bab iii metodologi panalungtikan 3.1 lokasi, data,...

12
Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Ieu Panalungtikan dilakukeun di tilu SMK anu aya di Kota Bandung, nya éta SMK Negeri 2 Bandung anu perenahna di Jalan Ciliwung No. 4, SMK Negeri 5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan 3 Bandung anu perenahna di jalan Sumatera no.41. Katilu sakola éta dijadikeun lokasi panalungtikan kusabab éta tilu sakola bisa ngawakilan SMK anu aya di Kota Bandung. 3.1.2 Data Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung jawaban ujian sakola mata pelajaran basa Sunda siswa SMK Negeri 2 Bandung, siswa SMK Negeri 5 Bandung, sarta siswa SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014, sarta angka-angka anu mangrupa data pikeun analisis. 3.1.3 Populasi jeung Sampel 3.1.3.1 Populasi Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh SMK anu aya di Kota Bandung. 3.1.3.2 Sampel Téknik sampel anu digunakeun pikeun nangtukeun kelas mana anu lembar jawab siswana ditalungtik nya éta ngagunakeun téknik random sampling sacara undian. Sabada dilaksanakeun téknik random sampling sacara undian, ditangtukeun kelas anu lembar jawab siswana rék ditalungtik nya éta kelas 03 jeung 08 SMK Negeri 2 Bandung, kelas 07 jeung kelas 08 SMK Negeri 5 Bandung, sarta kelas 01 jeung 06 SMK Pasundan 3 Bandung. Sangkan leuwih jéntré, data ngeunaan kelas anu bakal ditalungtik aya dina tabél di handap:

Upload: hakhanh

Post on 15-Apr-2019

234 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Data, jeung Populasi/Sampel Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu Panalungtikan dilakukeun di tilu SMK anu aya di Kota Bandung, nya

éta SMK Negeri 2 Bandung anu perenahna di Jalan Ciliwung No. 4, SMK Negeri

5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

3 Bandung anu perenahna di jalan Sumatera no.41. Katilu sakola éta dijadikeun

lokasi panalungtikan kusabab éta tilu sakola bisa ngawakilan SMK anu aya di

Kota Bandung.

3.1.2 Data

Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung

jawaban ujian sakola mata pelajaran basa Sunda siswa SMK Negeri 2 Bandung,

siswa SMK Negeri 5 Bandung, sarta siswa SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran

2013/2014, sarta angka-angka anu mangrupa data pikeun analisis.

3.1.3 Populasi jeung Sampel

3.1.3.1 Populasi

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh SMK anu aya di

Kota Bandung.

3.1.3.2 Sampel

Téknik sampel anu digunakeun pikeun nangtukeun kelas mana anu lembar

jawab siswana ditalungtik nya éta ngagunakeun téknik random sampling sacara

undian. Sabada dilaksanakeun téknik random sampling sacara undian,

ditangtukeun kelas anu lembar jawab siswana rék ditalungtik nya éta kelas 03

jeung 08 SMK Negeri 2 Bandung, kelas 07 jeung kelas 08 SMK Negeri 5

Bandung, sarta kelas 01 jeung 06 SMK Pasundan 3 Bandung. Sangkan leuwih

jéntré, data ngeunaan kelas anu bakal ditalungtik aya dina tabél di handap:

Page 2: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1

Sampel Panalungtikan

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap :

1) Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tatahar ieu nya éta nangtukeun judul

panalungtikan, ngulik pustaka, nyusun rarancang panalungtikan, konsultasi ka

dosén pangaping ngeunaan panalungtikan, sarta ngaréngsékeun surat ijin pikeun

panalungtikan.

2) Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun

obsérvasi, ngayakeun wawancara jeung narasumber, sarta ngumpulkeun data

atawa dokumén-dokumén pikeun panalungtikan.

3) Ngolah data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta nganalisis validitas

soal, réliabilitas soal, tingkat hésé-babarina soal, daya pangbéda soal, jeung

analisis opsi soal. Anu satuluyna nyieun kacindekan tina hasil analisis soal.

Éta desain panalungtikan bisa ditingali dina diagram di handap:

No. Sakola Kelas Jumlah Kelas Siswa Jumlah Siswa

1 SMKN 2 Bandung Kelas 03

Kelas 08

24 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

480 Siswa

2 SMKN 5 Bandung Kelas 07

Kelas 08

13 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

251 Siswa

3 SMK Pasundan 3

Bandung

Kelas 01

Kelas 06

7 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

125 Siswa

Jumlah 6 Ruang 44 Kelas 120 Siswa 856 Siswa

Page 3: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Diagram 3.1

Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif.

Salasahiji panalungtikan déskrptif nya éta data nu dikumpulkeun mimiti disusun,

dijelaskeun, tuluy dianalisis. Kusabab kitu, ieu métode sok disebut ogé métode

analitik. (Surakhmad, 1994, kc. 40)

Panalungtikan déskriptif mangrupa hiji wangun panalungtikan nu tujuanna

pikeun ngadéskripsikeun kajadian-kajadian nu aya, boh kajadian alamiah atawa

Soal Ujian

Sakola

Basa Sunda

SMK di

Kota

Bandung

Analisis Validitas,

Réliabilitas, Tingkat

Hésé-Babarina Soal,

Daya Pangbéda Soal,

Kualitas Opsi Soal

Nyieun

Kacindekan

Tés Ujian

Sakola

Soal Ujian

Sakola

Standar

Kompeténsi

(SK) jeung

Kompeténsi

Dasar (KD)

Page 4: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kajadian buatan manusa. Kajadian ieu bisa mangrupa bentuk, kagiatan,

karakteristik, parobahan, hubungan, sasaruaan, sarta bédana antara kajadian nu

hiji jeung kajadian nu séjén (Sukmadinata, 2006, kc. 72). Furchan (2004, kc. 447)

nétélakeun yén panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dirarancang

pikeun meunangkeun informasi ngeunaan status hiji gejala nalika panalungtikan

dilakukeun. Salian ti éta, dijelaskeun ogé yén dina panalungtikan déskriptif taya

paripolah anu dibéré atawa dikendalikeun sarta taya uji hipotésis sakumaha anu

aya dina panalungtikan ékspérimén.

Panalungtikan déskriptif miboga karakteristik saperti anu disebutkeun ku

Furchan (2004, kc. 447) yén :

1) Penelitian déskriptif cenderung menggambarkan suatu fenomena apa

adanya dengan cara menelaah secaa teratur-ketat, mengutamakan

obyektivitas, dan dilakukan secara cermat, 2)Tidak adanya perlakuan yag

diberikan atau dikendalikan, dan 3)Tidak adanya uji hipotesis.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngagambarkeun variabel-variabel anu diukur.

Variabel anu ditalungtik nya éta soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di

SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014 anu diukur tina 5 aspék nya éta:

1) Validitas mangrupa luyu henteuna soal-soal ujian sakola mata pelajaran

basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014 jeung indikator

soal dumasar kana standar kompeténsi sarta kompeténsi dasar mata

pelajaran basa Sunda.

2) Réliabilitas mangrupa tingkat konsistensi soal anu ditilik tina tingkat

kaajegan antara soal nu hiji jeung soal-soal nu séjén dina ujian sakola mata

pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

3) Tingkat hésé-babarina soal mangrupa kategori anu kaasup soal babari,

sedeng, jeung hésé dina soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di

SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

4) Daya pangbéda soal mangrupa kamampuh soal pikeun méré gambaran

bédana siswa nu pinter jeung siswa nu kurang pinter dina ujian sakola mata

pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

Page 5: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Analisis opsi soal mangrupa sababaraha kamungkinan jawaban anu sok

dipilih ku siswa dina soal pilihan ganda ujian sakola mata pelajaran basa

Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Sangkan meunangkeun data sarta informasi anu lengkep ngeunaan hal-hal

anu dibahas dina évaluasi, alat évaluasi anu dipaké dina ujian ahir sakola

dijadikeun pikeun instrumén. Salasahiji instrumén anu dijadikeun alat évaluasi

nya éta tés. Tés nya éta saréntétan pertanyaan atawa latihan sarta alat séjén anu

digunaken pikeun ngukur katerampilan, pangaweruh, kamampuh anu dipiboga ku

hiji jalma atawa kelompok (Arikunto, 2007, kc. 150).

Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda anu

dipaké dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun

ajaran 2013/2014 pikeun nangtukeun validitas, réliabilitas, tingkat hésé-babarina

soal, daya pangbéda soal, jeung analisis opsi soal. Di handap ieu conto soal tés

pilihan ganda anu dijadikeun instrumén évaluasi:

Tabél 3.2

Conto Soal Pilihan Ganda

No. Soal Soal

1 Abdi mios ka Sakola, pun Bapa ......... ka Kantor

a. Angkat

b. Pergi

c. Mios

d. Angkat-angkatan

e. Sumping

2 Kalimah nu gunana pikeun ngébréhkeun bituna rasa nu nyangkaruk

dina haté panyaturna, disebut kalimah ....

a. Paréntah

b. Pananya

Page 6: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Wawaran

d. Panyeluk

e. Sampurna

3 Paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, miboga harti....

a. Pipilueun nyarita kana urusan batur

b. Awahing ku leukeun lila-lila jadi bisa

c. Agul ku barang meunang nginjeum

d. Cilaka ku pamolah sorangan

e. Agul ku katurunan

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Teknik ngumpulkeun data dilakukeun ngaliwatan téknik tés, sarta

dokuméntasi.

1) Téknik dokuméntasi dilakukeun pikeun meunangkeun data ti sakola. Éta

data mangrupa ngaran sarta jumlah siswa kelas XII dina unggal sakola anu

dijadikeun subjék panalungtikan. Siswa minangka testee nu ngerjakeun

soal-soal nu rék dianalisis.

2) Téknik tés, téknik anu digunakeun nya éta tés tulis, tés anu wangunna

pilihan ganda, anu digunakeun dina ujian sakola. Éta soal ngawengku 50

soal pilihan ganda.

3.7 Analisis Data

3.7.1 Tahap Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ieu nya éta nangtukeun judul

panalungtikan, tuluy nyiapkeun surat ijin panalungtikan ka SMK Negeri 2

Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan 3 Bandung ngeunaan

ujian sakola mata pelajaran basa Sunda taun ajaran 2013/2014.

Page 7: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun

obsérvasi pikeun maluruh informasi ngeunaan soal jeung lembar jawab siswa basa

Sunda di SMK Negeri 2 Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan

3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.7.3 Tahap Ngolah Data

3.7.3.1 Téknik Méré Skor

Nurutkeun Slameto, 2001 (dina Sukardi, 2009, kc.129), méré skor tés

pilihan ganda (PG) umumna dibédakeun jadi dua rupa, nya éta kucara:

1) Méré skor anu merhitungkeun jawaban salah.

Kucara ieu, jawaban salah diperhitungkeun sarta digunakeun jadi denda

pikeun ngurangan jawaban anu bener. Rumus anu digunakeunana:

(Sukardi, 2009)

Kat. :

N = Niléy

B = Jumlah jawaban bener

S = Jumlah jawaban salah

n = lobana pilihan

Konsékuénsi tina ayana denda ieu, siswa jadi leuwih ati-ati dina ngajawab

soal. Siswa bakal leuwih taliti sarta ati-ati tina ngajawab soal.

2) Méré skor anu teu merhitungkeun jawaban salah.

Jawaban salah teu mangaruhan kana peunteun tina jawaban bener. Niléy

ahir tina tés pilihan ganda (PG) sarua jeung jawaban bener. Rumus anu

digunakeunana nya éta:

N = B - 𝑆

𝑛−1

Page 8: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Sukardi, 2009)

Kat. :

N = Niléy

B = jumlah jawaban bener

3.7.3.2 Analisis Validitas

Validitas anu dipaké nganalisis dina ieu panalungtikan nya éta validitas eusi

jeung validitas konstruksi. Validitas eusi nya éta ngabandingkeun valid henteuna

soal jeung Starndar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) basa Sunda,

indikator, jeung buku ajar, sedengkeun validitas konstruksi leuwih nyoko kana

soal jeung tujuan pembelajaranna.

1) Analisis Validitas Eusi

Dina validitas eusi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid henteuna

soal jeung Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), indikator, sarta

buku ajar anu di gunakeun di SMK. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina

nganalisis validitas eusi:

Tabél 3.3

Conto Tabél Analisis Validitas Eusi

No.

Soal

Soal

Standar Kompeténsi dan

Kompeténsi Dasar (SKKD)

Silabus

SK KD Indikator Buku

Sumber

1

2

3

N = B

Page 9: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Analisis Validitas Konstruksi

Dina validitas konstruksi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid-

henteuna soal jeung tujuan pembelajaran, anu miboga harti bisa henteuna soal

ujian pikeun ngukur hal anu aya dina matéri anu diukurna. Di handap ieu tabél

anu digunakeun dina nganalisis validitas konstruksi:

Tabél 3.4

Conto Tabél Analisis Validitas Konstruksi

No. Soal Tujuan

Pembelajaran

indikator Kat.

1.

2.

3.

3.7.3.3 Analisis Réliabilitas

Hiji tés bisa disebut réliabel atawa ajeg lamun dina sababaraha kali

pengujian nunjukkeun hasil anu méh sarua. Pengujian hiji tés bisa dilakukeun

kana objék anu sarua dina waktu anu béda. Ngukur réliabilitas soal bisa ku téknik

beulah dua, ngagunakeun rumus Spearman Brown (dina Sukardi, 2011 kc. 48),

saperti dihandap:

(Sukardi, 2011)

Kat. :

r = reliabilitas

𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 = 2 𝑥 𝑟𝑏𝑒𝑢𝑙𝑎 ℎ 𝑑𝑢𝑎

1+ 𝑟𝑏𝑒𝑢𝑙𝑎 ℎ 𝑑𝑢𝑎

Type equation here.

Page 10: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.5

Kritéria Réliabilitas Soal

(J. P Guilford dina Arifin, 2009)

3.7.3.4 Analisis Tingkat Hésé-Babarina

Tingkat hésé-babarina soal bisa katitén tina kamapuh siswa dina ngajawab

éta soal, lain ditingali tina guru anu nyieunna. Hal anu penting dina ngalakukeun

analisis tingkat hésé-babarina soal nya éta panangtu kritéria atawa babagian soal

anu kaasup babari, sedeng, jeung hésé. Cara pikeun nangtukeun tingkat hésé-

babarina soal nya éta ngagunakeun rumus dihandap:

(Arifin, 2009)

Kat. :

p = hésé-babarina soal

𝐵 = lobana siswa nu ngajawab bener

N = jumlah siswa nu ngajawab

Niléy 𝒓𝒕𝒐𝒕𝒂𝒍 Kritéria

0,80 < 𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 ≤ 1,00 Luhur Pisan

0,60 < 𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 ≤ 0,80 Luhur

0,40 < 𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 ≤ 0,60 Sedeng

0,20 < 𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 ≤ 0,40 Handap

𝑟𝑡𝑜𝑡𝑎𝑙 ≤ 0,20 Handap Pisan

𝒑 = 𝑩

𝑵

Page 11: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.6

Kritéria Tingkat Hésé-Babarina Soal

Hésé-Babarina Soal (p) Kritéria Katerangan

p > 0,700 Soal Babari Ganti

0,300 ≤ p ≤ 0,700 Soal Sedeng Paké

p < 0,300 Soal Hésé Révisi

(Arifin, 2009)

3.7.3.5 Analisis Daya Pangbéda

Analisis daya pangbéda nya éta nganalisis soal anu tujuanana pikeun

mikanyaho kasanggupan soal dina ngabédakeun siswa anu miboga kamampuh

diajar luhur jeung siswa anu miboga kamampuh diajar handap (Sudjana, 2009 kc.

141). Cara anu dilakukeun dina nganalisis daya pangbéda nya éta kucara

ngagunakeun rumus di handap:

( Arifin, 2009)

Kat. :

DP = daya pangbéda

WL = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok handap

WH = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok luhur

n = 27% x N

Tabél 3.7

Kriteria Daya Pangbéda

Daya Pangbéda Kritéria Katerangan

≥ 0.40 Hadé Pisan Tarima

0,30 – 0,39 Hadé Tarima

0,20 – 0,29 Goréng Ganti

≤ 0,19 Goréng Pisan Ganti

(Ebel dina Arifin, 2009)

𝐷𝑃 = (𝑊𝐿 −𝑊𝐻)

𝑛

Page 12: BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Data, …repository.upi.edu/16366/1/S_BD_0907017_Chapter_3.pdf5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.3.6 Analisis Option Soal (Distraktor)

Dina soal pilihan ganda (PG) aya alternatif (opsi) anu mangrupa pengécoh.

Soal anu hadé, pengécohna bakal rata dipilih ku siswa anu ngajawab salah.

Sabalikna, soal anu kurang hadé, pengécoh nu dipilihna bakal teu rata (Arifin,

2009 kc. 279). Indeks pengécoh bisa diitung ngagunakeun rumus di handap:

(Arifin, 2009)

Kat. :

IP = indeks pengécoh

P = jumlah siswa anu milih pengécoh

N = jumlah siswa

B = jumlah siswa anu ngajawab bener dina unggal soal

N = jumlah alternatif jawaban (opsi)

1 = bilangan tetep

Tabél 3.8

Kritéria Analisis Option Soal

Indéks Pengécoh Kritéria Katerangan

76% - 125% Hadé Pisan Tarima

51% - 75% atawa

126% - 150%

Hadé Tarima

26% - 50% atawa

151% - 175%

Kurang Hadé Révisi

0% - 25% atawa

176% - 200%

Goréng Ganti

>200% Goréng Pisan Ganti

(Arifin, 2009)

Nalika sakabéh siswa ngajawab bener dina hiji soal (luyu jeung konci

jawaban), IP = 0, ieu hartina éta soal goréng, kusabab kitu, pengécoh teu miboga

fungsi.

𝐼𝑃 = 𝑃

(𝑁 − 𝐵) (𝑛 − 1) 𝑥 100%