biantara nyerahkeun panganten pameget

2
BIANTARA NYERAHKEUN PANGANTEN PAMEGET  Bismillahirrahmannirrahim ; Assalamu’alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro. Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu. Bapa naib ti kantor urusan agama ( KUA ) nu kusimkuring dipik ahormat, keluarga ti panganten istri nukusimkuring di pikahormat, sareng para undangan nuparantos dongkap sami nukusimkuring dipikahormat jeung dipikadeudeuh .  Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rebu-rebu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos. Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurk eun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.  Paratamu undangan nukusimku ring dipikahormat, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray dina acara hajatana bapa darsono sakaluwargi, numaksadna nikahke un neng euis ka ujang panji. Simkuring didieu salaku wawakilan tipangersana panganten pameget nyaeta ujang panji, simkuring dipasihan kapercayaan ku keluarga ujang panji supados jadi wawakil kangge nyerahkeun panganten pameget ujang panji.  Tapi sateacannaeta simkuring bae ngahaturken nuhun kakulawarga tipanganten istri parantos nampi kadongkapanna kaluarga panganten pameget ka ieu tempat. Bapa,ibu, oge kapara unangan nukusimkuring dipikahormat.  Maksadna simkuring aya di ieu tempat, simkuring salaku wawakil tikaluarga panganten pameget bade masrahkeun panagnten pame get nu nami jang panji, getihna satetes rambutna salembar tos teungagauh- gaduhan simkuringmah ayenamah tos dipasrahkeun kapanganten istri nunami neng euis.  Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.  Bapa miwah ibu, hadirin pa lawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padésaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.  Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana.

Upload: sandi-yanuar-wahidi

Post on 19-Oct-2015

283 views

Category:

Documents


27 download

DESCRIPTION

jjj

TRANSCRIPT

  • 5/28/2018 Biantara Nyerahkeun Panganten Pameget

    1/3

    BIANTARA NYERAHKEUN PANGANTEN PAMEGETBismillahirrahmannirrahim ;Assalamualaikum Wr.Wb.

    Alhamdulillahi Robbil Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laulaan haddzanallah. Laqad jaakum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh.

    Allohumma sholli ala Muhammad waali Muhammad. Amma Badu.Bapa naib ti kantor urusan agama ( KUA ) nu kusimkuring dipikahormat, keluarga ti panganten

    istri nukusimkuring di pikahormat, sareng para undangan nuparantos dongkap sami nukusimkuringdipikahormat jeung dipikadeudeuh .

    Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asihhenteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rebu-rebu nikmat kaurang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi,patepung lawung patepang raray dina ieu waktos.

    Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anuParantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W.teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimatsadayana. Amin Ya Robbal alamin.

    Paratamu undangan nukusimkuring dipikahormat, dina danget ieu urang tiasa patepung lawungpatepang raray dina acara hajatana bapa darsono sakaluwargi, numaksadna nikahkeun neng euis kaujang panji.

    Simkuring didieu salaku wawakilan tipangersana panganten pameget nyaeta ujang panji,simkuring dipasihan kapercayaan ku keluarga ujang panji supados jadi wawakil kangge nyerahkeunpanganten pameget ujang panji.

    Tapi sateacannaeta simkuring bae ngahaturken nuhun kakulawarga tipanganten istri parantos

    nampi kadongkapanna kaluarga panganten pameget ka ieu tempat.Bapa,ibu, oge kapara unangan nukusimkuring dipikahormat.

    Maksadna simkuring aya di ieu tempat, simkuring salaku wawakil tikaluarga panganten pameget bademasrahkeun panagnten pameget nu nami jang panji, getihna satetes rambutna salembar tos teungagauh-gaduhan simkuringmah ayenamah tos dipasrahkeun kapanganten istri nunami neng euis.

    Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nungarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngarndkh kawas srh. Sing ayemtengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobotsapihanan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getolsolat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasakaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akursauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.

    Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urangcekapkeun sakitu wa. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkungsaur bah cark. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padsaan. Bilihaya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabntar taar, kababuk punduk kapangkkklk, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.Pamungkas pisanggem, hatur swu nuhun kana sanskawis perhatosanana.

  • 5/28/2018 Biantara Nyerahkeun Panganten Pameget

    2/3

    Saninten buah sanintenDibawa ka parapatanHapunten abdi hapuntenBilih aya kalepatan

    Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr. wb

  • 5/28/2018 Biantara Nyerahkeun Panganten Pameget

    3/3