panaka cal agara

3
Panakacalagara Ti payun manga urang sasarengan ,sadaya puji urang hatur ka alloh nu maha gofur anu parantos maparin mang pirang-pirang ka nikmatan ka urang sadaya.utamina ni’mat iman,nikmat islam oge diantawisna urang sadaya nuju di paparin ni’mat sehat.ku sehat ieu allhamdulilah wasyukurillah urang sadaya parantos di kersakeun tiasa ruing mungpulung,patepung lawung pa amprok jonghok kalayan tiasa silaturahmi dina haflah walimatul urus mugia silaturahmi ieu sing janten cukang lantaran tiasa ngarakeutkeun tali mimitran antawis warga …….. sareng warga …… Kumargi kitu mangga urang sasarengan dina zat kanu maha kawasa ka alloh swt mugia urang sadaya dinulur mulus rahayu,ginanjar kawilujeungan,kalayan mugia salamina aya dina ridho,magfiroh sinareng rohmat alloh swt.amien. Sholawat miwah salam mugia di leuleurkeun ka baginda alam kanjeung nabi habibbana wanabyyiana muhamad saw,ka kulawargina,para sahabatna,tabi’in-tabi’ina suhada solihin ulama kalih juama tug dugi ka umatna anu ta’at,turtumut kana ajaran manntena dugi ka yaumal akhir. Hadirin hormaten simkuring dina leuresan ieu simkuring kapeto janten panata calagara atanapi pangjurung laku,pang jajap acara dina raraga walimatul aurus.tipayun nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka boh bilih nu ka pi unjuk heunte sapuk para sepuh,sapagodos sareng nu ngarantos.ieu mah etang – etang ngiring jabung tumalapung,dumeh nu tos maranti heunte sumping,jalaran aya pamengan,sakali deui hapunten anu kasuhun. Kalayan teu hilap nyanggakeun bagea sumping kasadaya tatamu rombongan calon panganten pamegeut.sumangga lenggah dina tempat anu parantos di sayogikeun.namung neuda agung cukup umur,pangampura anu di teda,utamina dina panampian nana dina tempat atanapi dina sagala rupina anu tebih tin aka utamian.sakali dui hapunten anus sa ageung –ageungna. Hadirin hormateun simkuring! Manga urang sasareungan munajat ka alloh swt,mugia upacara pernikahan ieu aya dina kalancaran,kalayan aya dina panangtayungan alloh swt. Dupi acara anu bade di gelar. 1.bubuka:lantunan kalam illahi

Upload: edi351

Post on 29-Dec-2015

66 views

Category:

Documents


2 download

DESCRIPTION

Naskah pidato

TRANSCRIPT

Page 1: Panaka Cal Agara

Panakacalagara

Ti payun manga urang sasarengan ,sadaya puji urang hatur ka alloh nu maha gofur anu parantos maparin mang pirang-pirang ka nikmatan ka urang sadaya.utamina ni’mat iman,nikmat islam oge diantawisna urang sadaya nuju di paparin ni’mat sehat.ku sehat ieu allhamdulilah wasyukurillah urang sadaya parantos di kersakeun tiasa ruing mungpulung,patepung lawung pa amprok jonghok kalayan tiasa silaturahmi dina haflah walimatul urus mugia silaturahmi ieu sing janten cukang lantaran tiasa ngarakeutkeun tali mimitran antawis warga …….. sareng warga ……

Kumargi kitu mangga urang sasarengan dina zat kanu maha kawasa ka alloh swt mugia urang sadaya dinulur mulus rahayu,ginanjar kawilujeungan,kalayan mugia salamina aya dina ridho,magfiroh sinareng rohmat alloh swt.amien.

Sholawat miwah salam mugia di leuleurkeun ka baginda alam kanjeung nabi habibbana wanabyyiana muhamad saw,ka kulawargina,para sahabatna,tabi’in-tabi’ina suhada solihin ulama kalih juama tug dugi ka umatna anu ta’at,turtumut kana ajaran manntena dugi ka yaumal akhir.

Hadirin hormaten simkuring dina leuresan ieu simkuring kapeto janten panata calagara atanapi pangjurung laku,pang jajap acara dina raraga walimatul aurus.tipayun nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka boh bilih nu ka pi unjuk heunte sapuk para sepuh,sapagodos sareng nu ngarantos.ieu mah etang – etang ngiring jabung tumalapung,dumeh nu tos maranti heunte sumping,jalaran aya pamengan,sakali deui hapunten anu kasuhun.

Kalayan teu hilap nyanggakeun bagea sumping kasadaya tatamu rombongan calon panganten pamegeut.sumangga lenggah dina tempat anu parantos di sayogikeun.namung neuda agung cukup umur,pangampura anu di teda,utamina dina panampian nana dina tempat atanapi dina sagala rupina anu tebih tin aka utamian.sakali dui hapunten anus sa ageung –ageungna.

Hadirin hormateun simkuring!

Manga urang sasareungan munajat ka alloh swt,mugia upacara pernikahan ieu aya dina kalancaran,kalayan aya dina panangtayungan alloh swt.

Dupi acara anu bade di gelar.

1.bubuka:lantunan kalam illahi

2:seren-tampen:

a. unjuk saur di pihak calon panganten pameget b. panampian ti pihak calon panganten istri.c. Simbolis.

3.akad tikah

4.acara adat:

a.sungkem,sawer panganten,ngadampal endog,meupeskeun kendi

5.do’a/tutup.

Page 2: Panaka Cal Agara

Supados teuseuer nyangkolong waktos acara urang sasarengan pamaosan basmallah.

Acara ka ?.......haturanan illahi.

Jauh lamo burung cunduk

Anggagn ge tanwade datang

Nyukeruk galur mapay lacak

Dumeh nu kase cep …….

Kamari kungsi pasini patali jangji

Palemek patunda basa sareng neng . . . . .

Kumargi kitu, simkuring tumaros kanu ngadongdon

Najan cunduk alus semu

Bari sumping bear budi, datara tisasarina

Inggis ku bisi, rempan ku basa, rantug jantung

Tutunggulan dag dig dug rasa ning ati

Inggos sieun ku maonam

Palias sanes henteu bade nampi , mung karempel heula . aya naon pakmasadan kumargi kitu manga ka kersana sesepuh ti pihak calon panganten pameget dihaturanan

Ureut kabur pangacian hate narawangan deui, caang bulan opat belas jalan gede sasapuan.

Horeng nu cunduk sanes bade ngarurug sumpiung sanes niat jail

, maksad nganjang bebesanan, piraku teu dirampeskeun, nucunduk teu dibageakeun.

Kumargi kitu kakersana sesepuh ti pihak calon panganten istri dihaturanan kanggo kedal ucap kacindetan.

Alhamdulillah wasyukurillah nu sumping nukasumpingan sapatotos sapagodos clik putih jatining bersih, clak herang jatining padang rempug ragem bebesanan.

Nukasep anaking jimat awaking taraje nanggeuh reregan geus disinggraykeun samak geus ngampar.

Tutut gunung keong rema sumangga geura gek balik. Pajar teu jingjing teu bawa pajar jongok bari lengoh, geuningan teu burung rebo.

Bilih jaheut nu maparin pajrkeu disapirakeun, atuh ka pangersa ibu ti dua pihakannana, sumangga kapayun kanggo seren tampi salah sawios cacandakkan.

Cacandakkan nu sanesna sumangga diestapetkeun wae.

Page 3: Panaka Cal Agara

Ditampi ku hasta kali disuhun ku embun-embunan disangga kalingga murda, mugia sing janten amal sodaqoh anu sampurna kalayan enggal kgentosan deui nu manglipat ganda

Hadirin hormateun simkuring jangji pasini nu kungsi disungging dina permadanikaasih, diipuk dina jajantung, mangkak di taman katresna, paralu layu kuusum,palias laas kumangsa, taya kajabi jatukrami pamatri jatining asih, kumargi sakitu waktos kasanggakeun ka pangersa bapak panghulu kanggo nyangreud pageuh ku akad nikah.