panalungtikan basa.docx

14
PANGJAJAP Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos maparin kakiatan dina raraga ngaréngsékeun laporan panalungtikan basa di lingkungan sakola. Dina laporan ieu, panulis nyobian medar ngeunaan kumaha ngagunakeun basa di lingkungan sakola minangka lembaga atikan nu saestona ngabudayakeun dina makéna basa nu niténan undak-usuk basa téa. Geus teu bireuk deui yén di lingkungan sakola masih aya pihak-pihak sakola anu henteu merhatikeun kumaha ngagunakeun basa Sunda nu merenah téh. Panulis ngahaturkeun nuhun ka ibu dosén anu parantos ngaping, ogé teu hilap ka pihak anu entos ngabantos dugi ka ieu laporan panalungtikan basa réngsé. Dina medar ieu hasil panalungtikan basa téh, panulis sadar masih tebih tina kasampurnaan. Ku kituna saran sareng kritik nu ngawangun diantos pisan ti pamaca. Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan kumaha makéna basa masihan mangpaat ka urang sadayana. Kuningan, Desember 2012

Upload: kaditafasha

Post on 05-Dec-2014

72 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: panalungtikan basa.docx

PANGJAJAP

Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos maparin kakiatan dina raraga ngaréngsékeun laporan panalungtikan basa di lingkungan sakola.

Dina laporan ieu, panulis nyobian medar ngeunaan kumaha ngagunakeun basa di lingkungan sakola minangka lembaga atikan nu saestona ngabudayakeun dina makéna basa nu niténan undak-usuk basa téa. Geus teu bireuk deui yén di lingkungan sakola masih aya pihak-pihak sakola anu henteu merhatikeun kumaha ngagunakeun basa Sunda nu merenah téh.

Panulis ngahaturkeun nuhun ka ibu dosén anu parantos ngaping, ogé teu hilap ka pihak anu entos ngabantos dugi ka ieu laporan panalungtikan basa réngsé.

Dina medar ieu hasil panalungtikan basa téh, panulis sadar masih tebih tina kasampurnaan. Ku kituna saran sareng kritik nu ngawangun diantos pisan ti pamaca.

Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan kumaha makéna basa masihan mangpaat ka urang sadayana.

Kuningan, Desember 2012

Panulis,

Page 2: panalungtikan basa.docx

PANGJAJAP

Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos masihan kakiatan dina raraga

ngaréngsékeun laporan panalungtikan basa di lingkungan ibu-ibu pangaosan.

Laporan panalungtikan basa nu aya di lingkungan pangaosan dipedar dumasar kana undak-usuk

basa na, nu make basa jeung nu dicaritakeun, galur omongan, kasang tukang tempat, waktu tur

suasana, alat nu digunakeun, rasa, nada jeung ragam basa sarta amanat jeung tujuan omonganna.

Panulis ngahaturkeun nuhun pisan ka ibu dosén anu parantos ngaping, ogé ka sadaya pihak nu

tos ngabantos dugi ka réngsé ieu laporan.

Pikeun kasampurnaan ieu laporan, panulis miharep saran sareng kritik ti pamaca. Panulis sadar

yén dina nyusun ieu laporan masih tebih tina kasampurnaan, ku kituna diantos pisan saran sareng

kritik na.

Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan pamakéan basa di lingkungan ibu-ibu pangaosan aya

mangpaatna pikeun urang sadaya.

Kuningan, Desember 2012

Panulis,

Page 3: panalungtikan basa.docx

DAFTAR EUSI

PANGJAJAP………………………………………………………………………….i

DAFTAR EUSI………………………………………………………………………ii

BAB I BUBUKA

A. Kasang tukang panalungtikan………………………………………………B. Maksud jeung tujuan……………………………………………………….

BAB II LAPORAN PANALUNGTIKAN BASA…………………………………

A. Pentingna ngagunakeun basa………………………………………………..B. Kalungguhan basa Sunda……………………………………………………C. Analisis pamakéan basa Sunda……………………………………………..

BAB III PANUTUP

Kacindekan

DAFTAR PUSTAKA…………………………………………………………………..

Page 4: panalungtikan basa.docx

BAB I

A. Kasang tukang panalungtikanSakumaha nu dipikanyaho, yén basa Sunda nepi ka kiwari masih digunakeun

minangka alat komunikasi, hususna di tatar Sunda. Basa Sunda nu mangrupa basa indung pikeun urang Sunda tangtu miboga kalungguhan basa nu kawilang penting di jawa Barat. Ku kituna urang salaku masarakat nu hirup di tatar Sunda geus jadi kawajiban pikeun miara basa Sunda téh sangkan henteu carem ku jaman.

Page 5: panalungtikan basa.docx

Di lingkungan sakola hususna, basa Sunda téh wajib diajarkeun nu miboga mangpaat jadi sarana dina ngabina makéna basa, nyebarkeun sastra katut budaya Sunda sarta ngabina jeung ngabakukeun ragam basa Sunda. Sedengkeun salah sahiji tujuan pangajaran basa Sunda nya éta ngajénan jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda, ku kituna minangka lembaga atikan, sakola nyekel peran nu kawilang penting dina mere motivasi ka para peserta didikna sangkan leuwih paham kana kumaha makéna basa Sunda di lingkungan sakola.

Nilik kana kanyataan, basa Sunda di lingkungan sakola masih kurang dipaliré. Pangajaran basa Sunda ngan saukur pelajaran palengkep. Para peserta didik na ogé ngarasa géngsi ngagunakeun basa indung sorangan. Ku sabab kitu, urang salaku calon guru basa Sunda kudu bisa mere sumanget ku cara ngawanohkeun basa Sunda nu miboga undak-usuk basa sangkan dina ngagunakeun basa Sunda dina sapopoé karasa leuwih merenah nyaritana.

B. Maksud jeung tujuan panalungtikan

Anapon maksud jeung tujuan panalungtikan basa nya éta:1. Pikeun nyumponan salah sahiji pancén mata kuliah “Pragmatik”2. Pikeun maluruh ngeunaan kumaha makéna basa Sunda di lingkungan sakola3. Pikeun ngawanohkeun deui basa Sunda nu sakuduna merhatikeun undak-usuk basa

nalika nyarita4. Pikeun mikanyaho kanyataan di sakola ngeunaan kumaha ngagunakeun basa Sunda

téh

BAB IILAPORAN PANALUNGTIKAN MAKÉNA BASA DI SAKOLA

A. Pentingna Ngagunakeun BasaDina kahirupan sapopoé tangtu urang teu leupas tina komunikasi. Salah

sahiji alat komunikasi nu penting nya éta basa. Basa nyekel peranan penting pikeun kalumangsungan hurip-hirup na manusa.

Basa mangrupa sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) jeung ragem (konvensional) di antara anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi. Tujuan dipakéna basa nya éta pikeun pakakas atawa alt komunikasi boh sacara lisan boh sacara tulisan nu bisa ngedalkeun pesan ka jelema séjén atawa narima pesan ti nu séjén.

Page 6: panalungtikan basa.docx

Sistem atawa adegan basa dipatalikeun kana makéna basa boh lisan (nyarita, ngaregepkeun) boh tulisan (maca jeung nulis), ku kaédah husus nu disebut pragmatic. Kaédah pragmatic ieu dipake geusan nangtukeun luyu henteuna adegan basa jeung makéna basa dina hiji kontéks situasi, ogé nangtukeun bener jeung merenah henteuna komunikasi basa.

Aya opat kaparigelan basa nu kudu dipimilik ku unggal manusa. Upama geus parigel mah tangtu komunikasi basa bakal lancar. Ku kituna kaparigelan basa pentung pisan pikeundipaké dina kahirupan sapopoé.

Ngagunakeun basa nu alus lain ngan ukur bisa ngawasa struktur basa anu alus, tapi kudu bisa makéna basa dina hiji konteks situasi boh kana tokoh carita atawa kana suasana carita. Nilik kana kanyataanna, yén basa téh aneka ragam, aya anu patalina jeung maké basana aya ogé anu patali jeung nu make basa na.

Ilaharna nu nyarita make hiji ragam basa sok disebut dialek. Sedengkeun ragam bdialék ditangtukeun ku saha nu nyarita, sabab aya patalina jeung asal nu nyarita sok disebut ragam dialek regional.

Salian éta, aya ragam basa numutkeun guna na. Unggal nu nyarita miboga salengkepna ragam basa, nu ngagunakeunana disaluyukeun jeung pungsi sarta kaayaan dina waktu makéna basa. Contona di sakola digunakeun ragam basa resmi. Dipiharep ka payun na urang bisa milih wangun basa nu baku tur saluyu jeung pasualan nu diajak nyarita.

Minangka pamaké basa, urang kudu bisa nempatkeun basa nu bener, dina makéna basa waktu komunikasi. Gunakeun basa nu kawilang merenah, sedengkeun pamaké basa kudu miboga kasadaran yén manéhna nyarita make basa naon sarta dimana tempat sarta dina suasana keur kumaha nalika nyarita téh.

B. Kalungguhan Basa SundaBasa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa kadua panggedéna di nagara urang.Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan minangka basa pribumi, malah dina mangsa karajaan kungsi jadi basa nagara.Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanna ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina lambaran nagara no 125 taun 1893, ayat 6 ditetepkeun yén “ basa pribumi anu diajarkrun di sakola nya éta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti di sakola-sakola di Jawa Barat kudu basa sunda Bandung.”

Page 7: panalungtikan basa.docx

Nya tisaprak éta muncul sesebutan basa sakola, nya éta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Tapi robah deui sesebutanna jadi basa lulugu atawa basa baku.Kiwari basa Sunda téh kaasup basa daérah anu masih dipiara tur diparaké ku masarakatna, kaasup dipaké di para guru jeung barudak di lingkungan sakola minangka lembaga atikan. Dipiarana basa Sunda ku masarakatna ébréh tina tarékah anu dipilampah ku LBSS jeung lembaga Swadaya Masarakat liana, katut penerbit dina medalkeun buku-buku sasrta kalawarta Sunda. Ari dipiarana basa Sunda ku pamaréntah ébréh tina ayana pangajaran basa Sunda di SD,SMP, SMA katut paguron luhur sarta diayakeunana proyék penelitian bahasa dan sastra Indonesia jeung balai pengembangan bahasa daerah Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat ogé kaluarna Perda Propinsi Jawa Barat nomor 5 taun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah. Dina kalungguhanna jadi basa daérah, basa Sunda miboga pancén jadi lambang kareueus masarakat Sunda, lambang jati diri masarakat Sunda, alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, pangdeudeul basa nasional, basa panganteur di sakola dasar, sarta alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda.

C. Analisis Pamakéan Basa Sunda di Lingkungan SakolaPanalungtikan basa Sunda di nu diayakeun di lingkungan sakola dasar bisa ditilik dumasar kana :a. Undak usuk basa (tatarama basa)b. Nu make basa jeung nu dicaritakeunc. Galur omongand. Kasang tukang tempat, waktu jeung suasanae. Alat anu digunakeunf. Rasa, nada jeung ragam basag. Amanat jeung tujuan omongan

a. Undak usuk atawa tatakrama basaSakola minangka lembaga atikan geus jadi pancénna sangkan mere pangaweruh jeung pamahaman ka para peserta didik dina ngabina makéna basa Sunda sarta ngarasa reueus kana basa Sunda. Tapi nilik kana kanyataan, Basa Sunda nu dipaké ku barudak sakola lolobana make basa Sunda campuran. Salian éta aya sawatara barudak sakola dina nyarita masih mawa karep sorangan teu luyu jeung undak usuk basa. Conto paguneman barudak di sakola dina makéna basa Sunda:Pepeb : Arya, manéh geus ngerjakeun PR can?Arya : deh, aing mah encan heh

Page 8: panalungtikan basa.docx

Dina paguneman kasebut bisa ditilik yén Pepeb jeung Arya ngagunakeun basa Sunda kasar. Sakuduna mah di lingkungan sakola minangka lembaga atikan resmi, barudak dipiharep make basa Sunda nu merenah pikeun nu ngaregepkeunna. Tapi da ngaranna ogé barudak, tangtu bisa basa kasar kitu ngadéngé obrolan ti babaturanna nu biasa sok nyarita kasar.Tapi aya ogé budak nu ngomong make basa Sunda lemes:Erin : Alya, tadi ka sakola sareng saha?Alya : abdi mah dianter ku mamah.Teu saeutik ogé nu make basa Sunda campur Indonésia saperti dina paguneman di handap ieu:Asep : Fais, mamah aku mah tos uih ti ArabFais : Iraha datangnya?Asep : Kamari pukul 10 isuk.Fais : Pantesan kemaren aku ke rumah kamu, tapi kamu na engga jawab salam akuAsep : pasti aku ga denger sora kamu, tuda seueur orang di rumah aku nya heeFais : Wah, asyik donk tiasa ketemu mamah.Asep : Yoi… coy.

b. Nu make basa jeung nu dicaritakeunNu make basa dina paguneman kahiji di lingkungan sakola ngalibatkeun dua budak lalaki nu ngaranna Pepeb jeung Arya. Maranéhna keur ngobrol di kelas nalika jam istirahat. Pepeb nanya ka Arya ngeunaan PR.Sedengkeun paguneman nu kadua lumangsungna paguneman antara dua budak awéwé nya éta Erin jeung Alya, make basa nu kawilang lemes, ngorolna di luar kelas nalika satacan bel asup. Erin nanyakeun ka Alya ngeunaan dianter saha Alya ka sakola téh.Ari dina paguneman katilu mah nu make basa campur sunda Indonesia nya éta Asep jeung Fais nalika jam pulang sakola nyaritakeun yén indungna Asep tos uih ti Arab.

c. Galur omonganGalur omongan mangrupa jengjléngan basa nu dipaké ku jelema nalika komunikasi. Galur omongan raket patalina jeung adegan basa nu ngawengku dua lapisan, nya éta adegan lahir jeung adegan batin.Dina paguneman kahiji mangrupa galur omongan barudak lalaki nu keur aya di sakola dina caritaanna bisa baé robah.Sedengkeun dina paguneman kadua jeung katilu obrolan budak awéwé ogé budak lalaki mangrupa galur omongan dina caritaanna hésé robah.

d. Kasang tukang tempat, waktu jeung suasana

Page 9: panalungtikan basa.docx

Conto paguneman kahiji, tempat lumangsungna paguneman di sakola tepatna di luar kelas nalika jam istirahat kira-kira jam 10 beurang.Paguneman kadua, tempat lumangsungna di luar kelas satacan bel asup. Ari paguneman katilu, tempat lumangsung jeung waktu lumangsungna nya éta di luar kelas sanggeus bel pulang sakola kira-kira jam 12 beurang.Ngeunaan suasana nu katempo tangtu suasana resmi di sakola minangka lembaga atikan.

e. Alat nu digunakeunBasa nu ilaharna dipaké waktu komunikasi téh bisa basa lisan jeung basa tulisan. Dina ieu panalungtikan basa, panulis ngagunakeun alat bantu na mangrupa pulpén jeung kertas pikeun néangan data basa nu dipaké ku barudak.Aya ogé alat nu digunakeun dina caritaan téh make gerakan awak.

f. Rasa, nada, jeung ragam basaRasa nya éta sikep panyatur kana jejer atawa objék nu keur dicaritakeun. Dina paguneman katilu rasa basa Asep minangka panyatur katempo miboga rasa gumbira kalawan bungah kusabab indungna karék datang ti Arab.Nada mah nunjukkeun sikep panyatur ka paregep. Dina paguneman katilu, panyatur miboga sikep rada pamér ka paregep. Panyatur ngabéjakeun y’en indungna kaamari datang.Ragam basa nyoko kana wangun jeung warna wacana atawa omongan katut gaya basa nu digunakeun ku panyaturna. Ragam basa anu dipaké dina paguneman kahiji nya éta pamaké basana kaasup kana logat anu makéna basa luyu jeung lingkungan urang Kuningan nu kaasup ragam basa kasar téa. Sedengkeun dina sikep pamaké basa kaasup kana gaya basa nu kurang basajan, diksina kaasup kana gaya basa teu resmi.

g. Amanat jeung tujuan omonganAmanat dina paguneman katilu nya éta ngabéjaan hiji kaayaan ka si paregep sangkan jadi nyaho yén indung si panyatur geus datang.Tujuanna dina paguneman katilu mere nyaho nalika kamari jam 10 beurang indungna geus datang ti Arab.

BAB III

PANUTUP

Kacindekan

Page 10: panalungtikan basa.docx

Lingkungan sakola minangka lembaga atikan resmi saestona bisa leuwih ngarojong ka para peserta didik pikeun ngébréhkeun jeung ngabina dina raraga pamahaman kana kumaha pentingna peranan basa Sunda hususna ngeunaan tatakrama basa.

Nilik kana kanyataan, yén kiwari barudak sakola kurang merenah dina ngagunakeun basa Sunda dina hartian teu luyu jeung undak usuk basa. Salian éta ironis pisan nempo kanyataan loba masarakat Sunda ngarasa géngsi nyarita make basa Sunda dianggapna basa Sunda mah kampungan.

DAFTAR PUSTAKA

Tarigan, Guntur, Henry, 2009. Pengajaran Pragmatik. Bandung: Penerbit ANGKASA Sudaryat, Yayat, 2003, Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten

Sudaryat,Yayat spk, 2005, Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung

Prawirasumantri, Abud spk, 2009, Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung : Penerbit YRAMA WIDYA