cai laut asin
Post on 02-Jan-2016
412 Views
Preview:
DESCRIPTION
TRANSCRIPT
Cai Laut Asin
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung
tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung
pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir
jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang
lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur
saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-
aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu
dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki
teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga
jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana
carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal
geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho
teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Alur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna
bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur
tentrem
1. Sinopsis
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal namina Jana, ari nu bungsu namina
Jani. Jana ka asup jelema benghar tapi koret ai Jani ka asup lama teguduh tapi bageur sok
mere ka anu butuh bantuan na hiji poe Jani bade nginjem beas ka lancekna saking koret na teu
di pasihan beas ,teras dibere ku Istri lancakna the tapi bubuian. Sa ntos eta si Jani teh uih
patepang sareng aki-aki awakna peang lempangna rumanggieung si Jani teh ngajak si aki ka
ompokna saentos ka ompok beas anu tadi di bubur di dahar bareng ,pas gugah sare si aki teh
bade pamit si Jani teh di Pasihan jimat ku si aki, Jimatna teh lamun palay naon-naon sebut bae
saban nyomot tanah sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” kalilaan si Jani
the jadi jalma benghar teras kakakna teh iri haying nyandak jimat anu si Jani pas tos dicandak
si Jana the nuhun keun permohonan hayang ugih tapi hilapan nyandak taneh jadi teu tiasa
ngendali keun eta jimat tuluy jimatna teh ngaluar keun uyah teu euren-eureun-eureun teras
jadi laut anu asin.
2. Isi Dongeng
Aya jalmi beda watak nu hiji medit aya hiji bageur, Anu medit palay ngausai jimat anu boga
jalmi bageur saking hawekna si jalmi koret teh kena batona tilelep kanu laut anu caina asin.
3. Tinjauan Bahasa
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna : Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
4. Unsur Budaya
Nilai Moral
5. Saran saran
Jadi jalma ulah koret jeung jahat siga ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka , kudu kawas
Ki Jani bageur hirupna jadi senang tur tentrem
6. Kesimpulan
Jadi si Jani tos bengharv ari kahuna iri palay lewih benghar ti si Jani kalah ka akan ku
omonganna sorangan
TUGAS BAHASA SUNDA
DONGENG
“ CAI LAUT ASIN “Di ajukan untuk memenuhi salah satu tugas mata pelajaran bahasa Sunda
Disusun oleh :
1. Elin Herlina
2. Linda Permata
3. Maya Shofa
4. Rina Lisnawati
5. Siti Waki’ah
Kelas : XII.IPS .3
SMA NEGER 1 CILEDUG
CILEDUG – CIREBONTahun ajaran 2013-2014
top related