padumukan nu panungtung h -...

2
o Senin o Selasa 0 Rabu e Kamis 0 Jumat o Sabtu 0 Minggu 23 17 18 19 4 5 6 7 8 9 10 11 20 €J) 22 23 24 25 26 12 13 14 15 16 27 28 29 30 31 OJan OPeb o Mar OApr OMei OJun eJul 0 Ags OSep OOkt ONov ODes Carpon Taufik Rahayu Padumukan nu Panungtung areureut imah H anyar teh, hese usik-usik acan. Modelna oge basajan pisan. Imah panggung leutik. Dibagi tilu rohangan; tepas, kamar, jeung dapur. Tatapakanana make palupuh, bilik nu mindingan cararang, kitu oge hateupna ku injuk, Ised saeutik lah jeung saung sawah mah, pedah meureun ieu mah rada gede. Tong ngarep-ngarep aya pasilitas telepon, ac, kulkas, komo mesin cuci mah, dalah listrikna oge taya kabel-kabel- na aean. Pasilitas nu nyam- pak ngan sakitu-kituna, saukur samak saheulay nu geus teu mangrupa jeung kas- trol sapuratina nu geus harideung.Rada ngarumas mimiti pindahan mah, biasana sagala Paparabotan 28 modern nyampak. Ari ieu kari-kari kudu hirup sarwa walurat. Ngawayahnakeun wae da kieu kanyataanana. Untung aya nu haat keneh pangnyieunkeun tempat pangiuhan oge, Saliwatan mah mun nenge- tan sabudeureun teh asa teu mernah. Kangaranan lembur, kari-kari ningali imah sakitu gegekna. Sawah, gunung, walungan nu biasana dalit jeung urang lembur teh asa teu katenjo. Ieu mah badis di kota-kota gede wae, malah leuwih parna mun ningali susunan imahna mah. Kenca katuhu ngajalajar imah nu sarua ukuranjeung lahanna, pepek hareup tu- . kang. Ngan nu ngabedakeun teh modeljeung bentuk imahna nu henteu rata. Aya imah panggung, semi pang- gung, malah gedong sigrong oge loba. Acan lila padahal mah nyicingan imah teh, sababaraha bulan ka tukang. Sasatna mah diusir pindah ka ieu lembur teh. Pedah ditu- duh nyelewengkeun duit desa nu lain pangaji saeutik. Lain dituduh ketang, da memang rumasa eta oge. Najan saben- erna mah ngan saukur kaci- wit kulit kabawa daging. Tapi pamustungan mah angger wae masarakat nganggapna kuring ngilu ilubiung. Sabada riceuw di desa, nya kuring nu mimiti kacerek teh. Bubuhan sekertaris desa nu jadi kapereayaan Lurah Barkah. Ari rengrengan desa lainna mah, kaasup Barkah kararabuh teuing kamana. Kuring oge satadina mah hayang ngejat, ngan orokaya kaburu beunang manten. Kapaksa ngendong dipang- berokan meunang sababara- ha minggu mah. Ku lantaran geringan wae, bubuhan umur teh geus tungkul kana ta- neuh. Kming dikaluarkeun. Heuleut sabulan ti harita, ku lantaran wirang cicing di lem- bur, kuring pindah ka dieu. "Assolomuolloikum," sora ti luar ngagebah lamunan. "waalaikumsallam," walon teh, tulay gura giru muru panto hareup. Barang nenge- tan sernah, rada ngagebeg. Mun ayajalan lumpat mah geus saber-bereunana nyingkahan. Sajongjonan mah ukur ngabetem lir area. Hate ngalenyap, awak ngadegdeg. Semah siga nu surti, tuluy nyampeurkeun nyodorkeun leungeun. "Darnang?" cenah. Paromanna marahmay. "Alhamdulillah," tembal teh bari nampanan leungeun- na. "Ma ma mangga ka lebet," reflekjawaban teh najan bari balelol oge, satuluyna mah nuntun semah, Najan hate rada seber ku tangtunganana. Paroman mah ngahaja neger- negerkeun maneh. Kuring inget ka nu keur natamu hareupeun teh, nya Pa Soleh pisan. Mantan Lurah di Cikondang. Jalma nu ku kuringjeung Lurah Barkah sabalad-balad kungsi didoliman. Dilejokeun siga nu rucahjeung randa. Teu lila ti harita masarakat nu nyangka Pa Soleh rucah nungtut manehna ngecag- keun kalungguhan Kapala Desana. Mangkuk sababara- ha minggu tuluy manehna leungit ti lembur, tayohna mah pindah ka dieu. Dina prung pemilihan geus bisa diteguh, sanggeus ngawur-ngawur jangjijeung sapuratina. Barkah nu basa pilihan samemehna eleh ku Pa Soleh, kapilih jadi Kades Cikondang. Sanggeus maneh- na kapilih, parangkat desa kabeh diburak. Antek-antek manehna kabeh jadi pangu- rus desa, kaasup kuring sorangan nu dipercaya jadi sekertaris desa, Mangle No. 2332 KUplng Humaa Onpad 2011

Upload: vuthu

Post on 11-Mar-2019

232 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: Padumukan nu Panungtung H - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/07/mangle-20110721... · komo mesin cucimah, dalah listrikna ogetaya kabel-kabel-na aean

o Senin o Selasa 0 Rabu e Kamis 0 Jumat o Sabtu 0 Minggu2 3

17 18 194 5 6 7 8 9 10 1120 €J) 22 23 24 25 26

12 13 14 15 1627 28 29 30 31

OJan OPeb oMar OApr OMei OJun eJul 0 Ags OSep OOkt ONov ODes

Carpon Taufik Rahayu

Padumukan nu Panungtungareureut imah

Hanyar teh, heseusik-usik acan.Modelna ogebasajan pisan.

Imah panggung leutik. Dibagitilu rohangan; tepas, kamar,jeung dapur. Tatapakananamake palupuh, bilik numindingan cararang, kitu ogehateupna ku injuk, Isedsaeutik lah jeung saungsawah mah, pedah meureunieu mah rada gede.

Tong ngarep-ngarep ayapasilitas telepon, ac, kulkas,komo mesin cuci mah, dalahlistrikna oge taya kabel-kabel-na aean. Pasilitas nu nyam-pak ngan sakitu-kituna,saukur samak saheulay nugeus teu mangrupa jeung kas-trol sapuratina nu geusharideung.Rada ngarumasmimiti pindahan mah,biasana sagala Paparabotan

28

modern nyampak. Ari ieukari-kari kudu hirup sarwawalurat. Ngawayahnakeunwae da kieu kanyataanana.Untung aya nu haat kenehpangnyieunkeun tempatpangiuhan oge,

Saliwatan mah mun nenge-tan sabudeureun teh asa teumernah. Kangaranan lembur,kari-kari ningali imah sakitugegekna. Sawah, gunung,walungan nu biasana dalitjeung urang lembur teh asateu katenjo. Ieu mah badis dikota-kota gede wae, malahleuwih parna mun ningalisusunan imahna mah.

Kenca katuhu ngajalajarimah nu sarua ukuranjeunglahanna, pepek hareup tu- .kang. Ngan nu ngabedakeunteh modeljeung bentukimahna nu henteu rata. Ayaimah panggung, semi pang-gung, malah gedong sigrong

oge loba.Acan lila padahal mah

nyicingan imah teh,sababaraha bulan ka tukang.Sasatna mah diusir pindah kaieu lembur teh. Pedah ditu-duh nyelewengkeun duit desanu lain pangaji saeutik. Laindituduh ketang, da memangrumasa eta oge. Najan saben-erna mah ngan saukur kaci-wit kulit kabawa daging. Tapipamustungan mah anggerwae masarakat nganggapnakuring ngilu ilubiung.

Sabada riceuw di desa, nyakuring nu mimiti kacerek teh.Bubuhan sekertaris desa nujadi kapereayaan LurahBarkah. Ari rengrengan desalainna mah, kaasup Barkahkararabuh teuing kamana.Kuring oge satadina mahhayang ngejat, ngan orokayakaburu beunang manten.

Kapaksa ngendong dipang-

berokan meunang sababara-ha minggu mah. Ku lantarangeringan wae, bubuhan umurteh geus tungkul kana ta-neuh. Kming dikaluarkeun.Heuleut sabulan ti harita, kulantaran wirang cicing di lem-bur, kuring pindah ka dieu.

"Assolomuolloikum," sorati luar ngagebah lamunan.

"waalaikumsallam," walonteh, tulay gura giru murupanto hareup. Barang nenge-tan sernah, rada ngagebeg.Mun ayajalan lumpat mahgeus saber-bereunananyingkahan. Sajongjonanmah ukur ngabetem lir area.Hate ngalenyap, awakngadegdeg.

Semah siga nu surti, tuluynyampeurkeun nyodorkeunleungeun. "Darnang?" cenah.Paromanna marahmay.

"Alhamdulillah," tembalteh bari nampanan leungeun-na. "Ma ma mangga ka lebet,"reflekjawaban teh najan baribalelol oge, satuluyna mahnuntun semah, Najan haterada seber ku tangtunganana.Paroman mah ngahaja neger-negerkeun maneh.

Kuring inget ka nu keurnatamu hareupeun teh, nyaPa Soleh pisan. MantanLurah di Cikondang. Jalmanu ku kuringjeung LurahBarkah sabalad-balad kungsididoliman. Dilejokeun siganu rucahjeung randa.

Teu lila ti harita masarakatnu nyangka Pa Soleh rucahnungtut manehna ngecag-keun kalungguhan KapalaDesana. Mangkuk sababara-ha minggu tuluy manehnaleungit ti lembur, tayohnamah pindah ka dieu.

Dina prung pemilihan geusbisa diteguh, sanggeusngawur-ngawur jangjijeungsapuratina. Barkah nu basapilihan samemehna eleh kuPa Soleh, kapilih jadi KadesCikondang. Sanggeus maneh-na kapilih, parangkat desakabeh diburak. Antek-antekmanehna kabeh jadi pangu-rus desa, kaasup kuringsorangan nu dipercaya jadisekertaris desa,

Mangle No. 2332

KUplng Humaa Onpad 2011

Page 2: Padumukan nu Panungtung H - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/07/mangle-20110721... · komo mesin cucimah, dalah listrikna ogetaya kabel-kabel-na aean

·Enya, harita sasat kuringoge ngilu ngusir manehna,Nunjuk-nunjuk bentik nepika nyiduhan beungeutna.Ngeprak masarakat sangkanngabaledogan jeung ngadu-ruk imahna. Padahal jeron-ing hate mall kuring nyaho,din a ngajalakeun rodapamarentahannana, Pa Solehtaya caeadna. Estu beresihjauh tina eacad. Desa nanjeurjeung maju, rnasarakat hirupsajahtera. Ngan nya kitu tea,jaman kiwari. Kangarananpulitik, bener jeung salah lirkulit bawang ipis nu tayawatesanana. Hese rek ngabe-dakeunana. Dedegananaberesih, papakeanana ogekatingal rapih jeung anggerwibawaan. Darehdeh, so-meah jeung handap asor nujadi ciri mandirina anggeraya dina tangtunganana.Malah ayeuna mah ayapunjulna, beungeutna asa ea-hayaan tur iuh, estu tenanglir di sagara nu taya lambak.

"Kumaha kaayaan di lem-bur Cikondang?" Pa Solehmimiti muka obrolan.

Sakedapan mah kuringngan ngabigeu, bingungkumaha peta. Palaur deuihPa Soleh ngabongohanngadon narajang teu pu-puguh, males kanyeri waktuku kuring harita dikakaya.

"Kumaha kaayaan di lem-bur Cikondang?" Pa Solehmalikan deui pananyana.Teuteupanana angger iuhtaya riuk-riuk nanaon, karasamatak ningtrimkeun pikiran.

Bari rada humar-herniroge kuring ngajawab. ."Sabada Lurah Barkahkumawasa, desa Cikondangacak-acakan. Pangwangunandesa mandeg, jajaranaparatur desa beuki jugala,ari masarakatna beukibalangsak. J alan rarusak,inpsratuktur jeung fasilitasumum kamomorekeun,Listrikjeung jalan hideungnu salila ieu diimpi-impikeunmasarakat tetep jadi angen-angen, antukna masarakatpeunggas pangharepan,sumanget gotong royongbeuki melempem."

Mangle No. 2332

Manehna katembong nariknapas panjang, "Ari kaayaankulawarga kuring?"

Saacan pok ngajawah, neu-teup paroman manehna nukatcmhong alum. "Saurnamah sabada Pa Soleh nga-leungit, heuleut sabulan istrisareng pala putrana dicandakuih deui ka sepuhna kaCiamis. Nu jadi margalan-taranana mah dumeh PaLurah nu tos teu aya, sarengkaayaan masarakat nu teuweleh neuteuli."

"Emh, nuhun bejana,"ceuk manehna bari tuluynangtung, "Hayu atuh urangnganjang karorompok, Teuha de ari ngan tugur di imahwae mah, da ieu lembur tehteu ngan sacangkewok kieu."ceuk manehna neuteupseukeut. Tayohna mah nya-hoeun salila kuring di dieu,aean pernah lunta kaluarimahpisan.

Nu tadina rada sieun tehtungtungna mah eair, tuluynuturkeun Manehna nunuduh-nuduhkeun imah-imah sabudeureun.Ngawanohkeun ka tatangga-tatangga di lembur,

Barang rnimiti pindah kadieu oge, indung bapa.niniakijeung dulur-dulur tehrabul ngalongokan.Ngupahan sangkan tong teu-ing dipikiran sagala kajadiannu geus tumiba di lemburCikondang mah. Geus waepasrahkeun sagalana kaPangeran.

Dina tempona kudu ilu-biung jeung urang lemburangger wae nataku.Parmistunganana mahangger nguluwut di imah.Najan dilembur anyar, tetepwae bau-bau kabokbrokankuring teh pasti kaangseu kuurang dieu. Kangaran bejamah pabeja-beja, nyiliwuri lirsakadang angin nu ngahare-wos haroshos ti saban mad-hab.

"Tah ieu rorompok kuringmah." ceuk Pa Soleh barituluy ngajak asup.

Ngembang kadu ningaliimah Pa Soleh teh, asa cang-eaya sacongo buuk oge, Imah

ruruntuk Lurah sakieuagrengna? gedong sigrong.Apanan waktu manehna jadi

"Lurah di Cikondang ogengan imah pangguh biasa?Ari ayeuna?

Sup ka buruannana ogematak pikabitaeun, raresikjeung lalening. Jauh tangahka langitjeung imah kuringmah. Hareupeun aya kolamleutik, nu dipapaes ku tata-manan. Jukutjepang ngam-par diantara tatapakan-marmer, rupa-rupa kekem-bangan mapasaean terasna.Pager beusi satengah awakweweg meres ngurilinganburuanana.

Karek oge gek, ti luar geusaya semah haripeut ngagen-traan Pa Soleh, majar cenahkudu gotong royong nyieunimah, sabah ayanu rek pin-dah. Kuring oge salakumasarakat di lembur ieu,wajib ngiluan cenah ceuksemah teh nerangkeunkalawan perlente.

"Hayu," Pa Soleh tibubu-ranjat nuturkeun semah."Palih mana rek ngalelemah-na?"

"Itu gigireun bumina PaIkin," ceuk nu neang barinunjuk ka kuring.

Gura-giru kuring ogenuturkeun, Nepi ka terripat,kasampak ngagimbungjalmanu keur ngalelemah, kuringjeung Pa Soleh babantusabisa-bisa. Ngan rada teukaharti, rek kuriak tapibahan-bahanna ngan ukurkai golontongan, bari jeungsaeutik pisan bahan bangu-nana oge. Sesebitan, pakuurut nu geus karahaan, kaikararopokjeung hateup nugeus teu layak pake,

"Pa, dupi ieu teh rekngadamel bumi atanapi kan-dang domba?" kuringngawani-wani nanya, baripakpikpek nyodor-nyodor-keun kai ka nu keur garawe.

"His, maenyakandangdomba. Ieu teh keur piima-heun," walon Pa Soleh bariterns jongjon makuan kaisesebitan minangka pindinggaganti bilik.

"Bahan-bahanna ngan

sakieu-kieunna?" cekeng tehasa teu pereaya ken eh.

"Muhun, da ieu bekelmanehna ti lembur same-mehna, ngan sakieu nu aya.Ari tugas urang di ieu lemburmah, mateakeun bahan nuaya wae sangkan bisajadiimah." Kuring unggeuk barijeung teu ngarti oge. Teu lilageus beres, bubuhan nyieunimah leutik pisan, bari saaya-aya. Geus kitu Pa Soleh nga-jak kuring ka punculut lern-bur. Ti punculut lembur mahsagalana jelas, wates-wateslemburjeung sajahana.Horeng lembur Cikondangteh pagigir-gigir pisan jeungieu lembur. Nyaho sotehbubuhan lembur soranganCikondang teh. Teu lila tikajauhan kaciri jalmarentang -rentang iring -iringanlir sireum na dahan jambumawa hakaneun, Marapayjalan satapak, beuki dieubeuki deukeut. Geus deukeutbeuki jelas aleutan teh saha-sahana.

"Ratih?" gerendeng teh.Katingal manehna n uturkeunnu keur dibarawa ku jalma-jalma bari beueus ku cipa-non. Kuring apal pisan saha-sahana Ceu Ratih teh. Bisadisehut dunungan, enyapamajikanana Lurah Barkahpisan.

Horeng nu keur dibawangaleut ku urang Cikondangteh pasaran. Geus bisa neguhsaha-sahana.

Kuring malik neuteup PaSoleh nu titatadi antengnyerangkeun aleutan, "Moalieu teh Sirnarasa tea?"cekeng teh rada daria.

Pa Soleh unggeuk, "Nya,Pajaratan Sirnarasa."

Kuring ngarenjag, bulupunduk ngadadak tingsarika.Hate ngadadak keueung. ***

Cisompet, bulan. kagenep2011

Nu nulis, mahasisuia juru-san Sastra Sunda Unpad.Lahir di Garut. AlumniBengkel Ngarang BasaSunda- YPK.

29