contoh khutbah idul fitri dalam bahasa sunda

3
Contoh Khutbah Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung taraweh sarta ibadah–ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba dahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum Ramadan. Para ‘aidin… Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut magfiroh mantenna aamiin.. Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma – jalma anu ariman sangkan jadi jalma anu takwa . Tangtuna oge lain ngan ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon wungkul. Hikmah atawa buah tina ibadah shaum kudu katara tur karasa salila urang hirip keneh di alam dunya, sarta diteruskeun tepi ka alam akherat, sahingga dimana urang paamprok jeung allah

Upload: ririn-khaerunisa-m

Post on 01-Nov-2015

427 views

Category:

Documents


40 download

TRANSCRIPT

Page 1: Contoh Khutbah Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda

Contoh Khutbah Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang

salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun

saum jeung taraweh sarta ibadah–ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun.

Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu

diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba

dahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina

ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah

saum Ramadan. Para ‘aidin… Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan

pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut

magfiroh mantenna aamiin..

Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi

buah sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di

alam dunya, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma – jalma anu ariman sangkan jadi

jalma anu takwa .

Tangtuna oge lain ngan ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon wungkul. Hikmah atawa

buah tina ibadah shaum kudu katara tur karasa salila urang hirip keneh di alam dunya, sarta

diteruskeun tepi ka alam akherat, sahingga dimana urang paamprok jeung allah swt.dina kaayaan

Allah ridho ka urang tur urang oge ridho ka Allah swt. Para ‘aidin rawuh a’idat rohimakumulloh

nyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibanda

ajen sosial, nu karasa ni’mat sarta mangfa’atna lain ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu

jadi anggota masyarakat . Mun keur saurang pamingpin, mangfa’at sarta hikmah shaum bisa

katinggali sarta karasa ku anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sarta

kasejahteraan nu walatra. Mun keu anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata’atan sarta

kapatuhan anu satia kanu jadi pamingpin.Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakal

katara tur karasa berehannana kanu butuh. Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakal

katara sikep hormatna tur babantuna nu satia kanu beunghar. Keur saurang pedagang bkal leuwih

ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli ku

timbangan anu beurat. Cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu goreng

kanu alus. Nu disebut bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung tempat sarta

Page 2: Contoh Khutbah Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda

waktuna wungkul, tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe.

Sok sanajan carana merenah numutkeun sunnah, ari hikmah atawa buahna teu karasa ngeunah

mangka eta ibadah the can tangtu bisa ditarima ku allah swt. Sakumaha diterangkeun dina hiji

riwayat yen aya saurang ibu anu getol solatna, geus puguh anu fardu, dalah anu hukumna sunnah

oge estu teu aya nu kaliwat. Para sahabat meunteun ka eta awewe teh tangtu bakal jadi ahli

sawarga. Sabab ditingali tina getolna shaolat. Tapi, numutkeun rosululloh saw. Eta awewe teh

lain pisurgaeun tapi bakal jadi ahli naraka. Para sahabat kaget, teras naroskeun ka Rosul

ngeunaan alesanana, Rosul ngawaler,yen eta awewe teh sanajan getol shalat, tapi loba

nganyerikeun atawa ngaganggu ka tatanggana. nuduhkeun yen shalat nu rajin dilakonan ku eta

awewe, ngan saukur merhatikeun cara, tempat jeung waktuna wungkul. Teu merhatikeun kana

hikmah atawa buah tina eta shalat. Nyaeta akhlak anu hade jeung mulya ka tatangga, minangka

batur hirup sapopoe.

Allohu Akbar…Allohu akbar…Walillahil Hamd

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!

Mudah-mudahan ibadah shaum nu ayeuna, bisa nganteurkeun kana tumuwuhna

kasadaran dina diri urang, sahingga buahna teu ngan sakadar ganjarna wungkul nu katarima, tapi

mibanda kakuatan pikeun ngarobah sikep laku nu teu merenah numutkeun agama, jadi sikep laku

nu merenah numutkeun agama, sahingga mawa kana kasalametan dunya sarta akherat.