dongeng bahasa sunda__ dongeng santri bodo

3
Dongéng Santri Bodo Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Al-Qur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al-Qur’an, jempé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kanggo ku ajengan sagala. Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, isin ku ajengan. Tina geus teu kuat nahan kaera, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah. “Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan. “Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya kamajengan.” Ajengan teu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang- kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti. “Ulah, menéh ulah mualang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin,” saurna deui. Tapi menéhna keukeuh ménta diinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantren, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar neangan pangupa jiwa. Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon- naon. “Rék iraha meneh mualang, apan ayeuna mah geus beurit?”

Upload: raziezie

Post on 02-Jan-2016

568 views

Category:

Documents


10 download

DESCRIPTION

Dongeng Bahasa Sunda

TRANSCRIPT

Page 1: Dongeng Bahasa Sunda__ Dongeng Santri Bodo

Dongéng Santri Bodo

Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Al-Qur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al-Qur’an, jempé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kanggo ku ajengan sagala.

Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, isin ku ajengan.

Tina geus teu kuat nahan kaera, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.

“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.

“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya kamajengan.”

Ajengan teu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.

“Ulah, menéh ulah mualang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin,” saurna deui.

Tapi menéhna keukeuh ménta diinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantren, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar neangan pangupa jiwa.

Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.

“Rék iraha meneh mualang, apan ayeuna mah geus beurit?”

“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didu’akeun.

Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lemburna téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna. Hartina seténgah poé deui, kakara nepi ka lemburna.

Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapan tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadéngé teh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.

Page 2: Dongeng Bahasa Sunda__ Dongeng Santri Bodo

Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawana. Réngsé dahar tuluy bebersih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manehna reureuh. Bérés wudu solat lohor, luhureun batu lémpar.

Tah, waktu manehna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas. Clak ... clak ... clak ..., cenah, siga meunang ngatur. Meh bae solatna batal.

Tuntas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh ...keténjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.

Ieu geuning asal datangna sora teh, gerentésna. Ngan édas mani siga meunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, serta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku menéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.

Ana diteges-teges, geuning batu anu kacaclakan cai téh, nepi ka legokna. Hég ku menéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sekeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.

Heueuh, ari laukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.

Harita kénéh manéhna ngadigdig, seja balik deui ka pasantrén. Jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teh bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun kataékan.

Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang déui ka pasantrén. Rasa isin duméh geus amitan balik déui, buru-buru disingkirkeun.

“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kagét nenjo santrina balik deui.

“Leres, abdi Ajengan,” cenah.

Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manehna ngadadarkeun lalakonna. Nya éta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.

“Piraku abdi, manusa, kudu éleh ku cai,” cenah ka Ajengan.

Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh, nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung élmuna.