novel buron (bahasa sunda)

5
Buron Sikep idéalis Andika, ngabalukarkeun manéhna kadungsang-dungsang nyingkahan sagala hal anu patukang tonggong jeung prinsip hirupna. Sumirah (Umi), pamajikanana jadi kababawa balangsak. Cintana anu pangger, mawa dirina ngalalana (nepi ka disangka jadi jalma gélo), kana dunya anu tacan pernah kasungsi saméméhna. Cinta nu sajati, pamadegan nu pageuh, didoja ku geleberna dunya jeung rembetna leuweung kahirupan. Daun garing rabeng kaanginkeun, ngarangrangan minuhan taneuh handapeunana. Urut katarajang halodo panjang, dangdaunan, tatangkalan taya nu manggapulia. Iwal tangkal cau, nu daunna angger héjo téh. Sabubuhan manuk nu keur areunteup dina régang tangkal, hiber ninggalkeun régang tempat tadi maranéhna eunteup, basa aya batu nu nénggor dahanna. Sakali deui kadéngé sora batu nénggor tangkal. Geuwat ngelok ka tukangeun dapuran daun baluntas. Tangtu aya barudak mana aya sora tangkal dibalédog ogé. Tina sela-sela daun, katénjo barudak keur malédogan ka luhur. Horéng aya langlayangan ku batu, meureun batan beunang mah anggur rangsak. Nu gélo! Nu gélo! Gorowokna bari terus lalumpatan. Atuh ngan bereyek wé batur-baturna nyampeurkeun tempat panyumputan kuting. Geus kapalang katohyan, kuring ka luar ti tempat

Upload: rusmin-nuryadin-sastraatmadja

Post on 03-Oct-2015

1.017 views

Category:

Documents


492 download

DESCRIPTION

Bahasa

TRANSCRIPT

Buron

Sikep idalis Andika, ngabalukarkeun manhna kadungsang-dungsang nyingkahan sagala hal anu patukang tonggong jeung prinsip hirupna.Sumirah (Umi), pamajikanana jadi kababawa balangsak. Cintana anu pangger, mawa dirina ngalalana (nepi ka disangka jadi jalma glo), kana dunya anu tacan pernah kasungsi sammhna.Cinta nu sajati, pamadegan nu pageuh, didoja ku geleberna dunya jeung rembetna leuweung kahirupan.

Daun garing rabeng kaanginkeun, ngarangrangan minuhan taneuh handapeunana. Urut katarajang halodo panjang, dangdaunan, tatangkalan taya nu manggapulia. Iwal tangkal cau, nu daunna angger hjo th.Sabubuhan manuk nu keur areunteup dina rgang tangkal, hiber ninggalkeun rgang tempat tadi maranhna eunteup, basa aya batu nu nnggor dahanna.Sakali deui kadng sora batu nnggor tangkal. Geuwat ngelok ka tukangeun dapuran daun baluntas. Tangtu aya barudak mana aya sora tangkal dibaldog og. Tina sela-sela daun, katnjo barudak keur maldogan ka luhur. Horng aya langlayangan ku batu, meureun batan beunang mah anggur rangsak.

Nu glo! Nu glo! Gorowokna bari terus lalumpatan. Atuh ngan bereyek w batur-baturna nyampeurkeun tempat panyumputan kuting. Geus kapalang katohyan, kuring ka luar ti tempat panyumputan. Beletak aya pangpung dibaldogkeun kana tarang kuring.Umi, itu wartawan, itu wartawan! ck nu pendk. Kuring seuri. Geus jadi kacapangan, kuring sieun ku wartawan th. Saenyana lain sieun, ngan kuring sok tugenah lamun ditanya ku wartawan th. Bongan maranhna tara ngarasakeun kana nasib nu keur tumiba kana awak. Maranhna ngan hayang ngali kahirupan batur, pikeun kapentingan koranna, pikeun kapentingan maranhanana. Di sagigireun ta, kahariwang katohyan saha ari kuring sabenerna, ngalantarankeun jadi sieun tepung jeung wartawan. Ku ayana kajadian gunung bitu th, ka lembur jadi loba wartawan nu ngalampreng. Keur manhna, ayeuna di lembur leubeut ku bja, picaritaeun ka balara. Sok sanajan teu karampaeun meureun ka maranhna mah, yn nu diajak carita th keur meujeuhna aya dina samagaha pikir.Umi itu wartawan! Itu wartawan! ck maranhna.Nu glo! Nu glo!Ieu hayang cau, Umi!Nu glo! Nu glo!Beuki angot salusurakananana th, da nnjo kuring bangun nu sieuneun ku maranhna. Ck pikiran kudu lumpat th ka tukangeun dapuran cau, ngarah teu kaudag ku maranhna. Di dinya mah tempat th nyingkur, moal pati kasaba ku barudak bangor.Mmh tepi ka tempat nu dimaksud, kuring ngadng nu ngagoak. Dilieuk th, budak lalaki umur sapuluhtaunan, labuh. Geuwat diburu, nu sjn buriak lalumpatan. Manhna bangun sieuneun, tapi dk lumpat teu bisaeun, sabab sukuna kacugak beling.Moal kasp, moal nanaon, ck kuring.Nu glo! Ulah, ulah! ck manhnaMoal, kasp, uarng laan geura, bageur, belingna urang cabut, ngarah damang.Lila-lila mah bakat ku nyeri meureun, manhna cicing. Beling th teu wudu nyugakna rada jero. Beling hjo, kawas peupeusan botol, nilik warnana mah. Nnjo kaayaan raheutna, kuring teu sanggup kudu muka di dieu mah. Inget kudu diberesihan ku cihaneut, jeung di imah rarasaan aya knh pereban.Regeyeng budak dipangku, manhna teu ngalawan da bangun geus teu walakaya. Basa ku kuring diteuteup, bet srngh seuri.Saha jenenganana? ck kuirng.Alan, tmbalna.Budak th henteu babarian, basa dicabut belingna g ukur muringis, teusing ceurik. Rngs dicabut, geuwat urut raheutna dikumbah ku cai haneut tina trmos, kakara diobat beureuman. Reketek wa dibeungkeut ku pereban anyar. Manhna olohok nnjo paparabotan urut ngubaran bieu.Geuning, Umi kagungan nu kieu? cenah, bari cengkat diuk, ngalunjarkeun suku ayeuna mah.Kuring ukur imut. Alan g tangtu sarua jeung nu sjn nyangka kuring th glo. Padahal kuring mah teu singna kitu. Pereban, kapas, obat beureum jeung tnsoplas th dipupusti pisan lantaran remen dibaraldogan ku barudak. lain sakali dua kali tarang raheut dibaldog ku batu. Lain sakali dua kali deuih pamaldog th keuna kana tuur atawa kana tonggong.Eueut heula, Kasp, ck kuring.Bi Umi di dieu sareng saha? Manhna nanya deui, sanggeus sawatara jongjonan ngahuleng neuteup ka kuring. Kuh mari beunang meuli tilu siki, dibikeun ka Alan hiji. Mimitina mah bangun nu asa-asa rk ngadahar th. Meureun nnjo patempatan sakitu rarujitna. Tapi lila-lila mah dakkeun og. Kuh mari th didahar babarengan jeung kuring.Alan tos sakoa? ck kuirng.Atos, tmbalna.Kelas sabaraha?Kelas lima.Bi Umi kapungkur ti mana? Kawas nnjo kuring ngahuleng wa, manhna nnjo deui. Hat beuki bungah nnjo Alan ayeuna mah beuki wani wa. Manhna turun ti enggon, terus leumpang, najan ingked-ingkedan g ngadeukeutan buyung di juru.Ieu wadah naon? pokna.Cai, tmbal kuring.Paragi ngaleueut, paragi nyangu, ck kuirng deui.Sok nyangu?Kantenan.Manhna nnjo koran satumpuk dina luhur lomari leutik, ck kuring lomari soth, saenyana mah ukur peti urut wadah sabun, nu ditangtungkeun, dijieun lomari. Koran th dicokot nu pangluhurna.Bi Umi naha mak disebat nu glo? ck Alan.Duka.Naha bet duka?Da teu terang.Umi, buka! Umi, buka! ck sora ti luar.Kuring neuteup ka Alan. Mun kongang mah hayang nyarita, yn kuring th lain nu glo, pangnepikeun ka masarakat di dinya. Hayang dipangbjakeun ku Alan, yn kuring th jelema ka lunta-lunta, teu puguh jugjugeun, teu puguh ka mana nya kudu indit. Tapi naha kira-kirana budak saged Alan, tur anyar pinanggih bakal dakkeun nulungan? Komo mak kudu ngajelaskeun saha kuring nu saenyana mah? Tapi lamun henteu kitu hs deui kapan ngajak cacarita ka jelema th. Kapan sakitu ceuceubna masarakat di dinya ka diri kuring th?Umi laan tulak!Alan ngalieuk ka sorangan, bari manhna terus leumpang ingkud muru panto. Barang bray g muka, jol gabrug wa alan aya nu ngarangkul. Ari kuring terus murungkut. Dokter kasp ngora knh, tangtu ieu bapana Alan th. Bisa soth terus neguh, manhna dokter, lantaran mak pakan bodas, tur beungeutna sarimbang jeung Alan.

Nuhun Nyi Umi, parantos nulungan pun anak, ck dokter.Awak kuring ngadgdg ngadng ta kecap ditujukeun ka kuirng. Nuhun? Enya nuhun, cenah Umi, ka manh. Ka kuring? Enya ka manh, Umi. Geuning di dunya th aya knh jelema luhung budi, nu dak ngajnan kana kahadan budi manusa sjn, bari henteu nnjo kaayaan lahiriah atawa kalungguhanana. Geuning jolna th bet ti jelema anu luhur kuta ged dunya, jelema pangkat tur pinter. Pajar cenah jelema-jelema kitu mah sok gared hulu, kanyataannana bet jelema kitu anu dak ngajnan perasaan kuring.Ieu sakadar kanggo jajan, ck manhna.

Nuhun, Bi Umi, ck dokter th, bari angger nyelapkeun duit kana dampal leungeun. Bangun hayangeun knh cacarita dokter th ka kuirng. Tapi kalah dipangaruhan ku jelema sakitu lobana, dokter kasp th ngalos.