bab iii mÉtode panalungtikan 3.1 métode jeung desain...

16
Rosi Gasanti Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun bebeneranana. Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén. Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol sakabéh variabel nu rélevan. 3.1.2 Desain Panalungtikan Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris digambarkeun dina tabél di handap. Tabél 3.1 Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén O1 X O2 O1 : pretést

Upload: others

Post on 11-Oct-2019

5 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi

kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan

3.1.1 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun

meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal

panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun

bebeneranana.

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén.

Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi

ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona

ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol

sakabéh variabel nu rélevan.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest

jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris

digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.1

Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén

O1 X O2

O1 : pretést

Page 2: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

25

O2 : postést

X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi

(Sugiyono, 2006: 116).

X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode

Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa

observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho

kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol.

3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.2.1 Variabel

Dumasar kana pamadegan Arikunto (2002:96) nétélakeun yén anu disebut

variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén

dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu

disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih

Arikunto (2002:97) nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu

mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas (independent variable) jeung variabel

kauger (dependent variable). Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur,

variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun

variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri

1 Tasikmalaya.

3.2.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan

ditétélakeun ieu di handap.

1) Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona

dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung

skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif.

Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi

engkéna bisa ngadémonstrasikeun deui kalawan ngalaksanakeun prakték-

Page 3: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

26

prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode

Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal,

nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu

nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan

siswa.

2) Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan

ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik

jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan (lafal)

jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di

antarana:

a) Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan

anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora

konsonan.

b) Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu

merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng.

Aspék non-linguistik ngawengku;

a) Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa

maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita.

b) Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan

sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita.

c) Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat

peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan

merenah, luyu jeung eusi carita.

d) Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng

kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta

gerak nu teu kaleuleuwihi.

3.3 Tehnik Panalungtikan

3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Page 4: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

27

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

ditétélakeun ieu di handap.

a) Téhnik Tes

Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan

mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di

hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data

hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali

tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun

mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun

métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun

mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun

métode Démonstrasi.

b) Téhnik Observasi

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun

gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di

jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru

mata pelajaran basa Sunda di Sakola.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana,

lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun.

Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés

ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik

observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung.

3.4.1 Lembaran Tés Lisan

Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng

sasakala Biruang jadi Sato Galak di hareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga

Page 5: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

28

maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di

handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris

didongéngkeun ku siswa.

Sasakala Biruang Jadi Sato Galak

Sampurasun...

Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon

Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana

bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh.

Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta

sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok

ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna

panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang

ngajaga sawah patani téh.

Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring

téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disarada “cuit cuit cuit

cit cit cit”, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah

éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang

nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh

nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep..

“Horda....huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit,

arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang

ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu!” ceuk biruang sumanget

ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo

awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk

bari ngahenang-ngahening bari hahariringan.

Pupuh Balakbak

Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé

Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré

Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén

Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari

sesegrok “ngoook..grok..ngok grok”. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy

manéhna ngareureuwas bagong bari keprok “Hoyah! rék naon siah silaing kadieu,

nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing,

hus..hus.. nyingkah siah kaditu!” Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir.

Pok deui biruang ngomong “Hag siah, saha deui nu wani datang kadieu, moal

Page 6: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

29

sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab

rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan ,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring

bakal meunang paré loba euy huhahahhaa....’

Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka

lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuy-

saranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré

ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék

nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani

dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus

puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna.

Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah,

tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun

ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun

ku kaula.” Ku juru tani diwalon, “Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang,

kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun

deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna

mah top baé kabéh keur sampéan”. “Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya!”

ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka

leuweung.

Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré.

Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna

kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana.

Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa

tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang

meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal

acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy

diringkid ka lembur.

Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung

daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu

ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna.

Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu

beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, “Aing sumpah nepi ka

turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung,

rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.”

Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang

diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida

bedasna.

Cag ah...

Page 7: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

30

Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format

meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap.

Tabel 3.2

Kisi-kisi kritéria anu diajén

No Sasaran Aspék

1. Basa Lafal

Lentong

2. Eusi Pamahaman Eusi

Sistematika Eusi

3. Téhnik/Gaya Réngkak jeung Peta

Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga

Tabel 3.3

Format Meunteun

Wasta :

Kelas :

Sasaran Aspek Skala Nilai

Skor 1 2 3 4 5

Basa Lafal

lentong (tekenan, wirahma, randegan)

Eusi pamahaman eusi

sistematika eusi

Tehnik /

gaya

réngkak jeung peta

kaparigelan ngagunakeun alat peraga

Jumlah

Katerangan:

Page 8: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

31

Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5.

Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti

unggal aspék.

Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan

proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan

taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng

nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng.

1. Lafal

5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna.

4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal.

2 = Kasalahan dina lafal rada sering.

1= Loba kasalahan

2. Lentong (tekenan, wirahma, randegan)

5 = Lentong (tekenan, wirahma, jeung randeganna) sampurna.

4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah

2 = Lentong nu teu merenahna rada sering.

1= Loba lentong nu teu merenah.

3. Pamahaman eusi

5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna.

4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham.

2 = Kurang paham kana eusi dongéng.

1= Teu paham kana eusi dongéng.

4. Sistematika eusi

5 = Runtuyan eusi ngaguluyur ti mimiti nepi ka tungtung sampurna.

Page 9: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

32

4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung (ngacak).

2 = Rada loba runtuyan nu ngacak.

1= Runtuyan carita dongéng pabaliut.

5. Réngkak jeung peta

5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi.

4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi.

3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah.

2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah.

1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah.

6. Ngagunakeun Alat Peraga

5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif

4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah

3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah

2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah

1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah

Skor Anu Kahontal

Skor Ahir (Nilai) = -------------------------- x Skor Idéal (100) =

Skor Total

3.4.2 Obsérvasi

Instrumén obsérvasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu di

handap.

Tabel 3.4

Pedoman Observasi

Poé, Ping :

No Aktifitas Prosés

Dilaksanakeun Henteu

Page 10: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

33

1 Guru nitah siswa pikeun maca, maham, jeung

neuleuman eusi dongéng sasakala biruang

jadi sato galak nu rék ditepikeun.

2 Guru ngadémonstrasikeun dongéng sasakala

biruang jadi sato galak ka siswa kalawan

ngagunakeun lafal, lentong (tekenan,

wirahma, randegan), pamahaman eusi,

sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta

cara ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

3 Guru nitah siswa pikeun

ngadémonstrasikeun deui dongéng sasakala

biruang jadi sato galak kalawan

ngagunakeun lafal, lentong (tekenan,

wirahma, randegan), pamahaman eusi,

sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta

ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

4 Guru ngoréksi jeung mére koméntar

ngeunaan hasil démonstrasi siswa

5 Guru méré aprésiasi ka siswa nu paling hadé

dina ngadongéng sasakala biruang jadi sato

galak

Obsérver,

................................

3.5 Téhnik Analisis Data

Sangkan meunangkeun tujuan ahir dina ieu panalungtikan, ku kituna baris

dilakukeun analisis data ngaliwatan analisis kamampuh ngadongéng sasakala

biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun aspék lafal, lentong, pamahaman

eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta ngagunakeun alat peraga

ngaliwatan pamarekan statistika anu léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap.

1. Uji Normalitas

Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa

téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sarat anu kudu

dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Nangtukeun nilai panggedéna

jeung pangleutikna

a) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

r = peunteun panggedéna-peunteun pangleutikna

Page 11: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

34

b) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

c) Nangtukeun panjang kelas interval

d) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan

ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.5

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés

No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi

2

1

2

e) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan

ngagunakeun rumus ieu di handap.

f) Katerangan:

X = rata-rata mean

∑ = jumlah

Fi = jumlah data

Xi = nilai tengah

(Sudjana, 1992: 70)

k = 1 + 3,3 log N

Page 12: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

35

g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta

h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:

(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés

Interval Oi BK Z Ztabel L Ei X2

(b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(e) Nangtukeun Ztabel

(f) Ngitung lega kelas interval

Page 13: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

36

(g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(h) Nangtukeun nilai X2

(chi kuadrat)

(Sudjana, 1992:273)

(i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana,1992:293)

(j) Nangtukeun harga X2

tabél

(k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

- Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

- Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas kalayan hasilna normal, kagiatan

nu satuluyna nya éta uji homogénitas.

2. Uji Homogénitas

Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi

sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta

ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

a) Ngitung variansi (S²) unggal kelompok

Variansi tés awal

S1 =

Variansi tés ahir

Ei = n x L

dk = k - 3

Page 14: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

37

S2 =

(Sudjana, 1992: 95)

b) Ngitung harga variasi (F)

c) Ngitung derajat kabébasan (dk)

d) Nangtukeun harga

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap:

(1) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

(2) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992:250)

3. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung postés

Tabél 3.7

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No Ngaran Siswa Peunteun

Pratés

Peunteun

Pascatés d d²

1

2

dk = n - 1

Page 15: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

38

b) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun

tés ahir. Rumusna nya éta:

c) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

d) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

e) Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikasi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑x²d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel

f) Nangtukeun ttabél

g) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta:

Nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir kelompok nu ditalungtik

(ékspérimén). Kritéria anu digunakeun nya éta (HI) ditarima (HO) ditolak

lamun titung> ttabél jeung (HI) ditolak (HO) ditarima lamun titung < ttabél

dk= n-1

Page 16: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain ...repository.upi.edu/8317/4/s_bd_0900218_chapter3.pdf26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat

39

3.6 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X-11

SMA Negeri 1 Tasikmalaya jalan Rumah sakit No. 28 Tasikmalaya kalayan

jumlah siswa 38 urang.