susunan acara prosesi nikah adat sunda

Upload: hamdan-triaji

Post on 09-Mar-2016

730 views

Category:

Documents


56 download

DESCRIPTION

pernikahan

TRANSCRIPT

RUNTUYAN / SUSUNAN ACARA DINA WALIMATUL URUSY

1.07.15 - 07.30Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri tos siap kalayan merenah dipayuneun bumi.

2.07.30 - 07.45 Rombongan Calon Panganten Pameget, dugi ka tungtung Jalan, atanapi buruan,diandeg heula di payuneun bumi. A.Iber ti MC :Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap,sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan siap.Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade mayungan Calon Panganten Pameget,mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon Panganten Pameget ka bumi Pipanganteneun Istri. B.Bari ngantosan nu mapah, Narasi MC, sapertos kieu :Itu geuning, calon panganten geus sumping.Kitu deui nu garinding, haturan bagea sumping.Enya geuning, mana lucu-lucu teuing.Nineung teuing, bagja teuing.Anaking bagea sumping.Enya geuning, nu dianti-anti sumping.Nu kasep jimat awaking.Baeu banget deudeuh teuing. C.Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg deui, dipapag ku Ibunapipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati.Mangga ka ibuna pipangantenneun istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang malati, saparantosna dikangkalungan kembang malati, pipanganteneun pameget munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu ramana pipanganteneun pameget, pada-pada munjungan kadua pihakanana.D.Narasi MC dina :Jemplang Karang.Haturan kasep haturanHaturan bagea sumpingIbu kebek ku kasonoKa hidep anu raspatiPanyileukan beurang peutingIbu teu weleh nunuhunHidep nu jadi harepanJagong tuhur beunang ngunun.Nu kasep bagea sumping.Cikur jangkung pamuraan.Anaking paranglay teuing.Cunduk waktu ninggang mangsaNitih wanci nu mustariNitih wanci nu mustari.

E.Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik ditempat anu parantos disayagikeun.Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempatheula, supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.

3.07.45 - 08.00Bubuka MC.Bismillaahirahmaanirrahiim.Assalamu 'alaikum warahmatullaahi WabarakaatuhAlhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa, litaskunuu ilaihaa, waja 'ala bainakum mawadah warahmah, wash shalaatu was salaamub'alaa mal laa nabiyya ba'dah. wa 'alaa aalihii washah bihii wamaw waalaah, laa haula walaa quwwata illaa billaahi al aliyyil adhiim. amma ba'du.Ibu-bapa hadirin sadaya, utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah. Puji syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, anu nangtayungan urang sadaya, siang kalayan wengi. Muga-muga rahmat miwah barakahNa, kasanggakeun ka Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, ka para kulawargana, sareng ka sadaya umatna anu satia-satuhu ka anjeunna, khususna ka sapasang calon panganten. Atas nami shahibul bait, sim kuring nyanggakeun haturan sumping, ka para tamu sadaya, disarengan ku kabingah nu taya hinggana, ku kasumpingan ibu-bapa sadaya, dugi ka rada sesah, ngarekana ku basa.Malah mandar teu ngalantur ngawur saur, urang kawitan bae ku acara nu munggaran, minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget, dina acara seren tampi dinten ieu.Ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget, mangga nyanggakeun.

4.08.00 - 08.15

A.Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget.

Bismillaahirahman nirrahiim.Assalammua 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu lahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah. Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sumah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :-Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.-Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.-Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu, wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksanana kapiduriat.-Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kalaipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.-Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring wungkul.-Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal inayah.Wallahu muwaffiq ilaa aqwamith thariiq.Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

B.Hadirin rahimakumullah, rupina teu kedah dikomentaran deui, naon-naon nu parantos kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe. Bade dibujeng enggalna bae, ayeuna ka sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos ieu, nu bade ngawaler sareng nampi, pipanganteneun pameget ieu teh, diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon panganten istri,waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.

5.08.15 - 08.30Nampi calon pipanganteneun pameget .Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.Alahamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa, amma ba'du.Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu tehsing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina,kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan,henteu bade diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorangkahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapuntenPamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin, billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah walinayah, wallaahu muwaafiq ilaa aqwamit thaariq.Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Alhamdulillaahi Rabbil 'alamiin, kalayan Rahmat Nu Maha Kawasa, acara seren tampi, dina enjing-enjing ieu, parantos dilaksanakeun kalayan lancar, teukirang sawios-wios, keuna kana paripaos batu turun keusik naek. Cep .............(Panganten Pameget) purun Neng ...............(Panganten Istri) na oge daek. Kanggo langkung euyeubna ieu acara, ka sepuhna calon pipanganteneun istri, oge ibu-ramana calon pipanganteneun pameget, dihaturanan ngadeg, kanggo seren tampi, masrahkeun cacandakanana, tinu janten calon panganten pameget ka fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon pipanganteneun pameget ka ibuna calon pipanganteneun istri. Atanapi ti Ibu ................(Ibuna Panganten Pameget) ka ibu ..........(Ibuna Panganten Istri), atuh ka Juru Foto, bilih peryogi kanggo dokumentasi, manga dipasihan waktos kanggo motoanana. Cacandakan nu sanesna, tiasa ekstapet bae, dihaturkeun ka rengrengan pager bagus, atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak kulawargi calon pipanganteneun istri, nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan ti para tamu ieu, disimpen heulaanan dinu merenah, supados rada salse.Hadirin rahimakumullah. Saterasna, acara dilajengkeun kana acara akad nikah. Aya harewos ti dua pihak anu bebesanan ieu, akad tikah teh hoyong di masjid bae saurna teh, ku kituna ka para tamu, kadang wargi, hadirin sadaya, urang sasarengan bae, ngiringkeun pipanganteneun ieu, ka Masjid ......................, kaleresan teu patos tebih.Mangga ka pager bagus anu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu, tiasadiawitan bae.sing rada anca we Cep ...............(Panganten Pameget) oge Neng ...........(Panganten Istri) teu kedah gurung gusuh teuing, bilih geubis.6.08.30 - 09.05Akad Nikah di Masjid........................Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.Alhamdulillah, ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari, calon panganten duanana, wali, para saksi, sareng Bapa Naib, parantos sami-sami hadir.Upacara akad nikah bade dibuka, ku maoskeun ayat-ayat suci Al Qur-anul Karim. Nu bade kasanggakeun ku kersana Ustadz ..............., sareng Sari Tilawatul Qur-an na, kasanggakeun ku kersana Ibu ................., kayungyun deui wae, nu ngaos Qur-an na carogena, sari tilawah ku istrina.Ka Ustadz ................. sareng .............., mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.7.09.05 - 09.15Bacaan Al Qur-anul Karim sareng Sari Tilawah.Salajengna ditema ku khutbah Nikah, nu bade kasanggakeun ku kersana Bapa K.H. ....................................Ka pangersa Bapa K.H......................, mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.

8.09.15 - 10.00Khutbah Nikah

Alhamdulillah, khutbah nikah parantos didugikeun nembe, kanggo pibekeleun para-putra urang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil, khutbah nembe teh, pikeun panggeuing kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari.Hadirin rahimakumullah. Insyaa Allah, dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis Cep ............(Panganten Pameget) sareng Neng ................(Panganten Istri), sareng nu janten walina.Bilih hilap, ka sadayana bae, panuhun, ka ibu-bapa sadaya, anu sami hadir dinten ieu, upami engke dina ijab-qabulna lancar teu kirang sawios-wios, panuhun, sakali deui panuhun, teu kedah dikeprokkan sagala rupi, urang sami-sami du'akeun bae, ieu panganten teh ku du'a : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khair". Ka bapa Naib, mangga nyanggakeun.9.10.00 - 10. 30Akad NikahAlhamdulillaah, ti danget ieu Neng .................(Panganten Istri) sareng Cep ..............(Panganten Pameget), parantos ngadahup kalayan resmi kasaksen ku balarea, mugia sing runtut raut, rukun sabilulungan, sapapait samamanis, rahayu salamet di dunya katut di akherat jaga.

10.10.30 - 11.00Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin kana Panangan Panganten Istri. Acara salajengna, nyaeta ngalebetkeun lelepen. Ka Cep .................(Pamanganten Pameget) oge ka Neng .............(Panganten Istri), mangga ngadeg papayun-payun. Neng ......(Panganten Istri) sok lebetkeun lelepen Kang..............(Panganten Pameget) teh, kana jariji tengenna, mangga bari maosBismillaahirahmannirrahiim.Alhamdulillah, pancen Neng ..............(Panganten Istri) parantos rengse, ayeuna kantun Cep..............(Panganten Pameget), ngalebetkeun lelepen Neng......................(Panganten istri), Sok mangga Kasep, lebetkeun lelepen Neng .............(Panganten istri) teh, kana jariji panangan anu tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep, anca we, lalaunan, sing tarapti, peell, sok dedetkeun, kituh, tos lebet mah gampil, nya.Alhamdulillaah, acara ngalebetkeun lelepen parantos. Ayeuna urang lajengkeun kana masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten pameget, ku Cep ......(Panganten pameget) ka Panganten Istri, ka Neng ..............Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara sungkem ka ibu-ramana panganten. Ka ibu-ramana panganten, dihaturanan ngalih calikna, Ibu ..............(Ibu Panganten Pameget) sareng Pa ...........(Ramana Panganten Pameget) di paliih kiwa, ibu ...............(Ibuna Panganten Istri) sareng Bapa.................(Ramana Panganten Istri) palih tengenna.Kahiji, Neng ..............(Panganten Istri), sungkem ka Mamah, Neng, sok munjungan ka Mamah, oge Cep ..................(Panganten Pameget) sok munjungan ka Ibu, Kasep. Kedalkeun, minimal atuh dina hate wae. Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi. Salami Mamah ngarorok abdi, tug dugi ka kiwari. Du'akeun abdi duaan, rek hirup macakal. Mitembeyan, ngojayan kahirupan rumah tangga. Eulis,kasep, jimat Mamah anaking. Hidep pupujaning ati, Mamah jeung Bapa. Dihampura ku mamah, Geulis, Kasep. Sanajan ayeuna hidep macakal. Kanyaah Mamah, kanyaah Bapa, mo aya sudana.Bral didu'akeun ku Mamah. Lakuna sing jadi lalanang jagat.Tandang lir lalaki langit.Geura mangkat geura miang. Rajahna waras waluya.Beunang ngasuh ti lelembut.Ngatik ngaping ti leuleutik.Prak geura pajangkeun. Kasep, geulis.Ayeuna gentos, Neng ...............(Panganten istri). Cep .................(Panganten pameget), pek munjungan ka Rama sewang-sewangan. Eulis, kasep, Jungjunan. Hidep duaan kiwari rimbitan. K awajiban keur duaan.Sing sareundeuk saigel. Sabobot sapihanean.Mugia temen tinemenanBapa ngajurung laku.Ka hidep duaan.Rek nempuh lalakon anyar Ngeusi hartina rarabi. Hirup kumbuh rumah tanggaMustari nitih ka wanci.Ayeuna gentosan, Neng ................(Panganten istri) munjungan ka Ibuna Kang ...............(Panganten Pameget), Atuh Cep ..................(Panganten Pameget) munjungan ka ibuna Neng.................(Panganten Istri). Du'a ibu ka hidep duaan. Hidep masing teguh rukun. Salebeting laki rabiUlah unggut kalinduan. Gedag kunu lain-lain. Pria tata wijaksana.Mun istri titi berbudi.Sarigig kudu jeung harti.Sarengkak kudu merenah.Kelet bawel bahe carek.Tumanan heman ariman.Tatakrama ka sasama.Tuju laku nu rahayu.Siar jalan nu waluya. Mangga gentos deui, ayeuna Neng .................(Panganten Istri) munjungan ka ramana Kang .................(Panganten Pameget), atuh Cep .......................(Panganten Pameget) munjungan ka Ramana Neng..........................(Panganten Istri). Pidu'a ti Bapa saeutik. Bapa mah tangkal waluya. Pangeran anu Ngawasa. MantenNa anu Kagungan. Allah Nu Rahman Jeung Rahim. Mangka temen teguh iman. Mugi Gusti nangtayungan.Ka hidep duaan, salalawasna.Mangga, cekap. Alhamdulillaah acara sungkeman rengse nembe.

Ka para tamu miwah hadirin sadaya, prosesi akad nikah di Masjid........................... parantos rengse, acara pangwilujeng mah urangteraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu-bapa sadaya, ngawakilan pribumi tangtosna oge, manawi kawidian ti sadayana, kanggo pangwilujeng ka dua panganten ieu, diantos di rorompok saurna teh, di Jl...........................................Bilih bade aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.

11.11.00 - 11.30Sawer, buka pintu. Sareng Huap Lingkung.

Hapunten ka para tamu, utamina ibu-bapa sadaya, hoyong pakaulan ieu teh,dina acara sawer ieu, sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka Neng.......................(Panganten Istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge.Da ti bubudakna sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge kaCep..................(Panganten Pameget), da puguh ka asuh unggal waktos dirorompok, urang sawer sakalian ka Bapa geulis, kasep.

Kidung Pelog

Kalayan asma nu agungAnu sifat rohman rohimanu welas ka makhluknaAmit medarkeun talariMedarkeun tungkusan rasaParepehna hirup hurip

Seja nuturkeun piwurukKawiatan ku pribumiNgagentos ibu ramanaHeulakeun panganten istriAnu geulis kembang socaTekanan beurang jeung peuting

Ka caroge masing tumutmipangeran lahir bathinTumut sugri parentahnaSingkiran sungkan sukingkiPeupeujeuh arek ngabantahBisi kasibat kabadi.

Sing jauh tina salingkuhMalar jadi repeh rapihKa sanak kadang sing jembarMi asih ka kulawargiBakti hormat jeung tilawatUlah kendat masing meujit.

Kidung Salendro

Kang uga cunduk waktuKatitih katarik tulisHidep dikawasa murbaNangtayungan beurang peutingWajib mingpin ngasug garwaMikadeudeuh, ngaping-ngaping

Ka garwa sing asak malumPageuh mageuhan kadaliLamun garwa pareng salahWurukan ku budi manisUlah dihaok disentakBisi mangpaung risingis.

Pameget sing kukuh pengkuhUlah dapon ngumbar biwirSautak-saeutik talakBisi kaduhung di akhirHarempoy ngarum mangasayLeumpeuh dipeureuh kapeurih.

Amin Ya Rabbal alamiinMugi Gusti nangtayungan

Buka Pintu

Embat-embat (Istri)

Ya Allah tobat yaa RabbiEta teh saha diluarBet ngetrokan bae pantoTaya bemakaramanaHenteu rido henteu sukaNaha andika teu mafhumKapan kula teh rimbitan

Kentar Cisaat (Pameget)

Aduh enung, teungteuingeun teuingSing hawatos panto geura bukaEngkang teh ngiring ka jeroKapan parantos tutuhuDirapalan ku bapa NaibNyumponan ki siku wungrumPapagon Agama IslamEngkang teh caroge eulisUlah hamham salempang

Sinom Pangrawit (Istri)

Karah teh panutan atiSembaheun dunya akheratNu mundut dibuka pantoSumangga engkang sumanggaEstu sukalillah pisanNya hate balumbang timurCaang bulan opat belas

Malah ti tadi ge abdiParantos kesel ngantosanHate asa diganggayongMung abdi gaduh panedaLawang mo waka dibukaMugi nyumponan pamundutTawis engkang mikacinta

Pameget

Gunung inten pupujaning atiJimat engkang mas mirah berlianMustikaning padon kabehNaon anu dipundutPinggel kalung sumber mas picisRaksukan sareng sinjangSumeja kahaturBujeng-bujeng harta bandaJiwa raga mo bade disisikudiEulis anu kagungan.

Istri

Teu kinten kabingahanEngkang miwelas ka abdiTaya dunya kinasihanTi lahir dugi ka bathinAnanging panuhun abdiSanes emas inten jambrutMung hoyong kalimah kalihMemeh lebet ngucapkeunSyahadat heula.

Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung. Ka Ibu(Ibuna Panganten Istri) sareng ka Ibu ..(Ibuna Panganten Pameget),mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putramasing-masing, disambung engke ku Bapa..(Ramana Panganten Istri) sarengBapa(Ramana Panganten Pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu jantenrama ka putra.

Mugi Gusti Nu Sipat Rahman Rahim, ngalimpahkeun rahmat kurnia ka panganten,nu ayeuna bade ngicip-ngicip rejeki Gusti.

Huap anu wekasan sareng munggaran, disebat huap wekasan, margi ngarupikeunhuap pamungkas ti ibu-rama, disebat huap munggaran, margi mangrupi huap nungawitan ti panganten pameget ka panganten istri, sareng sawangsulna.

Mangga ibu-ibu tipayun, teras disambung ku bapa-bapa, ramana.

Anaking pupujan ati, puputon kembang kadaton.Ieu Mamah jeung Bapa mere huap nu pamungkas.Ti leuleutik hidep dijaring beurang peuting.Ku Mamah jeung Bapa.Ayeuna mah geus sawawa, bral geulis, kasep.Geura lugay macakal, hirup mandiri.

Mamah jeung Bapa sambung du'a.Sing panjang punjung, panjang umur.Cageur beuteung waras badan.Jauh balai parek rejeki.Rahayu salamet dunya akherat.Kadeudeuh kaheman Mamah jeung Bapa.Nganteng taya wates wangenna.Lir gunung tanpa tutugan, sagara tanpa muara.Najan pangjeujeuh diheuleut ku papisah, rumah tangga.

Pamungkas acara silih benyeng bakakak, sareng silih huapan.

Bakakak hayam parantos sayagi, oge sangu koneng sakeupeul sewang.

Benyeng

Sagalana tos sadiaPanganten tuang dariaPanggang hayam dipayunanPanganten tuang duaanNyeng, benyeng benyeng benyengSaha nu tarik benyeng Nyeng, benyeng benyeng benyengSaha nu tarik benyeng

Panganten silih huapanSilih beulitkeun pananganJiga nu ayang-ayanganAyang-ayang duaanAyang ayang ayanganBari eelengehanAyang ayang ayanganBari eelengehan

Iber Ti MC.

Ibu-bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullaah.Alhamdulillaah, acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios-wios,sambil ngantos panganten gentos raksukan, supados rada salse, uranglajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan, lebet ka cabe mahhenteu.

Engke upami panganten tos saged deui, urang sami-sami para tamu sadaya, bohti pihak panganten istri, atanapi ti pihak panganten pameget, utamina ulemansadaya, tatangga anu caket, dihaturanan ngadugikeun pangwilujeng, patepangdampal panangan, sareng Neng ..(Panganten Istri) anu parantos jatukramisareng Cep (Panganten Pameget).

Nu dipalar pidu'ana ti sadayana. Kukituna, ngawakilan ti fihak kulawarga,sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana, ku kersanaibu-bapa, ngaluuhan ieu acara, nyumponan pangulem ti shahibul bait siangieu, mugia bae sumpingna ibu-bapa sadaya, ka ieu tempat teh singdijantenkeun ibadah, anu ditampi ku Allah SWT. "Jazakumullaahu khairankatsiraa, wa tsawaban jaziilaa".

Kalihna ti eta, ngemut kana tuntunan agama, kapan saurna ge :"Bewarakeunpertikahan aranjeun ka balarea, sok sanajan ngan ukur siduru isuk". nudipalar pidu'ana ti sadayana.

Atuh ka panganten duaan, Ka Cep ..(Panganten Pameget) sarengNeng(Panganten Istri), anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilanibu-rama hidep duaan, ngawakilan sepuh-sepuh urang sareng sadaya kadangwargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah Nu Murbeng Alam, mugia pernikahanaranjeun duaan, dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh, sing aya dinaginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunanrumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumahtangga anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur.

Bawiraos, henteu aya nu langkung pantes didugikeun ka hidep duaan dinawangkid ieu, iwal ti deudeul du'a, mugia Allah SWT ngajantenkeun pernikahanaranjeun duaan teh, pernikahan anu diraksa ku MantenNa salalamina.Yaa Allah Yaa Rabbanaa, limpahkeun pirang-pirang anugerah ka panganten ieu,eusian sakuriling panganten ieu, ku pirang-pirang piwelas Gusti.

Hijikeun anu ditikahkeun ieu teh, dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugika jaga.

Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieupertikahan, sareng henteu aya dina pirang-pirang pacengkadan

Sareng mugi Gusti nyumponan sagala kabutuh dua pihakanana, kabutuh istrina,kabutuh carogena, kabutuh dunyana katut kabutuh akheratna.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun pitulung ka Salira,pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pihakanana, eusian rumahtanggana ku putra-putra anu shaleh, putra istri sareng putra pameget, raksatur piara duanana tina sagala rupi tipu daya, gampilkeun duanana dina milaririzkina, sareng mugia duanana dijantenkeun kana golongan anu shaleh.

Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya muntang ka Salira, tina kasalametan didunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka Salira tina sagalapirang-pirang kani'matan.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh, sapertosngahijina Nabi Adam sareng Siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh,sapertos ngahijina Jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng SitiKhadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu, sapertos ngahijinashahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng Siti Fatimah Az Zahra.

Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu, sareng mugiGusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.

Allaahumma bifadl lika 'ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj 'al haadzal'aqda 'aqdaan mubaarakan ma'shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraarandaa-imaa, walaa taj 'al bainahumaa furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa, wakfihimaa mu-natad dun-yaa wal aakhirah.

Allaahumma innaa nas-aluka an tulqiya bainahumal mahabbata wal widaada, waan tar zu qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad, hattaaturiyahumal asbatha wal ahfaad, wa an tah fadhahumaa mim makaa yidil khalqiajma'iin, wa an tuwas si'a lahumar rizqa, wa an taj 'alahumaa min 'ibadikashshaalihiin.

Allahumma inna nas -alukal 'aafiyata wa dawaamal 'aafiyah, wasy syukra'alaal 'aafiyah.

Allaahumma allif bainahumaa kamaa allafta bainaa abiinaa Aadama wa umminaaHawaa-a, wa allif bainahumma kama allafta bainaa sayyidinaa MuhammadShalallaahu "alaihi wasallam, wa sayyidatinaa Khadijatal Kubraa, wa allifbainahumma kamaa allafta baina sayyidinaa 'Alii wa sayyidatinaa FatimatazZahra-i, wa allif bainahumaa kamaa allafta bainal maa-i wats tsalji.

Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khaiir.

Washalallaahu 'ala sayyidinaa Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihiwasallam.

Wal hamdulillaahi rabbil 'aalamiin.Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alaamiin.Amin Yaa Mujiibas saa 'ilin.Billaahit taufiq wal hidayah wal ibadah wal inayah.Wallaahul muwaffiq ilaa aqwamith thaariiq.Wassallam u 'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Susunan (Tata Cara) Upacara Nikah Adat Sunda

Ditulis oleh Administrator

Kamis, 11 Februari 2010 15:52

Susunan (Tata Cara) Upacara Nikah Adat Sunda. Pernikahan memang satu upacara sakral yang diharapkan sekali seumur hidup. Bentuk pernikahan banyak sekali bentuknya dari yang paling simple, dan yang ribet karena menggunakan upacara adat. Seperti pernikahan adat Sunda ini, kekayaan budaya tatar Sunda bisa dilihat juga lewat upacara pernikahan adatnya yang diwarnai dengan humor tapi tidak menghilangkan nuansa sakral dan khidmat.Ada beberapa acara yang harus dilakukan untuk melangsungkan pernikahan, mulai dari lamaran dan lainnya.AdaNeundeun Omong(Menyimpan Ucapan): Yaitu,Pembicaraan orang tua atau pihak Pria yang berminat mempersunting seorang gadis. Dalam pelaksanaannya neundeun omong biasanya, seperti berikut ini : Pihak orang tua calon pengantin bertamu kepada calon besan (calon pengantin perempuan). Berbincang dalam suasana santai penuh canda tawa, sambil sesekali diselingi pertanyaan yang bersifat menyelidiki status anak perempuannya apakah sudah ada yang melamar atau atau masih (belum punya pacar) Pihak orang tua (calon besan) pun demikian dalam menjawabnya penuh dengan benyolan penuh dengan siloka Walapun sudah sepakat diantara kedua orang tua itu, pada jaman dahulu kadang-kadang anak-anak mereka tidak tahu. Di beberapa daerah di wilayah pasundan kadang-kadang ada yang menggunakan cara dengan saling mengirimi barang tertentu. Seperti orang tua anak laki-laki mengirim rokok cerutu dan orang tua anak perempuan mengerti dengan maksud itu, maka apabila mereka setuju akan segera membalasnya dengan mengirimkan benih labu siam (binih waluh siam). Dengan demikian maka anak perempuannya itu sudah diteundeunan omong (disimpan ucapannya).Narosan(Lamaran) : Dilaksanakan oleh orang tua calon pengantin beserta keluarga dekat, yang merupakan awal kesepakatan untuk menjalin hubungan lebih jauh. Pada pelaksanaannya orang tua anak laki-laki biasanya sambil membawa barang-barang, seperti yaitu : Lemareun, (seperti daun sirih, gambir, apu ) Pakaian perempuan Cincin meneng Beubeur tameuh(ikat pinggang sang suka dipakai kaum perempuan terutama setelah melahirkan Uang yang jumlahnya 1/10 dari jumlah yang akan dibawa pada waktu seserahanBarang-barang yang dibawa dalam pelaksanaan upacara ngalamar itu tidak lepas dari simbol dan makna seperti : Sirih, bentuknya segi tiga meruncing ke bawah kalau dimakan rasanya pedas. Gambir rasanya pahit dan kesat. Apu rasanya pahit. Tapi kalau sudah menyatu rasanya jadi enak dan dapat menyehatkan tubuh dan mencegah bau mulut. Cincin menengyaitu cincin tanpa sambungan mengandung makna bahwa rasa kasih dan sayang tidak ada putusnya Pakaian perempuan, mengandung makna sebagai tanda mulainya tanggung jawab dari pihak laki-laki kepada perempuan Beubeur tameuh, mengandung makna sebagai tanda adanya ikatan lahir dan batin antara kedua belah pihakTunangan: Pada tunangan dilakukan patukeur beubeur tameuh, yaitu penyerahan ikat pinggang warna pelangi atau polos pada si gadis.

Seserahan: Dilakukan 3-7 hari sebelum pernikahan, yaitu calon pengantin pria membawa uang, pakaian, perabot rumah tangga, perabot dapur, makanan dan lainnya.

Seminggu atau 3 hari menjelang peresmian pernikahan, di rumah calon mempelai berlangsung sejumpah persiapan yang mengawali proses pernikahan, yaitu Ngebakan atau Siraman. Berupa acara memandikan calon pengantin agar bersih lahir dan batin, acara berlangsung siang hari di kediaman masing-masing calon mempelai. Bagi umat muslim, acara ini terlebih dahulu diawali dengan pengajian. Tahapan acara siraman adalah: Ngecagkeun Aisan. Calon pengantin wanita keluar dari kamar dan secara simbolis digendong oleh sang ibu, sementara ayah calon pengantin wanita berjalan di depan sambil membawa lilin menuju tempat sungkeman. Upacara ini dilaksanakan sehari sebelum resepsi pernikahan, sebagai simbol lepasnya tanggung jawab orang tua calon pengantin. Property yang digunakan: Palika atau pelita atau menggunakan lilin yang berjumlah tujuh buah. Hal ini mengandung makna yaitu rukun iman dan jumlah hari dalam seminggu Kain putih, yang mengandung makna niat suci Bunga tujuh rupa, mengandung makna bahwa perilaku kita, selama tujuh hari dalam seminggu harus wangi yang artinya baik. Bunga hanjuang, mengandung makna bahawa kedua calon pengantin akan memasuki alam baru yaitu alam berumah tangga.Langkah-langkah upacara ini adalah: Orang tua calon pengantin perempuan keluar dari kamar sambil membawa lilin/ palika yang sudah menyala, Kemudian di belakangnya diikuti oleh calon pengantin peremupan sambil dililit (diais )oleh ibunya. Setelah sampai di tengah rumah kemudian kedua orang tua calon pengantin perempuan duduk dikursi yang telah dipersiapkan Untuk menambah khidmatnya suasana biasanya sambil diiring alunan kecapi suling dalam lagu ayun ambing.NgarasPermohonan izin calon mempelai wanita kemudian sungkem dan mencuci kaki kedua orangtua pelaksanaan upacara ini dilaksanakan setelah upacara ngecagkeun aisan. Pelaksaannya sebagai berikut:Calon pengantin perempuan bersujud dipangkuan orang tuanya sambil berkata:"Ema, Bapa, disuhunkeun wening galihnya, jembarmanah ti salira. Ngahapunteun kana sugrining kalepatan sim abdi. Rehing dina dinten enjing pisan sim abdi seja nohonan sunah rosul. Hapunten Ema, hapunten Bapa hibar pangdu'a ti salira."Orang tua calon perempuan menjawab sambil mengelus kepala anaknya:"Anaking, titipan Gusti yang Widi. Ulah salempang hariwang, hidep sieun teu tinemu bagja ti Ema sareng ti Bapa mah, pidu'a sareng pangampura, dadas keur hidep sorangan geulis"Selanjutnya kedua orang tua calon pengantin perempuan membawa anaknya ke tempat siraman untuk melaksanakan upacara siraman. Pencampuran air siraman. Kedua orangtua menuangkan air siraman ke dalam bokor dan mengaduknya untuk upacara siraman. Siraman. Diawali musik kecapi suling, calon pengantin wanita dibimbing oleh perias menuju tempat siraman dengan menginjak 7 helai kain. Siraman calon pengantin wanita dimulai oleh ibu, kemudian ayah, disusul oleh para sesepuh. Jumlah penyiram ganjil; 7, 9 dan paling banyak 11 orang. Secara terpisah, upacara yang sama dilakukan di rumah calon mempelai pria. Perlengkapan yang diperlukan adalah air bunga setaman (7 macam bunga wangi), dua helai kain sarung, satu helai selendang batik, satu helai handuk, pedupaan, baju kebaya, payung besar, dan lilin.Pelaksanaan upacara siraman seperti berikut:1. Sesudah membaca doa, Ayah calon pengantin langsung menyiramkan air dimulai dari atas kepala hingga ujung kakunya. Setelah itu diteruskan oleh Ibunya sama seperti tadi. Dan dilanjutkan oleh kerabat yang harus sudah menikah.2. Pada siraman terakhir biasanya dilakukan dengan malafalkanjangjawokan(mantra) seperti berikut:cai suci cai huripcai rahmat cai nikmathayu diri urang mandinya mandi jeung para Nabinya siram jeung para Malaikatkokosok badan rohanicur mancur cahayaning Allahcur mancur cahayaning ingsuncai suci badan sukamulih badan sampurnasampurna ku paraniam Potong rambut atauNgerik. Calon mempelai wanita dipotong rambutnya oleh kedua orangtua sebagai lambing memperindah diri lahir dan batin. Dilanjutkan prosesi ngeningan (dikerik dan dirias), yakni menghilangkan semua bulu-bulu halus pada wajah, kuduk, membentukamis cau/sinom, membuatgodeg, dankembang turi.Perlengkapan yang dibutuhkan: pisau cukur, sisir, gunting rambut, pinset, air bunga setaman, lilin atau pelita, padupaan, dan kain mori/putih. Biasanya sambil dilantunkanjangjawokanjuga:Peso putih ninggang kana kulit putihCep tiis taya rasanaMangka mumpung mangka melungMaka eunteup kana sieupMangka meleng ka awaking, ngeunyeukseureuh Rebutan Parawanten. Sambil menunggu calon mempelai dirias, para tamu undangan menikmati acara rebutan hahampangan danbeubeutian. Juga dilakukan acara pembagian air siraman. Suapan terakhir. Pemotongan tumpeng oleh kedua orangtua calon mempelai wanita, dilanjutkan dengan menyuapi sang anak untuk terakhir kali masing-masing sebanyak tiga kali. Tanam rambut. Kedua orangtua menanam potongan rambut calon mempelai wanita di tempat yang telah ditentukan.Lalu dilanjutkan denganNgeuyeuk Seureuh. Kedua calon mempelai meminta restu pada orangtua masing-masing dengan disaksikan sanak keluarga. Lewat prosesi ini pula orangtua memberikan nasihat lewat lambang benda-benda yang ada dalam prosesi. Lazimnya, dilaksanakan bersamaan dengan prosesi seserahan dan dipimpin olehNini Pangeuyeuk(juru rias). Katangeuyeuk seureuhsendiri berasal daringaheuyeukyang ngartinya mengolah. Acara ini biasanya dihadiri oleh kedua calon pengantin beserta keluarganya yang dilaksanakan pada malam hari sebelum akad nikah.Pandangan hidup orang Sunda senantiasa dilandasi oleh tiga sifat utama yaknisilih asih, silih asuh, dansilih asahatau secara literal diartikansebagai saling menyayangi, saling menjaga, dan mengajari. Ketiga sifat itu selalu tampak dalam berbagai upacara adat atau ritual terutama acara ngeuyeuk seureuh. Diharapkan kedua calon pengantin bisa mengamalkan sebuah peribahasakawas gula jeung peuet(bagaikan gula dengan nira yang sudah matang) artinya hidup yang rukun, saling menyayangi dan sebisa mungkin menghindari perselisihan. Tata caraNgeuyeuk Sereuh:1. Nini Pangeuyeukmemberikan 7 helai benang kanteh sepanjang 2 jengkal kepada kedua calon mempelai. Sambil duduk menghadap dan memegang ujung-ujung benang, kedua mempelai meminta izin untuk menikah kepada orangtua mereka.2. Pangeuyeukmembawakan Kidung berisi permohonan dan doa kepada Tuhan sambil nyawer (menaburkan beras sedikit-sedikit) kepada calon mempelai, simbol harapan hidup sejahtera bagi sang mempelai.3. Calon mempelai dikeprak (dipukul pelan-pelan) dengan sapu lidi, diiringi nasihat untuk saling memupuk kasih sayang.4. Kain putih penutup pangeuyeukan dibuka, melambangkan rumah tangga yang bersih dan tak ternoda. Menggotong dua perangkat pakaian di atas kain pelekat; melambangkan kerjasama pasangan calon suami istri dalam mengelola rumah tangga.5. Calon pengantin pria membelah mayang jambe dan buah pinang. Mayang jambe melambangkan hati dan perasaan wanita yang halus, buah pinang melambangkan suami istri saling mengasihi dan dapat menyesuaikan diri. Selanjutnya calon pengantin pria menumbuk alu ke dalam lumping yang dipegang oleh calon pengantin wanita.6. Membuat lungkun, yakni berupa dua lembar sirih bertangkai berhadapan digulung menjadi satu memanjang, lalu diikat benang. Kedua orangtua dan tamu melakukan hal yang sama, melambangkan jika ada rezeki berlebih harus dibagikan.7. Diaba-abai olehpangeuyeuk,kedua calon pengantin dan tamu berebut uang yang berada di bawah tikar sambil disawer. Melambangkan berlomba mencari rezeki dan disayang keluarga.8. Kedua calon pengantin dan sesepuh membuang bekas ngeuyeuk seureuh ke perempatan jalan, simbolisasi membuang yang buruk dan mengharap kebahagiaan dalam menempuh hidup baru.9. Menyalakan tujuh buah pelita, sebuah kosmologi Sunda akan jumlah hari yang diterangi matahari dan harapan akan kejujuran dalam mebina kehidupan rumah tangga.Pada hari yang telah ditetapkan oleh kedua keluarga calon pengantin. Rombongan keluarga calon pengantin Pria datang ke kediaman calon pengantin perempuan. Selain membawa mas kawin, biasanya juga membawa peralatan dapur, perabotan kamar tidur, kayu bakar, gentong (gerabah untuk menyimpan beras). Di daerah Priangan, susunan acara upacara akad nikah biasanya sebagai berikut: Pembukaan:1. Penyambutan calon pengantin Pria, dalam acara ini biasanya dilaksanan upacara mapag.2. Mengalungkan untaian bunga melati3. Gunting pita Penyerahan calon Pengantin Pria:1. Yang mewakili pemasrahan calon pengantin pria biasanya adalah orang yang dituakan dan ahli berpidato.2. Yang menerima dari perwakilan wanita juga diwakilkan Akad Nikah:1. Biasanya diserahkan pada KUA2. Pada hari pernikahan, calon pengantin pria beserta para pengiring menuju kediaman calon pengantin wanita, disambut acara Mapag Penganten yang dipimpin oleh penari yang disebut Mang Lengser. Calon mempelai pria disambut oleh ibu calon mempelai wanita dengan mengalungkan rangkaian bunga. Selanjutnya upacara nikah sesuai agama dan dilanjutkan dengan sungkeman dan sawer.Setelah akad nikah, masih dilakukan beberapa upacara, yaitu:Saweran.Merupakan upacara memberi nasihat kepada kedua mempelai yang dilaksanakan setelah acara akad nikah. Melambangkan Mempelai beserta keluarga berbagi rejeki dan kebahagiaan. Kata sawer berasal dari kata panyaweran , yang dalam bahasa Sunda berarti tempat jatuhnya air dari atap rumah atau ujung genting bagian bawah. Mungkin kata sawer ini diambil dari tempat berlangsungnya upacara adat tersebut yaitu panyaweran.Berlangsung di panyaweran (di teras atau halaman). Kedua orang tua menyawer mempelai dengan diiringi kidung. Untuk menyawer, menggunakan bokor yang diisi uang logam, beras, irisan kunyit tipis, permen. Kedua Mempelai duduk berdampingan dengan dinaungi payung, seiring kidung selesai di lantunkan, isi bokor di tabur, hadirin yang menyaksikan berebut memunguti uang receh dan permen. Bahan-bahan yang diperlukan dan digunakan dalam upacara sawer ini tidaklah lepas dari simbol dan maksud yang hendak disampaikan kepada pengantin baru ini, seperti :1. beras yang mengandung symbol kemakmuran. Maksudnya mudah-mudah setelah berumah tangga pengantin bisa hidup makmur2. uang recehan mengandung symbol kemakmuran maksudnya apabila kita mendapatkan kemakmuran kita harus ikhlas berbagi dengan Fakir dan yatim3. kembang gula, artinya mudah-mudah dalam melaksanakan rumah tangga mendapatkan manisnya hidup berumah tangga.4. kunyit, sebagai symbol kejayaan mudah-mudahan dalam hidup berumah tangga bisa meraih kejayaan.Kemudian semua bahan dan kelengkapan itu dilemparkan, artinya kita harus bersifat dermawan. Syair-syair yang dinyanyikan pada upacara adat nyawer adalah sebagai berikut :KIDUNG SAWERPangapunten kasadayaKanu sami arayaRehna bade nyawer heulaNgedalkeun eusi werdayaDangukeun ieu piwulangTawis nu mikamelangTeu pisan dek kumalancang

Megatan ngahalang-halangBisina tacan kahartiTengetkeun masing rastitiUcap lampah ati-atiKudu silih beuli atiLampah ulah pasaliaSingalap hayang waluyaUpama pakiya-kiyaAhirna matak paseaMeuleum Harupat( Membakar Harupat )Mempelai pria memegang batang harupat,pengantin wanita membakar dengan lilin sampai menyala. Harupat yang sudah menyala kemudian di masukan ke dalam kendi yang di pegang mempelai wanita, diangkat kembali dan dipatahkan lalu di buang jauh jauh. Melambangkan nasihat kepada kedua mempelai untuk senantiasa bersama dalam memecahkan persoalan dalam rumah tangga. Fungsi istri dengan memegang kendi berisi air adalah untuk mendinginkan setiap persoalan yang membuat pikiran dan hati suami tidak nyaman.Buka pintu

Diawali mengetuk pintu tiga kali. Diadakan tanya jawab dengan pantun bersahutan dari dalam dan luar pintu rumah. Setelah kalimat syahadat dibacakan, pintu dibuka. Pengantin masuk menuju pelaminan..Dialog pengantin perempuan dengan pengantin laki-laki seperti berikut ini :KENTAR BAYUBUDIstri :Saha eta anu kumawaniTaya tata taya bemakramaKetrak- ketrok kana panto

Laki-laki :Geuning bet jadi kituApi-api kawas nu panglingApan ieu teh engkangHayang geura tepungTambah teu kuat ku eraDa diluar seueur tamu nu ningali

Istri :Euleuh karah panutan

Nincak Endog(Menginjak Telur)Mempelai pria menginjak telur di baik papan danelekan(Batang bambu muda), kemudian mempelai wanita mencuci kaki mempelai pria dengan air di kendi, me ngelapnya sampai kering lalu kendi dipecahkan berdua. Melambangkan pengabdian istri kepada suami yang dimulai dari hari itu.Ngaleupas Japati( Melepas Merpati )Ibunda kedua mempelai berjalan keluar sambil masing masing membawa burung merpati yang kemudian dilepaskan terbang di halaman. Melambang kan bahwa peran orang tua sudah berakhir hari itu karena kedua anak mereka telah mandiri dan memiliki keluarga sendiri.Huap Lingkung(Suapan)1. Pasangan mempelai disuapi oleh kedua orang tua. Dimulai oleh para Ibunda yang dilanjutkan oleh kedua Ayahanda.2. Kedua mempelai saling menyuapi, Tersedia 7 bulatan nasi punar ( Nasi ketan kuning ) diatas piring. Saling menyuap melalui bahu masing masing kemudian satu bulatan di perebutkan keduanya untuk kemudian dibelah dua dan disuapkan kepada pasangan .Melambangkan suapan terakhir dari orang tua karena setelah berkeluarga, kedua anak mereka harus mencari sendiri sumber kebutuhan hidup mereka dan juga menandakan bahwa kasih sayang kedua orang tua terhadap anak dan menantu itu sama besarnya.Pabetot Bakakak(Menarik Ayam Bakar)Kedua mempelai duduk berhadapan sambil tangan kanan mereka memegang kedua paha ayam bakakak di atas meja, kemudian pemandu acara memberi aba ?