harti biografi

3
Harti Biografi Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana. Unsur-unsur Biografi 1. Dedeg pangadeg (Asal jeung usulna salah sahiji jelma anu ditulis biografina). 2. Pasualan ngaran (Asal usul ngaran) 3. Kahirupan keur leutik 4. Kasang tukang kaluarga 5. Riwayat pendidikan 6. Karir 7. Kaparigelan 8. Karya-karyana Lian ti éta, biografi bisa ditepikeun ku mangrupa formulir. Eusina diwincik hiji-hiji, sacara langsung disebutkeun datana. Pedaran data pribadi samodél kieu ilaharna disebut biodata. Dijieunana pikeun kaperluan nu sipatna praktis, saperti ngalamar pagawéan, pangajuan KTP, muka rékening di bank, pendaftaran siswa baru, nohonan sarat-sarat dina pasanggiri, jeung sajabina. Biodata ngawengku katerangan saperti: 1) Ngaran lengkep, 2) Jenis kelamin 3) Status marital, 4) Agama,

Upload: adi-nugraha

Post on 28-Nov-2015

286 views

Category:

Documents


9 download

DESCRIPTION

Explanation about Biografi in Sundanese languange...

TRANSCRIPT

Page 1: Harti Biografi

Harti Biografi

Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana.

Unsur-unsur Biografi

1. Dedeg pangadeg (Asal jeung usulna salah sahiji jelma anu ditulis biografina).

2. Pasualan ngaran (Asal usul ngaran)

3. Kahirupan keur leutik

4. Kasang tukang kaluarga

5. Riwayat pendidikan

6. Karir

7. Kaparigelan

8. Karya-karyana

Lian ti éta, biografi bisa ditepikeun ku mangrupa formulir. Eusina diwincik hiji-hiji, sacara langsung disebutkeun datana. Pedaran data pribadi samodél kieu ilaharna disebut biodata. Dijieunana pikeun kaperluan nu sipatna praktis, saperti ngalamar pagawéan, pangajuan KTP, muka rékening di bank, pendaftaran siswa baru, nohonan sarat-sarat dina pasanggiri, jeung sajabina.

Biodata ngawengku katerangan saperti:

1) Ngaran lengkep,

2) Jenis kelamin

3) Status marital,

4) Agama,

5) Ngaran kolot,

6) Alamat,

7) Nomer telepon/email,

8) Riwayat pendidikan,

9) Pengalaman berorganisasi,

Page 2: Harti Biografi

10) Pengalaman kerja,

11) Pengalaman widang penelitian,

12) Karya-karya

13) Penghargaan-penghargaan.

Henteu sakabéh keterangan di luhur kudu aya dina hiji biodata. Katerangan-katerangan éta diluyukeun jeung kaperluanana. Katerangan pikeun nohonan sarat-sarat pasanggiri, béda jeung katerangan pikeun ngalamar pagawéan atawa pangajuan KTP.

RIWAYAT HIRUP

Nya éta karangan anu eusina nyaritakeun kajadian atawa peristiwa dina runtuyan waktu. Aya dua rupa riwayat hirup, nya éta autobiografi jeung biografi. Autobiografi nya éta riwayat hirup anu nepikeunana pribadi sorangan, biasana ngagunakeun sesebutan jalma ka hiji “kuring”. Ari biografi nya éta riwayat hirup anu nepikeunana jalma lian, biasana ngagunakeun jalma ka tilu “manéhna”. Hal-hal anu kudu aya dina riwayat hirup, di antarana:

Ngaran lengkep;

Tempat, tanggal, bulan, jeung taun dilahirkeun;

Ngaran kolot (indung jeung bapa);

Pangalaman atikan atawa sakola jeung taun lulusna;

Pangalaman gawé, ti mimiti nepi ka disusuna riwayat hirup;

Kagiatan nu diiluan dina organisasi, kagiatan kamasarakatan, jsb;

Karya-karya anu kungsi dijieun;

RA.Dewi Sartika (Bhs.Sunda)Dewi Sartika (Lahir di Bandung, 4 Desember 1884-pupus di Tasikmalaya 11 September 1947) nyaeta

tokoh anu ngarintis Pendidikan keur kaom Istri jeung mangrupakeun salah sahiji tokoh Pahlawan

Nasional.

Dewi Sartika dilahirkeun ti kulawarga priyayi sunda,Nyi Raden Rajapermas jeung Raden Somanagara.

Meski ngalanggar adat harita,Ibu Ramana keukeuh nyakolakeun Dewi Sartika,ka sakola Walanda

deui.Sapupus Ramana,Dewi Sartika diasuh ku Ua-na (Lanceuk Ibuna) nu mangrupakeun Patih di

Cicalengka.Ti Ua-na,Anjeuna meunang didikan tentang Kasundaan,sedengkeun wawasan kabudayaan

Barat diperoleh tina berkat didikan Nyonya Asisten Residen bangsa Walanda.

Ti taun 1902 Dewi Sartika tos ngarintis Sakola kanggo kaom Istri.Di ruangan alit,di pipir bumi Ibuna di

Bandung,Dewi Sartika ngajar di payuneun anggota Kulawarga anu

Page 3: Harti Biografi

Istri.Ngarenda,Masak,Ngaput,Maca,Nulis,Ngitung jsb,ngajadikeun materi pangajaran harita.

Sanggeus konsultasi jeung Bupati RA. Martenagara ,dina 16 Januari 1904,Dewi Sartika muka Sakola Istri

kahiji sa-Hindia - Walanda.Guruna tilu urang,nyaeta Dewi Sartika sareng dulurna,Ny. Poerwa dan Nyi.

Oewid.Murid angkatan pertamana 20 urang-an,ngagunakeun ruangan pendopo kabupaten Bandung.

Bulan September 1929,Dewi Sartika ngayakeun peringatan pendirian sakolana nu tos 25 tahun.Nu

saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Raden Dewi".Ku jasana ieu,Dewi Sartika dipasihan bintang jasa ku

pamarentah Hindia-Walanda.