paringetan hari kasehatan nasional

Upload: iponks

Post on 11-Oct-2015

65 views

Category:

Documents


0 download

DESCRIPTION

HARKITNAS

TRANSCRIPT

PARINGETAN HARI KASEHATAN NASIONAL

Assalamualaikum . Wr .Wb.

Puji sinareng sukur urang haturkeun ka gusti Allah SWT , anu maparinan kasehatan,rizqi, tur kasalametan dina dinten ieu. Alhamdullilah urang sadayana tiasa ngariung ngitenan hari kasehatan Nasional. Sateacana simkuring ngahaturkeun nuhun ka para wargi anu atos nyempatkeun hadir di ieu tempat.

Dinten ieu simkuring bade ngadugikeun panyalahgunaan narkotika di kalangan remaja, narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi, narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan,sarta karusakan otak jeung saraf motorik anu bila mana heunteu ngadahar bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kematian, tapi laen hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-gaya hungkul, bari jeung teu nyaho kana pibahayaeunnana istilah bahasa deungena mah drug is purpose forfreestyle.Anu nagaunakeun narkotika sarta nedarkeun lamun kapangih ku pulisi mah bisa dibui, teu lulus tes kasehatan, dipiasing di lingkungan masyarakat, teu meunang pagawean jsb, numatak tong hayang nyaho kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngaancurkeun kahirupan ayeuna jeung anu bakal datang.

Mening ayeuna mah urang eusian masa-masa ngora ku diajar anu soson-soson, guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia, sakali deui SAY NO TO DRUG, BUTITSSO SAD FOR YOUR LIFE.Mugi-mugi mangfaat keur kahirupan urang sadayana,

Sakitu bae anu kapihatur hapunten bilih aya lepat kata, sareng bahasa anu kirang mernah di hate para wargi sakalian.

Wassalamualaikum. Wr. Wb .

Nama : setiawatiPidato Bahasa Sunda Tema KeagamaanPuji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatnaAmin..Hadirin anu dipikahormat !

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirjaAnu hartosna : saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum

Nama : hany. yulianyPidato Bahasa Sunda Tema KebudayaanAssalamualaikum w. w.Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.Wassalamualaikum w. w.

Nama : sri. nuryatiPidato bahasa sunda tema kebersihan

Assalamualaikum wr wbLangkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.Dina salah sahiji hadits diterangkeunInna dhofatu minal imanNu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina ImanTina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.Para wargi anu mulya.Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Nama: eva