carita buhun

13
Disusun ku : Ade Dini Rahmawati Andi Setiawan Permana Linda Novitasari Nurul Rohim Sarah Fadhilah Sartika Puteri Utami XII IPA 7

Upload: sarah-fadhilah

Post on 01-Jul-2015

2.147 views

Category:

Documents


10 download

TRANSCRIPT

Page 1: Carita buhun

Disusun ku :Ade Dini Rahmawati

Andi Setiawan PermanaLinda Novitasari

Nurul RohimSarah Fadhilah

Sartika Puteri Utami

XII IPA 7

Page 2: Carita buhun

Carita Buhun

Unsur-Unsur Dongéng

Ciri-Ciri Dongéng

Sajarah Dongéng

Fungsi Dongéng

Conto Dongéng

Matéri

Page 3: Carita buhun

Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teukajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadianjaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babadmeunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadiansaenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsahnétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu mérékesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéngmimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma kajalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaransumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robahatawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeungteu di haja

Carita Buhun

Page 4: Carita buhun

Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayangdihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu bariskapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawangadéngékeun dongéng.

Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hijilanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalinakajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi kapungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya étagalur merélé, galur mobok tengah, jeung galur campuran.

Unsur-unsur Carita Dongéng

Page 5: Carita buhun

Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihakanu ngalalakon dina hiji carita.

Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadianhiji carita dongéng.

Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayangditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéngmah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé macaatawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

Unsur-unsur Carita Dongéng

Page 6: Carita buhun

Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasanabasajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta caritadongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waékamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.

Aya bagian anu pamohalan.

Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.

Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.

Ciri-Ciri Dongéng

Page 7: Carita buhun

Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan,hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi mibogaatikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeungpieunteungeun.

Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeunglogika umum.

Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.

Pola ngadongéng sok angger

Ciri-Ciri Dongéng

Page 8: Carita buhun

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jamanbuhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieujaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna(anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-caritamithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé,kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayanatibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sundawawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beukimaju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuatdina majalah jeung surat kabar. Lian ti éta ogé, aya anudikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kanatulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda,loba dongéng anu dibukukeun

Sajarah Kamekaran jeung

Sumebarna Dongéng

Page 9: Carita buhun

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeunmasarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritualmanusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng tijaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun,dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usulupacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budakcéngéng.

Fungsi Dongéng

Page 10: Carita buhun

Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhandongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngnghungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun dihandap:

Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.

Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.

Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.

Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna bohkaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.

Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéankaruhun pikeun bekel hirupna.

Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Fungsi Dongéng

Page 11: Carita buhun

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisangawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeunglauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah

nu meunang ngagaru geura.Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di

dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadikatémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-tegesku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhnangarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu ayasajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék SiKabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-binacaina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teubeunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan kujalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Si Kabayan Ngala Tutut

Page 12: Carita buhun

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geusmeunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang,sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutantutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, nganukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunangsotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap,talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang.Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab aridi jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deuitutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan,geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut.Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah.Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Si Kabayan Ngala Tutut

Page 13: Carita buhun

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur,deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeunbrus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.

Si Kabayan Ngala Tutut