Download - Basa Sunda New
-
BASA SUNDA
BAB 4
NULIS SURAT
Disusun Oleh:
1. Debie Septarina
2. Emiyati Nurhasanah
3. Hesti Fuji Astuti
Kelas : X. Akuntansi 1
SMK NEGERI 2 KOTA BEKASI
Jl. Lapangan bola Rawa BUtun-Cikeuting Udik-
Bantargebang-Kota Bekasi
-
2
A. Nulis Surat
Samemeh hidep latihan nulis surat, ieu dihandap aya conto surat nu ditulis
ku Budi Parangi ka wali kelasna. Pek tengetan!
Conto Kerangka Surat
Titimangsa.
Tujul Surat.
Salam Bubuka.
Bubuka
.........................................................................................................................
Eusi.
.
Penutup
...
Salam Panutup.
Nu nulis surat..
Tandatangnan
-
3
Conto Suratna:
Bandung, 10 September 2011
Kahatur
Ibu Wali Kelas X A SMA Tut Wuri Handayani
Sareng Hormat,
Mugia Ibu sareng rengrengan guru sadayana aya dina panantayunan
Allah Swt. Hatur uninga dinten ieu abdi, Budi Parangi, Kelas XA, Jumaah,
10 September 2011 teu tiasa lebet sakola sapertos sasari, jalaran udur.
Saur dokter abdi kedah istirahat. Margi kaserang panyawat gejala tipes.
Sinareng ieu serat, abdi oge nyanggakeun surat keterangan udur ti
dokter.
Mugia ibu ngawidian kanggo istirahat di rorompok salam udur. Neda
piduana ti ibu mugia abdi enggal damang deui, supados tiasa enggal lebet
deui sakola sapertos sasari.
Sakitu anu kapihatur. Kana perhantosan sareng kasean Ibu, abdi
ngahanturkeun nuhun.
Hormat abdi,
Budi Parangi
-
4
Sabada hidepe diajar nulis surat dines ti pribadi ka lembaga. Pek tengetan
ku hidep conto ieu surat dinas ti handap!
Ieu salah sahiji conto sirat tina lembaga ka pribadi!
ULEMAN
Kahatur Ibu Dra. Maryati (SMAN 9)
Di
Bandung
Assalamualaikum warrahmatullahi wabarakaatu
Panitia ngulem Bapa/Ibu/Saderek kanggo sumping ngiringan
Kongres Basa Sunda IX anu bade dilaksanakeun
Kaping: 11-13 Juli 2011
Tempat Hotel Jaya Rasa Cipayun Kabupaten Bogor
Kalintang bingahna saupami Bapa/Ibu/saderek tiasa sumping ngaluuhan eta
acara dina waktos na.
Wasalamu,alaikum warrahmatullahi wabarakaatu
Bandung, 20 Juni 2011
Ketua LBSS, Ketua Panitia,
Ttd Ttd
H. Us Tiarsa Drs. H. idin Baidillah, Mpd
-
5
Latihan
Sabada hidep negetan contoh sutara dines ti organisasi atawa lembaga di
luhur, pek ku hidep tulis conto surat resmi nu dikirim ti organisasina dina
kertas polio, upamana ti OSIS, Karang Taruna, RT, RW, Kalurahan, atawa
organisasi sejenna. Eusi suratna bebas, kumaha hidep wae, inget
perhatikeun struktur suratna, ejahan jeunga tanda bacana!
Tugas
Sabada Hidep latihan nulis surat dines pribadi jeung surat dines ti lembaga
ka pribadi, pancen hidep satuluyna nya eta neangan hiji conto surat pribadi
jeung surat resmi, upamana surat ondangan, surat tugas, surat keputusan,
atawa surat resmi sejenna.
-
6
Contona:
1. Surat dines
PAMARENTAH KABUPATEN SUMEDANG
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 1 SUMEDANG
Jl. Prabu Geusan Ulun No. 39 Sumedang
Sumedang,20 April 2013
Nomor : 13/12/SMA1/2013
Lampiran : -
Perihal : Uleman rapat
Kahatur
Orang tua/wali siswa Kelas XII
di
Tempat
Assalamualaikum Wr.Wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Dina harepan urang
sadaya dina kaayaan sehat walafiat.Amin. Salajengna dina rangka persiapan Ujian
Nasional (UN) siswa-siswi kelas XII SMA Negeri 1 Sumedang 2012/ 2013. Aya hal-
hal anu penting anu kedah disawalakeun ka Bapa/Ibu orang tua murid, kukituna sim
kuring salaku Kapala Sakola, ngulem Bapa miwah Ibu supados sumping dina acara
rapat nu bade dilaksanakeun:
Dinten/Kaping : 26 April 2013
Tabuh : 09:00/10:30
Tempat : Graha Adinira SMA Negeri 1 Sumedang
Kumargi pentingna acara ieu, diharepkeun kahadirannana. Hatur nuhun kana
perhatosannana.
Wassalamualaikum.Wr.Wb
Kapala sakola
Dra. Asep Edi, M.pd
NIP. 19880202 199901 1 001
-
7
2. Surat Pribadi
Sumedang, 18 April 2013
Kahatur
Nu dipikasono Suhendar
Di Garut
Salam deudeuh
Kumaha damang? Sabada dua taun urang tos papisah sakola, mugia salira kasih
kulawarga aya dina ginanjar kawilujengan. Atuh kuring di Sumedang oge aya dina
kaayaan sehat.
Sonona mah kuring didieu biasana ngajaran lia nanaon hanteu elmu nu kuring
dipikaboga. Urang ngerjakeun PR babarengan, lieur babarengan. Ayeuna mah
urang tos pisah sakola, pisah lembur. Mugi - mugi urang sadaya sareng
rerencangan nu lian tiasa patepang ririungan deui. Amin ya robal alamin.
Sakieu heula serat ti kuring, sanes kuring teu sono mung panangan kuring tos
cangkeul nulis hehe. Diantos serat waleranna.
Kuring nu sono,
Tendi Nugeraha Wijaya