1-naskah-drama_perang-taya-tungtung(1).pdf

Upload: irvan-mulyadie

Post on 22-Feb-2018

270 views

Category:

Documents


2 download

TRANSCRIPT

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    1/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    2/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Naskah Drama Basa Sunda

    PERANG TAYA TUNGTUNG

    Disadur bbas tina carpon Yosph IskandarDiropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

    PROLOG :

    Dina hiji mangsa, manusa bakal sadar. Yn sirik pidik jeung jail kaniaya th ahlak anu

    panggorng-gorngna. Dunya jadi sepi tina maling. Towong tina rampog. Teu nysa anu korupsi,

    kolusi sumawona nu ngadon npotisme dina saban hal og. Euweuh kariweuh jeung paciweuh,

    sarta teu aya nu parasa marebutkeun harta jeung pangawasa.

    Harita hirup manusa th kabh dieusiean ku mangrupa-rupa pagawean had. stuning nulung

    kanu buth nalang ka nu susah balangsak. Jalma-jalma paboro-boro kana amal ibadah, babakti ka

    nu maha suci. Anu antukna hirup th jadi walatra.

    Dayeuh jadi simp. Sakabh manusa aribadah kalayan khusu jeung soson-soson ka Alloh SWT.Ceuk paribasa mah, euweuh warung nu buka-buka acan. Ti dinya stan-stan, iblis jeung

    sajabaning jurig, iprit, tuyul, jenglot, drakula, vampir, kuntilanak jeung sajabana ngarasa geus teu

    guna deui. Godaan-godaan maranhna teu dipalir saeutik og ku manusa.

    BABAK I

    SABADA PROLOG DIBACAKEUN, LALAUNAN LAMPU TH NYAANGANPANGGUNG. FOKUS KA TENGAH-TENGAHNA NU GEUS AYA SAURANG NONOMANNU MAK PAKAN SING SARWA BODAS BARI MADEP KANA ALQURAN. SIMPPISAN. TEU LILA TI HARITA, NGALANGLAUNG GELIK AYAT-AYAT AL-QURAN NUNERANGKEUN KAJADIAN NU PATALI JEUNG PO QIAMAH.

    SABADA RNGS DIBACAKEUN, KAREUNGEU MANGRUPANING SORA-SORATINGCOROWOK MANI RANG MATAK KETIR, PACAMPUR JEUNG SORA MUSIK NUCAMPUH MATAK EUNDEUR RARASAAN. LAMPU SRUT-SROT JIGA RKNGCSKEUN YN NA PANGGUNG TH KEUR NGAGAMBARKEUN KAAYAAN POAHIR. BARENG JEUNG PELEDUGNA HASEUP GUN SMOKE NU MINUHAN TA

    PANGGUNG.KATINGALI, TINGPARECENGHULNA RAGA BADAG BANGSA STAN NU KEURPABUIS TEU PUGUH TUJU. LALUMPATAN BARI NANG PANYUMPUTAN.TINGJERWT, TINGJARERIT, SUMAWONA LOBA NU NGOCAK AWONG-AWONGAN BARI SUMAMBAT TULUNG-TULUNGAN NAHAN KANYERI JEUNGHAWA PANAS NU BEUKI NYONGKAB.

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    3/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    AYA KANA MEMENITANNA KAJADIAN TA TH. BEUKI LILA SORA-SORANGAJAUHAN. LAMPU OG LALAUNAN PAREUM. KAAYAAN SALIN JINIS JADI AYADI PATEMPATAN NU MANGRUPA ALAM SING SARWA AHNG. TEUING DI MENDITEMPATNA MAH. NU PUGUH, NGAJNTRKEUN YN DI ETA TEMPAT THNGADEGNA KARAJAAN STAN IDAJILANATULLAH. NU RAJANA TAYA LIAN IBLIS

    NU KUNGSI NGAGODA NABI ADAM SANGKAN NUANG BUAH KHOLDI TA.KATMBONG RAJA IBLIS KEUR MENEKUNG DINA KORSI KARAJAANNA.MANHNA JIGA KEUR BINGUNG. RUMAHUH, NGAGEREM, KADANG NANGTUNG,LUJAG-LJG TEU PUGUH LAKU, TERUS DIUK DEUI. GOREHEL MUKA BISLUIT(SK/Surat Keputusan ti pangeran) DIBACA, DITITENAN BULAK BALIK. SUP,DIPESAKAN DEUI. TAPI NINGALI PAROMAN BEUNGEUTNA KAWAS AYA NUDITUNGGUAN. TULUY NOROWCO JIGA NGOMONG KA DIRI SORANGANNA.

    Raja Iblis : (ngagerendeng) Kurang ajar mangkeluk th, kurang ajar ! Dasar stan teu

    nyakola diparntah ku dwk gancang-gancang th kalahka har-har. Santypisan, hah. Ngagoda si wewelek th meureun ka aing. Abong-abong stan gawena

    purah ngagoda, kanu jadi raja sorangan g maranhna wani ngaheureuyan. Dasar

    kawalat. Bener-bener bangkar warah, dan. dan pisan......(Diuk deui. Rumahuh.)

    Heueuh kana kitu na mah, dwk th geus lila pisan can manggih deui laporan nu

    pikabungaheun. Nyata laporan-laporan nu nerangkeun hasil godaan bangsa stan

    ka papada manusa. Beuki lila jeung beuki dieu, laporan th ngan saukur

    kagagalan malulu. Puah....!(nyiduh) Hayang nyaho dwk mah, naha bener atuh

    manusa th geus geus euweuh pinapsueunna? Geus teu bisa kagoda deui ku

    mangrupa cara og? Teu ngarti.

    Da baheula mah, Adam og nu pangkatna nabi, jeung kangarananna bapa ti

    bapana sakabh manusa, geus kagoda ku dwk mah. Sina metik buah khuldi,

    mak Siti Hawa nu jadi cukang lantaranna harita th. Tapi, na ayeuna.....Piraning

    og ngagoda bangsa manusa biasa , mani euweuh nu sahulueun gableg

    pangabecus th. Dasar stan th geus garoblog kabh. dan. dan !

    (Sabot Iblis keur ngomong sorangan, dua badga satiana datang ngadeuheus.

    Ngadeukeutan bangun nu sieun. Hormat rengkuh bari teu kapalir ieuh ku raja na mah.

    Iblis terus ngocoblak bangun nu anteng ngitung kabingung.)

    Raja Iblis : Beu, beu......Cilaka ana kieu kajadianna mah. Kami sarra moal aya batur

    sangsara pikeun hirup dina naraka. Kacida bakal simpna naraka th atuh.....

    Palias, ketir meureunan.....

    Setan I : Sumuhun kanjeng raja,......Hiks... (ngalimba jeung luwa-lw jiga rek ceurik)

    Setan II : Leres pisan nu nembe ku salira dicarioskeun th. Lamun urang teu bisa deui

    ngagoda sakumna umat manusa, nyata anak incu adam ta, mangka urang moal

    gaduh batur hirup nandangan kasusah di naraka. Mangkaning urang th bakal

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    4/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    nandangan siksaan keur salalawasna. Hiyy.....amit-amit kedah ngabayangkeuna

    og. Kacipta w nalika malaikat jabaniah nu kakoncara telengesna th ngacung-

    ngacung gegendir cucuk nu didamel tina seuneu rewuan taun ta. Tuluy dina

    leungeun kencana ngamang-ngamang rant beureum meunang meuleum. Rk

    lumpat, da urang th geus puguh mo bisa lumpat. Da rante cucuk ta ge meulit

    murilit kana sakujur awak. Pamohalan bisa hanjat th......

    (Sabot Stan II keur nyarita, Raja th kalah keuheuleun. Muncereng. Tapi karak rk

    cunghap bahamna geus kapiheulaan nyarita. Stan I reuwaseun. Gancang manhna th

    ngadeukeutan ka Stan II bari pepeta. Tapi Stan II mah kalah terus cumarita. Awahing

    ku napsu, antukna mah Raja th nyampeurkeun bari nutupan sungut Stan II nu jiga keur

    ngahajakeun ngawawaas siksa naraka. Gantawang w....)

    Raja Iblis : Gandeng sia teh, jurig......!!! Kurang ajar. Cucungah siah wani-wani ngomong

    kitu hareupeun dewek. Jeung sia teh jiga nu teu nyakola pisan deuih. Datang-

    datang ujug-ujug ngilu nimbrung cumarita. Goblog siah. Euweuh kasopanan

    pisan, matak naon atuh saria th bbja atawa ngetrok panto heula. Lain jol-jol

    asup. Hayang diparieuskeun siah ku dwk?! (Stan I jeung Stan II ting

    purungkut) Jawab siah goblog.....!!!

    Stan I + II : Ampun kanjeng raja, ampun.....teu pisan-pisan abdi mah.

    Raja Iblis : Naha atuh saria teh bet wani-wani?

    Stan I : Sumuhun kanjeng Raja, manawi th salira nyabda ka abdi......

    Stan II : Muhun manawi th ka abdi....

    Stan I : Da abdi mah mo kumawantun, komo deui bad cucungah mah....

    Stan I I : Leres, sami abdi og kitu....

    Stan I : Hapunten, kanjeng raja....

    Stan II : Hapunten abdi og, nya.....

    Stan I : (Ngalieuk ka Stan II) Na ari manh ngan nurutan wa omongan uing. Tuturut

    munding, sing kratif atuh montong jadi plagiat wa. Pikasebeleun.

    Stan II : Lah atuh euy, kitu-kitu wa bet dimasalahkeun. Keun jeung babaturan ieuh.

    Stan I : Lain sual babaturan nu kieu mah, kehed.... Prinsip, nyaho. Awas siah mun

    nurutan deui.

    Raja Iblis : Hy, anak-anak stan.....na keur naon saria th kalah patingkecewis kitu?

    Ngaromongkeun dwk, hah?Stan I : Sans kitu kanjeng raja.....

    Stan II : Muhun sans kitu......

    Raja Iblis : Keur naon atuh? (geregeteun)

    Stan I + II : (parebutan ngomong) A..eu...itu....etah.....

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    5/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Raja Iblis : Sing waras atuh ngaromong th. Hiji-hiji.

    Stan II : Kieu, Kulan.. sim kuring saparakanca tos nedunan kahoyong salira.

    Raja Iblis : K, nu mana tea nya? Poho deui dewek mah.

    Setan II : Su...sumuhun ta ta geuning. Anu ku gamparan diparntahkeun ka sim kuring

    duaan. Perkawis taeun ta. Piraku gamparan hilap deui.

    Raja Iblis : Na ari silaing, geus puguh dwk mah poho deui. Jeung sing ngarti atuh maranh

    th. Yeuh, ari nu ngarana pamingpin mah wajar wa pohoan g. Pan geus puguh

    loba pisan urusan. Na keur naon atuh loba asistn og ari kudu inget kana sautak

    saeutik mah. Bejad atuh sirah dwk.

    Stan II : Ke, pami kana jangji-jangji og tiasa hilap kitu?

    Raja Iblis : Sarua atuh belegug.....Ceuk kami oge pamingpin mah loba uruseunna. Ngarti?

    Stan I + II : (bareng) Yaktos gamparan......Stan I : (semu ngaharwos ka Stan II) Paingan atuhnya euy, baheula mah di alam

    dunya, loba pisan pamingpin pohoan. Singhorng th dicontoana w ku raja

    urang.

    Stan II : Dasar teu gaul manh mah. Pan poho kana jangji th salasahiji pelajaran utama

    tina kurikulum bangsa urang mah. Ceuk teorina mah ta th nu disebut hianat ta.

    Sabab mun pamingpin bisa nedunan kana sagala rupa jangjina, amanah ta

    disebutna, sawarga deuleu pangwalesna th. Sawarga !

    Raja Iblis : Jadi kumaha, tah ?

    Stan II : Kieu atuh , gamparan.....kamari, basa tujuh ratus taun kapengker, salira th

    masihan parntah ka sim kuring duaan kanggo ngempelkeun sakumna umat stan,

    ti kawit stan-stan nu awakna th baregung da tugasna ngagoda jalma-jalma

    sholh, og sareng setan-setan bucitreuk nu purah ngasuh jalma-jalma munapk,

    tukang ngalajur hawa nafsu, tukang tipu, tukang lacur, gorombolan KKN jeung

    sajabina. Malihan mah ti jaman para nabi tug dugi ka jaman umatna nabi

    Muhammad kiwari, sadayana parantos kaulem.

    Numutkeun catetan rapat bangsa stan, momen ieu th kalebetkeun kana books of

    record di Lauh Mahfudz. Nyata acara nu pang ged-gedna dina sajarah

    lumangsungna umat stan diciptakeun ku gusti Alloh. Nya dina danget ieu pisan

    waktosna th. Sakantena reunian, acara na th kayaning silaturahul....

    Stan I : (motong kalimah) Naon, euy....dedengean teh silaturahul?

    Stan II :Heueuh silaturahul.......ari parntah Alloh mah silaturahmi nyata

    mamanjangkeun duduluran jeung ibadah. Tah ari silaturahul mah parntah ti rajaiblis, hartina th mun panggih jeung papada mahluk th keun ba silih

    beubeutkeun og, meunang rk ngagosip kagorengan batur, komo nepi ka pasa

    silih pahan og, kawas dina widang pulitik manusa geuning, malah mun nepi ka

    kitu th, dileler hadiah deuleu.....

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    6/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Raja Iblis : Hmmmm......(ngadhm)

    Stan II : Nu saterasna kanjeng raja, sim kuring bad nguningakeun, yn pamingpin-

    pamingpin stanna mah parantos kempel di buruan karaton. Nu tos ngeusi daptar

    hadir th salah sawiosna aya Raja Jurig Jarian, Raja Iprit, Ratu Kuntilanak, Buta

    Hejo, Tuyul Banting, Vampir, Drakula, sareng .......(nginget-nginget)

    Stan I : Malihan mah kanjeng raja, stan-stan nu dipelak di plant-plant luareun bumi

    oge aya. Si Alien ta geuningan..... Teras stan sabangsaning nu ngageugeuh

    gunung-gunung, nu purah tunggu lautan sapertos Nyi Roro Kedul g aya. Tos

    hmpak sadayana kanggo ngadangukeun naon-naon nu bad didugikeun og

    diparntahkeun ku salira.

    Stan II : Leres, kaulanun.......

    Raja Iblis : (Seuri nyakakak) Mmmmh, ......kitu nyah. Alus, alus pisan pagawan th. Tapidwk rk nanya heula euy ka maranh. Cik, ari tadi kamarana heula saria th?

    Didagoan saeneng-eneng ti tatadi bet karak norojol wayah kieu?

    Stan I : Aduh-aduh....hatur pangapunten sateuacanna kanjeng Raja Iblis. Tadi th di

    payuneun karaton aya bancang pakewuh saalit. (ka stan II) Nya?

    Raja Iblis : Na aya naon kitu?

    Stan II : Kieu, pangersa......tadi abdi duaan th dicaregat ku jurig-jurig jarian nu keur

    ngamuk ngawut-ngawut sagala rupa. Maranhna demonstrasi minangka na mah.

    Boga kahayang nungtut kana saban kawijakan-kawijakan ti nagara iblis ieu.

    Raja Iblis : (kerung) Nungtut, kawijakan?

    Stan I : Sumuhun gamparan......maranhna nungtut kaadilan ti kanjeng raja kanggo

    ngabbaskeun kana sagala rupa aturan-aturan man dina enggoning tugas

    ngagoda saban manusa. Sabab musababna taya lian, pikeun ngaronjatkeun deui

    kaahlian ngagodana umat stan nu kiwari karasa ku maranhna th geus

    dimonopoli ku bangsaning lit-lit stan di karaton ieu. Alesan lainna nyata

    sabab di bangsa stan nu tingkatanna menengah bawah th geus ngarasa karugian

    ged ku ayana cara nerapkeun hukum jigah pasar bbas th. Kitu panginten.....

    Stan II : Leres pisan, cohag na mah maranhna th hayang nungtut rformasi birokrasi

    nu sagemblengna. Ulah ngan ukur dikawasana th ku stan-stan nu aya di

    tegalan gunung Hollywood.....

    Raja Iblis : Oh, kitu nyah....? Keun atuh ku dwk rk ditepungan. Sakalian wlah urang

    mimitian wa rapat akbar th. Kuring geus gtk hayang curhat. Bejakeun ka

    balara, dwk bakal datang kalawan gancang, kituh. Ngarti?Stan I & II : Ngartos pangersa.........!!!

    (Raja Iblis nangtung bari menerkeun pakanna nu geus rawk. Paromanana rada brag bari

    panon neuteup seukeut ka jauhna. Ari Stan I & II mah ngolsd undur-unduran dibarung ku

    lampu panggung nu laju pareum lalaunan)

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    7/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    BABAK II

    DI HAREUPEUN KARATON KARAJAAN IBLIS TEA, GEUS KUMPUL MANGMILYAR-

    MILYAR UMAT SETAN. KABEH DARATANG PIKEUN MERE LAPORAN

    PAGAWEANNA SEWANG-SEWANGAN. NGAGURUH PISAN SORANA. TINGCIKIK,

    TINGCIRIHIL, SARTA TINGCOROWOK TEU PUGUH DENGEKEUNNA. SABOT KITU,

    AYA SORA GOONG NU DITAKOL TILU KALI LEBAH TUKANGEUN NU NARONGTON

    IEU DRAMA. GEUS KITU, COROWOK WE GULANG-GULANG KARAJAAN MERE

    NYAHO KA BALAREA, YEN RAJA IBLIS TEH GEUS AYA DI SAKULIAHEUN ETA

    TEMPAT.

    Stan I : Bwara ! Bwara keur balara nu datang tur ngahadiran na ieu tempat. (goong

    ditakol deui. Balara jempling dadak sakala) Bwara, Kanjeng Raja Iblis

    Idazilaknatullah parantos sumping di payuneun urang sadayana. (Stan-stan

    ngaguruh deui) Tenang-tenang...... Jemp heula atuh euy...... Tenang ! (Jempling

    deui) Tah ayeuna, hayu urang sambut euy ku pupujian khas umat

    urang.....mangga kawitan !!!

    Koor : Mun mangsa akhrat datangDunya runtag kari bugang

    Mangka urang geura gancang

    Neang balad teu kapalang....

    Sabab naraka nungguan

    Siksana taya lekasan

    Hayu batur umat setan

    Goda manusa nu iman....

    BASA TEMBANG PUPUJIAN KEUR DIHALEUANGKEUN, RAJA IBLIS NEMBONGAN.

    DITUTURKEUN KU WIDADARI-WIDADARINA NU GEUS PUGUH TEU IEUH GEULIS

    CEUK UKURAN MANUSA MAH. RAJA TANDANG KALAYAN GAGAH. TUNJAK-

    TUNJUK BARI NYAWER KU SEURINA NU NGABARAKATAK. RAHAYATNA GILIR

    NYINGIR BANGUN SIEUNEUN. GEUS NEPI MAH DI TEMPAT DIUKNA, RAHAYAT GE

    EUREUN. JEMPLING DADAK SAKALA. GOONG DITAKOL DEUI.Koor : Hirup-hurip kangjeng raja........

    Hirup nungtung adigung,

    Hurip niruk kabingung.....

    Hirup-hurip kangjeng raja !!!

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    8/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Raja Iblis : (Mr isyarah ka rahayatna pikeun jemp)

    Koor : Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

    Raja Iblis : (nyorowok) Jaya Stan.....!!!

    Koor : Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

    Raja Iblis : Ditarima, ditarima panghurmat maranh kabh. Nuhun, euy, nuhun pisan. Geus

    mangsana urang sarra pikeun ngabogaan sikep. Sabab ayeuna pisan

    kasempetan nu panghadena keur ngayakeun rapat akbar th. Maksudna ieu acara

    taya lian, keur ngusahakeun atawa ngarumuskeun stratgi-stratgi anyar pikeun

    ngagoda ka sakumna umat manusa.

    Kuring geus bosen abur-aburan teu gableg tempat jang ngiuhan-ngiuhan acan di

    alam dunya th. Hawa th beuki ngelekeb wa. Lain pedah global warmingtaieu mah. Sabab mangkeluk nu ngaranna manusa tea nu boga alpukahna. Dzikir

    jeung dzikir we meureun.....Panas aing th, panas..... Tah ayeuna kuring geus lila

    teu kakiriman bistl berita nu had. Cing sok geura, geura br bja nu matak

    pikabungaheun kaula....sok !!!

    Koor : Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

    Stan III : (Maju ka hareupeun raja) Hirup-hurip keur kanjeng raja !!!

    Koor : Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

    Stan III : (lajag lejeg bari gumasep. Memeh nyarita, manehna nyirihil matak keueung)

    Hihihi......Ti uing mah kanjeng Raja, to the pointajah, lah...... Da loba carita g

    kalah matak lieur nu ngadngna. Kieu, raja..kuring sarra ti balatantara

    siluman saalam dunya seja rk curhat deui w..... Sabab uing saparakanca th

    bingung kacida. Loba kabingung th kusabab hirup di alam dunya geus teu betah

    ngising-ngising acan.

    Manusa-manusa geus moal bisa kagoda deui ayeuna mah. Sabab kahirupan

    jeung pipikiranna geus dipuseurkeun kana ibadah ka gusti Alloh. Sakabh laku

    lampah Muhammad ditarurutan jeung dijalankeun sakumaha mistina. Uing

    saparakanca geus reuntas harepan. Naraka geus pasti suwung, bakal euweuh

    pangeusina, moal aya balad pikeun sangsara........

    Stan IV : Sumuhun kanjeng Raja,....bad sakedap deui atawa lami knh deui og, tos teu

    aya ukuran deui kanggo umat manusa ayeuna mah. Sadayana tos siap tur

    sanggup mayunana. Tos oftimis sadayana manjing sawarga dimana engk

    Qiamah datang. Kitu Kaulanun.....Stan V : Tos teu aya tempat palacuran di dunya th, lokalisasi-lokalisasi prostitusi geus

    ngajangglk jadi pasantrn nu pada ngajugjug. Sumawona tempat dugem jeung

    bar-bar tempat transaksi narkotika mah. Sadayana tos disulap janten tajug

    atanapi masjid agung keur sholat sapop.

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    9/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Stan VI : Leres, jungjunan.....nu kiwari janten udagan manusa th ukur tempat-tempat

    ibadah wungkul. Saban masjid pajejel-jejel heurin usik ku manusa nu keur

    neangan karidoan pangeran. Geus teu puguh ngitung waktu g. Komo deui dina

    sholat wajib nu lima waktu mah. Sakabh lolongkrang mangsa di luareun wajib

    oge bak dipak solat sunat jeung dzikir.

    Raja Iblis : (molotot jeung kekerot) Kurang ajar.....

    Stan VII : Samo mawon laporan th, kanjeng Raja Iblis. Manusa nu hirup di dunya ayeuna,

    benten pisan jeung jaman kapungkur. Ayeuna mah Al-Quran og geus teu payu.

    Sababna mah taya lian, da kabeh manusa g rata-rata geus arapal kana ayat-ayatna

    kalawan ditalar. Geus kahartieun sagala parntah jeung laranganna. Ceuk paribasa

    mah, geus faham kana bubuk-bubuk leutikna og. Malahan mah eusi Quran th

    dilaksanakeun dina saban rngkak jeung paripolah kamanusaan.Raja Iblis : (nangtung, ngadgdg awahing nahan kakeuheul) Bisluit dwk th laku knh

    siah, Jurig. Saria th diwenangkeun ku pangeran pikeun sakti mandraguna. ta

    kasaktn th bakal lana dina wak-awak saria nepi ka engk jaga leburna po

    Qiamah. Na atuh saria th geus teu narurut deui ka dwk ? Naha geus teu

    percaya deui ka dwk?

    Stan VIII : Nun Kanjeng Raja nu teuing iraha bijaksanana, mugi salira teu bendu ku

    kaayaan mangsa ayeuna. Da rk kumaha deui atuh, Nun. Peryogi kauningan ku

    salira, kami sarra sans tos teu percanten ka salira. Nanging di jaman ayeuna

    mah di alam dunya th benten sareng jaman katukang-tukang. Ayeuna mah

    manusa th geus tara cumarita ubral-obrol nu teu pararuguh. Sumawona

    nyaritakeun kagorngan batur mah. Nyaritakeun dirina sorangan og ngarasa ra.

    Komo deui silih jejelh dina widang pulitik mah. Teu aya.

    Stan VIII : Nu diucapkeun th stuning ngan ukur asmaul husna jeung sabangsaning

    shalawat og dzikir ka pangran. Di suklakna di siklukna nu mindeng kapireng

    th ngan pupujian w......Subahanalloh, alhamdulillah, istigfar jeung sajabana. ta

    deuih nu korupsi mah kari sajarah. Pamingpin geus euweuh nu jeneng jadi raja

    atawa presidn. Wakil rakyat og tos teu aya......da kabh ge ngundurkeun diri.

    Majarkeun th cenah, tongboroning hayang mingpin batur, dalah mingpin diri

    sorangannana og can karuh bisa. Amanah th beurat kacida, sarieuneun

    ngalumbar jangji th. Majarkeun th cenah, da nu loba jangji bari teu dicumponan

    mah ta th kalakuan bangsa urang. Bangsa stan......Kitu, kaulanun.

    Raja Iblis : (Ngagerem handaruan, nyorowok sataker kebek) Bangkar warah......!!!Koor : Euweh nu jugala, euweuh nu sangsara, taya nu beunghar, taya nu malarat, kabh

    manusa geus silih simbeuh ku harta jeung kanyaah saban manusa,.....

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    10/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    KATINGALI, AWAK RAJA IBLIS TH NGAGIDIR. SIRAHNA DICEKEL SIGA NU RK

    MURAG. RAJA IBLIS TH RUMANGGIEUNG JIGA NU LIEUR. NYOLOYONG KADITU,

    NYOLOYONG KA DIEU. NEPI KANA KORSINA, JOL BREK W DIUK BARI

    NGAHULENG MIRAGAMENENG. KITU NA TH AYA KANA SAREWU TAUNNA.

    Koor : Alam dunya panas nyongkab......Panas !!! Rk kamana urang ayeuna ?

    Alam dunya panas nyongkab......Panas !!! Rk kumaha urang ayeuna ?

    DINA KAAYAAN NGAHULENG KITU, RAJA IBLIS NGADADAK NANGTUNG BARI

    NYAKAKAK. SEURI TARIK BANGUN NU NGEUNAH. SAKABEH RAHAYATNA

    TINGHARULENG NINGALI RAJA KITU TEH. MALAH NYANGKANA RAJA GEUS

    STRES. RAJA SEURI BERI TERUS TUTUNJUK KA SETAN SEJEN. KADANG AYA NUDIDEGUNGKEUN SIRAHNA. DITALAPUNG BUJURNA. DIJENGGUT. TAPI ANGGER

    PAROMANA MAH TEU OBAH. ESTUNING JIGA NU KEUR MANGGIH KABUNGAH.

    Raja Iblis : (Rengs seuri) Aya ku belet saria th geunigan.....Heueuh pisan, heueuh.... Kaula

    aya akal ayeuna mah. (Nembongkeun kertas bisluit). Ieu bisluit th hiji bukti anu

    langsung dipaparinkeun ku gusti Alloh ka kami, nyata SIM: surat ijin menggoda,

    mangrupa SK resmi jang ngagoda sakumna anak adam pikeun baha kana sagala

    parentahNa. Ngan kiwari, ieu bisluit teh geus teu guna deui jang ka manusa mah.

    (Bari lalaunan ngasupkeun deui kana sakuna) Bisluit tinggal bisluit. rk laku

    jeung teu laku geus teu jadi sual keur aing ayeuna mah. (Sarara kerung) Hahaha,

    teu paduli deui kaula mah. Kaula geus aral ngabandungan laporan demi laporan

    nu daratang ti maranh kabh. Jol ieu gagal, jol itu teu mawa hasil. Belegug, tolol.

    Geus atuh ari maranh geus teu saranggup deui mah.

    Ngan sararea kudu inget, yn pangabisa urang th kur hiji-hijina: nga-go-da!. Tah

    ku kitu jeung ku kieuna, daripada urang bingung jeung barengong mikiran

    mangrupaning kagagalan, leuwih hade urang eusian ieu waktu ku kagiatan nu

    mangfaat. Sabab ceuk katerangan, mangka rugi pisan lamun aya mahluk gusti nu

    teu ngamangfaatkeun waktuna nalika hirup. Surat Al-Asyri, deuleu. Tah, sangkan

    teu kesel teuing ngadagoan po Qiamah nu geus pasti sakeudeung deui bakal

    datang, tamba kesel, urang silih goda w jeung papada urang deui ayeuna mah.

    Kumaha? (Kabh stan tingharuleng).

    Stan II : Ke, ke, ke, ke....kumaha maksad kanjeng raja th?Raja Iblis : Piraku teu begug ?! Pk cobaan geura, sing saha nu pangpunjulna dina

    ngalaksanakeun parntah kaula, nyata ngagoda, bakal meunang pangajn nu

    pangluhung-luhungna. Ngan, singsaha-saha nu teu becus ngalakonanana, ku aing

    bakal dihukum, pangheulana dipangpengkeun kana naraka jahanam. Ngarti?

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    11/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Stan IV : Klanan kanjeng raja, kami sarra th ngarasa bingung knh. Maksad ngagoda

    th, ngagoda kumaha?

    Raja Iblis : Dasar jurig jarian, sia mah. Nya, ngagoda th lain ngagoda ku jalan ngajak teu

    eucreug deui, tapi sabalikna. Mun aya ti papada urang kagoda jeung kabawakeun

    jiga laku lampah manusa, tah nu kitu disebutna kagoda th.

    Stan VII : Contona kumaha, kanjeng?

    Raja Iblis : Goblog, dasar teu nyakola saria mah. Kabecus th ngan nitah korupsi jeung lacur

    wungkul. Yeuh, darngkeun siah setan, jurig, siluman, dedemit, kunti..... Mun

    aya umat stan nu kagoda hayang ibadah ka gusti Alloh, lamun aya siluman

    kapincut hayang solat, atawa aya dedemit dadak sakala jadi solh, hayang amal

    jariah, nyieun laku lampah had ka sasama, loba djikir, tah ta th hartina

    maranh th geus kagoda ku laku lampah manusa. Geus kapangaruhan kumanusa.

    Kapan korupsi mah pagawan urang-urang ti bangsa stan, kitu deui jeung

    panipuan, lacur, nyalahgunakeun kakawasaan, silih tindes jeung sasama, jsb-jsb.

    Kaharti teu? Mun teu ngarti knh ku aing diparieuskeun siah.....

    Koor : Kahartooosss, nun....!!!

    Raja Iblis : (nyakakak) Prung atuh ayeuna mah, geura mimitian! Der, euy.... Derrrr !!!

    PANGGUNG NGADADAK JADI TEU PUGUH TEMPOEUNNA. UMAT STAN

    NGADADAK RIWEUH KU SILIH GODA JEUNG PAPADANA. LOBA PISAN NU MALIH

    RUPA JADI GAMBARAN MANUSA NU SAROLH. SORA MUSIK JEUNG JUMERIT

    CIRIHILNA BANGSA STAN AWOR, GEUS TEU PUGUH KADENGENA. CAMPUH.

    PAUSE

    Stan I : (ka stan bikang) Hy, kuntilanak. Cing atuh sia th sakali-kali mah ditiung, euy.

    ta buuk meni ngawigwig teu puguh tempoeunna, bari jeung dict jiga anak

    hayam diontananan, deuih. Nu kitu th orat, deuleu. Orat !!!

    Kuntilanak : (nyirihil) Naon, ditiung? Iiihh....(ngajebian) Orat naon atuh? Orat-art, nya?

    Yeuh dengekeun, beurat kana sirahna kami mah mun make tiung th, jeung

    hareudang deuih. Barina og lebar jeung karunya atuh kanu ngadamelna mun teu

    dipamrkeun-pamrkeun acan mah. Sxi gitu loh....!!! (nyirihil).

    MUSIK HARNGHNG. PAUSE

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    12/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Stan II : (ka stan III) Yeuh, lur.... bener pisan kasauran raja urang th. Po ahir geus

    beuki deukeut. Maenya atuh urang th salawasna hirup kieu wa. Sakali-kali mah

    urang pangaosan ka ustadEmingnu ti Gobras ta. Sugan w aya berkahna....

    Stan III : Na ari silaing, keur kami mah bosen pangajian th. Kalah tunduh. Ceuli tork

    balas ngadngkeun rupa-rupa dawuhan gusti. Euweuh hartina !!!

    MUSIK HARENGHNG. PAUSE

    Stan IV : (ka balara) Sadrk-sadrk hormateun sim kuring, mugi janten uninga, yn

    Kiamat Sudah Dekat, numutkeun ramalan ceunah mah kajadianna th dina taun

    2012. Numawi kitu, hayu urang tarobat ka gusti, sangkan urang sadayana

    dipaparin rahmat sareng maghfirohna...Koor : Hahahahaha.... Bari !!!

    Stan V : Yeuh, kiyai dadakan..... Mun enya mah geus deukut kana po ahir, mendingan

    og dipak poya-poya deuleu. Meungpeung hirup knh. Da can tangtu tukang

    ibadah jujungkelan og asup sawarga. Komo bangsa urang mah nu saumur hirup

    lamokot ku dosa.....

    Raja Iblis : Hahahahaha....

    MUSIK HARENGHNG. PAUSE

    Stan VI : Heup....heup..... eureunkeun musik th euy, gandng.....(jep simp). Tah kitu

    atuh, rph heula saheulaanan mah. Jeung tong make loba teuing ngadngkeun

    musik nu karieu atuh, matak teuas kana hat. Matak poho kanu nyiptakeun urang.

    Mending og pupujian, ngaramkeun masigit ku shalawat jeung maca Al-Quran.

    Lain karikituan....!!!

    Koor : Hahahahaha.... Haseum !!!

    Stan VII : Yeuh, teu guna sholawatan jeung maca Quran mah. Kalah sirah lieur mikir,

    kabau-bau sungut muji Muhammad. Geus teu butuh dishalawatan Muhammad

    mah. Komo deui dipupujiankeun. Jeung na deuih, shalawat mah teu ngeunah

    dijogdanna g. Mending ngahariring, coba geura cuang dicontoan ku kami,

    musik.....!!! (lipsinkmusik dangdut, bari manhna gual-geol pikaseurieun)

    Koor : Hahahahaha....

    Stan VI : Heup....heup.... Tong kamalinaan teuing euy ari ngahina agama th, bisi kawalat.Yeuh para sadrk, sok sanajan urang th kasebutna umat stan, tapi da urang th

    sami-sami dadamelan gusti Alloh. Kukituna, hayu ayeuna mah urang jalankeun

    parntahNa, urang ibadah ka mantenNa, ulah tinggal sholat nu lima waktu....

    Koor : Embuuung......!!!

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    13/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Stan V : Na, ari ilaing bet teu ngarti-ngarti. Yeuh, naon gunana sholat lima waktu? Kalah

    mubah-mubah pagawan wungkul. Acong-acongan sujud matak kahideung-

    hideung tarang. Olahraga puguh alus kana awak. Natambuh waktu nu puguh mah.

    Jiga nu euweuh gaw wa.....

    Raja Iblis : Hahahahaha.... Dasar stan teladan manh mah. Alus...!!!

    MUSIK HARENGHNG, SALAH SAURANG STAN AYA NU LABUH. PAUSE

    Stan VIII : (lumengis) Aduh, sampyan abdi kambuh deui, Kanjeng Raja. Rematik balas

    bisul saumur-umur dina tuur. Hapuntenna, Nun. Pang ngajampankeun supados

    abdi tiasa deui ngalaksanakeun parntah salira.Please....

    Raja Iblis : Hahahahaha.... wanian pisan sia rk ngagoda dwk. Najan sawarga dibikeun kaaing sorangan, cadu teuing aing kudu dak kana tutulung. Tutulung mah

    pagawean jalma iman. Nyingkah kainyah, bisi tambah dipngkoran.

    Tah, sarra dngekeun.... ayeuna kaula salaku Raja maranh kabh rk umajak

    pikeun kahadean maranh sorangan, geuslah, ti samet ayeuna urang cagkeun

    kalungguhan urang salaku umat nu dipikabendu ku pangran. Urang sakuduna

    babalik pikir. Percumah hirup kieu wa mah, matak katalangsara....

    Stan I : (nyampeurkeun ka raja, nyiduh) Sok sanajan raja iblis tobat ka gusti, kami mah

    moal rk biluk, moal mimilu. Stan tetep stan, musuh manusa nu paling nyata !

    Raja Iblis : Hahahahaha.... Ttla maranh th teu kagoda. Pageuh tantung kana kayakinan

    nu geus puguh matak nyilakakeun diri sorangan. Sok euy, teruskeun.... Kami mah

    rk ngaso heula. Tapi mun geus aya nu kagoda, bjaan kaula.

    RAJA KALUAR. ARI SABANGSANING STAN MAH TERUS W ANTENG SILIH

    GODA, SATKAH POLAH HAYANG SILIH PERUHKEUN KU PANGABISANA. LAMPU

    JEUNG MUSIK LALAUNAN PAREUM. SIMP. BLACK OUT.

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    14/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    BABAK III

    GEUS RWUAN TAUN BANGSANING STAN SILUMAN SILIH GODANA TH. TAPI

    TAYA HIJI OG NU KAGODA. SABAB MARANHNA MAH YAKIN JEUNG PANCEG

    TANGTUNGAN. KAPAKSA MILYARAN STAN SILUMAN BABAREGAN

    NGADEUHEUS.

    KATINGALI RAJA IBLIS KEUR ANTENG DIUK DINA KORSI KAKAWASAANNA BARI

    LELENGGUTAN, NUNDUTAN. KADANGKALA KAREUNGEU KRKNA NU TARIK,

    SESEGROK. HAREUPEUNNA AYA DUA PONGGAWA NU SATIA NGAJAGA,

    NGABEDEGA BARI NYEPENG TUMBAK. SAABRULAN STAN DARATANG KA

    HAREUPEUNNA. PONGGAWA NGAHALANGAN.

    Ponggawa I : Saha andika, jeung rk aya perlu naon kadieu?

    Ponggawa II : Enya, rk naraon maranh th? Abring-abringan sagala....

    (Baladan stan tinglalieuk jeung papada baturna, sili pelong. Tapi taya saurang og nu lmk)

    Ponggawa I : Ah-ah, naha bet kalah ngabaretem? Pgo saria th ? (nyentak)

    Ponggawa II : Ssssttt.....! Tong tarik teuing atuh nyaritana. Bisi kanjeng raja kagareu-

    wahkeun....(Ponggawa I nungkup sungutna, reuwas kareureuhnakeun. Rahayat stan curinghak bari nelek-

    nelek korsi nu disaran ku raja iblis)

    Stan I : (ngaharwos) Wah, euy.... kanjeng rajana og keur kulem. Kumaha atuh?

    Raja Iblis : (gundam, ngagerem) Mmmmmh..... Diaprieuskeun siah ku aing.

    (Kabeh ting purungkut. Ngan stan II nu ti tatadi nahan salesma geus teu kuateun deui, bersin)

    Stan II : Haaatttssyyyihhh.....!!!

    Koor : Ssssttt.....!

    Stan II : Ham... hampu.....ra, syiiihh... Hat,.. Haaatttssyyyihhh.....!!!

    Koor : Ssssttt.....! (katpaan) Haaatttssyyyihhh.....!!!

    Raja Iblis : (ngadadak nangtung bari jeung pepeta, panonna giras. Rahayat tingpoyongkod)

    Naraka, naraka, naraka.....!!! (nyadar) h,.... aya naraon ieu th? Jeung keur

    naraon maranh di dieu bari melong hlok ka dwk? Kadeuleu teu bieu jurus

    kami? Tah ta th jurus jang ngalawanan malaikat jabaniah, jaga lamun urang

    geus jadi pangeusi naraka. Sok sanajan lain tandingan, tapi kudu aya w tarkah

    mah. Ngarah teu kedo teuing.... Hahahaha.... bohong kami mah, da moal aya nubisa ngalawanan ka si ta mah. lhna kur ku Izroil. Haduh.....(diuk) bieu mah

    kami th ngimpi euy. Geuning stan oge bisa ngimpi sagala, nya? Pikasieuneun

    deuih ta impian th, matak reuwas. Po kiamah th geus asa beuki deukeut wa.

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    15/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    (ka rahayat stan) Kumaha, euy? Geus dijalankeun parntah dwk th? Asa geus

    lila teuing nungguan, hayang apal w bjana. Geus aya nu hasil? Teu sabar deui

    hayang meunang bja nu pikabungaheun kaula mah. (sarara ngabetem) Deuleu

    tah bet kalah ngabaretem kitu.... tarork atawa pego saria th? Jawab atuh,

    goblog, jawab !

    Stan I : (ngawani-wani karep) Hatur pangapunten kanjeng raja.... (nyembah)

    Raja Iblis : Heueuh, ditarima.....kumaha?

    Stan I : Ampun kanjeng raja, saleresna sim kuring saparakanca tos ngajalankeun kana

    naon nu diparentahkeun ku salira, sadaya rka perdaya tos dilakonan kalayan

    soson-soson, seurieus. Namung da kedah dikumahakeun deui, geuningan

    sakumna umat stan th nyarepeng pageuh kana kayakinan, tuhu tumut kana tika

    jeung perikestanan.Raja Iblis : Dasar tolol, belegug....!!! Piraning og ngagoda papada stan ngarah balener

    hirupna, na bet teu barelul? (nyampeurkeun rahayat)

    Stan III : Punten, kanjeng raja. Atuh da bnten ari stan sareng manusa mah. Margi...

    Raja Iblis : (nmpas) Halah, dasar saria mah barodo kabh. Cumah aing mah, unggal usik

    mr tips jeung trik pikeun ngadoja jeung ngagoda. Sing profesional atuh ari

    barang gaw th. Kapan urang mah umat stan, nu kaahlianna kur ngadoja jeung

    baranggoda. Yeuh, dengekeun ku saria.... aing mah, tongboroning bangsa stan nu

    teu gableg cedo jeung kara. Dalah Adam, nu kasebutna raja ti rajaning manusa

    og ku aing mah kagoda. Kasus buah kholdi ta, inget knh teu kana sajarahna?

    Na ari maranh teu bisa nyonto, teladan aing th deuleu.... Goblog, na teu bisa

    atuh silaing sarra sakali ieu mah ngagenahkeun hat dwk? Cik matak naon

    atuh sawarh mah aya nu kagoda, ngarah ieu bisluit teu dicabut.

    Stan IV : Ampun kanjeng raja, wios nampi sadaya-daya. Sim kuring saparakanca seja

    satia ka salira, sok sanaos milih katalangsara nandangan siksa naraka.

    Raja Iblis : Heurin siah, jurig, heurin ! Matak naon atuh saria th sawarh mah arasup kana

    sawarga. Jadi pangeusi sawarga. Heueuh, ngarah teu pasedek-sedek teuing di

    naraka. Rungsing deuleu, rudet....

    Stan I : Duh, palias teuing kanjeng, palias....

    Raja Iblis : Naha palias, belegug? Sawarga deuleu, sawarga...!!!

    Koor : Sawarga? Hiiyyyy...... (tingbirigidig) ....amit-amit !!!

    Stan I : Kanjeng raja, amit-amit mun kami sarerea kedah asup kana sawarga sagala.

    Keur umat stan mah, lamun hirup dina sawarga bakal leuwih katalangsara,langkung-langkung kasiksa manan hirup nandangan siksa naraka.....

    Koor : Sawarga lain tempat jang stan, sawarga mah pikeun jalma-jalma iman.

    Raja Iblis : Baruk,.....??? (ngahuleng)

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    16/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    AWAK RAJA JIGA NU LEULEUS, NGADAYAGDAG MURU KORSINA. BREK DIUK

    BANGUN NU PEUNGGAS HAREPAN. LILA PISAN RAJA NGALAMUNNA TH.

    NINGALI KAYAAN RAJA NU JIGA GEUS LEUNGIT WIBAWANA, RAHAYAT STAN

    TINGGERENDENG, TINGKECEWIS, GEUS TEU SABAR NUNGGUAN JAWABAN

    PIKEUN LAKU KAHAREUPNA. MARANHNA JADI KADORONG AMBK.

    Stan I : K, euy.... kunaon raja urang th bet ngajentul kitu? Kararesel aing mah.

    Stan II : Heueuh, kalah ngalamun kitu.

    Stan I : Boa-boa.....

    Koor : Boa-boa naon?

    Stan I : Heueuh, boa-boa kanjeng raja th geus teu sanggup deui mingpin urang. Jeung

    katingalina th jiga nu rk serah bongkokan dina sual kayakinan. Moal kitukanjeng raja th rk tobat?

    Koor : Tobat? Maenya....???

    Stan I : ta w bet kalah nitah ka urang-urang pikeun asup kana sawarga. Mun bener

    kieu kanyataanna, urang kudu ngalawan. Urang kudu ksis dina soal kayakinan.

    Tetep pageuh tangtungan, prinsip. Sakali hideung tetep hideung. Geus taqdirna

    lamun urang kudu asup ka naraka. Geus hiji kaputusan ti gusti Alloh, gaw urang

    purah ngagoda jeung nyieun rupa-rupa kagorengan di alam dunya.

    Meureun geus jadi hiji kawajiban oge lamun umat stan kudu ngabangkang ka

    pangran. Mun teu wangkelang, berarti urang geus codka kanu nyiptakeun urang

    sarra. Darajat urang sarua jeung malaikat, pdah bda rupa dina ibadah. Mun

    malaikat mah kudu turut tumut, tah pikeun urang mah sabalikna.

    Stan V : Jadi kudu kumaha atuh urang ayeuna?

    Stan II : Lawan, urang kudu ngalawan. Dmonstrasi !

    Koor : Dmonstrasi?

    Stan I : Lamun perlu, kudta.

    Koor : Kudta?

    Stan I : Bener. Sabab pamingpin nu geus teu bisa diharepkeun deui ku rahayatna, kudu

    diganti. Lamun perlu dipahan, ngarah jadi conto keur sajarah ka hareupna.

    Stan VIII : K, dipahan kumaha? Kapan geus pada nyaho, bangsa urang mah moal bisa

    pah mun can waktuna datang po kiamah.

    Stan I : Pokona, urang kudu ngalawan. Sok sanajan ieu perang taya tungtungna.

    Koor : Satuju !!!Ponggawa I : (nyampeurkeun riungan) Keur naraon euy, luad-liud teu pararuguh? ta deuih

    tingkarecewis, ngaromongkeun naon, hah?

    Koor : (malik bareng, lalaunan) Kuuuu....d.....taaaaaaa! Kuuuu.... d..... taaaaaaa!

    Kuuuu....d.....taaaaaaa ! Kuuuu....d.....taaaaaaa ! Kuuuu....d.....taaaaaaa !

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    17/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    RAHAYAT STAN NGANGSREG, NGEPUNG RAJA JEUNG PONGGAWA SATIANA.

    RAJA MAH ANTENG W DINA PANGLAMUNANNA. TEU ANTAPARAH, SAKUMNA

    RAHAYAT NU GEUS TI TATADI AMBEK TH, NGARUNGKUP AWAK RAJA. RAJA

    DIHURUP KU KABHAN, RAJA ADUGLAJER, STAN-STAN MARACLENG. LAIN G

    RAJA STAN ATUH LAMUN LH KASAKTN KU RAHAYATNA MAH. PERANG

    BEUKI CAMPUH. SORA MUSIK AWOR JEUNG SORA-SORA NU PATINGCOROWOK,

    SILIH DENGKK, SILIH PANGPNGKEUN. PERANG NU MOAL BISA DIPASTIKEUN

    SAHA NU LH JEUNG NU MEUNANGNA. SABAB SARUA SAKTI, SARUA MOAL

    BISA DITANDASA, PANJANG UMUR, PERANG NU SALAWASNA, PERANG TAYATUNGTUNG.

    FADE OUT TO BLACKOUT.

    TAMAT

    Panututan Tasikmalaya :

    Jumaah, 7 April 2000

    IRVAN MULYADIE, lahir di Tasikmalaya 18 Maret 1981. Pernah (jeung kadang/ masih) aktif di sababaraha hijiorganisasi kayaning di Teater Dongkrak, Sanggar Sastra Tasik, Keluarga Seni Rupa Tasik, Ketua Barak SeniTasik, Ketua Badan Pengelolaan Gedung Kesenian Tasikmalaya, jeung Direktur Forum Diskusi Kreatif FilmTasik (FORDISKRIFT).

    Nulis puisi, carpon, naskah drama, sy, reportase, jeung skenario film. Karya-karyana loba dipublikasikeun dimedia massa citak atawa elktronik, rk di tingkat lokal atawa nasional og cyber media di internt.

    Karya puisina kamuat dina antologi puisi babarengan, diantarana : Orasi Kue Serabi(GKT, 2001) Poligami(SST, 2003) 6 Penyair Menembus Udara (Universitas Siliwangi, 2003) Langari (Bzar Publishing, 2005),

    Antologi Puisi Penyair Jabar-Bali(bukupop Jakarta, 2005), Wajah Deportan: antologi puisi penulis muda lintas provinsi (PusatBahasa, 2009),Akulah Musi (DK Sumsel, 2011),Poetry Poetry 118 Indonesian Poet: DiverseI & II(shell,2012) Kampung Bulan(Disparbudpora Kota Tasikmalaya, 2012), jrrd.

    Antologi Puisi Tunggalna : Sahabat Sunyi (BN, 2004) Lidah Petir (BN, 2004) Kumpulan Puisi Cinta Tembang Kembara (WahanaIptek Bandung, 2008), Kumpulan cerpen & puisi Tahun Kabisat (SOK STISIP, 2008) antologi puisi digital Kabar Waktu (BoxideaPublisher, 2008), jeung PANUTUTAN Sebuah Kampung Kenangan (Metafor Imagination Bandung, 2014).

    Karya-karya tulis yang lainna bisa og dipanggihan di http://irvanmulyadie.blogspot.com.

    Kontak Person : HP 08180 212 8581PIN BBM : 5455FF47Twitter : @irvanmulyadieFacebook : www.facebook.com/irvan.mulyadieE-mail : [email protected] / [email protected]

  • 7/24/2019 1-NASKAH-DRAMA_PERANG-TAYA-TUNGTUNG(1).pdf

    18/18

    NASKAH DRAMA BASA SUNDA PERANG TAYA TUNGTUNG

    Yoseph Iskandarlahir di Purwakarta 11 Januari 1953, ngantunkeun di

    Kecamatan Ujungberung, Bandung, 26 Maret 2008, tabuh 1.00 WIB.[1]Panyajak, sutradara, panulis carpon, novel, roman, jeung drama dina basa Sunda.[2]Tamat ti SMA,

    Yoseph asup ka ATPU (Akademi Tknik Pekerjaan Umum) di Bandung.[2]Tapi Yoseph leuwih kataji

    kana kagiatan kasenian mahasiswana batan kuliahna; diantarana Yoseph kungsi mingpin Teater Khas"(1977-1981).[2]Saterusna, Yoseph milih pikeun ninggalkeun dunya thnik.[1] Bareng jeung sastrawan

    saentraganana saperti Eddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Juniarso Ridwan, Beni Setia saparakanca,

    anjeunna nyieun hiji organisasi para sastrawan Sunda , nu dingarananDurma Kangka. [1]

    Karya-karyana

    Yoseph mimiti nulis carpon jeung sajak Sunda.[2]Taun 1979-1985 jadi salah saurang

    rdakturMangl.[2] Waktu harita, minatna kana sajarah Sunda mimiti kahudangkeun.[2]Yoseph mimiti

    diajar maca jeung neuleuman naskah Wangsakerta ku suwargina Saleh Danasasmita.[2]Saterusna, ta

    naskah th jadi modal pikeun ngarang novel-novl sajarahna, kayaningPerang Bubat(1988), Wastu

    Kancana(1989),Prabu Wangisutah(1991), Tanjeur na Juritan,Jaya di

    Buana(1991),Pamanahrasa(1991),Putri Subanglarang(1991),Prabu Anom Jayadwata(1996

    ), Tri

    Tangtu di Bumi(1996).[2]Novlna Tanjeur na Juritan Jaya di Buana dillr Hadiah Sastra Rancag

    (1992).[2]Novl sajarahna Tri Tangtu di Bumiog meunang Hadiah Sastra Rancag 1997.[2]Sajak-sajak

    Yoseph diterbitkeun babarengan jeung karya panyajak saentraganana saperti Eddy D.Iskandar, Godi

    Suwarna, Beni Setia, jeung lain-lainna, dinaAntologi Puisi Sunda Mutakhir(1980)

    jeung Tumbal(1984).[2] Drama karyana "Juag Tod" (1984) mindeng dipentaskeun sacara kolosal tur

    disutradaraan ku anjeunna di Bandung, Jakarta jeung kota-kota lianna di Jawa Barat.[1]Ieu drama komedi

    teu leupas tina sajarah kamekaran seni tari jaipongan nu dipopiulrkeun ahir taun 1970-an ku Gugum

    Gumbira, Tati Salh (alm), jeung Euis Komariah.[1]Yoseph kawilang panulis drama sajarah nu kawilang

    produktif.[1]Hal ieu bisa dititnan tina naskah drama nu judulna Ngadegna Pajajaran, Pemberontakan

    Cakrawarman, Runtagna Pajajaran, Nyi Puun, Tanjeur Pajajaran, Haji Prawatasari, jeung

    sajabana.[1]Salain ti ta, salaku panulis nu sadar kana sajarahna, Yoseph og kawilang peka dina

    neuleuman ralitas sosial di sabudeureunana.[1]Saperti dina drama nu judulna Juag Tod, Harwos Nu

    Gaib, BOM, atawa Cucunguk, nu di jerona ngandung kritikan-kritikan nu nyugak.[1]Dina Festival

    Drama Basa Sunda (FDBS) IX taun 2006, Cucunguk jadi naskah drama nu panglobana dipilih ku

    pamilon.[1]Salian ti ta dina widang atikan, Yoseph og kungsi jadi dosn di UNPAS, UNTIRTA, UC

    Santa Cruz California Amerika. [1]