tradisi hajat lembur babarit
Post on 08-Feb-2016
834 Views
Preview:
DESCRIPTION
TRANSCRIPT
TRADISI HAJAT LEMBURKU: KELOMPOK 4
AFGHAN NUGRAHACAHYATI RAHAYU
FARHAN NUR ZEIN HAFIDZFITRI NOPIANTI
MIRANTI SEPTIANISABILA NUR AFIFAH
YARIS SOFIAN
XI IPA 4
HAJAT LEMBUR
1. BABARIT2. SABUMI / HAJAT SURA (AWIRARANGAN)3. NGARUAT LEMBUR (KAMPUNG CIKONDANG)4. HAJAT BUMI (KAMPUNG KUTA)5. HAJAT SAASIH (KAMPUNG NAGA)
1. BABARIT
1.1 HARTI BABARIT
Babarit mangrupakeun salah sahiji adat istiadat sunda keur nyalametkeun lembur. Disebut oge
hajat bumi
1.2 WAKTU DILAKSANAKEUN BABARIT
Babarit dilaksanakeun tiap rek ganti taun
1.3 TUJUAN BABARIT
Ngadoakeun ka karuhun kalayan nguningakeun nu ngageugeuh di lembur eta supaya dijauhkeun tina balai atawa musibat
1.4a TATA ACARA• Ketua RW satempat ngumumkeun ka wargana yen rek
diayakeun acara babarit. Biasana babarit diayakeun dina wanci panon poe satungtung atawa bada asar.
• Warga selembur nyangu kos rek lebaran. Terus biasana nyarieun kupat.
• Warga satempat ngariung di tungtung lembur,biasana sok ngajajar disisi jalan bari mawa sangu,kupat,jeung syarat sajabanna.
• Warga datang silih tukeran kupat jeung tatangga lainna.kupatna nu hiji langsung digantungkeun dina gantar megat jalan
1.4b TATA ACARA• Acara salajengna ijab (ngadoa) dipimpin ku kokolot lembur
(nguningaan ka gusti nu maha suci,kalayan ka para rosul, nabi, wali, alim ulama, karuhun, kalayan ka anu ngageugeuh di tempat eta,supaya urang dibere kaberkahan, kasalametan, jeung dijauhkeun tina bala)
• Saenggeus eta janur sareng kupat nu bade di gantungkeun dina lawang panto diciduhan sepah (sereh, gambir, apu, jebug) digayem tuluy diburakeun kana eta janur .
• Terus ngadarahar balakecrakan silih asaan jeung tatangga.• Terus baralik bari mawa kupat anu geus didoaan ka imah masing-
masing. samemeh asup kaimah gantungkeun heula eta janurna dina luhur panto imah, tujuanna jang nolak bala.
1.5 SYARAT-SYARAT BABARIT
• Syarat anu digantungkeun di luhureun panto:– Janur– Kupat Salamet– Jukut Palias– Daun Darangdan
• Jukut palias biasa dibungkus ku daun darangdan di beungkeut janur nu nalian kupat
• Dina nyieun eta syarat kudu sajumlah lawang panto
2. SABUMI / HAJAT SURA
AWIRARANGAN
2.1 HARTI SABUMI / HAJAT SURA
Sabumi atawa Hajat Sura nyaeta ngadoa babarengan di lapang atawa tempat nu
kabuka keur menta kasalametan
2.2 WAKTU DILAKSANAKEUNANA SABUMI
• Sabumi dilaksanakeun tiap bulan Sura atawa Muharram
3. NGARUAT LEMBUR
KAMPUNG CIKONDANG, PANGALENGAN, BANDUNG
3.1 HARTI NGARUAT LEMBUR
• Ngaruat lembur nyaeta ngayakeun salametan keur nyalametkeun lembur
3.2 WAKTU DILAKSANAKEUN NGARUAT LEMBUR
• Dilaksanakeun sataun sakali, tiap bulan Safar• Dilaksanakeun jam 11.00 s/d 15.00 di poe
Salasa atawa Kemis di tengah-tengah lembur
4. HAJAT BUMI
KAMPUNG KUTA, DESA KARANGPANINGGAL, KECAMATAN TAMBAKSARI, KABUPATEN CIAMIS
4.1 HARTI HAJAT BUMI
• Hajat bumi nyaeta ngayakeun syukuran kaberhasilan masyarakat kampung kuta tina cocok tanam, utamana padi jeung ngamohon lindungan pepelakan di waktu melak kahareupna
4.2 WAKTU DILAKSANAKEUN HAJA BUMI
• Hajat bumi dilaksanakeun antara bulan september nepi ka november
5. UPACARA HAJAT SAASIH
KAMPUNG NAGA, DESA NEGLASARI, KECAMATAN SALAWU, KABUPATEN
TASIKMALAYA
5.1 HARTI UPACARA HAJAT SAASIH
• Upacara Hajat Saasih nyaeta upacara keur syukuran ka Allah jeung menta berkah tur kasalametan ka karuhun kampung naga
5.2 WAKTU DILAKSANAKEUN HAJAT SASIH
• Hajat Saasih biasa dilaksanakeun di tanggal 26, 27, 28 Muharram, 12, 13, 14 Mulud (Rabiul Awal), 16, 17, 18 Rewah (Sya’ban), 14, 15, 16 Syawal, 10, 11, 12 Rayagung (Dzulkaidah)
top related