maksakeun diri, minimal tina sawengi 5 menit pikeun nyaketan nu mukprukkan rizki Alloh

Robbul Izzati, majar maneh ngaku umat Rosulloh SAW, sarta miharep syafaat mantena dina poe

kiamah, tapi geuning jajauheun nuturkeun sunah nu utama nu salawasna dilakonan ku Mantena

Rosululloh SAW, nyatatana kabiasaan sholat tahajud. Geus jadi sabiwir hiji, yen sholat tahajud jadi

amal nu teu pernah dikantunkeun ku Rosululloh SAW, boh dina mangsa mukim atawa safar, bahkan

Rosul kantos sholat witir dina tunggangan kuda mantena, sanajan nuju teu damang teu weleh

mantena sholat tahajud/witir, Bahkan Siti Aisyah rha, dugi ka ngeclakkeun cimata mangsa ningali

sampean Rosul SAW barareuh alatan lami teuing tatih ngadegkeun sholat tahajud sawengi jeput.

Subhanalloh, Insan nu dijaga tina dosa sarta dijamin pangampura ku Alloh SWT tetep isqomah

midamel amal. Waler mantena Rosul SAW, yen ieu teh wujud syukur mantena ka Alloh SWT.

Hadirin Hadirat…, diriwayatkan oleh istri Rasul SAW Sayyidatuna Ummu Salamah RA, yen dina hiji

wengi Rosul gugah tina kulemna, wangun ngaraos reuwas lajeng ngadawuh :

.

Rasul SAW berkata dengan kagetnya : “Subhanallah, Enya peuting ieu diturunkeun fitnah atawa

musibah nu baris terjadi, sarta peuting ieu oge diturunkeun pirang pirang anugerah-anugerah “,

didieu Rasul SAW ngucapkeun hiji kalimat fitnah sanes fitan , fitnah hartosna hiji atawa ada musibah

yang akan terjadi suatu hari pada diri kita, mungkin.

Hadirin Hadirat yang dimuliakan Allah…

Makna/hartos tina Hadits ini nyaeta, unggal peuting memeh datang fajar dina mangsa eta Allah

nangtukeun kejadian-kejadian nu bakal kajadian dina poe isuk, mana musibah nu baris kajadian,

Page 5: Khutbah jumat sunda

mana nu moal, mana musibah nu ditambahan sareng mana musibah nu dikurangann. Urang maklum

yen setiap musibah mupus dosa, Allah ningali hamba-hambaNya, si ieu ieu nu jadi musibahna, si eta

itu nu jadi musibahna, dina peuting eta oge di tiap sepertilu wengi akhir pirang pirang anugerah yang

diturunkan, nu ieu doanya di kabulkan, nu itu hajatna dibere, si eta pamentana ditunda sapoe

sabulan satun terus dibere, leuwih gede anugerah yang di turunkeun ku Allah daripada musibah.

Hadirin......

Kalintang ageungna fadilah amal sholat tahajud/witir dina unggal wengina, lamun seug urang tiasa

ikhlas ngamalkeunana, katerangan di luhur nembe mung ukur sakedik tina katerangan nu dicutat

tina bab kautamaan sholat tahajud/witir dumasar tina hadits – hadits shohihain.

Mudah mudahan sabadana dilatih salami romadon ku ngalaksanakeun solat tarowih nu parantos

kalangkung urang tiasa ngadawamkeun, istiqomah ngamalkeun sholat tahajud/witir dina ngeusian

waktos sabadana romadon.

Barokallohu walakum

Page 6: Khutbah jumat sunda

Sifatan Jalma-Jalma Taqwa

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.

Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya

piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, sareng merenahkeun ka urang

sadaya kana tata cara usaha anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi nyaksian kana

yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna

teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang

langit, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta

hambana Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-

pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka

kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng

pirang-pirang saat.

Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah

saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo

hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana

kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.

Tina sapalih ajaran taqwa Allah swt nguningakeun sabagian sifat-sifat jalmi takwa anu

kaunggel dina surat ad-dariyat ayat 15-19.

Hartosna : saestuna jalma2 taqwa eta aya dina pirang2 patamanan surga sareng pirang2

sumber cai. Bari maranehna nyokot kani’matan anu dipaparinkeun ku pangerana, saenyana

maranehna dina samemeh eta nyaeta dialam dunia kaasup jalma-jalma anu nyieun kahadean.

nyaeta nyaetikeun kana sare dina waktu peuting, sareng dina waktu tungtung peting

maranehna menta pangampura sareng dina harta-hartana aya hak jalma miskin anu menta

sareng jalma miskin anu teu menang bagian.

Page 7: Khutbah jumat sunda

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.

Ari Jalma2 taqwa dina poe kiamah bakal nempatan taman-taman surga sareng pirang2 mata

air, kumaha kaayanana :

Jalma taqwa kenging anugrah nempatan taman2 surga sabab maranehna di alam duniana

nyaeta tukang nyieun kahadean, diantara kahadeana :

1. Nyaetikeun sare dina waktu peting

2. Istigfar /menta pangampura dina waktu janari

3. Mikeun hak hartana pikeun jalma miskin

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.

Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana kalebet golongan jalmi-

jalmi anu taqwa ka Allah swt. Amin Ya Allah Ya Rabbal „Alamin.

Page 8: Khutbah jumat sunda