ppt bhs.sunda

18
Nama Kelompok : 1.Cantika Salma S 2.Eva Mustika 3.Rafika Riskiana 4.Shafira Ramadhani S 5.Shindy Clausie X-MIA 7

Upload: shindy-clausie

Post on 14-Dec-2015

93 views

Category:

Documents


12 download

TRANSCRIPT

Page 1: Ppt Bhs.sunda

Nama Kelompok :

1.Cantika Salma S 2.Eva Mustika

3.Rafika Riskiana 4.Shafira Ramadhani S

5.Shindy ClausieX-MIA 7

Page 2: Ppt Bhs.sunda

SAJAK

Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan.

Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan

Page 3: Ppt Bhs.sunda

Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal, intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak.

Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention).1. Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, dikedalkeun ngaliwatan karanganana.2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.

Page 4: Ppt Bhs.sunda

Conto Sajak

PAMAYANGKarya : Rachmat M. Sas. Karana

Bulan imutngangkleung di langit   budak ulin di buruan

Angin daratmuru ka laut

   pamayang nyolendang korangParahu leutik

laju nyiriwik   nganteur usaha di sagara

Warna perak‘na beungeut ombak

   beuteung lauk tingborelakNu jadi harepanpikeun kahirupan

   laut lega paparin Pangeran

 Bandung, Juli 1963

(Dicutat tina Panyungsi Sastra, 1984 : 60-61).

Page 5: Ppt Bhs.sunda

Istilah Paélmuan

A. Cabang-cabang Élmu

Ngaran-ngaran atawa cabang-cabang paélmuan, di antarana: Antropologi, élmu pangaweruh ngeunaan manusia, ahlina disebut an-

tropolog. Arkéologi, élmu pangaweruh ngeunaan purbakala, ahlina disebut ar-

kéolog. Astrologi, élmu palintangan, ahlina disebut astrolog. Astronomi, élmu béntang-béntang, ahlina disebut astronom. Biologi, élmu hayat, ahlina disebut biolog. Ékologi, élmu kaayaan jeung pangaruh lingkungan kana kahirupan ru- pa-rupa mahluk, ahlina disebut pakar lingkungan hirup. Ékonomi, élmu perkara ngatur karaharjaan rumahtangga, nagara, jsb.

ahlina disebut ékonom. Élmu palak, élmu palintangan. Élmu sajarah, élmu ngeunaan sajarah, ahlina disebut ahli sajarah.

Page 6: Ppt Bhs.sunda

Étimologi, élmu anal-usul kecap. Fonologi, élmu ngeunaan sora basa. Géografi, élmu bumi, ahlina disebut ahli élmu bumi. Géologi, élmu nu nalungtik bumi, ahlina disebut géolog. Géometri, élmu ukur. Kriminologi, élmu masalah kajahatan; ahlina disebut

kriminolog. Linguistik, élmu ngeunaan basa (tatabasa), ahlina disebut ahli

basa. Matematika, élmu pasti, ahlina disebut ahli matematik. Morfologi, élmu ngeunaan wangun kecap. Nahu, élmu tatabasa Arab. Pédagogi, élmu pendidikan, ahlina disebut ahli pendidikan. Psikiatri, élmu panyakit jiwa, ahlina disebut psikiater. Psikologi, élmu jiwa, ahlina disebut psikolog.

Page 7: Ppt Bhs.sunda

Sémantik, élmu ngeunaan harti basa.Sintaksis, élmu ngeunaan kalimah.Sosiologi, élmu sosial, ahlina disebut sosiolog.Téknologi, élmu téhnik.

Page 8: Ppt Bhs.sunda

B. KekecapanKekecapan anu patali jeung élmu pangaweruh, di antarana;

Abad informasi, abad atawa jaman anu nganggap informasi téh kaci-da pentingna, nepikeun ka aya babasan: "Sing saha anu ngawasa in-formasi, éta nu baris unggul".

Atikan, pendidikan, hal anu patali jeung ngaping, ngajaring, nya jas-maniah nya rohaniah.

Buku pangajaran, buku anu eusina pangajaran. Buku sumber, buku babon, buku anu jadi sumber tulisan, laporan pa-

nalungtikan, jsb. Diajar, néangan pangarti, nyuprih élmu pangaweruh, pangabisa. Élmu, pangaweruh, kanyaho, pangabisa tina rupa-rupa hal, boh nu

ngeunaan alam lahir atawa alam batin. Guru, nu ngawuruk atawa ngajar. Ilmiah, mibanda sipat-sipat paélmuan atawa dumasar kana paélmu-

an.

Page 9: Ppt Bhs.sunda

Ilmuwan, kecap umum pikeun ahli élmu pangaweruh Informasi, béja atawa katerangan. Murid, jalma anu keur guguru atawa nu keur diajar di sakola, jsté. Ngapalkeun, diajar atawa maca, diskusi, ngalatih, jsb. Supaya apal. Obyéktif, dumasar kana kanyataan. Panalungtikan, néangan katerangan ngeunaan hiji perkara pikeun nga-

nyahokeun kaayaanana, kamekaranana, sipat-sipatna, jumlahna, jsb. Pangajaran, sagala rupa anu diajarkeun. Pangaweruh atawa kaweruh, kanyaho, élmu. Pendidikan saumur hirup, pendidikan anu lumangsung terus sapan-

jang boga umur. Perpustakaan, tempat buku-buku, maca, nginjeum buku, jsb. Piwulang, pangajaran atawa naséhat. Pustaka, bacaan buku-buku, pabukon. Pustakamangsa, kalawarta, majalah. Sakola, tempat murid diajar atawa meunang pangajaran jeung atikan. Wajib belajar, program pamaréntah anu ngawajibkeun rahayatna

ngambeu pendidikan formal atawa informal. Wangenan, définisi, omongan nu ngawatesan harti kecap nu saécés-

écésna, sangkan henteu nimbulkeun salah paham.

Page 10: Ppt Bhs.sunda

Kecap

Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

Page 11: Ppt Bhs.sunda

Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.

Wangun Kecap

kecap ... nyaéta ...

asal kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan

rundayan kecap asal anu geus dirarangkénan

rajékan kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal

kantétan kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Page 12: Ppt Bhs.sunda

Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua:

1. Kecap Lulugu

kecap ... nyaéta ...

barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.

sulur kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.

pananya kecap anu dipake pikeun nanya

pagawéan kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.

sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.

bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.

Page 13: Ppt Bhs.sunda

2. Kecap Pancén

Kecap Nyaetapanganteb

kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).

panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.

panambah aspék kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.

panambah modalitas kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.

pangantét kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.

panyambung kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.

panyeluk kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

Page 14: Ppt Bhs.sunda

SURAT

Aya loba pengertian ngeunaan surat tapi kabéh pengertian kasebut ngarujuk dina inti anu sarua; surat nyaéta sarana télékomunikasi.

Surat mangrupa pakakas komunikasi anu ditepikeun sacara ditulis, beuneur bahan informasi mangrupa warta, laporan, béja, paréntah, pesenan, kaputusan, ondangan sarta permohonan, anu sawajarnana kudu dikirimkeun atawa ditepikeun ka pihak séjén. Aya ogé anu ngomong yén surat nyaéta sarana komunikasi pikeun nepikeun informasi ditulis ku hiji pihak ka pihak séjén.

Sedengkeun nurutkeun Seojito sarta Solchen (2004: 1) mendefinisikan surat minangka katut:* Dilanglang ti eusina, surat mangrupa jenis karangan (komposisi) paparan-pengarang mengemukakan maksud sarta tujuanana, ngécéskeun naon anu dipikirkeun sarta dirasakannya. * Dilanglang ti wujud aturanana, surat mangrupa percakapan ditulis* Dilanglang ti fungsinya, surat nyaéta pakakas sarana komunikasi tulis.

Page 15: Ppt Bhs.sunda

Fungsi Surat

Sakumaha urang pahami guaran di luhur ngeunaan pengertian surat, urang bisa nyokot salah sahiji fungsi ti surat éta sorangan minangka pakakas komunikasi. Tapi lain éta waé fungsi surat, aya sawatara fungsi surat diantarana nyaéta minangka katut:

1. Surat minangka sarana komunikasi. 2. Surat minangka pakakas nepikeun béja, paménta, permohonan, buah pikiran atawa alpukah.3. Surat minangka pakakas bukti ditulis, misalkan surat jangji-pasini.4. Surat minangka pakakas pikeun nginget, misalkan surat anu diarsipkan.5. Surat minangka padoman gawé, misalkan surat kaputusan sarta surat paréntah.6. Surat minangka historis.

Page 16: Ppt Bhs.sunda

Ngaregepkeun siaran Radio/TV

Ngaregepkeun siaran berita atawa tv mangrupa kagiatan pikeun ngaregepkeun hiji wangkongan berita atawa naon wae, pikeun dipaham ku pangregep.Dina ngaregepkeun siaran radio/tv, aya sawatara hal anu kudu dilakukeun. Diantarana nya éta: ngaregepkeun, dicatet, ditalungtik, méré koméntar, dilaporkeun.Hal-hal anu perlu aya dina laporan hasil ngaregepkeun

radio/tv, diantarana: Titi mangsa Acara jeung Sumber (radio/tv) Panumbu catur Tema Eusi Koméntar (ngeunaan basana, eusi, jsb)

Page 17: Ppt Bhs.sunda

Conto:

Minggon kamari abdi kenging tugas ti guru basa sunda, tah tugasna teh mangrupi nu atos disebutkeun nembe diluhur, langsung wae urang tingali anu leuwih jelasna dihandap ieu.

JUDUL                   : Ngawanohkeun Radio Baraya Sunda TEMA                    : Ngawanohkeun Media (Salian TV) TITI MANGSA      : 22 Januari 2013 SUMBER               : Golempang, Bandung TV PANYIAR              : Dian Kendrayana

EUSI                      :  Radio Baraya Sunda nyaeta radio anu ngahususkeun dina jalur streaming online atawa internet.Didirikeun di Bandung, 20 Mei 2011.Tujuana ngadirikeun iyeu radio teh nyaeta ngarah tiasa ngayoman baraya-baraya anu aya di nusantara, oge baraya-baraya nu aya di luar negri.RBS tangtu seueur bedana sareng radio-radio nusanesna.Misalna tempat studio, siaran RBS teu di hiji tempat hungkul tapi disababaraha tempat kasabab da panyiar na oge asalna ti sababaraha tempat.websitena nyaeta www.radiobarayasunda.com

KACINDEKAN    : Jadi dina hiji Radio tangtu teu saukur butuh fasilitas atawa tempat wungkul, tapi oge butuh sumber daya manusa nu mana janten pondasi dina eta radio.Saalus-alusna fasilitas radio, siaran anu kitu-kitu hungkul moal aya daya tarik, moal jadi radio populer mun lain tina ide-ide atawa kreatifitas sarta terobosan-terobosan siaran ti panyiar/nu didamel di radio eta sorangan.Salian ti eta urang kudu bisa mangpaatkeun teknologi, RBS gaduh tujuan ngayoman baraya-baraya nu teu kajangkau upami ngan ngandelkeun siaran radio biasa kukituna ngagunakeun internet kanggo jaringan nu leuwih luas deui.

  KOMENTAR         : Aya saena upami ieu acara teh nyertakeun liputan-liputan anu nuduhkeun langsung kana bagean-bagean kagiatan radio

ngarah pangregep teu saukur terang mung sabates kabayang hungkul, tapi oge jadi bisa terang kumaha wae kagiatan-kagiatan di RBS teh.

  KANA WARTA : 

RBS teh patut dipasih jempol kumargi tos wanter ngenalkeun budaya sunda kadunya liwat internet, eta kaasup terobosan baru nu mana kamampuan penyiar-penyiar sarta teknisi bener-bener diuji kreativitasna.

 

Page 18: Ppt Bhs.sunda

TERIMA KASIH