presentation1 basa sunda

19
Sincerely We Love Sundanese

Upload: della-nadya

Post on 09-Aug-2015

160 views

Category:

Documents


3 download

TRANSCRIPT

Page 1: Presentation1 Basa Sunda

Sincerely We Love

Sundanese

Page 2: Presentation1 Basa Sunda

Kalompok 5 Basa Sunda

BIANTARA

Page 3: Presentation1 Basa Sunda

BIANTARA

Anggota Kalompok :

o Della Nadya Ayu Aprilia

o Farlan Sembiring

o Muhammad Herdiana

o Tsamarah Alya Zahra

Page 4: Presentation1 Basa Sunda

Naon Ari Biantara teh ?

Biantara nyarita hareupeun balarea pikeun

nepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukur

direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

Page 5: Presentation1 Basa Sunda

Mikaweruh BiantaraBiantara atawa Pidato teh nyaeta nyarita hareupeun balarea

(jelema loba) kalawanaya tujuan anu tangtu. Boh dina kaayaan resmi, boh henteu resmi.

• Resmi : Kaayaan resmi contona rapat, sidang, upacara agustusan, jeung acara resmi sejena.

• Teu Resmi : Ari kaayaan teu resmi, contona nyaeta panggung hiburan, riungan lembur, ulanh taun, jeung sabangsana.

Pasanggiri biantara kaasup acara resmi. Ku kituna basa nu digunakeun oge kudu ngutamakeun basa resmi, basa hormat (basa lemes). Upama make basa sunda, kudu basa Sunda Lulugu, nyaeta Basa Sunda anu dipikaharti ku sarerea (umum). Iwal sakali-kalieun, keur nyegerkeun suasana.

Page 6: Presentation1 Basa Sunda

Tujuan Biantara

a) Informatif

b) Persuasif jeung Instruktif

c) Edukatif

d) Entertaint

Page 7: Presentation1 Basa Sunda

Sarat Biantara

1. Kudu di hareupeun jalma rea

2. Kudu aya tujuan anu tangtu

Jadi lamun urang biantara henteu di hareupeun jalma rea jeung teu puguh tujuanana mah, lain ge biantara, tapi ngomong nu teu puguh. Nu dimaksud jalma rea didieu dibere wates kira-kira leuwin ti dua puluh jalma. Sedengkeun nu di maksud tujuan dina biantara, nyaeta nepikeun beja ka balarea (umum) kalawan jelas puguh hulu buntutna.

Page 8: Presentation1 Basa Sunda

Rupa rupa Cara Dina Biantara

a) Biantara Dadakan (impromptu), tanpa persiapan

b) Biantara ku cara ngapalkeun, disiapkeun heula ku ngapalkeun naskah

c) Biantara ku cara maca naskah, jeung

d) Biantara ku cara tanpa naskah (ekstemporan), tapi aya galur eusina, ngan dina prakna mah ditalar.

Page 9: Presentation1 Basa Sunda

Guna Biantara

• Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.

• Ngaronjatkeun ajen diri

• Ngarojong Leadership

• Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.

Page 10: Presentation1 Basa Sunda

• Ceramah

• Pamapag/sambutan

• Pedaran/bahasan hiji pasualan

• Natar (up grading)

• Laporan

• Kampanyeu/propaganda

• Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara

• Diajar dina organisasi

• Numuwuhkeun kawani tumanya

• Ngaregepkeun ceramah ilmiah

• Rea maca

Wanda Biantara

Page 11: Presentation1 Basa Sunda

Carangka dina Biantara

1. Bubuka kalayan salam pembuka

2. Pendahuluan anu saeutik ngagambarkeun eusi

3. Eusi atawa materi biantara sacara sistematis: maksud, tujuan, sasaran, rencana, lengkah, dll.

4.Panutup (kacindekan, harepan, talatah, salam, panutup, dll)

Page 12: Presentation1 Basa Sunda

Beda jeung nyarita biasa, biantara atawa pidato mah aya aturanana. Biasana diwangun ku sababaraha bagean. Geura urang titenan bagean-bagean dina biantara :

1. Salam Pamuka

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Page 13: Presentation1 Basa Sunda

2. Bubuka

Ibu miwah bapa anu sami lenggah, hadirin anu sami linggih ku sim kuring dipasih tur dipiarjih

Sateuacana sim kuring ngabaladah medar tutungkusan kolbu luyu sareng tema anu baris didugikeun nyaeta : ‘’ Tarekah Nyingkahan Narkoba’’, bawiraos asa nu teu aya lepatna ...........

Jst... Nepi ka .....

Margi mung ku pangersa mantenna urang tiasa nampi prang-pirang kabagjaan, kani’matan, utamina nikmat islam sereng nikmat iman.

Page 14: Presentation1 Basa Sunda

3. Eusi

Balukarna luyu sareng kanyataan, tos seueur rumaja urang .....

Jst ... Nepi ka .......

Urang ulah ngan sakadar ngudag kabagjaan dunya lantaran hamo langgengna. Ayeuna ngagandeuang bari ngahaleuang, saha nu apal jag amah asup naraka. Kiwari sugih mukti, saha nu uninga enjingna dipapag pati.

4. Panutup

Sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang haling, bobo sapanon carang sapakan, hapunteun anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, aya mangpaatna kanggo urang sadayana.

5. Salam Panutup

Wassalamualaikum Wr. Wb

Page 15: Presentation1 Basa Sunda

Macem-macem Biantara

• Biantara bubuka, nyaeta biantara singget anu dibawakan ku pamaca acara atawa mc.

• Biantara pengarahan nyaeta pidato pikeun mengarahkeun dina hiji pasamoan.

• Biantara pangbagea, nyaeta mangrupa biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu anu bisa dipigawe ku sawatara urang jeung wayah anu kawates secara gunta-ganti.

• Biantara peresmian, nyaeta biantara anu dipigawe ku jelema anu berpengaruh pikeun ngaresmikeun hiji hal.

• Biantara laporan, nyaeta biantara anu eusina ngalaporkeun hiji pancen atawa kagiatan.

•  Biantara pertanggungjawaban, nyaeta biantara anu eusina hiji laporan pertanggung jawaban.

Page 16: Presentation1 Basa Sunda

Unsur-Unsur Biantara

Unsur-unsur dina biantara atawa pidato nyaeta pembicara, bahan/ materi pembiacaraan, objek atawa pendengar, sarta tema. Katilu unsur kasebut silih mangaruhan hiji jeung anu sejen. Leungitn salah sahiji unsur kasebut diluhur, baris ngabalukarkeun ketimpang dina pidato.

Page 17: Presentation1 Basa Sunda

Hal-hal anu diperhatikeun dina biantara

1. Vokal/ sora kudu bentes/ jelas.

2. Lentong jeung wirahmana merenah.

3. Henteu teugeug atawa dialeu-aleu teuing, teu gancang teuing jeung henteu acad teuing.

4. Kudu miboga pangaweruh anu jembar pangpangna nu patali jeung materi acara anu di MC-anna katut nu rek ngeuian eta acara boh jalma boh kasenian atawa liana.

5. Kudu pinter ngareka basa anu orisinil, surti kana kahayang pamiarsa, kudu miboga sikep anu hade (tatakrama, paroman, gerik- gerik liana).

6. Mibanda rasa humor (sense of humor) nu luhur utamana dina acara- acara mu sipatna hiburan pikeun ngahirupkeun suasana.

Page 18: Presentation1 Basa Sunda

Conto Teks Biantara

Page 19: Presentation1 Basa Sunda

TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI 

Assalamua’laikum Wr.wb. 

Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh.Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu.Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring,Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan,Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos. 

Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. 

Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis “Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum. 

Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh laindina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana...............