proposal tesis
Post on 26-Jun-2015
324 Views
Preview:
TRANSCRIPT
PROPOSAL PANALUNGTIKAN
1. Judul Panalungtikan
INTERPRÉTASI MÉTAFORIS POSTING FACEBOOK BASA
SUNDA
2. Kasang Tukang
Masarakat dunya anu sistem komunikasi nagarana
ngawenangkeun aksés téknologi internét, mimiti taun 2004
mikawanoh facebook (saterusna disingget FB). Teu jauh béda jeung
MySpace, Bebo atawa Hi5, FB gelar salaku situs internét pikeun
kalangenan (hobby) anu béh dieuna mekar jadi situs social networking
(jejaring sosial). Nurutkeun http://iptek.tvone.co.id (diaksés 1
Séptémber 2010), dina jero bulan Séptémber 2009 jumlah gembleng
akun FB geus ngahontal 325 juta1. Tina éta jumlah téh, kurang leuwih
50 persen di antarana saban poé teu weléh aktif ngaksés atawa log in
pikeun ngawangun jaringan sosobatan –boh babaturan anyar, boh
babaturan lawas nu tepung deui dina éta média–, jeung maluruh
atawa nepikeun rupa-rupa informasi. Indonésia nempatan posisi katilu
1 Sacara urutan, facebook gelar pandeuri tapi leuwih dipikawanoh sarta sumebar méh di sakuliah dunya batan MySpace jeung Bebo anu leuwih sumebar kalawan kerep ukur di wewengkon Amerika Serikat, atawa Hi5 anu leuwih sumebar di wewengkon Éropa Timur jeung Amerika Selatan. Fakta lianna némbongkeun yén anu mibanda akun facebook, 70 persen asalna ti wewengkon luareun Amerika Serikat sarta sumebar méh di sakuliah dunya. Salian ti éta, nurutkeun sawatara katerangan nu mibanda akun, facebook jadi leuwih populér tibatan situs-situs jejaring sosial lianna, kaasup situs anu gelarna béh dieu kayaning Twitter, balukar tina leuwih gampang dina prak-prakan digunakeunana.
1
2
sahandapeun Amerika Serikat jeung Turki, kalawan pamiarsa aktifna
geus ngahontal kurang leuwih 15,3 juta akun.
Informasi anu nyampak dina FB biasana mangrupa posting
status, catetan, grafis (foto atawa gambar), jeung pesen. Beh dieuna,
aya ogé anu mangrupa iklan, boh komérsil boh nonkomérsil. Sok
sanajan aya watesan-watesan anu tangtu minangka étika anu lumaku
universal –biasana watesan perkara suku, agama, ras, jeung adat-
istiadat–, eusi posting téh éstu teu kawatesanan. Hartina, sakur anu
miboga akun FB bisa nepikeun rupa-rupa pasualan dina posting
sapopoéna, mangrupa béwara, lalayang, artikel, sawangan, angen-
angen, kritik, sindir-sampir, émosi, banyol, jeung salian ti éta. Médium
basa anu digunakeun pikeun nepikeun rupa-rupa informasi dina
posting ogé teu kawatesanan, gumantung kana kamampuh, kahayang,
jeung udagan atawa sasaran pamiarsana.
3
Gb. 1 Kaca rohang posting dina situs FB(Foto: www.blog.mybcshop.com)
Sakumaha ilaharna widang internét sacara umum, mekarna
pamiarsa jeung pamakéan FB di masarakat dunya tangtu mawa
pangaruh, boh positif boh négatif. Konsép FB mangrupa viral
marketing anu bisa nyebar samakta kalawan gratis, méré pangaruh
positif pikeun pamiarsana enggoning ngaraketkeun duduluran,
mikawanoh poténsi diri, sarana pikeun promosi, sarana diskusi, jeung
sarana nepikeun angen-angen atawa sawangan. Éta hal
dimungkinkeun sabab postingan status, pesen, grafis, jeung catetan
dina FB sumebar sacara otomatis dina sistem jaringan sosial anu geus
diwangun ku anu nyieun postingan.
Kamekaran FB anu dibarengan ku aksés internét anu leuwih
gampang jeung murah di sakuliah dunya, salian ti méré pangaruh
positif téh tangtu baris ngabalukarkeun ogé ayana pangaruh-pangaruh
négatif. Nurutkeun www.laksamana12.wordpress.com (diaksés 1
Séptémber 2010), dumasar kana data jeung fakta kajadian-kajadian
anu kaalaman ku pamiarsa FB patali jeung aspék hukum, pangpangna
di Indonésia pangaruh négatif FB téh di antarana jadi sarana pikeun
ngahina atawa pencemaran ngaran, nipu, prostitusi, nyulik, salingkuh,
alesan pikeun maéhan manéh, ngaganggu produktifitas gawé, jeung
nyebarkeun paham-paham atawa idéologi anu pasalia jeung konsép
nagara Indonésia, adat-istiadat, atawa agama. Salian ti éta, sok
sanajan postingan FB anu dimuat henteu miboga maksud atawa
4
udagan anu sipatna négatif, pamahaman anu béda-béda ti séwang-
séwang pamiarsa réa anu ngabalukarkeun munculna pacogrégan, boh
sacara pribadi boh sacara hukum. Contona, postingan anu maksudna
heureuy bisa dianggap serius atawa ngahina, nganyerikeun haté,
jeung ngagogoréng, anu béh dieuna bisa dipasualkeun ngaliwatan
hukum pidana jeung perdata.
Pasualan sakumaha anu kasebut di luhur, lumangsung dina hirup
kumbuh manusa sapopoé. Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa moal
leupas tina komunikasi. Nurutkeun panalungtikan, kurang leuwih 70%
waktu anu kasorang ku unggal jalma dina sapoéna digunakeun pikeun
ngayakeun kagiatan komunikasi. Ngaliwatan komunikasi, manusa
ngawangun hiji sistem silipikaharti pikeun numuwuhkeun duduluran,
ngariksa rasa silipikanyaah, mekarkeun pangaweruh, jeung
ngamumulé peradaban. Ngaliwatan komunkasi ogé, manusa bisa
numuwuhkeun pacogrégan, ngagelarkeun rasa mumusuhan,
silipikangéwa, ngahalang-halang kamajuan, jeung mendet munculna
pamikiran-pamikiran anyar (Rakhmat, 2007:vii).
Nurutkeun Langer (Sunarto, 2008:21), béh dieuna manusa
mekarkeun komunikasi dina hirup kumbuhna teu saukur pikeun
nyumponan kabutuhan pokona, tapi mekarkeun ogé kabutuhan anu
sipatna leuwih luhur dina wangun usaha pikeun paham kana ma’na-
ma’na anu leuwih abstrak. Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun jeung
dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol.
Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur
5
pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na
lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna.
Éta hal luyu jeung pamanggih Talcott Parsons (Sunarto, 2008:21) anu
nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah ngagugulung perkara
ma’na, nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna,
sistem simbol geus jadi padoman pikeun minuhan kabutuhan manusa
–primér, sékundér, atawa kantétanana– nepi ka sistem ajén-inajén
jeung sistem simbol komunikasi ngawangun hubungan anu dalit dina
hiji kabudayaan.
Pikeun tujuan komunikasi, manusa ngagelarkeun basa anu
hakékatna mangrupa lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur ragem di antara anggota
masarakatna. Basa salawasna diwangun ku dua adegan, nya éta
adegan cangkang (lahir) jeung adegan eusi (batin). Nurutkeun
Sudaryat (1987:9), adegan cangkangna basa téh mangrupa sistem
sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan
eusi mah mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa
mangrupa kedalan rasa, pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem
sora waktu campur gaul. Adegan eusi unggal basa ngawangun sistem
simbol. Basa salaku sistem simbol hiji komunitas téh ngagambarkeun
kumaha papada anggota dina éta komunitas némbongkeun perkara
ma’na jeung sistem ajén-inajén anu jadi cecekelanana.
Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan
simbol-simbol. Tanda anu sacara literer geus mibanda ma’na
6
(référénsi) pikeun némbongkeun hal anu dipimaksud sacara dénotatif
(référén), digunakeun dina sistem simbol lianna anu ngagelarkeun
konsép analogi. Ngaliwatan analogi, gelar ma’na anu leuwih jembar
atawa ma’na anyar tina unggal lambang sora omongan patali jeung
hal atawa barang anu dipimaksudna.
Biasana papada urang réa anu teu sadar yén saenyana métafora
geus biasa digunakeun dina komunikasi sapopoé. Éta hal bisa jadi
balukar tina pamahaman yén digunakeunana métafora dina
komunikasi sapopoé ukur mangrupa wangun lian (variasi) tina gaya-
makéna-basa hiji jalma anu udaganana leuwih neueul kana
ngawangun variasi rétoris. Nurutkeun Nasution (2008:77), dina konsép
sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési figuratif nalika
karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina
ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina
sangkan pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua.
Parandéné kitu, métafora tétéla geus jadi hiji wangun dina raraga
némbongkeun konsép mikir. Lakoff jeung Johnson (1980:3-5),
nétélakeun yén hakékat poko métafora nya éta kamampuh pikeun
paham jeung ngalaman hiji pernyataan dina términologi lianna. Éta hal
némbongkeun yén métafora ngagambarkeun konsép mikir ku jalan
méré tekenan kana sawangan-sawangan urang ngaliwatan konotasi
kecap. Salian ti éta, métafora ogé némbongkeun kakampuh sinéstésis2
2 sinéstésis, tina synesthetic; nurutkeun Seitz (1998:98) mangrupa kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-tumuluy, otak nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori.
7
unggal manusa. Winner (Sunarto, 2008:31) nétélakeun yén métafora
mangrupa hiji kagiatan rukun gawé antara otak kénca anu
ngalakukeun kagiatan mikir sacara literal jeung otak katuhu anu
ngalakukeun kagiatan mikir sacara holistik-konstéktual.
Posting dina FB biasana mangrupa wacana ngagunakeun basa
jeung gambar-gambar atawa foto. Wacana anu diterbitkeun salaku
postingan FB réa anu némbongkeun aspék motif ngaliwatan
pernyataan jeung kagiatan nyumputkeun ma’na dina simbol-simbol
anu tangtu. Sangkan komunikasi ngaliwatan posting FB bisa
lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna
pasualan-pasualan anu sipatna négatif sakumaha disebutkeun di
luhur, perlu pisan simbol-simbol atawa tanda dina ungkara basa anu
digunakeunana dima’naan kalawan teleb. Ulikan perkara dampak
positif jeung négatif FB dina kahirupan sapopoé geus réa
dilaksanakeun, aya anu mangrupa artikel-artikel, sawangan umum,
jeung pedaran conto-conto kasus pidana –alatan salah paham, teu
dihaja, dihaja, atawa kurangna pangaweruh. Sedengkeun
panalungtikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina posting FB, boh
wacana boh grafis (foto, gambar), tacan kungsi dilaksanakeun. Ku
kituna, panalungtikan perkara interprétasi métafora posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda, perlu pikeun dilaksanakeun.
3. Idéntifikasi Pasualan Panalungtikan
8
Sakumaha ilaharna posting FB anu ngagunakeun basa Indonésia
jeung basa Asing, posting FB anu ngagunakeun basa Sunda eusina
biasana mangrupa guguyon atawa banyol, sawangan atawa koméntar
pribadi kana rupa-rupa hal, katerangan kagiatan pribadi dina waktu-
waktu anu tangtu, paménta, sajak, carita pondok, warta, béwara,
lalayang, iklan, foto-foto pribadi jeung umum, gambar (kaasup
karikatur), jeung pilem. Tina rupaning wangun posting FB téh aya anu
mibanda udagan-udagan salaku kritik (ka diri sorangan atawa ka
batur), sindir-sampir, atawa sawangan anu aya patalina jeung situasi
sosial budaya masarakat dunya kalawan dibarengan ku némbongkeun
aspék motif minangka réspon kana rupa-rupa hal anu jadi wacana, aya
ogé anu teu dibarengan ku udagan-udagan anu tangtu (éstuning
ngudag unsur kalangenan atawa ngeusi waktu kitu baé).
Aya atawa henteuna udagan-udagan anu tangtu sakumaha
kasebut, tétéla geus ngagelarkeun sawatara pangaruh positif jeung
négatif sakumaha anu ébréh dina pedaran di luhur. Parandéné kitu,
aya wates anu bias antara pangaruh positif jeung négatif tina posting
FB téh, pangpangna dina ayana kanyataan pamahaman anu béda-
béda ti papada pamiarsana anu sakapeung ngabalukarkeun anomali.
Udagan positif tétéla bisa robah ma’nana jadi négatif, pon kitu deui
udagan négatif tétéla bisa robah jadi positif, gumantung kumaha
pamiarsa ngama’naanana.
Kalawan nekenkeun kana pasualan sakumaha idéntifikasi di
luhur, sacara gurat badag, ieu panalungtikan neueul kana pasualan
9
sémantik, mangrupa ulikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina
wacana basa, kalawan diwewegan ku ulikan sémiotik perkara aspék-
aspék tanda, ikon, jeung indéks, anu disawang bisa mantuan atawa
ngeuyeuban maluruh ma’na sacara gembleng. Sangkan teu lega
teuing, pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan, perkara
métafora anu nyangkaruk dina posting FB anu mangrupa wacana
vérbal ngagunakeun basa Sunda, sedengkeun posting anu mangrupa
grafis (gambar; foto) jeung pilem mah teu ditalungtik.
Pasualan anu baris ditalungtik dirumuskeun sakumaha ieu di
handap.
1) Kumaha wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda? Patali jeung ieu pasualan, anu
ditalungtik téh mangrupa métafora salaku konsép linguistik (gaya
basa);
2) Ma’na naon anu bisa diungkab tina métafora posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda? Patali jeung ieu hal, ditekenkeun kana
kagiatan ngama’naan ungkara-ungkara basa anu mangrupa posting
FB sacara sémantik jeung sémiotik. Palebah dieu ogé ulikan
métafora dipatalikeun jeung aspék-aspék kamampuh sinéstésis,
motif, jeung kaayaan sosial budaya anu mangaruhan atawa jadi
latar posting FB anu dimuat.
4. Définisi Operasional
10
Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu
panalungtikan didéfinisikweun sacara operasional sakumaha ieu di
handap.]
1) Interprétasi Métaforis
Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara tradisional
boh linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda. Sacara
tradisional, métafora digunakeun dina komuniksi sapopoé minangka
variasi rétoris. Sedengkeun sacara linguistik, métafora dipaham
salaku konsép mindahkeun ma’na dénotatif kana konotatif, tina
sintagmatik kana paradigmatik. Pikeun kaperluan ieu hal, disusun
tilu konsép métafora, ngawengku simile, métonimi, jeung
sinékdoke. Dumasar kana éta hal, interprétasi métaforis téh
mangrupa sawangan atawa ulikan dumasar kana konsép métafora,
boh sacara tradisional boh sacara linguistik.
2) Posting Facebook Basa Sunda
Facebook mangrupa situs jejaring sosial (social networking), anu
eusina ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat
éléktronik (sarupa é-mail), news feed jeung mini feed, status,
hadiah, iklan, pokes, jeung events. Salian ti éta, aya deui anu
mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun pamaké
facebook némbongkeun atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan.
Posting Facebook basa Sunda téh mangrupa status jeung koméntar
sakumna anu mibanda akun dina situs facebook kalawan
ngagunakeun basa Sunda salaku medium basana.
11
5. Udagan Panalungtikan
Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda udagan pikeun
maluruh ma’na-ma’na anu nyangkaruk dina posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda, sangkan kagambar hiji konsép anu bisa
némbongkeun pangaruh atawa mangpaat FB pikeun kahirupan urang
Sunda. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan mibanda
udagana pikeun ngadéskripsikeun:
1) wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun
basa Sunda, disawang tina métafora salaku konsép gaya basa;
2) ma’na anu bisa diungkab tina métafora posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda, disawang tina métafora salaku konsép
mikir anu dipangaruhan ku kamampuh sinéstésis, aspék motif,
jeung kaayaan sosial budaya anu mangaruhan atawa jadi latar
posting FB.
6. Mangpaat Panalungtikan
Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat
pikeun usaha ngungkab sacara tuluy-tumuluy kahirupan basa Sunda
dina rupaning widang. Sedengkeun sacara husus, dipiharep mawa
mangpaat sakumaha ieu di handap.
1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana
ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina
mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif anu didadasaran ku
12
sikep méntal positif. Ku éta hal, posting FB anu ngagunakeun basa
Sunda dipiharep teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-
pasualan dina hirup kumbuh sapopoé, boh pasualan sosial budaya
boh pasualan hukum.
2) Salaku bagian unsur budaya, déskripsi ma’na métafora posting FB
anu ngagunakeun basa Sunda mangrupa bahan anu penting pikeun
nyuprih ajén-inajén kamekaran basa salaku pakakas komunikasi
masarakat Sunda;
3) Pikeun élmu basa Sunda sorangan bisa dijadikeun dokuméntasi dina
hirup-kumbuhna ngawarnaan kamekaran kahirupan masarakat
Sunda.
4) Pikeun dunya atikan basa Sunda, boh di sakola boh di masarakat
sacara umum, bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran.
Kalawan ngagunakeun bahan pangajaran anu deukeut jeung dunya
siswa atawa nu diajar basa Sunda, dipiharep kagiatan diajar basa
Sunda bisa leuwih narik ati anu béh dituna kalawan leuwih
gampang numuwuhkeun sikep hadé enggoning ngamumulé hirup-
huripna basa Sunda.
7. Raraga Panalungtikan
Interprétasi métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa
Sunda dijadikeun puseur dina ieu panalungtikan, kalawan
wengkuanana diébréhkeun dina bagan sakumaha ieu di handap.
13
Gb. 2 Bagan Raraga Panalungtikan
Tina gambar 2 di luhur, katitén yén dina ieu panalungtikan,
kabudayaan jadi papayung anu matalikeun sistem ajén-inajén,
téknologi, jeung sistem tanda (jeung métafora). Puseur panitén ieu
panalungtikan nya éta sawatara posting FB anu mangrupa wacana
vérbal ngagunakeun basa Sunda, ditalaah ma’nana ngaliwatan ulikan
sémantik jeung sémiotik. Pikeun paham ma’na sacara leuwih
gembleng, dimangpaatkeun data anu mangrupa ulikan aspék motif
jeung latar sosial budaya, nepi ka kagambar patalina antara
kabudayaan, situasi sosial, jeung métafora dina posting FB.
Puseur panitén kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora
posting FB anu ngagunakeun basa Sunda ngawatesanan ieu
panalungtikan dina disiplin paélmuan linguistik. Pikeun maham ma’na
métafora anu nyangkaruk kalawan leuwih gembleng, patalina jeung
14
aspék motif sarta aspék sosial budaya, digunakeun disiplin paélmuan
psikologi, komunikasi, jeung antropologi sacarawa kawatesananan.
Dumasar kana hal sakumaha ditétélakeun di luhur, léngkah
garapan ieu panalungtikan bisa dititénan dina gambar di handap.
Gb. 3 Bagan Léngkah Garapan Panalungtikan
Analisis tipologis mangrupa léngkah munggaran anu
dilaksanakeun, mangrupa tahap observasi kalawan sacara umum
maluruh kacenderungan anu nyampak dina posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda. Tahap saterusna nya éta analisis data anu
kapaluruh sarta dipedar kalawan merhatikeun patalina jeung aspék
budaya sarta situasi sosial. Hasil analisis jeung pedaran téh diragum
sarta tuluy dicindekkeun.
8. Tatapakan Tiori
Facebook mangrupa situs jejaring sosial (social networking) anu
mekar tina kalangenan sajumlahing mahasiswa Univérsitas Harvard di
Amérika Serikat. Diciptakeun ku Mark Zukerberg dina jero taun 2004,
15
facebook anu mimitina dingarananan thefacebook ngajomantara
sacara kawatesanan di lingkungan kampus. Salaku situs internét,
sakumaha situs-situs lianna, facebook béh dieuna mekar jadi situs
jejaring sosial internasional anu dipikawanoh méh di unggal nagara
anu ngawenangkeun aksés internét dina konsép komunikasi massana.
Sacara gurat badag, eusi atawa fitur anu nyampak dina facebook
ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat éléktronik
(sarupa é-mail), news feed jeung mini feed, status, hadiah, iklan,
pokes, jeung events. Salian ti éta, aya deui anu mangrupa aplikasi
tambahan anu ngamungkinkeun pamaké facebook némbongkeun
atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan.
Salaku média anu ngamungkinkeun pamakéna nepikeun rupa-
rupa informasi, facebook mekar jadi pakakas komunikasi massa anu
kawilang populér di masarakat dunya. Ashley Montagu (Rakhmat,
2007:12) nétélakeun yén manusa saéstuna diajar jadi manusana
sorangan ngaliwatan komunikasi. Nurutkeun Stewart L. Tubbs jeung
Sylvia Moss (Rakhmat, 2007:13), aya sawatara ciri anu némbongkeun
yén komunikasi disebut éféktif, nya éta pangartian, kalangenan,
mangaruhan sikep, kawangunna hubungan anu leuwih hadé, jeung
tindakan.
Mekarna facebook jadi sarana komunikasi anu populér
dipangaruhan ogé ku faktor-faktor personal anu mangaruhan kalakuan
manusa. Napak kana pamanggih E. Sampson, Rakhmat (2007:33-35)
nétélakeun sacara gurat badag aya dua faktor anu mangaruhan
16
kalakuan manusa, nya éta faktor biolois jeung sosiopsikologis. Salaku
mahluk biologis, manusa taya bédana jeung mahluk lianna anu
mangrupa sato, faktor biologis kalibet sacara gembleng dina sakabéh
kagiatan manusa, samalah sok patali jeung faktor sosiopsikologis.
Kalakuan sosial manusa diaping ku aturan-aturan anu geus diprogram
sacara génétis dina diri manusa, biasana disebut epigenetic rules, anu
ngatur kalakuan manusa ti mimiti kacenderungan pikeun ngungkulan
incest, kamampuh paham kana éksprési, tepi ka réspon kana pasualan
pulitik.
Faktor-faktor sosiopsikologis mangrupa karakteristik anu
mangaruhan kalakuan manusa disawang tina manusa salaku mahluk
sosial. Klasifikasi faktor sosiopsikologis ngawengku tilu komponén
aféktif, kognitif, jeung konatif. Motif manusa dina ngayakeun
komunikasi atawa hubungan lianna mangrupa salasahiji aspék dina
komponén aféktif, biasa disebut motif sosiogénésis atawa motif
sékundér. Napak kana pamanggih ti sawatara ahli psikologi jeung
komunikasi, Rakhmat (2007:38-39) ngawincik klasifikasi motif
sosiogénésis manusa kana genep wengkuan, nya éta 1) motif hayang
mikanyaho, 2) motif kompeténsi, 3) motif cinta, 4) motif harga diri
jeung kabutuhan pikeun maluruh idéntitas, 5) kabutuhan kana ajén-
inajén jeung ma’na kahirupan, jeung 6) kabutuhan pikeun
ngundakkeun kualitas hirup ngaliwatan poténsi anu dipimilik.
Aspék sosial budaya milu mangaruhan kana prosés komunikasi
manusa. Unggal komunitas dina hirup kumbuh manusa pasti mibanda
17
sistem sosial anu tangtu, anu bé dieuna milu mangaruhan kana prosés
jeung kabiasaan dina prak-prakanana ngayakeun komunikasi, boh
komunikasi intrapersonal boh komunikasi massa. Delgado (Rakhmat,
2007:44) ngaragum rupa-rupa faktor kasebut ngawengku 1) aspék
objéktif lingkungan: ékologis (géografis, iklim, météorologis), désain
jeung arsitéktural, témporal, analisis suasana kalakuan, téknologi,
jeung faktor sosial (struktur organisasi, peran, struktur kelompok,
jeung karakteristik populasi), 2) lingkungan psikososial: iklim
organisasi jeung kelompok, étos jeung iklim institusional-kultural, 3)
stimulus anu ngawewegan kalakuan jalma lianna jeung situasi.
Béh dieuna, manusa mekarkeun komunikasi dina hirup
kumbuhna teu saukur pikeun ngawewegan kabutuhan pokona, tapi
mekarkeun ogé kabutuhan anu sipatna leuwih luhur dina wangun
usaha pikeun paham kana ma’na-ma’na anu leuwih abstrak (Langer,
1957:30-31 dina Sunarto, 2008:21). Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun
jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol.
Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur
pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na
lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna.
Éta hal luyu jeung pamanggih Talcott Parsons (Walker, 1977:11 dina
Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah
ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung pisan kana sistem
simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun
minuhan kabutuhan manusa –primér, sékundér, atawa kantétanana–
18
nepi ka sistem ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi ngawangun
hubungan anu dalit dina hiji kabudayaan.
Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan
simbol-simbol. Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara
tradisional boh linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda.
Sacara tradisional, métafora digunakeun dina komuniksi sapopoé
minangka variasi rétoris. Nurutkeun Nasution (2008:77), dina konsép
sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési figuratif nalika
karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina
ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina
sangkan pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua.
Tina konsép rétorika tradisional, métafora mekar jadi konsép anu
leuwih lega. Métafora némbongkeun kamampuh manusa dina
ngayakeun kagiatan sinéstésis, nya éta kamampuh manusa pikeun
ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-
tumuluy, otak nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana
jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori
(Seitz, 1998:98, dina Sunarto, 2008:31). Tina éta hal, métafora mekar
deui jadi konsép mikir anu dilakukeun ku manusa. Palebah dieu, katara
aya patalina anu raket atawa silipangaruhan antara cara manusa
ngalakukeun komunikasi jeung aspék motif sarta sosial budaya anu
jadi latarna.
Sacara linguistik, métafora dipaham salaku konsép mindahkeun
ma’na dénotatif kana konotatif, tina sintagmatik kana paradigmatik.
19
Pikeun kaperluan ieu hal, disusun tilu konsép métafora, ngawengku
simile, métonimi, jeung sinékdoke. Simile biasana disebut gaya basa
ngupamakeun, sok ngagunakeun kecap panyambung kawas, siga,
atawa lir. Métonimi mangrupa cara ngagunakeun tanda sacara
operasional atawa rélasional. Sedengkeun sinékdoke mangrupa gaya
basa anu ngagunakeun prinsip sabagian pikeun sagemblengna atawa
sagemblengna pikeun sabagian (Sunarto, 2008:32-33).
Pikeun paham kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora bisa
ngagunakeun pamarekan sémantik jeung sémiotik. Basa salawasna
diwangun ku dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung
adegan eusi (batin). Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan
cangkangna basa téh mangrupa sistem sora manusa anu dihasilkeun
ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan eusi mah mangrupa eusi nu
dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa kedalan rasa, pikiran,
jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur gaul.
Harti mangrupa objék sémantik. Dina kahirupan makéna basa,
antara komunikator (anu nyarita atawa anu nulis) jeung komunikan
(anu ngadéngékeun atawa anu maca) kakara lumangsung kalawan
hadé lamun wawaran anu diébréhkeunana kaharti (Sudaryat,
1987:19). Hakékatna omongan manusa téh ngandung harti anu
gembleng. Verhaar (Sudaryat, 1987:23) nétélakeun yén omongan
manusa téh nyoko kana tilu hal: maksud, ma’na, jeung wawaran.
Maksud mangrupa jihat subjéktif atawa udagan anu rék dihontal ku
anu nyarita. Ma’na mangrupa jihat basa atawa eusi anu dikandung ku
20
omongan. Sedengkeun wawaran mangrupa jihat objéktif atawa hal anu
keur dicaritakeun.
Pikeun mantuan pamarekan sémantik dina nalaah ma’na,
pamarekan sémiotik bisa digunakeun. Pierce (Isnéndés, 2010: 95-96)
ngawincik tanda dumasar kana sipat groundna, nya éta 1) qualisign,
hartina tanda dumasar kana sipatna, 2) sinsign, hartina tanda dumasar
kana wujudna dina kanyataan, jeung 3) legisign, hartina tanda anu
dieueuhan. Salian ti éta, tanda dibédakeun ogé dumasar kana
dénotatumna, ngawengku 1) ikon, mangrupa tanda anu teu
gumantung kana dénotatum, tapi bisa dipatalikeun jeung objék anu
sarua, 2) indéks, mangrupa tanda anu gumantung kana dénotatum,
ngébréhkeun ayana hubungan kausal, jeung 3) simbol, mangrupa
tanda anu patalina antara tanda jeung dénotatumna téh ditangtukeun,
disapukan, jeung konvénsi balaréa.
9. Anggapan Dasar
Udagan ieu panalungtikan henteu neueul kana nguji hipotésis
anu tangtu. Parandéné kitu, dina prak-prakanana mah anu nalungtik
teu bisa leupas tina ayana wawasan anu ngarahkeun, jadi kasang
tukang, jeung ngawewegan ieu panalungtikan. Sok sanajan, éta
wawasan téh sabisa-bisa diusahakeun teu ngaganggu dina ngagali
jeung ngarumuskeun timuan anu dianggap penting dina ieu
panalungtikan.
21
Patali jeung hal di luhur, di antarana bisa didadarkeun wawasan-
wawasan sakumaha ieu di handap.
1) Posting Facebook bisa ditilik tina rangkay kamekaran komunikasi
intrapersonal jeung komunikasi massa. Pamake situs facebook
ngamangpaatkeun fitur jeung aplikasi aanu nyampak pikeun
digunakeun salaku sarana komunikasi;
2) Dina udaganana pikeun komunikasi, posting facebook anu
mangrupa status, catetan, jeung pesen, dipangaruhan ku aspék
motif. Pikeun udagan-udagan anu tangtu luyu jeung motifna,
wacana anu nyampak réa anu ngagunakeun simbol-simbol;
3) Kaayaan sosial budaya dina pajamanan atawa dangka waktu
posting facebook diterbitkeun milu mangaruhan kana wacana anu
digelarkeun. Ku kituna, sawangan-sawangan sosial budaya gelar
mangrupa réspon masarakat anu milu mangaruhan kana
kawangunna opini ngeunaan rupa-rupa pasualan sosial budaya.
10. Métodologi Panalungtikan
10.1 Pamarekan, Métode, jeung Téhnik Panalungtikan
Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan
basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu
panalungtikan neueul kana perkara métafora wacana vérbal basa
Sunda posting FB. Pikeun mikaweruh ma’na métafora sakumaha
anu kapanggih dina sampel data kalawan leuwih jéntré jeung
22
gembleng, perlu diwewegan ku ulikan perkara aspék motif jeung
aspék sosial budaya anu mangaruhanana.
Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode
déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), metode déskriptif
mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun
rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa
rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan,
karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung
fénoména lianna. Data anu aya patalina jeung istilah-istilah basa
Sunda anu digunakeun dina pakumbuhan internet téh
dideskripsikeun. Tujuan utama digunakeunana metode déskriptif téh
pikeun méré gambaran ngeunaan métafora dina posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda kalawan objektif dina hiji deskripsi situasi.
Dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun, ngolah data, sarta nyieun
kacindekan jeung laporan (Ali, 1987:130).
Sedengkeun téhnik panalungtikan anu digunakeun ngawengku
talaah pustaka, observasi, jeung analisis wacana. Téhnik talaah
pustaka jeung observasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka
jeung data anu aya patalina jeung pasualan anu ditalungtik. Ku cara
ngagunakeun téhnik analisis wacana, bahan anu geus dikumpulkeun
téh tuluy dianalisis sarta diteuleuman eusina nepi ka kapanggih
hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik. Métafora dina
posting FB anu ngagunakeun basa Sunda téh dianalisis dumasar
pamarekan sémantik jeung sémiotik, tuluy dilenyepan, ditafsirkeun,
23
sarta ahirna dima’naan kalawan dipatalikeun jeung aspék motif sarta
aspék sosial budaya.
10.2 Sumber Data
Sumber data métafora wacana basa Sunda dina ieu
panalungtikan dipaluruh tina posting FB anu ngagunakeun basa
Sunda. Kaitung réa pisan posting FB anu ngagunakeun basa Sunda
téh, kalawan tinimbangan praktis jeung pragmatis pikeun kaperluan
ieu panalungtikan mah digunakeun sababaraha posting FB minangka
sampelna. Sedengkeun anu jadi objék panalungtikanana nya éta sakur
status, koméntar, jeung catetan anu ngagunakeun médium basa
Sunda.
Posting FB anu dipilih didadasarkeun kana ayana unsur métafora
patali jeung kaayaan sosial budaya bangsa Indonésia dina dangka
waktu taun 2010. Data anu kakumpulkeun diréduksi dumasar kana
kritéria ayana unsur motif minangka réspon kana kajadian-kajadian
anu sipatna pribadi jeung umum kalawan aya pakaitna jeung perkara
pasualan-pasualan sosial budaya anu jadi latarna.
Dina waktu ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nyaéta
kartu data. Carana ku jalan nyalin jeung midangkeun posting FB anu
dijadikeun sampel. Sabada éta, unggal kartu dibéré nomer jeung kode,
ngaliwatan prosés analisis tipologis jeung tabulasi, tuluy diasupkeun
kana tabél anu geus disadiakeun.
24
10.3 Prosédur Analisis Data
Linguistik jadi panitén poko dina ieu panalungtikan, sedengkeun
aspék motif jeung sosial budaya jadi pangdeudeulna pikeun paham
perkara konsép komunikasi jeung sistem ajén-inajén anu lumaku. Data
anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar
léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Maca sakabéh data;
2) Ngarékap data posting FB anu ngagunakeun basa Sunda; Dina ieu
tahap, dibantuan ku pamarekan kuantitatif sacara
kawatesananan. Pamarekan kunatitatif anu digunakeun lain
pikeun udagan nguji korélasional, tapi pikeun nyusun frékuénsi
jeung tabulasi. Éta tabulasi digunakeun pikeun nilik
kacenderungan dipakéna basa jeung aspék sosial budaya,
métafora, sarta aspék motifna.
3) Ngaidéntifikasi wangun métafora dina posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda;
4) Ngaidéntifikasi gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun
basa Sunda;
5) Nalaah métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda
patali jeung unsur semantikna sangkan meunang gambaran
perkara ma’na anu nyangkaruk di jerona.
6) Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih neueul kana udagan
kalawan lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero,
25
digunakeun triangulasi. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan
koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha narasumber.
11. Sistematika
Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab
kalawan sistematika sakumaha tabél di handap.
Tabél 1Sistematika laporan Panalungtikan
No.
Bab
Judul Bab Eusi Bab
1. I BUBUKA Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan pasualan, udagan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung wangenan istilah.
2. II TATAPAKAN TIORI Ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung téori. Sawangan anu didadarkeun ngawengku tiori perkara komunikasi, facebook minangka pakakas komunikasi pajamanan téknologi kiwari, métafora, sarta pamarekan sémantik jeung sémiotik.
3. III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
Mertélakeun perkara métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, jeung prosédur analisis data.
4. IV MÉTAFORA POSTING FACEBOOK BASA SUNDA
Ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung
26
No.
Bab
Judul Bab Eusi Bab
pedaranana dumasar kana pamarekan sémantik jeung sémiotik.
5. V KACINDEKAN JEUNG SARAN
Mertélakeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.
12. Agénda Panalungtikan
Panalungtikan perkara interprétasi métaforis posting facebook
basa Sunda baris dilaksanakeun dumasar kana rarancang waktu
panalungtikan sakumaha ieu di handap.
Tabél 2Rarancang Waktu Panalungtikan
No.
KagiatanWaktu
Jan. Péb. Mar.
Apr. Méi Juni
1. Tatahar
2. Ngumpulkeun Data
3. Analisis Data
4.Triangulasi jeung Nyusun Kacindekan
5. Nyusun Laporan
Daftar Pustaka
Ali, Drs. Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.
Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.
27
___. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.
Aslinda, Dra., M.Hum., jeung Dra. Leni Syafyahya, M.Hum. 2007. Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.
Assie-Lumumba, N’dri T. (Éditor). 2004. Cyberspace, Distance Learning, andHigher Education in Developing Countries: Old and Emergent Issues of Access, Pedagogy and Knowledge Production. Leiden, Belanda: Brill.
Aubusson, Peter J., Alan G. Harrison, jeung Stephen M. Ritchie (Éditor). 2006. Metaphor and Analogy in Science Education. Dordrecht, Belanda: Springer.
Baldwin, John R., Sandra L. Faulkner, Michael L. Hecht, jeung Sheryl L. Lindsley (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. New Jersey, USA: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.
Barker, Chris. 2004. The SAGE Dictionary of Cultural Studies. London, England: SAGE Publications.
Carnap, Rudolf. 1947. Meaning and Necessity: A Study in Semantics and Modal Logic. Chicago, Illinois, USA: The University of Chicago Press.
Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Chandler, Daniel. 1994. Semiotics for Beginner [Online]. URL http:www.aber.ac.uk/media/Documents/S4B/semiotic.htm [3 April 2010].
___, 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge.Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh,
Inggris: Edinburgh University Press.Effendy, Prof. Onong Uchyana, M.A. 2007. Ilmu, Teori dan Filsafat
Komunikasi. Bandung: Citra Aditya Bakti.Facebook Inc. 2010. Facebook Confidential and Proprietary. USA:
Facebook Inc.Hadi W.M., Abdul. 2008. Hemeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta:
Pusat Bahasa.Hayder, Hasin jeung Dr. Mark Alexander Basin. 2010. Learning
Facebook Application Development. USA: PACT Publishing.Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative
Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Basingstoke, Hampshire, Inggris: Palgrave Macmillan.
Hudson, R.A. 1962. Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press.
Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007. Semantics: A Coursebook. New York, USA: Cambridge University Press.
Isnéndés, Rétty, S.Pd., M.Hum. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat
28
Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.
Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia.
Lakoff, George jeung Mark Johnson. 1980. Metaphor We Live By. Chicago, USA: The University of Chicago Press.
Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York, USA: Cambridge University Press.
Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York, USA: Cambridge University Press.
Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.
Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik, Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Nasution, Khairina. 2008. “Metafora dalam Bahasa Mandailing: Persepsi Masyarakat Penuturnya”, dina Linguistik Indonesia, Taun ka-26, No. 1, Pébruari 2008.
Nuccetelli, Susana. 2003. New Essays on Semantic Externalism and Self-Knowledge. Cambridge, Massachusetts, USA: The MIT Press.
O’Dwyer, Ella. 2003. The Rising of The Moon: The Language of Power. London: Pluto Press.
Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Prasetijo. 2009. Etnisitas [Online]. URL: http://www.prasetijo.wordpress.com [18 September 2009].
Purnanto, Dwi. 2009. Etnografi Komunikasi dan Register [Online]. URL: http://www.dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografi-komunikasi-dan-register/ [18 September 2009].
Rakhmat, Drs. Jalaluddin, M.Sc. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya.
Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York, USA: Cambridge University Press.
Rosmana, Drs. Iyos Ana, M.Pd. 2003. Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Samuél, Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 1997. Microsoft Internet Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah. Jakarta: Elex Media Komputindo.
Satori, Prof. Dr. Djam’an, M.A. jeung Dr. Aan Komariah, M.Pd. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.
Stefanowitsch, Anatol jeung Stefan Th. Gries (Éditor). 2006. Corpus-Based Approaches to Metaphor and Metonymy. Berlin, Jerman: Mouton de Gruyter.
Stern, Josef. 2000. Metaphor in Context. Massachusetts, USA: Massachusetts Institute of Technology Press.
Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.
Sudaryat, Yayat. 1987. Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
29
___. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung.___. 1995. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.Sudaryat, Drs. M.Hum, Drs. H. Abud Prawirasumantri, jeung Drs. H.
Karna Yudibrata. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sukmadinata, Prof. Dr. Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.
Sugiyono, Prof. Dr. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sunarto, Priyanto. 2008. ”Metafora Visual Kartun Editorial pada Surat Kabar Jakarta 1950-1957″. Disertasi Doktor Program Studi Ilmu Seni Rupa dan Desain Institut Teknologi Bandung.
Suryabrata, Drs. Sumadi, B.A., M.A., Ed.S., Ph.D. 2008. Psikologi Kepribadian. Jakarta: Rajagrafindo Persada.
Suwito, Drs. 1983. Soiolinguistik: Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret.
Tarigan, Prof. Dr. Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.
___. 1988. Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa.Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan
Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.Woodworth, Katheryn A. 2010. Facebook for Beginners [Online]. URL:
http://www.facebook.com/katheryn.woodworth [1 September 2010].Zaimar, Okke K.S. 2008. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya
Sastra. Jakarta Pusat Bahasa.Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik
(tarjamahan Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.
INTERPRÉTASI MÉTAFORIS
POSTING FACEBOOK BASA SUNDA
30
PROPOSAL PANALUNGTIKAN
Ku
DADANG NURJAMAN
0907667
PROGRAM STUDI PEND. BAHASA DAN BUDAYA SUNDA (S2)
SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2010
top related