Download - Nataan Gunung
Transcript
7/17/2019 Nataan Gunung
http://slidepdf.com/reader/full/nataan-gunung 1/1
Nataan Gunung
Lagam : Cianjuran
Laras : Pelog Degung
Wanda : Papantunan
Sumber : Kumpulan rumpaka Cianjuran/Mamaos
H. Djadja Sukardja - SGBS - Ciamis 2002
Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org
Gunung pangrango ngajogo
Ngadagoan abdi wangsul
Wangsul ti pangumbaraan
Ari gunung pangrango teh Raden
Tetengger nagara mana
Itu gunung naon
Gunung gede ngajengjehe
Jiga–jiga anu nande
nandean ka badan kuring
Wangsul ti pangumbaraan
Ari gunung gede teh RadenTetengger nagara mana
Itu gunung naon
Gunung Galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Lain Sumedang baheula
Eta mah Sumedang larang Ari gunung Sumedang teh Raden
Tetengger nagara mana
Itu gunung naon