tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama sunda...

12

Click here to load reader

Upload: nguyenanh

Post on 27-May-2019

288 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 1

 

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL

DINA DRAMA SUNDA (Analisis Omongan jeung Kinesik

dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing)  

Lian Suliani1, Yayat Sudaryat2, Ruswendi Permana3 Email: [email protected], [email protected],

[email protected] Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing anu dianalisis tina segi tindak tutur jeung kinesik sarta kasaluyuan di antara duanana. Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta déskriptif analitis. Pikeun ngumpulkeun data digunakeun téhnik dokuméntasi. Data anu geus kakumpul dianalisis ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung. Data anu diolah mangrupa omongan jeung gerak anu aya dina video drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Dumasar kana hasil analisis, yén tindak komunikasi verbal ngawengku dua hal, nyaéta wanda tindak tutur (lokusi, ilokusi jeung perlokusi) jeung fungsi tindak tutur (asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif), sedengkeun tindak komunikasi nonverbal ngawengku opat hal, nyaéta (1) polah awak (tindak gestur) anu ngawengku kana polah leungeun saperti nunjuk; (2) polah paroman (tindak fasial) anu ngawengku 6 rupa polah, nyaéta paroman sedih, bungah, reuwas, ambek, sieun jeung keuheul; (3) polah dedegan (tindak postural) anu ngawengku 10 polah, nyaéta polah nangtung mongkoy, polah leumpang, polah rengkuh, polah capé, polah nukangan, tagog ménak, polah ngahormat, polah panata calagara, polah saregep jeung polah cacarita; jeung (4) polah gabungan (tindak kombinasional), anu nyoko kana fasial jeung gestur, fasial jeung postural, sarta gestur jeung postural. Salian ti éta, polah nonverbal (kinesik) nu marengan komunikasi verbal (tindak tutur) téh miboga fungsi salaku panglengkep (komplemen), nu utamana mah dina fungsi éksprésif. Kecap Galeuh: tindak komunikasi, drama

                                                                                                                         1 Penulis Utama  2 Penulis Penanggung Jawab 1  3 Penulis Penanggung Jawab 2  

Page 2: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

2 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL DAN NONVERBAL DALAM DRAMA SUNDA

(Analisis Tuturan dan Kinesik Dalam Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang

Ibing)

Lian Suliani1, Yayat Sudaryat2, Ruswendi Permana3 Email: [email protected], [email protected],

[email protected] Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan tindak komunikasi verbal dan nonverbal dalam drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing yang dianalisis dari segi tindak tutur dan kinesik serta keserasian di antara keduanya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif. Untuk mengumpulkan data digunakan teknik dokumentasi. Data yang sudah terkumpul dianalisis dengan menggunakan teknik analisis unsur langsung. Data yang yang diolah berupa tuturan dan gerak yang ada dalam video drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Hasil analsis menunjukkan bahwa tindak komunikasi verbal mencakup dua hal, yaitu bentuk tindak tutur (lokusi, ilokusi dan perlokusi) dan fungsi tindak tutur (asertif, direktif, ekspresif, komisif, dan deklaratif), sedangkan tindak komunikasi nonverbal mencakup empat hal, yaitu (1) gestur yang mencakup pada gerak tangan seperti menunjuk; (2) fasial yang mencakup 6 emosi yang berupa sedih, senang, terkejut, marah, takut, dan muak; (3) postural yang mencakup 10 tindak postural, yaitu bungkuk, berjalan, keadaan cape, membelakangi, memberi hormat, panitia penyelenggara, menyimak serta berbicara; dan (4) tindak gabungan (kombinasi) yang mencakup kepada fasial dan gestur, fasial dan postural, serta gestur dan postural. Selain itu, tindak komunikasi nonverbal yang tampak mempunyai fungsi sebagai pelengkap atau komplemen. Keserasian terutama tampak pada fungsi ekspresif. Kata Kunci: tindak komunikasi, drama

                                                                                                                         1 Penulis Utama  2 Penulis Penanggung Jawab 1  3 Penulis Penanggung Jawab 2  

Page 3: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 3

 

THE ACT OF VERBAL AND NON-VERBAL COMMUNICATION

IN SUNDANESSE DRAMA (An Analysis of Speech and Kinesics

Of Sundanesse Drama Juragan Hajat by Kang Ibing)

Lian Suliani1, Yayat Sudaryat2, Ruswendi Permana3 Email: [email protected], [email protected],

[email protected] Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRACT

This study is intended to find out and highlight the act of verbal and non-verbal communication in Sundanesse drama Juragan Hajat that was written by Kang Ibing. The drama was analyzed based on the aspects of speech and kinesics performance and the balance between those aspects. The descriptive method was used in this study, while in order to gather the data needed, the documentation technique was also used. The data wich had been collected was analyzed based on direct elemental analysis technique. The data from the documentation of Kang Ibing drama Juragan Hajat that needed to be analyzed was basically in a form of speech and body movement. The result of the analysis showed that there are two major aspects of the act of verbal communication found, those are; the form of speech (locutions, illocutionary, and perlokusi) and the function of speech (asertive, directive, expressive, commisive and declarative), meanwhike, the act of non-verbal communication scopes for aspects, those are (1) gesture, which includes hand movements such as pointing; (2) facial expression wich includes six different emotions such as sadness, happiness, anger, fear, and shock; (3) body-postural which includes ten body-postural actions such as bending, walking, the stage of exhausting, listening, and speaking; and the other ine is (4) the combination of action which includes facial and gesture, facial and body-postural, and the kast one gesture and postural. Moreover, the action of nonverbal communication seems to have the other functions, that is, as the complimentary elements of the drama itself. Finally, the balance of the drama has truly been depicted in the element of expressive function.

                                                                                                                         1 Writer  2 Correspondent Writer 1  3 Correspondent Writer 2  

Page 4: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

4 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

Key Words: the act of communication, drama

Kabudayaan muncul balukar tina hasil karya manusa. Koentjaraningrat (2009:165) nétélakeun tujuh unsur budaya anu sipatna universal anu salasahijina nyaéta basa. Sudaryat (2004:4) ngébréhkeun pamadeganana ngeunaan basa, yén basa téh salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Manusa dina ngedalkeun eusi pikiran sarta eusi haténa boh kabungah atawa kasedih téh ngaliwatan basa. Yén basa téh salilana moal leupas, bakal terus tumarep boh dina individual sorangan boh kelompok.

Basa téh mangrupa hiji pakakas atawa alat pikeun lumangsungna prosés komunikasi antara sasama manusa. Ieu raket patalina jeung salasahiji hakékat basa nyaéta komunikatif. Dina ieu hal ceuk Sudaryat (2004:9), basa téh miboga fungsi utama pikeun alat komunikasi.

Nurutkeun Websters New Collegiate Dictionary (1981) dina Chaer (2010:17) nyebutkeun salasahiji wangenan komunikasi “Communication is a proces by which information is exchange between individuals through a common system, signs, or behaviour”. Komunikasi téh mangrupa prosés silih tuker informasi antar individual ngaliwatan sistem, simbol, tanda atawa tingkah laku anu umum.

Ari salasahiji komponén dina komunikasi téh nyaéta ayana alat anu digunakeun dina prosés komunikasi. Dumasar kana alat nu digunakeunana, komunikasi téh kabagi kana dua bagian, nyaéta komunikasi verbal anu ngagunakeun basa, boh lisan boh tulisan minangka mediana, sarta komunikasi nonverbal nyaéta komunikasi nu teu maké basa (Chaer:2010). Lolobana para ahli dina bukuna ngabahas ngeunaan komunikasi verbal, dibandingkeun komunikasi nonverbal. Padahal ti saluareun éta, komunikasi nonverbal mangrupa panglengkep pikeun komunikasi verbal.

Dumasar kana pedaran di luhur, écés pisan yén antara basa jeung komunikasi raket pisan patalina. Dina ieu panalungtikan anu baris dipedar nyaéta leuwih kana tindak komunikasina, boh tindak komunikasi verbal boh tindak komunikasi nonverbal. Tindak komunikasi verbal mangrupa hiji tindakan manusa dina ngalakukeun komunikasi ngaliwatan basa, wujudna mah bisa mangrupa tindak ujar/tutur. Sedengkeun tindak komunikasi nonverbal bisa ogé ngagantikeun posisi komunikasi verbal. Contona pikeun ngedalkeun rasa panuju, ukur ku unggeuk ogé geus bisa disebut yén jalma anu diajak ngobrol téh panuju kana naon anu ditepikeun.

Unggeukan anu saperti kitu téh disebutna kinesik. Dina komunikasi nonverbal aya nu disebut kinesik atawa gerak tubuh. Kinesik nyaéta salasahiji wangun komunikasi nonverbal anu mangrupa stimulator dina nepikeun pesen-pesen anu ngagunakeun gerakan-gerakan awak anu ngawengku paroman, gerak panon (rérétan), gerak leungeun jeung sakabéh anggota badan (Mulyana, 2012:353).

Saperti pedaran di luhur, nu diébréhkeun ku Sudaryat, basa téh mangrupa pakakas pikeun manusa dina ngedalkeun eusi haténa sarta pikiranana. Ieu patali jeung fungsi basa mun ditilik tina pamakéanana, yén basa bisa dipaké dina wangun fiksi (karya sastra) jeung nonfiksi. Saperti nu diébréhkeun ku Nurgiyantoro (2010:272) yén basa dina sastra miboga fungsi utama nyaéta fungsi komunikatif. Dina wangun fiksi, basa téh mangrupa wujud éksprési pangarang. Patali jeung hal éta, Ratna (2010:314) ngébréhkeun pamadeganana ngeunaan karya sastra, yén karya sastra téh mangrupa seni basa, sabab dina ngawangun hiji karya sastra téh ngagunakeun basa minangka mediana. Ku kituna, basa jeung sastra téh raket pisan

Page 5: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 5

 

patalina sarta teu bisa dipisahkeun. Ieu hal patali jeung data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, yén drama anu mangrupa salasahiji karya sastra, jadi data primer dina ieu panalungtikan. Nurutkeun Hasanudin (2009:4) drama téh mangrupa karya anu miboga dua dimensi karakteristik, nyaéta dimensi sastra jeung dimensi seni pertunjukan. Ku kituna, salian ti dimensi sastrana, dina ieu panalungtikan anu baris dianalisis téh nyaéta tina dimensi seni peranna atawa seni pertunjukkanana ogé.

Nurutkeun Webster’s New Collegiate Dictionary dina Tarigan (2011:70) nyebutkeun sababaraha wangenan drama, di antarana:

“ (1) Suatu karangan dalam prosa atau puisi yang memeotret kehidupan atau tokoh dengan bantuan dialog atau gerak serta direncanakan bagi pertunjukan teater; suatu lakon. Drama closet adalah suatu lakon yang dibuat terutama sebagai bahan bacaan, bukan sebagai produksi panggung; (2) seni, sastra, atau kejadian-kejadian yang bersifat dramatik; (3) serangkaian kejadian nyata yang mengandung kesatuan dan interes dramatik.”

Wangenan di luhur téh geus

ngawengku drama minangka dimensi sastra, jeung drama minangka seni peran/seni pertunjukan. Saperti nu disebutkeun dina wangenan nu kahiji yén drama téh mangrupa hiji karangan dina prosa atawa puisi anu jadi potret kahirupan atawa tokoh ngaliwatan paguneman atawa gerak sarta direncanakeun pikeun pintonan téater; hiji lakon.

Minangka genre sastra, drama ditulis ngagunakeun basa saperti puisi atawa prosa, anu bakal jadi hiji naskah dina wangun paguneman. Minangka genre seni pertunjukan atawa seni peran mah nyaéta leuwih kana gerak. Gerak di dieu téh mangrupa titiron paripolah manusa nu dipintonkeun. Ieu gerak bakal dianalisis

ngagunakeun hiji paélmuan ngeunaan gerak awak téa, atawa sacara ilmiahna mah sok disebut kinesik. Kinesik mangrupa kontéks di luar basa atawa sok disebut ekstralinguistik. Faktor di luar basa saperti kieu nu jadi faktor panangtu dina nangtukeun wujud paguneman (Nurgiyantoro, 2010:313).

Luyu jeung pedaran-pedaran di luhur, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho sarta ngadeskripsikeun tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing”. Komunikasi nonverbal téh loba jenisna, salian ti kinesik téh aya ogé nu disebut proksemik, artifaktual, olfaksi, jrrd. Jadi, sangkan teu lega teuing ambahanana, kajian dina komunikasi nonverbal diwatesanan dina kinesik atawa gerak awakna wungkul. Sarta kajian dina komunikasi verbal diwatesanan dina wanda sarta fungsi tindak tutur.

Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa leuwih ngeuyeuban sarta ngjembaran deui pangaweruh ngeunaan komunikasi, hususna komunikasi di saluareun basa, yén di saluareun komunikasi verbal téh aya ogé nu disebut komunikasi nonverbal anu jadi panglengkep dina prosés komunikasi. MÉTODE

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif, métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual kalawan ngumpulkeun data, nyususn papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data (Arikunto, 1998:225). Instrumen anu digunakeun nyaéta mangrupa kartu data jeung pakakas éléktronik. Data dina ieu panalungtikan nyaéta omongan jeung gerak awak (kinesik) nu aya dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing, sedengkeun sumber data ieu panalungtikan nyaéta video drama jeung naskah transkripsi drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Pikeun ngumpulkeun data digunakeun téhnik dokuméntasi. Data anu geus kakumpul

Page 6: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

6 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

dianalisis ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung.

HASIL JEUNG PEDARAN

Drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing kaasup kana wanda drama komedi. Katitén tina subjek nu dipidangkeun ku para palaku téh serius, sarta teu dijieun-jieun. Bodoran anu dipidangkeun téh muncul ti para palakuna sorangan, teu dijieun-jieun sangkan nu nongton seuri, tapi ku kaseriusanana dina nepikeun maksud omongan téh nu matak pikaseurieunana.

Data anu dianalisis dina drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh mangrupa omongan sarta gerak atawa paripolah para palaku. Omongan di dieu téh mangrupa transkripsi naskah drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing. Tina hasil transkrip, kapanggih aya 4 babak, 14 adegan jeung 733 paguneman (dialog). Sarta gerakna nyoko kana gerak awak (kinesik) para palaku. Tina hasil analisis, kapanggih aya sababaraha gerak anu kaasup kana komponén kinesik saperti fasial, gestur jeung postur.

Kahiji, tindak komunikasi verbal (tindak tutur) nu aya dina naskah transkripsi drama Juragan Hajat karya Kang Ibing téh nyoko kana dua analisis, kahiji tina wanda tindak tuturna, nu kadua tina fungsi tindak tuturna. Wanda tindak tutur nu ngawengku lokusi (lakunig ucap), ilokusi (lakuning gawé) jeung perlokusi (lakuning rasa), sedengkeun fungsi tindak tutur mah ngawengku fungsi asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif. Sangkan leuwih jéntré, bisa dititénan pedaran ieu di handap: a. Jumlah wanda tindak tutur dina naskah

transkripsi drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh kapanggih aya 615 tuturan, kalayan kabagi kana lokusi, ilokusi jeung perlokusi.

1) Tindak tutur lokusi (lakuning ucap) nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh nyaéta aya 21, atawa 3,41%. Contona saperti dina kalimah (29) “Loba. Ceu Tenong, Mang Rustam, Aki Oji” anu mangrupa ma’na nyebutkeun. Icih nyebutkeun ka Kemed saha-saha waé nu nagih hutang ka manéhna, sangkan Kemed apal. Salian ti éta, aya nu mangrupa ébréhan idéntitas, saperti kalimah (345) “Drs. Oot Suroto, Jalan Ciendog No. 6 Garut”, ieu omongan ditepikeun ku Uje ka Encuy, manéhna maca kartu nama nu dibérékeun ku Encuy, dina kartu nama téh disebutkeun yén Pa Oot Suroto nu ditéangan ku Encuy téh ayana di Garut.

2) Tindak tutur ilokusi (lakuning gawé) nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh nyaéta aya 273, atawa 44,40%. Contona saperti dina kalimah (316) “Aya sémah itu, Unéh” anu ditepikeun ku Ujé ka Unéh henteu saukur méré nyaho yén aya sémah datang, tapi Ujé nitah Unéh sina nyamperkeun éta sémah nu datang sangkan asup. Bisa dititénan ogé dina kalimah (582) “Siap, Gan! Rombongan pengantén sudah datang”. Ieu kalimah ditepikeun ku Aceng (Hansip 3) ka Juragan Suminta. Acéng teu saukur méré nyaho ka juraganana, tapi Aceng miharep sangkan nu boga hajat bisa tatahar dina narima pangantén pikeun acara saterusna.

3) Tindak tutur perlokusi (lakuning rasa) nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh nyaéta aya 321, atawa 52,19%. Contina saperti dina kalimah (292) “Heueuh enggeus ku aing gé dicobaan potret sia ditunda dina tanggungan peuyeum. Heueuh wé isukna peuyeum buruk kabéh”. Ieu kalimah téh diucapkeun ku Ujé

Page 7: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 7

 

ka Unéh. Éfék perlokusi nu ditimbulkeun tina éta kalimah mangrupa kakeuheul. Ngadéngé omongan jiga kitu téh teu burung ambekna, lantaran Unéh asa dihina ku Si Ujé salaku salakina, mangtaun-taun hirup jeung manéhna, Si Ujé teu buruk-buruk geus dikeukeupan dikumaha gé.

b. Jumlah fungsi tindak tutur dina naskah transkripsi drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing nu kapanggih téh aya 492 fungsi tindak tutur. Ieu fungsi tindak tutur téh kabagi kana lima fungsi, nyaéta fungsi asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif. 1) Fungsi asértif nu kapanggih dina

éta naskah transkripsi téh aya 80 kalimah atawa 16,26%. Kabagi kana dua fungsi asértif, 69 kalimah kaasup kana asértif nyebutkeun atawa kisaran 86,25%, jeung 11 kalimah kaasup kana asértif ngagulkeun, atawa kisaran 13,75%. Contona bisa dititénan dina kalimah asértif nyebutkeun anu sifatna analitis, ieu kalimah ditepikeun ku Ijem ka juragan pameget jeung juragan istri (404) “Leres ieu mah Juragan. Tatanggi nu Pun Ua padamelana téh sadidintenna téh tukang nguburkeun, maotna gé dikubur”. Ijem méré nyaho ka juraganana ngeunaan informasi nu kapanggih ku manéhna. Dina ieu hal, Ijem teu ngan saukur ngainformasikeun yén tukang kubur téh maotna gé dikubur, tapi tina ieu drama méré amanat ka nu maca atawa paregep, yén manusa téh sarua waé darajatna mah, nu ngabédakeun téh amal perbuatanana lain jabatan atawa golongan. Da manusa geus nepi kana ajalana mah, angger balik deui ka asalna nyaéta taneuh.

2) Fungsi diréktif nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh aya 152

kalimah atawa 30,89%. Kabagi kana diréktif panitah aya 74 kalimah atawa 48,68%, diréktif panyarék aya 24 kalimah atawa 15,79, diréktif pangajak aya 4 kalimah atawa 2,63%, diréktif méré sawangan aya 20 kalimah atawa 13,16%, diréktif paménta aya 3 kalimah atawa 1,97%, diréktif pameredih aya 10 kalimah atawa 6,58%, diréktif pangarep-ngarep aya 12 kalimah atawa 7,90%, jeung diréktif pangujurung aya 5 kalimah atawa 3,29%. Contona bisa dititénan dina kalimah diréktif panitah, ieu kalimah ditepikeun ku Juragan Suminta ka tukang koran (418) “Téangan sia ku sia! Téangan! Teu uyahan néangan duit di dieu, dibawa ka lemburna ka luar negri. Téangan nepi ka panggih! Indit téangan!”. Ieu kalimah téh nandakeun panitah, yén juragan pameget miharep ka tukang koran sangkan néangan konglomerat kabur nu diberitakeun dina koran.

3) Fungsi éksprésif nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh aya 253 kalimah atawa 51,42%. Kabagi kana éksprésif ngucapkeun salam aya 20 kalimah atawa 7,72%, éksprésif sukur aya 3 kalimah atawa 1,16%, éksprésif ngahaturkeun nuhun aya 6 kalimah atawa 2,32%, éksprésif panyawad aya 124 kalimah atawa 47,88%, éksprésif kukulutus aya 60 kalimah atawa 23,17%, éksprésif pamuji aya 6 kalimah atawa 2,32%, éksprésif nyalahkeun aya 9 kalimah atawa 3,47%, éksprésif ménta hampura aya 17 kalimah atawa 6,56%, jeung éksprésif ngancam aya 14 kalimah atawa 5,40%. Contona bisa dititénan dina kalimah éksprésif kukulutus, ieu kalimah ditepikeun ku Kéméd ka Icih, (60)” Tobat, Gusti. Batur gé seueur ka tukang beca nu garaduh bojo. Tapi teu aya

Page 8: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

8 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

nu wéureu siga pun bojo”. Kéméd téh manghanjakalkeun kana kalakuan Si Icih lantaran ngajual sadel béca teu bébéja heula ka manéhna, harita Kéméd ngarasa keuheul, tétéla manéhna téh teu bisa ngabéca deui, kudu nungguan aya duit sangkan manéhna bisa meuli sadel béca. Tapi ku kaayaan béca saperti kitu, Kéméd bisa meunangkeun duit ti mana da ngabéca téh hiji-hijina pakasaban manéhna sapopoé.

4) Fungsi komisif nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh aya 2 kalimah atawa 0,41 %. Éta data kalimah téh kaasup kana komisif sumpah. Contona bisa dititénan dina kalimah komisif sumpah, ieu kalimah ditepikeun ku Kéméd ka Ocim (174) “Déwék mah wani disumpah, moal meuli éntog”. Dina ieu kalimah, Kéméd wani disumpah yén manéhna téh sing kumaha carana gé moal meuli éta éntog si Ocim.

5) Fungsi déklaratif nu kapanggih dina éta naskah transkripsi téh nyaéta aya 5 kalimah atawa 1,02%. Kabagi kana déklaratif méré hampura jeung déklaratif pangjadi, nu kaasup kana déklaratif méré hampura aya 4 kalimah atawa 80% sarta nu kaasup kana déklaratif pangjadi aya 1 kalimah atawa 20%. Contona bisa dititénan dina kalimah déklaratif méré hampura, ieu kalimah ditepikeun ku Encuy Ujé dina kalimah (275) “Teu sawios, Kang. Abdi nu punten mah, tos ngaganggu”. Ieu kalimah téh mangrupa ébréhan pangampura ti Encuy ka Ujé.

Kadua, tindak komunikasi nonverbal dina ieu panalungtikan nyoko kana opat polah, nyaéta (1) polah gestur, (2) polah fasial, (3) polah postural, (4) polah gabungan. Dina ieu panalungtikan, kapanggih aya 53 polah anu bisa

dklasifikasikeun kana opat polah komunikasi nonverbal (kinesik). Sangkan leuwih jéntré, bisa dititénan pedaran ieu di handap: a. Jumlah polah gestur anu kapanggih

dina ieu drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh aya 13 polah atawa 24,53%. Contona bisa dititénan dina ieu kalimah “Tobat, Gusti. Batur gé seueur ka tukang béca nu garaduh bojo. Tapi teu aya nu weureu siga pun bojo. Mugi-mugi sing dipasihan kakiatan”. Nalika keur ngadua kitu téh, Si Kéméd ngangkat leungeunna duanana bari dangah ka luhur, tanda manéhna ngadu’a ka Gusti Nu Maha Agung.

Gambar 1 Polah Gestur: Si Kemed ngangkat leungeuna duanana sajajar jeung dada

b. Jumlah polah fasial anu kapanggih

dina ieu drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh aya 13 polah atawa 24,53%. Dina polah fasial, diklasifikasikeun deui kana 6 paroman. Anu kaasup kana paroman sedih aya 1 polah atawa 7,69%, paroman bungah aya 3 polah atawa 23,08%, paroman sieun aya 2 polah atawa 15,38%, paroman reuwas aya 2 polah atawa 15,38%, paroman keuheul aya 3 polah atawa 23,08% jeung paroman ambek aya 2 polah atawa 15,38%. Contona bisa dititénan dina adegan mimiti babak katilu (Ba.3/Ad.1), digambarkeun kakeuheul Juragan Istri ka salakina Rd. Suminta

Page 9: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 9

 

(Juragan Pameget). Anjeunna ngarasa keuheul, lantaran juragan pameget sapopoéna téh nguruskeun waé domba. Dina gambar di handap katitén émosi kaambek juragan istri ka salakina, posisi hulu nu rada tungkul, biwir nu jamedud sarta mata nu ningali ka handap nandakeun kaambek.

Gambar 2 Polah Fasial: biwir jamedud bari neuteup ka handap nandakeun kaambek

c. Jumlah polah postural anu kapanggih dina ieu drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh aya 16 polah atawa 30,19%. Dina polah postural, diklasifikasikeun deui kana 10 polah dedegan. Anu kaasup kana polah nangtung mongkoy aya 1 polah atawa 6,25%, polah leumpang aya 1 polah atawa 6,25%, polah rengkuh aya 3 polah atawa 18,75%, polah capé aya 1 polah atawa 6,25%, polah nukangan aya 2 polah atawa12,5%, polah tagog ménak aya 2 atawa 12,5%, polah ngahormat aya 1 polah atawa 6,25%, polah panata calagara aya 1 polah atawa 6,25%, polah saregep aya 1 polah atawa 6,25% jueng polah cacarita aya 3 polah atawa 18,75%. Contona bisa dititénan dina adegan katilu dina babak katilu anu nyaritakeun ngeunaan datangna dua hansip anu mangrupa petugas

keamanan. Dina ieu adegan, Juragan Suminta méré paréntah ka anak buahna pikeun ngajaga kaamanan. Nalika dibéré paréntah kitu téh aya réspon anu mangrupa kasiapan dina ngajalankeun pancénna. Katitén dina gambar di handap, dua hansip di dinya méré panghormatan ka nu jadi bosna ku cara hormat saperti hormat ka bandéra nalika keur upacara. Ieu polah téh mangrupa polah ngahormat.  

 Gambar 3 Tindak Postur: Posisi awak nu tegep sarta dada nu rada condong ka hareup dibarengan ku ngagerakeun leungeun katuhuna diantelkeun kana tarang (saperti hormat ka bandéra) nandakeun posisi hormat ka bosna nu miboga status luhur salaku ménak

d. Jumlah polah gabungan anu kapanggih

dina ieu drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh aya 11 polah atawa 20,75%. Ngawengku tilu polah gabungan, nyaéta anu kaasup polah gabungan gestur jeung fasial aya 5 polah atawa 45,45%, polah gabungan gestur jeung postural aya 1 polah atawa 9,09%, jeung polah gabungan postural jeung fasial aya 5 polah atawa 45,45%. Contona bisa dititénan tina polah gabungan antara polah awak jeung paroman. Saperti nu katitén dina babak kahiji adegan kahiji, tina réngkak jeung paroman Si Icih nalika

Page 10: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

10 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

ngedalkeun eusi haténa nandangan kasusah. Gerak panon nu neuteup ka handap, sarta ayana kerung, nandakeun manéhna téh sedih kudu

narima kanyataan hirup nu sakitu peurihna. Tina réngkakna ogé katingali, manéhna nembrakkeun dampal leungeunna duanana, nu miboga maksud yén kasusah nu disanghareupanana téh nyaéta hirup.  Gambar 4 Polah Gestur jeung Fasial: Paroman kasedih Si Icih bari nembrakkeun dua dampal leungunna

Kasaluyuan antara tindak

komunikasi verbal jeung nonverbal téh didasarkeun kana fungsi tindak tutur (asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif) jeung kinesik (fasial, gestur jeung postur). Dumasar kana hasil analisis, polah nonverbal nu marengan komunikasi verbal (tindak tutur) téh miboga fungsi salaku panglengkep (komplemen) jeung méré kategasan (aksentuasi) kana naon nu diucapkeun ku panyatur. Contona bisa dititénan dina kalimah diréktif méré sawangan, katitén aya tindak komunikasi nonverbal nu marengan tindak komunikasi verbal, saperti dina gambar di handap:

Gambar 5 Lebé nunjuk ka Unéh

Gambar di luhur nunjukkeun yén Ua Lebé nunjuk Unéh nalika keur mamatahan ka Ujé. Kalimah nu diucapkeuna nyaéta “anu donto, anu montok kieu mah mun bisa mah dilaminating ku sia téh. éta kalimah aya dina tuturan (338). Kalimah (338) “Pamajikan kieu mah kudu dipikanyaah, deuleu. Anu donto, anu montok kieu mah mun bisa mah dilaminating ku sia téh”.

Ua Lebé méré sawangan ka Ujé yén anu donto anu montok samodel Unéh téh alusna mah dijagaan. Dilaminating di dinya téh lain harti sabenerna, contona kertas piagam, sangkan teu kotor atawa kabaseuhan, éta kertas téh dilaminanting, dibungkus ku plastik sangkan ajeg jeung teu kotor, kitu ogé pamajikan, ibarat kertas, kudu dijaga jeung dipusti-pusti da sarua berhargana. Ku kituna Ua Lebé téh dina nalika nyarita kitu téh dibarengan ku nunjuk ka Unéh minangka conto saurang awéwé sakaligus ibu rumah tangga.

Saperti nu geus dipedar saméméhna, ieu drama Juragan Hajat téh mangrupa drama komedi anu éksprésif pisan. Ti babak ka hiji nepi ka babak ahir, katitén loba pisan polah fasial nu muncul dina tiap adeganana. Pesen fasial nu muncul dina tiap adegan di antarana mangrupa émosi kakeuheul, kaambek, kareuwas, kabungah jeung kasedih, tapi nu lolobana muncul mangrupa émosi kaambek, kakeuheul jeung kareuwas. Polah gestur dina ieu drama teu burung lobana batan polah fasial, tapi pesen gestur nu muncul dina ieu adegan miboga fungsi salaku panglengkep wungkul atawa sok disebut komplemen.

Drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh nyaritakeun kaayaan hirup nu sagemblengna, katitén dina hirup kumbuh sabenerna, manusa téh kabagi kana dua golongan, golongan handap anu mangrupa rahayat leutik anu hirupna pinuh ku kakurangan jeung

Page 11: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

D A N G I A N G S U N D A V O L . 3 N O . 1 A P R I L 2 0 1 4 | 11

 

golongan luhur anu mangrupa pajabat atawa jalma anu miboga kawasa jeung kaahlian nu ngahsilkeun duit gedé nu hirupna sarwa kaleuleuwihi. Dina ieu drama ditémbongkeun tokoh-tokoh anu miboga peran jadi tukang beca, tukang peuyeum, hansip jeung tukang koran sarta aya nu jadi bujang atawa pembantu rumah tangga, anu mangrupa golongan handap. Salian ti golongan handap, ditémbongkeun ogé tokoh anu mangrupa ménak minangka jalma nu miboga kakawasaan. Ku kituna, ieu drama némbongkeun rasa hormat ti golongan handap ka nu jadi ménak. Saperti réngkak Si Pudin, salaku bujangna Raden Suminta, manéhna némbongkeun rasa hormat nalika nyarita ku ngarengkuhkeun awakna sarta nalika dicarékan manéhna tungkul. Réngkak saperti kitu téh dina kinesik mah disebut tindak atawa polah postural. Salian ti anak buah ka juragan, rasa hormat ditémbongkeun ogé nalika hiji awéwé nyarita ka salakina, nu nandakeun yén status lalaki téh leuwih luhur batan awéwé.

Dumasar kana pedaran di luhur, dina tindak komunikasi verbal anu mangrupa tindak tutur, teu kapanggih hal anu dianggap anyar. Lantaran analisis dina ieu panalungtikan masih nyoko kana dua hal, nyaéta tina wanda tindak tutur anu mangrupa lokusi, ilokusi jeung perlokusi [Austin (1962) dina Tarigan (2009:34)], sarta tina fungsi tindak tutur anu mangrupa asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif [Searle (1975) dina Chaer (2010:29)]. Béda deui jeung tindak komunikasi nonverbal. Nurutkeun Rakhmat (2012:285), polah kinesik sacara umum kabagi kana 3 polah, nyaéta polah gestur, polah fasial jeung polah postural, tapi dina ieu analisis, kapanggih aya polah gabungan antara polah nu hiji jeung polah nu séjénna. Ningali kana pedaran saméméhna, dina analisis kinesik, aya sababaraha polah gabungan anu kapanggih, di antarana (1) polah gabungan antara polah gestur jeung polah

fasial, (2) polah gabungan antara polah fasial jeung polah postural, sarta (3) polah gabungan antara polah gestur jeung polah postural (Konsultasi Yayat Sudaryat, Kamis, 30-01-2014).

Panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal tétéla masih kawilang loba kénéh héngkérna. Ieu katitén tina tiori-tiorina anu masih can nyumponan kana tiori tindak komunikasi. Najan kitu, data dina ieu panalungtikan mangrupa drama komédi anu sifatna réalis jeung kalintang éksprésifna, sahingga teu ngahésékeun dina prosés analisisna. Ku kituna, nalika aya panalungtikan saterusna ngeunaan tindak komunikasi dina drama, perlu diperhatikeun wangun dramana. Sangkan teu ngahésékeun, drama nu dianalisis mangrupa drama nu réalis, lantaran mun wandana mangrupa longsér, bakal loba gerakan nu dianggap teu penting, anu balukarna mah bakal ngahésékeun dina prosés analisis. KACINDEKAN

Dumasar kana hasil panalungtikan di luhur, bisa dicindekkeun yén drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing téh mibanda tindak komunikasi verbal jeung nonverbal.

Tindak komunikasi verbal (tindak tutur) nyoko kana dua hal, nyaéta wanda tindak tutur jeung fungsi tindak tutur. Kahiji, wanda tindak tutur ngawengku tilu rupa, nyaéta: 1) Tindak lokusi anu muser kana

bebeneran atawa fakta. Dina ieu drama kapanggih aya 21 tuturan atawa kalimah anu kaasup kana tindak lokusi atawa polah ucap.

2) Tindak ilokusi anu muser kana verba anu sifatna bisa mangrupa ngalaporkeun, ngumumkeun, ngaramalkeun, ngaku, nanyakeun, méré saran, maréntah, mesen, ngusulkeun, ngungkarakeun, ngawilujengkeun, ngahaturkeun nuhun, midangkeun, jeung

Page 12: TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA ...antologi.upi.edu/file/ARTIKEL_B._SUNDA_LIAN_SULIANI_.pdf · DANGIANG SUNDA VOL.3 NO.1 APRIL 2014 | 1 ! ... basa, yén

12 | L i a n S u l i a n i : T i n d a k K o m u n i k a s i V e r b a l j e u n g . . .  

 

ngadesek. Dina ieu drama, kapanggih aya 273 tuturan atawa kalimah anu kaasup kana tindak ilokusi atawa lakuning gawé.

3) Tindak perlokusi anu muser kana verba anu sifatna téh aya éfék ka paregep anu mangrupa ngayakinkeun, ngabohong, ngupahan manéh, matak keuheul, ngaganggu, nyingsieunan, matak kataji/kabéngbat, pikaseurieun, mangaruhan, matak bingung/baluweng, jeung ngérakeun. Dina ieu drama, kapanggih aya 321 tuturan atawa kalimah anu kaasup kana tindak perlokusi atawa lakuning rasa. Kadua, fungsi tindak tutur

ngawengku lima rupa, nyaéta: 1) fungsi asértif anu eusina mangrupa

kalimah nyebutkeun jeung kalimah ngagulkeun;

2) fungsi diréktif anu eusina mangrupa kalimah panitah, panyarék, pangajak, méré sawangan, paménta, pameredih, pangarep-ngarep, jeung pangjurung;

3) fungsi éksprésif anu eusina mangrupa kalimah ngucapkeun salam, ngucap sukur, ngahaturkeun nuhun, panyawad, kukuklutus, nyalahkeun, ménta hampura jeung ngancam;

4) fungsi komisif anu eusina mangrupa kalimah sumpah; jeung

5) fungsi déklaratif anu eusina mangrupa kalimah méré hampura jeung pangjadi. Tindak komunikasi nonverbal nyoko

kana opat polah (tindak), nyaéta: 1) polah awak (tindak gestur) anu

ngawengku kana polah leungeun saperti nunjuk;

2) polah paroman (tindak fasial) anu ngawengku 6 rupa polah, nyaéta paroman sedih, bungah, reuwas, ambek, sieun jeung keuheul;

3) polah dedegan (tindak postural) anu ngawengku 10 polah, nyaéta polah nangtung mongkoy, polah leumpang,

polah rengkuh, polah capé, polah nukangan, tagog ménak, polah ngahormat, polah panata calagara, polah saregep jeung polah cacarita; jeung

4) polah gabungan (tindak kombinasional), anu nyoko kana fasial jeung gestur, fasial jeung postural, sarta gestur jeung postural.

DAFTAR PUSTAKA Arikunto, S. (1998). Prosedur Penelitian:

Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2010). Kesantunan Berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. & Leonie, A. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Hasanudin. (2009). Drama: Karya Dalam Dua Dimensi. Bandung: Angkasa.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

Mulyana, D. (2004). Ilmu Komunikasi Suatu Pengantar. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Nurgiayantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Rahmat, J. (1999). Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Karya CV.

Ratna, N.K. (2010). Sastra dan Cultural Studies: Refresentasi Fiksi dan Fakta. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Tarigan, H.G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (2011). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.