wayang golek

Upload: muhamadalimansur

Post on 11-Jul-2015

634 views

Category:

Documents


13 download

TRANSCRIPT

Cepot Nya eta anak kahiji ditilu saderek anu ibu ramana Semar Badranaya Sareung Sutiragen (sabenerna Cepot lahir dina saung). Watakna humoris, osok banyol ngabodor, teu paduli kasaha wae bade ksatria, raja atawa para dewa. Sanajan kitu lewat humorna manehna tetep masihan nasehat petuah Jeung kritik. Lakon Cepot biasana dikaluarkeun ku dalang di tengah carita. osok maturan para ksatria, terutama Arjuna, Ksatria Madukara anu jadi majikanna. Cepot digunakeun kudalang kanggo nepikeun pesanpesan bebas kanggo pamirsa jeung penonton baik eta nasehat, kritik atawa petuah jeung sindiran anu pasti disampeken sabari banyol. Cepot ngagaduhan senjata upami digunakeun nuju perang nyaeta Bedog sareng senjata Panah. lawana Cepotbiasanamah para Denawa (Buta /Raksasa)

Sasatrajingga ngagaduhan arti : Sastra : Tulisan Jingga : Bereum jadi si cepot nyaeta gambaran tokoh Wayang anu ngagaduhan kalakuan teu sae (Buruk) ibarat murid sakola anu gaduh Rapot Bereum. Tapi sanajan kitu oge manehna paling satia ngiring ka Semar kamana wae manehna angkatna.. Tokoh Cepot dina pawayangan anu sok di antos antos kupara penonton lantaran kukalucuanana...

Semar Semar atawa lengkepna Semar Badranaya, salasaurang tokoh dina carita Mahabarata, nyata salasaurang badga nu ngawulaan para Pandawa. Semar sok og disebut Lurah Semar Kudapawana.

Nurutkeun caritana, Semar tadina boga dedeg pangadeg kasp ngalmprng konng, terah dwa anu sakti pilitanding, ngaranna Batara Ismaya atawa Sang Hyang Munget, putra Sang Hyang Wenang, nu hirup di Kalampit Sireng, Kahyangan. Diusir ti Kahyangan Dina hiji waktu, Semar kabita ku jimat Jamus Layang Kalimusada nu dipimilik ku adina, Sang Hyang Rancasan. Bakat ku kabongroy ku ta pusaka, manhna jeung adina nu hiji deui, Sang Hyang Antaga, ngahurup Sang Hyang Rancasan nepi ka tiwasna. Malah bugangna didalahar ku duaan, sedengkeun pusakana leungit taya tapakna. Sanggeus kitu, Semar jeung adina ngadadak saralin jinis, robah jadi dedegan jalma nu pikahinaeun. Maranhna dialusir ku ramana, Sang Hyang Wenang, dibuang ka Marcapada: Sang Hyang Ismaya jadi Semar, sedengkeun Sang Hyang Antaga jadi Togog. Kumawula ka Pandawa Semar kacida ngarasa kaduhung ku hiji ku dua, tina gagah gandang sampulur, dedeganana robah jadi gorng patut: beuteung bucitreuk, beungeut pias, pakulitan hideung, sirah kukuncungan, jadi hina diusir ti Kahyangan. Tapi najan kitu, manhna sadar sahingga bisa nampa kalawan sadrah ka Pangran, rumasa tina kasalahanana sorangan. Pikeun nebus kasalahanana, Semar kumawula ka manusa turunan Batara Wisnu Saka nu sarakti atawa ka nu ngagem jimat Jamus Layang Kalimusada, kajeung diri lara balangsak. Pikeun tamba keueung, Semar nyiptakeun tilu putra: Astrajingga/Cpot, Udel/Dawala, jeung Garng. Tilu putrana ta og mibanda rupa nu teu parayus, tapi saparipolahna: pikalucueun. Ki Semar migarwa Dwi Sutiragn, putra raja Sekar Rumumb, nu salawasna satia satuhu ka anjeunna.

Minawoh Pandawa Lilima Dina raraga mekarkeun sareng ngawanohkeun Seni Sastra Padalangan, urang cobi pedar Seni Sastra Padalangan ieu anu dikawitan ku ngawanohkeun tokoh-tokoh Pandawa Lilima sareng tokoh sanesna nu mibanda watek sareng tabiat nu rupi-rupi. Mangga urang cobian pedar hiji-hiji diantawisna: Prabu Pandu Dewanata Raden Pandu Dewanata putra Bagawan Abiyasa (Kresna Dipayana) ti Dewi Ambalika. Rakana namina Destarata, ari rayina Raden Yamawidura. Pandu kagungan wanda sampulur, satria nu kalintang kasepna sareng sakti mandraguna. Jalaran kitu anjeunna dijadikeun raja di nagara Astina. Nu jadi garwa Pandu dua urang, nyaeta Dewi Kunti Nalibrata sareng Dewi Madrim. Pandu Dewanata kagungan putra lima, anu disebat Pandawa Lilima. Putra cikalna nyaeta Samiaji biasa disebat Darmakusumah, nu nomer dua Bima atanapi Bratasena, katilu Arjuna, kaopat Nakula sareng nu bungsu Sadewa. Dewi Kunti putrana tilu nyaeta Samiaji, Bima sareng Arjuna. Anu kembar nyaeta Nakula sareng Sadewa putra Pandu ti Dewi Madrim. Pandu pupus ku supata Resi Kumindana. Sateuacan pupus anjeunna nitipkeun nagara Astina sareng kulawargana ka Destarata. Dewi Kunti Nalibrata Dewi Kunti Nalibrata teh putra raja Kuntiboja ti Nagara Mandura. Dewi Kunti kagungan raka wastana Basudewa. Sateuacan nikah Dewi Kunti kakandungan sacara teu wajar. Didieu Batara Surya nu kagungan dosa, sanggem ngaluarkeun jabang bayi tina cepil Dewi Kunti. Kumargi kitu wasta eta bayi teh Karna, nu hartosna cepil. Salami janten prameswari Pandu Dewanata, Dewi Kunti kagungan putra tilu. Nu cikal jenengannana Darma Kusumah, nu kadua Bratasena, nu bungsu nyaeta Arjuna. Putra nu hiji deui nyaeta Karna ti Batara Surya. Darmakusumah Darmaksumah biasa disebat Puntadewa atanapi Kontea. Jalaran anjeunna putra Pandu nu pangageungna, nya dijantenkeun raja di Amarta. Nalika di leuweung (alas) Amer, Kontea ngawonkeun raja Siluman, jenengannana Darmakusumah. Nya ti waktos harita Kontea nganggo lalandian Darmakusumah. Alas Amer janten nagara Amarta. Darmakusumah kagungan garwa ka Dewi Drupadi putra raja Drupada ti nagara Cempala Dirja. Aranjeunna kagungan putra pameget, jenengannana Raden Pancawala. Prabu Darmakususmah raja Amarta nu minandita. Anjeunna sabar tawekal, adil, wijaksana sareng mikaasih ka rahayatna. Salami gumelar di marcapada anjeunna teu acan kantos nganyerikeun jalmi. Anjeunna oge kagungan jimat Jamus layang kalaimasadha. Bratasena (Bima) Bratasena sok biasa disebat Bima, Werkudara, Sena atanapi Bilawa. Waktos dibabarkeun masih keneh dibungkus lamad. Soehna eta bungkus diamuk ku Gajah Sena. Nya tiharita disebat Sena. Dedegan Sena jangkung ageung, simbar dada, bosongot bade amprotan. Godeg, janggot sareng kumisna rambosbos bewos sareng rambutna gimbal. Sipatna jujur, tara linyok tara bohong, sacangreud pageuh sagolek pangkek. Anjeunna tara nyebatkeun kawon atanapi sieun dina mayunan sagala perkawis. Jalaran kitu anjeunna didamel bebenteng Amarta. Bratasena kagungan garwa tilu. Nu kahiji jenengannana Dewi Badawangwati puputra Jakatawan, nu kadua Dewi Nagagini putraan Raden Antareja, sareng nu pamungkas Dewi Arimbi kagungan putra Raden gatotgaca.

Arjuna Arjuna teh putra Pandu nu panengah, numawi sok disebat Panengah Pandawa. Anjeunna salahsawios satria nu sampulur. Rarayna bodas ngadaun seureuh, damis gula sapasi, soca sipit, angkeut endog sapotong. Sipatna ampuh lungguh, lantip sareng tartib, amis budi sae basa hade tata, hormat tilawat ka sepuh, sumujud ka guru, takwa kanu Maha Kawasa. Arjuna satria nu gagah sakti mandraguna. Kenging disebatkeun lalaki langit lalanang jagat. Watekna dipiasih ku istri dipinyaah ku somah. Numawi janten panonoban para mojang, rebutan para Kania. Arjuna kagungan istrina seueur pisan. Nanging nu saleresna mah mung Dewi Subadra putra Prabu Basudewa ti Mandura, sareng Dewi Srikandi putra Prabu Drupada ti nagara Cempala Dirja. Putra ti Dewi Subadra nyaeta Raden Abimanyu. Arjuna nyepeng kalungguhan minangka Adipati di Madukara. Nakula Sadewa Nakula sareng Sadewa teh kembar, putra Pandu Dewanata ti Dewi Madrim. Ti bureyna keneh, eta putra kembar teh parantos dikantunkeun ku ibu ramana. Jalaran kitu eta dua Pandawa teh dirorok ku Dewi Kunti sasarengan sareng para Pandawa sanesna. Dina carios Pandawa nyamar di Nagara Wirata, Nakula digentos namina janten Pinten, Sadewa jadi Tangsen. Aranjeunna satria kembar anu ngulik dina bagbagan tatanen sareng miara sasatoan, kanggo ngaronjatkeun kahuripan sareng kahirupan. Batara Kresna (Bangbang Arayana) Bangbang Arayana teh nami Kresna nuju rumaja. Anjeunna putra Prabu Basudewa raja Mandura. Arayana kagungan raka nyaeta Raden Kakrasana atanapi Prabu Baladewa sareng kagungan rayi istri sarama ti Dewi Badraini nu wastana Dewi Subadra atanapi Dewi Mayang Arum. Prabu Kresna teh titisan Dewa Wisnu salirana camani (hideung), jalaran kitu sok biasa disebat Batara Kresna. Anjeunna jadi Raja di nagara Dwarawati. Prabu Kresna pinter nyarios, gagah sakti. Anjeunna kagungan senjata panah Cakra nu ampuh, oge jimat Kembang Cangkok Wijayakusumah kangge ngadamangkeun nu teu damang atanapi nu pupus sateuacan waktosna. Nalika Barata Yudha, Kresna jadi juru taktik perang ti pihak Pandawa. Sadayana musush tiasa dikawonkeun ku para Pandawa ku siasatna Batara Kresna. Raden Gatotgaca Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi ratu Pringgandani. Raden Gatotgaca kagungan garwa ka Dewi Pergiwa putra Raden Arjuna, puputra Bangbang Kaca. Waktos dibabarkeun tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun, nya tiasa dipegatkeun ku senjata Konta. Anu kapapancenan megatkeunnana nyaeta Arjuna. Dina carios Barata Yudha, Raden Gatotgaca seueur nelasan para Korawa. Gatotgaca perlaya ku Konta kagungan Adipati Karna. Semar Badranaya Semar Badranaya nyaeta salahsawios badega, nu bela tumutur ka para Pandawa. Semar sok biasa disebat Lurah Semar Kudapawana. Semar teh kawitna mah kasep ngalempereng koneng, terah Dewa nu sakti pilih tanding, jenengannana Batara Ismaya atanapi Sang Hiyang Munget putra Sang Hiyang Wenang. Wujud Semar salin jinis sapertos nu ayeuna dipikaterang ku urang kumargi nelasan rayina nyaeta Sang Hiyang Rancasan sasarengan sareng rayina nu namina Sang Hiyang Antaga jalaran palay ngapimilik pusaka jimat Jamus Layang Kalimasadha. Kangge tambi keueung Ki Lurah Semar nyiptakeun

tilu putra nyaeta Cepot/Astrajingga, Udel/Dawala, sareng Garfeng nu paripolahna pikalucueun. Ki Semar kagungan garwa ka Dewi Sutiragen.

Asal Usul Gareng

Gareng Nyaeta Anak katilu di tilu Saderekna Cepot jeung Dewala Ibu Ramana nyaeta Semar Badranaya sareng Sutiragen . Gareng biasana di imah ngabantuan ibuna Sutiragen . Watakna Garang Rada Heras dina Bahasa jeung Kalakuana.Ngomongna Ceplas Ceplos Humoris oge osok Ngabodor lamun keur tiluan kumpul jeung Lanceuk Lanceukna..

Batara Bayu

Bayu berarti Angin, Batara Bayu nyaeta Dewa anu nguasai Angin Anjeuna calik di Kahyangan Pangwalung. nami ramana nyaeta Batara Guru ibuna namina Dewi Uma , Bojona namina Dewi Sumi. Batara Bayu Alias Batara Pawana Guru, Batara Prabancana, Batara Maruta. Batara Bayu ngagaduhan sababaraha Ajian salahsahijina nyaeta Aji Bayubajra, tiasa ngaluarkeun angin puyuh (puting beliung ) kanggo nyerang lawana. Anjeuna ngagaduhan murid nyaeta : Anoman (monyet bodas) jeung Bima (Putra Pandawa anuka dua) maranehna ngabogaan kuku pancanaka nyaeta sanjata dina indung jari lengena. tingali lamun dalang geus ngaluarkeun Bima atawa Batara Bayu,jeung Anoman dina indung jarina pasti aya kuku Pancanaka.

Daftar tokoh wayangDewa-Dewi wayangDewa-Dewi dalam dunia pewayangan merupakan dewa-dewi yang muncul dalam mitologi agama Hindu di India, dan diadaptasi dalam budaya Jawa. 1. Sang Hyang Adhama

2. Sang Hyang Sita 3. Sang Hyang Nurcahya 4. Sang Hyang Nurrasa 5. Sang Hyang Wenang 6. Sang Hyang Widhi 7. Sang Hyang Tunggal 8. Sang Hyang Rancasan 9. Sang Hyang Ismaya 10. Sang Hyang Manikmaya 11. Batara Bayu 12. Batara Brahma 13. Batara Candra 14. Batara Guru 15. Batara Indra 16. Batara Kala 17. Batara Kresna 18. Batara Kamajaya 19. Batara Narada 20. Batara Surya 21. Batara Wisnu 22. Batara Yamadipati 23. Batari Durga 24. Batara Kuwera 25. Batara Cingkarabala 26. Batara Balaupata 27. Hyang Patuk 28. Hyang Temboro

RamayanaTokoh-tokoh Ramayana dalam budaya pewayangan Jawa diambil dan diadaptasi dari mitologi Hindu di India. 1. Anggada 2. Anila 3. Anjani 4. Dasarata 5. Hanoman 6. Indrajit (Megananda) 7. Jatayu 8. Jembawan 9. Kosalya 10. Kumbakarna 11. Aswanikumba 12. Laksmana 13. Parasurama

14. Prahasta 15. Rama Wijaya 16. Rawana 17. Satrugna 18. Sita 19. Subali 20. Sugriwa 21. Sumali 22. Sumitra 23. Surpanaka (Sarpakenaka) 24. Trikaya 25. Trijata 26. Trinetra 27. Trisirah 28. Wibisana 29. Wilkataksini 30. Dewi Windradi

MahabharataTokoh-tokoh Mahabharata dalam budaya pewayangan Jawa diambil dan diadaptasi dari mitologi Hindu di India. 1. Abimanyu 2. Resi Abyasa 3. Amba 4. Ambalika 5. Ambika 6. Antareja 7. Antasena 8. Arjuna 9. Aswatama 10. Baladewa 11. Banowati 12. Basupati 13. Basudewa 14. Bima 15. Bisma 16. Burisrawa 17. Bayu 18. Cakil 19. Citraksa 20. Citraksi 21. Citrayuda 22. Damayanti 23. Dewayani

24. Drona (Dorna) 25. Drestadyumna 26. Dretarastra 27. Dropadi 28. Durgandini 29. Durmagati 30. Dursala (Dursilawati) 31. Dursasana 32. Duryodana (Suyodana) 33. Drupada 34. Ekalawya 35. Gatotkaca 36. Gandabayu 37. Gandamana 38. Gandawati 39. Indra 40. Janamejaya 41. Jayadrata 42. Karna 43. Kencakarupa 44. Kertawarma 45. Krepa 46. Kresna 47. Kunti 48. Madri 49. Manumanasa 50. Matswapati 51. Nakula 52. Nala 53. Niwatakawaca 54. Pandu 55. Parasara 56. Parikesit 57. Puru 58. Rukma 59. Rupakenca 60. Sadewa 61. Sakri 62. Sakutrem 63. Salya 64. Sangkuni 65. Samba 66. Sanjaya 67. Santanu 68. Sarmista 69. Satyabama

70. Satyajit 71. Satyaki 72. Satyawati 73. Srikandi 74. Subadra 75. Sweta 76. Udawa 77. Utara 78. Utari 79. Wesampayana 80. Wicitrawirya 81. Widura 82. Wirata 83. Wisanggeni 84. Wratsangka 85. Yayati 86. Yudistira 87. Yuyutsu

Versi Jawa Tengah dan Jawa Timur (wayang kulit/wayang orang)1. 2. 3. 4. Semar Gareng Petruk Bagong

Versi Jawa Barat (wayang golek)1. 2. 3. 4. Semar Cepot atau Astrajingga Dawala Gareng

YudistiraTi Wikipdia, nsiklopdia bbas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi

Yudistira

Citakan:HastinaRaja Yudistira (basa Sansakerta: ; Yudhisthira) nyata inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manhna th raja Indraprahasta, nu saterusna marntah Astina sanggeus meunang dina perang rongkah di Kurustra. Yudistira ngarupakeun anak cikal Pandu jeung Kunti. Sawatara sumber nyebutkeun yn manhna ngabogaan kepinter dina mak pakarang tumbak.

Daptar eusi[sumputkeun]

Barata; Ajatasatru; Darmaraja; Samiaji; Ngaran sjn: Puntadwa; Darmawangsa; Darmaputra; Darmasuta; Dwijakangka, Darmakusumah [dit] Harti ngaran Asal: Astinapura, Karajaan Kuru Pakarang: Tumbak Ngaran Yudistira dina basa Sansakerta diejah Papasangan: Drupadi, Dwika Yudhihira, anu hartina nyata "pengkuh atawa kukuh dina peperangan". Manhna og dipikawanoh sabag Darmaraja anu hartina Raja Darma, sabab cenah Yudistira ngalakonan darma sapanjang hirupna. Yudistira boga sababaraha ngaran landihan, nyata:

1 Harti ngaran 2 Kalahiran, kapribadian, jeung atikan 3 Raja Indraprahasta 4 Mangkat tuluy nak ka surga 5 Yudistira dina vrsi pewayangan Sunda jeung Jawa 6 Tempo og 7 Tumbu kaluar

Prabu Yudistira dina wanda Wayang Golek Dwanagari:

Ajataatru (hiji jalma anu henteu ngabogaan satru) Brata (turunan Raja Barata]] Darmawangsa (turunan/trah Batara Darma) Kurumukya (pamingpin para turunan Kuru) Kurunandana (putera kameumeut Dinasti Kuru) Kurupati (raja ti Dinasti Kuru)

Sawatara ngaran landihan ieu og dipiboga ku sawatara inohong Dinasti Kuru anu sjn kawas Arjuna, Bisma jeung Duryodana.

[dit] Kalahiran, kapribadian, jeung atikanPandu, kawin ka Dewi Kunti, puteri Raja Surasna, adi Basudwa. Sanggeus kawin, tanpa ngahaja Pandu manah saurang Brhmana jeung pamajikanana, anu dikira kidang nu keur silih simbeuh ku kacinta. Sammh pupusna, sang brhmana ngutuk Pandu sangkan jaga manhna maot lamun keur silih simbeuh ku kacinta jeung pamajikanana. Pandu nampa sumpah kasebut, anu ngabalukarkeunana henteu wani ngalakukeun hubungan sabadan jeung pamajikanana; ku kituna henteu bisa meunang turunan. Kunti, pamajikan Pandu, meunang kesaktian ti saurang resi nu ngaranna Durwasa, pikeun ngagero dwa. Kalawan ngamangpaatkeun pangabisa Kunti kasebut, Pandu jeung Kunti meunang turunan ku cara ngagero sababaraha dwa anu sanggup mr turunan. Maranhanana ngagero tilu dwa, nyata: Yamaraja (Darmaraja, Dwa Darma), Marut (Bayu, Dwa Angin), sarta Sakra (Indra, Raja Kilat). Yudistira lahir ti Yamaraja, nyata Dwa darma (kahadan), kabeneran, kewijaksanaan sarta kaadilan. Yudistira ngabogaan opat adi, nyata: Bima (lahir ti Dwa Bayu), Arjuna (lahir ti Dwa Indra), sarta si kembar Nakula sarta Sahadewa (lahir ti Dwa Aswin). Karna, mangrupa anak cikal Dewi Kunti anu lahir tanpa ngahaja mnta waktu manhna parawan. Jadi, Karna ngarupakeun baraya kolot Yudistira sarta para Pandawa (lima putera Pandu). Salaku titisan Dwa Darma, Yudistira milampah laku nu had sarta boga pangaweruh nu jembar dina widang karohanian. Alatan laku-lampahna anu had, Yudistira pantes pikeun narima warisan tahta Astinapura. Tapi hal ta ngabalukarkeun pacngkadan jeung anak cikal Drstarastra, nyata Duryodana sarta para Kurawa. Yudistira nungtut lmu ageman, sains, jeung lmu perang babarengan jeung dulur-dulurna sarta para Kurawa dina apingan Dronacharya (Bagawan Drona) sarta Kripacharya (Bagawan Krpa). Manhna mahr dina ngagunakeun pakarang tumbak sarta meunang gelar "Maharata", nyata satria anu sanggup numpes 10.000 satru sakotap.

SrikandiTi Wikipdia, nsiklopdia bbas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi Srikandi (Sansakerta: ; ikha) nyata Srikandi salah saurang anak Raja Drupada jeung Dwi Dwanagari: Gandawati ti Karajaan Pancala anu mecenghul dina jahan Sansakerta: ikhain; ikhain wiracarita Mahabarata. Manhna mangrupa panitisan Dwi Amba anu tiwas alatan panah Sikandin; Sikandini; Bisma. Dina buku Mahabarata manhna Ngaran sjn: dicaritakeun lahir sabag wanoja, tapi diasuh jiga Bismahanta lalaki, atawa kadangkala boga bagapurusa netral Asal: Karajaan Pancala (waria). Dina vrsi pawayangan Sunda jeung Jawa

lumangsung hal anu ampir sarua, tapi dina pawayangan Sunda jeung Jawa mah dicaritakeun yn manhna lakirabi jeung Arjuna sarta hal ieu mangrupa bda anu pohara jauh lamun dibandingkeun jeung carita Mahabarata vrsi India.

NakulaTi Wikipdia, nsiklopdia bbas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi Nakula (basa Sansakerta: , Nakula), nyata saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manhna th anakna Dwi Madrim, lanceuk ipar Dwi Kunti. Manhna sakembaran jeung Sadwa. Nurutkeun buku Mahabarata, Nakula kacida kaspna sarta pohara ndah mameunteuna. Nurutkeun Drupadi, Nakula mangrupa salaki anu pangkaspna di dunya. Tapi, sipat gorng Nakula nyata sok agul ku kakaspna. Hal ta dicaritakeun ku Yudistira dina buku Prastanikaparwa.

NakulaNakula dina vrsi lukisan India Nakula dina vrsi lukisan India Dwanagari: jahan Sansakerta: Nakula Ngaran sjn: Grantika Asal: Astinapura, Karajaan Kuru Pakarang: Pedang Papasangan: Drupadi, Karnumati

Daptar eusi[sumputkeun]

1 Harti ngaran 2 Nakula dina Mahabarata 3 Nakula dina pawayangan Sunda jeung Jawa 4 Tempo og

[dit] Harti ngaranSacara harfiah, kecap nakula dina basa Sansakerta ngarujuk kana rupa Ichneumon, sarupaning beurit atawa sato pangeureut ti Mesir. Nakula og bisa boga harti "cerpelai", atawa bisa og "beurit benggala".

[dit] Nakula dina MahabarataNurutkeun Mahabarata, sakembar Nakula jeung Sadwa ngabogaan pangabisa istimwa dina ngarawat kuda jeung sapi. Nakula digambarkeun salaku jelema anu pohara ngahibur hat.

Manhna og tarapti dina ngajalankeun pancnna sarta sok nitnan kabangor lanceukna, Bima. Nakula og ngabogaan kamahran dina mankeun pakarang pedang. Waktu para Pandawa ngarandapan pangbuangan di jero leuweung, kaopat Pandawa (Bima, Arjuna, Nakula, Sadwa) palastra alatan nginum cai racun tina hiji situ. Mangsa roh goib mr kasempetan ka Yudistira sangkan milih salah sahiji ti kaopat barayana pikeun dihirupkeun deui, Yudistira milih Nakula sangkan dihirupkeun deui. Hal ieu kajadian lantaran Nakula anak Dwi Madrim pangkolotna, sarta Yudistira, anu mangrupa anak Dwi Kunti pangkolotna, hayang laku adil ka dua indung Pandawa kasebut. Lamun manhna milih Bima atawa Arjuna, mangka euweuh deui anak Dwi Madrim anu baris neruskeun turunan. Sabot para Pandawa kudu ngajalanan mangsa nyamur di Karajaan Wirata, Nakula nyamur jadi juru rawat kuda kalawan ngaran samaran "Grantika". Nakula milu perang di Kurustra, sarta meunangkeun perang rongkah kasebut. Dina buku Prastanikaparwa, nyata kitab katujuh belas tina sri Astadasaparwa Mahabarata, dicaritakeun yn Nakula tiwas dina lalampahan mangsa para Pandawa rk ngahontal puncak gunung Himalaya. Sammhna, Drupadi tiwas sarta disusul ku baraya sakembaranana Nakula nyata Sadwa. Sabot Nakula ngajengkang kana taneuh, Bima nanya ka Yudistira, "Lanceuk kuring, adi urang ieu pohara getol sarta penurut. Manhna og pohara kasep sarta euweuh anu bisa nandingan. Naha manhna hirupna ngan nepi ka dieu?". Yudistira anu wijaksana nmbalan, "Memang bener yn manhna pohara getol sarta gumbira ngajalankeun parntah urang. Tapi kanyahokeun ku manh yn Nakula pohara agul ku kakaspna sarta henteu dak nglhan. Alatan lampahna kasebut, manhna ngan hirup nepi ka dieu". Sanggeus ngadng guaran Yudistira, mangka Bima jeung Arjuna neruskeun lalampahan maranhanana. Maranhanana ninggalkeun layon Nakula di dinya tanpa upacara beuleum layon anu sakuduna.

[dit] Nakula dina pawayangan Sunda jeung JawaNakula dina padalangan Sunda jeung Jawa disebut og Pinten (ngaran tutuwuhan anu daunna bisa dipak ubar). Manhna mangrupa anak kaopat Prabu Pandu Dwanata, raja nagara Astinapura ti Dwi Madrim, puteri Prabu Mandrapati jeung Dwi Tjawati, ti nagara Mandaraka. Manhna lahir kembar jeung adina, Sadwa. Nakula og boga tilu baraya sabapa, nyata Yudistira, Bima sarta Arjuna Nakula mahr numpak kuda sarta pinter ngagunakeun pakarang panah jeung lembing. Nakula moal bisa poho ngeunaan sagala hal anu dipikanyaho ku manhna alatan boga Aji Pranawajati pamr Ditya Sapujagad, snapati nagara Amertani. Nakula miboga watek jujur, satia, taat, welas asih, nyaho ngabales budi sarta bisa nyimpen rusiah. Manhna dumuk di kasatriaan Sawojajar, wewengkon nagara Amarta. Nakula miboga dua urang pamajikan nyata:

Dewi Sayati puteri Prabu Kridakirata, raja nagara Awuawulangit, sarta meunang dua urang anak nu masing-masing ngaranna Bambang Pramusinta jeung Dwi Pramuwati.

Dwi Srengganawati, puteri Resi Badawanganala, kuya raksasa anu dumuk di walungan Wailu (nurutkeun Purwacarita, Badawanangala dipikawanoh salaku raja nagara Gisiksamudra landihan kapratala) sarta meunang turunan saurang putri nu ngaranna Dwi Sritanjung.

Sanggeus rngs perang Baratayuda, Nakula diangkat jadi raja nagara Mandaraka luyu jeung amanat Prabu Salya lanceuk indungna, Dwi Madrim.Mahabarata (Sansakerta: ) nyata hiji karya sastra buhun anu cenah ditulis ku Bagawan Abiyasa atawa Vyasa ti India. Buku ieu diwangun ku dalapan belas buku, mangka dingaranan Astadasaparwa (asta = 8, dasa = 10, parwa = buku). Tapi, aya og anu percaya yn carita ieu sastuna mangrupa kumpulan ti ra carita anu asalna mencar, anu dikumpulkan saprak abad ke-4 sammh Masehi. Sacara singket, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan maranhanana nyata saratus Kurawa, ngeunaan sengketa hak pamarntahan tanah nagara Astina. Puncakna nyata perang Baratayuda di tegal Kurustra sarta perang lumangsung salila dalapan belas po.Sajaba eusina carita kepahlawanan (wiracarita), Mahabarata og ngandung ajn-inajn ageman jeung mitologi Hindu. Ku sabab ta carita Mahabarata ieu dianggap suci ku panganut Hindu. Carita anu mimitina ditulis dina basa Sansakerta ieu saterusna dicutat dina sagala rupa basa, utamana di wewengkon anu kapangaruhan ku Hindu kaasup Asia Tenggara. Di Indonsia, salinan sagala rupa bagian tina Mahabarata, kawas Adiparwa, Wirataparwa, Bismaparwa sarta mungkin og sawatara parwa anu sjn, dipikanyaho geus dirobah kana wangun prosa basa Kawi saprak ahir abad ka-10 Masehi, nyata dina mangsa karajaan Kadiri. Alatan sipatna ta, wangun prosa ieu dipikawanoh og minangka sastra parwa. Mahakarya sastra kasebut og mekar sarta mr ilham ka sagala rupa wangun budaya jeung seni utamana di pulo Jawa sarta pulo Bali, mimiti ti seni patung sarta seni ukir (relief) dina candi-candi, seni tari, seni lukis nepi ka seni pintonan kawas wayang golk, wayang kulit sarta wayang jelema. Dina dunya sastera populr Indonsia, carita Mahabarata og disajikan dina wangun komik anu ngajadikeun carita ieu dipikawanoh ku golongan dawam. Salah sahiji anu kawntar nyata karya ti R.A. Kosasih.

BaratayudaTi Wikipdia, nsiklopdia bbas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi

Ilustrasi waktu perang di Kurustra dina buku Mahabarata.

Kurustra, patempatan Baratayuda lumangsung. Baratayuda (basa Sansakerta: ; Bhratayuddha) nyata perang rongkah antara dua pihak turunan Barata nyata para Pandawa jeung para Kurawa di mdan Kuru atawa Kurustra. Peperangan ieu lumangsung salila 18 po. Peperangan ieu dicaritakeun dina wiracarita Mahabarata anu ditulis Krishna Dwaipayana Wyasa ti India, kira-kira 400 taun Sammh Masehi. Di Indonsia, carita Mahabarata ditulis deui di ra wewengkon luyu jeung kaayaan sosial budaya satempat sahingga caritana jadi mekar sarta henteu sarua persis jeung carita aslina. Sawatara carita kasebut bisa dibaca dina Surat Purwacarita, Surat Paramayoga, Surat Kanda, sarta Surat Pustaka Raja Purwa.