tugas bahasa sunda mantra

9
Naon eta mantra? Mantra nya éta karya sastra wangun puisi nu dianggap miboga kakuatan gaib tur henteu bisa dipaké sagawayah. Kecap mantra asalna tina basa Sansekerta nu hartina jampé-jampé; ucapan nu ngandung kakuatan goib. Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditangkep maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén

Upload: rahellasni

Post on 09-Aug-2015

270 views

Category:

Education


4 download

TRANSCRIPT

Page 1: tugas bahasa sunda MANTRA

Naon eta mantra?Mantra nya éta karya

sastra wangun puisi nu dianggap miboga kakuatan gaib tur henteu bisa dipaké sagawayah. Kecap mantra asalna tina basa Sansekerta nu hartina jampé-jampé; ucapan nu ngandung kakuatan goib.

Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditangkep maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun komara pribadi.

Page 2: tugas bahasa sunda MANTRA

Naon fungsi umum ti mantra?mantra teh dipapatkeunana kalayan tujuan

pikeun murba jeung ngagunakeun kakuatan sakti anu ngageugeuh alam gaib tea, mangka kekecapan nu diucapkeun teh ngandung kakuatan magis.Ajimantra digunakeun pikeun:

komunikasi jeung sukmapinunjul lan rahayu – salametpada mikaasih ku sasamasaliring laku lampah, pinareng jeung hasil: dina

leumpang, nyeupah, midang, nganjang, masamoan, nguseup, tatanen.

Page 3: tugas bahasa sunda MANTRA

Naon wae rupa-rupa mantra?

JangjawokanJangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan kahontal hasilna, tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan. Upamana di mana rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jeung sajabana.

Page 4: tugas bahasa sunda MANTRA

AjianAjian dipapatkeun pikeun ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awét ngora.

AsihanAsihan atawa pélét dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisanana, nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan.

Page 5: tugas bahasa sunda MANTRA

SinglarSinglar dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngagangu ka manusa.

JampéJampé biasana dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan, sangkan cageur . Upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun.

Page 6: tugas bahasa sunda MANTRA

RajahRajah biasana dipapatkeun pikeun kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang. Baheula mah rajah sok dipaké paranti ari ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun silumansiluman, nulak gawé anu jail, paranti ari ngaruat, paranti ari caah atawa hujan, paranti pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan ruparupa dedemit jeung siluman.

Page 7: tugas bahasa sunda MANTRA

Kumaha sipat ti mantra teh?

Mantra-mantra Sunda mah saeutik pisan anu sipatna magi hideung (black magic) anu tujuanana “nyilakakeun, atawa deleka” tapi sipatna leuwih kanu sipatna mantra bodas, anu tujuanana pikeun karahayuan pikeun nyageurkeun , pikeun kapunjulan, jeung pikeun dipikaasih. Oge mahluk-mahluk lemes anu disambat the rereana mahluk lemes anu hade anu gegedena asli pribumi, tapi aya oge sa-eutik anu kaseundeuhan ku Islam tapi ukur dina kecap-kecapna bae.

Page 8: tugas bahasa sunda MANTRA

Conto Mantra

Mantra JangjawokanRarakan Nyi PohaciHihid kekeper imanNyiru tamprak ning imanDulang ketuk ning imanParako bengker ning imanHawu dungkuk ning imanSuluh solosod ning imanSeeng kukus ning iman.

Page 9: tugas bahasa sunda MANTRA

Hatur Nuhun